Para Mitra,
Geus ilahar, kagiatan kaagamaan dina bulan Roma-
don mah sok ningkat. Di média éléktronik, saperti dina
tipi waé, apan jam tayangna béda ti sasahari. Kitu deui
kagiatan-kagiatan kaagamaan nu sok diayakeun di
sabudeureun urang. Upamana waé, nu tadina panga-
jian téh sok dilaksanakeun di masjid-masjid, di bulan
Romadon mah ambahanan ogé beuki ngalegaan.
Saperti waé aya nu di hotel-hotel, di kantor-kantor, di
rumah makan kaasup ogé di mol-mol. Ieu tangtu matak
reueus kacida. Hartina, kasadaran umat Islam kana
nanjeurkeun ajaran agamana, singhoréng sakitu pada
ngarojong jeung dipikabutuhna. Upamana waé dina
raraga buka bersama, asa kurang afdol upama
saméméhna teu aya acara siramah ruhani atanapi
pangajian heula.
Para Mitra,
Rupa-rupa kagiatan kaagamaan kitu, tangtu di-
piharep bisa lana nepi ka jadi biasa. Ngan naha bisa?
Tangtu keur urang Sunda atawa keur urang Jawa Barat
mah, munasabah pisan. Lantaran sacara sosiologis apan
urang Sunda mah dalit pisan jeung agama Islam. Malah
asa pantes pisan upama ditepikeunana ogé dina basa
Sunda. Lantaran, lian ti nanjeurkeun deui da’wah Islam,
ogé dina raraga ngamumulé basa Sunda sorangan.
Ku kituna, upamana waé pamaréntah Jawa Barat
ngahangkeutkeun deui da’wah Sunda nu dimitem-
beyanan dina saum taun ayeuna, tangtu Manglé kacida
ngarojongna. Lian ti ngarojong kagiatan dina nga-
mumulé basa Sunda, ogé tiasa keur nanjeurkeun ka-
soléhan di tatar Sunda nu disurahan tina ajaran
agamana (agama Islam). Mudah-mudahan.***
Da’wah Puasa ku Basa Sunda
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di-
brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
IMPLIK-IMPLIK
Lagu Sunda Islami
........................................................... 8
PURIDING PURINGKAK
Si Geulis nu Nyupiran Beus
Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24
BAHASAN
Jatigede jadi Dano Mimiti Oktober?
......................................................... 44
UNAK-ANIK
Para Rumaja
Nu Resep Nepak Kendang ............. 46
GUGURITAN
Untung Rugi Hirup Manusa
Tachrun Suwerpi ............................. 48
SAJAK
Révolusi
Sayudi ............................................. 49
CARITA PONDOK
Warisan nu Moal Cocéng
Tuti .................................................. 20
Kanikir Dipipir Pasir
Moddi Madiana ................................ 22
..........................
Ganjar Kurnia ..................................... 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 32
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (167)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (4)
M.A. Salmun
............................................................. 12
­Sekar­Manglé
Intan
6
TAMU
Pamingpin
Kudu Ngarampa Kereteg Haté Masarakat
Potret:Reisyan
Angkrék bulan marakbak bodas mapaés
rohangan tengah. Unggal poé ditatap
diusap jadi batur ngobrol, tempat mi-
radu mun haté keur sumedeng ringrang.
Sok rajeun nyoréang ka tukang, mangsa
hirup paduduan, genep taun kaliwat.
..........................................................
22
Kanikir Dipipir Pasir
Panata Rias & Raksukan:
Sanggar Ayu Busana (Galery
Rias Pengantin) Komplek
Neglasari Jl. Neglarasa No. 9
Ujungberung – Bandung Telp.
022 – 70432343
HP: 08122395408
Nu Harayang Jadi Guru
T
ina 585.789 lulusan
SMA/SMK anu marilu kana
Seleksi Bersama Masuk Per-
guruan Tinggi Negeri (SBMPTN)
taun 2013 aya 407.000 atawa 69,4
persen anu daftarna milih program
studi di lembaga pendidik lembaga
kependidikan. Cenah taun ayeuna
ngajaul pisan mun dibandingkeun
jeung taun tukang. Harita mah nu
daftarna ka program studi éta téh
ngan aya 350.000 jelema.
Ku naon pangna taun ieu leuwih
loba anu marilih program studi
kependidikan? Tangtu lantaran jadi
guru ayeuna geus matak kabita.
Nasib guru anu dina taun-taun
tukang sok dibasakeun pahlawan
tanpa tanda jasa, ayeuna mah geus
jauh leuwih alus batan harita. Per-
hatian pamaréntah kana nasib guru,
geus leuwih alus batan nu ka
tukang-tukang. Komo sanggeus aya
sertifikasi mah, gajih guru téh geus
bisa diandelkeun. Malah punjul
batan PNS umumna.
Nu matak meujeuhna lamun
lulusan SMA/SMK loba anu kabita
harayang jadi guru. Tujuanana
ayeuna mah jadi guru téh geus lain
ngan sakadar pengabdian tapi lan-
taran geus bisa dipaké jaminan
pikeun udagan hirup.
Tangtu wé saréréa kudu ngarasa
bungah pangajén ka guru geus
batan sakitu. Perjoangan para guru
geus meunang pangbagéa ti
pamaréntah saperti ayeuna.
Papadaning kitu, lain hartina geus
sagalana sampurna. Lamun urang
ngabandungan kaayaan dunya pen-
didikan ka urang dina jero sapuluh
atawa limabelas taun kadieuna-
keun, apan teu kurang-kurang aksi
guru anu meredih sangkan
pamaréntah ngabebenah deui
kawijakanana dina widang pen-
didikan. Ayeuna mah pameredih
guru téh geus leuwih lega batan anu
patalina jeung nasibna sorangan.
Dina bulan-bulan ieu urang
saréréa keur nyanghareupan urusan
anu henteu bisa dianggap énténg,
nyaéta patalina jeung Kurikulum
2013. Sanajan réaksi ti masarakat
loba anu cangcaya éta kurikulum
bakal leuwih alus batan anu
enggeus-enggeus, tapi pamaréntah
keukeuh kudu mimiti taun ieu. Teu
meunang diengkékeun deui.
Salasahiji anu geus dipajuna nyaéta
ngalatih guru supaya meunang
sértifikat jadi instruktur guru nasio-
nal. Ti dituna mah lantaran
pamaréntah sorangan sadar pisan
yén Kurikulum 2013 téh béda jeung
kurikulum nu enggeus-enggeus.
Naon nu aya dina éta kurikulum
kudu dilatihkeun heula ka guruna
saméméh ditepikeun ka murid téh.
Tah tina hasil pelatihan instruk-
tur guru nasional téa, tina 542
jelema anu geus dilatih, aya 124
atawa 23 persén anu teu lulus. Naha
bangga kitu materi anu dipaké
latihanana téh? Mun anu teu lulus-
na aya nepi ka ampir saparapatna,
hartina hasilna téh beunang
disebutkeun henteu nyugemakeun.
Mentri Pendidikan dan Kebudayaan
M Nuh kalawan tandes nétélakeun
yén tina hasil latihan téa anu pang-
mojéjrétna téh cenah widang
pemahaman kurikulum.
Tangtu para guru, babakuna anu
geus marilu latihan téa, anu apal
lebah mana héngkérna. Bisa jadi
lain ku lantaran éta téh kurikulum
anyar, tapi boa nyampak dina kapa-
sitas guru umumna.
Anu marilu kana pelatihan téa,
cenah geus diséléksi heula. Hartina
henteu asal guru anu diilukeun kana
pelatihan téh. Cacak geus diséléksi
heula hasilna batan sakitu. Komo
deui lamun henteu dipilih heula.
Ngeunaan kapasitas guru anu
saperti kitu sabenerna geus ditaksir
ti anggalna. Salasahiji alesan anu
teu satuju Kurikulum 2013 diajar-
keun taun ieu ogé apan di dinya
nyokona téh. Komo deui lamun nga-
bandingkeun kapasitas guru nu aya
di Pulo Jawa jeung nu aya di NTT
atawa di Papua. Mangkaning,
Kurikulum 2013 téh bakal langsung
dipraktékkeun di sakumna sakola,
sanajan dina taun ieu mah dipilihan
kénéh.
Sigana bakal jadi catetan
saterusna, kudu kumaha matéakeun
dunya pendidikan di urang nepi ka
hasilna optimal. Ganjorna kaayaan
guru, jeung sakola, di sakuliah
nagara apan geus kabuktian henteu
bisa dibebenah gancang-gancang.
Lamun kaayaan nu saperti kitu hen-
teu disanghareupan kalawan daria,
bisa dipastikeun beuki ditu ganjor-
na bakal beuki jauh.
Lamun ayeuna minat lulusan
SMA/SMK beuki loba anu harayang
jadi guru, kadé kudu disanghareu-
pan kalawan ati-ati. Ulah nepi ka
harepan nu sakitu gedéna, dina
derna kalah sulaya. Ti ayeuna kénéh
pamaréntah kudu geus tatan-tatan
nyadiakeun sagala rupa sarana, ulah
ditungguan éksésna. AM
Manglé 2434 3
4 Manglé 2434
Dioméan Lantaran
Rék Lebaran
Sampurasun!
Damang Nyi Manglé?
Punten ngiring ngintun
serat, wiréh aya usul ka pa-
maréntah sangkan leres-
leres damel dina
ngabebenah sarana jalan.
Komo deui dina mapag
lebaran mah, jalan teh
leres-leres jadi pangabutuh
keur patalimarga. Saperti
budaya mudik, geus pasti
sarana jalan jadi masalah.
Upama waé, pamarentah
henteu ngalereskeun
sababaraha jalan nu
ngaruksak, hartina henteu
mampuh ngajalankeun
pamaréntahanana.
Tah, saperti ka jalur
kidul Pangandaran, apan
sakitu ruksak parna. Pada-
hal éta téh ka jalur pari-
wisata, jalur nu piduiteun
wungkul jang nambahan
devisa nagara. Ku kituna,
simkuring usul ka pamaren-
tah sangkan dimaksimal-
keun ngawangun sarana
jalan ka jalur Pangandaran.
Mémang ayeuna keur jalan,
tapi ku cara nyedekkeun ka
lebaran, meureunan ngerja-
keunana ogé rurusuhan.
Tah taun-taun engké mah
ulah kitu, kudu ti anggalna
kénéh. Nuhun.
Asep Hasan
Cijulang Bandung
WAWARAN
Dina mayunan Boboran Siam 1434 H
(Lebaran), medalna Majalah MANGLE aya
parobihan. Dina sasih Agustus 2013, nu kedahna
5 (lima) nomer, janten 4 (opat) nomer.
Parobihanana, nyaéta:
1. Edisi Mapag Lebaran, No. 2435, medal saperti
biasa.
2. Edisi Lebaran No. 2436, Manglé medal janten
dinten Salasa, 1 Agustus 2013.
3. Kemis, ping 8 Agustus 2013, Manglé henteu
medal.
4. Manglé 2437, medal deui Kemis 15 Agustus
2013 sareng saterasna sakumaha biasa
Sakitu wawaran parobihan medal Manglé.
Mugia ka uninga ku sadayana.
Bandung, 10 Juli 2013
Redaksi
Manglé 2434 5
N
ITÉNAN riwayat hirup sawatara
inohong Sunda, pangpangna
ngeunaan ketak politikna, tétéla
pisan teu sarupa. Rupa-rupa, béda-béda.
Aya nu ketak politikna panjang, tapi réa
ogé anu pondok. Geus meujeuhna urang
sacara ilmiah nyusun prototype ketak
politik masing-masing inohong Sunda
malar urang meunang gambaran anu
tétéla lebah mana “benerna” jeung pale-
bah mana “salahna”. “Bener” atawa
“salah” téh diukur tina panjang pondokna
lalakon politik éta inohong. Éta prototype-
prototype téa sina dipaké modél ku para
nonoman Sunda anu hayang ancrub kana
dunya politik pikeun nyonto ketak politik
para inohong Sunda saheulaeunana.
Inohong-inohong Sunda anu baheula
ancrub kana kagiatan politik nasional,
rata-rata mah nyongcolang. Tapi aya nu
terus nyongcolang nepi ka tungtung, tapi
ogé teu kurang-kurang anu karir politikna
peunggas di perjalanan. Kurang kumaha
gedéna jasa Oto Iskandar Di Nata eng-
goning ngadegkeun ieu nagara. Apan nya
Oto Iskandar Di Nata anu ngusulkeun
sangkan Soekarno jadi Presiden RI jeung
Moh. Hatta jadi wakilna téh. Tur éta usul
digugu ku saréréa. Taya nu nentang.
Hartina, dina dunya politik nasional mah
ngaran Oto téh dipiajrih, tur Otona sora-
ngan dipikasérab. Teu cukup ukur ku kitu.
Basa Oto ngusulkeun malar kecap
“Merdéka” dipake “yel” kamerdekaan,
apan taya saurang oge nu mungpang.
Nepi ka kiwari éta yél téh dipaké kénéh.
Anu kudu dititénan sara ilmiah téh
naon sababna Oto Iskandar Di Nata anu
sakitu gedé jasana ka nagara téh bet di-
telasan. Nepi ka kwari urang teu manggih
raratan naha ditelasanana Oto di basisir
Mauk téh ku pihak rejim harita atawa ku
anu ngéwa ka rejim. Nepi ka kiwari, pihak
mana anu nelasan Oto téh peteng lir peu-
ting nu poék-mongkléng. Tapi, upama
urang maluruh ketak politikna sacara
ilmiah mah asa moal peteng-peteng teu-
ing. Taangtu teu matak susah upama
urang nalungtik ketak politik Pa Oto ti
awal ancrub kana kahirupan politik nasio-
nal nepi ka ahir. Tangtu baris bisa di-
talungtik, ketak politik nu mana anu
matak ngajaheutkeun manah, atawa
matak nimbulkeun rasa curiga pihak lian.
Bisa jadi éta pihak lian téh réjim nu keur
kawasa harita, atawa bisa jadi di luar réjim
anu nganggap Oto téh mangrupa haha-
lang ka maranéhna nu niat ngagulingkeun
réjim nu keur kawasa. Boh ti pihak réjim,
boh ti pihak saluareun réjim anu nelasan
Oto, duanana gé baris kaharti sacara
ilmiah.
Kapan ketak politik urang Sunda dina
lapak nasional téh hayang manjang, ulah
ngan ukur sausum. Kapan aya urang
Sunda nu kunsgi jadi wakil présiden,
nyaéta Umar Wirahadikusumah. Tapi
apan ana écag tina kalungguhan waprés
téh Umar mah henteu kacaturkeun deui
ketak politikna sacara nasional. Nya kitu
deui pikeun étnis Sunda, taya saurang ogé
inohong Sunda nu kapilih jadi waprés
sabada Umar Wirahadikusumah. Kabéja-
keun majar jenengna Umar jadi waprés
téh henteu karasa mangpaatna keur urang
Sunda, dalah keur urang Siturajana sora-
ngan. Éta ogé kawasna mangrupa salah
sahiji anasir nu ngalantarankeun ketak
politik Umar Wirahadikusumah lekasan
sabada teu jadi waprés. Kasalahanana téh
meureun tétéla ku lantaran keur jenengna
teu karasa mangpaatna keur étnis Sunda.
Ku lantaran teu karasa, atuh nya kaharti
upama taya nu ngadukung. Hartina,
upama aya nonoman Sunda anu ketak
politikna hayang lana, salah sahiji carana
téh nya kudu ulah poho ka bali geusan
ngajadi.
Aya deui salah saurang inohong Sunda
anu ketak politikna bisa dipaké bahan
pikeun diajar. Dina ketak politikna, ieu
inohong Sunda téh mibanda prototype
mandiri anu éstuning béda ti batur. Éta
inohong Sunda téh nyaéta Tjétjé Hidayat
Padmadinata, nu ku saréréa sok pada
nyarebut Kang Tjétjé. Naon “salahna”
Kang Tjétjé lebah ketak politikna nepi ka
teu parok jeung haté rejim anu keur
kawasa. Ku saban rejim nu keur kawasa,
Kang Tjétjé mah teu weléh dibérok waé.
Ku Orde Lama dipanjara, ku Orde Baru
dihukum. Ku Orde Reformasi kiwari Kang
Tjetje mah “ukur” jadi politisi nu
dipikasieun, alatan tarik kritikna.
Anu kawilang kontradiksi jeung Kang
Tjétjé katut inohong-inohong Sunda
lianna, nyaéta Ginandjar Kartasasmita.
Éta inohong Sunda téh henteu weléh
dipikaresep ku saban rejim. Copelna ku
rejim Orde Baru Soeharto jeung rejim
Reformasi SBY. Di éta dua réjim anu garis
politikna tojaiah téh Ginandjar mah teu
weléh kapaké. Basa Soharto keur jeneng,
apan Ginandjar mah teu weléh kapaké
waé. Saban Soeharto nyieun cabinét,
ngaran Ginandjar mah henteu weléh aya
waé. Nya kitu deui dina jaman réformasi.
Ku SBY nu keur kawasa, apan Ginandjar
mah diangkat jadi salah saurang anggota
Déwan Pertimbangan Présidén (Wantim-
prés). Atuh saméméh éta, apan kungsi je-
neng jadi anggota Déwan Perwakilan
Daérah (DPD) wawakil ti Jawa Barat.
Naon sababna pang Ginandjar teu
weléh “salamet” waé, tug teu weléh kapaké
ku saban rejim, nepi ka tara kaluar tina
orbit kakawasaan, tangtu kudu dipaluruh
sacara ilmiah. Naon “kiat-kiat”politikna
pangna Ginandjar bisa kitu. Kumaha
ketak politikna pang Ginandjar teu weléh
kapaké waé téh.
Kawasna geus meujeuhna pisan
upama para nonoman Sunda di-
wanohkeun kana ketak politik masing-
masing inohong Sunda. Keun maranéhna
sina milih rék nurutan prototype anu
mana. Tangtu merenah pisan saupama
sacara ilmiah diwanohkeun Biografi Poli-
tis Para Tokoh Sunda. Saha nu rék
mitembeyan?
***
DI KIWARI MACA BIHARI (10)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)
Lalakon-lalakon Inohong Sunda
B
atu turun keusik naék, ceuk
paribasa gé. Tepungna
pakarepan masing-masing
pihak, kudu kawas kitu. “Ulah
pakia-kia! Atuh, mun dina
ngungkulan masalah ge, ulah
nimbulkeun pasualan atawa
masalah anyar,” ceuk Dr. Ir. H. Ju-
niarso Ridwan, SH., MH. M. Si.,
budayawan nu dumuk di Bandung.
Ku lantaran kitu, ceuk Kang
Yuni (kitu katelahna), pamingpin
kudu getol silaturahmi ka handap.
Nalingakeun kahirupan masarakat
sarta neuleuman kereteg haté
masarakat. Tah, nu kawas kitu,
cenah, nu dipikabutuh ku
masarakat mah. “Cindekna, kedah
ngarampa kereteg haté masarakat,”
pokna.
Kitu deui nu tumali jeung pang-
wangunan pisik, saperti sarana
jeung prasarana, ceuk ieu Dosen
Pasca Sarjana Universistas Islam
(Unisba) Bandung, sawadina ogé
kudu dumasar kana tinimbangan
dangka panjang. Contona,
ngababenah jalan, ogé kudu jeung
tinimbangan ‘daya tampung’
kandaraan di hiji tempat. “Ayeuna
kajantenan, lobana kandaran ti
Jakarta ka Bandung, lantaran
ayana tol Cipularang, balukar
sejenna apan kota Badung jadi
macet ku kandaraan,” pokna mere
conto.
Dina nitenan kahirupan kiwari,
Kang Yuni gé teu meungpeun
carang. Memang nembrak kasak-
sén ku balaréa, yen loba pihak nu
geus ‘horéam’ ngabandungan
pasualan pulitik. Ngan, kaayaan
kitu teh, teu hadé diantep, lantaran
kangaranan kahirupan kanagaraan
mah, moal tuna tina pasualan puli-
tik. Hartina, daék teu daék sasaha
gé, kaasup masarakat kubra, kudu
engeuh kana kahirupan pulitik.
Upama loba pihak nu teu ‘kataji’
ku pulitik ogé sawadina jadi bahan
tinimbangan para pulitisi nu an-
crub dina partey. Lantaran,
samistina mah, partey pulitik téh
ngatik masarakat sangkan ngarti
jeung engeuh kana pulitik. Carana,
nya ku mindeng silaturahmi antara
masarakat jeung pangurus partey
pultik. Kitu ceuk pamanggih Ju-
niarso Ridwan mah.
6 Manglé 2434
Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH.,MH.,M.Si.,
Dosen Unisba Bandung
Pamingpin
Kudu Ngarampa Kereteg Haté Masarakat
Nu diasongkeun ku pamingpin, can tangtu kalandep ku masarakat. Ku lantaran kituna,
program nu baris dilaksanakeun ku pamingpin gé kudu dumasar kana kabutuh masarakat.
Kitu ceuk Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si.
***
Manglé 2434 7
Ceuk tilikan Kang Yuni,
masarakat kiwari, teu gampang
karampa kahayangna. Da, bisa jadi
rupa-rupa kahayang jeung
impianana. Ngan, ku cara remen
silih kolongan kahayang, teu mus-
tahil ‘patepungna’ harepan
masarakt jeung nu bisa nangtukeun
kawijakan.
Dina mangsa pamingpin
ditangtukeun ku sora masarakat,
ceuk ieu Ketua Partai Amanat
Nasional (PAN) Kota Bandung téh,
memang masarakat kudu ‘cerdas’
milih pamingpinna. Mun ceuk
kekecapan kolot mah, kudu asak-
asak ngejo bisi tutung tambagana!
Hartina, ceuk Kang Yuni, nu
kapilih teh sawadina nu apal kana
kahayang masarakatna, ogé apal
kana wewengkon nu dipingpinna.
“Kedah nu ngartos kana pasualan
anu nuju disanghareupan, sarta
mampuh maparin solusi kanggo
ngungkulanana,” pokna.
Juniarso nu kapapancenan jadi
calon legislatif ku parteyna keur
DPR RI, boga pamanggih, masing-
masing partey kudu bener-bener
ngutus calon nu panghadéna di
masing-masing daérah. Lantaran,
pangwangunan nu samistina di-
garap di daérah, saperti di kabu-
paten/kota, kudu sareundeuk
saigel boh jeung propinsi boh jeung
pamaréntah puseur. “Nu misti
nataharkeun para calon legislatif
kalayan daria di sakumna tingkatan
teh partey pulitik,” ceuk Kang Yuni.
Pangrojong Legislatif
Pangwangunan nu dilaksana-
keun ku eksekutif (rengerengan
presiden/gupernur/walikota/bu-
pati), kudu bener-bener keur kabu-
tuh masarakat. Nya di dieu, pancen
gawe legislatif teh, luyu jeung
pungsina, nyieun aturan, ngontrol,
jeung nganggarkeun waragad, demi
kapentingan masarakat. Hartina,
kalungguhan wawakil rahayat
saperti kitu, sawadina jadi kakua-
tan keur masing-masing anggota
dewan. Pakakas nu tilu rupa bieu,
bisa mangpaat keur balaréa, upama
para anggota dewan boga karép
jeung kamampuhan ngalaksana-
keun pungsina tea. “Kakuatan leg-
islatif bakal gumantung kana
kamampuhan pribadi-pribadina,”
ceuk Juniarso Ridwan.
Tumali jeung kakuatan legis-
latif, Ir. H. Sjamsuridjal, M.M., Di-
rektur Eksekutif Amal Salaman
ITB, boga pamanggih, sakuduna
legislatif mampuh ngontrol gara-
pan gawé eksekutif. Contona,
cenah, waktu gupernur kompanye
apan loba jangji nu ditepikeun ka
masarakat. Atuh, satutas mancen
gawé, samistina éta jangji téh
ditedunan. Ngan, tangtu rahayat
najan boga hak nagih jangji, tetep
moal ‘peurahan’ lantaran teu bisa
maksa ka eksekutif. “Pancen
nepikeun kereteg haté masarakat,
samistina ditepikeun ku anggota
dewan,” pokna.
Ku lantaran kitu, ceuk H. Sjam-
surdjal nu oge aktif di partey puli-
tik, sawadina masarakat gé dina
nangtukeun anggota dewan téh
kudu asak tinimbangan. “Upama
salah milih, apan rahayat kénéh nu
rugi,” pokna tandes.
H. Ridjal percaya, kakuatan
eksekutif nu ditalingakeun ku leg-
islatif, bakal mawa mangpaatna
keur balaréa. Anggota dewan nu
jadi wawakil masarakat, kudu e-
ngeuh jeung apal kana kabutuh
masarakatna. Eta kabutuh,
saterusna dilaksanakeun ku ekse-
kutif kalayan kontrol legislatif.
Jawa Barat, ceuk panitenan Rid-
jal, bisa leuwih maju. Kitu téh, lan-
taran poténsi nyampak,
pangpangna sumber daya manusa.
Ngan, cenah, memang nu boga
karep milu matéahkeun Jawa Barat
gé teu gampang, lantaran loba
keneh masarakat nu daek mamrih
nu saharitaeun. “Padahal, upama
hayang boga pamingpn nu masla-
hat keur balaréa, nu pangpentingna
mah, tinimbangan kamampuhan
masing-masing calon pamingpin
téa,” ceuk ieu alumni ITB téh
neundeun harepan. ***
(Ensa)
Ir. H. Sjamsuridjal, MM.,
direktur eksekutif Rumah Amal Salman ITB
Kota-kota tatar Jaban loba keneh nu kudu dibebenah
8
D
ina dekade 70-an, lagu
‘Hamdan’ nu disanggi ku
Mang Koko tina rumpaka
karya RAF teu wudu jadi lagu popu-
lér dina mangsa harita. Dalah tug
tepi ka kiwari éta lagu téh sok
kapireng kénéh padangahariring-
keun. Lagu ‘Hamdan’ kaitung
leuwih populér batan lagu ‘Solawat
Bani Hasyim’ jeung lagu ‘Al Iman’
(lagu Mang Koko, rumpaka RAF).
Béh dieuna mindeng kapireng aya
lagu ‘Demi Waktu’ jeung ‘Balitu-
ngan’ karya Atang Warsita jeung
lagu ‘Du’a’ karya Nano S. Pon kitu
deui Yus Wiradiredja nu nyanggi
lagu-lagu islami nu diwadahan dina
label Ath-Thawaf. Iwal ti Mang
Koko, Atang jeung Nano dina
nyanggi lagu islami masih kénéh
kaitung ku ramo. Yus leuwih réa
batan Nano jeung Atang. Atuh dina
nyanggi laguna, pangpangna boh
Atang boh Nano gedé pisan
kakalangkangan ku konsép Mang
Koko.
Dina awal dekade 90-an, kakara
muncul warna séjén dina ngaracik
lagu Sunda Islami. Ieu sanggian téh
medal dina warna pop. Diluluguan
ku Ubun Kubarsah jeung Gun Gu-
nawi ti Dasentra. Dimuat dina
album ‘Bulan Suci’, dihaleuangkeun
ku Nanang Kosim jeung Lala Yulia-
ra. Kungsi geunjleung tepi ka
saparat taun 90-an mah.
Horéng Ubun mah manjang
Ubun Kubarsah, nu boga gagasan pagelaran
Lagu Sunda Islami
Geus lawas teuing masarakat Sunda teu bogaeun lagu Islami. Ti jaman Mang Koko nu nyanggi
lagu tina rumpaka RAF, ti dinya mah plengles baé komposer anu mibanda konsép nu panceg lebah
nyanggi lagu-lagu sunda islami téh. Aya éta gé nu sok rajeun daria nyanggi lagu-lagu islami,
ngan baé ukur hiji dua.
Rita Tila, juru kawih kamashur
Manglé 2434 9
neuleuman nyanggi jeung ngaracik
lagu-lagu islami téh. Dina pertenga-
han taun 90-an, Ubun ngainterpre-
tasi lagu-lagu solawat ku
idiom-idiom galindeng Sunda.
Genah kacida, da puguh masarakat
Sunda leuwih ngarasa mibanda
galindeng solawat nu diracik tina
motif-motif laras Sunda, pang-
pangna laras madenda. Haleuang
galindeng ‘Solawat Badar’-na kungsi
kapireng dihaleuangkeun ku
Chrisye. Dina dekade 90-an kénéh
galindeng solawat racikan Ubun
kungsi diaubkeun dina pagelaran
‘Mega Solawat’ di salah sahiji sta-
siun swasta nasional. Nu nga-
haleuangna Nénéng Dinar jeng Yus
Wiradiredja.
Atuh dina ruas taun 2000-2010,
Ubun ngotrétkeun racikan lagu nu
matak geunjleung, ‘Bandungan’.
Lagu ‘Sakaratul Maot’ jeung ‘Tanceb
Kayon’ minangka conto lagu dina
wanda ‘Bandungan’ nu mibanda
téma islami. Éta lagu nu dua,
rumpakana ditulis ku Ganjar Kur-
nia. Dina taun 2008, Ubun gé
ngaracik lagu cianjuran gaya anyar.
Di dinya aya lagu ‘Amanah’ (lagu
poko) jeung lagu ‘Mustika Katulis-
tiwa’ (lagu panambih). Rumpakana
ditulis ku Zahir Zahri. Atuh dina dua
taun katompérnakeun, Ubun mang-
gihan deui komposisi musikal anyar
‘kacapi harmonia’, paheuyeuk-
heuyeuk jeung musisi Yadi ‘Piteuk’
Cahyadi.
Tayohna enya, Ubun manggihan
formula nu nenggang tur weweg
lebah nyanggi lagu nya dina wanda
‘Bandngan’. Ti dinya murudul lagu-
lagu anyar, pangpangna nu dipatali-
keun jeung lagu-lagu nu mibanda
napas islami, sakumaha nu kapalu-
ruh dina periode album ‘Syair keur
Syiar’, ‘Cisoca Singa Sahara’, jeung
‘Kasidah Sunda Islami’. Mun téa di-
jumlah-jamléh, lagu-lagu sunda is-
lami sanggian Ubun (dina
pirang-pirang wanda), moal kurang
ti 60 (genep puluh). Cék taksiran,
ieu jumlah téh can kapanggih di juru
sanggi nu séjén.
Lagu Islami jeung Puasa
Tina sakitu judul lagu-lagu
Sunda islami sanggian Ubun, baris
diala 13 (tilubelas) lagu baé pikeun
dipagelarkeun dina ‘Féstival Lagu
Sunda Islami’, tanggal 19 Juli 2013,
di Aula Grha Sanusi Hardjadinata
Kampus Universitas Padjadjaran, Jl.
Dipatiukur 35 Bandung. Éta lagu nu
tilubelas téh baris dihaleuangkeun
ku Rita Tila, Rosyanti, jeung sawatara
kelompok penyanyi ti Pasantrén Al
Falah Cicaléngka, Pasantrén Baitul
Arqom Pacét Ciparay, Mahasiswa UPI
Bandung, jeung mahasiswa UIN
Sunan Gunung Djati. Diwewegan ku
para jurukawih petingan ti
Sumedang, Garut, Cianjur, jeung
Bandung Barat.
Pagelaran garapan Dasentra
pingpinan Ubun Kubarsah nu
dideudeul ku Disparbud Propinsi
Jawa Barat katut Kementrian
Pariwisata dan Ekonomi Kreatif téh
katoong pirongkaheunana. Tuda
penyanyina baé teu kurang ti 60
urangna. Ditambahan ku para mu-
sisi ti grup Harmonia pingpinan
Yadi ‘Piteuk’ Cahyadi, gitar klasikal
Gun Gunawi, keyboard Sukma
Kusumah, sun-chen Sisca, kacapi
Ade Suparman, jeung bangsing Asép
Aung. Difasilitasan ku pihak Unpad
minangka agénda maneuh bulanan,
dina raraga ngeusian acara syiar
bulan suci romadon.
Cara dina garapan pagelaran nu
enggeus-enggeus, Ubun bangun mi-
harep aya modél pagelaran anu
daria bari diwewegan ku konsép anu
pepel. Aya tilu lagu anu syairna nga-
haja nguyang ka panyajak kahot H.
Usep Romli HM (‘Anjeun Nu Maha’
jeung ‘Sarébu Bulan’) jeung Acép
Zamzam Noor (‘Kiblat Kuring’).
Tina syair jadi lagu téh digarap ku
Ubun kalawan daria dina jero sabu-
lan. Dipirig ku kacapi harmonia
racikan Yadi Piteuk, teu wudu ngu-
niangkeun harmonisasi lagu nu po-
hara éndahna. Dirékam dina
sababaraha shif di Studio STSI. Éta
lagu nu tilu téh salah sahijina baris
dihaleuangkeun ku penyanyi
mashur Rita Tila.
Nu matak jadi ahéng deui téh,
aya lagu nu euyeub ku motif galin-
deng Sunda nu engkéna baris di-
haleuangkeun ku penyanyi wedalan
pasantrén. Ieu tarékah téh, cék
Ubun, pikeun nguniangkeun warna
séjén tur anyar; galindeng Sunda
sina awor pagalo jeung galindeng
kuro. Cara nu kungsi kapireng dina
lagu kasidah Sunda pop sanggian
Ubun nu dihaleuangkeun ku
Nanang Kosim dina awal taun 90-an
téa. Sageuy teu matak sieup.
Pidangan ‘Festival Lagu Sunda
Islami’ nu bakal dipagelarkeun
sabada tarawéh téh baris dipungkas
ku ngahaleuangkeun lagu ‘Ham-
pura’ babarengan (sakumna
penyanyi), diwuwuh ku crew bari
umajak ka sakumna hadirin.
Netenggeran yén dina bulan suci téh
gedé pisan barokahna dipaké média
silaturahmi.**** (dian héndrayana)
Kacapian Harmonia Pingpinan Yadi Piteuk
10 Manglé 2434
Bagian
167
Peuting ka-181
Syahrazad neruskeun
dongengna. Nyaritakeun
lalakon Dahnasy nu tas
sasabaan ka nagri
manusa.
“Nembe teh tas ti
nagri nu kacida legana,”
ceuk ieu jin lalakina teh
muka carita.
Di lebah nagri nu
kacida legana, ceuk
Danasyi, dirina turun ka
bumi. Terus leuleumpa-
ngan ngadedengekeun
caritaan urang lembur.
Apal weh, horeng eta teh
karajaan nu dipingpin ku
jelema nu teu dipkaresep
rahayatna. Karajaanana
mah beunghar kacida,
malah raja teh boga istna
nepi ka tujuh.
Nu cadi kembang
carita eta nagri, lain
kabeungharanana. Tapi,
putri raja nu sohor
kageulisanana. Katelah-
na Putri Budur. Ku
geulis-geulisna, Dah-
nasyi ge teu bisa
ngagambarkeun
kaendahanana. Nu
tetela, nu teu weleh
nyangkaruk dina
ingetanana, buukna nu
hideng meles tur gom-
plok, kulit beungeutna
bodas beresih semu-
semu beureum.
Panonna boborelakan
lir mutiara. Gular-gilerna
hihideung panon lir
borelakna inten nu ka-
tojo panon poe. Cindek-
na, nilik kana
rurupanana, teu matak
bosen ningali, malah
matak moho anu nenjo.
Sorana halimpu.
Matak genah kadengena.
Mun cacaritaana antara
kalayan netes, tetela
maksuda. Kitu teh, ceuk
Dahnasy gamabaran eta
purti memang pinuh ku
pangarti.
Satrusna, ieu jin teh
bruk-brak. Cenah, gam-
baran kaendahan jeung
kageulisan eta putri teh
estu nenggang ti
sasamana, malah asup
kana susah keur nga-
banding-bandingna. Da,
memang cenah, eta putri
teh hese digamabrakeun-
ana ku kekecapan.
Peuting ka-182
“Ari pangna rahayat
teu resepeun kana
paripolah rajana,
kumaha?” ceuk Maimu-
nah semu panasaran.
Dahnasyi nyarita
deui. Raja teh bengis
naker. Saha wae nu teu
dipikaresep ku dirina,
bisa nandangan mamala.
Hukumanana tara jeung
ijiran, lantaran ukur du-
masar kana tinimbangan
pribadina.
Raja Gayur, kitu
katelahna. Eta teh raja
gagah kacida. Loba nu
gimireun ku kakara
ngadenge ngaranna oge.
Watekna, taya kasugema.
Karajanana nu geus saki-
tu legana teh hayoh we
ditamabahan ku cara
naluk-nalukeun karajaan
sabudeureunana. Ku cara
kitu, eta raja teh beuki
beunghar sarta kacida
kasohorna.
Najan kaasupna raja
bengis, ka anakna mah,
ka putri tea, nyaaheun
naker. Sagala rupa
kabutuhanana dicumpo-
nan. Malah, naon wae nu
sakira-kirana pibunga-
heun anak, tangtu di-
pilampah. Malah, keur
nyenangkeun hate anak,
Raja Gayur ge nyieun
tujuh kaputren di tem-
pat-temap anu beda.
Eta tempat putri
mewah naker. Dijieun
tina rupa-rupa bahan
anu kacida mahalna.
Tujuh kaputren teh, di-
jieun tina rupa-rupa
barang anu beda. Aya nu
dijieun tina emas, batu,
permata, jeung sajabana.
Tujuh kaputren tea,
ditempatanan mah ukur
tujuh taun sakali. Da, sa-
taun teh cicing di hiji ka-
putren. Kakara mulang
deui ka tempat mimiti
snaggeus nyorang taun
ka dalapan.
Kageulisan putri,
tangtu we jadi kembang
Manglé 2434 11
carita ka jauhna. Loba
lalaki nu panasaran
hayang nyaho di kieuna.
Atuh, sohorna teh beuki
lila beuki namabahan.
Nya ku lantaran kitu
deuih jadi loba lalaki nu
ngimpikeun hayang
ngawnagun rumah
tangga jeung eta putri.
Ku lantaran kalung-
guhan eta putri sakitu
luhurna, nu wani nga-
lamar ge tangtu we lain
jalma jore-jore. Lolobana
mah para raja jeung
pangeran pirajaeun.
Ngan, najan loba nu
ngalamar putri teh tetep
nolak.
Raja mimitina mah
teu bingung. Ukur
nganggap meuereun can
waktuna hayang rimbi-
tan. Tapi, sanggeus
mangtaun-taun angger
wae, sarta loba lalaki nu
ditolak sapajodogan, raja
ge jadi hariwang.
“Naon pangna hidep
nolak laki-rabi?” ceuk
raja.
Putri ngahuleng
sajongjongan. Geus kitu,
paralak nyarita tatag
naker. Cenah, dirina teh
boga karep jadi ratu nu
mingpin umat manusa.
Ku lantaran kitu, teu
mungkin dirina diping-
pin ku nu sejen kaasup
ku lalaki.
Najan putri nolak,
tetep we loba nu ngala-
mar. Kahyang nu ngala-
mar, memang teu togmol
ditepikeun ka putri raja,
tapi ka kolotna ka Raja
Gayur.
Pipikiran raja teu
weleh bingung. Lain teu
satuju kana kahayang
anak jadi raja disatung-
kebing jagat, da kana
karep kitu mah satuju
pisan. Ngan, ceuk
pikirna, tetep we awewe
mah kudu boga salaki.
Malah, dirina teh mi-
harep pisan boga turu-
nan nu dirundaykeun
tina rahim putri
kameumeutna.
Ngabandungan pasi-
patan putri kitu, raja teh
bingung. Ngan, da teu
bisa majar kumaha. Teu
bisa maksa kana
pakarepan anakna.
Malah, raja teh ngara
paur bisi enya putri tega
kana pati luluasan
mungaks lalakon hirup.
Apan, pokna ge upama
raja tetep maksa dirina
kudu ngawangun rumah
tangga, kajeun rek
nelasan maneh!
Ti mimiti harita, raja
marentahkeun balad-
baladna sina nalinga-
keun eta putri. Malah,
ahirna mah, eta putri teh
teu meunang ka mana-
mana, kudu tetep di
lingkungan kaputren
kalayan pangawalana nu
kacida kuatna.
Ku lantaran
kaguelisanana, ceuk
Dahnasyi, dirina ge
saban peuting
ngalanglangan kaputren
tempat Putri Budur. Ki-
tuna teh, lantaran
kasengsrem hayang
nempo kageulisan eta
putri.
Ngadenge caritaan
Dahnasy kitu, Maimunah
ukur mesem. Dirina mah
bangun teu kataji ku
caritaan eta jin teh.
Cenah, moal enya aya
awewe geulis-geulis teu-
ing saperti nu dicarita-
keun ku eta jin.
“Najan enya geulis,
ceuk pikir kaula, moal
kurup ari kana
kakasepan anak raja
mah,” ceuk Maimunah.
Nu dimaksud anak raja
ku eta jin teh, taya lian ti
putra Raja Syahraman
tea nu keur diberok di
panajara.
“Naha ku naon kitu
eta putra raja teh?”
Maimunah nete-
lakeun. Cenah, nu
karandapan ku eta lalaki
teh teu beda ti nu ka-
alaman ku Putri Budur.
Cindekna mah, pada-
pada nolak waktu kolotna
nitah ngawangun rumah
tangga. *** (Hanca)
12 Manglé 2434
A
ri indung Ujang Kusén,
bubuhan pada
ngabeberah, lila-lila nya
lipur, kari pasrahna. Tuluyna
mah Nyi Haji nya cara salakina
baé tirakat napakuran anak.
Hiji mangsa, mun poho téa
mah Ki Haji jeung Nyi Haji
keur meujeuhna popohona ka
anak di pangbuangan, bet jol Ki
Asta, upas kabupaten, ngiwir-
ngiwir surat ti kantor cenah.
Ku Haji Samsudin ditampa-
nan bari dialak-ilik, da maca
mah teu bisa, bisa sotéh aksara
nu ditulisna ti katuhu ka kénca.
“Surat naon cenah, Asta?”
ceuk Haji Samsudin bari sorana
rada ngepér, reuwas, ma’lum
atuh jaman harita mah mun
aya jalma partikulir narima
surat ti kantor téh, leuh, matak
geumpeur enyaan, sabab biasa-
na sok aya urusan bangga.
Asta: “Dawuhan Juragan
Mantri mah serat ti tuang putra
, ti Surabaya.”
“Ti Surabaya?” cék Haji
Samsudi jeung bojona mani
bareng. “Kumaha badaratna
saur Juragan Mantri?”
“Duka teuing,” walon Asta,
“malah kukupingan téh kawitna
mah Juragan Haji badé
dihaturanan ka kantor, nanging
timbalan Juragan Patih bilih
matak ngabarubahkeun, nya la-
jeng miwarang disanggakeun
baé ku abdi.”
“Heueuh, jung atuh bisi
manéh rék balik deui mah, kop
tah keur meuli bako!” cék Ki
Haji bari ngagolérkeun bénggol
opat siki ka hareupeun Upas
Asta.
Nu “Diawur duit” haripeut
pisan ngarawuna bawaning ku
atoh, boga keur meuli bako
satengah bulaneun, mani
dodongkoan nganuhunkeun
bari pamitan.
“Surat naon cenah, anjeun-
na?” cék Nyi Haji geus teu
sabar. “Boa Si Ujang geus teu
aya dikieuna.”
“Ih, Ibuna mah sagala téh
ngan sok diudagkeun kana
pangganggeusan baé!” walon
salakina bari memener dastar.
“Anggur prak-prak dangdan,
urang ka Mas Tanu ménta
pangmacakeun surat,” bari
ngagero ti panto tukang:
“Jamil, Jamil, béjakeun ka Si
Asan, masang bendi kituh! Teu
kudu mawa lopor.”
Teu lila Haji Samsudin
kadua pamajikanana geus an-
jeucleu dina bendi, dikusiran
ku Asan ngajugjug imah Mas
Tanu, pokrol di Pasirkaliki.
Kudana ditegarkeun awahing
hayang geura datang.
Mas Tanu kadatangan
dedengkot pasar téh geus
rebéh-rebéh baé irungna, sabab
biasana talenan opat baé mah
moal teu digolérkeun. Bari
memener bendo perekos cakah-
cikih ngampar samak jeung
ngageroan pamajikanana nitah
ngaku sémah.
“Lah, keu baé Ki Mas!” cék
Nyi Haji, “Aceuk téh puguh
keur rusuh; atos baé kieu, ulah
nyesahkeun.”
“Ah, teu teusing,” cék sora
awéwé di jero, mangnémbalan-
keun, sihoréng bojo Mas Tanu,
norojol.
Geus saréréa merenah, pok
Haji Samsudin ngomong: “Ieu
téh, Mas, diburu gancangna
baé, Akang téh kadatangan Si
Asta, mawa surat ti kabupatén,
magar téh ti Si Ujang di
Surabaya...”
“Enya, ari Aceuk, sieun
surat panungtungan, amit-
amit...” Nyi Haji nambalang.
“Engké atuh lanan, Ibuna,
saurang-saurang nyarita téh,
apan ieu gé keur diterangkeun!”
cék Ki Haji rada heuras,
keuheul ditempas. “Tah, geus
kitu, Mas, ari cara Akang mah
rumasa tinemu, teu sakola ieuh,
cing ieu surat pangmacakeun,”
bari ngodok surat tina pésak,
disodorkeun ka pokrol.
Ku Mas Tanu ditampanan,
dibaca alamatna basa Malayu,
tetela ka Tuan Haji Samsudin,
sudagar di pasar kota Bandung.
Béréwék amplopna disoéh-
keun. Nyi Haji mani déngdék
masang ceuli, bisi aya eusi surat
nu teu kadéngé. Galantang
dibaca, bet basa Sunda, suratna
pondok tapi tetela:
Sareng Hormat,
Kalayan Hibar pangdoa
Ama miwah Ibu, abdi salamet.
Ku kamurahan tuan sipir, abdi
kawidian nyeratan. Haturkeun
salam abdi ka sadaya para
wargi sareng sobat-sobat;
nyuhunkeun pangdo’ana, mugi
Gusti Allah ngersakeun mapa-
rin kaénténgan kana hukuman
abdi, sareng mugi-mugi abdi
dipaparin kakiatan sarta rah-
mat salamina nandangan co-
cobi.
Ku margi keur waktos mios
teu kabujeng amit-amitan,
mugi ka sadaya para wargi
sareng sobat-sobat
pangnedakeun panghampura
samukawis kalelepatan abdi,
supadot ka abdi teu jadi bang-
baluh batin sabot nuju prihatin.
Ama-Ibu, abdi nyangga-
keun pertobatan sareng
nyuhunkeun pangdo’a.
Bekas putra
Kusén.
Nyi Haji teu kawawa nahan
kagagas, surat sirikna teu di-
rebut tina leungeun Mas Tanu,
diadekkeun kana dadana, bari
ngucap sukur alhamdulillah;
geus teu nolih cimata anu ti tadi
diumbar, da teu kaampeuh. Ari
Ki Haji, bubuhan lalaki, henteu
nepi ka ceurik mah, ukur balem
bari nadahkeun leungeun dua-
nana, ngucap sukur ka Rabul-
alamin.
{ 4 }
Ku M.A. Salmun
Manglé 2434 13
Unggal indung nu cara Nyi
Haji,
mo tahan cipanon,
haté indung asa dijejewet,
aya atoh kagagas jeung
sedih,
bungah campur inggis,
ras anak di jauh.
Kasangsaraan nyandang
ranté beusi,
dibui, diberok,
haté indung peurih
tingsérédét,
seseblakan mun ka anak
éling,
atina ngajerit,
nyambat ka Nu Agung.
Nu biasana buruhan maca
ukur tengahna dua siki téh,
harita mah Mas Tanu nampa-
nan ringgit dua, duméh Haji
Samsudin keur asa kagunturan
madu, nampa surat pertobat ti
anakna; jeung ngabéjakeun
kaayaanana salamet.
Heuleut tilu poé ti harita di
imah Haji Samsudin aya hajat
rongkah, nu diondang jaba ti
baraya-baraya, babakuna
sobat-sobat Ujang Kusén;
sumawonna anu kanyahoan
loba, anu ngan ukur kabéja-
keun wawuh munding ogé, boh
bangsa urang, boh Walanda.
Tionghoa atawa Arab dihaja
diondang.
Dina tengah-tengah ngari-
ung téh, Nyi Haji –nu keukeuh
peuteukeuh hayang ngayakeun
riungan—ngawakilkeun ijab
kabul ka Haji Bakri nu kongas
bisa biantara, nerangkeun
maksudna hajat, nepikeun
paneda ka Ujang Kusén, ménta
pangampura jeung pangdo’a
saréréa.
Harita mah sok sumawon-
na geus aya radio atawa nyebar
koran cara kiwari, patalimarga
ogé seuseut seuat kénéh pisan,
jadi urang Bandung teu kabéja-
keun bab kajadian di Palabu-
han Surabaya téh, tapi ku
kaidinanana Ujang nyuratan ka
kolotna ogé, pikeun jaman
harita mah geus cukup geusan
ngira-ngira yén Ujang Kusén di
pangbuanganana tinangtu boga
jasa gedé, malah teu saeutik nu
boga pangira, yén hukumanana
tangtu diampun ku pangagung.
Ti saréngsé hajat, Nyi Haji
katémbongna jiga nu rék pulih
enyaan, maké daék suba-saba
ka baraya-baraya nu landes;
pikirana jiga lipur, teu
sararumpeg cara méméh
nampa surat. Surat téa sasatna
dipijimat. Diteundeunna gé
dina pepeten paranti ngampi-
han emas-inten. Mani sirikna
teu dikukusan.
*
Kira-kira lima genep
minggu ti harita, dayeuh Ban-
dung keur meujeuhna hehegar-
na, pasosoré hadé poéna,
tara-tara ti sasari, Nyi Haji
maké hayang ngalong di panto,
salakina jeung anak-anakna nu
lalaki ngariung tukangeun
tingkeban nu ngahaja di-
ablakkeun; keur guntreng baé
badami bab dagang, uplek
pisan.
