SlideShare a Scribd company logo
1 of 2
Download to read offline
Karinding

Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha wewengkon
nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang,
Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut),jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun
karinding tina palapah kawung (enau). Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding
teh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri, hal ieu
katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja
rambut. karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa
diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).
Cara Nabeuhna
Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora.
Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut
juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung
takokak (pakakas musik bentukna kawas daun).

Mangpaatna
Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum
karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuha gagang
karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku
sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung
sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge
pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma,
carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi
dibarungan ku pakakas musik sejenna.
Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari
nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan
tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula
jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna.
Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora
kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding
urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa
divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék kolot,
baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding,
bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora roge
botik.

More Related Content

Viewers also liked

Diehl_Research_poster(2) (1)
Diehl_Research_poster(2) (1)Diehl_Research_poster(2) (1)
Diehl_Research_poster(2) (1)Brett Diehl
 
Coordenadas polares y coordenadas geograficas wuillians lemus - ci 24873349...
Coordenadas polares y coordenadas geograficas   wuillians lemus - ci 24873349...Coordenadas polares y coordenadas geograficas   wuillians lemus - ci 24873349...
Coordenadas polares y coordenadas geograficas wuillians lemus - ci 24873349...Oscar Irigoyen
 
Actividad financiera del estado
Actividad financiera del estadoActividad financiera del estado
Actividad financiera del estadorhonajuarez
 
周陟·网言
周陟·网言周陟·网言
周陟·网言zhou zhi
 
37 практик бодхисаттв: Вводная лекция
37 практик бодхисаттв: Вводная лекция37 практик бодхисаттв: Вводная лекция
37 практик бодхисаттв: Вводная лекцияLobsang Tenpa
 
06 fracciones decimales y porcentajes
06 fracciones decimales y porcentajes06 fracciones decimales y porcentajes
06 fracciones decimales y porcentajesrojas4612
 
El proceso del nacimiento
El proceso del nacimientoEl proceso del nacimiento
El proceso del nacimientoVianey Antelo
 

Viewers also liked (7)

Diehl_Research_poster(2) (1)
Diehl_Research_poster(2) (1)Diehl_Research_poster(2) (1)
Diehl_Research_poster(2) (1)
 
Coordenadas polares y coordenadas geograficas wuillians lemus - ci 24873349...
Coordenadas polares y coordenadas geograficas   wuillians lemus - ci 24873349...Coordenadas polares y coordenadas geograficas   wuillians lemus - ci 24873349...
Coordenadas polares y coordenadas geograficas wuillians lemus - ci 24873349...
 
Actividad financiera del estado
Actividad financiera del estadoActividad financiera del estado
Actividad financiera del estado
 
周陟·网言
周陟·网言周陟·网言
周陟·网言
 
37 практик бодхисаттв: Вводная лекция
37 практик бодхисаттв: Вводная лекция37 практик бодхисаттв: Вводная лекция
37 практик бодхисаттв: Вводная лекция
 
06 fracciones decimales y porcentajes
06 fracciones decimales y porcentajes06 fracciones decimales y porcentajes
06 fracciones decimales y porcentajes
 
El proceso del nacimiento
El proceso del nacimientoEl proceso del nacimiento
El proceso del nacimiento
 

Karinding

  • 1. Karinding Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut),jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri, hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).
  • 2. Cara Nabeuhna Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun). Mangpaatna Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuha gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna. Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora roge botik.