1. 1. Gusti urang sarerea Kanjeng nabi anu mulya
Muhammad jenengannana Arab Quraisy nya bangsana
2. Ramana gusti abdullah Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunnan di Mekah Wengi senen tahun gajah
3. Rabiul awal bulanna Tanggal kadua belasna
April bulan masehina Tanggal kadua puluhna
4. Ari bilangan tahunna Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna Sareng sahiji pungjulna
5. Siti aminah misaur Waktos babarna kacatur
Ningal cahya mani ngempur Dibumina hurung mancur
6. Babar taya kokotoran Orok lir kengeng nyepitan
Soca lir kengeng nyipatan Sarta harum sesengitan
7. Medal Nabi akhir jaman Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa syetan Kabeh pada karuksakan
8. Nabi yuswa lima bulan Geus yasa angkat-angkatan
Yuswana dalapan bulan Geus capetang sasauran
9. Yuswana sapuluh bulan Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nulian Tapi tara kumagungan
10. Parangina kanjeng nabi Jatnika pinuh kupuji
Pinter tur gede kawani Shobar nya’ah kasasami
11. Keur opat tahun yuswana Diberesihan manahna
Nabi dibelah dadana Malaikat nu melahna
12. Jibril kadua rencangna Mikail jenengannana
Ngesikeun kana manahna Ilmu hikmah sapinuhna
13. Tuluy dada Kanjeng Nabi Gancang dirapeutkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri Di cap ku Khotimun Nabi
14. Harita Nabi ayana Dilembur ibu inangna
Halimah jenengannana Sadiyah ngaran lemburna
15. Rama Nabi kacaturkeun Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun Dua sasih kaunggeulkeun
16. Keur lima tahun yuswana Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat Eyangna Abdul Muthollib asmana
17. Keursana Robbul Alamin Kanjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan tahun yakin Eyangna mulih ka batin