Jol Ki Asta bareng jeung
jalma teu wawuh, pupuntenan
adab pisan.
“Bagéa, Ki Asta,” cék Nyi
Haji, “Kuring mani pangling;
biasa nénjo Ki Asta dibaju hi-
deung maké polét ari ieu mare-
man. Aya naon?”
“Dawuh Nyimas,” walon
Asta, “ieu ngadeuheuskeun pun
Arsali, réncang tuang putra ti
Surabaya.”
Nu keur beradami di tepas
curinghak, jep ngaromongna
areureun, malah Haji Samsudin
mah nyampeurkeun bari
nanya: “Ti Surabaya? Ké, ké
lanan, ti Surabaya kumaha?”
Asta: “Teu pindo damel, ti
Surabaya. Tadi enjing
dongkapna nganggo kahar pos
nu ti wétan. Saparantos
nawiskeun serat katerangan ka
sakaut sareng ka kabupatén,
teras nyuhunkeun di-
anteurkeun milarian bumi
Tuan Haji, margi di dieu tuma-
mu pisan. Jalaran tadi énjing
mah abdi seueur damel, nembe
kabujeng kadeuheuskeun ayeu-
na.”
“Emh, kitu,” ceuk Haji
Samsudin. Dina haténa geus
ngajudi, yén tangtu jurungan
anakna. Bisi aya carita nu teu
hadé kadéngé ku batur, tuluy
diajak ka jero baé.
“Nam, ka dieu ka jero.
Urang di ditu baé dipatenga-
han, Ibuna, ngarah teu ka-
giridig. Peundeutkeun baé
tingkeban mah barudak!”
omong Ki Haji.
Di tengah iah pribumi
jeung tatamu ngariung;
sanggeus ditanya, pok Arsali
nurutan tikukur, ngabéjakeun
manéh, ditéma ku nyaritakeun
batur sakamarna, kenék tém-
bok palabuhan ngaran Kusén;
tungtungna so nyodorkeun
surat ti Ujang Kusén, sakali ieu
mah ditulisna ku aksara Arab.
Dina surat dicaritakeun yén
Arsali téh sasatna mah dulur
anu pohara satiana, batus
sakokoh-sainum, sakanyeri-
sakapeurih, minangka tanggeuy
nu milu nyangga beuratna
hukuman, da saréatna mun teu
aya Arsali mah Ujang Kusén
samar kuat nandangan
sangsara.
Dina suratna, Ujang Kusén
sanget-sanget neneda ka ibu
jeung Ama, supaya Arsali diaku
cara ka baraya landes. Dicarita-
keun, yén dibui sotéh keuna
pitenah, lain jahat lain goréng
lampah.
Saterusna, Ujang Kusén
nyaritakeun bab kaayaan dirina
ditungtungan ku ménta di-
doakeun.
Teu dicatur ceurikna Nyi
Haji, atoh pacampur kagagas.
Ti harita Arsali pada ngariung-
riung baé ku baraya-baraya
Ujang Kusén, ditanggap,
lalakonna. Meunang saminggu
mah ku Ki Haji Samsudin
sasatna didagangkeun ka
baraya jeung kawawuhanana,
malah nepi-nepikeun surat ti
sipir geusan ka sobat-sobat
heubeulna ogé dibarengan ku
Ki Haji bari dijejeran. Di ditu
mah Ki Haji jeung Nyi Haji
mulangkeun kahadéan Arsali
ka Ujang Kusén. (hanca)
N
ajan jero bulan Romadon
sétan katut kulawedetna di-
cangcang sapageuh-
pageuhna rupa-rupa kamasiatan
kawas taya sudana. Upamana
warung nasi, rumah makan jeung
réstoran angger réa nu muka usaha-
na ti isuk-isuk. Tempat-tempat hi-
buran loba nu teu nolih kana aturan
agama sarta darigama. Tempat-
tempat nu nyéwakeun kaulinan
saperti ‘play station’, ‘games online’,
jeung sajabana teu saeutik nu nga-
haja dibuka ti wayah duha. Atuh
puguh baé keur nu kurang iman
mah aya cukang komo meuntas.
Godaan sétan mémang luar
biasa. Dina Al-Quran dijelaskeun
Adam AS kungsi katalikung ku iblis,
dedengkotna sétan. Balukarna
Adam AS diusir ti Sawarga. Keun
sual aya perbédaan paham ngeuna-
an ma’na Sawarga mah. Sabab saés-
tuna nu leuwih penting, urang
salawasna kudu iatna tina sagala
rupa kamungkinan godaan sétan.
Lantaran nurutkeun Al-Quran sétan
téh musuh bubuyutan nu nyata.
Nyata hartina lain fiktif.
Bungkeuleukan. Aya jirimna. Iwal ti
kitu sétan mah tara “neuleu beu-
ngeut”, kakolotan, kalungguhan,
popularitas, jeung saterusna. Nu
geulis, nu kasép, nu goréng (patut),
nu geus cukup umur, nu ngora
kénéh, nu katelah bangsawan, nu
katelah kuricakan, nu kawentar, nu
teu kawentar, jeung saterusna
kabéh ogé baris digoda. Didagoan
balangahna. Salilana!
Al-Quran ngagambarkeun goda-
an sétan ka manusa téh lumang-
sung terus-terusan nepi ka poé
Kiamat. Ngagodana ti saban mad-
hab; ti katuhu jeung ti kénca, ti
hareup jeung ti tukang, ti luhur
jeung ti handap. Ti mamana jeung
ti saban waktu. Éstuning urang téh
didodoho iraha bongohna. Kajaba ti
éta sétan ngararancang strategi nu
kaitung beurat ngungkulanana.
Nurutkeun Al-Quran sakurang-
kurangna aya salapan rupa strategi
nu digunakeun sétan keur ngagoda
manusa. Naon baé? Kahiji, strategi
waswasah. Hartina diharéwosan su-
paya poho. Béh dituna diharéwosan
supaya mopohokeun kana migawé
kahadéan. Datang waktu salat
Lohor majar téh kagok keur nga-
hangkeutkeun laporan keuangan.
Datang waktu salat Asar majar téh
kagok keur kapegat ku macét.
Datang waktu salat Magrib majar
téh kagok da kakara nepi ka imah.
Datang waktu salat Isya majar téh
kagok da kaburu tunduh. Datang
waktu salat Subuh majar téh kagok
da tunduh kénéh. Tungtungna
kapopohokeun. Kaluli-luli teu kapi-
gawé. Kadua, strategi tazyin.
Hartina dibungkus ku kaéndahan
atawa ku kani’matan. Sakur ka-
masiatan katénjona éndah sarta
karasana sugema turta ni’mat.
Umumna nu keur bobogohan
katempo sugema sarta ni’mat. Moal
pamohalan ceuk rarasaana dunya
téh milikna duaan. Najan kudu
ngaluarkeun duit mangratus-ratus
réwu malah boa mangjuta-juta
sakali jalan-jalan arang langka nu
ngarasula. Geura bandingkeun
jeung nu geus jatukrami. Umumna
nu geus resmi jadi salaki jeung pa-
majikan katempo kurang layeut.
Témpona kudu ngaluarkeun duit
najan diasongkeun jeung dompétna
bisa jadi duit nu bareureumna mah
geus disumputkeun. Kétang najan
teu disumputkeun ogé, kadang-
kadang sok ditalék mun pamajikan
tas balanja raratusan réwu téh.
Naha paké meuli naon? Katilu,
strategi tamanni’. Hartina diwujuk
ku angen-angen jeung harepan rék
hirup lana. Bisa jadi urang kungsi
ngarencanakeun rék salat Tahajud.
Malah wéker ogé geus disetélkeun.
Ngan waktu wékerna “ngahudang-
keun” kalah buru-buru di-
pareuman. Ceuk jero haténa isukan
baé. Bisa jadi urang geus tatan-
tatan rék ngalaksanakeun tobat na-
suha. Ngan waktu tinemu deui
jeung pidorakaeun urang angger teu
bisa nyingkahan. Rupaning ka-
hadéan ku urang sok diéngké-
engké. Padahal saha nu nyaho? Boa
teuing kaburu ngajadi bangké?
Kaopat, strategi a’dawah. Hartina
dijongklokkeun kana ‘perangkap’
mumusuhan jeung papadana.
Umumna dimimitian ku sakwa-
sangka goréng. Atawa suudon.
Kahadéan papadana disumputkeun
sabuni-bunina. Sabalikna, kagoré-
ngan papadana dibolékérkeun
sapuratina. Mun urang geus
kakeunaan ku sipat suudon éta
hartina geus abus kana ‘perangkap’
sétan. Kalima, strategi takhwif.
Hartina dibangbaluhan ku kasieun,
kamelang, kahariwang, karémpan,
jst. Bisa jadi urang kaasup jalma
aya. Ngan nalika aya dulur-dulur
urang nu merelukeun bantuan,
urang teu wani ngaluarkeun ban-
tuan ka maranéhna. Lantaran sieun
kacocéng téa. Malah dipapagahan
kudu ngaluarkeun zakat ogé
mumul. Lantaran ngarasa harta
Ibadah Saum
Nyingkahan Godaan Sétan
Ku Mahmud Yunus
14 Manglé 2434
beunangna téa. Kagenep, strategi
shaddun. Hartina tarékah nga-
halang-halang ngalaksanakeun
paréntah Alloh SWT jeung Rosul-
Na. Saban aya kasempetan keur
ngalampahkeun kahadéan aya baé
halangan-harungana. Rék salat bar-
jamaah majar téh jalana leueur. Rék
sidekah ka pakir miskin majar téh
anakna geus teu bogaeun pulsa. Rék
daptar ngalaksanakeun kawajiban
haji majar téh kaburu aya tatangga
nu nawarkeun sawahna. Rék diajar
ngaji majar téh éra da puguh geus
tamat paguron luhur. Mun ngagugu
kana alesan-alesan bieu, hartina
geus katalikung ku sétan. Katujuh,
strategi wa’dun. Hartina tipu daya
palsu. Sétan lihéy ngobral jangji
palsuna. Bisa jadi loba jalma nu
kabéngbat ku jangji palsuna. Upa-
man, cawéné nu diosolan ku sétan
sangkan geura-geura masrahkeun
dirina ka bébénéna. Sanggeus
masrahkeun dirina malah geus
kakandungan ternyata bébénéna
kabur teuing ka mendi. Kadalapan,
strategi kaidun. Hartina tipu daya.
Strategi kaidun ieu digunakeun
keur ngagoda jalma nu kabeneran
dibéré amanah. Upamana baé,
panitia pangwangunan masjid
dipeto kudu ngawangun masjid jero
dua taun. Taun kahiji inyana haré-
haré teu ngalaksankeun tugasna
kalawan daria. Disangkana dua
taun téh lila. Kocap taun kadua
beuki nyantek, inyana kakara
katémbong sibuk. Pigawéeun
gurunggusuh dianggeuskeun. Dike-
but. Pamustungana hasilna teu
optimal. Malah bisa jadi pagawéana
cacag nangkaeun. Kasalapan,
strategi nisyan. Hartina poho.
Hususna poho kana kawajiban. Mé-
mang poho téh awalna mah normal.
Dina Islam ogé dima’lum jalma nu
poho mah. Upamana najan urangna
barangdahar ti beurang padahal
urangna keur saum Romadon, ari
bener-bener poho mah saumna teu
batal teu sing. Ngan mun remen
jangji jeung remen sulaya tina jangji
ieu hartina kudu waspada. Boa-boa
urangna geus kaeurad ku strategi
nisyan téa. Na’udzu billaahi min
dzaalik. Kumaha carana mun urang
hayang lulus banglus, salamet jeung
lungsur langsar nyingkahan godaan
sétan?
Kahiji, ihlas lillahi ta’alaa. Sahé-
bat-hébatna sétan serah bongkokan
ka jalma-jalma nu ihlas. Salihéy-
lihéyna sétan boboléh ka jalma-
jalma nu ibadahna lillahi ta’ala.
Kaunggel dina pidawuh Alloh SWT:
“Pok manéhna nyarita: “Ku kituna,
demi kamulyaan Gusti, sayaktosna
abdi badé nyasarkeun maranéhna
sadaya. Kajabi abdi-abdi Gusti nu
arihlas ti antawis maranéhna” (QS
Shad [38] : 82-83). Syaikhul Islam
Ibnu Taimiyah nyarios: “Alloh SWT
nguji ka abdi-abdina nu ariman ku
rupa-rupa ujian. Tegesna ku rupa-
rupa godaan. Ngan Alloh SWT ogé
ngalélérkeun rahmatna mangrupa
kaihlasan. Ku kaihlasan maranéhna
kaduga nyingkahan rupa-rupa
gogoda téa (QS Yusuf [12] : 24).
Kadua, ngabiasakeun maca Al-
Quran beurang jeung peuting.
Dijelaskeun dina hadits nu dikalu-
arkeun ku Abu Dawud ti Abu
Qatadah RA, Rosululloh SAW kan-
tos ngalangkung ka bumi Abu Bakar
RA sareng Umar RA, harita dua-
nana nuju sarolat Tahajud. Dina
tungtung hadis dicarioskeun Rosu-
lulloh SAW tumaros ka Umar, ku-
naon pangna anjeun
ngajaharkeun/ngabedaskeun maca
Al-Quran? Anjeuna ngawaler:
“Ambéh nu sanés garugah sarta
sangkan sétan sarieuneun”. Hadis
bieu diniléy sahih ku kersana Syékh
Al-Albani. Katilu, maca Surat Al-
Baqoroh. Dina salasahiji hadis nu
asalna ti Abu Hurairoh RA, Rosul-
ulloh SAW ngadawuh: “Anjeun ulah
ngajadikeun imah-imah anjeun
saperti kuburan. Saéstuna sétan
baris ngabecir lumpat ti imah-imah
nu di jerona dibacakeun Surat Al-
Baqoroh” (HR Muslim). Kaopat,
maca Ayat Kursi saméméh saré.
Neueul kana hadis sahih nu diri-
wayatkeun ku Bukhori, Abu Hu-
rairoh RA hiji waktu néwak jin.
Satuluyna dijelaskeun, jin ngajar-
keun ka Abu Hurairoh RA cara-cara
nyalindung tina godaan sétan. Ceuk
jin, anjeun kudu maca Ayat Kursi
saméméh saré. Sakur nu maca Ayat
Kursi saméméh saréna baris di-
jauhan ku sétan nepi ka isukna.
Nalika Abu Hurairoh RA pependak
sareng Rosululloh SAW, perkara
bieu ditaroskeun ka anjeuna. Saur
Rosululloh SAW: “Nu diobrolkeun
ku manéhna bener, najan manéhna
remen ngabohong” (HR Bukhori).
Kalima, maca Surat Al-Falaq jeung
Surat An-Nas. Nyindekel kana
hadis sahih riwayat Abu Dawud,
Uqbah bin Bari RA disunahkeun
maca “al-mu’awwidatain” (Surat Al-
Falaq jeung Surat An-Nas) ku
Rosululloh SAW. Rosululloh SAW
ngadawuh: “Yeuh, Uqbah! Anjeun
kudu nyalindung tina godaan sétan
ku cara maca “al-mu’awwidatain”.
Lantaran euweuh deui tempat
nyalindung nu leuwih tohaga ti
batan éta” (HR Abu Dawud). Surat
Al-Falaq jeung Surat An-Nas
disunahkeun dibaca: isuk-isuk, pa-
sosoré, saméméh saré, saentasna
salat, (saban) ngarukiyah nu
katarajang sihir, (saban)
ngarukiyah nu gering, jsb. Kagenep,
ngucapkeun Tahlil 100 kali. Dina
hadis sahih Bukhori jeung Muslim
dijelaskeun Rosululloh SAW
ngadawuh: “Saha nu maca “Laa
ilaaha illalloohu wahdahu laa syari-
ikalah. Lahulmulku wa lahulhamdu
wa huwa ‘alaa kulli syaiin qadiir”
100 kali jero sapo sapeuting, pikeun
manéhna (dicatet) ganjaran nu
sapadan jeung ngabébas-
merdékakeun sapuluh hamba sa-
haya jeung baris dicatet saratus
kahadéan jeung baris dipupus sara-
tus kagoréngan. Satuluyna baris
dibénténgan tina (godaan) sétan ti
isukna nepika soréna” (HR Bukhori
jeung Muslim).
Kajaba ti nu geus dibéréndél-
keun bieu, sétan jeung kulawedetna
ogé teu wanieun nyanghareupan
jalma nu sok maca basmalah (bis-
millahirrohmanirrohiim). Bas-
malah disunahkeun dibaca saban
rék migawé kahadéan. Upamana
baé mun rék ka luar ti imah, mun
rék dahar, mun rék ngarot, mun rék
sapatemon, jsb. A’udzu bil-
laahissami’il ‘aliimi minasyai-
thoonirrojiim ***
*) Nu nulis Ketua DKM Man-
baul Ulum SMA Negeri 1 Banjar
Kota Banjar
Manglé 2434 15
Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS
Adab Buka Puasa
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat, tumaros masalah
nu aya patalina sareng ibadah saum. Anu
janten patarosan teh, kumaha adab
atanapi tatakrama buka puasa anu
dicontokeun ku Rosululloh SAW? Hatur
nuhun.
Arif Romadon
Cikole Lembang Bandung
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana sagala
rupi perhatosanana. Sakumaha anu ka
uninga ku urang sadaya, wiréh sasih
Romadon mangrupa “Sayyidusyuhur”
nyaéta rajaning bulan. Disebat raja bulan
margi dina bulan ieu, pinuh ku kaberka-
han sareng pinuh ku ganjaran anu
dilimpahkeun ka hamba-hamba Alloh
anu turut kana paréntah-Na, hususna
dina masalah ibadah puasa di bulan
Romadon. Dina ngalaksanakeun ibadah
puasa utamina puasa Romadon tangtu
aya adab atawa tatakramana, supados
urang tiasa ngahontal barokah sareng
ganjaran. Salasahijina nyaéta adab
tatakrama dina ngalaksanakeun buka
puasa, atawa anu disebut “ta’jil”.
Buka puasa dina basa Arab disebat
“ifthar” hartosna tuang-leueut, atanapi
disebut ogé ‘ta’jil” anu hartosna “gan-
cang” atanapi “buru-buru dina ngalak-
sanakeun hiji perkara”. Patali sareng
ibadah puasa, “ta’jil” maksudna nyaéta
buru-buru dina ngalaksanakeun buka
puasa, ulah diengkékeun saupama tos
cunduk kana waktuna. Hal ieu luyu
sareng nafsu jalma, saupama tos datang
waktu buka puasa (waktu maghrib)
urang tara ngengkékeun deui, sok lang-
sung buka. Kahayang nafsu ieu, saéstuna
cocok pisan sareng paréntah atanapi sun-
nah Rosul, wiréh Rosul maréntahkeun ka
umatna supaya buru-buru buka puasa
(ta’jil) saupama tos manjing waktuna.
Ku hal kitu, ta’jil atawa buru-buru
dina ngalaksanakeun buka puasa kaasup
kana bagian adab tatakrama buka puasa
anu disunnahkeun ku Rosululloh SAW,
sakumaha pidawuhna: “Satiap jalma
pasti bakal terus aya dina kahadéan salila
maranéhna ngutamakeun (buru-buru)
dina ngalaksanakeun buka puasa” (HR.
Bukhari-Muslim). Lajeng adab
tatakrama buka puasa lianna anu
disunnahkeun Rosul nyaéta:
Kahiji, nuang rutab atanapi tamar.
Rutab nyaéta buah kurma anu tos asak
tur masih kénéh baseuh ngandung cai,
rasana amis. Sedengkeun tamar nyaéta
buah kurma (rutab) anu tos garing. Ki-
wari di nagara urang dua jinis buah
kurma éta tos teu sesah milarianana,
hampir di satiap daerah/kota tos aya
jualanana. Buka puasa ku kurma mang-
rupa sunnah Rosul, sakumaha disebat-
keun dina Hadits anu sumberna ti Anas
R.A., anjeuna nyebatkeun: “Wiréh Rosu-
lulloh SAW buka puasa nuang
sababarahiji rutab saméméh solat.
Saupama henteu aya rutab mantenna
nuang sababarahiji tamar. Saupama hen-
teu aya tamar mantenna cukup buka ku
ngaleueut cai” (HR. Imam Ahmad sareng
Turmudzi).
Kadua, saatos buka puasa kedah
mayunkeun solat magrib. Hadits di luhur
nyebatkeun wiréh saméméh ngalaksana-
keun solat Magrib, Rosul ngalaksana-
keun buka puasa heula, saatosna buka
puasa teras ngalaksanakeun solat Mag-
rib, saupama tuangeun teu acan disadia-
keun. Tapi saupama tuangeun tos
disadiakeun mangka makruh hukumna
ngalaksanakeun solat. Hal ieu dumasar
kana hadis-hadis Nabi, di antarana waé
anu sumberna ti Anas bin Malik R.A.
wiréh Rosululloh SAW ngadawuh:
“Saupama di waktu magrib idangan tos
disayagikeun, mangka kedah dituang
heula saméméh solat Magrib. Jeung
poma aranjeun ulah kaleuleuwihan
(wareg teuing) dina nuangna” (HR.
Bukhori-Muslim). Para ulama hadis
ngahartikeun kana hadis ieu, saéstuna
lian dina waktu solat magrib wungkul,
tapi unggal datang waktu solat. Tegesna,
saupama hidangan tuangeun tos
disayogikeun sedengkeun waktu solat tos
manjing, mangka kudu diheulakeun
tuang heula, nembé ngalaksanakeun
solat. Sabalikna, saupama hidangan
tuangeun teu acan disayogikeun,
sedengkeun waktu solat tos manjing,
mangka langkung saé anu kudu di-
heulakeun solat heula, nembé tuang.
Nyakitu deui Rosul, saatosna buka puasa,
teras Rosul ngalaksanakeun solat Magrib
barjamaah sareng para sohabatna di
masjid. Saatos réngsé solat Magrib
nembé Rosul tuang-leueut sacekapna.
Katilu, buka puasa kudu alakadarna
atawa sakadar ngabatalan. Nalika buka
puasa poma ulah nepi kaleuleuwiheun
(kamerkaan). Pidawuh Alloh: “Prak
aranjeun tuang sareng ngaleueut. Poma
dina tuang sareng ngeleueut ulah
kaleuleuwihi (sarakah), saéstuna Gusti
Alloh henteu suka ka jalma-jalma anu
sarakah” (QS. al-A’raf: 31). Dumasar
kana katerangan ieu, saéstuna laku
leuleuwihan dina sagala perkara henteu
dimeunangkeun, tapi kudu sacukupna.
Kaopat, maos doa nalika buka puasa.
Hal ieu dumasar kana Hadis Nabi SAW
anu unggelna: “Saéstuna pikeun jalma
anu puasa ngabogaan doa anu moal di-
tolak nalika manéhna buka puasa” (HR.
Ibnu Majah). Ku hal kitu, urang meu-
nang ngadoa naon waé anu sakirana pi-
maslahateun atawa ngadoa luyu jeung
naon-naon anu dibutuhkeun. Namung
saupama urang nyonto Rosul, nalika
buka puasa mantena sok ngadawuh: “Tos
leungit rasa halabhab, ogé tos leungit
rasa garing tikoro, kalawan tos ditetep-
keun ganjaranana, Insya Alloh” (HR. Abu
Daud). Atanapi maos doa anu tos ilahar
ku urang dibaca, nyaéta Allohumma laka
shumtu wabika amantu wa’ala rijkika
akrortu birohmatika ya arhamarrohim.
Dumasar kana pedarana di luhur
tiasa disimpulkeun, wiréh tatakrama
buka puasa nyaéta: Kahiji, ngalakukeun
ta’jil, hartosna saupama tos manjing
waktu buka puasa, mangka kudu nga-
heulakeun buka puasa saméméh naon-
naon, kalayan dingawitan ku nuang
kurma. Kadua, saatos buka puasa teras
ngalaksanakeun solat magrib di masjid
kalayan barjamaah. Katilu, saatos solat
magrib, nembé Rosul tuang-leueut
sacekapna.Wallohu ‘alam. ***
16 Manglé 2434
17Manglé 2434
N
gadenge terus diimeutan kalawan
niténan rupaning kaayaan kiwari di
ieu nagri matak tugenah manah jeung
matakpikahariwangeun.Rekteukitukumaha
atuh rupaning kajadian nu patula patalina
jeung pasoalan hirup jeung kahirupan, geus
mengpar jauh ti nu ajen inajen filosofis ieu
bangsa.Ti poe ka poe, piligentina masalah
hirup jeung kahirupan. Wajar kituna mah da
memang hirup jeung kahirupan teu cicing
dina hiji kaayaan, tapi ieu nagri matak ketir
tur pikamelangeun. Ti mimiti musibah alam
alatan gawe manusa nu ngalantaran keun ieu
bangsa jeung nagara nandangan bangbaluh
anu sakitu beuratna. nepi ka alam sorangan
jadi murka. Ceuk beja deui wae yen nagara
urang teh boga hutang nepi ka 2000 triliun.
Memang nurutkeun dalil, yen nganjuk teh
hukumna sunah jeung aya pahalana, tapi
ngaranna hutang, wajib hukumna kudu diba-
yar, ari wajib tea mun teu dilakonan matak
dosa, rahayat nu kudu nandangan dosana
atawa pamingpinna? Piirahaeun rek bisa naur
hutang sangkan lunas? Eukeur mah eukeur
kaayaankitu,dibarungdeuikuteueuleumeu-
leumna jelema anu beuki.
Mahabu anu korupsi di ieu nagri dilakonan
lainku jalmajore-jore,tapiteu kurang-kurang
jalma nu nyarekel kalungguhan publik. Atuh
deui dina kacerekna eta Si Koruptor, duit anu
balikna deui ka nagara biasana teu sabaraha,
numatakketirnadeui,korupsidipilampah ku
masarakat handap. Korupsi siga nu geus di-
anggap budaya, padahal pamarentah kurang
kumaha geus nyieun hiji lembaga pemberan-
tasan korupsi (KPK), eh da kawasna teh geus
teu dipalire.....cilaka!!! Jeung boa boa, korupsi
teh kawasna geus bisa diatur ”dimanage” bisa
diitung untung rugina sacara materiil, mun
kapanggih. Lakulampah goreng patut kitu teh
balukar hayang meunang kasenangan anu
gancang, tapi ku lakulampah kitu, nga-
balukarkeun loba jalma anu katalangsara di
ieu nagri. Pasualan sejenna deui loba keneh,
timimitibudaknandasaindung,ponkitudeui
indung nandasa budakna. Mahabuna riribu-
tan ‘tawuran’ barudak ngora minangka
harepan bangsa. Kitu deui teu kurang-kurang
kacaritakeunbudaknuteutamatsakoladasar,
maragatkeun nyawa baturna alatan teu pira,
ukur ku duit sarebu. Eta kalakuan kitu teh,
alatan narurutan anu diputer dina pilem.
Di sagedengen eta, barudak hariweusweus,
alatan nyanghareupan Ujian Nasional, nu
ceuk beja di sabagian daerah cenah elat
datangnasoalujian,katurugturugdeuihkere-
tas ujianna ge goreng. Atuh loba komentar ti
ditu ti dieu, kaasup ti para ahli, nu cenah
ngaku ahli pendidikan. Eta hal dibarengan
deui ku milu riweuhna guru guru jeung paja-
bat-pajabatna, lantaran sieun budak didikna
teu lulus. Siga nu teu kapangaruhan ku kaja-
dian-kajadian tadi, meh ampir di unggal
karamean desa sumawonna kota ting jaredik
spanduk spanduk minangka salah sahiji
media dagang ti rupa-rupa partey pulitik keur
ngadagangkeun anggota parteyna cenah
jaradi pajabat publik, boh di eksekutip boh di
legislatif, nu cenah ceuk bejana, deuk bebela
kana kapentingan rahayat, mun tea bener,
meureun hade naker eta hal teh. Nu rada teu
kaharti deui, mun urang ngabandungan
diskusi-diskusi publik, anu bejana mah keur
kapentingan informasi publik dina media
elektronik, tembong naker jalma anu hog hag
ting corowok siga nu geus teu mikiran
masarakat anu keur susah ngejo-ngejo acan,
kitu deui keur nyumponan hirup sapopoena
jeung siga nu teu ngarti yen teu kabeh rahayat
ngarti kanu naon nu diomongkeun. Salain ti
eta cek ukuran norma adat timur mah asana
kurang hade laku kitu teh, nu aya mah ngan
jadi tongtonan kawasna sinetron lain jadi
tungtunan.Urang soknyaksenideui kajadian
paciweuhna di pangadilan, nalika putusan
hakim,ayamasarakatanuteupanujukanaeta
putusan. Nu jadi pananya, naha masarakatna
anu teu ngarti kana urusan hukum atawa ka-
putusan hukum anu teu adil, mun kitu
balukarna sarua bae. Ku kituna, masarakat
kudu melek kanu sisi hukum atawa leuwih
parnana deui lamun anu kadua, mun tea
bener kitu petana, kamana deui atuh
masarakat rek neudeun kapercaya jeung
harepan ngeunaan kaadilan. Lain ngan ukur
narkoba nu geus ngarusak lain wae ka baru-
dak ngora tapi deui nepi ka kolot kolotna. Nu
parnana deui, yen disnyalir cenah nagara
urangtehlainwaenagaratransitnarkoba,tapi
jadi nagara tujuan pasar narkoba. Ceuk info
BNN jalma-jalma nu tilar dunya alatan
narkoba, sapoena teu kurang ti 40 urangna...
Warta sejenna, premanisme nu kacida
sadisna, ngaleungitkeun nyawa jalma ku bedil
(sanjata api).Kitu deui kajadian ajadian diluar
nagri, lain wae era tapi ngerakeun, saperti
demo TKI di nagara deungeun anu ceuk beja
sok disebut pahlawan DEVISA, tapi katem-
pona meureun kurang kapalire sisi perli-
ndunganna....jeung loba deui kajadian anu
samodel kitu. Nepi ka olah raga nu jadi kare-
sep balare nyaeta maen bal, suporter tawuran
massal lain wae di jero lapang tapi nepi kaluar
lapang, balukarna jalma nu teu tuah teu dosa
milu jadi korban. Hal sejenna nu geus ngabu-
daya utamana di kota-kota gede, loba maca
SMS tibatan maca Quran, jeung deui upama
ngeusi pulsa 10 rebu teu puas tapi mun ngeusi
kencleng ‘kotak amal’ 10 rebu pajarkeun gede
teuing, mun ngadenge sora HP, teu sirikna
buru buru ngarespon, tapi lamun ngadenge
soraadzan,ehdasiganutorek.Nahabisanepi
kakitu? Eta meureun pertanyaan nu aya...
Salasahijina jawabanna, rahayat katut nagara
urang teh geus mopohokeun filosopis
bangsana nu kudu dilarapkeun kalayan daria.
Ka sing saha wae ti mimiti rahayat leutik,
calon pajabat tug nepi ka para pajabat nu keur
nyangking kalungguhan.Nginjeum istilah
Ketua Umum Paguyuban Pasundan Prof. Dr.
HM. Didi Turmudzi, M.Si., mah carana ‘Kudu
nyaho, geus nyaho kudu hayang atawa daek,
geushayangayakabisanajeungprakna,tangtu
ahirna aya tapakna’. Mereun mun kitu mah
ajen filosopis teh kudu diwanohkeun ka
sakumna warga nagara ti mimiti budak nepi
ka kolotna. Sakadar ngingetan wae, yen urang
minangka hiji bangsa ngabogaaan filosopis
landasan bangsa nu geus natrat ti beh dituna
keneh nyaeta PANCASILA. Eta falsapah
bangsa teh beunang hasil mikir asak-asak anu
jero ti sakumna masarakat Indonesia anu
dipercaya jeung yakin mangrupa kanyataan,
norma, niley nu bener, adil bijaksana. Di sage-
dengen eta, teu salah upama naon nu geus
dirintis ku Alm. Taufik Kimas yen urang kudu
nganyahokeun jeung ngajalankeun opat pilar
dina ngalakonan hirup kumbuh berbangsa
jeung bernegara nyaeta PANCASILA, UUD,
NKRI sarta karageman jalma. Nu jadi panga-
harepanurangpalinghenteukududimimitian
tina ‘persemeyan’ nu subur nyaeta sacara for-
mal ti mimiti budak sakola dasar nepi ka
paguron luhur sangkan terus-terusan
ngawanohkeun (sosialisasi) ngeunaan hal eta,
tug nepi ka aya jorojoyna kahayang nga-
jalankeunnana. Hasilna, tangtu wae moal bisa
karasa jeung katempo isuk atawa pageto, tapi
palinghenteu,jagakahirupanurangmoalteu-
ing amburadul, copelna urang masih ngabo-
gaan pakarang nu ampuh anu bisa nahan
atawa ngadumaniskeun ajen-ajen nu aya
jeung sababaraha ajen anu datang ti luareun
urang.***
*) Kepala Biro Akademik Universi-
tas Pasundan
Ngawanohkeun Deui Pancasila
Ku Widya Utama *)
Manglé 243418
Ngadagoan bijil lalay
Pasosoré bulan puasa di hiji lembur
nu jauh ka masjid, aya jalma ngajejen-
tul bari neuteup langit daria pisan. Ku
baturna ditanya: “Keur naon euy mani
anteng kitu?”. Walonna: “Ngadagoan
bijil lalay euy, tandana geus manjing
magrib”. “Ari éta apan maké érloji?”
ceuk baturna. “Nyaéta érloji téh
paméré lanceuk nu karék balik ti luar
negri, tapi angka-angkana kabéh ak-
sara Koréa”.
Érloji Rolex
Jalma sugih, tapi buta hurup ma-
néhna téh. Hiji poé meuli érloji Roléx
nu hargana mahal pisan. Kacida
reueusna boga érloji mahal téh, malah
ngahaja sering leumpang ngurilingan
lembur bari maké kaméja pondok nepi
ka érlojina atra katémbong ku saréréa.
Hiji poé basa keur jalan-jalan ngurili-
ngan lembur, aya nu nanya, “Punten,
kang, jam sabaraha ayeuna?
” Nu ditanya neuteup érlojina rada
lila, terus tanggah ka langit pokna:
“Geus asar ahir, Jang”.
Sagedé sireum
Aya jamaah haji ti lembur sikluk tur
can ngalaman pisan tumpak kapal
udara. Kacida atoheunana meunang
korsi meneran lebah jandéla. Basa ka-
palna geus ngagerung disada, ma-
néhna terus ngadunga lila pisan.
Sanggeus réngsé ngadunga manéhna
nénjo ka handap tina jandélana, terus
nyarita ka panumpang gigireunana,
“Subhanallah,horénggeusluhurpisan
urang kapal urang téh ngapungna. Eu-
leuh itu geura tingali jalma-jalma
ngabaris mani sagedé-gedé sireum”.
Nuajaknyaritamilunénjotinajandéla
ka handap, pokna: “Éta mah sireum
enyaan, mang. Kapalna gé teu acan
ngapung da”.
Istari moya
Aya jamaah haji ti urang naroskeun
ka ketua rombongan naon ari basa
arabna “meuli cai”. Ceuk ketua rom-
bongan “istari moya”. Atuh terus baé
ka pasar rék meuli cai botolan inu-
meun. Di toko nu husus ngajual cai
jeung kadaharan pok nyarita ka nu
ngalaladénan: “Sayid, istari moya”
pokna bari nunjuk kana botol cai.
Walon nu ngaladénan “Kam?”, mak-
sudna “sabaraha botol”. Jama’ah téh
ngahuleng sajongjonan lantaran tadi
poho teu nanyakeun basa arabna dua
botol. “Kam? Kam? Kam?” ceuk nu
ngaladénan teu sabar. Ras manéhna
inget kana solat subuh dua raka’at,
terus ngajawab “Istari moya rak’a-
taéni” pokna teu asa-asa. Nu ngaladé-
nan imut ngamaphum terus nga
songkeun cai dua botol.
Calon mantu ajengan
Aya jajaka kota boga bébéné putra
ajengan di lembur. Hiji waktu nyi mo-
jang téh ngajak beubeureuhna ka lem-
bur nepangan sepuhna. Dina beus nyi
mojang nyarita kieu, “Aa, abah téh
jalmina tara seueur saur, nanging an-
jeuna kacida resepeunana ka budak
ngora nu tetelepék soal agama. Jadi
engké Aa kedah seueur tataros bab
agama ka abah”. “Siap, Néng” walon
pmuda pédé pisan. Basa geus nepi ka
bumina, calon mantu téh ditampi ku
iburamamojangkalawankabingahan.
Malah terus diajak ku mama ajengan
ka ruang tamu bari disuguhan.
Sanggeus duanana caralik, lain gun-
treng, tapi…..kalah pahuleng-huleng,
saurang gé taya nu nyarios. Si jajaka
ngantos-ngantos ditaros, ari Mama
Ajenganteunaros-naros.Ma’lumapan
anjeunna téh carang takol. Sanggeus
ampir satengah jam ngabaretem, ras si
jajaka téh kana papatah nyi mojang
yén mama ajengan sok katajieun ku
budak ngora nu resep tataros soal
agama. Atuh terus baé naros ka calon
mertua, kieu pokna: “Punten, Abah,
dupi di dieu jumaahan sok dinten
naon?”.
Guru tara éléh ku murid
Mama Ajengan ngawurukan santri-
santrina, “Hé anaking, sing aringet,
mun anta kahampangan kahadé ulah
nyanghareup ka kiblat. Ngalanggar
adabétatéh,sababkalakuankitusarua
baé jeung teu ngahormat Ka’bah”. Dua
poé ti harita hiji santri niténan Mama
Ajengan kahampangan bari jeung
mayunkalebahkiblat.Atuhpeutingna
basa keur ngabahas bab adab jeung
sopan santun, santri téh unjukan:
“Punten badé tumaros, pangersa. Ka-
mari ieu pangersa nyaurkeun abdi sa-
daya teu kénging kahampangan bari
mayun ka lebah kiblat, margi sami baé
sareng teu ngahormat Ka’bah.
Nanging tadi siang katingal pisan ku
ana ti pengker, pangersa nyalira ka-
hampangan bari mayun ka lebah ki-
blat. Sanés éta téh sami baé sareng
kirang adab ka Ka’bah?” Waler Mama
Ajengan ayem: “Oh enya basa tadi
isuk-isuk téa? Teu ngalanggar, Jang.
Bener ari nyanghareup ka kiblat mah,
tapi da harita ku Mama ditikelkeun ka
beulah katuhu”.
Si Ujang & Si Nyai
Di hiji lembur aya ketua ranting
partéy “Béntang” jeung ketua ranting
partéy “Bulan” nu imahna natangga
tapi teu alakur. Mun nu saurang
ngusulkeun hiji perkara geus pasti
bakal ditolak sapagojodan ku nu
saurang deui. Kitu deui sabalikna. Éta
téh boh dina forum resmi atawa dina
campur gaul sapopoé. Salembur éta
mah geus arapaleun. Duanana kabe-
neran sarua boga anak sapantar
umurnaméhsaruakita-kiralimataun.
NGADAGOAN BIJIL LALAY
Carita-carita hampang tamba hanaang
Ku H.D. Bastaman
Manglé 2434 19
Bédana téh ketua partéy “Béntang”
mah anakna lalaki ngaranna “Si
Ujang”, ari anak ketua partéy “Bulan”
mah ngaranna “Nyai”.
Béda ti bapa-bapana, Si Ujang jeung
Si Nyai mah nyobat pisan tur sering
ulin babarengan. Hiji poé Si Ujang
nyaritakaSiNyai,pokna:“Nyai,urang
ameng yu ka walungan”. “Hayu. Tapi
abi badé nyarios heula ka Umi” walon
Nyai. Sanggeus kaidinan terus baé
barudak dua téh tingalabrét lalum-
patan ka walungan nu teu pati jauh ti
imahna. Barang geus nepi, ceuk
Ujang; “Urang ngojay yu”. “Hayu”
ceuk Nyai. Atuh terus duanana cucul-
cucul….bulucun. Sanggeus kitu dua-
nana lain buru-buru brus, tapi kalah
silih pelong kawas nu sarua héran.
Meusmeus rét ka dirina terus rét deui
ka baturna. Sanggeus silih pelong rada
lila ceuk Si Nyai: “Oooh, kutan ieu bé-
dana partéy “Béntang” jeung partéy
“Bulan” téh, nya?”
Sihoréng….
Aya jalma datang ka hiji lembur,
terus nanya ka urang dinya nu kabe-
neran keur nangtung di pakarang-
anana. “Punten badé tumaros, mang.
Dupi ieu lembur téh namina nu Cipu-
larang atanapi Cipuralang?”. “Cipu-
lalang, Jang” walon nu ditanya. “Euh,
kitu. Dupi emang didamel di mana?”
pokna nanya deui. “Supil tleuk” walon
si emang.
Rieut jangar
Néng Tinceu sareng Néng Oci uplek
ngobrol di kantin sabada balanja di
mol. Saur Néng Tinceu: “Abi mah,
Téh, meni tos tos aral ku panyawat
rieut jangar. Upami tos karaos téh
meni jejeletotan. Ka dokter mah ka
dokter tapi mung sakedap damangna
téh, teu lami karaos deui. Dupi Tétéh
kantos rieut jangar?”. “Atuh tangtos,
malih rada sering. Mung Tétéh mah
sok énggal damang dilandongan ku
akangna” waler Néng Oci. “Tah, tah,
tah kumaha éta téh?” saur Néng
Tinceu spontan. “Dipijetan ku anje-
unna, Néng Tinceu” waler nu ditaros.
“Dipijetan kumaha, Téh?” Néng
Tinceu naros deui panasaran. Waler
Néng Oci: “Kieu, ngawitan akangna
mencétan embun-embunan lalaunan,
teras palipis nyambung kana peng-
kereun cepil, teras kana punduk, tak-
tak, walikat kénca katuhu dugi ka
cangkéng. Saatos kitu taar dipijet,
pameunteu diusapan lalaunan, malah
lambey gé diusapan ku jempol panan-
gan. Ti dinya kana tenggek, teras tak-
tak bagian payun. Saatos kitu giliran
handapeun tenggek diusapan bari
dipencétan lalaunan. Searah jarum
jam éta mah ngusapanana”. Jep
jempé.“Teras…terasnakumaha,Téh?”
saur Néng Tinceu beuki panasaran.
“Tos..tos..kitu mah, Néng… Ah Néng
Tinceu gé tangtos uninga kumaha
terasna” waler Néng Uci ngiceupan
ngajak surti. “Teras damang rieutna
éta téh, Téh Oci?” Néng Tinceu naros
deui daria. “Alhamdulillah, Néng, total
saéna ogé” waler nu ditaros bari imut.
Néng Tinceu ngahuleng sajongjonan,
teras naros deui: “Punten, Téh, dupi
nomer hp Akang sabaraha?”.
Béo pinter
Poé Minggu di lapang Gasibu aya nu
ngajual manuk béo. Ceuk nu ngajual:
“Bapa-bapa, ibu-ibu, taringali ieu béo.
Tos capétang da tos dilatih. Upami
sukuna nu kénca dibetot ka handap,
béo bakal nyarios ‘wilujeng énjing’.
Upami sukuna nu katuhu dibetot, éta
mah ‘wilujeng siang’. Mangga saha nu
minat?” pokna promosi. Aya maha-
siswa nu kabeneran milu lalajo,
ma’lum mahasiswa nanyana kritis:
“Kumaha mun suku kénca jeung nu
katuhu duanana sakaligus ditarik ka
handap?”. “Aingna atuh nu tijongklok,
boloho!” ceuk béo nyentak.
Bédana
Ayajalmangadungabaritumaroska
Gustina: “Nun Gusti, naha sami kitu
ukuran waktos di alam dunya sareng
di alam ditu?”. Waler Mantenna: “Teu
sarua. Samenit di alam ditu sarua
jeung saabad di dunya”. “Dupi artos
sarupia di ditu?” manéhna naros deui.
Waler Mantenna: “Sarupia di ditu
sarua jeung samilyar rupia di dunya”.
Nguping kasauran Gustina kitu, jalma
téh terus nunuhun deui kieu pokna:
Nun Gusti Nu Maha Sugih. Cing atuh
abdi dipaparin sarupiaaaa bé”. Waler
Mantenna: “Heug, dagoan samenit
deui, nya”.
Pelukis abstrak
Kang Ijan kagungan sobat jene-
nganana Kang Udi, pelukis abstrak nu
kamashur di Bandung. Pasosonten
Kang Ijan natamu ka bumi Kang Udi.
Kasampak sobatna téh nuju jongjon
ngalukis di studiona. “Dagoan heula
sakeudeung, Jan, sayah keur ka-
kagokna” saur pribumi. “Teu nanaon,
sok teruskeun. Keun sayah mah rék
ningalian lukisan” waler Kang Ijan.
Teu lami Kang Ijan sasauran: “Di, ieu
téh lukisan énté nu anyar” saurna
naros. Kang Udi ngarérét sakedap
teras ngawaler: “Lain, éta mah eun-
teung”.
Lalaki sajati
Caritana aya mojang nu hayang
nguji naha beubeureuhna téh kaasup
lalaki sajati atawa henteu. Mimiti ku
nyi mojang diajak ka tempat ramé nu
loba kénéh délman. Teu lila kadéngé
jelemapatinggorowok,malahayasora
istri jejeritan. Sihoréng panumpang
délman, kudana ngamuk teu bisa
dieureunkeun. Malah kadalina ogé
lésot.Atuhkusirnaogémilutulung-tu-
lungan. Nu araya buriak nyarisi sieun
kadupak délman nu pungkal- péngkol
ka kénca ka katuhu dibawa kabur
kuda. Ningal kitu si jajaka téa teu loba
carita terus lumpat ngaberik délman…
jleng luncat kana tonggong kuda,
kadalina nu lésot gancang ditarik sa-
takerna nepi ka kudana eureun. Kusir
jeung panumpang mani dodongkoan
nganuhunkeunana. Nu araya kabéh
kaleprok kataji ku teuneungna si ja-
jaka.Atuhnyimojangkatingalrarayna
marahmay.
Ari ujian nu kadua mah kieu. Si ja-
jaka ku nyi mojang diajak meuting di
hotél,sakamer satempat tidur ukur di-
halangankuguguling.Sapeupeutingsi
jajaka bari nyangigirkeun nu ngabe-
bengkang tibra, guling-gasahan teu
bisa saré sakerejep-sakerejep acan.
Tapi alhamdulillah nepi ka isuk-isuk
salamet taya kajadian nanaon. Basa
keur sasarap si jajaka nyarita bari
reueus: “Bener ‘kan Aa mah lalaki sa-
jati?”. Nyi mojang ngajawab bari ku-
raweud: “Lalaki sajati nanahaon,
ngaluncatan kuda ngamuk bisa,
ngaluncatan guguling teu becus!”
(Diropéa jeung pasieup tina
rupa-rupa sumber)
Ciputat,
mapag Puasa 2013.
20 Manglé 2434
G
EUS ti béh ditu
hayang nyarita
ka Emah, naha
henteu capé
ngasuh Si Jalu
anak kuring? Mangkaning
bari ngantunkeun Apa di
lembur, ampleng-ampleng-
an. Hayang sapok-pokeun
nyarita, keun baé da ayeuna
mah Si Jalu geus sakola, bisa
ditinggalkeun jeung panga-
suh. Tapi létah téh asa beu-
rat waé unggal rék nyarita.
Sakitu deudeuhna Emah ka
anak kuring. Kacipta lamun
kudu dipegatkeun téh.
Kuring ngarasa dosa
ngandelkeun Emah terus-
terusan nungguan budak,
sabot kuring jeung salaki di-
garawé. Tapi leuheung basa
lamun ku anjeunna katampi
perasaan asa dosa kuring
téh. Kumaha lamun kalah
ngaraos diusir? Naha henteu
leuwih dosa ngajaheutan
manah anjeunna? Tung-
tungna ukur rumandeg waé.
“Iraha budak téh peréna?”
saur Emah bari ngarérét ka
Si Jalu, nénéhna anak kur-
ing, nu keur anteng ulin diri-
ung ku cocooanana.
“Ngadéngé budak tatangga
cenah mimiti peré tanggal
opat welas nincak poé Saptu,
biasana ari peré naék kelas
mah sok akur ti mimiti
sakola TK nepi ka SMA,
lamun sarua tanggal opat
welas si Jalu ku Emah rék
diajak ka lembur sakalian
ngalongok Abahna,” saur
Ema deui. Ema nga-Abah-
keun Apa ka anak kuring.
“Karunya geus tilu bulan
teu dilongok. Ari ukur dikiri-
man artos bekelna wungkul
mah bisi boga rasa ditam-
bélarkeun. Sanajan henteu
ari pok kitu mah ngan
urangna wé meureun nu
kudu hideng.”
Meg kana dada asa aya nu
nonjok. Ras ka Apa, beuki
nambahan lamun inget ka
lebah dinya. Emah jeung
Apa patebih nyasat lantaran
melaan kuring. Emah di
Bandung sabumi maturan
kuring. Ari Apa di lembur
nyalikan bumi nyalira, di-
talingakeun ku lanceuk nu
cikal, bari sarua boga budak
leutik anu masih kénéh
sakola SD satilu-tilu. Boh
tuang, boh kaséhatanana,
maklum tos sepuh tiktik-
brek, gohgoy téa kalingsir
téa. Tacan panyakit lianna
nu sok biasa karaos.
Sanajan lain kahayang
kuring tapi asa dosa kacida
ku kaayaan Emah sareng
Apa ayeuna. Kuring salaku
anak ukur sarwa salah kitu
kumaha kieu kumaha nu
tungtungna ukur bisa nga-
muhun-keun kana cariosan
Emah sareng Apa, sok sajan
jadi beungbeurat haté.
Sanajan diomongkeun ku
batur, ku dulur, kuring
nongtorékkeun manéh waé.
Da aya benerna atuh
omongan batur téh. Tapi
kuring teu bisa baha atawa
teu sanggup kudu ngara-
heutan manah indung jeung
bapa mah. Apan sok loba nu
nyebuteun yén lamun nu
jadi anak ngahésékeun
atawa ngagawékeun kolot,
sanajan kolotna rido tetep
bakal jadi dosa. Walla-
hualam, tapi rumasa kuring
gé ngarasa dosa. Sanajan
kuring teu rumasa miwa-
rang Emah. Anjeunna ling-
gih di Bandung, éstu kapa
layna ku anjeun. Maenya ku
kuring kudu ditolak.
Si Jalu nu ayeuna geus
umur tujuh taun dirorok, di-
asuh nyasat digedékeun ku
Emah. Kuring digawé, jadi
teu bisa nalingakeun
sapopoé. Boh mandina, boh
dahareunana, kitu deui pa-
pakéanana, nyusuna nyasat
kabutuhan sapopoé pikeun
Carpon Tuti
Warisan
nu Moal Cocéng
Manglé 2434 21
si Jalu. Harita gé geus
kapikir, kuring kudu boga
pangasuh. Bari nungguan
cuti sabulan deui ka béak
panceg ka tilu bulan, Emah
kaburu sumping ka Ban-
dung ka imah kuring
angkaribung sagala dican-
dak. Sampeu, kasreng,
rangginang, wajit, opak, cau
jeung nu lianna sabangsan-
ing kadaharan séjén oléh-
oléh ti lembur hasil tatanén.
Saurna sono ka si Jalu.
“Nyai cenah dek nyiar
pangasuh? “ saur Emah bari
ngeyong-ngeyong orok. Ku-
ring ukur ngaenyakeun ku
unggeuk.
“Keun baé teu kudu hésé-
hésé nyiar pangasuh, ku
Emah wé. Asa teu mikeun
lamun budak diasuh ku
batur, teu percaya Emah
mah. Geuning réa contona,
ceuk béja tina tipi ogé loba
pangasuh nu teu balener,
teu kabéh éta ogé. Tapi
Emah mah tetep cangcaya,
komo Nyai gawé ari budak
ditinggalkeun jeung batur,
keun tong jadi pikiran. Keun
baé Emah nu pindah ka
Bandung saheulaanan nepi
ka Si Jalu sakola, Ké lamun
geus sakola kakara ku Emah
rék dileupaskeun jeung
batur. Meureun Emah ogé
rék balik ka lembur. Apa
Nyai nu ngeukeuhan Emah
indit ka dieu téh. Saur Apa,
piraku teuing asa teu téga ari
ninina genah-genah moyan,
incuna diasuh batur. Jung
ka ituh bisi kapiheulaan ku
batur geura indit ka Ban-
dung. Keun baé Apa mah da
bisa ngurus sorangan pi-
lakadar dahar sapiring
menta wé ka si Teteh,” saur
Emah. Teteh téh lanceuk
kuring nu cikal.
“Saur Apa téh, Nyai,
nyeusuh baju sasetél mah
bisa ku sorangan. Atuh
lamun purun Apa nu nu-
turkeun ka Bandung
sakapeung-kapeungeun, da
lain teu hayang cicing di
Bandung téh. Éta teu betah
asa teu pararuguh, ukur
dahar, ulin, ka masigit, lalajo
tivi, kaluman,” saur Emah
ngadugikeun cariosan Apa.
Kabiasaan Apa di lembur
sagala dicepeng, ka kebon,
ka ditu ka dieu ngabang-
brangkeun rasa kaluman.
Saur Emah, Apa ridoeun di-
tinggalkeun, Emah rido
kacida, lamun diijinan nga-
suh anak Nyai Si Jalu. Keun
tong jadi pikiran, Nyai jeung
salaki mah sing soson-soson
digarawé nyiar pibekeleun
hirup. Atuh Nyai ogé sing
rido ngurus beaya hirup
Emah jeung Apa.”
Enyaan haté téh ngarasa
reugreug, Si Jalu aya nu
nalingakeun sagala rupana.
Malah jadi leuwih apet
kénéh ka ninina batan ka
kuring. Teu kitu kumaha da
sapopoéna loba jeung nini
batan jeung indung bapa, da
puguh ditinggalkeun gawé.
Tepi ka ayeuna Si Jalu geus
sakola, Emah angger calik di
Bandung. Sakalieun ka lem-
bur nyalira, tara lami ukur
saminggu.
“Gandeng! Ceuli asa ra-
wing, dijurung-jurung wae
ku Abahna. Karunya ka Si
Jalu cenah jeung saha ulinna
pan ditinggalkeun gawé pi-
raku dék dibabawa ka pa-
gawéan onamanan teu pu
guh atuh gawé bari ngasuh.
Saleuheung mun ping-
pinanana ngamalum.
Karunya Si Nyai ke bisi
bolos gawéna,” saur Emah.
Taun tukang usum peré
sakola Emah ngeukeuhan
badé ka lembur tapi hayang
jeung Si Jalu, ambeh lila di
lemburna, meungpeung
peré sakola. Inget kénéh,
beres netepan subuh Emah
ngahudangkeun Si Jalu nu
masih ngageubra. Geus hu-
dang terus ditamasan
didangdanan, bekel da-
hareun jeung bekel baju
salin tos ditembrak-tem-
brakeun dina lawang panto,
ngarah teu tinggaleun. Nga-
haja indit nyubuh, ambeh
elfna kosong kénéh, bisa
milihan tempat diukna di
hareup. Ongkoh di jalan tiis
kénéh jeung teu macét. Di
lemburna rék dua minggu.
Ambéh Si Jalu bisa istirahat
di Bandung saméméh asup
sakola. Lamun sabulan di
lembur bisi capéeun teuing
da loba ulin. Ma’lum ari geus
di lembur téh Si Jalu mah
siga kuda leupas ti gedogan,
ka balong, ka susukan, milu
ka kebon, milu ancrub ka
sawah, ber kaditu ber kadieu
matak capé nu mapay-
mapay. Tapi teu hariwang
ulin jauh ogé di lembur mah.
Sanajan Si Jalu ngariweuh-
keun, nyapékeun tapi Emah
hoyong waé nyanyandak.
Kitu deui Si Jalu teu kaop
Emah angkat sok ngingintil
waé. Kanyaah Emah, kabéla
Emah ka kuring, ka anak
kuring, ka kulawarga kuring,
moal kabayar. Pikeun ku-
ring, kanyaah Emah jeung
Apa téh lir warisan nu moal
cocéng saumur hirup.
Dua minggu di lembur
awak Si Jalu mani lintuh.
Pipi camihmil, leungeun
tareuas siga sampeu, ngan
pakulitanana rada hurik.
Pédah mandina ku cai nu
ngocor langsung ti gunung
meueunan. Teu kawas di
Bandung make cai hasil ngo-
lah. Ku lantaran diwowoy,
sagala digugu, ulin
sakarepna, dahar rewog,
saré tibra, ti sareupna ma-
grib, dug sek. Hudang- hu-
dang geus beurang.
Pantesna urang lembur mah
geus meunang hanca nga-
rambet sakotakan sawah.
Hudang saré Si Jalu geus
disampakeun sarapan ba-
cang jeung bala-bala meu-
nang mesen ti tukang sayur
nu unggal isuk sok ngaliwat
ka hareupeun imah. Beres
sasarap terus dimandian di-
tampian, mani ngoyok
mandi ku cai nyurug. Geus
mandi Si Jalu moyan di
golodog imah bari dibuntel
anduk ngahodhod tapi ka-
tinggalina seger.
Ras inget kalebah dinya
kuring teu bisa nahan
cipanon. Rasa syukur ka
Pangeran tan wates wangen,
boga kolot nu sakitu jembar
manahna melaan anak incu,
namplokkeun kanyaah ka
kulawarga sanajan dio-
mongan dipoksangan ku
dulur ku batur tapi Emah
panceg.
“Emah rumasa teu bisa
méré harta, dina mikanyaah
Nyai. Keun baé batur mah
da batur ngaranana ogé.
Saha nu wawanianan nye-
butkeun dosa da nu meun-
teun dosa henteuna mah,
anging Gusti Alloh lamun
méngpar tina ajaranana,
kakara dosa.” Saurna.
Tapi kuring tetep asa dosa
ka kolot, lamun Emah terus
ngurus Si Jalu. Tapi lamun
ngawagel Emah ngasuh Si
Jalu, sieun dipajarkeun em-
bung kacicingan. Kapan jadi
ngaraheutan manahna.
Meureun ayeuna waktuna
kuring males kanyaah
Emah. Keun bae diomong-
keun batur pajar ngaga-
wekeun kolot, batan kuring
ngaraheutan manah Emah.
“Lila kénéh peréna budak
téh. Apa geus nanyakeun
waé, sonoeun meureunan,”
soanten Ema ngahudan-
gkeun lamunan kuring.
Kumaha atuh nyaritakeun
ieu perasaan dosa téh.
“Ngawitan énjing, Mah, “
témbal kuring.
“Pageto we atuh Emah ka
lembur jeung Si jalu, nya,”
saurna. Kuring unggeuk.
Haté ngarakacak. Lalanya-
han waé kitu, nanyakeun
naha Ema teu capé ngurus
Si Jalu. Naha Ema teu capé
uah- uih ka lembur. Kakara
miwarang lirén maturan
kuring. Tapi biwir téh teu
kelu cacarita.
“Geus meujeuhna adian,
budak teh Nyai. Ulah hiji
teuing, karunya.
Meungpeung Ema jagjag
keneh, “ saur Emah.
Piceurikeun nyelek kana
tikoro. Rasa kagagas
séséléké sumeleket kana
dada, jero pisan. Duh in-
dung.***
Panglawungan 13,
Juni katompérnakeun.
22 Manglé 2434
A
ngkrék bulan
marakbak
bodas mapaés
rohangan te-
ngah. Unggal
poé ditatap diusap jadi
batur ngobrol, tempat mi-
radu mun haté keur sume-
deng ringrang. Sok rajeun
nyoréang ka tukang,
mangsa hirup paduduan,
genep taun kaliwat. Nyi-
mas Siti Munigar, anak
nunggal Mama Mar-
tadikusumah jeung Ambu
Rohani, kembang désa
Cidalingding, camperenik.
Sinjang sidamukti dilam-
ban, nyanding kana baru-
kat pulas langit mungkus
waruga lémpéréng konéng,
raray marahmay, sang-
gulna kabungkus karém-
bong bodas. Payus meu
nang sebutan ratu ti
kahyangan; matak geugeut
nu deukeut, matak sono nu
nempo. Teu saeutik jajaka
ti sawatara lembur ngahaja
ngalanglang hayang nga-
bandang. Ti mimiti man-
dor adeg, mantri pasar,
juragan kawung, kaasup
barudak nu kakara mang-
kat begér nepi ka Kawasa
Kebon boga tarékah
Carpon Moddi Madiana
Kanikir Dipipir Pasir
Manglé 2434 23
séwang-séwangan pikeun
ngadeukeutan Nyimas Siti
Munigar. Ari sikep Mama
Martadikusumah, éstuning
bijaksana naker. Tara pipi-
lih piminantueun, istuning
masrahkeun ka nu jadi
anakna baé. Nya ku sikep
éta pisan nu ngajadikeun
urang lembur Cidalingding
ngarasa ajrih. Antukna taya
nu wanieun ngaheureuyan
Nyimas Siti Munigar.
Kabeneran nu manggih
jodo jadi salaki Nyimas Siti
Munigar téh Kang Rahmat,
bandar kawung, anak kuwu
Cijeré. Ti saprak rumah
tangga, Nyimas misah imah
ti indung bapa, nyicingan
imah di lamping Cidal-
ingding belah kalér. Lima
taun nyorang lakirabi can
kawaris anak. Pacogrégan
dina rumah tangga beuki
némbongan anu jadi mar-
galantaran Rahmat hayang
boga turunan. Layung tara
némbongan, angin ti lam-
ping jarang liwat hareup-
eun, ukur séahna ngajauh
an nyusur gunung, nyisir
pasir awor jeung guligahna
ombak di basisir. Teu wani
nyarék sumawonna ngahu-
lag kana talajakna. Lain teu
hayang megatan tapi teu
sanggup kudu cékcok komo
pabéntar paham mun
kaparengan aya di imah.
Rahmat jadi jarang balik.
Di sagigireun ngiangkeun
gula kawung ka dayeuh, di-
tambahan ku geus ngarasa
teu betah di imah. Nyi Mas
Siti Munigar ukur bisa ngu-
pahan manéh, nilaman ma-
néh ku rasa sabar.
Wanci moyan hordéng
jandéla katebak angin.
Angkrék bulan katojo pa-
nonpoé nyacas nyaangan
rohangan. Bari nilepan
samping corak tarungtum
Nyimas nyawang sémah nu
nyampeurkeun. Beuki deu-
keut beuki sidik yén nu
datang téh Marni, pamaji-
kan nu ngora ti Rahmat;
ngais budak umur sataun
hanjat ka tepas imah.
Sémah dihiap sina asup
bari pok, “Euleuh geuning
mani tangginas wayah kieu
geus nepi ka dieu. Jam
sabaraha ti ditu?”
Nu ditanya gancang nga-
jawab, “Bada subuh!”
Teugeug. Teuing pédah
capé kénéh. Dirérét budak
dina aisan, nyeplés be-
ungeut Rahmat.
“Sok écagkeun heula bu-
dakna. Ké rinéh wé. Urang
nyokot heula cai, lumayan
keur nuuskeun capé, bisi
hanaang,” cék Nyimas Siti
Munigar bari ngoloyong ka
tukang. Marni teu loba
carita, ukur rurat-rérét-
kawas aya nu ditéangan.
Basa mencrong poto salak-
ina nu ngagantung dina
témbok, kapegat ku pa-
nanya Nyimas Siti Muni-
gar, “Tas ti mana Nyai téh,
atawa ngahaja ka dieu?
Naha bet sosoranganan
mangkaning lain lalakon
deukeut-deukeut.”
“Puguh ngahaja abdi
nepangan Ceuceu di dieu,
maksad mah...” teu parat
omongan Marni.
“Baruk, aya pamaksudan
naon, asa rareuwas teu-
ing?” Nyimas Siti Munigar
geus ngarasa curiga yén ka-
datangan Marni lain sa-
datang-datangna.
“Numawi tos opat sasih
bapana barudak teu aya
wangsul ka lembur. Na-
mung punten manawi...”
Marni kalah ngaheruk. Nyi-
mas Siti Munigar istigfar
dina hatena ngarasa
karunya kana nasib Marni
ditinggalkeun ku Rahmat
bari taya béja carita jeung
kudu ngurus budak satilu-
tilu.
“Euceu ngarti jeung milu
prihatin kana nasib Nyai
jeung barudak. Nyai ulah
ngarasa curiga ka Euceu,
salaki Nyai ti saprak mi-
hukum Nyai geus tara ngu-
lampreng ka dieu. Da geus
teu katalian ku kawajiban
deui jeung Euceu mah.”
“Kedah kumaha atuh
abdi ayeuna, sareng kedah
ka mana milarianana?”
Marni keukeuh can percaya
kana jawaban Nyimas Siti
Munigar.
“Haaarrr... nya kudu
kumaha atuh? Apan ba-
heula ogé basa Nyai nga-
jorag ka dieu ménta
tanggung jawab Rahmat ku
Euceu dijurungkeun sina
ngawin Nyai. Naha Euceu
kungsi ngajirag ka Nyai
salila salaki salingkuh ka
Nyai?”
“Bilih Kang Rahmat ba-
balik pikir, badé saha nu
ngalereskeun barudak ka
payunna?”
“Astagfirullah...” Nyimas
kareureuwasan.
Da puguh teu bogaeun
niat rék ngabaruntakeun
rumah tangga batur, sana-
jan Rahmat téh kungsi jadi
salakina. Asa teu katari-
makeun kanyaah dirina,
lain teu nyeri haté basa
kudu ngijinan salakina
kawin deui lamun alesan-
ana lain hayang boga tu-
runan. Rék kumaha deui
atuh? Sanajan peurih kana
ati, rido pepegatan sangkan
manéhna jongjon rumah-
tangga jeung nu anyar,
sangkan tumaninah ngurus
turunan. Tapi kunaon atuh
sakitu geus boga turunan
maké kudu cul-culan ka
anak pamajikan?
Marni neuteup budakna
dina aisan. Nu diteuteup
males melong, teu ngar-
tieun naon anu keur karan-
dapan ku indungna.
Beungeut pias kiceup
carang. Haté Marni ngajerit
ngubek langit, kanyenyer-
ian ditinggalkeun salaki.
Teuing di mana, teuing
keur naon. Teu rido salaput
hulu kudu diduakeun.
Nginum asa nguyup tuak
bari, maksakeun barangda-
har teu mirasa.Cimata rajol
patutur-tutur, dipaksa
dipegatan keukeuh bedah
teu katahan. Kudu ka mana
nyusulna, naha aya di wa-
rung nu baheula mimiti
amprok atawa di Hotel anu
biasa lamun jangji rék
patepung? Jauh tina pa-
nyagka, hanas keur gawé di
pabrik ogé ménta eureun
da tadina hayang ngawula
ka salaki. Atuh lalaki anu
harita geus paheut rék
mikahéman ogé dibolay-
keun. Dina emprona geus
jadi salaki geuning kieu
buktina.
Poé geus nyérélék
mayung ngulon. Sora tu-
raés beuki tarik semu anu
milu ngajerit maturan dua
haté awéwé nu keur sarua
rajét. Dicarék mulang, tapi
Marni keukeuh mangkat.
Marni geus teu katémbong,
kabulen pepedut nu ngagu-
lung nuruban lembur.
Kanikir nu kungsi dipelak
dina pipir pasir lembur
Cidalingding salapan taun
katukang teu katémbong
asrina, semplak leungiteun
komara. Ngarangrangan
ilang dangiang. Gering
nangtung ngalanglayung.
Jandéla nu biasa dipaké
moyan ku Nyimas Siti Mu-
nigar geus nutup. Lampu
gantung di tepas imah
tinggurilap. Kelir lampuna
pancawarna. Kembang
angkrék bulan ngahaja
dipindahkeun ka kamar
pikeun maturan Nyimas
Siti Munigar mupu peuting,
sakalian ngawawaas éndah-
na peuting nu pinuh kaasih.
Peuting munggaran nyo-
rang hirup laki-rabi, pasrah
diri lahir batin meungkeut
kageugeut meuseuh
kadeudeuh tina haté ka
haté, jadi beungkeutan raga
jeung rasa.
Angkrék bulan kelir
bodas mairan koréjatna
rasa. Jajap Nyimas Siti Mu-
nigar nyorang alam impian.
Raray marahmay, geulis lir
putri kahyangan. Rinéh
simpé, gurat kamelang
ilang ngajirim jadi imut nu
geulis nyambung nyimbu-
tan peuting nu jempling.***
Subang, 100710
24 Manglé 2434
G
asik leungeun
ngacung mani
asal luhur, hih
angger wé mobil
téh ngadius.
Enya, teuing élef teuing
naon da teu pati sidik
puguh poék. Mundur deui
ka sisi bisi katabrak. Teu
kungsi lila, sebrot deui ca-
haya lampu mobil ném-
bongan mani hurung. Na
atuh teu kungsi memenitan
pes pareum. Boro geus
tatan-tatan rék ngacung
deui. Rék nyaba kuring téh
ka Sumedang itung-itung
pelesiran. Sorangan baé
bari léngoh deuih da teu
puguh jugjugeun rék ka
saha-sahana. Orokaya
ngadagoan mobil nu rék ka
Kota Tahu téh mani lila
naker. Ti tas magrib rara-
saan téh kuring ngajengjen
di Bunderan Cibiru, aye-
una geus tabuh salapan.
Ngajejentul sisi jalan, so-
rangan.
"Piraku wayah kieu geus
euweuh mobil mah,"
gerencem haté. Gék diuk
dina pager témbok.
Sakedapan ngarérét ka jero
imah nu pagerna didiukan.
Jempling. Nu baroga imah
geus talibra taksiran.
"Kumaha atuh?" jeroeun
dada padungdengan deui.
Teuing naon nu kudu dipil-
ampah. Bati bingung.
Kalah kelekep heuay, tun-
duh. Sabisa-bisa sakadang
tunduh téh ditundung.
Kongkolak panon dikucek-
kucek sangkan cenghar
deui. Geus kagok indit ti
imah tuda. Piraku kudu
bolay onaman.
Teu kungsi lila di hare-
upeun geus ngabagug
mobil. Badag, beus. Teu
kanyahoan datangna, teu
gurang-gerung sora mesin
mobil da. Eureunna téh
mani pas hareupeun ku-
ring, lebah panto hareup
nu geus muka.
"Tid, tid, tidiiiid...!" Sora
kelakson mani harus.
"Hayu Pa, badé nyaba?"
tanya supir. Rét dirérét,
horéng awéwé.
"Ka Sumedang?" tanya
téh bari nguniang.
"Muhun, hayu!" gelenyu
imut. Teu ngengkékeun
deui, kalacat baé kuring
naék. Na atuh, karék gé
suku duanana asup, panto
beus nutup sada ngajeblug,
ngonci rapet. Lampu-
lampu jero beus ukur
reyem-reyem. Ari sugan
jero beus téh loba panum-
pang, horéng kosong mo-
longpong, ukur kuring
sorangan nu tumpak téh.
Kurig muru jok tengah,
bari teu wudu jantung
mimiti ratug.
Dius beus mangprung
digas satakerna, mani asa
ngapung. Leungeun
tipepereket nyekelan jok
hareupeun. Rét ka hareup
malédogkeun teuteup ka
supir tina kaca sepion, atra
pisan. Séréngéh seuri, lain
ukur imut. Teer...bulu pun-
duk carengkat, kuku-
rayeun.
Halis kuring kerung,
nginget-nginget si geulis
supir. Asa apal kana be-
ungeut éta téh ngan teuing
saha jeung di mana. Enya
apal, ngan teuing saha nya?
Hantem baé mikiran si
geulis. Jalan Bandung -
Sumedang téh da sidik di-
aspal, leucir hotmik malah.
Tapi naha beus nu di-
tumpakan téh abrug-abru-
gan siga ngagéléng jalan
ruksak. Pikasebeleunana
téh si geulis supir beus
ngajalankeun mobilna
mani apung-apungan.
Késang badag késang lem-
but mimiti maseuhan
awak. Rét ka luar, poék
ngageblég, teuing lebah
mana, teu apal. Rét deui ka
si geulis, angger nyéréngéh,
malah antukna mah nga-
gakgak. Puguh wé beuki
muriding.
"Hahaha...tenang Pa ten-
ang, moal nanaon," cenah.
Kuring hayang nyanga-
ngang némbalan, rék
nyarékan laklak dasar da
puguh manéhna nga-
jalankeun mobil teu jeung
adeuh, kumaha mun
cilaka. Orokaya biwir asa
dikonci, rapet teu bisa
engab-engab acan, malah
teu pupuguh asa eungap.
Katénjo ti hareup aya
lampu mobil séjén, papa-
hareup. Gejul, si geulis
kalah ngagas beus, dilelem-
peng...kana lampu mobil di
hareup siga ngahaja sina
diadu. Da jeung saenyana,
teu kungsi lila...jebrod dua
mobil siliteunggar badis
domba adu. Sorana mani
ngajelegur.
"Hahaha....karasa?!"
ceuk si geulis bangun atoh
bin sugema. Kuring ona-
man ngaranjug lain
meumeueusan, reuwas
kareureuhnakeun. Gasik
capa-cipi kana awak, al-
hamdulillah beleger kénéh.
Dius beus mangprung
deui. Teuing kumaha nasib
mobil nu cikénéh ditabrak
si geulis téh. Kituna téh
manéhna kalah aluman-al-
imen, jung nangtung.
Enya, nyupiran mobil bari
nangtung, teu uyahan.
"Nanaonan éta?" Kuring
ngagorowok, tapi taya sora.
Si geulis kalah kalacat
naék, gék andegléng dina
jok panyarandéan. Teu
cageurna téh nyupiran ku
cokor geura. Puguh wé
kuring ngembang kadu.
Geus kitu, jen nangtung,
nyanghareupan kuring.
"Tenang Pa, tenang, tong
sieun hihihi...," pokna
mani hayang malédog da.
Orokaya teu bisa meta.
Hadéna si geulis éling
deui. Manéhna nyupiran
beus siga sasari. Keur kitu,
cekiiit...sada rém. Blak
panto beus muka, ana rob
Si Geulis nu Nyupiran Beus
Ku Féndy Sy. Citrawarga
Manglé 2434 25
téh panumpang arasup.
Sakedapan kuring malé-
dogkeun panon ka luar,
reyem-reyem kabaca
tulisan Terminal Cileunyi.
Ti dinya mah
panumpang beus téh pinuh
wé. Ngan kuring mah diuk
sorangan sajok téh. Barang
disidik-sidik...alah ieung,
tadi-tadi barang naraék
katara dicarindung bodas
jeung dikaropéah haji, na
geuning ayeuna diparocong
kabéh.Dius beus mang-
prung deui bareng jeung
mangprungna lelembutan
kuring mawa pananya, di
mana ieu saenyana? Naha
panumpang beus diparo-
cong? Basa maling-maling
rérét, katara tingséréngéh,
laju ngabarigeu, téu narolih
ka sisi ka gigir. Kaayaan
karasa beuki combrék,
angot basa selengseg aya
bau menyan mani meledug.
Kuring hayang saajleng-an-
jlengeun kaluar tina beus,
tapi ukur kahayang da
puguh suku asa dipaku.
Beus karasa ngabelesat,
boa-boa ngapung. Gajrug-
gajrug napak deui. Awak
karasa nyareri balas
tibabaranting. Sakapeung
sirah notog hateup beus.
Bedus téh, kalah tingcikikik
dibawa tumpak beus édan-
édanan téh. Puguh soran-
gan mah soak.
Abong-abong diparocong.
Angot si geulis supir mah
sugema wé batur soak téh.
"Kebut Nyi, ngarah téréh
tepi!" Gélo, aya nu nyundu-
tan si geulis.
"Oké Bos!" témbal si
geulis, bari jung nangtung
nyanghareupan
panumpang. Setir mobil
mah tiba digéol-géol ku bu-
jurna. Barang disidik-
sidik...iyyy...si geulis gé jadi
pocong!
Teu sadar kuring
ngagorowok, "Jur, jur, jur-
riig...!"
"Hahaha...baru tahu ni
yé?!" Réang sabeus bari
malencrong ka kuring.
Mata-matana bangun haru-
rung. Puguh wé kuring
beuki ngompod.
"Énggalkeun Nyi, kaburu
beurang!" Aya deui nu
ngagorowok. Si nyai nu
robah deui jadi wujud nu
geulis nu kuring apal ngan
teuing saha téh rikat nyupi-
ran beus siga sasari.
"Bérés Bos, sakeudeung
deui Cadaspangéran!" tém-
bal si geulis bari ditungtun-
gan ku ngahihi.
Ngadéngé Cadas-
pangéran, jalan jurang
lungkawing, kuring enyaan
baluas, soak, geumpeur lain
eumeueusan. Beus karasa
luak-léok, sakapeung
nyangéyéng siga ukur
napak dua ban gigir kénca,
geus kitu gulitik
nyangéyéng ka katuhu.
Pareng di nu datar nyem-
prung sari-sari ngapung
nepi ka karasa nabrak nu
teuas, terus ngapung,
koléaaaang......gubrag!
"Tuluuung...!" Kuring
ngocéak.
"Pa, Pa, ku naon?
Ngimpi? Tos tabuh opat rék
ka pasar lin?"
Gurinjal hudang. Di hare-
upeun pamajikan. Gigisik.
Gustiii...na ngimpi téh
kabina-bina teuing.
"Iyyy...!" Kuring ngabi-
rigidig.
"Ngimpi naon atuh?
Mani tulung-tulungan?
Matak gé ari rék saré téh
babacaan heula, lain ngomé
pésbuk," ceuk pamajikan
mapatahan. Moal di-
dongéngkeun lalakon
impian nu matak muriding
muringkak mah ah, moal
kuateun ngabandun-
ganana. Anggur mah rék
dikirimkeun ka Manglé,
sugan wé dimuat.
Rérés solat subuh kuring
ka pasar, cara sasari. Pipiki-
ran mah angger na impian,
nginget-nginget si geulis
supir beus téa. Asa apal,
ngan teuing saha.
Oh...enya, kakara inget. Si
geulis téh nu sok ngalada-
ngan di kios pasar gigireun
kios Mang Jana, paragi
kuring balanja. Tah lamun
kuring keur balanja,
ngadagoan diladangan, sok
anteng maling-maling
ngarérét ka si geulis. Dasar
panon lalaki atuh.
Anjog ka pasar, langsung
wé kuring malédogkeun
panon ka kios paragi si
geulis.
Ngan geuningan kiosna
téh tutup. Basa kuring tu-
manya ka Mang Jana naha
kios nu sok ngajualan kuéh
téh tutup, teu wudu nga-
jenghok.
"Si Enéngna maot,
kacilakaan mobil," témbal
Mang Jana.
"Di mana?"
"Di Cadaspangéran, peu-
ting tadi."
"Innalillaahi wainna ilaihi
rooji'un...." cékéng bari teu
wudu punduk mah muring-
kak deui. ***
26 Manglé 2434
G
eus lila kuring
hayang pisan alat
kasenian tradisional
nu ngaranna tara-
wangsa. Tarawangsa
téh nyaéta alat musik tradisional
anu asalna ti kacamatan Rancaka-
long Sumedang anu dijieun tina
kai jeung sok maké senar urut
kawat rém motor. Ngamaénkeun
tarawangsa biasana sok dipirig
maké jentréng. Naon atuh ari jen-
tréng téh? Jentréng nyaéta alat
musik tradisional nu sarua ti Ran-
cakalong Sumedang nu dijieun
tina kai. Wangunan jentréng mah
ngaharib-harib kacapi, tapi ieu
mah leuwih leutik jeung kawatna
ngan dalapan. Éta tarawangsa téh
ari katingalna mah siga alat musik
Rebab. Da senarna téh sami aya
dua kawas rebab, ogé tina nga-
maénkeunna gé carana téh sami
nyaéta dikését, tapi anu ngabé-
dakeun antara rarawangsa sareng
rebab mah dina bentuk eujeung
sorana. Anu bisa kanu Tarawang-
sa téh langka, katambah éta ka-
senian tarawangsa mah lokal di
daérah Rancakalong.
Sok sanajan lembur kuring rada
anggang ti Rancakalong, tapi kur-
ing rada kataji hoyong pisan bisa
kana tarawangsa, mung nya kitu
téa da geuning kuring téh teu ga-
duh alatna, janten badé latihanana
gé sesah, da ari latihan téh kedah
aya media nu ngadukungna nyaé-
ta alat tarawangsa.
Kuring wawartos ka
pun bapa, yén kuring téh
hoyong alat musik tara-
wangsa. Tapi da pun
bapa gé teu acan terang-
eun dimana anu sok ngi-
calan éta tarawangsa téh.
Mémang enya tarawang-
sa téh alat kasenian tradi-
sional tapi pangaos rada
lumayan awis. Tapi ku-
ring teu acan éléh akal,
kaleresan pun lanceuk
gaduh kawawuhan urang
Rancakalong anu sok
ngadamelan tarawangsa.
Hiji waktu pun lan-
ceuk mulih, da kaleresan
libur. Atuh kasempetan
kanggo kuring mah ho-
yong dipangmesenkeun
tarawangsa.
“A, manawi uninga,
dupi nu sok ngicalan
tarawangsa dimana
nya?” ceuk kuring.
“Aya réréncangan Aa
anu sok ngadamelan
tarawangsa téh. Ganjar
badé mesen? Ké ku Aa
dipangmesenkeun.”
Témbal lanceuk kuring.
“Kinten-kinten saba-
raha tah, A pangaos
tarawangsa téh?” ceuk
kuring deui.
“Ari tarawangsana
hungkul mah tilu ratus
rébu, lamun sareng jen-
tréng janten tujuh ratus
rébu,” témbal lanceuk kuring.
“Ah, Ganjar mah badé mesen
tarawangsa wé heula da mung
aya kanggé satarawangsaeun ar-
tosna gé.” Témbal kuring.
“Nya ke ari ka Bandung can-
dak artosna. Ayeuna mah ku Aa
dipangmesenkeun heula, ma-
yarna mah langsung wé ku Gan-
jar.” Témbal lanceuk kuring.
“Nya atuh A, hatur nuhun.”
Témbal kuring. Haté kuring
bungah kacida, sabab geus
manggih jalan pikeun mibanda
nu dipikahayang. Hargana
murah deui! Bubuhan pesenna ti
sobat pun lanceuk. Dua poé ti
harita pun lanceuk ngawartosan
yén tarawangsa téh tos
dipesenkeun, tapi kuring kedah
nganteurkeun heula artosna da
lamun teu acan diartosan mah
moal tiasa dipidamel. Janten
kedah aya artosna heula cenah.
Enjingna kuring mios ka Ban-
dung, badé masihkeun artos
kanggé tarawanga téa ka pun
lanceuk. Mios ka Bandung téh
énjing-énjing da ari mios sonten
mah sieun kahujanan. Ma’lum
da harita téh nuju usum hujan.
Tapi ari jas hujan mah mekel éta
ogé, disimpen dina bahasi
motor. Teu kacatur dijalanna,
nepi wéh ka Bandung, pernahna
mah ka STSI (Sekolah Tinggi
Seni Indonesia), tempat pun
lanceuk kuliah. Kuring nelepon
pun lanceuk, ngawartosan yén
kuring tos dugi ka STSI. Wantun
nelepon sotéh bubuhan apal, bi-
asana jam sakitu mah pun
lanceuk téh sanés nuju kuliah
tapi nuju latihan sareng grupna
nyaéta Pancasura. Jadi rada
nyalsé, da éta mah di luar jam
kuliah.
“A, ieu artos kanggo
tarawangsa téh, kinten-kinten
jantenna iraha nya, A?” ceuk
kuring.
“Nya paling saminggu dua
mingguan lah, da saur Aa tukang
tarawangsa téh dipiwarang sing
alus da ieu mah jang anggoeun,”
témbal lanceuk.
“Oh, muhun atuh A. Upami
tos beres Ganjar wartosan deui.”
Tembal kuring.
Haté kuring bungah pisan, tos
ngemplong deuih da artosna tos
dipasihkeun, ayeuna ngan kan-
tun ngantosan tarawangsa jeung
kantun diajar wéh. Ti harita ku-
ring sok sering ngupingkeun
lalaguan tarawangsaan améh
bisa wanoh sareng bisa nurutan.
Kuring sok ningalan sareng
macaan di google, wikipedia,
jeung website-website lianna
pikeun leuwih nyaho ngeunaan
tarawangsa. Osok ogé ningalan
vidio di youtube. Geuning aye-
una mah tarawangsa téh diga-
bungkeun jeung alat musik
tradisional nu séjén deui. Con-
tona digabungkeun jeung alat
musik karinding, ogé ku para
nonoman ayeuna mah dikoalbo-
rasikeun eujeung alat-alat band
underground sagala.
Sora tarawangsa mah ka ku-
pingna téh matak keueung. Bén-
ten sareng sora rebab, sora rebab
mah sedih, ari sora suling mah
wa’as, aya deui sora saxophone
mah watekna romantis. Kulan-
taran sora tarawangsa matak
keueung, pantes lamun tara-
wangsa kadang sok diangge dina
musik-musik underground.
Tarawanga oge osok dipin-
Juara 1 Pasanggiri Ngarang
Carpon Paguyuban Pasundan
Meuli Tarawangsa
Ku Ganjar Purnama Wildan
Manglé 2434 27
tonkeun di luar nagri, para pa-
maén téh mahasiswa-mahasiswa
ti STSI. Tah kuring kataji ku
kaluar nagrina, bisa ngulinkeun
alat musik tradisional Sunda
nyaéta tarawangsa. Da ari cita-cita
kuring téh hoyong ka luar negri
mintonkeun garapan-garapan tra-
disional Sunda oge ngangkat yén
Sunda téh beunghar ku budaya.
Atos saminggu kuring ngan-
tosan, meni bungah kuring siap-
siap ka Bandung bade ngabantun
tarawangsa, tapi kuring ngasms
heula pun lanceuk bade naros-
keun beres atanapi teu acan
tarawangsa téh.
“Assalamualaikum, A kumaha
tarawangsa téh tos rengse atanapi
teu acan?” ceuk kuring ka lanceuk.
“Waalaikumsallam, teu acan
Njar, da acan aya beja deui, ke ku
Aa diwartoskeun deui tos beres
mah.” tembal lanceuk kuring.
“Oh muhun hatur nuhun,” tem-
bal kuring.
Keuheul, kesel, handeueul,
pacampur hiji. Diwalah-walah tos
beres, ehh geuning teu acan jan-
ten-janten tarawangsa téh. Geus
teu sabar hoyong geura diajar
tarawangsa téh gagal deui. Sabar
hate! Kuring ngartos, da saur pun
lanceuk ge beresna téh saming-
guan atanapi dua mingguan. Jadi
kuring ngantosan samingguan
deui. Sabar we ah! Da cenah nu
sabar mah sok pinanggih jeung
bagja. Minggu kadua kuring
ngasms heula ka pun lanceuk bilih
kawas kamari hanas tos siap-siap
ngaluarkeun motor tapi teu janten
mios.
“Assalamualaikum, A kumaha
tarawangsa téh tos janten teu acan
ti tukang tarawangsa téh?” ceuk
kuring.
“Waalaikumsallam, duka tah
dua ku Aa di sms ge teu aya nga-
bales wae da di kampus ge teu
acan pendak wae sareng rerenca-
ngan aa-na,” tembal lanceuk ku-
ring.
“Atuh kumaha A atos dua
minggu teu acan janten-janten?”
tembal kuring.
“Yeuh ieu taroskeun weh ku
Ganjar ke dikirim keun nomorna,”
tembal lanceuk kuring.
“Muhun atuh A,” tembal ku-
ring.
Kesel! Ongkoh dua minggu jan-
ten, tapi teu acan janten wae! Ku
kuring dicobian disms teu aya
ngabales wae. Ditelepon teu di-
angka wae. Hiji waktu, eta tukang
tarawangsa téh ditelepon ku pun
bapa tapi teu diangkat.
Pas keleresan kuring nuju lati-
han jaipongan di STSI kuring
panggih jeung pun lanceuk. Ku-
ring ngobrol sareng pun lanceuk.
Jadi tukang tarawangsa eta téh
sagrup sareng pun lanceuk. Ku-
ring hoyong nepangan namung
tukang tarawangsa eta na geuning
teu aya wae, saur pun lanceuk
mah teu acan jol. Kuring mah sok
nyeri hate keur bener-bener ha-
yang ari pek sok aya wae haha-
lang, itu tea, ieu tea! Keun we lah
da meureun can waktuna. Kungsi
hiji poe, ku kesel-keselna nung-
guan eta tarawangsa, kuring ny-
obaan ngasms ka eta tukang
tarawangsa tapi tos sababaraha
kali ngasms teu aya waleran ti an-
jeunna téh. Duka kunaon eta téh?
Duka teu acan beres, duka
kumaha! Dicobian ditelepon, tapi
geuning teu diangkat-angkat.
Terus we ku kuring téh ditelepon
dugi ka lima kalina “no yang anda
tuju sedang tidak aktif.” Meureun
dipareuman da neleponan wae.
Da ari kuring mah nelepon téh
hoyong terang eta perkawis
tarangwasa tea. Ari artos di-
pasihkeun, ari barang teu acan
rengse wae. Malam saptu tepatna
pas lanceuk kuring mulih ti
Malaysia, pun lanceuk ngob-
rolkeun yen tukang tarawangsa
téh ngiring ka Malayasia. Nya kitu
mah pantes sms teu dibales, tele-
pon teu diangkat oge.
Didinya pun bapa nyuhunkeun
nomor hpna eta tukang tara-
wangsa.
“Cing mana nomer tukang
tarawangsa urang cobian di sms
deui ku bapa,” ceuk pun bapa.
“Nya ke dikirimkeun ka hape
bapa,” ceuk kuring.
Saatos masihkeun eta nomer
pun bapa langsung ngasms ka
tukang tarawangsa téh. Teu lami
aya waleran ti tukang tarawang-
sana téh. Manehna ngajangjikeun
yen tarawangsa téh paling tiasa
dinten minggu payun da anjeunna
teu acan mulih ka Rancakalong.
Tah ku kituna bapa nganuhun-
keun ka tukang tarawangsa. Anu
ka sakian kalina kuring bungah da
minggu enjing mah bener-bener
janten tarawangsana da tos aya
kabar jeung ngajangjikeun mi-
nggu payun. Abdi ge geus nga-
jangjikeun ka barudak urang
latihan karinding tarawangsaan
da kuring ningali di Youtube tea
geuning da enakeun.
Minggu anu dianti-anti ku ku-
ring oge ku pun bapa oge datang,
abdi siap-siap tos ngaluarkeun
motor kangge nyandak tarawang-
sa ka Bandung, oge kuring téh tos
ngajak babaturan kuring da nyan-
dak tarawangsana sesah da age-
ung geuning. Saacan angkat téh
kuring sareng babaturan kuring
nuju caralik keneh terus aya tu-
kang baso, eta babaturan kuring
téh ditraktir heula tuang baso, ke
tos tuang baso urang angkat. Sa-
teuacanna kuring miwarang pun
bapa nelepon heula tukang
tarawangsana. Tapi ku keuheulna
téh eta tukang tarawangsa teu di-
angkat-angkat telepon ti pun bapa
téh duka kunaon. Didinya pun
bapa oge keuheul terus weh pun
bapa téh ngirim pesan singkat ka
tukang tarawangsa eta téh.
“Kumaha tarawangsa téh?
Iraha beresna? Piraku sarua seni-
man teu apal kana kabutuhan se-
niman? Da biasana mah seniman
tepat jangji, bisa dicekel carios-
anana.” Ceuk pun bapa.
“Hapunten bapa kaleresan abdi
teu acan uih, abdi teu gaduh
kendaraan insya allah minggu
payun abdi bade uih,” tembal
tukang tarawangsa.
“Muhun mangga, ku bapa di-
cepeng jangjina,” tembal pun
bapa.
Saminggu ti harita tukang
tarawangsa ngasms deui ka ku-
ring, ngawartosan yen tarawangsa
téh tos janten. Ayeuna
tarawangsana téh dititipkeun di
pos satpam STSI anu dipayun. Tos
kenging berita kitu mah kuring
siap-siap angkat ka Bandung, oge
teu hilap ngajak babaturan. Saatos
dugi di STSI Bandung, di pos sat-
pam kuring ngaroskeun ka sat-
pam.
“Pa, punten bade tumaros, dupi
aya titipan tarawangsa kitu
kadieu?” ceuk kuring.
“Oh, muhun aya, ari ujang
timana?” tembal satpam.
“Ieu sareng Ganjar nu pesen ieu
tarawangsa, ayeuna bade dican-
dak pa abdi tos nyarios kanu
ngadamelna, saurna kantun nyan-
dak di pos satpam bae,” tembal
kuring.
“Oh kitu, muhun candak weh
ari tos kitu mah,” tembal satpam.
“Nuhun Pa, tembal kuring.
“Sawangsulna,” tembal satpam.
Kuring wangsul na ka bumi
jeung hate bungah da ayeuna
kalaksana ngagaduhan tara-
wangsa téh, oge ayeuna téh bade
nepangan barudak pan geus nga-
jangjikeun latihan bade nyobian
ngolaborasikeun alat musik rebab
jeung karinding celempung.
Saatos di bumi kuring masih hu-
lang-huleng keneh, na kunaon da
geuning ari tarawangsana aya ari
pangeset tarawangsana teu aya
tina bungkusan. Kuring didinya
langsung ngahubungi deui tukang
tarawangsana naroskeun deui
perkawos pangsetna, bilih murag
di jalan tapi da rarasaan mah teu
murag da ti jalan oge ditangkeup
di tengah jok motor. Tapi na
saurna téh kakantun di Rancaka-
long. Nya abdi téh atuh ngantosan
deui kantun pangeset. Ari kamari-
kamari ngantosan tarawangsa,
ayeuna ngantosan pangeset.
Ahirna abdi ngangge pengeset
rebab kuring kangge pangeset
tarawangsana. Tapi alhamdulillah
aya oge tarawangsa, kuring bisa
nepatan jangji latihan da leres
saur pun bapa ge da ari jangji se-
niman mah kedah di cepeng
bener. Kuring lalatihan jeung
barudak sakalian ngalatih oge
maenkeun tarawangsa, da sabener
mah kuring teu bisa maenkeun
tarawangsa ngan kuring apanan
diajar rebab di sakola kuring. Eta
oge duka leres duka henteu cara
nyurupkeun oge cara penyarian-
na. Kuring nyobian milari pan-
yarian tarawangsa di google,
wikipedia, youtube, tapi teu aya da
sesah artikel nu kitu mah geuning.
Poe nu salajengna nya sim ku-
ring nga-sms deui ka tukang
tarawangsa naroskeun perkawis
pangesetnana.
“Assalamualaikum, A kumaha
perkawis pangeset tarawangsa téh
ieu abdi peryogi kangge maen-
keun,” ceuk kuring.
“Waalaikumsallam, muhun Aa
teu acan uih ka bumi ke minggon
payun Aa bade uih heula ka Ran-
cakalong bade nyandak pange-
setna,” tembal tukang tarawangsa.
“Muhun atuh A, diantos.” Tem-
bal kuring.
Sabenerna mah kuring geus
hoream naros-naroskeun deui
tapi da kumaha perlu ieu kangge
tarawangsa, da lamun teu aya
pangesetna mah moal disada, un-
tung oge eta aya pangeset rebab
abdi.
Kuring nyobian deui ngasms
tukang tarawangsana perkawis eta
pangeset, tapi angger keneh teu
aya waleran ti tukang
tarawangsana. Dicobian ditelepon
angger keneh teu diangkat wae.
Hiji poe kuring nyobian dongkap
ka STSI hoyong pendak sareng eta
tukang tarawangsa téh namung
ku kuring di sms téh hoyong ngo-
brol sareng anjeunna teu aya
waleran wae. Tah semet dinya
kuring tara naros-naroskeun deui
perkawis pangeset ka tukang
tarawangsa, keun weh sugan inget
sorangan. Jadi tungtung mah
pengsetna téh teu acan aya wae
nepi ka ayeuna oge, da ari saur
tukang tarawangsana téh tilu
ratus rebu téh tos sareng pange-
setna. Tapi kuring teu se’ep akal
gara-gara teu aya pangeset
tarawangsana kuring jadi teu bisa
diajar kana tarawangsa, jadi tung-
tungna mah kuring ngangge
pangeset rebab kangge diajar
tarawangsa da ari ngarep-ngarep
pangeset ti tukang tarawangsa
mah iraha jadina.***
Cintamulya, 16-04-2013
28 Manglé 2434
K
etua DPRD Provinsi Jawa
Barat Irfan Suryanagara nga-
dongsok ka organisasi pa-
muda pikeun ngajak masarakat
sangkan ulah masualkeun deui isu-
isu atawa pekara nu aya patalina
jeung kadaerahan di wilayah Jawa
Barat anu masih keneh diadureny-
omkeun ku para inohong “senior” di
Jawa Barat. Hal ieu dieceskeun deui
ku Irfan dina sela-sela gempungan
jeung jajaran Majelis Pemuda Indo-
nesia (MPI) KNPI.
Irfan ngungkabkeun kawariwangna
tumali jeung ayana beja selentingan
ayana daerah nu hayang misahkeun
maneh ti provinsi Jawa Barat sa-
kumaha anu kungsu diramekeun di
wilayah Cirebon sarta wacana nga-
degna provinsi anyar di bagean kulon
anu boga wates jeung ibukota anu
sabenerna mangrupa panyumbang
PAD panggedena keur Jawa Barat nu
gedena geus nepi ka 46 persen.
"Kumargi kitu ayeuna pamarentah
tarekah satekah polah kanggo ngaya-
keun pemerataan pangwangunan,
henteu ngan ukur fokus di wilayah
priangan wae, tapi oge ka kabu-
paten/kota anu jadi wates sareng
ibukota di kulon sareng wilayah anu
gaduh wates sareng Jawa Tengah."
Pokna.
"Jawa Barat sanes saukur wilayah
Priangan wungkul, aya wilayah Cire-
bon, Indramayu, Majalengka, Kuni-
ngan oge aya wilayah Depok, Kara
wang, Bekasi, Bogor. Upami kajante-
nan aya wilayah anu misahkeun
maneh, kumaha atuh sarng wilayah
sanesna sapertos Garut, Tasikmalaya,
Ciamis padahal dugi ka ayeuna pen-
dapatan PAD Jawa Barat nu pang-
gageungna teh justru asalna ti
wilayah anu hoyong misahkeun
maneh." Pokna deui.
Nurutkeun Irfan wilayah Cirebon
memang geus puguh boga minyak,
kitu deui jeung wilayah Bekasi,
Depok, Karawang, Bogor anu saes-
tuna mangrupa wates jeung ibukota
minangka puseur muterna ekonomi.
Hal ieu memang jadi ancaman keur
pamarentah Jawa Barat upama me-
mang kajadian aya wilayah anu gede
potensina keur Jawa Barat hayang
misah tur nyieun provinsi anyar.
Kusabab kitu nurutkeun Irfan geus
lain waktuna deui ngomongkeun
wilayah Priangan atawa Sunda asli,
pituin atau menak Sunda waé, tapi
sakabeh wilayah di Tatar Sunda ieu
nu kudu jadi tanggung jawab jeung
pancen sarerea dina enggoning
ngawujudkeun kamakmuran di Jawa
Barat.
DPRD Provinsi Jawa Barat
salawasna ngarojong sangkan ayana
tilu wilayah budaya nyaeta Priangan,
Cirebonan jeung Betawi di wilayah
Jawa Barat bisa sajalan jeung bisa
meunangkeun hak anu sarua dinda
sagala widang utamana dina pang-
wangunan daerah.
Pamarentah dina hal ieu DPRD mi-
harep oge ka sakumna organisasi ka-
pamudaan sangkan bisa nepungkeun
atawa jadi “jembatan” keur sakumna
kelompok masarakat jeung Pemprov
Jawa Barat, sangkan program pang-
wangunan sagancangna di hagetkeun
di sakabeh wilayah Jawa Barat tur
bisa dilaksanakeun sacara adil jeung
rata.***
(AS)
Jawa Barat
Lain Priangan Wungkul
Ketua DPRD Prov. Jawa Barat Irfan Suryanagara
Manglé 2434 29
D
PRD Jawa Barat ngagelar
"hearing dialog" atawa de-
ngar pendapat antara Wakil
GubernurJawaBaratDeddyMizwar
jeung sajumlah inohong atawa
tokoh masarakat anu ngiritik kana
"tugas ganda" Deddy Mizwar nu
dipercya jadi wakil kepala daerah,
tapi masih katalian keneh kontrak
komersial.
Kegiatan ieu diayakeun ku alpu-
kahna pingpinan DPRD Jawa Barat
anu diwakilan ku Wakil Ketua
DPRD Jawa Barat ti Fraksi Partai
Golkar Drs. H. Uu Rukmana, di lobi
ruang sidang DPRD Jabar.
Nurutkeun Uu Rukmana, tujuan
digelarna acara ieu nyaeta pikeun
neangan jalan atawa solusi anu alus
tina permasalahan "tugas ganda"
Wakil Gubernur Jawa Barat.
Dina acara ieu DPRD Jabar oge
ngondang para inohong saperti
Tjetje Padmadinata, Pengamat
Hukum Dindin S Maolani, Penga-
mat Birokrasi Memet Hamdan,
Pengamat Budaya Yayat Henda-
yana, Pengamat Politik Upa Safari,
Wakil Ketua DPD Partai Gerindra
Jawa Barat Sunatra, sarta ti media
Januar P Ruswita. Pasualan masih
katalian kontrak komersial Deddy
Mizwar anu geus jadi Wakil Guber-
nur Jawa Barat téh tetela masih
keneh jadi kacapangan.
Wakil Gubernur Jabar Deddy
Mizwar sacara serius ngaregepkeun
para inohong anu keur nepikeun
kereteg hatena jeung unek-unekna
patali jeung iklan anu mintonkeun
Deddy Mizwar.
Dedy netelakeun, yen can aya ren-
cana megatkeun kontrak bintang
iklan sacara sapihak jeung para pro-
dusen iklanna.
"Upami sim kuring mayar pihak
produsen atanapi putus kontrak,
atuhsimkuringtéhbakaldisebatteu
terang etika, anu ditulis wae teu di-
palire.Tahhalieubakaljadiawonka
Wagub Jabar. Ieu integritas sim ku-
ring," ceuk Deddy.
Nurutkeun Deddy, dina industri
periklanan, pausahaan geus nyip-
takeun rarancang iklanna keur sa-
taun. Kaasup jadwal iklan jeung
anggaranana.
Megatkeun kontrak di tengah
jalan, ceuk Deddy bakal ngahe-
sekeun boh keur pihak pausahaan
boh bentang iklanna.
"Milih talent anu tiasa ngadugi-
keun bewara téh henteu gampil.
Malah mah biasana diayakeun sur-
vey mangbulan-bulan sateuacanna.
Hal ieu bakal ngarugikeun, sim ku-
ring alim dzalim," pokna.
Aya sababaraha hal anu ku Deddy
ditepikeun dina acara ieu, nyaeta
moal narima kontrak deui jeung
manjangkeun kontrak.
"Kanggo kapayunna sim kuring
moal nampi deui kontrak enggal.
Moal neraskeun atanapi manjang-
keun kontrak nu aya ayeuna.
Kontrak nu aya, bakal direnegosi-
asikeun deui ku sim kuring.
Upamana bae wangunan ik-
lanna dirobih jadi edukasi masa-
rakat. Sim kuring bakal nyarios
langsung ka pihak produsen,"
pokna.***
(AS)
DPRD Jawa Barat Ngabahas
“Tugas Ganda" Wagub
Deddy Mizwar, Wakil Gupernur Jawa Barat
30 Manglé 2434
K
ota Bandung minangka
kota agamis, dina nga-
wujudkeun masarakat
anu mulya ahlakna,
sangkan taya kajadian
anu méngpar tina norma agama, lain
saukur ku cara medalkeun paraturan
wungkul, tapi kudu aya pangawasan
anu daria sarta tuladan ti pamingping
sangkan bisa jadi conto ka masarakat.
Dina momen bulan Romadon anu
mangrupa bulan nu pinuh ku bere-
kah tur rohmat, sangkan kaom mus-
lim ngarasa tengtrem dina ngalak
sanakeun ibadah puasa, sagala rupa
hiburan peuting kudu ditutup sabu-
lan campleng, luyu jeung Perwal
(Peraturan Walikota).
Éta hal ditétélakeun ku Ketua
Komisi A DPRD Kota Bandung Haru
Suandharu SSi.MSi, ka Manglé sa-
watara waktu nu kaliwat di rohangan
kantorna.
“Dina prak-prakan ngalaksanakeun
éta Perwal, kedah aya pangawasan
anu langkung daria, bilih aya pangu-
saha anu teu taat kana aturan sarta
ngajalankeun usaha hiburan peuting
kalawan susulumputan. Pangusaha
anu ngarempatk aturan kedah di-
tibanan sangsi anu beurat, ti ngawi-
tan tegoran lisan sareng tulisan dugi
ka dicabut ijin usahana. Éta tindakan
tegas téh kedah dilaksanakeun ku Pa-
maréntah Kota Bandung. Ulah dugi
ka aya ormas Islam anu ngiring aub
metakeun tindakan, margi bakal nga-
balukarkeun datangna pasualan
anyar. Anu kedah nanjeurkeun atu-
ran nyaéta pamaréntah ngalangkun-
gan dinas anu aya pakaitna sareng éta
hal, di antarana Dinas Pariwisata
sareng Sap.Pol PP.,” kitu ditétélakeun
ku Haru, anu ogé kacatet minangka
anggota déwan ti Fraksi PKS.
Ceuk Haru, pangusaha kudu tata-
har sarta ti anggalna mula boga
itungan yén dina usaha hiburan peu-
ting mah usahana ngan sabelas
bulan, lantaran salila bulan puasa
kudu bener-bener eureun. Jadi, taya
alesan sieu teu bisa ngagajih pa-
gawéna, sabab geus ditataharkeun
sarta diitung ti anggalan mula téa.
Kategasan aparat pamaréntah,
utamana Sat.Pol. PP Kota Bandung,
éstu dibutuhkeun pisan pikeun nan-
jeurkeun wibawa pamaréntah.
Lamun aya oknum aparat anu méré
toléransi ka pengusaha hiburan peu-
ting nu ngarempak aturan, atasanana
kudu gancang méré sangsi ka éta
patugas.
“Dina ngalaksanakeun paraturan
pamaréntah, aparat téh ulah mung
Salila Romadon
Tempat Hiburan
di Kota Bandung Kudu Ditutup
Ketua Komisi A DPRD Kota Bandung, Haru Suandharu SSi, MSi.
Manglé 2434 31
ukur ngantosan laporan ti masarat,
tapi ngalaksanakeun pangawasan
langsung ka lapangan pikeun ném-
bongkeun yén pamaréntah Kota Ban-
dung mémang daria dina nanjeur
keun aturan,” pokna.
Dina Bulan Romadon, Haru ngém-
bohan, dipiharep obyagna kagiatan
ibadah téh lain ngan saukur katém-
bong di masjid-masjid wungkul, tapi
ogé deuih di tempat séjénna saperti
di kantor, di mol, jeung sajabana. Éta
taya lian ti pikeun ngajénén bulan
Romadon jeung anu ngalaksanakeun
ibadah puasa.
Pamaréntah kudu jadi régulator
sangkan masarakat Kota Bandung
bisa ningkatkeun kaimanan, uta-
mana dina bulan Romadon.
Sajalan jeung ayana Perda Diniyah
Takmiliyah anu pungsina pikeun ne-
dunan kabutuhan atikan agama
Islam, sarta ngamekarkeun kahiru-
pan muslim anu luhung élmuna tur
pengkuh agamana, anu brasna
ngawujudkeun masarakat anu mi-
banda pribadi percaya diri sarta séhat
jasmana jeung rohani. Ogé dina
raraga ngalaksanakeun pembinaan
widang agama islam, momen bulan
Romadon jadi bahan évaluasi dina
ngalaksanakeun éta Perda, salah
sahijina nyaéta ngatik masarakat
dina widang pendidikan agama Islam
anu dilaksanakeun ku organisasi,
lembaga masarakat, jeung pamarén-
tah. Contona, dina kagiatan nga-
buburit dipihareup pinuh di masjid
masjid, ngaderes tadarus Al Qur’an.
“Kanggo ningkatkeun katengtre-
man masarakat dina sasih saum,
peryogi aya pembinaan ka nu dagang
katuangeun sangkan ngahormat ka
nu saraum, ulah icalan ti siang. Pa-
padaning kitu, pamaréntah ogé
kedah masihan solusi sangkan anu
dagang tetep enging barokah dina
sasih saum, ngalangkungan dinas
anu aya pakaitna sareng éta hal.
Kedah diémutan kumaha carana
sangkan éta nu daragang téh masih
kénéh tiasa usaha dina bulan Ro-
madon bari jeung tetep tiasa ngalak-
sanakeun ibadah saum, atanapi
henteu ngaganggu anu nuju ibadah
saum,” pokna deui.***
Cucu/Dédé
Salila Romadon tempat hiburan peuting kudu tutup (nét)
Pamaréntah kudu ngajamin katengtreman ibadah dina bulan Romadon (nét)
Ngabuburit di masjid leuwih hadé bari tadarus (nét)
Manglé 2434 33
M
apag romadhon
téh loba kénéh
geuning jalma
nu ngadon me-
resihan kuburan
bari ngadaru’akeun jalma-jalma
nu dipiasihna. Teu nolih panon
poé nu maju ka panas, loba kénéh
nu patingkalosrék nyapukeun
kalakay daun samoja nu malugu-
ran. Kabeurangnakeun, saurang-
saurang ngalaléos ninggalkeun
pajaratan. Tita kaasup nu balik
pandeuri. Méméh ngaléos
manéhna ngalieuk ka palebah
gundukan taneuh beureum.
Emh....manéhna ngabayangkeun
jasad Wiwin nu geus sataun ka
tukang istirahat panjang di jero
kubur......
Sing tengtrem, Win. Mugi teu
weléh disarengan ku para
malaikat nu soméah. Di-
caangkeun di jero kuburna. Dita-
mpi iman sareng Islamna. Diha-
punten dosa-dosana. Haté Tita
ngagerentes.
“Hayu!” ceuk Ayang nu ngajan-
teng gigireunana, ngenyang leu-
ngeun Tita.
Tita nuturkeun Ayang, ning-
galkeun pajaratan nu mimiti
karasa panas ku sinar panon poé.
Harita geus méh tabuh duabelas.
Sajeroning leumpang mapay jalan
satapak nu brasna ka jalan gedé,
maranéhna ngabaretem. Taya nu
nyarita saurang ogé. Masing-ma-
sing anteng dina pikiranana
séwang-séwangan.
Anjog ka jalan gedé, Tita nyokot
motorna nu diparkir teu jauh ti
sisimpangan ka makam. Sanggeus
dihirupan, geuleuyeung ka beulah
wétankeun, ngaboncéng Ayang.
“Ku teu sangka nya, ari umur?”
ceuk Tita. Padahal kalimah éta téh
teuing geus sabaraha rébu kali
dikedalkeun ampir sataun ieu.
Bakat ku can percaya kénéh yén
Wiwin téh geus teu aya dikieuna.
Tuda asa diheulang pisan ku
Wiwin téh. Harita, sataun kamari
dina hiji soré, bet aya béja Wiwin
maot lantaran tabrakan di Banjar.
Innalillahi......
“Enya. Emh...urang mah inget
wé kana kalakuanana pidua-
poéeun deui ka kajadian harita,”
ceuk Ayang,”Bet asa leuwih cen-
til...sihoréng kituna téh....,” Ayang
teu nganggeuskeun omonganana.
“Ari sugan...urang wungkul no
boga kesan kitu téh,” ceuk Tita.
Jempé deui. Ukur sora mesin
motor nu ngagerung. Léok
méngkol ka jalan nu ka kénca. Ti
dinya mah teu jauh imah mara-
néhna téh. Poé éta Tita jeung
Carpon Rumaja
Nyekar
Ku Ena RS
34 Manglé 2434
Ayang ngahaja teu asup sakola,
ménta idin. Geus ti béh ditu mula,
éta dua sobat téh boga niat hayang
nyekar ka makam Wiwin samé-
méh romadhon taun ieu.
Teu pati lila Tita geus nepi ka
imahna. Ayang mah terus leum-
pang, mapay gang ka beulah
kulon. Sanggeus neundeun mo-
torna, Tita terus ka kamar mandi.
Awakna karasa rada reged. Brus
mandi. Réngsé mandi, Tita
ngadon ngahuleng di kamarna.
Komo basa neuteup poto dina
témbok kamar. Témbong dina
poto téh Wiwin keur seuri diapit
ku manéhna jeung Ayang. Éta
poto téh basa maranéhna rék asup
ka SMU, dua taun ka tukang.
Enya, pan manéhna, Ayang
jeung Wiwin téh sosobatan ti keur
SD mula. Sakola teu kungsi pa-
pisah. SMP babarengan di SMP
Tambaksari. Kitu deui SMU.
Bubuhan imah maranéhna ogé
sakomplék, teu pati pajauh.
Lucu Wiwin téh, resep heureuy.
Jeung batur teu weléh akur. Tara
belikan deuih najan ku batur
remen digonjak ogé. Éta, pédah
awakna lintuh, sakapeung mah
sok aya nu nyebut sagedé dreum
ogé....ih, da manéhna mah tara
riuk-riuk. Paling ogé ukur
nyéréngéh....
“Séhat ieu téh...!” ceuk Wiwin
lamun aya nu ngageuhgeuykeun
téh. Komo lamun pareng anu
ngagonjakna awakna leutik mah,
sok kalah ka malikkeun,”Batan di
dinya....awak sagedé patlot!
Menghawatirkan organisasi pang-
an dunia,” pokna, bari ditungtu-
ngan ku seuri ngagakgak.
Nineung ku kituna ka Wiwin
téh. Kungsi hiji mangsa manéhna
nyaritakeun indung bapana rék
pepegatan. Wiwin curhat ka Tita
jeung Ayang.
“Sedih urang mah. Kumaha teu-
ing mun Bapa jeung Mamah tulus
pepegatan. Urang mending milu
ka saha, nya? Milu jeung Bapa,
bisi Bapa engké kawin deui. Sieun
ku indung téré. Milu jeung
Mamah, kumaha mun Mamah
kawin deui. Urang mah embung
boga Bapa téré...,” ceuk Wiwin
harita.
“Sing sabar, Win,” ceuk Ayang.
“Enya, anggur mah ngadu’a ka
Alloh, sangkan Bapa jeung
Mamah Wiwin teu jadi pepegat-
an,” ceuk Tita.
“Enya...ngadu’a mah méh teu
kaitung, ampir unggal usik, ung-
gal tas sholat. Kadang keur diajar
di kelas gé urang mah ngadu’a.
Tapi angger wé...urang mah
sedih...”
“Nya...sedih mah wajar atuh
Win. Sok ku Tita dibantuan
ngadu’a.”
“Enya, bantuan. Asal urang
ménta buruh ngadu’a
wé.....urangna teu boga duit,” ceuk
Wiwin bari nyeuleukeuteuk.
“Tah geuning....sukur atuh ah,
ari bisa kénéh seuri mah,” ceuk
Ayang bari seuri kagugu.
“Seuri gé ieu mah kapaksa,
Yang..”
“Baé maksakeun gé, nu penting
mah Wiwin teu sedih deui. Sanés
kitu?”
Untungna téh indung bapana
teu tulus pepegatanana téh. Jadi
kasieun Wiwin teu kungsi karan-
dapan. Enya...kasieun boga in-
dung atawa bapa téré téa.
Dua bulan saméméh Wiwin mu-
lang ka kalanggengan, Tita kungsi
mukaan buku diari Wiwin. Dina
sakaca, aya sajak anu unina kieu:
.................
Mun ajal datang néang,
Kuring
Anjeun
Mo’ bisa baha
.................
Emh, paingan ceuk batur.
Cenah nu geus deukeut ka maot
mah sok nararémpél. Ucapanana,
kalakuanana, mun diimeutan sok
matak anéh. Sadar sotéh geus ka-
jadian. Éta wé, naha Wiwin bet
nulis sajak nu eusina ngeunaan
ajal. Horéng meureun manéhna
kungsi mikiran ngeunaan ajal.
Tita gé teu pati apal kajadian-
ana. Ngen ceuk béja, cenah poé
éta Wiwin téh ka Banjar, mawa
motor sorangan. Basa rék mulang
tabrakan lebah Lemah Neundeut
jeung papada motor. Cenah motor
ituna nu tekor na péngkolan, tuluy
ngahantem motor Wiwin nu sarua
rék méngkol ti beulah dieu. Wiwin
kungsi dibawa ka rumah sakit,
tapi teu katulungan da cenah
tatuna parna. Ituna, nu nabrakna
ogé ceuk béja mah maot sapada
harita.
Emh, Win, ku teu sangka nasib
anjeun téh bet tragis kitu, gerentes
haté Tita. Teu sangka bakal pon-
dok umur. Padahal mun inget
kana obrolanana ngeunaan cita-
citana, asa panjang kénéh ari
harepanana mah. Cenah, Wiwin
téh hayang jadi guru.
“Jadi guru naon, Win?” ceuk
Ayang harita.
“Nya...guru SD gé teu
nanaon....,” ceuk Wiwin.
“Ari sugan...hayang jadi guru
sumo!” ceuk Tita.
“Pédah awak urang lintuh? Ha,
ha, ha...manéh mah ka urang
téh!” ceuk Wiwin bari neunggeul
tonggong Tita sahabekna. Saréréa
seuseurian nepi ka reumbay
cimata.
Ah, Win, ayeuna mah anjeun
ukur jadi panineungan, gerentes
Tita. Kuring yakin, anjeun meu-
nang pangbagéa nu hadé di alam
kubur. Muga-muga dicaangkeun,
sarta ditampi iman sareng Islam-
na, dihapunten sagala dosana.
Wilujeng istirahat, Win...Tita
ngarénghap. Teu karaca cipanon-
na ngalémbéréh mapay pipi.
Pileuleuyan. Muga engké di pa-
dang akhérat urang ditepungkeun
deui ku Gusti nu Maha Asih.
Amin.***(Sidamulya, mapag
romadhon)
Manglé 2434 35
Gina Juwitasari
Impian
Impian datang ‘na tungtung peuting
Mangsa ati geus nyangreud jangji pasini
Kaharti yén bulan mo’ leungit éndahna
Saprak harita......maheut, matri ‘na ati sanubari
Impian téh nyata bakal kasorang
Taya karémpan nu ngahalangan
Kuring ‘na tungtung impian......***
Sorangan
Ngahaleuang lagu katresna
Hawar-hawar tembang asih maturan simpé
Simpé haté nu nyorangan di mumunggang
Nya kudu ka mana nyantélkeun ieu rasa?
Kuring poékeun.....
Haté humarurung, gering nangtung, ngalanglayung
Ka mana nganteur katresna...?
Langit mingkin mongkléng peuting ieu
Lir haté sorangan nu leungit sarina
Ka mana kuring kudu ngaléngkah...?***
Sajak Rumaja
36 Manglé 2434
K
angaranan musibah,
teu di nagara urang teu
di nagara deungeun.
Teu ukur di wilayah
nagara nu keur nga-
wangun, tapi ogé bisa kajadian di
nagara maju. Musibah Tsunami
Acéh sababaraha taun ka tukang,
kajadian bedahna situ di Tange-
rang, musibah Merapi, lini di Jog-
jakarta jeung Tasikmalaya.
Panganyarna banjir di Wasior
jeung tsunami Mentawai. Pating-
jelegur, patinggulidag, patingsaléor
matak gimir, matak ketir. Taya deui
daya manusa iwal ti kudu bisa, kuat
jeung tawekal dina nyanghareup-
anana.
Kajadian anu anyar pisan, nga-
jelegur di nagri sakura. Jepang, na-
gara anu kawentar maju dina
téknologi jeung ahli dina ngawan-
gun bangsana jadi hiji nagara anu
dipikasérab di dunya, dina waktuna
meunang musibah mah teu bisa
manggapulia. Tsunami nu ngaléléd
di wewengkon Séndai jeung sabu-
deureunana, hiji bukti yén murka
alam teu bisa dibendung ku kama-
juan téknologi. Dina kakawasaana-
Na téknologi bisa kaléléd tsunami.
Teu kurang ti alarm jeung alat-alat
séjén tanda panginget ka manusa
kana bahaya tsunami, tetep teu bisa
meper ngagulidagna cai laut anu
jungkiringna harita antara 8 nepi
ka 10 méter. Nilik tina jangkungna
cai nu ngagulung ngalétak daratan
Jepang harita, bet asa pamohalan
manusa bisa lumpat tina amuka-
nana. Allohu Akbar.......seug urang
Jepang arapaleun kana lapadz éta,
moal teu handaruanana éta sora
takbir di sakuliah Jepang. Tapi
duka naon anu dilapadzkeun ku
maranéhna mangsa kakawasaan
Anjeun-Na nguwak-ngawik ka-
mandirian éta bangsa pabrik mobil
téh.
Hiji hal anu pasti, sakur musibah
anu kajadian di dunya, pasti aya
“sutradara” anu nyababkeunana.
Saréatna, alam anu mimiti teu
saimbang alatan manusa anu sok
loba poho nyebut asma-Na.
Manusa umumna boga watek
gedé angkeuh, asa aing pangbisana,
asa aing pangpinterna, asa aing
pangbeungharna. Manusa saka-
peung poho yén daya upayana nga-
muara ka takdir Manten-Na. Taya
hiji ogé kajadian di alam ieu anu
lain gurat ti Anjeun-Na.
Jadi kahékatna mah sidik, hirup-
hurip manusa téh aya anu ngatur.
Jodona, patina, bagjana, cilakana,
anging Anjeun-Na anu Maha
Kawasa.
Urang salaku bangsa anu di-
takdirkeun “wawuh” kana ayat-ayat
suci Nu Maha Kawasa, tangtu kudu
bisa neuleuman tur nyurahan sakur
musibah anu karandapan. Moal
samangsa-mangsa Gusti maparin
hiji musibah lamun taya hikmah
satukangeunana.
Mudah-mudahan waé bener, yén
bangsa Jepang ogé kadieunakeun
mah kabéjakeun geus mimiti loba
anu ngagem agama Islam atawa
agama-agama samawi séjénna.
Hartina, tina kitab suci naon baé,
geus loba di antara urang Jepang
anu mimiti beunta yén hirup-hurip
manusa téh darma wawayangan
baé.
Kamandirian bangsana tangtu
lain sagala-galana. Saluhureunana
aya “causa prima” anu boga hak
prérogatif tunggal pikeun ngusik
malikkeun sakur mahluk nu nya-
waan ciptaana-Na.
Sabalikna urang, salaku bangsa
anu kacaritakeun geus ti baheula
mula apal kana rupa-rupa ajaran
agama jeung kayakinan, tangtu
ceuk tadi gé kudu bisa leuwih teleb
narima hikmah tina sakur musibah.
Mudah-mudahan urang ogé jadi
milu leuwih “bareunta”, leuwih
sadar yén kahirupan urang kabéh
geus lamokot teuing ku dosa.
Ti luhur nepi ka handap, ti sisi
kénca nepi ka katuhu, ti jero nepi ka
luar, sakujur awak urang, sakumna
séké sélér bangsa urang, kudu geus
mimiti bebenah “haté”.
Sadar yén hirup ukur saayeu-
naeun. Aya alam langgeng nu kudu
ogé jadi perhatian urang saréréa.
Kacida dipahingna poho ka
akhérat, tapi moal matak hadé ogé
lamun urang teu dudunya. Lan-
taran, rék kumaha tengtrem
ibadah, lamun bubutuh poko
salaku manusa kékéréhét. Intina,
kudu saimbang antara perhatian
urang kana kahirupan dunya jeung
akhérat.
Pikeun para nonoman, mudah-
mudahan sakur kajadian di nagara
urang sing bisa jadi eunteung,
pibekeleun hirup geusan jaga nga-
heuyeuk ieu nagri. Ka saha deui
generasi kolot mihapékeun nagara
jeung bangsa ieu lamun lain ka
generasi ngorana. Ku kituna, geus
waktuna para nonoman nata-
harkeun jiwa raga, jasmani rohani
anu séhat. Séhat awakna, séhat kol-
buna. Pinter otakna, pinter haténa.
Mémang teu gampang jadi manusa
paripurna, tapi anging Alloh, taya
hal anu mustahil. Komo lamun tu-
juanana kana pihadéeun.***
Darma Wawayangan
Ku Gemi Nastiti
Kolom Rumaja
Manglé 2434 37
K
ementerian Dalam Negeri (Ke-
mendagri) ngajadikeun Kabu-
paten Bandung minangka
daérah percontohan, lantaran dianggap
pangpunjulna “best practice” dina nga-
laksanakeun program Pelayanan Ad-
ministrasi Terpadu Kecamatan (Paten).
Ti 2011, sakabéh kacamatan di Kabu-
paténBandung,geusmibandaruangad-
ministrasi Paten.
"Tina 497 kabupatén/kota di In-
donésia, nu parantos ngalaksanakeun
Paten nembe aya 275 kabupatén/kota.
Tapi nu saé dina prak-prakanana ukur
sababarahadaérah,salahsahijinaKabu-
patén Bandung," ceuk Dirjen Pemerin-
tahan Umum Kemendagri, Dr. Made
SuwandiM.S.,waktuditepungansabada
ngaresmikeun sarta “launching” ruang
pelayanan Paten, sawatara waktu nu
kaliwat di Kacamatan Kutawaringin
Kabupatén Bandung.
Bupati Bandung, Dadang M Naser,
nétélakeun, dirina geus ngalimpahkeun
385 kawenangan ka kacamatan. Tujuan
dilaksanakeunana Paten, taya lian
pikeun ningkatkeun kualitas palayanan
ka masarakat. Jadi, masarakat bisa
narima palayanan publik leuwih deu-
keut ka padumukanana.
Bupaté ogé ngémbohan, dukungan
keur program Paten diimplemén-
tasikeun ku waragad Rp 7,75 miliar. Éta
intervénsi waragad téh diancokeun
pikeun 31 kacamatan. Saban kacamatan
meunang Rp 250 juta, nu alokasina
pikeun ngawangun rohangan Paten.***
nunk
OJK keur Masarakat Jabar
Ditepikeun dina Basa Sunda
J
lug-jlegna lembaga kauangan di Indonésia éstu matak
reueus.Kitunatéh,lantaranpasarIndonésiabogaharepan
nu kacida legana. Ngan hanjakal, kasadaran masarakat
pikeun leuwih mikawanoh lembaga kauangan can pati nyuge-
makeun.KitudiantaranajejerobrolanDirekturFungsionalPro-
gram Literasi Keuangan OJK (Otoritas Jasa Keuangan), Agus
Sugiarto, waktu sosialisasi peran OJK di Hotél Hilton Bandung,
sawatara waktu ka tukang.
Dina panitén Agus, ngadegna OJK, lain lantaran lembaga
kauangan nu aya, saperti perbank-an atawa jasa kauangan
séjénna kurang daria atawa teu mawa harepan, tapi ayana lem-
baga OJK téh sangkan dina pungsi pangawasan ka lembaga
keuangan ogé henteu paburencay. Lantaran deuih, ketak OJK
jinek, minangka pusat otoritas pangawasan dina ngajalankeun
pungsi pangawasan ka sakumna lembaga kauangan nu aya,
kaasup ogé dina sistim keuanganana.
Ku kituna, sangkan OJK bener-bener luyu jeung pungsina,
Agus ngémbohan, teu aya deui jalan salian ti kudu nyekel
pageuh amanat Undang-undang No. 21 taun 2011 ngeunaan
OJK, ogé kudu jadi kapercayaan masarakat Indonesia.
Ditepikeun ku Basa Daérahna
Sangkan masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh kana
OJK, tangtu sosialisasi ogé bakal ngagunakeun basa daérah.
Dinahaléta,pihakOJK ogé,ngahaminanpisanusulantiMang-
lé, sangkan masarakat Jawa Barat leuwih wanoh ka OJK, di-
dadarkeunana maké basa daérah. Saperti di tatar Jawa Barat,
ditepikeun dina basa Sunda. Kituna téh, sangkan haté ma-
sarakat bisa leuwih katodél. Husus lembaga kauangan di Jawa
Barat mah, ceuk DR. Kusumaningtuti Sandriharmy Soetiono,
S.H., LLM, Dewan Komisioner Otoritas Jasa Keuangan nu
nyekel widang Édukasi jeung Perlindungan Konsumén, mé-
mang euyeub pisan. Ku kituna, sosialisasi OJK di Jawa Barat
perlu perhatian husus. *** (RH)
Kabupatén Bandung
Pangpunjulna dina Paten
Bupati Bandung jeung Dirjen Pemerintahan Umum Kemendagri, Dr. Made Suwandi M.S
Agus Sugiarto, Direktur Fungsional Program Literasi Keuangan
OJK, waktu sosialisasi peran OJK di Hotél Hilton Bandung
K
ota Bandung anu legana
16.729,50 km2, miboga panjang
jalan 1.236,48 km kalawan jum-
lah kandaran 859.411 mobil jeung
356.714 motor, sarta angkutan kota
5.521 unit. Saban taun jumlah kan-
daraan téh naék 11 persén. Dina saban
pakanci ditambahan ku 3.500 kan-
daraan ti luar anu datang ka Kota Ban-
dung. Hal sarupa kitu ngalantarankeun
KotaBandungnyanghareupanpasualan
macétna jalan anu hésé diungkulanana.
Éta hal ditétélakeun ku Kabid Lalinpar
(Kepala Bidang lalulintas dan Parkir)
Dishub Kota Bandung, Agung Purnomo
ATD.SE.MSi,kaManglésawatarawaktu
anu kaliwat.
“Teu saimbangna panjang jalan
sareng jumlah kandaraan ngalanta-
rankeun seueur jalan anu macét.
Seueurna kandaraan téh balukar tina
kamekaran ékonomi, ogé daya tarik
Kota Bandung minangka kota wisata
sareng ibu kota propinsi nu ngalan-
tarankeun warga ti luar daérah sumping
kadieu tur nyarandak kandaraan. Pa-
padaningkitu,DinasPerhubunganKota
Bandung teu reureuh metakeun ihtiar
kanggo ngungkulan éta pasualan,
sangkan Kota Bandung janten nyaman,
tengtrem, sareng aman,” pokna.
Ceuk Agung, Dinas Perhubungan
Kota Bandung geus nyieun léngkah-
lengkah pikeun ngungukulan pasualan
macétna jalan, di antarana ku ngawa-
ngun sarta ngabebenah sarana tranpor-
tasi. Pikeun ngajaga kasaimbangan
moda tranportasi diatur ku sistim ATCS
(Areal Trafic Control System). Di Kota
Bandung kacatet aya 135 titik sisimpa-
ngananudiaturkulampustopan(traffic
Light). Tapi tina jumlah sakitu téh 40
perséna ruksak, tur lamun usum hujan
sok mindeng ngaco. Taun 2013 dian-
cokeun waragad pikeun ngoméan lam-
pu setopan jeung nyieun rarambu
patalimarga. Salila ieu, tihang rarambu
patalimarga mindeng leungit, sarta
kabel-kabel lampu setopan réa anu ma-
ling. Ku alatan kitu, kiwari mah tihang
rarambu patali marga jeung panunjuk
jalan téh dijieun leuwih luhur tur gedé,
jadibakalhésédiragajisartaleuwihkuat
lamun kateunggar ku mobil, lantaran
réa kasus rarambu nu ruksak kateung-
gar ku mobil tur palakuna teu bisa nga-
gantian. Pasualan séjénna anu nga
balukarkeun macétna jalan téh nyaéta
pasoléngkrahna parkir kandaraan.
Ngaliwatan UPT (unit Pelaksana Tek-
nis) dilaksanakeun pangawasan sarta
nartibkeun parkir nu nyoko kana Perda
no 16 taun 2012 ngeunaan ditetepkeun-
analokasijeungposisiparkirdisisijalan
umum, sarta tempat husus parkir anu
jumlahna aya 238 lokasi. Pikeun nan-
jeurkeun aturan, pihak Dishub gawé
bareng jeung pihak pulisi sarta Satpol
PP Kota Bandung, anu dina prak-
prakanana ti mimiti méré sanksi mang-
rupa tilang nepi ngagembok mobil anu
parkirna ngarempak aturan sarta
ngaranté motor anu parkir lain di tem-
patna.
“Mung baé dugi ka danget ayeuna
seueur kénéh masarakat anu parkir
sambarangan. Ku margi kitu, peryogi
ditingkakeun kasadaran masarakat
sareng kapadulian dina nyiptakeun ka-
disiplinan lalulintas,” pokna deui.***
Cucu
38 Manglé 2434
Jalan di Kota Bandung
Teu Saimbang jeung Jumlah Kandaraan
Manglé 2434 39
W
ali Kota Bandung,
Dada Rosada, geus
resmi nyabut Ijin
Mendirikan Bangunan (IMB)
PT. EGI (Esa Gemilang
Indah) di Babakan Siliwangi,
nusalilaieugeusjadipacogré-
gan di antara pemkot nu méré
ijin ka PT. EGI jeung ma-
sarakat Bandung nu kaweng-
ku kana Forum Warga Peduli
Babakan Siliwangi nu dilu-
luguan ku Tisna Sanjaya. Di-
cabutna éta IMB téh ditan
deskeun ku walikota dina
acara Orasi Budaya Syarif
Bastaman “Negara Ini Tak
Berpagar” alpukahna Forum
Warga Peduli Babakan Sili-
wangi di Gedong Yayasan
Pusat Kebudayaan (YPK) Jalan Naripan
Bandung, sawatara waktu nu kaliwat.
“Sim kuring dina hati nurani mah
sapamadegan sareng sikep rayat nu
ditepikeun ka déwan sareng ka gedong
walikota, boh ku cara-cara nu lemes
atawa ku cara démo. Minangk walikota
anu pancénna méré panyalindungan
jeung karaharjaan ka balaréa, sim kuring
sapuk, hayu urang tutup lahan anu 0,2%
atanapi 2000 méter pasagi di Babakan
siliwangi, nu jadi bahan pacogrégan téa.
Sim kuring kantun nyanggem ka pan-
gusaha PT EGI. Ka saderek Tisna
(Pupuhu Forum Warga Peduli Babakan
Siliwangi-réd) supados ngadamel tim
kecil kanggo ngabébérés hal-hal nu sala-
jengna.MargiieuayapasualanIMBtang-
tos aya prosés hukumna. Upami aya
pencabutan tangtos kedah aya wangkon-
gan atanapi babadamian. Tah sakitu wé
nya. Bérés panginten ayeuna mah, moal
aya démo deui?” cék Walikota, dibagéa-
keun ku émprak surak balaréa.
TisnaSanjaya haritakénéhgélangsung
nyieun “tim kecil” nu ngawengku ahli
lingkungan hirup, budayawan, ahli tata
kota, hukum, jeung pupuhu adat nu
panceg sikepna teu unggut kalinduan teu
gedag kaanginan dina ngabéla kapentin-
gan rayat. Sakumaha nu geus pada apal,
PT. EGI (Esa Gemilang Indah) sawatara
taun ka tukang geus hasil nyakuan IMB ti
pihak
nu boga wewenang, pikeun ngadegkeun
wangunanréstorandilahanBabakanSili-
wangi (Baksil). Tapi rayat nu kritis teu
panuju, laju maju mertahankeun pungsi
Babakan Siliwangi pikeun RTH (Ruang
Terbuka Hijau), paru-paru kota, malah
geusdiresmikeunminangka“Hutan Kota
Dunia”. Nya antukna jadi pacogrégan nu
taya tungtungna. Dua pihakanana
keukeuh-peuteukeuh dina pamade-
ganana séwang-séwangan. Puncakna,
dina tanggal 20 Mei 2013 séng nu nutu-
pan babakan siliwangi, sabadana dilukis
jeung ditulisan ku soara protés para sen-
iman, dicabutan laju ku Forum Warga
Peduli Babakan Siliwangi bareng jeung
ratusan warga, seniman, budayawan
katut para inohong Sunda saperti
Kasepuhan Solihin GP, Acil Bimbo, Tisna
Sanjaya, Budi Dalton, Hermana HMT,
Gustaf, Isa Perkasa, Robbi Sundawani
Wirabuana, jrrd, diarak sarta dibawa ka
kantor Walikota. Hanjakal, Walikota
harita keur suwung, rombongan téh di-
tarimakuWakilWalikota,AyiVivananda,
nu saterusna milu néken sacara pribadi
kateupanujuanana kana pangwangunan
réstotan di Baksil. Pamustunganana, nya
dina acara Orasi Budaya Syarif Bastaman
di YPK harita, Walikota Dada Rosada,
méré kapastianana.
Dina orasina, Syarif Bastaman mi-
nangka Pupuhu BAMUS (Badan Musya-
warah Masyarakat Sunda)
Puseur, peupeujeuh sangkan
rayat Bandung jeung pamarén-
tahna layeut sabilulungan dina
ngaréngsékeun sagala pasualan.
Baksil, cék Syarif, mémang
alusna mah jadi RTH (Ruang
Terbuka Hijau) tapi aya prosés
hukumna kudu diréngsékeun.
“Kanggo Pa Dada, punten
Baksil mah mémang langkung
saé janten Hutan Kota. Mémang
kedah aya prosés hukumna, na-
mungpasualananateukedahdi-
aageungkeun, mung kantun aya
komunikasi nu dalit antawis pa-
marentah sareng steakholderna.
Kitu deui ka Kang Tisna, Baksil
saé pami dipertahankeun janten
RTH. Dayeuh Bandung mémang
peryogiparu-parukotanusoméahsareng
kadongkang ku rayat, tapi kedah caina
hérang laukna beunang,” pokna.
Dina kagiatan orasi kabudayaan nu
geus hasil jadi cukang lantaran pataré-
manna antara kahayang rayat jeung pa-
mingpin harita, dihadiran ku para
inohong,seniman,budayawan,LSM,ma-
hasiswa, jeung warga Bandung lianna.
Kaasup Tejtje Hidajat Padmadinata,
Tisna Sanjaya, Nanang Masoem, Robby
Sundawani, Asep Berlian, Pa Surya
(tokoh étnis Tionghoa nu nyunda), Diro
Aritonang, Hikmat Gumelar. Kagiatan gé
direuah-reuah ku prosési “Rajah” Mas
Nanu Muda, Dalang Opik Sunandar
Sunarya nu dipirig ku haleuang juru
kawih Mutia (Pinunjul Kawih Sunda sa-
Jawa Barat) jeung jentréng kacapi Deni
Mulyana(JuaraTembangSundaDamas).
Teu tinggaleun démo ngagambar ku Isa
perkasajeungDiyanto(Solilukui)numilu
ngaramékeun acara. Lukisan Isa nu
judulna “Lemah Cai” langsung dibeuli 25
juta ku Putri Syabas (garwana Syarif Bas-
taman), nu hasilna pikeun ngawaragadan
kagiatan ngamumulé Babakan Siliwangi.
Minangka panutupna, Dada Rosada
jeung Syarif Bastaman dipasrahan bibit
tangkal kacapiring ku opat panari.***
Asép GP
IMB PT. EGI
di Babakan Siliwangi Dicabut
Walikota Bandung narima binih tangkal kacapiring
sabada acara orasi budaya Syarif Bastaman
40 Manglé 2434
Manglé 2434 41
A
ya hiji manuk cangkurileung. Min-
deng hiber ka pilemburan. Pang-
pangna ka deukeut imah leutik
padumukan hiji aki-aki jeung pamajikan-
ana. Éta aki-aki éstu bageur. Someah.
Handapasor.Nyaahkasasama.Kaasupka
sasatoan.
Beda jeung pamajikanana. Nini-nini
goreng budi. Gawé baketut haseum. Se-
ngar sengor, ambek-ambekan. Teu kaop
aya kakurang atawa capé ku pagawéan.
Atuhcangkurikeungresepeunpisanka
aki-aki. Komo unggal datang, sok
dibagéakeun dihiap-hiap. Disuguhan
saaya-aya.Gedangatawacau.Terusduaan
macangkrama. Cangkurileung ucla-aclé
dina dahan bari bacéo. Aki-aki jongjon
kaprak-keprek baranggawé. Nganyam
bilik atawa nganyam parabot dapur
bangsaning ayakan, boboko, hihid, jeung
sajabana. Jualeun ka nu butuheun.
Wanciburit,cangkurileunggegancang
mulang ka padumukanana di leuweung.
Hiji poé, kawas sasari, cangkurileung
datang ka imah aki-aki. Tapi taya nu
ngabagéakeun. Kawasna aki-aki keur iang
ka nu rada jauh.
Barangclékanagantarpamoean,ujug-
ujug habek aya nu neunggeul. Sihoréng
nini-nini telenges geus ti tadi ngadodoho.
“Beunang siah, manuk bangkawarah
téh !”nini-nini napsu pisan. Pamatuk
cangkurileung dipaksa dicekahkeun. Sret
létahna diteukteuk ku péso nu geus
dibabawa ti tadi.Lung dialungkeun ka lua-
reun pager.”Jor siah mantog. Awas mun
datang-datang deui ka dieu !”
Keur mah reuwas jeung nyeri,
cangkurileung lenglengan kapaéhan. Un-
tung gancang eling. Geleber hiber lalau-
nan. Sajajalan ceurik. Teu nyangka bakal
manggih nasib sial. Kaleungitan létah
sapotong. Atuh lapur teu bisa bacéo.
Meunang saminggu, cangkurileung
nyirekem dina sayangna. Teu bisa kama-
mana. Ngadagoan létah cageur. Barang-
hakan kapaksa ku lapar.
Aki-aki ngarasa kaleungitan. Biasana
ari datang ti panyabaan,cangkurileung sok
mapagkeun. Nyéngclé dina pager atawa
dina dahan tangkal di buruan.
“Ninina, teu nénjo cangkurileung
datang tadi?”aki-aki nanya ka pamajikan-
ana, sugan apaleun.
“Nyao !”jawab nini-nini judes.”Boro-
raah ngurus nu kitu patut. Ngurus paga-
wéan gé teu anggeus-anggeus.
Lantaran ambleng, aki-aki kapaksa
indit ka leuweung. Rék neangan sobat.
Sajajalan gegeroan :
“Cangkurileung, cangkurileung
Ka mana geuningan anjeun
Ampleng-amplengan teu datang
Ieu aki kaleungitan.”
Kitu jeung kitu, ti isuk nepi ka soré.
Isukna, indit deui.
Kabeneran cangkurileung geus
cageur. Geus bisa disada deui. Ngadéngé
sora aki-aki, gancang ditembalan :
Aduh aki, watir teuing
Leumpang jauh mani ripuh
Bakat ku sono ka kuring
Untung geus nyampak susuguh
Handapeun kiara badag, tempat
cangkurileung nyayang, aki-aki
ngalungsar. Ngararasakeun angin tiis
ngahiliwir. Ngararasakeun kabungah
panggih jeung sobat. Ka aki-aki,
cangkurileung teu betus perkara kalakuan
nini-nini. Cukup ku bebeja gering.
Enyaan aki-aki disuguhan sagala rupa.
Bungbuahan nu aramis jeung parelem.
Bongborosan nu ngepros ngeunah. Malah
basa rék mulang, dititah milih hadiah nu
geus ngahaja disayagikeun ti tadi. Mang-
rupa dua barang ahéng. Nu hiji cepuk leu-
tik camperenik. Nu hiji deui, peti badag
dihias dialus-alus.
“Ah, nu leutik wé. Hampang mawana.
Ongkoh ka dieu sotéh lain rék néangan ha-
diah. Bakat ku melang wé ka anjeun,
cangkurileung,”cék aki-aki saméméh
indit, bari omat-omatan, sangkan
cangkurileung nganjang deui unggal poé
kawas sasari.
Barang nepi ka imah, cepuk dibuka
hareupeun nini-nini. Eusina bangsa inten
berlian, nu murub mubyar cahayaan.
“Aya kénéh hadiah séjén di padumu-
kan cangkurileung téh, aki?” nini-nini
ngadak-ngadak marahmay.
“Aya. Peti badag. Ngan moal kauntup
mawana. Matak milih ieu wé nu
leutik,”jawab aki-aki.
Sapeueuting, nini-nini ngageremet.
Nyalahleun aki-aki, naha bet milih cepuk.
Lain peti. Meureun eusina leuwih réa.
Rebun-rebun, kalawan rerencepan,
nini-nini indit ngajugjug panonoban
cangkurileung nu lebah-lebahna geus di-
caritakeun ku aki-aki. Anjog ka dinya,
wanci haneut moyan. Dibagéakeun ku
cangkurileung nu taya riuk-riuk keuheul.
Disuguhan sagala rupa. Atuh balikna
ditawaran bisi hayang meunang hadiah,
rék cepuk atawa peti.
“Peti wé dieukeun,”cek nini-nini mani
nyorongot.
Ti leuweung ka lembur, mawa peti
badag. Atuh ripuh pisan. Mindeng ti
gubrag. Mindeng labuh. Datang wanci
sareupna, nini-nini ngajongkeng di buru-
an. Nangkub kana peti.
Teu maliré capé, bari rarampéolan,
gancang nyokot linggis keur nyungkal
turub peti. Kajurung ku hayang geura
nénjo eusina. Pasti mutiara barakbak,
leuwih alus jeung leuwih réa ti batan eusi
cepuk aki aki.
Barang bray, ukur batu karikil, keusik
jeung taneuh. Malah aya oray tinglaleor,
jeung langgir tingkodomang. Puguh baé
nini-nini reuwas. Nepi ka tijengkang kana
kamalir. Ngajehjer kapaéhan d dinya.
Éling éling isukna.Kageuingkeun ku sora
bacéo cangkurileung nu rék nganjang deui
ka aki-aki. *** (H.Usep Romli HM)
Cangkurileung
Nyobat jeung Aki-Aki
Wangsakerta Sejarawan Moyan
Nyarungsum Karajaan sa-Nusantara
42 Manglé 2434
M
inggu pengker dipedar ngeuna-
an naskah-naskah katya Pangé-
ran Wangsakerta anu lobana 29
judul. Dina éta katalog dipidangkeun ogé
karya-karya tulis generasi saméméh
Wangsakerta, di antarana baé;
1) Purwaka Samasta Bhuwana karya
Pangéran Losari, 17 jilid.
2) Pustaka jeung naskah Rontal jaman
Panembahan Ratu, 91 jilid
3) Naskah Ramayana karya Pangéran
Losati , 7 jilid.
4) Naskah agama Islan karya Pangéran
Manis saparakanca, 300 jilid.
5) Sarwacarita karya jaman Panemba-
han Girilaya , 75 jilid.
Naskah asli Samasta Bhuwana ditulis
ku Dharmakitri dina basa Malayu kuno
ditulis di Sriwijaya taun 1020 Masehi
terus disalin ku Pangéran Losari taun
1518, ahirna ditarjamahkeun kana Basa
Purwajawa ku Pangéran Wangsakerta
taun 1676. Naskah-naskah anu midang-
keun sajarah daérah téh disusuna meu-
nang nyarusun dina wangunan tilu séri
anu mimiti. Unggal parwa Pustaka rajya-
rajya I Bhumi Nusantara judulna husus.
Parwa 1 Pustaka Kathosana Rajya-
rajya I Bhumi Nusantara (RIBN)
Parwa II Pustaka Rajyawarmana ,
RIBN
Parwa III Pustaka Kretajaya, RIBN
Parwa IV Pustaka Rajakawaca, RIBN
Parwa V Pustaka Nanaprakara, RIBN.
Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa-
dwipa diwincik jadi;
1) Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa-
dwipa , 4 jilid
2) Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa
Kulwan , sajilid
3) Pustaka Pararatwan I Bhumi
Swarnadwipa , 2 jilid
4) Pustaka Pararatwan II Nusantara I
Bhumi Nusantara ,sajilid
5) Pustaka Pararatwan I Balidwipa-
manggala , sajilid
Pustaka Nagara Kertabumi jeung
Pustaka Carita Parahyangan mah henteu
diwincik kana kudul - judul
Husus iwalti dibagi kana parwa jeung
sarga. Nulis opat sarga jadi buku (pinus-
taka) téh méakeun waktu
22 taun ( 1677-1698 ).
Niténan runtuyan daptarna katité-
nan aya nomer sarga gedé nu ditulis
heulaeun sarga anu leutik dina patwa
anu sarua. Kitu deui sababaraha sarga
pustaka, Rajyarajya I Bhumi Nusantara
ditulis mareng
Jeung sababaraha sarga Pustaka
Pararatwan I Bhumi Jawadwipa. Hal éta
ngabuktikeun yén saméméh dibukukeun
(pinustaka) saméméhna ditataharkeun
heula kopé asli nu lengkep, Taksiran ieu
dikuatkeun ku kanyataan yén carita
sarua dina rupa-rupa seri parwa jeung
sarga sering ditulis dina runtuyan
kalimah anu sarua ogé. Sawatara sarga
dibéré jilid pelengkap nu maksudna
ngoréksi sarga-sarga nu ditulis
saméméhna. Pelengkap jeung koréksi
umum dituliskeun dina Pustaka Rajya-
rajya I Bhumi Nusantara parwa V ( 5
sarga).
Nurutkeun Pangéran Wangsakerta, di
antara pustaka milik karaton Kasepuhan
aya ogé milikna para duta atawa Maha-
kawi utusan ti daérah séjén anu satang
musawarah (Mapulung rahi) di Cirebon
taun taun 1599 Saka (1677 Masehi). Di-
antarana loba anu ngahadiahkeun naskah
nu dibawana ka Sultan Cirebon Tapi aya
ogé anu saukur nginjeumkeun, hartina
kudu dipulangkeun deui. Sabab aya anu
hayang neuleuman leuwih jero terus di-
salin deui keur kapentinganana séwang-
séwangan. Aya anu narik, upamana baé
naskah-naskah karya Prapanca dibawana
ka Cirebon ku Mahakawi utusan ti Bali,
lain ti Jawa Timur.
Aya Gotrasawala
Dina jilid Sakabéh naskah anu
dikumpulkeun Pangéran Wangsakerta
salawasna maparin kalimah panganteur
nu eusina ngeunaan asal-usul penulisan
atawa nataan saha-saha baé anu milu
nyusuna.
Tina kalimah panganteur éta pisan
bisa kanyahoan yén dina taun 1677
Masehi di karaton Kasepuhan kungsi
lumangsung Gotrasawala (Musyawarah
kakulawargaan) para ahli sajarah sa
nusantara. Gotrasawala digelar dumasar
kana pamundut Sultan Kasepuhan jeung
Kanoman. Éta téh pikeun nyumponan
amanat Panembahan Girilaya ka
Pangéran Wangsakerta supaya Wangsa-
kerta nyusun sajarah karajaan-karajaan
di Nusantara. (Pustaka Rajyarajya I
Bhumi Nusantara) . Palaksanaana di-
jurung ludeung jeung pidunga Sasuhu-
nan Mataram jeung Sultan Banten. Dina
kalimah panganteurna susunan lengkep
kapanitiaan dituliskeun ku Pangéran
Wangsakerta;
a) Pananggung jawab (pribumi), Sultan
Sepuh jeung Sultan Kanoman.
b) Ketua Gotrasawala; Pangéran
Wangsakerta.
c) Panaséhat;
1. Dharmadyaksa Karasulan Ulama
Islam ti Arab.
2. Dharmadyaksa Kasewan (ulama Siwa
ti India)
3. Dharmadyaksa Kawesrawan (Ulama
Hindu ti Jawa Timur)
4. Dharnadyaksa Kasogatan (Ulama
Budha ti Jawa Tengah)
5. Dharnadyaksa kong pu ce (Ulama
kong Hu Cu ti Semarang)
Panitiya palaksana Jaksa Pepitu ti
Cirebon nyaéta ;
1. Raksanagara penulis naskah jeung nu
ngatur gempungan.
2. Anggadiraksa wakil Penulis naskah
ngarangkep Bendahara
3. Purbanagara nu ngumpulkeun jeung
nyeleksi bahan naskah.
4. Singanagara, pananggung jawab kaa-
manan
5. Anggadipa Juru Basa, Duta Keliling
nu nanggung jawab ondangan nu
disebarkeun ka tiap pamilon.
6. Pananggung jawab konsumsi
7. Nayapati, pananggung jawab
akomodasi jeung angkutan
Para pamilon dibagi kana lima kolom-
pok atawa Sangga.
Sangga ! ; Surabaya, Pasuruan, Pana-
rukan, Balambangan, Bali, Madura,
Makasar, Bhanggali, Maluku, Galilao,
Manglé 2434 43
Seram, Lwah gajah, Ambon, Gurun,
Taliwang, Bantayan, Banten jeung Palem-
bang.
Sangga II; Mataram, Lasem, Tuban,
Wirasaba,Kediri, Semarang, Bojoagung,
Bagelan, Dermayu, Losari, Berebes,
Tegal, Japara, Mantingan, Bonang.
Sangga III ; Jayakarta, Demak,
Kudus, Cirebon, Gresik, Tanjungpura,
Karawang. Cangkuang, Kuningan, Lam-
ongan, Tembayat, Sebayu, Malaka,
Barus, Tumasik jeung Trengganu.
Sangga IV : Sumedang, Sukapura,
Parakan muncang, Galunggung, Ranca-
maya, Ukur, Talaga, Sindangkasih,
Galuh, Kertabumi, Rajagaluh, Luragung,
Imbanagara, Giri, Sumedang Duwur.
Sangga V; Jambi, Bangka, Perelak,
Berunai, Lamuri, Kuta Lingga, Tanjung
Kutai, Tanjung Puri, Tanjung Nagara,
Minangkabau, ( Kampeharwa Mandai-
ling), jeung Siak.
Para pendengar (Pangreungeu);
Mesir, Arab, India, Srilangka, Benggala,
Campa, Cina, Semenanjung Malaka.
Para pangreungeu tugasna sakadar
ngareungeukeun jeung nyakséni Gotra-
sawala, teu boga hak sora. Tapi di-
antarana aya anu nyumbangkeun naskah,
pangpangna nu eusina perjangjian jeung
Walanda.
Tahap-tahap pembahasan Diatur;
Tiap anggota Sangga kudu nyusun
sajarah daérahna masing-masing nu eusi-
na kudu disaluyuan ku sidang Sanggana
masing-masing.
Hasil Gotrasawala di tiap Sangga
kudu diasongkeun dina sidang lengkep
ku jurubicarana masing-masing.
Diajén bebeneranana ku para
panaséhat
a) Diajén kacocoganana jeung eusi pus-
taka nu geus diaku kaabsahanana.
b) Sabada kabéh mupakat terus dijieun
risalahna sacara resmi
c) Neda kasaluyuan ti Sultan anu opat
d) Sabada dibukukeun, tanggung jawab
Pangéran Wangsakerta.
Sejarawan Nu Nyongcolang
Ambahan lalakon sajarah nu
ditembrakeun ku Pangéran Wangsakerta
ngalimpudan kurun waktu anu disebutna
“ Purwayuga”. Kira-kira sajuta taun
saméméh tarih Saka. Ti saprak Nusan-
tara dieusian ku
mahluk-mahluk hewan (Satwa-
purasa). Tepi ka peristiwa perjangjian an-
tara Cirebon jeung Walanda
Taun 1681. Mangsa harita Wangsa-
kerta nataan para tokoh anu dipendem di
Giri Saptarengga nyaéta Gunung Sem-
bung nu mashur disebut Gunung Jati.
Jenengan Sultan Sepuh l, nu wapat taun
1697. Naskah-naskah anu geus
kakumpulkeun kakara bisa kaungkab-
keun kajadian-kajadian jeung daptar pa-
maréntahan para raja, lengkep jeung
taun pamaréntahana di sawatara daérah,
Perelak, Samudra Pasey, Sriwijaya,
Jawa Barat, Jawa Rengah, Jawa Timur,
Banjarmasin, Nusa Bali. Disebut ogé
tokoh wanoja Aceh Laksamana Malaha-
yati jeung Patih Lambung Mangkurat ti
Karajaan Banjar.
Nyebarna agama Islam di Pulo Jawa
diungkabkeun ti jaman Darmawangsa,
lengkep jeung Madhab anu diagem ku
para penyebarna. Diungkabkeun ogé
ngeunaan tokoh penyebar Islam Fatimah
binti Maimun nu dipendem di Désa Leran
Gresik, éta masih mangrupa misteri sa-
jarah di Nusantara.
Dina sawatara hal pedaranana sa-
jalan jeung anu kaunggel dina prasasti
anu geus dikenal. Dina hal-hal sejenna
bisa dikatagorikeun logis , hartina henteu
tojaiah jeung prasasti anu geus aya.
Ciri gaya tulisan umum dina jaman-
na, kacirina téh upama Wangsakerta
ngagambarkeun kageulisan wanoja
atawa ngagambarkeun perang jeung
ungkapan-ungkapan anu ampir
salawasna sarua.
Tapi tara nyelapkeun “ mariem”, iwal
ti keur urang Portugis atawa Demak,
waktu Cirebon perang jeung Galuh di
Palimanan deukeut Bukit Gempol taun
1528.
Cukup narik, Pangéran Wangsakerta
méré judul Nusantara keur buki sajarah-
na nu mimiti,
Anu dongkangan wawasana cukup
istimewa dina jamana.
Ngaran Nusantara jeung bisa jadi ogé
Kertabumi dipaké ku Sang Pangéran ku-
lantaran kacida kasengsremeunana ku
karya-karya Prapanca.
Tiantara 10 karya Prapanca nu geus
disalin di Cirebon ku Wangsakerta, di
antarana “ Katha Pustaka
Dasawarnana” nu mashurna ayeuna
mah disebut “ Negara Kertabhumi”.
Dina éta naskah aya nu disebut
Nusantara tina ngaran Kertabumi bisa
jadi kailhaman ku istilah Kertagama.
Dina ambahan sumber , Pangéran
Wangsakerta sering titajong kana
katerangan anu béda.
Tapi sok gancang ngajakan kom-
promi, hartina tara kapapanjangan.
Atawa méré katerangan anu jelas nga-
jéntrékeun nurutkeun versi-versina jeung
nétélakeun tulisan saha saenyana nu di-
sebut béda téh.
Brukbrak nembrakna katingal écés
dina medar hal ihwal saha saenyana
Gajah Mada. Dina ngungkabkeun kaja-
dian Perang Bubat, tandes pisan
Wangsakerta nétélakeun yén perang
Bubat kajadian akibat lakuning lampah
Mahapatih Gajah Mada. Ditembrakeun
ogé yén Gajah Mada kabur waktu arék
ditéwak ku Bhayangkata karaton Maja-
pait. Tapi sacara jujur ngungkabkeun ka-
jayaan Majapait jaman Prabu Hayam
Wuruk, éta ogé nurutkeun Wangsakerta
berkah Mahapatih Gajah Mada.
Upama ningal kana jamanna, henteu
kaleuleuwihi lamun tokoh Pangéran
Wangsakerta meunang pangajén luhur,
tokoh Sejarawan anu nyongcolan. Sabab
sakitu hébatna dina jamana mampuh
nyarungsum sajarah karajaan-karajaan
Nusantara, cara mikir anu logis, gampang
kahartina turta henteu bulat-
beulit.**HRS**
Karéta Paksi Naga Liman Produk putra Cirebon abad ka 17.
M
ang Darma (65), warga
Jatigede ukur seuri
barang nampa beja yen
bendung Jatigede bakal dicaian ti
mimiti 1 Oktober 2013 teh. Mang
Darma katingalina cangcaya. “Naha
tiasa? Abdi mah cangcaya Jatigede
janten dano ti kawit 1 Oktober
2013,” pokna ka nu nulis basa
ngahajakeun ulin ka lelewek nu
bakal jadi bendungan di Sumedang.
Rada aneh mireng Darma
nyarita kitu teh. Pasalna, nu
ngaluarkeun eta beja lain jore-jore.
Apan nu ngembarkeunna teh
Menteri Pekerjaan Umum Djoko
Kirmanto, ngawakilan Pamarentah,
sawatara waktu kaliwat di Jakarta.
Cek Djoko, projek bendung nu
dirancang puluhan taun ka tukang
teh bakal mimiti ngemplang ku cai
ti 1 Oktober 2013. Ti poe harita,
torowongan nu aya di Jatigede
bakal dibuka. Hartina cai ti Walu-
ngan Cimanuk jeung walungan
sejenna nu leuwih leutik bakal nga-
malir ka Jatigede. Antukna, eta
bendung nu meakeun waragad nu
teu saeutik bakal pinuh ku cai.
Eta ngandung harti oge, hek-
taran lahan di eta wewengkon bakal
kakeueum. Sajaba ti eta, kira 4.701
KK nu ayeuna masih nganjrek di
lelewek nu bakal kakeueum kudu
geus dipindahkeun. “Samemehna,
di lelewek bendungan geus taya
deui nu nganjrek. Warga geus
dipindahkeun ka tempat-tempat nu
geus ditangtukeun,” kitu statemen
Djoko teh.
Aya nu percaya, Jatigede bakal
mimiti ngemplang ku cai ti awal
Oktober 2013 sakumaha anu
ditetelakeun ku Djoko Kirmanto.
Tapi rereana mah nu cangcaya.
Basa nu nulis ngahaja ulin ka
lelewek Jatigede teh, mimitina mah
nyangka nu pesimistis model Mang
Darma teh ukur hiji deui. Horeng,
dina kanyataanna mah rea pisan.
Malahan, bisa disebutkeun, ampir
kabeh nu ditepungan sapamadegan
jeung Mang Darma.
Ka nu nulis, Mang Darma jeung
nu sejenna netelakeun, saenyana
mah maranehna miharep Jatigede
mimiti dicaian ti awal Oktober.
Maranehna geus kesel nungguan.
Tuda pamarentah boga rarancang
nyieun dano gede di Sumedang teh
apanan geus puluhan taun lilana.
Enya, ayeuna maraneha hayang
buru-buru mireng dano gede nu
bakal nyaian rebuan hektar lahan
pertanian di Sumedang jeung
sabudeureunana, najan maranehna
kudu korban lahan jeung imah.
Tapi maranehna teu yakin awal
Oktober Jatigede ngemplang ku
cai. “Kapungkur oge kantos aya
katerangan ti pamarentah yen
Jatigede bakal dicaian ti mimiti
taun Anu. Tapi barang dugi ka taun
nu disebatkeun, henteu keneh wae.
Tah ayeuna ge kitu,” cek Rosidi
(47), warga Jatigede sejenna.
Parurugi, mindahkeun
warga
Nya kunaon atuh pangna rea nu
cangcaya kana omongan Menteri
teh?
Sabada dipaluruh ku nu nulis,
horeng tug ka kiwari aya keneh pa-
sualan nu can dibeberes ku pa-
marentah. Eta pasualan, can
karuhan bisa beres samemeh
torowongan gede di Jatigede
dibuka geusan ngamalirkeun cai ti
walungan Cimanuk.
“Pasualan nu utami, nyaeta
parurugi tanah. Dugi ka ayeuna eta
pasualan teu acan beres. Warga nu
tanahna bakal kakeueum seueur
keneh nu teu acan nampi parurugi.
Padahal kedahna mah tos beres ti
kapungkur. Duka ku naon pangna
kitu. Panginten Pamarentah teu
kagungan waragadna.” cek Agus
(43), tokoh pemuda Cihideung.
Leuheung pokna mun waragad
nu kudu digolontorkeun keur nga-
gantian tanah warga nu bakal
kakeueum teh ukur samilyar-dua
milyar. Ieu mah apan puluhan mil-
yar malahan ratusan milyar
gedena. Nilik gedena waragad keur
44 Manglé 2434
Jatigede jadi Dano Mimiti Oktober?
parurugi eta, warga antukna rea nu
cangcaya.
“Nu matak kaget, abdi nampi
info, payung hukum kanggo
ngagolontorkeun parurugina ge teu
acan jentre,” pokna deui.
Pasualan sejen nu oge katiten
moal beres dina waktu sabulan-dua
bulan nyaeta mindahkeun warga ti
lelewek nu bakal kekeueum. Nurut-
keun sawatara warga, Pamarentah
tug ka kiwari can jinek dina sual
eta; nya rek ka mana jeung kumaha
mindahkeun warga. “Padahal
warga teh jumlahna rebuan. Jaba
warga teh boga kahayang nu beda.
Maranehna teu bisa diatur kitu wae
ku pamarentah. Komo mun
tempatna dipandang moal
nguntungkeun mah,” cek Agus.
Pasualan “imah kajajaden” nu
dugdeg di lelewek Jatigede oge,
ulah dianggap enteng ku pa-
marentah. Agus netelakeun, me-
mang, ngadegkeun wangunan di
lelewek nu bakal kakeueum, ti ba-
heula dipahing pisan ku pamaren-
tah. Pamarentah, saingetna, ti awit
meuli tanah warga, geus netelakeun
yen di luhureun lahan nu geus
dibeuli, ulah aya adegan naon wae
sumawonna imah.
Najan kitu, pamarentah tetep
kudu merhatikeun kahayang
warga nu ngadegkeun “imah
kajajaden”: narima parurugi ti
pamarentah. “Soal gede atawa
leutik mah mangga we nyang-
gakeun,” cek Agus. Najan kitu
Agus miharep pamarentah teu
sagawayah mere parurugi ka nu
ngakukeun boga eta imah, soalna
aya imah nu saenyana diadegkeun
ku “investor”.
Bari seuri, ka nu nulis Agus rada
“nyalahkeun” pamarentah. Pokna,
lamun pamarentah teu ngalila-lila
eta proyek mah nu disebut “imah
hantu” atawa “imah kajajaden” teh
moal dugdeg di Jatigede. Nya ku
sabab lila tea, warga nu geus nga-
jual tanahna ahirna ngadegkeun
wangunan nu ayeuna disebut “imah
kajajaden”tea.
“Malahan, apanan ku sabab lila
teh rea warga nu asalna lunta ka
Garut atawa luar Jawa teu saeutik
nu baralik deui ka lelewek Jatigede.
Mun teu dilila-lila mah moal aya
kajadian kitu,” pokna bari seuri.
Parurugi siap
Tapi beda jeung warga,
Pamarentah taun ayeuna mah
katingalina yakin pisan pasualan
naon wae nu aya di Jatigede baris
rengse samemeh Oktober. Menteri
Djoko Kirmanto moal wani nyebut-
keun 1 Oktober 2013 torowongan
gede di Jatigede mimiti dibuka
pikeun ngamalirkeun cai ti walu-
ngan, mun ngarasa teu yakin mah.
Buktina, basa mere katerangan
pers di Jakarta, apan Djoko nete-
lakeun yen pamarentah geus nyiap-
keun anggaran tina APBN keur
parurugi Jatigede. Anggaranna, ti
Kementerian Perumahaan Rakyat.
Engke, pokna, sajaba ti bakal mere
ganti rugi langsung ka warga nu
boga lahan di lelewek Jatigede,
pamarentah oge baris mindahkeun
warga ti lelewek nu kakeueum. “
Warga bakal direlokasi, di antara
ka lelewek nu deukeut ti Jatigede,”
Djoko netelakeun. Hanjakalna,
Djoko teu nembrakkeun sabaraha
sabenerna anggaran nu disiapkeun
ku Kementerian Perumahan Rakyat
keur eta kapereluan.
Kepala Bappeda Jabar Denny
Djuanda kurang leuwih nandes-
keun hal nu sarua. Denny nyebut-
keun, pamarentah teh mimitina
mah masang target bendung
Jatigede dicaian dina bulan Sep-
tember. Alatan dana perumahanna
henteu di Kementrian Pekerjaan
Umum deui tapi aya di Kementer-
ian Perumahan Rakyat, jadina tar-
get Jatigede ngemplang ku cai jadi
awal Oktober 2013 engke. Rada lila
teh sabab mroses anggaranna
merelukeun waktu rada panjang.
“Tapi peresmianna mah Pebruari
2014 engke,” pokna di Gedung
Sate.
Sanggeus waragad ngagolontor,
warga bakal meunang perurugi
jeung bakal mimiti direlokasi. Mun
teu aya halangan, pokna, nu
pangheulana bakal direlokasi teh
697 KK nu aya di lelewek nu bakal
jadi dano. Maranehna bakal
dipindahkeun ka Desa Conggeang
Kulon, Conggeang Wetan jeung
Takurjaya. “Proses ganti rugi jeung
relokasi dipiharep rengse dina taun
2014, samemeh peresmian,” cek
Denny.
Tangtu, bareng jeung eta,
pamarentah ge nyiapkeun payung
hukum keur eta keperluan.
Pasalna, bener cek Agus, tug ka ki-
wari payung hukum keur proses
parurugi Jatigede teh can aya. Eta
hal diaku ku Kepala Dinas Pemuki-
man dan Perumahan Pemprov
Jabar Eddy Nasution. “Payung
hukumna masih disiapkeun ku
pamarentah pusat,” cek Eddy.
Eddy netelakeun, basa mroses
parurugi keur sawatara warga
Jatigede, Pemprov Jabar masih
ngagunakeun payung hukum lila,
nyaeta Permendagri No 15/1975.
Eta teh digunakeun basa pa-
marentah mere parurugi ka warga
antara tauun 1982 nepi ka 1986.
Sajaba ti eta, pamarentah oge
kungsi make Keppres No 55/1993
(basa ngabebaskeun lahan antara
taun 1994-1997), jeung make Per-
pres No 36/2004 jeung P. Ka. BPN
No 2/2007 (basa ngabebaskeun
tanah ti taun 2005 nepi ka ayeuna).
Nepi ka kiwari can aya katang-
tuan naha payung hukum keur
proses parurugi atau pembebasan
lahan di taun ayeuna bakal make
payung hukum tadi atawa henteu.
Ngan cek Eddy, pamarentah pusat
ayeuna keur nyiapkeun.
Ngeunaan “imah kajajaden”,
Eddy nyebutkeun pamarentah
moal katipu kitu wae. “Imah kajaja-
den” teh diadegkeun ku “investor”
husus lain ku warga nu baralik deui
ka lelewek Jatigede. Tujuanna
sangkan meunang parurugi ti
pamarentah. Pamarentah bakal ati-
ati dina nyanghareupan eta pasua-
lan.
(AP Sutarwan)
Manglé 2434 45
46 Manglé 2434
47Manglé 2434
48 Manglé 2434
Tachrun Suwerpi
Untung Rugi Hirup Manusa
Manusa di dunya cicing,
Teu béda ti nu ngumbara,
Diayunan mimiti téh,
Liang lahad nu kadua,
Tilu surga naraka,
Jauh lalampahan umur,
Taun minangka fasena.
Poé-poé minangka mil,
Bulan nyaéta farsakhna,
Léngkah kawas nafas baé,
Taat ka Allah hartana,
Waktuna téh modalna,
Rampogna mah hawa napsu,
Jeung sagala kahayangna.
Untungna bakal papanggih,
Jeung Allah Aza Wajalla,
Di karajaan anu gedé,
Nagri pinuh kabagjaan,
Nyaéta Dar –AS- Salam,
Kabéhna kahontal tangtu,
Ku jalan taat ka Allah.
Ari nu nimbulkeun rugi,
Nyaéta jauh ti Allah,
Meunang ngan ukur bebendon,
Cangkalak reujeung siksaan,
Nu peurih di naraka,
Di dinya cicingna matuh,
Di Jahim lapisan handap.
Nu poho ka Maha Suci,
Sanajan ukur sarenghap,
Saméméh datangna paéh,
Tangtu kaduhung ahirna,
Nu moal béak-béak
Atawa teu aya tungtung,
Rugina salalawasna.
Padasuka Indah, 21-04-2013
Sayudi
Révolusi
Cara Pangéran nyiptakeun manusa
gelarna ka dunya
sakedét nétra
Révolusi téh gawé rancagé
wening lir beling
melesat lir kilat
lebar wawanén
Lega alah batan sagara
ngaguruh lir ombak motah
tapa istirah
nu ngarangkadkeun kamartadan
dunya impian
saba tina cai
késang patani
Ngagolak alah batan kawah
nyongkab lir peurah
ngahuru sakur tahayul
ngarérab sétan marakayangan
ngararatakeun kasta jeung warna
sabab tina seuneu
pameuleuman beusi kuli pabrik
Révolusi téh lagu kahirupan
kidung kabebasan manusa
tina siksa jeung tunggara
séah maratan jagat
perlawanan jeung kaunggulan
nu mustungkeun rampung talikung
nu numpes lanat Pangeran
sabab tina angin
angin puyuh lilimbungan
napas napas rakyat tertindas
Lir pasir ngadiding langit
perkasa yaksa ngajega
ngemban amanat nagara
dina dampal leungeunna gelarna dunya
panonoban bangsa-bangsa
saba tina taneuh
daki kuli jeung patani
getih, pati jeung lalaki
Bandung, 29 Maret 1965
Manglé 2434 49
“Jang Anung, pan enjing téh
ngamimitian saum, tah mun tiasa
mah pang nalingakeun Anda nya?
Énjing ibu badé ka pasar heula,
palaur ah ari taya nu nalingakeun
téh.”
“Kumaha kitu, bu?”
“Puasana sok bulang-betong.
Ngaku-ngaku puasa di imah,
padahal di luar mah susu-
lumputan, sok jajan.”
“Ohh... muhun atuh, keun wé...
enjing urang réncangan...”
Demi Si Andana mah dikitu-
keun téh ukur nyengir. Teu riuk-
riuk aya éra, da puguh geus biasa.
Katambah pan Anda mah babatu-
ran kuring ti keur leutik. Jadi ku-
ring mah meureun lain jelema anu
kudu dipikaéra ku manéhna.
Awas siaahhh rasakeun isukan!!!
Subuhna...
Méméh solat subuh, kuring
langsung nyampeur ka imah
Anda. Maksud téh dék ngajakan
solat di masjid bari sakalian
pasantrén kilat.
“Lebet wé langsung... tuh di
kamar kénéh, duka nuju naon...”
indungna Anda ngagorowok di
dapur.
Uing langsung muru ka kamar-
na Anda...
“Gustiiii!!!! Ari nyanéh nanaon
éta? Burukeun ah... pan urang
pasantrén kilat téa?”
“Euuuaaahhh... horéam ah
tunduh..” bari ngusapan
beuteungna.
“Maenya tunduh ngusapan
beuteung?”
“Hé hé hé....”
“Lah boa-boa loba teuing
dahar nya?”
“Hé hé hé....”
Najan kalékéd gé, teu bu-
rung Anda daékkeun...
Réngsé pasantrén kilat, Anda
mah buru-buru lumpat ka
imahna. Rada curiga. Kuring teu
éléh-déét, sanggeus neundeun
heula samping jeung kopéah,
terus muru ka imah Anda.
Kasampak Anda keur ngagolér
dina korsi...
“Lah daripada kikituan mah
hayu wang ulin?”
“Embung ah... ulin di luar mah
bisi haus, engké batal kéh...”
“Bener ogé...”
Kuring ulin di imah Anda. Ti
isuk-isuk nepi ka beurang. Teu
méré kasempetan ka Anda keur
batal puasa. Da basa manéhna
alesan dék mandi gé ku kuring di-
tuturkeun, bisi nguyup cai. Atawa
basa manéhna nitah ka kuring
balik gé teu digugu da bisi aya
lolongkrang keur manéhna nga-
batalan.
Paroman anda jiga nu baéud,
bari nyepengan beuteungna.
Beungeutna katingali pias. Bari
sakapeung mah sok luh-lah...
Teu petot-petot kuring ngupa-
han manéhna. Sangkan bisa
nahan puasana...
Pasosoré kuring balik heula,
niat téh dék mandi bari sakalian
mawa sarung jeung kopéah, dék
sakola agama.
Pas balik deui, kasampak Anda
mah keur ngaguher dina korsi.
Duh... watir pisan, jigana saré téh
bakat ku teu kuat nahan lapar.
Atuh kuring mah indit wé ka
masjid.
Balik ti mesjid, kuring nyim-
pang deui ka imah Anda, dék nga-
jak ngabuburit ngadu kaléci bari
nungguan adan.
Alhamdulillah... karék gé ulin
sakeudeung, ngong sora adan ti
masjid. Anda mah giak lumpat.
Teu maliré kaléci manéhna. Atuh
kuring nyokotan kalécina, terus
wé balik ka imah.
Ba’da magrib di luar néangan
Anda bari jajan.
“A... ari Anda ka mana?” ku-
ring nanyakeun Anda ka
lanceukna.
Méméh ngajawab, lanceukna
Anda seuri heula.
“Aya naon kitu, A?” kerung.
“Tingal wé di bumi.”
Kuring langsung ka imah
Anda. Kasampak téh Anda keur
gulinggasahan dina samak.
Leungeunna nyepengan beuteung
anu gendut. Adug-lajer oséh-osé-
han.
Opieun pabalatak, ti mimiti
kolek, goréngan, roti, jeung anu
séjénna. Tayohna Anda
kamerkaan, nepi ka teu bisa ka
mana-mana.
Duh karunya teuing anu keur
diajar puasa...
***
50 Manglé 2434
Mimiti Puasa
Ku Agus Suhada
Poho Deui
Duka teuing taun sabaraha, poho
deui. Harita teh poe Minggu, kuring
jeung Ki Lanceuk indit ka pasar. Kabene-
ran harita teh usum hujan, atuh di pasar
mani jareblog jeung mani heurin usik
deuih, malum poe pere sakola.
Sanajan jareblog, kuring resep dititah
ka pasar mah, komo ari geus nyedek-
nyedek batur, rarasaan teh asa rek lalajo
maen bal, teu inget balanaan marurgan,
nu kukulutus-kukulutus mah, teu diang-
gap ieu, api-api teu kadenge bae.
Jingjingan geus pinuh ku balanjaan,
kuring jeung Ki Lanceuk leos wae balik.
Ki lanceuk ngadagoan, sanggeus meu-
nang delman sarta ditawar, clak we
tarumpak.
Tapi... na atuh dasar nu limpeuran,
rarasaan teh rek hanjat ka imah, da eta
sendal tarumpah nu dipake kuring,
make jeung dibuka sagala. Inget soteh
barang delman maju, suku, suku asa tiis,
barang ditempo kuring teu make sendal,
gebeg teh reuwas! Ngan lieuk ka tukang
sendal aya di tengah jalan, ramiping
pinuh ku taneuh.
Teu talangke deui kuring ngeureun-
keun delman, turun tibuburanjat rek
mawa sendal. Eta mah sajajalan jeung KI
Lanceuk seuseurian nyeungseurikeun
polah kuring, dibaturan ku kusir delman.
Poppi Bajuri
Jl. Percetakan Negara II
Kel. Johar Baru
Jakarta Pusat
Salah Alamat?
Pas keur jalan-jalan di mol jeung
babaturan, ujug-ujug jorowok téh
saurang lalaki ngagorowok béh peunta-
seun.
Kuring jeung babaturan geuntak
ngalieuk. Tapi langsung kerung, da
puguh teu apal ka éta lalaki anu keur
gugupay bari gogorowokan téh.
Babaturan méré isarat, kuring ngarti.
Buru-buru ngaléos. Leumpang gé nga-
haja rusuh ngarah ngajauhan di tempat
éta.
Tapi si lalaki téh kalah terus ngudag,
bari angger gogorowokan. Atuh saréréa
ngalalieuk ka kuring jeung babaturan
tangka éra.
“Lah saha cenah éta lalaki téh? Teu
apal teu sing…”
“Enya! Wawuh gé henteu…” kuring
nembal.
“Yéy… tuh tingali, kalah gugupay ka
abdi.”
“Enya nya?”
“Kumaha atuh?”
“Bururkeun wé leumpangna, bisi
kaburu kasusul.”
Tungtungna kuring jeung babaturan
beuki ngagancangan leumpang. Sieun
kaburu kasusul, da geuning lalaki téh
kalah lumpat muru ka arah kuring.
“Maya!” éta lalaki téh tungtungna
mah ngagorowok.
Kuring ngalieuk ka éta lalaki. Tapi
babaturan mah teu ieuh ngarérét. Tong-
goy wé leumpang. Atuh kuring ngudag
manéhna.
“Maya!!! Iiihh meni sombong!” éta
lalaki téh deui-deui ngagorowok.
“Naon sih maksudna?!” tungtungna
mah babaturan téh malik ka éta lalaki
bari ngagorowok.
“Maya meni sombong ih…” éta lalaki
téh teu kireum-kireum bari nyepengan
pigeulang babaturan kuring.
Ujug-ujug gaplok wé babaturan téh
ngagaplok pipi éta lalaki. Atuh si
lalaki téh langsung mundur bari kerung.
“Naha?”
“Da abdi mah sanés Maya, tapi
Irma….”
Éta lalaki téh beuki kerung.
Wawa Sungkawa-Bojongsoang
Disangka Pepetasan
Dongéng pangalaman Aki Ahdi, aki
mitoha kuring atawa akina pamajikan
kuring, nu kiwari umurna geus ampir 81
taunan, ngan dikeresakeun masih keneh
jagjag sarta panjang keneh emutan. Ari
kajadianana cenah kaalaman ku Aki
kira-kira taun 1974-an, basa aki kakarek
boga budak dua. Nu panggedena lalaki.
Aki Ahdi teh nikahna keur ngora
pisan, kira umur 20 taunan. Numatak
dina umur 40 taun teh aki geus boga
budak gede, geus bujang, geus bisa
baranggawe sarta geus bisa ngala duit.
Budak aki teh geus boga pakasaban ma-
neuh di kota, nyaeta dipausahan meubel.
Ari mulang ka lembur geus matuh sa-
taun dua kali, nyaeta dina waktuna
lebaran jeung agustusan. Mangsa harita
mah minangka pangeling-ngeling poe
kemerdekaan teh di Pilembura osok di-
reuah-reuah pisan, disarebutna oge
pesta Agustusan.
Lamun balik ka lembur teh budak
Aki sok pada moro-moro, pangpangna
ku dulur-dulur katut baraya-baraya, ku-
sabab osok mawa oleh-oleh ti kota anu
sasebut “araneh” pikeun urang lembur
mangsa harita. Ongkoh deuih dina
mangsa harita mah arang-langka keneh
budak ngora anu sok nyaba ka kota teh.
Sakali mangsa, budak aki mulang ka
lembur teh mawa oleh-oleh mangrupa
kaleng alis “sardens” tea. Budak aki
datang ka lembur teh pasosore, kira
wanci liwat asar. Puguh we aki katut nini
mani dagdag degdeg narima eta oleh-
oleh teh, dina ayana oge cenah moal
kabeuli pajar teh! Loba mawana teh, aya
lima sikina. Ngahaja jang paranti deu-
ngeun sangu cenah!
“Ngan kudu dihaneutkeun heula Ma,
da tiis, sarta ngarah teu karasa hanyir
deuih!” ceuk budak Aki mere nyaho.
Ngadenge kitu, Aki katut Nini teh
kadon ngaharuleng paheneng-heneng.
Kudu kumaha nya cara ngahaneutkeun-
ana? Kitu nu aya dina pipikiran Aki katut
Nini teh. Tapi Si Aki boga “ide” jetu!
Kasabab eta sardens teh wadahna tina
kaleng, mangka gampang pisan cara
ngahaneutkeunana, nyaeta urang bubuy
bae dina hawu cenah! Kabeneran pisan
harita hawu keur dipake, da Si Nini keur
nyeupankeun sangu dina seeng. Atuh
seuneu di hawu teh mani burahay! Geus
kitu mah tuluy we si sarden teh
dibubuykeun, disaeuran ku lebu panas
jeung ruhak nu burahay. Tapi teu kungsi
lila, kira saparapat jam kadenge sora nu
ngabeledug handaruan sada pepetasan,
jolna ti lebah dapur pisan. Barang
ditempo... hawu geus rugrug, seeng nu
ditagenkeun geus dengdek, seuneu tina
jero hawu mancawura minuhan parako,
sawareh seuneu narapel dina bilik dapur.
Si aki pahibut, pakupis mareuman seu-
neu nu narapel dina bili da sok sieun
matak kahuruan. Dina parako oge nara-
pel “eusi sarden” babaratan pacampur
eujeung lebu! Rob tatangga-tatangga
daratang bari naranyakeun:
“Aya naon... aya naon???” cenah
ngara hareraneun.
“Laaah... nyaeta atuh, dasar kolot-
kolot teu boga pikiran! Ngahaneutkeun
sarden, ger dibubuy dina jero hawu!
Kalah jadi we... ngabeledug!” ceuk nini
kutug-gendeng.
“Ohhh... ari sugan teh nu nyeungeut
pepetsan!” ceuk tatangga-tatangga bari
tulu bubar.
Tah kitu cenah dongengna urang
kampung mayang-muyung nu taya
kanyaho teh.***
Agus B. Irawan
Garut Kidul
Manglé 2434 51
Wasiat Bapa
Kira-kira sajam kana
sakaratul maut, pa Oyeng
mere wasiat ka barudakna.
“Barudak, kadarieu sakeu-
deung! Bapa arek mere wasiat
ka hidep.”
“Mangga Pa, aya pikersaeun
naon?” walon barudakna.
“Lamun bapa maot, bapa
nitip mobil BMW jeung
Grand Escudo ka hidep
duaan. Kade ulah dijual, nya?”
“Insya Allah, Pa. Mobil tawis
asih ti Bapa salamina ku abdi
bade dianggo, moal pisah-
pisah bade di ical.” Jawab
barudak Pa Oyeng, dibare-
ngan ku rasa sedih jeung bu-
ngah.
“Sukur atuh lamun kitu mah.
Soalna eta mobil teh duanana
geus dijaminkeun ku bapa ka
BPR. Cicilan hutangna masih
28 bulan deui.”
Holid A. Gani
Komite Sekolah SDN
Cihampelas-Kota Bandung
Béas
Awéwé I: “Pangaos béas
nérékél waé, nya?”
Awéwé II: “Sumuhun...”
Awéwé I: “Lieur abdi mah,
ngatur resiko dapur
sadidintenna téh.”
Awéwé II: “Hadéna waé abdi
mah tara méséran béas...”
Awéwé I: “Kagungan serang?”
Awéwé II: “Ah, henteu.
Nambutan... wé, dibayar
sasasih sakali.”
Mimin Candra Ningsih
Cikeruh RT 05/09
Jatinangor - Sumedang
Diusapan
Wiwin: “Cing, naon bédana
ucing jeung jajaka?”
Enci: “Ucing mah sato, jajaka
mah manusa.”
Wiwin: “Lain éta nu bener
mah. Ucing mah mun
diusapan téh sok tuluy saré,
ari jajaka mah mun diusapan
téh sok tuluy hudang.”
Enci: “???”
Mimin Candra Ningsih
Cikeruh RT 05/09
Jatinangor - Sumedang
Bahasa Gaul
Indung: “Nyai... Nyai ka dieu.
Penting!”
Budak: “Ciyus? Aya naon,
Ma?”
Indung: “Ari kamari geus ti
mana?
Budak: “OTW Bandung.”
Indung: “Halah teu
ngalalarti.“
Budak: “Ah Ema mah
kamsepay pisan.”
Indung: “Naon hayang seu-
pan?”
Budak: “So what gitu lho,
emang aku harus bilang dou-
ble wow gitu!”
Indung: ??!!!
Nina Rahayu Nadéa
Bandung
Cingcin
A: “Badé angkat ka mana?”
B: “Badé ka dinya, ka Pa Ali.”
A: “Euh, Pa Ali nu sok
ngadamelan lelepen?”
B: “Leres, nu bumina di caket
jambatan cingcin.”
Mimin Candra Ningsih
Cikeruh RT 05/09
Jatinangor - Sumedang
OTW
Macaan status dina FB.
Haradé. Jol si Fuad nulis.
‘Otw Bandung. Jol si Bahrun
nulis ‘Otw Bali’. Ah, teu éléh
géléng, langsung nulis status.
‘Otw Wc’.
Nina Rahayu Nadéa
Bandung
Ngimpi
+ Gélo téh, uing pruting
ngimpi ningali nu tabrakan.
- Wah…, tabrakan naon jeung
naon?
+ Tukang ojeg jeung hali-
kopter.
- Wadul sia mah!
+ Har…, atuh ngimpi-ngimpi
uing, naha manéh nu sewot-
na!
Ella Kartika
Sasak Gantung-lengkong
Hilap
“Pa Ustad, badé tumaros.
Upami nuju saum, hilap kalah
tuang. Teu batal?” ceuk Udin
nanya ka Ustad.
“Lamun poho mah teu batal,
Din. Iwal ti dihaja...” témbal
Ustad.
“Alhamdulillah. Abdi hilap,
nembé tos tuang dua piring,
ditambihan és campur, rujak,
cau, teras kana és krim. Tuh,
tinggal corongna. Bilih badé
mah, Pa Ustad?” ceuk Udin
deui, teu kireum-kireum.
Ella Kartika
Sasak Gantung-lengkong
Jalan-jalan
Imam : “Dék ka mana eung?”
Ibro : “Jalan jalan aah. Yu dék
milu?”
Imam : “Embung ah sieun
batal.”
Ibro : “Lah! Puasa atuh nomer
ka tilu!!”
Imam : “Kumaha sateh, pan
puasa mah wajib?”
Ibro : “Apal uing gé.”
Imam : “Naha atuh puasa bet
dinomer-tilukeun!!”
Ibro : “Enya atuh! Pan nu ka
hiji mah syahadat, kadua
sholat, ka tilu karék Zakat!”
Imam : “Éh heueuh nya…”
Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88
Kuma Karep wé
Dodo : “Ema, baé teu, abdi
buka puasa jam 11?”
Ema : “Lahh!! Karep, najan
rék lebaran ayeuna gé teu
nanaon!!”
Dodo : “Asik!! si ema bageur
euy…”
Meta Melia
Jl. Banteng No. 122
Kabeurangan sakola
Guru : "Iciiihhh! Kunaon atuh
telat?"
Icih : "Teu sawios-wios da bu,
hasil téspékna gé negatip da!"
Guru : ??!!!
Meta Melia
Jl. Banteng No. 122
Lebaran
- “Lebaran ayeuna mah teu
kudu meuli baju ahh.”
+ “Naha?”
- “Ahh… nu taun kamari gé
alus kénéh, tinggal
ngahaneutkeun deui wé...”
Afriliani - Jl. Bima No. 113
Hadiah Puasa
Wa Haji : "Mun manéh tamat
puasa, uwa rék méré hadiah,
yeuh duit keur jalan-jalan ka
francish."
Oon : "Aasyiiiik.. leres ieu téh,
wa?"
Wa Haji : "Bener jang, uwa
mah méré cuma-cuma, tah
engké mun geus aya di francis
rék naon, jang?"
Oon : "Hayang nyium Hajar
Aswad, wa. Tuluy diphoto."
Wa Haji : “Euuuhhh!!”
Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88
Nu Kamari
Guru : "Saha anu emut kénéh,
dugi ka mana pelajaran anu
kamari?"
Ojo : "Atos lah bu, anu atos
mah atos wé, tong diungkit-
ungkit deui. Bahas mah
pelajaran anu ayeuna wé."
Guru : “Ka hareup siiaaahhh
Sojo!!!”
Annisa Mulandari
Jl. Cimanuk 234 Bandung
Modal
+ “Ma, jual wéh mobil téh lah,
paké modal usaha..”
- : “Mobil ti mana ari maneh?”
+ : “Heueuh teuing, mobil
saha wéh jual ku ema, jig..”
- : “Dasar weureu….”
Annisa Mulandari
Jl. Cimanuk 234 Bandung
Katawis
Wiwih : "Aa jomblo nya?"
Odo : "Muhun, naha apal?"
Wiwih : "Katawis wé dina
rarayna, rada nguluwut hehe-
heh…"
Sundara-Ujung Berung 23
Rada Loba
Budakna: “Bah, tadi Ujang
ngojay di balong. Ari pék téh
caina kainum. Batal henteu?”
Bapana: “Nya henteu ari teu
dihaja mah.”
Budakna: “Tapi Bah, nu
kainum ku Ujang téh rada
loba.”
Bapana: “Rada loba
sakumaha?”
Budakna: “Aya jigana kira-
kira sagelaseun nu sok biasa
ku Abah dipaké ninyuh
cikopi.”
Bapana: “Ari Ujang? Éta mah
lain kainum tapi dihaja di-
inum. Batal atuh selud!
Anissa - Subang
Lebar
Iis: “Da, kira-kirana lamun
bobogohan keur puasa batal
henteu?”
Ida: “Sigana mah henteu,
ngan meureun matak hapa
kana puasana.”
Iis: “Lamun kitu mah kuring
rék eureun heula ah bobogo-
han téh, kajeun bulan Sawal
diteruskeun deui.”
Ida: “Naha?”
Iis: “Pan lebar. Sieun matak
hapa.”
Anissa - Subang
Géhgeran
Oni : "Kabogoh uing mah
gehgeran, piraku diajak non-
ton pilem drama india, kalah
pipilueun méwék."
Unang : "Komo kabogoh uing,
nonton pilem Titanic balikna
ooroloan utah majarkeun téh
mabok laut cenah."
Sundara-Ujung Berung 23
Piraku
Pa RT: “Kunaon teu puasa?”
Ujang: “Numawi nuju nyeri
huntu.”
Pa RT: “Lain ubaran atuh ka
dokter”
Ujang: “Puguh ieu gé nembé
wangsul dilandongan ti dok-
ter héwan.”
Pa RT: “Har, naha nyeri
huntu bet jig-jig ka dokter
héwan?”
Ujang: “Margi cenah anu
ngalantarankeun nyeri
huntuna ogé ulam.”
Izzul
Komplek Vijaya Kusuma
Cipadung - Bandung
Tong Sadéngé-Déngéna
Baban: “Bener geuning, ari
keur puasa mah teu meunang
sok sadéngé-déngéna.”
Yuyun: “Ari kitu kumaha?”
Baban: “Basa uing balik ulin,
di dapur kadéngé sora nu
susuruputan. Ditoong téh adi
uing nu bungsu keur ngada-
har emih bangun nimat
naker.”
Yuyun: “Terus kumaha?”
Baban: “Jadi kabita, kapaksa
wé ngasaan saeutik.”
Izzul
Komplek Vijaya Kusuma
Cipadung - Bandung
Keur Puasa
Abah: "Dupi Cép Ogin resep
ka istri téh modél nu
kumaha?"
Ogin: "Aaah..Ogin mah teu
muluk-muluk Bah, nu geulis
manis nu hérang méncrang gé
cekap."
Abah: "Dupi Jang Onyon?"
Onyon: "Onyon gé sami Bah
teu néko-néko, yang penting
cantik camperenik atanapi nu
dénok montok!"
Ogin: "Dupi Abah?"
Abah: "Abah mah ka nu geulis
teu pati ka nu dénok teu
moho."
Onyon: "Naha Bah?"
Abah: "Keur puasa, Sawal
mah ulah dibéakeun euy!"
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
Parab Naraka
Anak: "Mah, naha jalma-
jalma kagak barang dahar
nya?"
Mamah: "Pan Ramadan,
Jang!"
Anak: "Na aya maksadna?"
Mamah: "Nya aya, nyatana
sangkan jalma-jalma pada
takwa."
Anak: "Naha Aa mah katara
barang dahar dalam kamar-
nya. Katanya jangan balaka ka
Mamah atawa ka Bapa bahwa
Aa makan-makan can
mangsana. Awas, katanya,
ngancam Jajang Mah."
Mamah: "Tah Aa mah jalma
sasab, kagak takwa, parab
naraka!"
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
Bété Nyanghareupan
Lebaran
Iteung: "Ari bulan puasa téh
Iteung mah sok bété Ambu.
Naon ubarna nya?"
Ambu: "Naon bété téh?"
Iteung: "Bété téh parusing
mikiran lebaran."
Ambu: "Oh, gampang atuh
Teung. Ubarna ku bata atawa
batu."
Iteung: "Dikumahakeun
Ambu?"
Ambu: "Bata atawa batu téh
dikumpulkeun, geus loba, jual
ka nu butuheun. Boga bati tah
keur lebaran!"
Iteung: "Cihuy!"
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
Manglé 2434 53
54 Manglé 2434
T
aun hareup Presiden SBY
ngecagkeun kalungguhan ku-
lantaran mangsa pamaren-
tahanana maren. Ieu mangrupa
tradisi pamarentahan nu alus,
nganggeuskeun pancen pamarenta-
han luyu jeung jadwal. Nya sugan
wae kitu, salamet nepi ka mangsa
Pilpres 2014. Paling saeutikna eta
nyirikeun bangsa urang geus mimi-
ti dewasa, henteu remen bongkar
pasang pamarentahan di satenga-
hing jalan.
Memang pamarentahan SBY
henteu mulus. Rea nu matak
nguciwakeunana. Upamana wae,
karaharjaan rahayat tacan kahon-
tal, kamiskinan angger ngaguna-
sika. Lahan pagawean samporet
keneh, rahayat rea nu ngaligeuh.
Pamarentahan ti puseur nepi ka
daerah henteu nembongkeun tata
kelola pamarentahan nu hade.
Coba wae, conto leutik ngabagi-
bagi BLSM, upamana, apan sakitu
matak ngawirangkeunana. Padahal
pamarentah geus boga luang
pangalaman ti taun-taun
samemehna. Kitu deui, lebah
netepkeun putusan ngurangan
subsidi BBM, sakitu kalekedna.
Antukna anggaran nu aya henteu
bisa epektip kulantaran subsidi lain
ngurangan tapi kalahka nambahan.
Katambah deuih, korupsi apan
angger sakitu mahabuna.
Jadi Palajaran
Mangsa sapuluh taun pamaren-
tahan SBY bisa dijadikeun pala-
jaran boh keur Presiden engke boh
keur bangsa urang sakumna.
Naon kasalahan atawa ka-
hengker SBY?
Tetela SBY teu beda jeung
pangawasa jaman Orde Baru nu po-
hara ngutamakeunana kakawasaan.
Sieun pisan kaleungitan kalung-
guhan nepi ka bisa disebut para-
noid. Coba wae, remen pisan apan
SBY nyaritakeun aya pihak-pihak
nu rek ngudeta. Tah, kasieun kitu
jigana nu ngalantarankeun SBY
embung dibarengan ku wakil presi-
den nu pasipatanana beda jeung di-
rina. Pamustunganana JK apan
ditinggalkeun, tuluy diganti ku
Boediono. Tapi, tetela putusan bieu
teh rea ngarugikeunana. Kahengker
SBY saperti remen hamham lebah
netepkeun putusan, nu tadina bisa
diimbangan ku JK, apan ku Boedi-
ono mah teu bisa kagantian.
Tuluy lebah nyusun kabinet
oge, nu sabenerna mah wewenang
gembleng presiden, tetela SBY teu
wani nyusun kabinet ahli, tapi
leuwih ngutamakeun kahayang
partey pulitik. Ieu oge kuat dugaan
kulantaran sieun digubragkeun tina
kalungguhanana ku kaom pulitisi
di Senayan. Nya antukna mah
menteri teh karereanana usulan ti
partey pulitik. Atuh sanajan
kanyahoan sababaraha urang men-
teri teu nembongkeun prestasi, tapi
Presiden teu wani ngayakeun roba-
han susunan kabinet (reshuffle).
Polah saperti kitu, nu kajurung
ku sieun leungit kalungguhan,
nembongkeun putusan kontradik-
tip. Coba geura, geus jelas pisan
partey pulitik di nagara urang teh
rea kakurangna, pangpangna han-
dap pisan kamampuh pangurusna.
Tapi, kunaon atuh ku Presiden bet
kaom pulitisi ti partey pulitik teh
diayunkeun kahayangna? Malah
dibere jabatan menteri nu pohara
nangtukeunana nasib rahayat?
Kontradiksi satuluyna, Presiden
SBY nu sohor ati-ati pisan, asak
jeujeuhan lebah netepkeun putu-
san,. tetela geus ngalakukeun hal
nu lalawora pisan. Naon? Taun
2009 pamarentah kungsi nurun-
keun harga BBM ! Coba, pan polah
degdegler, nu sakuduna subsidi
BBM dikurangan (harga BBM diun-
dakkeun) tapi ieu harga BBM
kalahka diturunkeun! Ceuk
ekonom Faisal Basri, eta teh ku-
lantaran SBY hayang meunang sim-
pati rahayat pedah nyanghareupan
Pilpres 2009. “Itu dosa SBY” ceuk
Faisal.
Pamingpin Ka Hareup
Nya tembong jelas, ambisi
kakawasaan, sieun nataku leungit
jabatan, ngalantarankeun hiji
pamingpin tidadalagor, remen
salah lengkah, ngalakukeun rupa-
rupa kasalahan.
Jadi, harepan ka hareup,
pamingpin urang bisa metik pala-
jaran tina kasalahan-kasalahan
pamingpin samemehna. Pamingpin
borangan, paranoid, sieun leungit
jabatan, ngutamakeun pisan
kakawasaan meugeus ulah dipilih
deui. Uji kawanina lebah tarung
jeung lawan pulitikna. Pamingpin
nu amanah mah tangtu moal sieun
leungit jabatan. Nemahing pati oge
ihlas!
Karno Kartadibrata.
Harepan
Manglé 2434 55
KA GIGIR:
1. Kapal angkutan minyak
4. Wadah cai nu kerung tina kuningan
7. Boga bakat tawekal, daék hesé
8. Kudu dipiboga ku supir
9. Universitas Langlangbuana
11. Ngaderes Al Quran ku jalma loba
14. Bagian wawangunan nu pang-
luhurna
17. Salasahiji sifat Alloh
19. Lembur anyar
22. Panutup do’a
24. Istilah dina batminton
25. Béak daunna ku hileud
26. Komando Distrik Militér
27. Nu dialajar di pasantren
KA HANDAP:
1. Sémah
2. Kénca
3. Keuyeup
4. Hasil palawija
5. Jangkrik gedé
6. Ringkesan, patokan
10. Lembaga Elektronik Nasional
12. Anak lanceuk
13. Akang (basa Minang)
15. Nagara gedé
16. Hadir
17. Paur
18. Bendungan
19. Anyaman awi meunang ngahua
keur piimaheun
20. Carita nu ngandung unsur sajarah
21. Tilelep
22. Laun
23. Indungna kolot urang
Waleran diserat dina kartu pos,
témpélan Kupon Tarucing Cakra No.
1401. Kintunkeun ka Majalah Manglé
Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling
leuir dua minggu saparantosna
medal.
Nu kagiliran kénging hadiah
Tarucing Cakra No. 1399:
1. Ibu Sofi
Jl. Gagak Blk No 258
Kalurahan Sukaluyu
Bandung
2. Daffa Dzaky Basith Darpis
Komp. Bumi Harapan Blok EE
Kabupaten Bandung
3. Ade Kartini
Jl. Sukarno Hatta
Gg. Citalaksana 2 No. 43
Tasikmalaya
1401
K U P O N
TARUCING CAKRA
NO.
Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-
Parantos Gumelar ka Alam
Dunya Pun Anak:
Putri Kumala Galuh Tresna
Dinten Jumaah Ping 28 Juni
2013 Bandung.
Nu Borojol Sing Morontod
Nu Jagjag Masing Gorejag
Si Inji Si Ayun Ambing
Si Utun Si Nelengnenggung
Ditamperan Geugeut Asih
Geura Susud Cisoca..
Junia Yuningsih..
Indung nu Humarekeng
Geura Guar Lacak...
Asep Gp.. Bapa nu Ngadanan
Mangka Mulus Jalugjug
Jangkung
Hurip Diaping Asih Nabi
Asih Gusti
Robbi Habdi Minnas Solihin.
Amien!
***
“Si Bibina kukulutus, Lo.”
“Kutan, pédah naon?”
“Hayam téh hésé ditéwakna.”
“Beu.”
“Batan beunang mah kalah terus
ngagarapak.”
“Lingas nyah, Mang?”
“Enya. Jual mahal tah sakadang
hayam téh.”
“Heuheuy, lain jual mahal,
Mang.”
“Ari kitu?”
“Béla diri, Mang. Nyingkahan
pibalaieun.”
“Lah, teu kudu béla diri sagala da
kapan hayam mah kudu tumarima
kana nasib dijadikeun deungeun
sangu ku manusa, héhéhé….”
“Néangan hayam nu teu lingas
atuh, Mang.”
“Nyaéta teu boga deui. Piraku
kudu néwak hayam nu tatangga
mah.”
“Hus!”
“Heueuh. Ku lieur, ngagarapak
baé tah hayam téh.”
“Di pasar atuh néwakna, Mang.”
“Leuwih hésé puguh di pasar
mah, Lo.”
“Baruk?”
“Lain saukur ngagarap, tapi nga-
pung, Lo.”
“Jangjangan nyah hayam téh?”
“Ti baheula gé hayam mah jang-
jangan. Nu teu jangjangan mah
embé.”
“Maksud téh bisa ngapung?”
“Bener, Lo. Ngapung, teu kahon-
tal ku saku masarakat leutik mah.”
“Maksudna?”
“Mahal pisan hargana daging
hayam téh, Lo. Bangun anu boga
jangjang, ngajaul terus.”
“Oh.”
“Lingasna harga daging hayam
téh kawas hayam Si Bibi, Lo.”
“Hésé diaturna nyah, Mang?”
“Enya.”
“Kétang lain harga daging hayam
wungkul nu lingas téh.”
“Baruk?”
“Harga kabutuhan poko nu
séjénna ogé lalingas, hésé diaturna.
Gagarapakan kawas hayam.”
“Lain gagarapakan atuh, Lo.”
“Ari kitu.”
“Ngapung, badis anu jangja-
ngan.”
“Enya, Mang. Cenah mah alatan
bulan puasa jeung alatan naékna
BBM.”
“Alesan éta mah, Lo.”
“Alesan kumaha, Mang?”
“Alesan ti Bandar anu ngatur
harga, sangkan meunang kauntu-
ngan anu mangtikel-tikel.”
“Bisa jadi kitu, Mang.”
“Cenah mah, ceuk warta dina tivi,
Disperindag Kota Bandung ogé teu
walakaya.”
“Teu walakaya meruhkeun
lingasna hahargaan?”
“Enya, Lo.”
“Beu.”
“Tah Si Bibina mah lamun hayam
lingas téh henteu sumerah kitu baé.”
“Geuning?”
“Si Bibina mah sok laju néangan
cara. Saakal-akal, sangkan sakadang
hayam katéwak, bisa dperuhkeun.”
“Palébah dinya mah éléh pinter
ku Si Bibi nyah, Mang?”
“Lain éléh pinter, Lo.”
“Ari kitu?”
“Éléh tékad.”
“Éléh tékad, kumaha?”
“Si Bibina mah tékadna leuwih
kuat, Lo. Jadi wéh uteukna kréatip.”
“Tékad meruhkeun hayam nu
lingas, Mang?’
“Ja heuheuh.”
***
Garapak Hayam
56 Manglé 2434

Mangle 2434

  • 2.
    Para Mitra, Geus ilahar,kagiatan kaagamaan dina bulan Roma- don mah sok ningkat. Di média éléktronik, saperti dina tipi waé, apan jam tayangna béda ti sasahari. Kitu deui kagiatan-kagiatan kaagamaan nu sok diayakeun di sabudeureun urang. Upamana waé, nu tadina panga- jian téh sok dilaksanakeun di masjid-masjid, di bulan Romadon mah ambahanan ogé beuki ngalegaan. Saperti waé aya nu di hotel-hotel, di kantor-kantor, di rumah makan kaasup ogé di mol-mol. Ieu tangtu matak reueus kacida. Hartina, kasadaran umat Islam kana nanjeurkeun ajaran agamana, singhoréng sakitu pada ngarojong jeung dipikabutuhna. Upamana waé dina raraga buka bersama, asa kurang afdol upama saméméhna teu aya acara siramah ruhani atanapi pangajian heula. Para Mitra, Rupa-rupa kagiatan kaagamaan kitu, tangtu di- piharep bisa lana nepi ka jadi biasa. Ngan naha bisa? Tangtu keur urang Sunda atawa keur urang Jawa Barat mah, munasabah pisan. Lantaran sacara sosiologis apan urang Sunda mah dalit pisan jeung agama Islam. Malah asa pantes pisan upama ditepikeunana ogé dina basa Sunda. Lantaran, lian ti nanjeurkeun deui da’wah Islam, ogé dina raraga ngamumulé basa Sunda sorangan. Ku kituna, upamana waé pamaréntah Jawa Barat ngahangkeutkeun deui da’wah Sunda nu dimitem- beyanan dina saum taun ayeuna, tangtu Manglé kacida ngarojongna. Lian ti ngarojong kagiatan dina nga- mumulé basa Sunda, ogé tiasa keur nanjeurkeun ka- soléhan di tatar Sunda nu disurahan tina ajaran agamana (agama Islam). Mudah-mudahan.*** Da’wah Puasa ku Basa Sunda 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di- brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  • 3.
    IMPLIK-IMPLIK Lagu Sunda Islami ...........................................................8 PURIDING PURINGKAK Si Geulis nu Nyupiran Beus Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24 BAHASAN Jatigede jadi Dano Mimiti Oktober? ......................................................... 44 UNAK-ANIK Para Rumaja Nu Resep Nepak Kendang ............. 46 GUGURITAN Untung Rugi Hirup Manusa Tachrun Suwerpi ............................. 48 SAJAK Révolusi Sayudi ............................................. 49 CARITA PONDOK Warisan nu Moal Cocéng Tuti .................................................. 20 Kanikir Dipipir Pasir Moddi Madiana ................................ 22 .......................... Ganjar Kurnia ..................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Rumaja .................................. 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (167) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (4) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Intan 6 TAMU Pamingpin Kudu Ngarampa Kereteg Haté Masarakat Potret:Reisyan Angkrék bulan marakbak bodas mapaés rohangan tengah. Unggal poé ditatap diusap jadi batur ngobrol, tempat mi- radu mun haté keur sumedeng ringrang. Sok rajeun nyoréang ka tukang, mangsa hirup paduduan, genep taun kaliwat. .......................................................... 22 Kanikir Dipipir Pasir Panata Rias & Raksukan: Sanggar Ayu Busana (Galery Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9 Ujungberung – Bandung Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408
  • 4.
    Nu Harayang JadiGuru T ina 585.789 lulusan SMA/SMK anu marilu kana Seleksi Bersama Masuk Per- guruan Tinggi Negeri (SBMPTN) taun 2013 aya 407.000 atawa 69,4 persen anu daftarna milih program studi di lembaga pendidik lembaga kependidikan. Cenah taun ayeuna ngajaul pisan mun dibandingkeun jeung taun tukang. Harita mah nu daftarna ka program studi éta téh ngan aya 350.000 jelema. Ku naon pangna taun ieu leuwih loba anu marilih program studi kependidikan? Tangtu lantaran jadi guru ayeuna geus matak kabita. Nasib guru anu dina taun-taun tukang sok dibasakeun pahlawan tanpa tanda jasa, ayeuna mah geus jauh leuwih alus batan harita. Per- hatian pamaréntah kana nasib guru, geus leuwih alus batan nu ka tukang-tukang. Komo sanggeus aya sertifikasi mah, gajih guru téh geus bisa diandelkeun. Malah punjul batan PNS umumna. Nu matak meujeuhna lamun lulusan SMA/SMK loba anu kabita harayang jadi guru. Tujuanana ayeuna mah jadi guru téh geus lain ngan sakadar pengabdian tapi lan- taran geus bisa dipaké jaminan pikeun udagan hirup. Tangtu wé saréréa kudu ngarasa bungah pangajén ka guru geus batan sakitu. Perjoangan para guru geus meunang pangbagéa ti pamaréntah saperti ayeuna. Papadaning kitu, lain hartina geus sagalana sampurna. Lamun urang ngabandungan kaayaan dunya pen- didikan ka urang dina jero sapuluh atawa limabelas taun kadieuna- keun, apan teu kurang-kurang aksi guru anu meredih sangkan pamaréntah ngabebenah deui kawijakanana dina widang pen- didikan. Ayeuna mah pameredih guru téh geus leuwih lega batan anu patalina jeung nasibna sorangan. Dina bulan-bulan ieu urang saréréa keur nyanghareupan urusan anu henteu bisa dianggap énténg, nyaéta patalina jeung Kurikulum 2013. Sanajan réaksi ti masarakat loba anu cangcaya éta kurikulum bakal leuwih alus batan anu enggeus-enggeus, tapi pamaréntah keukeuh kudu mimiti taun ieu. Teu meunang diengkékeun deui. Salasahiji anu geus dipajuna nyaéta ngalatih guru supaya meunang sértifikat jadi instruktur guru nasio- nal. Ti dituna mah lantaran pamaréntah sorangan sadar pisan yén Kurikulum 2013 téh béda jeung kurikulum nu enggeus-enggeus. Naon nu aya dina éta kurikulum kudu dilatihkeun heula ka guruna saméméh ditepikeun ka murid téh. Tah tina hasil pelatihan instruk- tur guru nasional téa, tina 542 jelema anu geus dilatih, aya 124 atawa 23 persén anu teu lulus. Naha bangga kitu materi anu dipaké latihanana téh? Mun anu teu lulus- na aya nepi ka ampir saparapatna, hartina hasilna téh beunang disebutkeun henteu nyugemakeun. Mentri Pendidikan dan Kebudayaan M Nuh kalawan tandes nétélakeun yén tina hasil latihan téa anu pang- mojéjrétna téh cenah widang pemahaman kurikulum. Tangtu para guru, babakuna anu geus marilu latihan téa, anu apal lebah mana héngkérna. Bisa jadi lain ku lantaran éta téh kurikulum anyar, tapi boa nyampak dina kapa- sitas guru umumna. Anu marilu kana pelatihan téa, cenah geus diséléksi heula. Hartina henteu asal guru anu diilukeun kana pelatihan téh. Cacak geus diséléksi heula hasilna batan sakitu. Komo deui lamun henteu dipilih heula. Ngeunaan kapasitas guru anu saperti kitu sabenerna geus ditaksir ti anggalna. Salasahiji alesan anu teu satuju Kurikulum 2013 diajar- keun taun ieu ogé apan di dinya nyokona téh. Komo deui lamun nga- bandingkeun kapasitas guru nu aya di Pulo Jawa jeung nu aya di NTT atawa di Papua. Mangkaning, Kurikulum 2013 téh bakal langsung dipraktékkeun di sakumna sakola, sanajan dina taun ieu mah dipilihan kénéh. Sigana bakal jadi catetan saterusna, kudu kumaha matéakeun dunya pendidikan di urang nepi ka hasilna optimal. Ganjorna kaayaan guru, jeung sakola, di sakuliah nagara apan geus kabuktian henteu bisa dibebenah gancang-gancang. Lamun kaayaan nu saperti kitu hen- teu disanghareupan kalawan daria, bisa dipastikeun beuki ditu ganjor- na bakal beuki jauh. Lamun ayeuna minat lulusan SMA/SMK beuki loba anu harayang jadi guru, kadé kudu disanghareu- pan kalawan ati-ati. Ulah nepi ka harepan nu sakitu gedéna, dina derna kalah sulaya. Ti ayeuna kénéh pamaréntah kudu geus tatan-tatan nyadiakeun sagala rupa sarana, ulah ditungguan éksésna. AM Manglé 2434 3
  • 5.
    4 Manglé 2434 DioméanLantaran Rék Lebaran Sampurasun! Damang Nyi Manglé? Punten ngiring ngintun serat, wiréh aya usul ka pa- maréntah sangkan leres- leres damel dina ngabebenah sarana jalan. Komo deui dina mapag lebaran mah, jalan teh leres-leres jadi pangabutuh keur patalimarga. Saperti budaya mudik, geus pasti sarana jalan jadi masalah. Upama waé, pamarentah henteu ngalereskeun sababaraha jalan nu ngaruksak, hartina henteu mampuh ngajalankeun pamaréntahanana. Tah, saperti ka jalur kidul Pangandaran, apan sakitu ruksak parna. Pada- hal éta téh ka jalur pari- wisata, jalur nu piduiteun wungkul jang nambahan devisa nagara. Ku kituna, simkuring usul ka pamaren- tah sangkan dimaksimal- keun ngawangun sarana jalan ka jalur Pangandaran. Mémang ayeuna keur jalan, tapi ku cara nyedekkeun ka lebaran, meureunan ngerja- keunana ogé rurusuhan. Tah taun-taun engké mah ulah kitu, kudu ti anggalna kénéh. Nuhun. Asep Hasan Cijulang Bandung WAWARAN Dina mayunan Boboran Siam 1434 H (Lebaran), medalna Majalah MANGLE aya parobihan. Dina sasih Agustus 2013, nu kedahna 5 (lima) nomer, janten 4 (opat) nomer. Parobihanana, nyaéta: 1. Edisi Mapag Lebaran, No. 2435, medal saperti biasa. 2. Edisi Lebaran No. 2436, Manglé medal janten dinten Salasa, 1 Agustus 2013. 3. Kemis, ping 8 Agustus 2013, Manglé henteu medal. 4. Manglé 2437, medal deui Kemis 15 Agustus 2013 sareng saterasna sakumaha biasa Sakitu wawaran parobihan medal Manglé. Mugia ka uninga ku sadayana. Bandung, 10 Juli 2013 Redaksi
  • 6.
    Manglé 2434 5 N ITÉNANriwayat hirup sawatara inohong Sunda, pangpangna ngeunaan ketak politikna, tétéla pisan teu sarupa. Rupa-rupa, béda-béda. Aya nu ketak politikna panjang, tapi réa ogé anu pondok. Geus meujeuhna urang sacara ilmiah nyusun prototype ketak politik masing-masing inohong Sunda malar urang meunang gambaran anu tétéla lebah mana “benerna” jeung pale- bah mana “salahna”. “Bener” atawa “salah” téh diukur tina panjang pondokna lalakon politik éta inohong. Éta prototype- prototype téa sina dipaké modél ku para nonoman Sunda anu hayang ancrub kana dunya politik pikeun nyonto ketak politik para inohong Sunda saheulaeunana. Inohong-inohong Sunda anu baheula ancrub kana kagiatan politik nasional, rata-rata mah nyongcolang. Tapi aya nu terus nyongcolang nepi ka tungtung, tapi ogé teu kurang-kurang anu karir politikna peunggas di perjalanan. Kurang kumaha gedéna jasa Oto Iskandar Di Nata eng- goning ngadegkeun ieu nagara. Apan nya Oto Iskandar Di Nata anu ngusulkeun sangkan Soekarno jadi Presiden RI jeung Moh. Hatta jadi wakilna téh. Tur éta usul digugu ku saréréa. Taya nu nentang. Hartina, dina dunya politik nasional mah ngaran Oto téh dipiajrih, tur Otona sora- ngan dipikasérab. Teu cukup ukur ku kitu. Basa Oto ngusulkeun malar kecap “Merdéka” dipake “yel” kamerdekaan, apan taya saurang oge nu mungpang. Nepi ka kiwari éta yél téh dipaké kénéh. Anu kudu dititénan sara ilmiah téh naon sababna Oto Iskandar Di Nata anu sakitu gedé jasana ka nagara téh bet di- telasan. Nepi ka kwari urang teu manggih raratan naha ditelasanana Oto di basisir Mauk téh ku pihak rejim harita atawa ku anu ngéwa ka rejim. Nepi ka kiwari, pihak mana anu nelasan Oto téh peteng lir peu- ting nu poék-mongkléng. Tapi, upama urang maluruh ketak politikna sacara ilmiah mah asa moal peteng-peteng teu- ing. Taangtu teu matak susah upama urang nalungtik ketak politik Pa Oto ti awal ancrub kana kahirupan politik nasio- nal nepi ka ahir. Tangtu baris bisa di- talungtik, ketak politik nu mana anu matak ngajaheutkeun manah, atawa matak nimbulkeun rasa curiga pihak lian. Bisa jadi éta pihak lian téh réjim nu keur kawasa harita, atawa bisa jadi di luar réjim anu nganggap Oto téh mangrupa haha- lang ka maranéhna nu niat ngagulingkeun réjim nu keur kawasa. Boh ti pihak réjim, boh ti pihak saluareun réjim anu nelasan Oto, duanana gé baris kaharti sacara ilmiah. Kapan ketak politik urang Sunda dina lapak nasional téh hayang manjang, ulah ngan ukur sausum. Kapan aya urang Sunda nu kunsgi jadi wakil présiden, nyaéta Umar Wirahadikusumah. Tapi apan ana écag tina kalungguhan waprés téh Umar mah henteu kacaturkeun deui ketak politikna sacara nasional. Nya kitu deui pikeun étnis Sunda, taya saurang ogé inohong Sunda nu kapilih jadi waprés sabada Umar Wirahadikusumah. Kabéja- keun majar jenengna Umar jadi waprés téh henteu karasa mangpaatna keur urang Sunda, dalah keur urang Siturajana sora- ngan. Éta ogé kawasna mangrupa salah sahiji anasir nu ngalantarankeun ketak politik Umar Wirahadikusumah lekasan sabada teu jadi waprés. Kasalahanana téh meureun tétéla ku lantaran keur jenengna teu karasa mangpaatna keur étnis Sunda. Ku lantaran teu karasa, atuh nya kaharti upama taya nu ngadukung. Hartina, upama aya nonoman Sunda anu ketak politikna hayang lana, salah sahiji carana téh nya kudu ulah poho ka bali geusan ngajadi. Aya deui salah saurang inohong Sunda anu ketak politikna bisa dipaké bahan pikeun diajar. Dina ketak politikna, ieu inohong Sunda téh mibanda prototype mandiri anu éstuning béda ti batur. Éta inohong Sunda téh nyaéta Tjétjé Hidayat Padmadinata, nu ku saréréa sok pada nyarebut Kang Tjétjé. Naon “salahna” Kang Tjétjé lebah ketak politikna nepi ka teu parok jeung haté rejim anu keur kawasa. Ku saban rejim nu keur kawasa, Kang Tjétjé mah teu weléh dibérok waé. Ku Orde Lama dipanjara, ku Orde Baru dihukum. Ku Orde Reformasi kiwari Kang Tjetje mah “ukur” jadi politisi nu dipikasieun, alatan tarik kritikna. Anu kawilang kontradiksi jeung Kang Tjétjé katut inohong-inohong Sunda lianna, nyaéta Ginandjar Kartasasmita. Éta inohong Sunda téh henteu weléh dipikaresep ku saban rejim. Copelna ku rejim Orde Baru Soeharto jeung rejim Reformasi SBY. Di éta dua réjim anu garis politikna tojaiah téh Ginandjar mah teu weléh kapaké. Basa Soharto keur jeneng, apan Ginandjar mah teu weléh kapaké waé. Saban Soeharto nyieun cabinét, ngaran Ginandjar mah henteu weléh aya waé. Nya kitu deui dina jaman réformasi. Ku SBY nu keur kawasa, apan Ginandjar mah diangkat jadi salah saurang anggota Déwan Pertimbangan Présidén (Wantim- prés). Atuh saméméh éta, apan kungsi je- neng jadi anggota Déwan Perwakilan Daérah (DPD) wawakil ti Jawa Barat. Naon sababna pang Ginandjar teu weléh “salamet” waé, tug teu weléh kapaké ku saban rejim, nepi ka tara kaluar tina orbit kakawasaan, tangtu kudu dipaluruh sacara ilmiah. Naon “kiat-kiat”politikna pangna Ginandjar bisa kitu. Kumaha ketak politikna pang Ginandjar teu weléh kapaké waé téh. Kawasna geus meujeuhna pisan upama para nonoman Sunda di- wanohkeun kana ketak politik masing- masing inohong Sunda. Keun maranéhna sina milih rék nurutan prototype anu mana. Tangtu merenah pisan saupama sacara ilmiah diwanohkeun Biografi Poli- tis Para Tokoh Sunda. Saha nu rék mitembeyan? *** DI KIWARI MACA BIHARI (10) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Lalakon-lalakon Inohong Sunda
  • 7.
    B atu turun keusiknaék, ceuk paribasa gé. Tepungna pakarepan masing-masing pihak, kudu kawas kitu. “Ulah pakia-kia! Atuh, mun dina ngungkulan masalah ge, ulah nimbulkeun pasualan atawa masalah anyar,” ceuk Dr. Ir. H. Ju- niarso Ridwan, SH., MH. M. Si., budayawan nu dumuk di Bandung. Ku lantaran kitu, ceuk Kang Yuni (kitu katelahna), pamingpin kudu getol silaturahmi ka handap. Nalingakeun kahirupan masarakat sarta neuleuman kereteg haté masarakat. Tah, nu kawas kitu, cenah, nu dipikabutuh ku masarakat mah. “Cindekna, kedah ngarampa kereteg haté masarakat,” pokna. Kitu deui nu tumali jeung pang- wangunan pisik, saperti sarana jeung prasarana, ceuk ieu Dosen Pasca Sarjana Universistas Islam (Unisba) Bandung, sawadina ogé kudu dumasar kana tinimbangan dangka panjang. Contona, ngababenah jalan, ogé kudu jeung tinimbangan ‘daya tampung’ kandaraan di hiji tempat. “Ayeuna kajantenan, lobana kandaran ti Jakarta ka Bandung, lantaran ayana tol Cipularang, balukar sejenna apan kota Badung jadi macet ku kandaraan,” pokna mere conto. Dina nitenan kahirupan kiwari, Kang Yuni gé teu meungpeun carang. Memang nembrak kasak- sén ku balaréa, yen loba pihak nu geus ‘horéam’ ngabandungan pasualan pulitik. Ngan, kaayaan kitu teh, teu hadé diantep, lantaran kangaranan kahirupan kanagaraan mah, moal tuna tina pasualan puli- tik. Hartina, daék teu daék sasaha gé, kaasup masarakat kubra, kudu engeuh kana kahirupan pulitik. Upama loba pihak nu teu ‘kataji’ ku pulitik ogé sawadina jadi bahan tinimbangan para pulitisi nu an- crub dina partey. Lantaran, samistina mah, partey pulitik téh ngatik masarakat sangkan ngarti jeung engeuh kana pulitik. Carana, nya ku mindeng silaturahmi antara masarakat jeung pangurus partey pultik. Kitu ceuk pamanggih Ju- niarso Ridwan mah. 6 Manglé 2434 Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH.,MH.,M.Si., Dosen Unisba Bandung Pamingpin Kudu Ngarampa Kereteg Haté Masarakat Nu diasongkeun ku pamingpin, can tangtu kalandep ku masarakat. Ku lantaran kituna, program nu baris dilaksanakeun ku pamingpin gé kudu dumasar kana kabutuh masarakat. Kitu ceuk Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si. ***
  • 8.
    Manglé 2434 7 Ceuktilikan Kang Yuni, masarakat kiwari, teu gampang karampa kahayangna. Da, bisa jadi rupa-rupa kahayang jeung impianana. Ngan, ku cara remen silih kolongan kahayang, teu mus- tahil ‘patepungna’ harepan masarakt jeung nu bisa nangtukeun kawijakan. Dina mangsa pamingpin ditangtukeun ku sora masarakat, ceuk ieu Ketua Partai Amanat Nasional (PAN) Kota Bandung téh, memang masarakat kudu ‘cerdas’ milih pamingpinna. Mun ceuk kekecapan kolot mah, kudu asak- asak ngejo bisi tutung tambagana! Hartina, ceuk Kang Yuni, nu kapilih teh sawadina nu apal kana kahayang masarakatna, ogé apal kana wewengkon nu dipingpinna. “Kedah nu ngartos kana pasualan anu nuju disanghareupan, sarta mampuh maparin solusi kanggo ngungkulanana,” pokna. Juniarso nu kapapancenan jadi calon legislatif ku parteyna keur DPR RI, boga pamanggih, masing- masing partey kudu bener-bener ngutus calon nu panghadéna di masing-masing daérah. Lantaran, pangwangunan nu samistina di- garap di daérah, saperti di kabu- paten/kota, kudu sareundeuk saigel boh jeung propinsi boh jeung pamaréntah puseur. “Nu misti nataharkeun para calon legislatif kalayan daria di sakumna tingkatan teh partey pulitik,” ceuk Kang Yuni. Pangrojong Legislatif Pangwangunan nu dilaksana- keun ku eksekutif (rengerengan presiden/gupernur/walikota/bu- pati), kudu bener-bener keur kabu- tuh masarakat. Nya di dieu, pancen gawe legislatif teh, luyu jeung pungsina, nyieun aturan, ngontrol, jeung nganggarkeun waragad, demi kapentingan masarakat. Hartina, kalungguhan wawakil rahayat saperti kitu, sawadina jadi kakua- tan keur masing-masing anggota dewan. Pakakas nu tilu rupa bieu, bisa mangpaat keur balaréa, upama para anggota dewan boga karép jeung kamampuhan ngalaksana- keun pungsina tea. “Kakuatan leg- islatif bakal gumantung kana kamampuhan pribadi-pribadina,” ceuk Juniarso Ridwan. Tumali jeung kakuatan legis- latif, Ir. H. Sjamsuridjal, M.M., Di- rektur Eksekutif Amal Salaman ITB, boga pamanggih, sakuduna legislatif mampuh ngontrol gara- pan gawé eksekutif. Contona, cenah, waktu gupernur kompanye apan loba jangji nu ditepikeun ka masarakat. Atuh, satutas mancen gawé, samistina éta jangji téh ditedunan. Ngan, tangtu rahayat najan boga hak nagih jangji, tetep moal ‘peurahan’ lantaran teu bisa maksa ka eksekutif. “Pancen nepikeun kereteg haté masarakat, samistina ditepikeun ku anggota dewan,” pokna. Ku lantaran kitu, ceuk H. Sjam- surdjal nu oge aktif di partey puli- tik, sawadina masarakat gé dina nangtukeun anggota dewan téh kudu asak tinimbangan. “Upama salah milih, apan rahayat kénéh nu rugi,” pokna tandes. H. Ridjal percaya, kakuatan eksekutif nu ditalingakeun ku leg- islatif, bakal mawa mangpaatna keur balaréa. Anggota dewan nu jadi wawakil masarakat, kudu e- ngeuh jeung apal kana kabutuh masarakatna. Eta kabutuh, saterusna dilaksanakeun ku ekse- kutif kalayan kontrol legislatif. Jawa Barat, ceuk panitenan Rid- jal, bisa leuwih maju. Kitu téh, lan- taran poténsi nyampak, pangpangna sumber daya manusa. Ngan, cenah, memang nu boga karep milu matéahkeun Jawa Barat gé teu gampang, lantaran loba keneh masarakat nu daek mamrih nu saharitaeun. “Padahal, upama hayang boga pamingpn nu masla- hat keur balaréa, nu pangpentingna mah, tinimbangan kamampuhan masing-masing calon pamingpin téa,” ceuk ieu alumni ITB téh neundeun harepan. *** (Ensa) Ir. H. Sjamsuridjal, MM., direktur eksekutif Rumah Amal Salman ITB Kota-kota tatar Jaban loba keneh nu kudu dibebenah
  • 9.
    8 D ina dekade 70-an,lagu ‘Hamdan’ nu disanggi ku Mang Koko tina rumpaka karya RAF teu wudu jadi lagu popu- lér dina mangsa harita. Dalah tug tepi ka kiwari éta lagu téh sok kapireng kénéh padangahariring- keun. Lagu ‘Hamdan’ kaitung leuwih populér batan lagu ‘Solawat Bani Hasyim’ jeung lagu ‘Al Iman’ (lagu Mang Koko, rumpaka RAF). Béh dieuna mindeng kapireng aya lagu ‘Demi Waktu’ jeung ‘Balitu- ngan’ karya Atang Warsita jeung lagu ‘Du’a’ karya Nano S. Pon kitu deui Yus Wiradiredja nu nyanggi lagu-lagu islami nu diwadahan dina label Ath-Thawaf. Iwal ti Mang Koko, Atang jeung Nano dina nyanggi lagu islami masih kénéh kaitung ku ramo. Yus leuwih réa batan Nano jeung Atang. Atuh dina nyanggi laguna, pangpangna boh Atang boh Nano gedé pisan kakalangkangan ku konsép Mang Koko. Dina awal dekade 90-an, kakara muncul warna séjén dina ngaracik lagu Sunda Islami. Ieu sanggian téh medal dina warna pop. Diluluguan ku Ubun Kubarsah jeung Gun Gu- nawi ti Dasentra. Dimuat dina album ‘Bulan Suci’, dihaleuangkeun ku Nanang Kosim jeung Lala Yulia- ra. Kungsi geunjleung tepi ka saparat taun 90-an mah. Horéng Ubun mah manjang Ubun Kubarsah, nu boga gagasan pagelaran Lagu Sunda Islami Geus lawas teuing masarakat Sunda teu bogaeun lagu Islami. Ti jaman Mang Koko nu nyanggi lagu tina rumpaka RAF, ti dinya mah plengles baé komposer anu mibanda konsép nu panceg lebah nyanggi lagu-lagu sunda islami téh. Aya éta gé nu sok rajeun daria nyanggi lagu-lagu islami, ngan baé ukur hiji dua. Rita Tila, juru kawih kamashur
  • 10.
    Manglé 2434 9 neuleumannyanggi jeung ngaracik lagu-lagu islami téh. Dina pertenga- han taun 90-an, Ubun ngainterpre- tasi lagu-lagu solawat ku idiom-idiom galindeng Sunda. Genah kacida, da puguh masarakat Sunda leuwih ngarasa mibanda galindeng solawat nu diracik tina motif-motif laras Sunda, pang- pangna laras madenda. Haleuang galindeng ‘Solawat Badar’-na kungsi kapireng dihaleuangkeun ku Chrisye. Dina dekade 90-an kénéh galindeng solawat racikan Ubun kungsi diaubkeun dina pagelaran ‘Mega Solawat’ di salah sahiji sta- siun swasta nasional. Nu nga- haleuangna Nénéng Dinar jeng Yus Wiradiredja. Atuh dina ruas taun 2000-2010, Ubun ngotrétkeun racikan lagu nu matak geunjleung, ‘Bandungan’. Lagu ‘Sakaratul Maot’ jeung ‘Tanceb Kayon’ minangka conto lagu dina wanda ‘Bandungan’ nu mibanda téma islami. Éta lagu nu dua, rumpakana ditulis ku Ganjar Kur- nia. Dina taun 2008, Ubun gé ngaracik lagu cianjuran gaya anyar. Di dinya aya lagu ‘Amanah’ (lagu poko) jeung lagu ‘Mustika Katulis- tiwa’ (lagu panambih). Rumpakana ditulis ku Zahir Zahri. Atuh dina dua taun katompérnakeun, Ubun mang- gihan deui komposisi musikal anyar ‘kacapi harmonia’, paheuyeuk- heuyeuk jeung musisi Yadi ‘Piteuk’ Cahyadi. Tayohna enya, Ubun manggihan formula nu nenggang tur weweg lebah nyanggi lagu nya dina wanda ‘Bandngan’. Ti dinya murudul lagu- lagu anyar, pangpangna nu dipatali- keun jeung lagu-lagu nu mibanda napas islami, sakumaha nu kapalu- ruh dina periode album ‘Syair keur Syiar’, ‘Cisoca Singa Sahara’, jeung ‘Kasidah Sunda Islami’. Mun téa di- jumlah-jamléh, lagu-lagu sunda is- lami sanggian Ubun (dina pirang-pirang wanda), moal kurang ti 60 (genep puluh). Cék taksiran, ieu jumlah téh can kapanggih di juru sanggi nu séjén. Lagu Islami jeung Puasa Tina sakitu judul lagu-lagu Sunda islami sanggian Ubun, baris diala 13 (tilubelas) lagu baé pikeun dipagelarkeun dina ‘Féstival Lagu Sunda Islami’, tanggal 19 Juli 2013, di Aula Grha Sanusi Hardjadinata Kampus Universitas Padjadjaran, Jl. Dipatiukur 35 Bandung. Éta lagu nu tilubelas téh baris dihaleuangkeun ku Rita Tila, Rosyanti, jeung sawatara kelompok penyanyi ti Pasantrén Al Falah Cicaléngka, Pasantrén Baitul Arqom Pacét Ciparay, Mahasiswa UPI Bandung, jeung mahasiswa UIN Sunan Gunung Djati. Diwewegan ku para jurukawih petingan ti Sumedang, Garut, Cianjur, jeung Bandung Barat. Pagelaran garapan Dasentra pingpinan Ubun Kubarsah nu dideudeul ku Disparbud Propinsi Jawa Barat katut Kementrian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif téh katoong pirongkaheunana. Tuda penyanyina baé teu kurang ti 60 urangna. Ditambahan ku para mu- sisi ti grup Harmonia pingpinan Yadi ‘Piteuk’ Cahyadi, gitar klasikal Gun Gunawi, keyboard Sukma Kusumah, sun-chen Sisca, kacapi Ade Suparman, jeung bangsing Asép Aung. Difasilitasan ku pihak Unpad minangka agénda maneuh bulanan, dina raraga ngeusian acara syiar bulan suci romadon. Cara dina garapan pagelaran nu enggeus-enggeus, Ubun bangun mi- harep aya modél pagelaran anu daria bari diwewegan ku konsép anu pepel. Aya tilu lagu anu syairna nga- haja nguyang ka panyajak kahot H. Usep Romli HM (‘Anjeun Nu Maha’ jeung ‘Sarébu Bulan’) jeung Acép Zamzam Noor (‘Kiblat Kuring’). Tina syair jadi lagu téh digarap ku Ubun kalawan daria dina jero sabu- lan. Dipirig ku kacapi harmonia racikan Yadi Piteuk, teu wudu ngu- niangkeun harmonisasi lagu nu po- hara éndahna. Dirékam dina sababaraha shif di Studio STSI. Éta lagu nu tilu téh salah sahijina baris dihaleuangkeun ku penyanyi mashur Rita Tila. Nu matak jadi ahéng deui téh, aya lagu nu euyeub ku motif galin- deng Sunda nu engkéna baris di- haleuangkeun ku penyanyi wedalan pasantrén. Ieu tarékah téh, cék Ubun, pikeun nguniangkeun warna séjén tur anyar; galindeng Sunda sina awor pagalo jeung galindeng kuro. Cara nu kungsi kapireng dina lagu kasidah Sunda pop sanggian Ubun nu dihaleuangkeun ku Nanang Kosim dina awal taun 90-an téa. Sageuy teu matak sieup. Pidangan ‘Festival Lagu Sunda Islami’ nu bakal dipagelarkeun sabada tarawéh téh baris dipungkas ku ngahaleuangkeun lagu ‘Ham- pura’ babarengan (sakumna penyanyi), diwuwuh ku crew bari umajak ka sakumna hadirin. Netenggeran yén dina bulan suci téh gedé pisan barokahna dipaké média silaturahmi.**** (dian héndrayana) Kacapian Harmonia Pingpinan Yadi Piteuk
  • 11.
    10 Manglé 2434 Bagian 167 Peutingka-181 Syahrazad neruskeun dongengna. Nyaritakeun lalakon Dahnasy nu tas sasabaan ka nagri manusa. “Nembe teh tas ti nagri nu kacida legana,” ceuk ieu jin lalakina teh muka carita. Di lebah nagri nu kacida legana, ceuk Danasyi, dirina turun ka bumi. Terus leuleumpa- ngan ngadedengekeun caritaan urang lembur. Apal weh, horeng eta teh karajaan nu dipingpin ku jelema nu teu dipkaresep rahayatna. Karajaanana mah beunghar kacida, malah raja teh boga istna nepi ka tujuh. Nu cadi kembang carita eta nagri, lain kabeungharanana. Tapi, putri raja nu sohor kageulisanana. Katelah- na Putri Budur. Ku geulis-geulisna, Dah- nasyi ge teu bisa ngagambarkeun kaendahanana. Nu tetela, nu teu weleh nyangkaruk dina ingetanana, buukna nu hideng meles tur gom- plok, kulit beungeutna bodas beresih semu- semu beureum. Panonna boborelakan lir mutiara. Gular-gilerna hihideung panon lir borelakna inten nu ka- tojo panon poe. Cindek- na, nilik kana rurupanana, teu matak bosen ningali, malah matak moho anu nenjo. Sorana halimpu. Matak genah kadengena. Mun cacaritaana antara kalayan netes, tetela maksuda. Kitu teh, ceuk Dahnasy gamabaran eta purti memang pinuh ku pangarti. Satrusna, ieu jin teh bruk-brak. Cenah, gam- baran kaendahan jeung kageulisan eta putri teh estu nenggang ti sasamana, malah asup kana susah keur nga- banding-bandingna. Da, memang cenah, eta putri teh hese digamabrakeun- ana ku kekecapan. Peuting ka-182 “Ari pangna rahayat teu resepeun kana paripolah rajana, kumaha?” ceuk Maimu- nah semu panasaran. Dahnasyi nyarita deui. Raja teh bengis naker. Saha wae nu teu dipikaresep ku dirina, bisa nandangan mamala. Hukumanana tara jeung ijiran, lantaran ukur du- masar kana tinimbangan pribadina. Raja Gayur, kitu katelahna. Eta teh raja gagah kacida. Loba nu gimireun ku kakara ngadenge ngaranna oge. Watekna, taya kasugema. Karajanana nu geus saki- tu legana teh hayoh we ditamabahan ku cara naluk-nalukeun karajaan sabudeureunana. Ku cara kitu, eta raja teh beuki beunghar sarta kacida kasohorna. Najan kaasupna raja bengis, ka anakna mah, ka putri tea, nyaaheun naker. Sagala rupa kabutuhanana dicumpo- nan. Malah, naon wae nu sakira-kirana pibunga- heun anak, tangtu di- pilampah. Malah, keur nyenangkeun hate anak, Raja Gayur ge nyieun tujuh kaputren di tem- pat-temap anu beda. Eta tempat putri mewah naker. Dijieun tina rupa-rupa bahan anu kacida mahalna. Tujuh kaputren teh, di- jieun tina rupa-rupa barang anu beda. Aya nu dijieun tina emas, batu, permata, jeung sajabana. Tujuh kaputren tea, ditempatanan mah ukur tujuh taun sakali. Da, sa- taun teh cicing di hiji ka- putren. Kakara mulang deui ka tempat mimiti snaggeus nyorang taun ka dalapan. Kageulisan putri, tangtu we jadi kembang
  • 12.
    Manglé 2434 11 caritaka jauhna. Loba lalaki nu panasaran hayang nyaho di kieuna. Atuh, sohorna teh beuki lila beuki namabahan. Nya ku lantaran kitu deuih jadi loba lalaki nu ngimpikeun hayang ngawnagun rumah tangga jeung eta putri. Ku lantaran kalung- guhan eta putri sakitu luhurna, nu wani nga- lamar ge tangtu we lain jalma jore-jore. Lolobana mah para raja jeung pangeran pirajaeun. Ngan, najan loba nu ngalamar putri teh tetep nolak. Raja mimitina mah teu bingung. Ukur nganggap meuereun can waktuna hayang rimbi- tan. Tapi, sanggeus mangtaun-taun angger wae, sarta loba lalaki nu ditolak sapajodogan, raja ge jadi hariwang. “Naon pangna hidep nolak laki-rabi?” ceuk raja. Putri ngahuleng sajongjongan. Geus kitu, paralak nyarita tatag naker. Cenah, dirina teh boga karep jadi ratu nu mingpin umat manusa. Ku lantaran kitu, teu mungkin dirina diping- pin ku nu sejen kaasup ku lalaki. Najan putri nolak, tetep we loba nu ngala- mar. Kahyang nu ngala- mar, memang teu togmol ditepikeun ka putri raja, tapi ka kolotna ka Raja Gayur. Pipikiran raja teu weleh bingung. Lain teu satuju kana kahayang anak jadi raja disatung- kebing jagat, da kana karep kitu mah satuju pisan. Ngan, ceuk pikirna, tetep we awewe mah kudu boga salaki. Malah, dirina teh mi- harep pisan boga turu- nan nu dirundaykeun tina rahim putri kameumeutna. Ngabandungan pasi- patan putri kitu, raja teh bingung. Ngan, da teu bisa majar kumaha. Teu bisa maksa kana pakarepan anakna. Malah, raja teh ngara paur bisi enya putri tega kana pati luluasan mungaks lalakon hirup. Apan, pokna ge upama raja tetep maksa dirina kudu ngawangun rumah tangga, kajeun rek nelasan maneh! Ti mimiti harita, raja marentahkeun balad- baladna sina nalinga- keun eta putri. Malah, ahirna mah, eta putri teh teu meunang ka mana- mana, kudu tetep di lingkungan kaputren kalayan pangawalana nu kacida kuatna. Ku lantaran kaguelisanana, ceuk Dahnasyi, dirina ge saban peuting ngalanglangan kaputren tempat Putri Budur. Ki- tuna teh, lantaran kasengsrem hayang nempo kageulisan eta putri. Ngadenge caritaan Dahnasy kitu, Maimunah ukur mesem. Dirina mah bangun teu kataji ku caritaan eta jin teh. Cenah, moal enya aya awewe geulis-geulis teu- ing saperti nu dicarita- keun ku eta jin. “Najan enya geulis, ceuk pikir kaula, moal kurup ari kana kakasepan anak raja mah,” ceuk Maimunah. Nu dimaksud anak raja ku eta jin teh, taya lian ti putra Raja Syahraman tea nu keur diberok di panajara. “Naha ku naon kitu eta putra raja teh?” Maimunah nete- lakeun. Cenah, nu karandapan ku eta lalaki teh teu beda ti nu ka- alaman ku Putri Budur. Cindekna mah, pada- pada nolak waktu kolotna nitah ngawangun rumah tangga. *** (Hanca)
  • 13.
    12 Manglé 2434 A riindung Ujang Kusén, bubuhan pada ngabeberah, lila-lila nya lipur, kari pasrahna. Tuluyna mah Nyi Haji nya cara salakina baé tirakat napakuran anak. Hiji mangsa, mun poho téa mah Ki Haji jeung Nyi Haji keur meujeuhna popohona ka anak di pangbuangan, bet jol Ki Asta, upas kabupaten, ngiwir- ngiwir surat ti kantor cenah. Ku Haji Samsudin ditampa- nan bari dialak-ilik, da maca mah teu bisa, bisa sotéh aksara nu ditulisna ti katuhu ka kénca. “Surat naon cenah, Asta?” ceuk Haji Samsudin bari sorana rada ngepér, reuwas, ma’lum atuh jaman harita mah mun aya jalma partikulir narima surat ti kantor téh, leuh, matak geumpeur enyaan, sabab biasa- na sok aya urusan bangga. Asta: “Dawuhan Juragan Mantri mah serat ti tuang putra , ti Surabaya.” “Ti Surabaya?” cék Haji Samsudi jeung bojona mani bareng. “Kumaha badaratna saur Juragan Mantri?” “Duka teuing,” walon Asta, “malah kukupingan téh kawitna mah Juragan Haji badé dihaturanan ka kantor, nanging timbalan Juragan Patih bilih matak ngabarubahkeun, nya la- jeng miwarang disanggakeun baé ku abdi.” “Heueuh, jung atuh bisi manéh rék balik deui mah, kop tah keur meuli bako!” cék Ki Haji bari ngagolérkeun bénggol opat siki ka hareupeun Upas Asta. Nu “Diawur duit” haripeut pisan ngarawuna bawaning ku atoh, boga keur meuli bako satengah bulaneun, mani dodongkoan nganuhunkeun bari pamitan. “Surat naon cenah, anjeun- na?” cék Nyi Haji geus teu sabar. “Boa Si Ujang geus teu aya dikieuna.” “Ih, Ibuna mah sagala téh ngan sok diudagkeun kana pangganggeusan baé!” walon salakina bari memener dastar. “Anggur prak-prak dangdan, urang ka Mas Tanu ménta pangmacakeun surat,” bari ngagero ti panto tukang: “Jamil, Jamil, béjakeun ka Si Asan, masang bendi kituh! Teu kudu mawa lopor.” Teu lila Haji Samsudin kadua pamajikanana geus an- jeucleu dina bendi, dikusiran ku Asan ngajugjug imah Mas Tanu, pokrol di Pasirkaliki. Kudana ditegarkeun awahing hayang geura datang. Mas Tanu kadatangan dedengkot pasar téh geus rebéh-rebéh baé irungna, sabab biasana talenan opat baé mah moal teu digolérkeun. Bari memener bendo perekos cakah- cikih ngampar samak jeung ngageroan pamajikanana nitah ngaku sémah. “Lah, keu baé Ki Mas!” cék Nyi Haji, “Aceuk téh puguh keur rusuh; atos baé kieu, ulah nyesahkeun.” “Ah, teu teusing,” cék sora awéwé di jero, mangnémbalan- keun, sihoréng bojo Mas Tanu, norojol. Geus saréréa merenah, pok Haji Samsudin ngomong: “Ieu téh, Mas, diburu gancangna baé, Akang téh kadatangan Si Asta, mawa surat ti kabupatén, magar téh ti Si Ujang di Surabaya...” “Enya, ari Aceuk, sieun surat panungtungan, amit- amit...” Nyi Haji nambalang. “Engké atuh lanan, Ibuna, saurang-saurang nyarita téh, apan ieu gé keur diterangkeun!” cék Ki Haji rada heuras, keuheul ditempas. “Tah, geus kitu, Mas, ari cara Akang mah rumasa tinemu, teu sakola ieuh, cing ieu surat pangmacakeun,” bari ngodok surat tina pésak, disodorkeun ka pokrol. Ku Mas Tanu ditampanan, dibaca alamatna basa Malayu, tetela ka Tuan Haji Samsudin, sudagar di pasar kota Bandung. Béréwék amplopna disoéh- keun. Nyi Haji mani déngdék masang ceuli, bisi aya eusi surat nu teu kadéngé. Galantang dibaca, bet basa Sunda, suratna pondok tapi tetela: Sareng Hormat, Kalayan Hibar pangdoa Ama miwah Ibu, abdi salamet. Ku kamurahan tuan sipir, abdi kawidian nyeratan. Haturkeun salam abdi ka sadaya para wargi sareng sobat-sobat; nyuhunkeun pangdo’ana, mugi Gusti Allah ngersakeun mapa- rin kaénténgan kana hukuman abdi, sareng mugi-mugi abdi dipaparin kakiatan sarta rah- mat salamina nandangan co- cobi. Ku margi keur waktos mios teu kabujeng amit-amitan, mugi ka sadaya para wargi sareng sobat-sobat pangnedakeun panghampura samukawis kalelepatan abdi, supadot ka abdi teu jadi bang- baluh batin sabot nuju prihatin. Ama-Ibu, abdi nyangga- keun pertobatan sareng nyuhunkeun pangdo’a. Bekas putra Kusén. Nyi Haji teu kawawa nahan kagagas, surat sirikna teu di- rebut tina leungeun Mas Tanu, diadekkeun kana dadana, bari ngucap sukur alhamdulillah; geus teu nolih cimata anu ti tadi diumbar, da teu kaampeuh. Ari Ki Haji, bubuhan lalaki, henteu nepi ka ceurik mah, ukur balem bari nadahkeun leungeun dua- nana, ngucap sukur ka Rabul- alamin. { 4 } Ku M.A. Salmun
  • 14.
    Manglé 2434 13 Unggalindung nu cara Nyi Haji, mo tahan cipanon, haté indung asa dijejewet, aya atoh kagagas jeung sedih, bungah campur inggis, ras anak di jauh. Kasangsaraan nyandang ranté beusi, dibui, diberok, haté indung peurih tingsérédét, seseblakan mun ka anak éling, atina ngajerit, nyambat ka Nu Agung. Nu biasana buruhan maca ukur tengahna dua siki téh, harita mah Mas Tanu nampa- nan ringgit dua, duméh Haji Samsudin keur asa kagunturan madu, nampa surat pertobat ti anakna; jeung ngabéjakeun kaayaanana salamet. Heuleut tilu poé ti harita di imah Haji Samsudin aya hajat rongkah, nu diondang jaba ti baraya-baraya, babakuna sobat-sobat Ujang Kusén; sumawonna anu kanyahoan loba, anu ngan ukur kabéja- keun wawuh munding ogé, boh bangsa urang, boh Walanda. Tionghoa atawa Arab dihaja diondang. Dina tengah-tengah ngari- ung téh, Nyi Haji –nu keukeuh peuteukeuh hayang ngayakeun riungan—ngawakilkeun ijab kabul ka Haji Bakri nu kongas bisa biantara, nerangkeun maksudna hajat, nepikeun paneda ka Ujang Kusén, ménta pangampura jeung pangdo’a saréréa. Harita mah sok sumawon- na geus aya radio atawa nyebar koran cara kiwari, patalimarga ogé seuseut seuat kénéh pisan, jadi urang Bandung teu kabéja- keun bab kajadian di Palabu- han Surabaya téh, tapi ku kaidinanana Ujang nyuratan ka kolotna ogé, pikeun jaman harita mah geus cukup geusan ngira-ngira yén Ujang Kusén di pangbuanganana tinangtu boga jasa gedé, malah teu saeutik nu boga pangira, yén hukumanana tangtu diampun ku pangagung. Ti saréngsé hajat, Nyi Haji katémbongna jiga nu rék pulih enyaan, maké daék suba-saba ka baraya-baraya nu landes; pikirana jiga lipur, teu sararumpeg cara méméh nampa surat. Surat téa sasatna dipijimat. Diteundeunna gé dina pepeten paranti ngampi- han emas-inten. Mani sirikna teu dikukusan. * Kira-kira lima genep minggu ti harita, dayeuh Ban- dung keur meujeuhna hehegar- na, pasosoré hadé poéna, tara-tara ti sasari, Nyi Haji maké hayang ngalong di panto, salakina jeung anak-anakna nu lalaki ngariung tukangeun tingkeban nu ngahaja di- ablakkeun; keur guntreng baé badami bab dagang, uplek pisan. Jol Ki Asta bareng jeung jalma teu wawuh, pupuntenan adab pisan. “Bagéa, Ki Asta,” cék Nyi Haji, “Kuring mani pangling; biasa nénjo Ki Asta dibaju hi- deung maké polét ari ieu mare- man. Aya naon?” “Dawuh Nyimas,” walon Asta, “ieu ngadeuheuskeun pun Arsali, réncang tuang putra ti Surabaya.” Nu keur beradami di tepas curinghak, jep ngaromongna areureun, malah Haji Samsudin mah nyampeurkeun bari nanya: “Ti Surabaya? Ké, ké lanan, ti Surabaya kumaha?” Asta: “Teu pindo damel, ti Surabaya. Tadi enjing dongkapna nganggo kahar pos nu ti wétan. Saparantos nawiskeun serat katerangan ka sakaut sareng ka kabupatén, teras nyuhunkeun di- anteurkeun milarian bumi Tuan Haji, margi di dieu tuma- mu pisan. Jalaran tadi énjing mah abdi seueur damel, nembe kabujeng kadeuheuskeun ayeu- na.” “Emh, kitu,” ceuk Haji Samsudin. Dina haténa geus ngajudi, yén tangtu jurungan anakna. Bisi aya carita nu teu hadé kadéngé ku batur, tuluy diajak ka jero baé. “Nam, ka dieu ka jero. Urang di ditu baé dipatenga- han, Ibuna, ngarah teu ka- giridig. Peundeutkeun baé tingkeban mah barudak!” omong Ki Haji. Di tengah iah pribumi jeung tatamu ngariung; sanggeus ditanya, pok Arsali nurutan tikukur, ngabéjakeun manéh, ditéma ku nyaritakeun batur sakamarna, kenék tém- bok palabuhan ngaran Kusén; tungtungna so nyodorkeun surat ti Ujang Kusén, sakali ieu mah ditulisna ku aksara Arab. Dina surat dicaritakeun yén Arsali téh sasatna mah dulur anu pohara satiana, batus sakokoh-sainum, sakanyeri- sakapeurih, minangka tanggeuy nu milu nyangga beuratna hukuman, da saréatna mun teu aya Arsali mah Ujang Kusén samar kuat nandangan sangsara. Dina suratna, Ujang Kusén sanget-sanget neneda ka ibu jeung Ama, supaya Arsali diaku cara ka baraya landes. Dicarita- keun, yén dibui sotéh keuna pitenah, lain jahat lain goréng lampah. Saterusna, Ujang Kusén nyaritakeun bab kaayaan dirina ditungtungan ku ménta di- doakeun. Teu dicatur ceurikna Nyi Haji, atoh pacampur kagagas. Ti harita Arsali pada ngariung- riung baé ku baraya-baraya Ujang Kusén, ditanggap, lalakonna. Meunang saminggu mah ku Ki Haji Samsudin sasatna didagangkeun ka baraya jeung kawawuhanana, malah nepi-nepikeun surat ti sipir geusan ka sobat-sobat heubeulna ogé dibarengan ku Ki Haji bari dijejeran. Di ditu mah Ki Haji jeung Nyi Haji mulangkeun kahadéan Arsali ka Ujang Kusén. (hanca)
  • 15.
    N ajan jero bulanRomadon sétan katut kulawedetna di- cangcang sapageuh- pageuhna rupa-rupa kamasiatan kawas taya sudana. Upamana warung nasi, rumah makan jeung réstoran angger réa nu muka usaha- na ti isuk-isuk. Tempat-tempat hi- buran loba nu teu nolih kana aturan agama sarta darigama. Tempat- tempat nu nyéwakeun kaulinan saperti ‘play station’, ‘games online’, jeung sajabana teu saeutik nu nga- haja dibuka ti wayah duha. Atuh puguh baé keur nu kurang iman mah aya cukang komo meuntas. Godaan sétan mémang luar biasa. Dina Al-Quran dijelaskeun Adam AS kungsi katalikung ku iblis, dedengkotna sétan. Balukarna Adam AS diusir ti Sawarga. Keun sual aya perbédaan paham ngeuna- an ma’na Sawarga mah. Sabab saés- tuna nu leuwih penting, urang salawasna kudu iatna tina sagala rupa kamungkinan godaan sétan. Lantaran nurutkeun Al-Quran sétan téh musuh bubuyutan nu nyata. Nyata hartina lain fiktif. Bungkeuleukan. Aya jirimna. Iwal ti kitu sétan mah tara “neuleu beu- ngeut”, kakolotan, kalungguhan, popularitas, jeung saterusna. Nu geulis, nu kasép, nu goréng (patut), nu geus cukup umur, nu ngora kénéh, nu katelah bangsawan, nu katelah kuricakan, nu kawentar, nu teu kawentar, jeung saterusna kabéh ogé baris digoda. Didagoan balangahna. Salilana! Al-Quran ngagambarkeun goda- an sétan ka manusa téh lumang- sung terus-terusan nepi ka poé Kiamat. Ngagodana ti saban mad- hab; ti katuhu jeung ti kénca, ti hareup jeung ti tukang, ti luhur jeung ti handap. Ti mamana jeung ti saban waktu. Éstuning urang téh didodoho iraha bongohna. Kajaba ti éta sétan ngararancang strategi nu kaitung beurat ngungkulanana. Nurutkeun Al-Quran sakurang- kurangna aya salapan rupa strategi nu digunakeun sétan keur ngagoda manusa. Naon baé? Kahiji, strategi waswasah. Hartina diharéwosan su- paya poho. Béh dituna diharéwosan supaya mopohokeun kana migawé kahadéan. Datang waktu salat Lohor majar téh kagok keur nga- hangkeutkeun laporan keuangan. Datang waktu salat Asar majar téh kagok keur kapegat ku macét. Datang waktu salat Magrib majar téh kagok da kakara nepi ka imah. Datang waktu salat Isya majar téh kagok da kaburu tunduh. Datang waktu salat Subuh majar téh kagok da tunduh kénéh. Tungtungna kapopohokeun. Kaluli-luli teu kapi- gawé. Kadua, strategi tazyin. Hartina dibungkus ku kaéndahan atawa ku kani’matan. Sakur ka- masiatan katénjona éndah sarta karasana sugema turta ni’mat. Umumna nu keur bobogohan katempo sugema sarta ni’mat. Moal pamohalan ceuk rarasaana dunya téh milikna duaan. Najan kudu ngaluarkeun duit mangratus-ratus réwu malah boa mangjuta-juta sakali jalan-jalan arang langka nu ngarasula. Geura bandingkeun jeung nu geus jatukrami. Umumna nu geus resmi jadi salaki jeung pa- majikan katempo kurang layeut. Témpona kudu ngaluarkeun duit najan diasongkeun jeung dompétna bisa jadi duit nu bareureumna mah geus disumputkeun. Kétang najan teu disumputkeun ogé, kadang- kadang sok ditalék mun pamajikan tas balanja raratusan réwu téh. Naha paké meuli naon? Katilu, strategi tamanni’. Hartina diwujuk ku angen-angen jeung harepan rék hirup lana. Bisa jadi urang kungsi ngarencanakeun rék salat Tahajud. Malah wéker ogé geus disetélkeun. Ngan waktu wékerna “ngahudang- keun” kalah buru-buru di- pareuman. Ceuk jero haténa isukan baé. Bisa jadi urang geus tatan- tatan rék ngalaksanakeun tobat na- suha. Ngan waktu tinemu deui jeung pidorakaeun urang angger teu bisa nyingkahan. Rupaning ka- hadéan ku urang sok diéngké- engké. Padahal saha nu nyaho? Boa teuing kaburu ngajadi bangké? Kaopat, strategi a’dawah. Hartina dijongklokkeun kana ‘perangkap’ mumusuhan jeung papadana. Umumna dimimitian ku sakwa- sangka goréng. Atawa suudon. Kahadéan papadana disumputkeun sabuni-bunina. Sabalikna, kagoré- ngan papadana dibolékérkeun sapuratina. Mun urang geus kakeunaan ku sipat suudon éta hartina geus abus kana ‘perangkap’ sétan. Kalima, strategi takhwif. Hartina dibangbaluhan ku kasieun, kamelang, kahariwang, karémpan, jst. Bisa jadi urang kaasup jalma aya. Ngan nalika aya dulur-dulur urang nu merelukeun bantuan, urang teu wani ngaluarkeun ban- tuan ka maranéhna. Lantaran sieun kacocéng téa. Malah dipapagahan kudu ngaluarkeun zakat ogé mumul. Lantaran ngarasa harta Ibadah Saum Nyingkahan Godaan Sétan Ku Mahmud Yunus 14 Manglé 2434
  • 16.
    beunangna téa. Kagenep,strategi shaddun. Hartina tarékah nga- halang-halang ngalaksanakeun paréntah Alloh SWT jeung Rosul- Na. Saban aya kasempetan keur ngalampahkeun kahadéan aya baé halangan-harungana. Rék salat bar- jamaah majar téh jalana leueur. Rék sidekah ka pakir miskin majar téh anakna geus teu bogaeun pulsa. Rék daptar ngalaksanakeun kawajiban haji majar téh kaburu aya tatangga nu nawarkeun sawahna. Rék diajar ngaji majar téh éra da puguh geus tamat paguron luhur. Mun ngagugu kana alesan-alesan bieu, hartina geus katalikung ku sétan. Katujuh, strategi wa’dun. Hartina tipu daya palsu. Sétan lihéy ngobral jangji palsuna. Bisa jadi loba jalma nu kabéngbat ku jangji palsuna. Upa- man, cawéné nu diosolan ku sétan sangkan geura-geura masrahkeun dirina ka bébénéna. Sanggeus masrahkeun dirina malah geus kakandungan ternyata bébénéna kabur teuing ka mendi. Kadalapan, strategi kaidun. Hartina tipu daya. Strategi kaidun ieu digunakeun keur ngagoda jalma nu kabeneran dibéré amanah. Upamana baé, panitia pangwangunan masjid dipeto kudu ngawangun masjid jero dua taun. Taun kahiji inyana haré- haré teu ngalaksankeun tugasna kalawan daria. Disangkana dua taun téh lila. Kocap taun kadua beuki nyantek, inyana kakara katémbong sibuk. Pigawéeun gurunggusuh dianggeuskeun. Dike- but. Pamustungana hasilna teu optimal. Malah bisa jadi pagawéana cacag nangkaeun. Kasalapan, strategi nisyan. Hartina poho. Hususna poho kana kawajiban. Mé- mang poho téh awalna mah normal. Dina Islam ogé dima’lum jalma nu poho mah. Upamana najan urangna barangdahar ti beurang padahal urangna keur saum Romadon, ari bener-bener poho mah saumna teu batal teu sing. Ngan mun remen jangji jeung remen sulaya tina jangji ieu hartina kudu waspada. Boa-boa urangna geus kaeurad ku strategi nisyan téa. Na’udzu billaahi min dzaalik. Kumaha carana mun urang hayang lulus banglus, salamet jeung lungsur langsar nyingkahan godaan sétan? Kahiji, ihlas lillahi ta’alaa. Sahé- bat-hébatna sétan serah bongkokan ka jalma-jalma nu ihlas. Salihéy- lihéyna sétan boboléh ka jalma- jalma nu ibadahna lillahi ta’ala. Kaunggel dina pidawuh Alloh SWT: “Pok manéhna nyarita: “Ku kituna, demi kamulyaan Gusti, sayaktosna abdi badé nyasarkeun maranéhna sadaya. Kajabi abdi-abdi Gusti nu arihlas ti antawis maranéhna” (QS Shad [38] : 82-83). Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah nyarios: “Alloh SWT nguji ka abdi-abdina nu ariman ku rupa-rupa ujian. Tegesna ku rupa- rupa godaan. Ngan Alloh SWT ogé ngalélérkeun rahmatna mangrupa kaihlasan. Ku kaihlasan maranéhna kaduga nyingkahan rupa-rupa gogoda téa (QS Yusuf [12] : 24). Kadua, ngabiasakeun maca Al- Quran beurang jeung peuting. Dijelaskeun dina hadits nu dikalu- arkeun ku Abu Dawud ti Abu Qatadah RA, Rosululloh SAW kan- tos ngalangkung ka bumi Abu Bakar RA sareng Umar RA, harita dua- nana nuju sarolat Tahajud. Dina tungtung hadis dicarioskeun Rosu- lulloh SAW tumaros ka Umar, ku- naon pangna anjeun ngajaharkeun/ngabedaskeun maca Al-Quran? Anjeuna ngawaler: “Ambéh nu sanés garugah sarta sangkan sétan sarieuneun”. Hadis bieu diniléy sahih ku kersana Syékh Al-Albani. Katilu, maca Surat Al- Baqoroh. Dina salasahiji hadis nu asalna ti Abu Hurairoh RA, Rosul- ulloh SAW ngadawuh: “Anjeun ulah ngajadikeun imah-imah anjeun saperti kuburan. Saéstuna sétan baris ngabecir lumpat ti imah-imah nu di jerona dibacakeun Surat Al- Baqoroh” (HR Muslim). Kaopat, maca Ayat Kursi saméméh saré. Neueul kana hadis sahih nu diri- wayatkeun ku Bukhori, Abu Hu- rairoh RA hiji waktu néwak jin. Satuluyna dijelaskeun, jin ngajar- keun ka Abu Hurairoh RA cara-cara nyalindung tina godaan sétan. Ceuk jin, anjeun kudu maca Ayat Kursi saméméh saré. Sakur nu maca Ayat Kursi saméméh saréna baris di- jauhan ku sétan nepi ka isukna. Nalika Abu Hurairoh RA pependak sareng Rosululloh SAW, perkara bieu ditaroskeun ka anjeuna. Saur Rosululloh SAW: “Nu diobrolkeun ku manéhna bener, najan manéhna remen ngabohong” (HR Bukhori). Kalima, maca Surat Al-Falaq jeung Surat An-Nas. Nyindekel kana hadis sahih riwayat Abu Dawud, Uqbah bin Bari RA disunahkeun maca “al-mu’awwidatain” (Surat Al- Falaq jeung Surat An-Nas) ku Rosululloh SAW. Rosululloh SAW ngadawuh: “Yeuh, Uqbah! Anjeun kudu nyalindung tina godaan sétan ku cara maca “al-mu’awwidatain”. Lantaran euweuh deui tempat nyalindung nu leuwih tohaga ti batan éta” (HR Abu Dawud). Surat Al-Falaq jeung Surat An-Nas disunahkeun dibaca: isuk-isuk, pa- sosoré, saméméh saré, saentasna salat, (saban) ngarukiyah nu katarajang sihir, (saban) ngarukiyah nu gering, jsb. Kagenep, ngucapkeun Tahlil 100 kali. Dina hadis sahih Bukhori jeung Muslim dijelaskeun Rosululloh SAW ngadawuh: “Saha nu maca “Laa ilaaha illalloohu wahdahu laa syari- ikalah. Lahulmulku wa lahulhamdu wa huwa ‘alaa kulli syaiin qadiir” 100 kali jero sapo sapeuting, pikeun manéhna (dicatet) ganjaran nu sapadan jeung ngabébas- merdékakeun sapuluh hamba sa- haya jeung baris dicatet saratus kahadéan jeung baris dipupus sara- tus kagoréngan. Satuluyna baris dibénténgan tina (godaan) sétan ti isukna nepika soréna” (HR Bukhori jeung Muslim). Kajaba ti nu geus dibéréndél- keun bieu, sétan jeung kulawedetna ogé teu wanieun nyanghareupan jalma nu sok maca basmalah (bis- millahirrohmanirrohiim). Bas- malah disunahkeun dibaca saban rék migawé kahadéan. Upamana baé mun rék ka luar ti imah, mun rék dahar, mun rék ngarot, mun rék sapatemon, jsb. A’udzu bil- laahissami’il ‘aliimi minasyai- thoonirrojiim *** *) Nu nulis Ketua DKM Man- baul Ulum SMA Negeri 1 Banjar Kota Banjar Manglé 2434 15
  • 17.
    Tanya Jawab MunaraCahaya Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS Adab Buka Puasa Patarosan: Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat, tumaros masalah nu aya patalina sareng ibadah saum. Anu janten patarosan teh, kumaha adab atanapi tatakrama buka puasa anu dicontokeun ku Rosululloh SAW? Hatur nuhun. Arif Romadon Cikole Lembang Bandung Waleran: Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Sakumaha anu ka uninga ku urang sadaya, wiréh sasih Romadon mangrupa “Sayyidusyuhur” nyaéta rajaning bulan. Disebat raja bulan margi dina bulan ieu, pinuh ku kaberka- han sareng pinuh ku ganjaran anu dilimpahkeun ka hamba-hamba Alloh anu turut kana paréntah-Na, hususna dina masalah ibadah puasa di bulan Romadon. Dina ngalaksanakeun ibadah puasa utamina puasa Romadon tangtu aya adab atawa tatakramana, supados urang tiasa ngahontal barokah sareng ganjaran. Salasahijina nyaéta adab tatakrama dina ngalaksanakeun buka puasa, atawa anu disebut “ta’jil”. Buka puasa dina basa Arab disebat “ifthar” hartosna tuang-leueut, atanapi disebut ogé ‘ta’jil” anu hartosna “gan- cang” atanapi “buru-buru dina ngalak- sanakeun hiji perkara”. Patali sareng ibadah puasa, “ta’jil” maksudna nyaéta buru-buru dina ngalaksanakeun buka puasa, ulah diengkékeun saupama tos cunduk kana waktuna. Hal ieu luyu sareng nafsu jalma, saupama tos datang waktu buka puasa (waktu maghrib) urang tara ngengkékeun deui, sok lang- sung buka. Kahayang nafsu ieu, saéstuna cocok pisan sareng paréntah atanapi sun- nah Rosul, wiréh Rosul maréntahkeun ka umatna supaya buru-buru buka puasa (ta’jil) saupama tos manjing waktuna. Ku hal kitu, ta’jil atawa buru-buru dina ngalaksanakeun buka puasa kaasup kana bagian adab tatakrama buka puasa anu disunnahkeun ku Rosululloh SAW, sakumaha pidawuhna: “Satiap jalma pasti bakal terus aya dina kahadéan salila maranéhna ngutamakeun (buru-buru) dina ngalaksanakeun buka puasa” (HR. Bukhari-Muslim). Lajeng adab tatakrama buka puasa lianna anu disunnahkeun Rosul nyaéta: Kahiji, nuang rutab atanapi tamar. Rutab nyaéta buah kurma anu tos asak tur masih kénéh baseuh ngandung cai, rasana amis. Sedengkeun tamar nyaéta buah kurma (rutab) anu tos garing. Ki- wari di nagara urang dua jinis buah kurma éta tos teu sesah milarianana, hampir di satiap daerah/kota tos aya jualanana. Buka puasa ku kurma mang- rupa sunnah Rosul, sakumaha disebat- keun dina Hadits anu sumberna ti Anas R.A., anjeuna nyebatkeun: “Wiréh Rosu- lulloh SAW buka puasa nuang sababarahiji rutab saméméh solat. Saupama henteu aya rutab mantenna nuang sababarahiji tamar. Saupama hen- teu aya tamar mantenna cukup buka ku ngaleueut cai” (HR. Imam Ahmad sareng Turmudzi). Kadua, saatos buka puasa kedah mayunkeun solat magrib. Hadits di luhur nyebatkeun wiréh saméméh ngalaksana- keun solat Magrib, Rosul ngalaksana- keun buka puasa heula, saatosna buka puasa teras ngalaksanakeun solat Mag- rib, saupama tuangeun teu acan disadia- keun. Tapi saupama tuangeun tos disadiakeun mangka makruh hukumna ngalaksanakeun solat. Hal ieu dumasar kana hadis-hadis Nabi, di antarana waé anu sumberna ti Anas bin Malik R.A. wiréh Rosululloh SAW ngadawuh: “Saupama di waktu magrib idangan tos disayagikeun, mangka kedah dituang heula saméméh solat Magrib. Jeung poma aranjeun ulah kaleuleuwihan (wareg teuing) dina nuangna” (HR. Bukhori-Muslim). Para ulama hadis ngahartikeun kana hadis ieu, saéstuna lian dina waktu solat magrib wungkul, tapi unggal datang waktu solat. Tegesna, saupama hidangan tuangeun tos disayogikeun sedengkeun waktu solat tos manjing, mangka kudu diheulakeun tuang heula, nembé ngalaksanakeun solat. Sabalikna, saupama hidangan tuangeun teu acan disayogikeun, sedengkeun waktu solat tos manjing, mangka langkung saé anu kudu di- heulakeun solat heula, nembé tuang. Nyakitu deui Rosul, saatosna buka puasa, teras Rosul ngalaksanakeun solat Magrib barjamaah sareng para sohabatna di masjid. Saatos réngsé solat Magrib nembé Rosul tuang-leueut sacekapna. Katilu, buka puasa kudu alakadarna atawa sakadar ngabatalan. Nalika buka puasa poma ulah nepi kaleuleuwiheun (kamerkaan). Pidawuh Alloh: “Prak aranjeun tuang sareng ngaleueut. Poma dina tuang sareng ngeleueut ulah kaleuleuwihi (sarakah), saéstuna Gusti Alloh henteu suka ka jalma-jalma anu sarakah” (QS. al-A’raf: 31). Dumasar kana katerangan ieu, saéstuna laku leuleuwihan dina sagala perkara henteu dimeunangkeun, tapi kudu sacukupna. Kaopat, maos doa nalika buka puasa. Hal ieu dumasar kana Hadis Nabi SAW anu unggelna: “Saéstuna pikeun jalma anu puasa ngabogaan doa anu moal di- tolak nalika manéhna buka puasa” (HR. Ibnu Majah). Ku hal kitu, urang meu- nang ngadoa naon waé anu sakirana pi- maslahateun atawa ngadoa luyu jeung naon-naon anu dibutuhkeun. Namung saupama urang nyonto Rosul, nalika buka puasa mantena sok ngadawuh: “Tos leungit rasa halabhab, ogé tos leungit rasa garing tikoro, kalawan tos ditetep- keun ganjaranana, Insya Alloh” (HR. Abu Daud). Atanapi maos doa anu tos ilahar ku urang dibaca, nyaéta Allohumma laka shumtu wabika amantu wa’ala rijkika akrortu birohmatika ya arhamarrohim. Dumasar kana pedarana di luhur tiasa disimpulkeun, wiréh tatakrama buka puasa nyaéta: Kahiji, ngalakukeun ta’jil, hartosna saupama tos manjing waktu buka puasa, mangka kudu nga- heulakeun buka puasa saméméh naon- naon, kalayan dingawitan ku nuang kurma. Kadua, saatos buka puasa teras ngalaksanakeun solat magrib di masjid kalayan barjamaah. Katilu, saatos solat magrib, nembé Rosul tuang-leueut sacekapna.Wallohu ‘alam. *** 16 Manglé 2434
  • 18.
    17Manglé 2434 N gadenge terusdiimeutan kalawan niténan rupaning kaayaan kiwari di ieu nagri matak tugenah manah jeung matakpikahariwangeun.Rekteukitukumaha atuh rupaning kajadian nu patula patalina jeung pasoalan hirup jeung kahirupan, geus mengpar jauh ti nu ajen inajen filosofis ieu bangsa.Ti poe ka poe, piligentina masalah hirup jeung kahirupan. Wajar kituna mah da memang hirup jeung kahirupan teu cicing dina hiji kaayaan, tapi ieu nagri matak ketir tur pikamelangeun. Ti mimiti musibah alam alatan gawe manusa nu ngalantaran keun ieu bangsa jeung nagara nandangan bangbaluh anu sakitu beuratna. nepi ka alam sorangan jadi murka. Ceuk beja deui wae yen nagara urang teh boga hutang nepi ka 2000 triliun. Memang nurutkeun dalil, yen nganjuk teh hukumna sunah jeung aya pahalana, tapi ngaranna hutang, wajib hukumna kudu diba- yar, ari wajib tea mun teu dilakonan matak dosa, rahayat nu kudu nandangan dosana atawa pamingpinna? Piirahaeun rek bisa naur hutang sangkan lunas? Eukeur mah eukeur kaayaankitu,dibarungdeuikuteueuleumeu- leumna jelema anu beuki. Mahabu anu korupsi di ieu nagri dilakonan lainku jalmajore-jore,tapiteu kurang-kurang jalma nu nyarekel kalungguhan publik. Atuh deui dina kacerekna eta Si Koruptor, duit anu balikna deui ka nagara biasana teu sabaraha, numatakketirnadeui,korupsidipilampah ku masarakat handap. Korupsi siga nu geus di- anggap budaya, padahal pamarentah kurang kumaha geus nyieun hiji lembaga pemberan- tasan korupsi (KPK), eh da kawasna teh geus teu dipalire.....cilaka!!! Jeung boa boa, korupsi teh kawasna geus bisa diatur ”dimanage” bisa diitung untung rugina sacara materiil, mun kapanggih. Lakulampah goreng patut kitu teh balukar hayang meunang kasenangan anu gancang, tapi ku lakulampah kitu, nga- balukarkeun loba jalma anu katalangsara di ieu nagri. Pasualan sejenna deui loba keneh, timimitibudaknandasaindung,ponkitudeui indung nandasa budakna. Mahabuna riribu- tan ‘tawuran’ barudak ngora minangka harepan bangsa. Kitu deui teu kurang-kurang kacaritakeunbudaknuteutamatsakoladasar, maragatkeun nyawa baturna alatan teu pira, ukur ku duit sarebu. Eta kalakuan kitu teh, alatan narurutan anu diputer dina pilem. Di sagedengen eta, barudak hariweusweus, alatan nyanghareupan Ujian Nasional, nu ceuk beja di sabagian daerah cenah elat datangnasoalujian,katurugturugdeuihkere- tas ujianna ge goreng. Atuh loba komentar ti ditu ti dieu, kaasup ti para ahli, nu cenah ngaku ahli pendidikan. Eta hal dibarengan deui ku milu riweuhna guru guru jeung paja- bat-pajabatna, lantaran sieun budak didikna teu lulus. Siga nu teu kapangaruhan ku kaja- dian-kajadian tadi, meh ampir di unggal karamean desa sumawonna kota ting jaredik spanduk spanduk minangka salah sahiji media dagang ti rupa-rupa partey pulitik keur ngadagangkeun anggota parteyna cenah jaradi pajabat publik, boh di eksekutip boh di legislatif, nu cenah ceuk bejana, deuk bebela kana kapentingan rahayat, mun tea bener, meureun hade naker eta hal teh. Nu rada teu kaharti deui, mun urang ngabandungan diskusi-diskusi publik, anu bejana mah keur kapentingan informasi publik dina media elektronik, tembong naker jalma anu hog hag ting corowok siga nu geus teu mikiran masarakat anu keur susah ngejo-ngejo acan, kitu deui keur nyumponan hirup sapopoena jeung siga nu teu ngarti yen teu kabeh rahayat ngarti kanu naon nu diomongkeun. Salain ti eta cek ukuran norma adat timur mah asana kurang hade laku kitu teh, nu aya mah ngan jadi tongtonan kawasna sinetron lain jadi tungtunan.Urang soknyaksenideui kajadian paciweuhna di pangadilan, nalika putusan hakim,ayamasarakatanuteupanujukanaeta putusan. Nu jadi pananya, naha masarakatna anu teu ngarti kana urusan hukum atawa ka- putusan hukum anu teu adil, mun kitu balukarna sarua bae. Ku kituna, masarakat kudu melek kanu sisi hukum atawa leuwih parnana deui lamun anu kadua, mun tea bener kitu petana, kamana deui atuh masarakat rek neudeun kapercaya jeung harepan ngeunaan kaadilan. Lain ngan ukur narkoba nu geus ngarusak lain wae ka baru- dak ngora tapi deui nepi ka kolot kolotna. Nu parnana deui, yen disnyalir cenah nagara urangtehlainwaenagaratransitnarkoba,tapi jadi nagara tujuan pasar narkoba. Ceuk info BNN jalma-jalma nu tilar dunya alatan narkoba, sapoena teu kurang ti 40 urangna... Warta sejenna, premanisme nu kacida sadisna, ngaleungitkeun nyawa jalma ku bedil (sanjata api).Kitu deui kajadian ajadian diluar nagri, lain wae era tapi ngerakeun, saperti demo TKI di nagara deungeun anu ceuk beja sok disebut pahlawan DEVISA, tapi katem- pona meureun kurang kapalire sisi perli- ndunganna....jeung loba deui kajadian anu samodel kitu. Nepi ka olah raga nu jadi kare- sep balare nyaeta maen bal, suporter tawuran massal lain wae di jero lapang tapi nepi kaluar lapang, balukarna jalma nu teu tuah teu dosa milu jadi korban. Hal sejenna nu geus ngabu- daya utamana di kota-kota gede, loba maca SMS tibatan maca Quran, jeung deui upama ngeusi pulsa 10 rebu teu puas tapi mun ngeusi kencleng ‘kotak amal’ 10 rebu pajarkeun gede teuing, mun ngadenge sora HP, teu sirikna buru buru ngarespon, tapi lamun ngadenge soraadzan,ehdasiganutorek.Nahabisanepi kakitu? Eta meureun pertanyaan nu aya... Salasahijina jawabanna, rahayat katut nagara urang teh geus mopohokeun filosopis bangsana nu kudu dilarapkeun kalayan daria. Ka sing saha wae ti mimiti rahayat leutik, calon pajabat tug nepi ka para pajabat nu keur nyangking kalungguhan.Nginjeum istilah Ketua Umum Paguyuban Pasundan Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., mah carana ‘Kudu nyaho, geus nyaho kudu hayang atawa daek, geushayangayakabisanajeungprakna,tangtu ahirna aya tapakna’. Mereun mun kitu mah ajen filosopis teh kudu diwanohkeun ka sakumna warga nagara ti mimiti budak nepi ka kolotna. Sakadar ngingetan wae, yen urang minangka hiji bangsa ngabogaaan filosopis landasan bangsa nu geus natrat ti beh dituna keneh nyaeta PANCASILA. Eta falsapah bangsa teh beunang hasil mikir asak-asak anu jero ti sakumna masarakat Indonesia anu dipercaya jeung yakin mangrupa kanyataan, norma, niley nu bener, adil bijaksana. Di sage- dengen eta, teu salah upama naon nu geus dirintis ku Alm. Taufik Kimas yen urang kudu nganyahokeun jeung ngajalankeun opat pilar dina ngalakonan hirup kumbuh berbangsa jeung bernegara nyaeta PANCASILA, UUD, NKRI sarta karageman jalma. Nu jadi panga- harepanurangpalinghenteukududimimitian tina ‘persemeyan’ nu subur nyaeta sacara for- mal ti mimiti budak sakola dasar nepi ka paguron luhur sangkan terus-terusan ngawanohkeun (sosialisasi) ngeunaan hal eta, tug nepi ka aya jorojoyna kahayang nga- jalankeunnana. Hasilna, tangtu wae moal bisa karasa jeung katempo isuk atawa pageto, tapi palinghenteu,jagakahirupanurangmoalteu- ing amburadul, copelna urang masih ngabo- gaan pakarang nu ampuh anu bisa nahan atawa ngadumaniskeun ajen-ajen nu aya jeung sababaraha ajen anu datang ti luareun urang.*** *) Kepala Biro Akademik Universi- tas Pasundan Ngawanohkeun Deui Pancasila Ku Widya Utama *)
  • 19.
    Manglé 243418 Ngadagoan bijillalay Pasosoré bulan puasa di hiji lembur nu jauh ka masjid, aya jalma ngajejen- tul bari neuteup langit daria pisan. Ku baturna ditanya: “Keur naon euy mani anteng kitu?”. Walonna: “Ngadagoan bijil lalay euy, tandana geus manjing magrib”. “Ari éta apan maké érloji?” ceuk baturna. “Nyaéta érloji téh paméré lanceuk nu karék balik ti luar negri, tapi angka-angkana kabéh ak- sara Koréa”. Érloji Rolex Jalma sugih, tapi buta hurup ma- néhna téh. Hiji poé meuli érloji Roléx nu hargana mahal pisan. Kacida reueusna boga érloji mahal téh, malah ngahaja sering leumpang ngurilingan lembur bari maké kaméja pondok nepi ka érlojina atra katémbong ku saréréa. Hiji poé basa keur jalan-jalan ngurili- ngan lembur, aya nu nanya, “Punten, kang, jam sabaraha ayeuna? ” Nu ditanya neuteup érlojina rada lila, terus tanggah ka langit pokna: “Geus asar ahir, Jang”. Sagedé sireum Aya jamaah haji ti lembur sikluk tur can ngalaman pisan tumpak kapal udara. Kacida atoheunana meunang korsi meneran lebah jandéla. Basa ka- palna geus ngagerung disada, ma- néhna terus ngadunga lila pisan. Sanggeus réngsé ngadunga manéhna nénjo ka handap tina jandélana, terus nyarita ka panumpang gigireunana, “Subhanallah,horénggeusluhurpisan urang kapal urang téh ngapungna. Eu- leuh itu geura tingali jalma-jalma ngabaris mani sagedé-gedé sireum”. Nuajaknyaritamilunénjotinajandéla ka handap, pokna: “Éta mah sireum enyaan, mang. Kapalna gé teu acan ngapung da”. Istari moya Aya jamaah haji ti urang naroskeun ka ketua rombongan naon ari basa arabna “meuli cai”. Ceuk ketua rom- bongan “istari moya”. Atuh terus baé ka pasar rék meuli cai botolan inu- meun. Di toko nu husus ngajual cai jeung kadaharan pok nyarita ka nu ngalaladénan: “Sayid, istari moya” pokna bari nunjuk kana botol cai. Walon nu ngaladénan “Kam?”, mak- sudna “sabaraha botol”. Jama’ah téh ngahuleng sajongjonan lantaran tadi poho teu nanyakeun basa arabna dua botol. “Kam? Kam? Kam?” ceuk nu ngaladénan teu sabar. Ras manéhna inget kana solat subuh dua raka’at, terus ngajawab “Istari moya rak’a- taéni” pokna teu asa-asa. Nu ngaladé- nan imut ngamaphum terus nga songkeun cai dua botol. Calon mantu ajengan Aya jajaka kota boga bébéné putra ajengan di lembur. Hiji waktu nyi mo- jang téh ngajak beubeureuhna ka lem- bur nepangan sepuhna. Dina beus nyi mojang nyarita kieu, “Aa, abah téh jalmina tara seueur saur, nanging an- jeuna kacida resepeunana ka budak ngora nu tetelepék soal agama. Jadi engké Aa kedah seueur tataros bab agama ka abah”. “Siap, Néng” walon pmuda pédé pisan. Basa geus nepi ka bumina, calon mantu téh ditampi ku iburamamojangkalawankabingahan. Malah terus diajak ku mama ajengan ka ruang tamu bari disuguhan. Sanggeus duanana caralik, lain gun- treng, tapi…..kalah pahuleng-huleng, saurang gé taya nu nyarios. Si jajaka ngantos-ngantos ditaros, ari Mama Ajenganteunaros-naros.Ma’lumapan anjeunna téh carang takol. Sanggeus ampir satengah jam ngabaretem, ras si jajaka téh kana papatah nyi mojang yén mama ajengan sok katajieun ku budak ngora nu resep tataros soal agama. Atuh terus baé naros ka calon mertua, kieu pokna: “Punten, Abah, dupi di dieu jumaahan sok dinten naon?”. Guru tara éléh ku murid Mama Ajengan ngawurukan santri- santrina, “Hé anaking, sing aringet, mun anta kahampangan kahadé ulah nyanghareup ka kiblat. Ngalanggar adabétatéh,sababkalakuankitusarua baé jeung teu ngahormat Ka’bah”. Dua poé ti harita hiji santri niténan Mama Ajengan kahampangan bari jeung mayunkalebahkiblat.Atuhpeutingna basa keur ngabahas bab adab jeung sopan santun, santri téh unjukan: “Punten badé tumaros, pangersa. Ka- mari ieu pangersa nyaurkeun abdi sa- daya teu kénging kahampangan bari mayun ka lebah kiblat, margi sami baé sareng teu ngahormat Ka’bah. Nanging tadi siang katingal pisan ku ana ti pengker, pangersa nyalira ka- hampangan bari mayun ka lebah ki- blat. Sanés éta téh sami baé sareng kirang adab ka Ka’bah?” Waler Mama Ajengan ayem: “Oh enya basa tadi isuk-isuk téa? Teu ngalanggar, Jang. Bener ari nyanghareup ka kiblat mah, tapi da harita ku Mama ditikelkeun ka beulah katuhu”. Si Ujang & Si Nyai Di hiji lembur aya ketua ranting partéy “Béntang” jeung ketua ranting partéy “Bulan” nu imahna natangga tapi teu alakur. Mun nu saurang ngusulkeun hiji perkara geus pasti bakal ditolak sapagojodan ku nu saurang deui. Kitu deui sabalikna. Éta téh boh dina forum resmi atawa dina campur gaul sapopoé. Salembur éta mah geus arapaleun. Duanana kabe- neran sarua boga anak sapantar umurnaméhsaruakita-kiralimataun. NGADAGOAN BIJIL LALAY Carita-carita hampang tamba hanaang Ku H.D. Bastaman
  • 20.
    Manglé 2434 19 Bédanatéh ketua partéy “Béntang” mah anakna lalaki ngaranna “Si Ujang”, ari anak ketua partéy “Bulan” mah ngaranna “Nyai”. Béda ti bapa-bapana, Si Ujang jeung Si Nyai mah nyobat pisan tur sering ulin babarengan. Hiji poé Si Ujang nyaritakaSiNyai,pokna:“Nyai,urang ameng yu ka walungan”. “Hayu. Tapi abi badé nyarios heula ka Umi” walon Nyai. Sanggeus kaidinan terus baé barudak dua téh tingalabrét lalum- patan ka walungan nu teu pati jauh ti imahna. Barang geus nepi, ceuk Ujang; “Urang ngojay yu”. “Hayu” ceuk Nyai. Atuh terus duanana cucul- cucul….bulucun. Sanggeus kitu dua- nana lain buru-buru brus, tapi kalah silih pelong kawas nu sarua héran. Meusmeus rét ka dirina terus rét deui ka baturna. Sanggeus silih pelong rada lila ceuk Si Nyai: “Oooh, kutan ieu bé- dana partéy “Béntang” jeung partéy “Bulan” téh, nya?” Sihoréng…. Aya jalma datang ka hiji lembur, terus nanya ka urang dinya nu kabe- neran keur nangtung di pakarang- anana. “Punten badé tumaros, mang. Dupi ieu lembur téh namina nu Cipu- larang atanapi Cipuralang?”. “Cipu- lalang, Jang” walon nu ditanya. “Euh, kitu. Dupi emang didamel di mana?” pokna nanya deui. “Supil tleuk” walon si emang. Rieut jangar Néng Tinceu sareng Néng Oci uplek ngobrol di kantin sabada balanja di mol. Saur Néng Tinceu: “Abi mah, Téh, meni tos tos aral ku panyawat rieut jangar. Upami tos karaos téh meni jejeletotan. Ka dokter mah ka dokter tapi mung sakedap damangna téh, teu lami karaos deui. Dupi Tétéh kantos rieut jangar?”. “Atuh tangtos, malih rada sering. Mung Tétéh mah sok énggal damang dilandongan ku akangna” waler Néng Oci. “Tah, tah, tah kumaha éta téh?” saur Néng Tinceu spontan. “Dipijetan ku anje- unna, Néng Tinceu” waler nu ditaros. “Dipijetan kumaha, Téh?” Néng Tinceu naros deui panasaran. Waler Néng Oci: “Kieu, ngawitan akangna mencétan embun-embunan lalaunan, teras palipis nyambung kana peng- kereun cepil, teras kana punduk, tak- tak, walikat kénca katuhu dugi ka cangkéng. Saatos kitu taar dipijet, pameunteu diusapan lalaunan, malah lambey gé diusapan ku jempol panan- gan. Ti dinya kana tenggek, teras tak- tak bagian payun. Saatos kitu giliran handapeun tenggek diusapan bari dipencétan lalaunan. Searah jarum jam éta mah ngusapanana”. Jep jempé.“Teras…terasnakumaha,Téh?” saur Néng Tinceu beuki panasaran. “Tos..tos..kitu mah, Néng… Ah Néng Tinceu gé tangtos uninga kumaha terasna” waler Néng Uci ngiceupan ngajak surti. “Teras damang rieutna éta téh, Téh Oci?” Néng Tinceu naros deui daria. “Alhamdulillah, Néng, total saéna ogé” waler nu ditaros bari imut. Néng Tinceu ngahuleng sajongjonan, teras naros deui: “Punten, Téh, dupi nomer hp Akang sabaraha?”. Béo pinter Poé Minggu di lapang Gasibu aya nu ngajual manuk béo. Ceuk nu ngajual: “Bapa-bapa, ibu-ibu, taringali ieu béo. Tos capétang da tos dilatih. Upami sukuna nu kénca dibetot ka handap, béo bakal nyarios ‘wilujeng énjing’. Upami sukuna nu katuhu dibetot, éta mah ‘wilujeng siang’. Mangga saha nu minat?” pokna promosi. Aya maha- siswa nu kabeneran milu lalajo, ma’lum mahasiswa nanyana kritis: “Kumaha mun suku kénca jeung nu katuhu duanana sakaligus ditarik ka handap?”. “Aingna atuh nu tijongklok, boloho!” ceuk béo nyentak. Bédana Ayajalmangadungabaritumaroska Gustina: “Nun Gusti, naha sami kitu ukuran waktos di alam dunya sareng di alam ditu?”. Waler Mantenna: “Teu sarua. Samenit di alam ditu sarua jeung saabad di dunya”. “Dupi artos sarupia di ditu?” manéhna naros deui. Waler Mantenna: “Sarupia di ditu sarua jeung samilyar rupia di dunya”. Nguping kasauran Gustina kitu, jalma téh terus nunuhun deui kieu pokna: Nun Gusti Nu Maha Sugih. Cing atuh abdi dipaparin sarupiaaaa bé”. Waler Mantenna: “Heug, dagoan samenit deui, nya”. Pelukis abstrak Kang Ijan kagungan sobat jene- nganana Kang Udi, pelukis abstrak nu kamashur di Bandung. Pasosonten Kang Ijan natamu ka bumi Kang Udi. Kasampak sobatna téh nuju jongjon ngalukis di studiona. “Dagoan heula sakeudeung, Jan, sayah keur ka- kagokna” saur pribumi. “Teu nanaon, sok teruskeun. Keun sayah mah rék ningalian lukisan” waler Kang Ijan. Teu lami Kang Ijan sasauran: “Di, ieu téh lukisan énté nu anyar” saurna naros. Kang Udi ngarérét sakedap teras ngawaler: “Lain, éta mah eun- teung”. Lalaki sajati Caritana aya mojang nu hayang nguji naha beubeureuhna téh kaasup lalaki sajati atawa henteu. Mimiti ku nyi mojang diajak ka tempat ramé nu loba kénéh délman. Teu lila kadéngé jelemapatinggorowok,malahayasora istri jejeritan. Sihoréng panumpang délman, kudana ngamuk teu bisa dieureunkeun. Malah kadalina ogé lésot.Atuhkusirnaogémilutulung-tu- lungan. Nu araya buriak nyarisi sieun kadupak délman nu pungkal- péngkol ka kénca ka katuhu dibawa kabur kuda. Ningal kitu si jajaka téa teu loba carita terus lumpat ngaberik délman… jleng luncat kana tonggong kuda, kadalina nu lésot gancang ditarik sa- takerna nepi ka kudana eureun. Kusir jeung panumpang mani dodongkoan nganuhunkeunana. Nu araya kabéh kaleprok kataji ku teuneungna si ja- jaka.Atuhnyimojangkatingalrarayna marahmay. Ari ujian nu kadua mah kieu. Si ja- jaka ku nyi mojang diajak meuting di hotél,sakamer satempat tidur ukur di- halangankuguguling.Sapeupeutingsi jajaka bari nyangigirkeun nu ngabe- bengkang tibra, guling-gasahan teu bisa saré sakerejep-sakerejep acan. Tapi alhamdulillah nepi ka isuk-isuk salamet taya kajadian nanaon. Basa keur sasarap si jajaka nyarita bari reueus: “Bener ‘kan Aa mah lalaki sa- jati?”. Nyi mojang ngajawab bari ku- raweud: “Lalaki sajati nanahaon, ngaluncatan kuda ngamuk bisa, ngaluncatan guguling teu becus!” (Diropéa jeung pasieup tina rupa-rupa sumber) Ciputat, mapag Puasa 2013.
  • 21.
    20 Manglé 2434 G EUSti béh ditu hayang nyarita ka Emah, naha henteu capé ngasuh Si Jalu anak kuring? Mangkaning bari ngantunkeun Apa di lembur, ampleng-ampleng- an. Hayang sapok-pokeun nyarita, keun baé da ayeuna mah Si Jalu geus sakola, bisa ditinggalkeun jeung panga- suh. Tapi létah téh asa beu- rat waé unggal rék nyarita. Sakitu deudeuhna Emah ka anak kuring. Kacipta lamun kudu dipegatkeun téh. Kuring ngarasa dosa ngandelkeun Emah terus- terusan nungguan budak, sabot kuring jeung salaki di- garawé. Tapi leuheung basa lamun ku anjeunna katampi perasaan asa dosa kuring téh. Kumaha lamun kalah ngaraos diusir? Naha henteu leuwih dosa ngajaheutan manah anjeunna? Tung- tungna ukur rumandeg waé. “Iraha budak téh peréna?” saur Emah bari ngarérét ka Si Jalu, nénéhna anak kur- ing, nu keur anteng ulin diri- ung ku cocooanana. “Ngadéngé budak tatangga cenah mimiti peré tanggal opat welas nincak poé Saptu, biasana ari peré naék kelas mah sok akur ti mimiti sakola TK nepi ka SMA, lamun sarua tanggal opat welas si Jalu ku Emah rék diajak ka lembur sakalian ngalongok Abahna,” saur Ema deui. Ema nga-Abah- keun Apa ka anak kuring. “Karunya geus tilu bulan teu dilongok. Ari ukur dikiri- man artos bekelna wungkul mah bisi boga rasa ditam- bélarkeun. Sanajan henteu ari pok kitu mah ngan urangna wé meureun nu kudu hideng.” Meg kana dada asa aya nu nonjok. Ras ka Apa, beuki nambahan lamun inget ka lebah dinya. Emah jeung Apa patebih nyasat lantaran melaan kuring. Emah di Bandung sabumi maturan kuring. Ari Apa di lembur nyalikan bumi nyalira, di- talingakeun ku lanceuk nu cikal, bari sarua boga budak leutik anu masih kénéh sakola SD satilu-tilu. Boh tuang, boh kaséhatanana, maklum tos sepuh tiktik- brek, gohgoy téa kalingsir téa. Tacan panyakit lianna nu sok biasa karaos. Sanajan lain kahayang kuring tapi asa dosa kacida ku kaayaan Emah sareng Apa ayeuna. Kuring salaku anak ukur sarwa salah kitu kumaha kieu kumaha nu tungtungna ukur bisa nga- muhun-keun kana cariosan Emah sareng Apa, sok sajan jadi beungbeurat haté. Sanajan diomongkeun ku batur, ku dulur, kuring nongtorékkeun manéh waé. Da aya benerna atuh omongan batur téh. Tapi kuring teu bisa baha atawa teu sanggup kudu ngara- heutan manah indung jeung bapa mah. Apan sok loba nu nyebuteun yén lamun nu jadi anak ngahésékeun atawa ngagawékeun kolot, sanajan kolotna rido tetep bakal jadi dosa. Walla- hualam, tapi rumasa kuring gé ngarasa dosa. Sanajan kuring teu rumasa miwa- rang Emah. Anjeunna ling- gih di Bandung, éstu kapa layna ku anjeun. Maenya ku kuring kudu ditolak. Si Jalu nu ayeuna geus umur tujuh taun dirorok, di- asuh nyasat digedékeun ku Emah. Kuring digawé, jadi teu bisa nalingakeun sapopoé. Boh mandina, boh dahareunana, kitu deui pa- pakéanana, nyusuna nyasat kabutuhan sapopoé pikeun Carpon Tuti Warisan nu Moal Cocéng
  • 22.
    Manglé 2434 21 siJalu. Harita gé geus kapikir, kuring kudu boga pangasuh. Bari nungguan cuti sabulan deui ka béak panceg ka tilu bulan, Emah kaburu sumping ka Ban- dung ka imah kuring angkaribung sagala dican- dak. Sampeu, kasreng, rangginang, wajit, opak, cau jeung nu lianna sabangsan- ing kadaharan séjén oléh- oléh ti lembur hasil tatanén. Saurna sono ka si Jalu. “Nyai cenah dek nyiar pangasuh? “ saur Emah bari ngeyong-ngeyong orok. Ku- ring ukur ngaenyakeun ku unggeuk. “Keun baé teu kudu hésé- hésé nyiar pangasuh, ku Emah wé. Asa teu mikeun lamun budak diasuh ku batur, teu percaya Emah mah. Geuning réa contona, ceuk béja tina tipi ogé loba pangasuh nu teu balener, teu kabéh éta ogé. Tapi Emah mah tetep cangcaya, komo Nyai gawé ari budak ditinggalkeun jeung batur, keun tong jadi pikiran. Keun baé Emah nu pindah ka Bandung saheulaanan nepi ka Si Jalu sakola, Ké lamun geus sakola kakara ku Emah rék dileupaskeun jeung batur. Meureun Emah ogé rék balik ka lembur. Apa Nyai nu ngeukeuhan Emah indit ka dieu téh. Saur Apa, piraku teuing asa teu téga ari ninina genah-genah moyan, incuna diasuh batur. Jung ka ituh bisi kapiheulaan ku batur geura indit ka Ban- dung. Keun baé Apa mah da bisa ngurus sorangan pi- lakadar dahar sapiring menta wé ka si Teteh,” saur Emah. Teteh téh lanceuk kuring nu cikal. “Saur Apa téh, Nyai, nyeusuh baju sasetél mah bisa ku sorangan. Atuh lamun purun Apa nu nu- turkeun ka Bandung sakapeung-kapeungeun, da lain teu hayang cicing di Bandung téh. Éta teu betah asa teu pararuguh, ukur dahar, ulin, ka masigit, lalajo tivi, kaluman,” saur Emah ngadugikeun cariosan Apa. Kabiasaan Apa di lembur sagala dicepeng, ka kebon, ka ditu ka dieu ngabang- brangkeun rasa kaluman. Saur Emah, Apa ridoeun di- tinggalkeun, Emah rido kacida, lamun diijinan nga- suh anak Nyai Si Jalu. Keun tong jadi pikiran, Nyai jeung salaki mah sing soson-soson digarawé nyiar pibekeleun hirup. Atuh Nyai ogé sing rido ngurus beaya hirup Emah jeung Apa.” Enyaan haté téh ngarasa reugreug, Si Jalu aya nu nalingakeun sagala rupana. Malah jadi leuwih apet kénéh ka ninina batan ka kuring. Teu kitu kumaha da sapopoéna loba jeung nini batan jeung indung bapa, da puguh ditinggalkeun gawé. Tepi ka ayeuna Si Jalu geus sakola, Emah angger calik di Bandung. Sakalieun ka lem- bur nyalira, tara lami ukur saminggu. “Gandeng! Ceuli asa ra- wing, dijurung-jurung wae ku Abahna. Karunya ka Si Jalu cenah jeung saha ulinna pan ditinggalkeun gawé pi- raku dék dibabawa ka pa- gawéan onamanan teu pu guh atuh gawé bari ngasuh. Saleuheung mun ping- pinanana ngamalum. Karunya Si Nyai ke bisi bolos gawéna,” saur Emah. Taun tukang usum peré sakola Emah ngeukeuhan badé ka lembur tapi hayang jeung Si Jalu, ambeh lila di lemburna, meungpeung peré sakola. Inget kénéh, beres netepan subuh Emah ngahudangkeun Si Jalu nu masih ngageubra. Geus hu- dang terus ditamasan didangdanan, bekel da- hareun jeung bekel baju salin tos ditembrak-tem- brakeun dina lawang panto, ngarah teu tinggaleun. Nga- haja indit nyubuh, ambeh elfna kosong kénéh, bisa milihan tempat diukna di hareup. Ongkoh di jalan tiis kénéh jeung teu macét. Di lemburna rék dua minggu. Ambéh Si Jalu bisa istirahat di Bandung saméméh asup sakola. Lamun sabulan di lembur bisi capéeun teuing da loba ulin. Ma’lum ari geus di lembur téh Si Jalu mah siga kuda leupas ti gedogan, ka balong, ka susukan, milu ka kebon, milu ancrub ka sawah, ber kaditu ber kadieu matak capé nu mapay- mapay. Tapi teu hariwang ulin jauh ogé di lembur mah. Sanajan Si Jalu ngariweuh- keun, nyapékeun tapi Emah hoyong waé nyanyandak. Kitu deui Si Jalu teu kaop Emah angkat sok ngingintil waé. Kanyaah Emah, kabéla Emah ka kuring, ka anak kuring, ka kulawarga kuring, moal kabayar. Pikeun ku- ring, kanyaah Emah jeung Apa téh lir warisan nu moal cocéng saumur hirup. Dua minggu di lembur awak Si Jalu mani lintuh. Pipi camihmil, leungeun tareuas siga sampeu, ngan pakulitanana rada hurik. Pédah mandina ku cai nu ngocor langsung ti gunung meueunan. Teu kawas di Bandung make cai hasil ngo- lah. Ku lantaran diwowoy, sagala digugu, ulin sakarepna, dahar rewog, saré tibra, ti sareupna ma- grib, dug sek. Hudang- hu- dang geus beurang. Pantesna urang lembur mah geus meunang hanca nga- rambet sakotakan sawah. Hudang saré Si Jalu geus disampakeun sarapan ba- cang jeung bala-bala meu- nang mesen ti tukang sayur nu unggal isuk sok ngaliwat ka hareupeun imah. Beres sasarap terus dimandian di- tampian, mani ngoyok mandi ku cai nyurug. Geus mandi Si Jalu moyan di golodog imah bari dibuntel anduk ngahodhod tapi ka- tinggalina seger. Ras inget kalebah dinya kuring teu bisa nahan cipanon. Rasa syukur ka Pangeran tan wates wangen, boga kolot nu sakitu jembar manahna melaan anak incu, namplokkeun kanyaah ka kulawarga sanajan dio- mongan dipoksangan ku dulur ku batur tapi Emah panceg. “Emah rumasa teu bisa méré harta, dina mikanyaah Nyai. Keun baé batur mah da batur ngaranana ogé. Saha nu wawanianan nye- butkeun dosa da nu meun- teun dosa henteuna mah, anging Gusti Alloh lamun méngpar tina ajaranana, kakara dosa.” Saurna. Tapi kuring tetep asa dosa ka kolot, lamun Emah terus ngurus Si Jalu. Tapi lamun ngawagel Emah ngasuh Si Jalu, sieun dipajarkeun em- bung kacicingan. Kapan jadi ngaraheutan manahna. Meureun ayeuna waktuna kuring males kanyaah Emah. Keun bae diomong- keun batur pajar ngaga- wekeun kolot, batan kuring ngaraheutan manah Emah. “Lila kénéh peréna budak téh. Apa geus nanyakeun waé, sonoeun meureunan,” soanten Ema ngahudan- gkeun lamunan kuring. Kumaha atuh nyaritakeun ieu perasaan dosa téh. “Ngawitan énjing, Mah, “ témbal kuring. “Pageto we atuh Emah ka lembur jeung Si jalu, nya,” saurna. Kuring unggeuk. Haté ngarakacak. Lalanya- han waé kitu, nanyakeun naha Ema teu capé ngurus Si Jalu. Naha Ema teu capé uah- uih ka lembur. Kakara miwarang lirén maturan kuring. Tapi biwir téh teu kelu cacarita. “Geus meujeuhna adian, budak teh Nyai. Ulah hiji teuing, karunya. Meungpeung Ema jagjag keneh, “ saur Emah. Piceurikeun nyelek kana tikoro. Rasa kagagas séséléké sumeleket kana dada, jero pisan. Duh in- dung.*** Panglawungan 13, Juni katompérnakeun.
  • 23.
    22 Manglé 2434 A ngkrékbulan marakbak bodas mapaés rohangan te- ngah. Unggal poé ditatap diusap jadi batur ngobrol, tempat mi- radu mun haté keur sume- deng ringrang. Sok rajeun nyoréang ka tukang, mangsa hirup paduduan, genep taun kaliwat. Nyi- mas Siti Munigar, anak nunggal Mama Mar- tadikusumah jeung Ambu Rohani, kembang désa Cidalingding, camperenik. Sinjang sidamukti dilam- ban, nyanding kana baru- kat pulas langit mungkus waruga lémpéréng konéng, raray marahmay, sang- gulna kabungkus karém- bong bodas. Payus meu nang sebutan ratu ti kahyangan; matak geugeut nu deukeut, matak sono nu nempo. Teu saeutik jajaka ti sawatara lembur ngahaja ngalanglang hayang nga- bandang. Ti mimiti man- dor adeg, mantri pasar, juragan kawung, kaasup barudak nu kakara mang- kat begér nepi ka Kawasa Kebon boga tarékah Carpon Moddi Madiana Kanikir Dipipir Pasir
  • 24.
    Manglé 2434 23 séwang-séwanganpikeun ngadeukeutan Nyimas Siti Munigar. Ari sikep Mama Martadikusumah, éstuning bijaksana naker. Tara pipi- lih piminantueun, istuning masrahkeun ka nu jadi anakna baé. Nya ku sikep éta pisan nu ngajadikeun urang lembur Cidalingding ngarasa ajrih. Antukna taya nu wanieun ngaheureuyan Nyimas Siti Munigar. Kabeneran nu manggih jodo jadi salaki Nyimas Siti Munigar téh Kang Rahmat, bandar kawung, anak kuwu Cijeré. Ti saprak rumah tangga, Nyimas misah imah ti indung bapa, nyicingan imah di lamping Cidal- ingding belah kalér. Lima taun nyorang lakirabi can kawaris anak. Pacogrégan dina rumah tangga beuki némbongan anu jadi mar- galantaran Rahmat hayang boga turunan. Layung tara némbongan, angin ti lam- ping jarang liwat hareup- eun, ukur séahna ngajauh an nyusur gunung, nyisir pasir awor jeung guligahna ombak di basisir. Teu wani nyarék sumawonna ngahu- lag kana talajakna. Lain teu hayang megatan tapi teu sanggup kudu cékcok komo pabéntar paham mun kaparengan aya di imah. Rahmat jadi jarang balik. Di sagigireun ngiangkeun gula kawung ka dayeuh, di- tambahan ku geus ngarasa teu betah di imah. Nyi Mas Siti Munigar ukur bisa ngu- pahan manéh, nilaman ma- néh ku rasa sabar. Wanci moyan hordéng jandéla katebak angin. Angkrék bulan katojo pa- nonpoé nyacas nyaangan rohangan. Bari nilepan samping corak tarungtum Nyimas nyawang sémah nu nyampeurkeun. Beuki deu- keut beuki sidik yén nu datang téh Marni, pamaji- kan nu ngora ti Rahmat; ngais budak umur sataun hanjat ka tepas imah. Sémah dihiap sina asup bari pok, “Euleuh geuning mani tangginas wayah kieu geus nepi ka dieu. Jam sabaraha ti ditu?” Nu ditanya gancang nga- jawab, “Bada subuh!” Teugeug. Teuing pédah capé kénéh. Dirérét budak dina aisan, nyeplés be- ungeut Rahmat. “Sok écagkeun heula bu- dakna. Ké rinéh wé. Urang nyokot heula cai, lumayan keur nuuskeun capé, bisi hanaang,” cék Nyimas Siti Munigar bari ngoloyong ka tukang. Marni teu loba carita, ukur rurat-rérét- kawas aya nu ditéangan. Basa mencrong poto salak- ina nu ngagantung dina témbok, kapegat ku pa- nanya Nyimas Siti Muni- gar, “Tas ti mana Nyai téh, atawa ngahaja ka dieu? Naha bet sosoranganan mangkaning lain lalakon deukeut-deukeut.” “Puguh ngahaja abdi nepangan Ceuceu di dieu, maksad mah...” teu parat omongan Marni. “Baruk, aya pamaksudan naon, asa rareuwas teu- ing?” Nyimas Siti Munigar geus ngarasa curiga yén ka- datangan Marni lain sa- datang-datangna. “Numawi tos opat sasih bapana barudak teu aya wangsul ka lembur. Na- mung punten manawi...” Marni kalah ngaheruk. Nyi- mas Siti Munigar istigfar dina hatena ngarasa karunya kana nasib Marni ditinggalkeun ku Rahmat bari taya béja carita jeung kudu ngurus budak satilu- tilu. “Euceu ngarti jeung milu prihatin kana nasib Nyai jeung barudak. Nyai ulah ngarasa curiga ka Euceu, salaki Nyai ti saprak mi- hukum Nyai geus tara ngu- lampreng ka dieu. Da geus teu katalian ku kawajiban deui jeung Euceu mah.” “Kedah kumaha atuh abdi ayeuna, sareng kedah ka mana milarianana?” Marni keukeuh can percaya kana jawaban Nyimas Siti Munigar. “Haaarrr... nya kudu kumaha atuh? Apan ba- heula ogé basa Nyai nga- jorag ka dieu ménta tanggung jawab Rahmat ku Euceu dijurungkeun sina ngawin Nyai. Naha Euceu kungsi ngajirag ka Nyai salila salaki salingkuh ka Nyai?” “Bilih Kang Rahmat ba- balik pikir, badé saha nu ngalereskeun barudak ka payunna?” “Astagfirullah...” Nyimas kareureuwasan. Da puguh teu bogaeun niat rék ngabaruntakeun rumah tangga batur, sana- jan Rahmat téh kungsi jadi salakina. Asa teu katari- makeun kanyaah dirina, lain teu nyeri haté basa kudu ngijinan salakina kawin deui lamun alesan- ana lain hayang boga tu- runan. Rék kumaha deui atuh? Sanajan peurih kana ati, rido pepegatan sangkan manéhna jongjon rumah- tangga jeung nu anyar, sangkan tumaninah ngurus turunan. Tapi kunaon atuh sakitu geus boga turunan maké kudu cul-culan ka anak pamajikan? Marni neuteup budakna dina aisan. Nu diteuteup males melong, teu ngar- tieun naon anu keur karan- dapan ku indungna. Beungeut pias kiceup carang. Haté Marni ngajerit ngubek langit, kanyenyer- ian ditinggalkeun salaki. Teuing di mana, teuing keur naon. Teu rido salaput hulu kudu diduakeun. Nginum asa nguyup tuak bari, maksakeun barangda- har teu mirasa.Cimata rajol patutur-tutur, dipaksa dipegatan keukeuh bedah teu katahan. Kudu ka mana nyusulna, naha aya di wa- rung nu baheula mimiti amprok atawa di Hotel anu biasa lamun jangji rék patepung? Jauh tina pa- nyagka, hanas keur gawé di pabrik ogé ménta eureun da tadina hayang ngawula ka salaki. Atuh lalaki anu harita geus paheut rék mikahéman ogé dibolay- keun. Dina emprona geus jadi salaki geuning kieu buktina. Poé geus nyérélék mayung ngulon. Sora tu- raés beuki tarik semu anu milu ngajerit maturan dua haté awéwé nu keur sarua rajét. Dicarék mulang, tapi Marni keukeuh mangkat. Marni geus teu katémbong, kabulen pepedut nu ngagu- lung nuruban lembur. Kanikir nu kungsi dipelak dina pipir pasir lembur Cidalingding salapan taun katukang teu katémbong asrina, semplak leungiteun komara. Ngarangrangan ilang dangiang. Gering nangtung ngalanglayung. Jandéla nu biasa dipaké moyan ku Nyimas Siti Mu- nigar geus nutup. Lampu gantung di tepas imah tinggurilap. Kelir lampuna pancawarna. Kembang angkrék bulan ngahaja dipindahkeun ka kamar pikeun maturan Nyimas Siti Munigar mupu peuting, sakalian ngawawaas éndah- na peuting nu pinuh kaasih. Peuting munggaran nyo- rang hirup laki-rabi, pasrah diri lahir batin meungkeut kageugeut meuseuh kadeudeuh tina haté ka haté, jadi beungkeutan raga jeung rasa. Angkrék bulan kelir bodas mairan koréjatna rasa. Jajap Nyimas Siti Mu- nigar nyorang alam impian. Raray marahmay, geulis lir putri kahyangan. Rinéh simpé, gurat kamelang ilang ngajirim jadi imut nu geulis nyambung nyimbu- tan peuting nu jempling.*** Subang, 100710
  • 25.
    24 Manglé 2434 G asikleungeun ngacung mani asal luhur, hih angger wé mobil téh ngadius. Enya, teuing élef teuing naon da teu pati sidik puguh poék. Mundur deui ka sisi bisi katabrak. Teu kungsi lila, sebrot deui ca- haya lampu mobil ném- bongan mani hurung. Na atuh teu kungsi memenitan pes pareum. Boro geus tatan-tatan rék ngacung deui. Rék nyaba kuring téh ka Sumedang itung-itung pelesiran. Sorangan baé bari léngoh deuih da teu puguh jugjugeun rék ka saha-sahana. Orokaya ngadagoan mobil nu rék ka Kota Tahu téh mani lila naker. Ti tas magrib rara- saan téh kuring ngajengjen di Bunderan Cibiru, aye- una geus tabuh salapan. Ngajejentul sisi jalan, so- rangan. "Piraku wayah kieu geus euweuh mobil mah," gerencem haté. Gék diuk dina pager témbok. Sakedapan ngarérét ka jero imah nu pagerna didiukan. Jempling. Nu baroga imah geus talibra taksiran. "Kumaha atuh?" jeroeun dada padungdengan deui. Teuing naon nu kudu dipil- ampah. Bati bingung. Kalah kelekep heuay, tun- duh. Sabisa-bisa sakadang tunduh téh ditundung. Kongkolak panon dikucek- kucek sangkan cenghar deui. Geus kagok indit ti imah tuda. Piraku kudu bolay onaman. Teu kungsi lila di hare- upeun geus ngabagug mobil. Badag, beus. Teu kanyahoan datangna, teu gurang-gerung sora mesin mobil da. Eureunna téh mani pas hareupeun ku- ring, lebah panto hareup nu geus muka. "Tid, tid, tidiiiid...!" Sora kelakson mani harus. "Hayu Pa, badé nyaba?" tanya supir. Rét dirérét, horéng awéwé. "Ka Sumedang?" tanya téh bari nguniang. "Muhun, hayu!" gelenyu imut. Teu ngengkékeun deui, kalacat baé kuring naék. Na atuh, karék gé suku duanana asup, panto beus nutup sada ngajeblug, ngonci rapet. Lampu- lampu jero beus ukur reyem-reyem. Ari sugan jero beus téh loba panum- pang, horéng kosong mo- longpong, ukur kuring sorangan nu tumpak téh. Kurig muru jok tengah, bari teu wudu jantung mimiti ratug. Dius beus mangprung digas satakerna, mani asa ngapung. Leungeun tipepereket nyekelan jok hareupeun. Rét ka hareup malédogkeun teuteup ka supir tina kaca sepion, atra pisan. Séréngéh seuri, lain ukur imut. Teer...bulu pun- duk carengkat, kuku- rayeun. Halis kuring kerung, nginget-nginget si geulis supir. Asa apal kana be- ungeut éta téh ngan teuing saha jeung di mana. Enya apal, ngan teuing saha nya? Hantem baé mikiran si geulis. Jalan Bandung - Sumedang téh da sidik di- aspal, leucir hotmik malah. Tapi naha beus nu di- tumpakan téh abrug-abru- gan siga ngagéléng jalan ruksak. Pikasebeleunana téh si geulis supir beus ngajalankeun mobilna mani apung-apungan. Késang badag késang lem- but mimiti maseuhan awak. Rét ka luar, poék ngageblég, teuing lebah mana, teu apal. Rét deui ka si geulis, angger nyéréngéh, malah antukna mah nga- gakgak. Puguh wé beuki muriding. "Hahaha...tenang Pa ten- ang, moal nanaon," cenah. Kuring hayang nyanga- ngang némbalan, rék nyarékan laklak dasar da puguh manéhna nga- jalankeun mobil teu jeung adeuh, kumaha mun cilaka. Orokaya biwir asa dikonci, rapet teu bisa engab-engab acan, malah teu pupuguh asa eungap. Katénjo ti hareup aya lampu mobil séjén, papa- hareup. Gejul, si geulis kalah ngagas beus, dilelem- peng...kana lampu mobil di hareup siga ngahaja sina diadu. Da jeung saenyana, teu kungsi lila...jebrod dua mobil siliteunggar badis domba adu. Sorana mani ngajelegur. "Hahaha....karasa?!" ceuk si geulis bangun atoh bin sugema. Kuring ona- man ngaranjug lain meumeueusan, reuwas kareureuhnakeun. Gasik capa-cipi kana awak, al- hamdulillah beleger kénéh. Dius beus mangprung deui. Teuing kumaha nasib mobil nu cikénéh ditabrak si geulis téh. Kituna téh manéhna kalah aluman-al- imen, jung nangtung. Enya, nyupiran mobil bari nangtung, teu uyahan. "Nanaonan éta?" Kuring ngagorowok, tapi taya sora. Si geulis kalah kalacat naék, gék andegléng dina jok panyarandéan. Teu cageurna téh nyupiran ku cokor geura. Puguh wé kuring ngembang kadu. Geus kitu, jen nangtung, nyanghareupan kuring. "Tenang Pa, tenang, tong sieun hihihi...," pokna mani hayang malédog da. Orokaya teu bisa meta. Hadéna si geulis éling deui. Manéhna nyupiran beus siga sasari. Keur kitu, cekiiit...sada rém. Blak panto beus muka, ana rob Si Geulis nu Nyupiran Beus Ku Féndy Sy. Citrawarga
  • 26.
    Manglé 2434 25 téhpanumpang arasup. Sakedapan kuring malé- dogkeun panon ka luar, reyem-reyem kabaca tulisan Terminal Cileunyi. Ti dinya mah panumpang beus téh pinuh wé. Ngan kuring mah diuk sorangan sajok téh. Barang disidik-sidik...alah ieung, tadi-tadi barang naraék katara dicarindung bodas jeung dikaropéah haji, na geuning ayeuna diparocong kabéh.Dius beus mang- prung deui bareng jeung mangprungna lelembutan kuring mawa pananya, di mana ieu saenyana? Naha panumpang beus diparo- cong? Basa maling-maling rérét, katara tingséréngéh, laju ngabarigeu, téu narolih ka sisi ka gigir. Kaayaan karasa beuki combrék, angot basa selengseg aya bau menyan mani meledug. Kuring hayang saajleng-an- jlengeun kaluar tina beus, tapi ukur kahayang da puguh suku asa dipaku. Beus karasa ngabelesat, boa-boa ngapung. Gajrug- gajrug napak deui. Awak karasa nyareri balas tibabaranting. Sakapeung sirah notog hateup beus. Bedus téh, kalah tingcikikik dibawa tumpak beus édan- édanan téh. Puguh soran- gan mah soak. Abong-abong diparocong. Angot si geulis supir mah sugema wé batur soak téh. "Kebut Nyi, ngarah téréh tepi!" Gélo, aya nu nyundu- tan si geulis. "Oké Bos!" témbal si geulis, bari jung nangtung nyanghareupan panumpang. Setir mobil mah tiba digéol-géol ku bu- jurna. Barang disidik- sidik...iyyy...si geulis gé jadi pocong! Teu sadar kuring ngagorowok, "Jur, jur, jur- riig...!" "Hahaha...baru tahu ni yé?!" Réang sabeus bari malencrong ka kuring. Mata-matana bangun haru- rung. Puguh wé kuring beuki ngompod. "Énggalkeun Nyi, kaburu beurang!" Aya deui nu ngagorowok. Si nyai nu robah deui jadi wujud nu geulis nu kuring apal ngan teuing saha téh rikat nyupi- ran beus siga sasari. "Bérés Bos, sakeudeung deui Cadaspangéran!" tém- bal si geulis bari ditungtun- gan ku ngahihi. Ngadéngé Cadas- pangéran, jalan jurang lungkawing, kuring enyaan baluas, soak, geumpeur lain eumeueusan. Beus karasa luak-léok, sakapeung nyangéyéng siga ukur napak dua ban gigir kénca, geus kitu gulitik nyangéyéng ka katuhu. Pareng di nu datar nyem- prung sari-sari ngapung nepi ka karasa nabrak nu teuas, terus ngapung, koléaaaang......gubrag! "Tuluuung...!" Kuring ngocéak. "Pa, Pa, ku naon? Ngimpi? Tos tabuh opat rék ka pasar lin?" Gurinjal hudang. Di hare- upeun pamajikan. Gigisik. Gustiii...na ngimpi téh kabina-bina teuing. "Iyyy...!" Kuring ngabi- rigidig. "Ngimpi naon atuh? Mani tulung-tulungan? Matak gé ari rék saré téh babacaan heula, lain ngomé pésbuk," ceuk pamajikan mapatahan. Moal di- dongéngkeun lalakon impian nu matak muriding muringkak mah ah, moal kuateun ngabandun- ganana. Anggur mah rék dikirimkeun ka Manglé, sugan wé dimuat. Rérés solat subuh kuring ka pasar, cara sasari. Pipiki- ran mah angger na impian, nginget-nginget si geulis supir beus téa. Asa apal, ngan teuing saha. Oh...enya, kakara inget. Si geulis téh nu sok ngalada- ngan di kios pasar gigireun kios Mang Jana, paragi kuring balanja. Tah lamun kuring keur balanja, ngadagoan diladangan, sok anteng maling-maling ngarérét ka si geulis. Dasar panon lalaki atuh. Anjog ka pasar, langsung wé kuring malédogkeun panon ka kios paragi si geulis. Ngan geuningan kiosna téh tutup. Basa kuring tu- manya ka Mang Jana naha kios nu sok ngajualan kuéh téh tutup, teu wudu nga- jenghok. "Si Enéngna maot, kacilakaan mobil," témbal Mang Jana. "Di mana?" "Di Cadaspangéran, peu- ting tadi." "Innalillaahi wainna ilaihi rooji'un...." cékéng bari teu wudu punduk mah muring- kak deui. ***
  • 27.
    26 Manglé 2434 G euslila kuring hayang pisan alat kasenian tradisional nu ngaranna tara- wangsa. Tarawangsa téh nyaéta alat musik tradisional anu asalna ti kacamatan Rancaka- long Sumedang anu dijieun tina kai jeung sok maké senar urut kawat rém motor. Ngamaénkeun tarawangsa biasana sok dipirig maké jentréng. Naon atuh ari jen- tréng téh? Jentréng nyaéta alat musik tradisional nu sarua ti Ran- cakalong Sumedang nu dijieun tina kai. Wangunan jentréng mah ngaharib-harib kacapi, tapi ieu mah leuwih leutik jeung kawatna ngan dalapan. Éta tarawangsa téh ari katingalna mah siga alat musik Rebab. Da senarna téh sami aya dua kawas rebab, ogé tina nga- maénkeunna gé carana téh sami nyaéta dikését, tapi anu ngabé- dakeun antara rarawangsa sareng rebab mah dina bentuk eujeung sorana. Anu bisa kanu Tarawang- sa téh langka, katambah éta ka- senian tarawangsa mah lokal di daérah Rancakalong. Sok sanajan lembur kuring rada anggang ti Rancakalong, tapi kur- ing rada kataji hoyong pisan bisa kana tarawangsa, mung nya kitu téa da geuning kuring téh teu ga- duh alatna, janten badé latihanana gé sesah, da ari latihan téh kedah aya media nu ngadukungna nyaé- ta alat tarawangsa. Kuring wawartos ka pun bapa, yén kuring téh hoyong alat musik tara- wangsa. Tapi da pun bapa gé teu acan terang- eun dimana anu sok ngi- calan éta tarawangsa téh. Mémang enya tarawang- sa téh alat kasenian tradi- sional tapi pangaos rada lumayan awis. Tapi ku- ring teu acan éléh akal, kaleresan pun lanceuk gaduh kawawuhan urang Rancakalong anu sok ngadamelan tarawangsa. Hiji waktu pun lan- ceuk mulih, da kaleresan libur. Atuh kasempetan kanggo kuring mah ho- yong dipangmesenkeun tarawangsa. “A, manawi uninga, dupi nu sok ngicalan tarawangsa dimana nya?” ceuk kuring. “Aya réréncangan Aa anu sok ngadamelan tarawangsa téh. Ganjar badé mesen? Ké ku Aa dipangmesenkeun.” Témbal lanceuk kuring. “Kinten-kinten saba- raha tah, A pangaos tarawangsa téh?” ceuk kuring deui. “Ari tarawangsana hungkul mah tilu ratus rébu, lamun sareng jen- tréng janten tujuh ratus rébu,” témbal lanceuk kuring. “Ah, Ganjar mah badé mesen tarawangsa wé heula da mung aya kanggé satarawangsaeun ar- tosna gé.” Témbal kuring. “Nya ke ari ka Bandung can- dak artosna. Ayeuna mah ku Aa dipangmesenkeun heula, ma- yarna mah langsung wé ku Gan- jar.” Témbal lanceuk kuring. “Nya atuh A, hatur nuhun.” Témbal kuring. Haté kuring bungah kacida, sabab geus manggih jalan pikeun mibanda nu dipikahayang. Hargana murah deui! Bubuhan pesenna ti sobat pun lanceuk. Dua poé ti harita pun lanceuk ngawartosan yén tarawangsa téh tos dipesenkeun, tapi kuring kedah nganteurkeun heula artosna da lamun teu acan diartosan mah moal tiasa dipidamel. Janten kedah aya artosna heula cenah. Enjingna kuring mios ka Ban- dung, badé masihkeun artos kanggé tarawanga téa ka pun lanceuk. Mios ka Bandung téh énjing-énjing da ari mios sonten mah sieun kahujanan. Ma’lum da harita téh nuju usum hujan. Tapi ari jas hujan mah mekel éta ogé, disimpen dina bahasi motor. Teu kacatur dijalanna, nepi wéh ka Bandung, pernahna mah ka STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonesia), tempat pun lanceuk kuliah. Kuring nelepon pun lanceuk, ngawartosan yén kuring tos dugi ka STSI. Wantun nelepon sotéh bubuhan apal, bi- asana jam sakitu mah pun lanceuk téh sanés nuju kuliah tapi nuju latihan sareng grupna nyaéta Pancasura. Jadi rada nyalsé, da éta mah di luar jam kuliah. “A, ieu artos kanggo tarawangsa téh, kinten-kinten jantenna iraha nya, A?” ceuk kuring. “Nya paling saminggu dua mingguan lah, da saur Aa tukang tarawangsa téh dipiwarang sing alus da ieu mah jang anggoeun,” témbal lanceuk. “Oh, muhun atuh A. Upami tos beres Ganjar wartosan deui.” Tembal kuring. Haté kuring bungah pisan, tos ngemplong deuih da artosna tos dipasihkeun, ayeuna ngan kan- tun ngantosan tarawangsa jeung kantun diajar wéh. Ti harita ku- ring sok sering ngupingkeun lalaguan tarawangsaan améh bisa wanoh sareng bisa nurutan. Kuring sok ningalan sareng macaan di google, wikipedia, jeung website-website lianna pikeun leuwih nyaho ngeunaan tarawangsa. Osok ogé ningalan vidio di youtube. Geuning aye- una mah tarawangsa téh diga- bungkeun jeung alat musik tradisional nu séjén deui. Con- tona digabungkeun jeung alat musik karinding, ogé ku para nonoman ayeuna mah dikoalbo- rasikeun eujeung alat-alat band underground sagala. Sora tarawangsa mah ka ku- pingna téh matak keueung. Bén- ten sareng sora rebab, sora rebab mah sedih, ari sora suling mah wa’as, aya deui sora saxophone mah watekna romantis. Kulan- taran sora tarawangsa matak keueung, pantes lamun tara- wangsa kadang sok diangge dina musik-musik underground. Tarawanga oge osok dipin- Juara 1 Pasanggiri Ngarang Carpon Paguyuban Pasundan Meuli Tarawangsa Ku Ganjar Purnama Wildan
  • 28.
    Manglé 2434 27 tonkeundi luar nagri, para pa- maén téh mahasiswa-mahasiswa ti STSI. Tah kuring kataji ku kaluar nagrina, bisa ngulinkeun alat musik tradisional Sunda nyaéta tarawangsa. Da ari cita-cita kuring téh hoyong ka luar negri mintonkeun garapan-garapan tra- disional Sunda oge ngangkat yén Sunda téh beunghar ku budaya. Atos saminggu kuring ngan- tosan, meni bungah kuring siap- siap ka Bandung bade ngabantun tarawangsa, tapi kuring ngasms heula pun lanceuk bade naros- keun beres atanapi teu acan tarawangsa téh. “Assalamualaikum, A kumaha tarawangsa téh tos rengse atanapi teu acan?” ceuk kuring ka lanceuk. “Waalaikumsallam, teu acan Njar, da acan aya beja deui, ke ku Aa diwartoskeun deui tos beres mah.” tembal lanceuk kuring. “Oh muhun hatur nuhun,” tem- bal kuring. Keuheul, kesel, handeueul, pacampur hiji. Diwalah-walah tos beres, ehh geuning teu acan jan- ten-janten tarawangsa téh. Geus teu sabar hoyong geura diajar tarawangsa téh gagal deui. Sabar hate! Kuring ngartos, da saur pun lanceuk ge beresna téh saming- guan atanapi dua mingguan. Jadi kuring ngantosan samingguan deui. Sabar we ah! Da cenah nu sabar mah sok pinanggih jeung bagja. Minggu kadua kuring ngasms heula ka pun lanceuk bilih kawas kamari hanas tos siap-siap ngaluarkeun motor tapi teu janten mios. “Assalamualaikum, A kumaha tarawangsa téh tos janten teu acan ti tukang tarawangsa téh?” ceuk kuring. “Waalaikumsallam, duka tah dua ku Aa di sms ge teu aya nga- bales wae da di kampus ge teu acan pendak wae sareng rerenca- ngan aa-na,” tembal lanceuk ku- ring. “Atuh kumaha A atos dua minggu teu acan janten-janten?” tembal kuring. “Yeuh ieu taroskeun weh ku Ganjar ke dikirim keun nomorna,” tembal lanceuk kuring. “Muhun atuh A,” tembal ku- ring. Kesel! Ongkoh dua minggu jan- ten, tapi teu acan janten wae! Ku kuring dicobian disms teu aya ngabales wae. Ditelepon teu di- angka wae. Hiji waktu, eta tukang tarawangsa téh ditelepon ku pun bapa tapi teu diangkat. Pas keleresan kuring nuju lati- han jaipongan di STSI kuring panggih jeung pun lanceuk. Ku- ring ngobrol sareng pun lanceuk. Jadi tukang tarawangsa eta téh sagrup sareng pun lanceuk. Ku- ring hoyong nepangan namung tukang tarawangsa eta na geuning teu aya wae, saur pun lanceuk mah teu acan jol. Kuring mah sok nyeri hate keur bener-bener ha- yang ari pek sok aya wae haha- lang, itu tea, ieu tea! Keun we lah da meureun can waktuna. Kungsi hiji poe, ku kesel-keselna nung- guan eta tarawangsa, kuring ny- obaan ngasms ka eta tukang tarawangsa tapi tos sababaraha kali ngasms teu aya waleran ti an- jeunna téh. Duka kunaon eta téh? Duka teu acan beres, duka kumaha! Dicobian ditelepon, tapi geuning teu diangkat-angkat. Terus we ku kuring téh ditelepon dugi ka lima kalina “no yang anda tuju sedang tidak aktif.” Meureun dipareuman da neleponan wae. Da ari kuring mah nelepon téh hoyong terang eta perkawis tarangwasa tea. Ari artos di- pasihkeun, ari barang teu acan rengse wae. Malam saptu tepatna pas lanceuk kuring mulih ti Malaysia, pun lanceuk ngob- rolkeun yen tukang tarawangsa téh ngiring ka Malayasia. Nya kitu mah pantes sms teu dibales, tele- pon teu diangkat oge. Didinya pun bapa nyuhunkeun nomor hpna eta tukang tara- wangsa. “Cing mana nomer tukang tarawangsa urang cobian di sms deui ku bapa,” ceuk pun bapa. “Nya ke dikirimkeun ka hape bapa,” ceuk kuring. Saatos masihkeun eta nomer pun bapa langsung ngasms ka tukang tarawangsa téh. Teu lami aya waleran ti tukang tarawang- sana téh. Manehna ngajangjikeun yen tarawangsa téh paling tiasa dinten minggu payun da anjeunna teu acan mulih ka Rancakalong. Tah ku kituna bapa nganuhun- keun ka tukang tarawangsa. Anu ka sakian kalina kuring bungah da minggu enjing mah bener-bener janten tarawangsana da tos aya kabar jeung ngajangjikeun mi- nggu payun. Abdi ge geus nga- jangjikeun ka barudak urang latihan karinding tarawangsaan da kuring ningali di Youtube tea geuning da enakeun. Minggu anu dianti-anti ku ku- ring oge ku pun bapa oge datang, abdi siap-siap tos ngaluarkeun motor kangge nyandak tarawang- sa ka Bandung, oge kuring téh tos ngajak babaturan kuring da nyan- dak tarawangsana sesah da age- ung geuning. Saacan angkat téh kuring sareng babaturan kuring nuju caralik keneh terus aya tu- kang baso, eta babaturan kuring téh ditraktir heula tuang baso, ke tos tuang baso urang angkat. Sa- teuacanna kuring miwarang pun bapa nelepon heula tukang tarawangsana. Tapi ku keuheulna téh eta tukang tarawangsa teu di- angkat-angkat telepon ti pun bapa téh duka kunaon. Didinya pun bapa oge keuheul terus weh pun bapa téh ngirim pesan singkat ka tukang tarawangsa eta téh. “Kumaha tarawangsa téh? Iraha beresna? Piraku sarua seni- man teu apal kana kabutuhan se- niman? Da biasana mah seniman tepat jangji, bisa dicekel carios- anana.” Ceuk pun bapa. “Hapunten bapa kaleresan abdi teu acan uih, abdi teu gaduh kendaraan insya allah minggu payun abdi bade uih,” tembal tukang tarawangsa. “Muhun mangga, ku bapa di- cepeng jangjina,” tembal pun bapa. Saminggu ti harita tukang tarawangsa ngasms deui ka ku- ring, ngawartosan yen tarawangsa téh tos janten. Ayeuna tarawangsana téh dititipkeun di pos satpam STSI anu dipayun. Tos kenging berita kitu mah kuring siap-siap angkat ka Bandung, oge teu hilap ngajak babaturan. Saatos dugi di STSI Bandung, di pos sat- pam kuring ngaroskeun ka sat- pam. “Pa, punten bade tumaros, dupi aya titipan tarawangsa kitu kadieu?” ceuk kuring. “Oh, muhun aya, ari ujang timana?” tembal satpam. “Ieu sareng Ganjar nu pesen ieu tarawangsa, ayeuna bade dican- dak pa abdi tos nyarios kanu ngadamelna, saurna kantun nyan- dak di pos satpam bae,” tembal kuring. “Oh kitu, muhun candak weh ari tos kitu mah,” tembal satpam. “Nuhun Pa, tembal kuring. “Sawangsulna,” tembal satpam. Kuring wangsul na ka bumi jeung hate bungah da ayeuna kalaksana ngagaduhan tara- wangsa téh, oge ayeuna téh bade nepangan barudak pan geus nga- jangjikeun latihan bade nyobian ngolaborasikeun alat musik rebab jeung karinding celempung. Saatos di bumi kuring masih hu- lang-huleng keneh, na kunaon da geuning ari tarawangsana aya ari pangeset tarawangsana teu aya tina bungkusan. Kuring didinya langsung ngahubungi deui tukang tarawangsana naroskeun deui perkawos pangsetna, bilih murag di jalan tapi da rarasaan mah teu murag da ti jalan oge ditangkeup di tengah jok motor. Tapi na saurna téh kakantun di Rancaka- long. Nya abdi téh atuh ngantosan deui kantun pangeset. Ari kamari- kamari ngantosan tarawangsa, ayeuna ngantosan pangeset. Ahirna abdi ngangge pengeset rebab kuring kangge pangeset tarawangsana. Tapi alhamdulillah aya oge tarawangsa, kuring bisa nepatan jangji latihan da leres saur pun bapa ge da ari jangji se- niman mah kedah di cepeng bener. Kuring lalatihan jeung barudak sakalian ngalatih oge maenkeun tarawangsa, da sabener mah kuring teu bisa maenkeun tarawangsa ngan kuring apanan diajar rebab di sakola kuring. Eta oge duka leres duka henteu cara nyurupkeun oge cara penyarian- na. Kuring nyobian milari pan- yarian tarawangsa di google, wikipedia, youtube, tapi teu aya da sesah artikel nu kitu mah geuning. Poe nu salajengna nya sim ku- ring nga-sms deui ka tukang tarawangsa naroskeun perkawis pangesetnana. “Assalamualaikum, A kumaha perkawis pangeset tarawangsa téh ieu abdi peryogi kangge maen- keun,” ceuk kuring. “Waalaikumsallam, muhun Aa teu acan uih ka bumi ke minggon payun Aa bade uih heula ka Ran- cakalong bade nyandak pange- setna,” tembal tukang tarawangsa. “Muhun atuh A, diantos.” Tem- bal kuring. Sabenerna mah kuring geus hoream naros-naroskeun deui tapi da kumaha perlu ieu kangge tarawangsa, da lamun teu aya pangesetna mah moal disada, un- tung oge eta aya pangeset rebab abdi. Kuring nyobian deui ngasms tukang tarawangsana perkawis eta pangeset, tapi angger keneh teu aya waleran ti tukang tarawangsana. Dicobian ditelepon angger keneh teu diangkat wae. Hiji poe kuring nyobian dongkap ka STSI hoyong pendak sareng eta tukang tarawangsa téh namung ku kuring di sms téh hoyong ngo- brol sareng anjeunna teu aya waleran wae. Tah semet dinya kuring tara naros-naroskeun deui perkawis pangeset ka tukang tarawangsa, keun weh sugan inget sorangan. Jadi tungtung mah pengsetna téh teu acan aya wae nepi ka ayeuna oge, da ari saur tukang tarawangsana téh tilu ratus rebu téh tos sareng pange- setna. Tapi kuring teu se’ep akal gara-gara teu aya pangeset tarawangsana kuring jadi teu bisa diajar kana tarawangsa, jadi tung- tungna mah kuring ngangge pangeset rebab kangge diajar tarawangsa da ari ngarep-ngarep pangeset ti tukang tarawangsa mah iraha jadina.*** Cintamulya, 16-04-2013
  • 29.
    28 Manglé 2434 K etuaDPRD Provinsi Jawa Barat Irfan Suryanagara nga- dongsok ka organisasi pa- muda pikeun ngajak masarakat sangkan ulah masualkeun deui isu- isu atawa pekara nu aya patalina jeung kadaerahan di wilayah Jawa Barat anu masih keneh diadureny- omkeun ku para inohong “senior” di Jawa Barat. Hal ieu dieceskeun deui ku Irfan dina sela-sela gempungan jeung jajaran Majelis Pemuda Indo- nesia (MPI) KNPI. Irfan ngungkabkeun kawariwangna tumali jeung ayana beja selentingan ayana daerah nu hayang misahkeun maneh ti provinsi Jawa Barat sa- kumaha anu kungsu diramekeun di wilayah Cirebon sarta wacana nga- degna provinsi anyar di bagean kulon anu boga wates jeung ibukota anu sabenerna mangrupa panyumbang PAD panggedena keur Jawa Barat nu gedena geus nepi ka 46 persen. "Kumargi kitu ayeuna pamarentah tarekah satekah polah kanggo ngaya- keun pemerataan pangwangunan, henteu ngan ukur fokus di wilayah priangan wae, tapi oge ka kabu- paten/kota anu jadi wates sareng ibukota di kulon sareng wilayah anu gaduh wates sareng Jawa Tengah." Pokna. "Jawa Barat sanes saukur wilayah Priangan wungkul, aya wilayah Cire- bon, Indramayu, Majalengka, Kuni- ngan oge aya wilayah Depok, Kara wang, Bekasi, Bogor. Upami kajante- nan aya wilayah anu misahkeun maneh, kumaha atuh sarng wilayah sanesna sapertos Garut, Tasikmalaya, Ciamis padahal dugi ka ayeuna pen- dapatan PAD Jawa Barat nu pang- gageungna teh justru asalna ti wilayah anu hoyong misahkeun maneh." Pokna deui. Nurutkeun Irfan wilayah Cirebon memang geus puguh boga minyak, kitu deui jeung wilayah Bekasi, Depok, Karawang, Bogor anu saes- tuna mangrupa wates jeung ibukota minangka puseur muterna ekonomi. Hal ieu memang jadi ancaman keur pamarentah Jawa Barat upama me- mang kajadian aya wilayah anu gede potensina keur Jawa Barat hayang misah tur nyieun provinsi anyar. Kusabab kitu nurutkeun Irfan geus lain waktuna deui ngomongkeun wilayah Priangan atawa Sunda asli, pituin atau menak Sunda waé, tapi sakabeh wilayah di Tatar Sunda ieu nu kudu jadi tanggung jawab jeung pancen sarerea dina enggoning ngawujudkeun kamakmuran di Jawa Barat. DPRD Provinsi Jawa Barat salawasna ngarojong sangkan ayana tilu wilayah budaya nyaeta Priangan, Cirebonan jeung Betawi di wilayah Jawa Barat bisa sajalan jeung bisa meunangkeun hak anu sarua dinda sagala widang utamana dina pang- wangunan daerah. Pamarentah dina hal ieu DPRD mi- harep oge ka sakumna organisasi ka- pamudaan sangkan bisa nepungkeun atawa jadi “jembatan” keur sakumna kelompok masarakat jeung Pemprov Jawa Barat, sangkan program pang- wangunan sagancangna di hagetkeun di sakabeh wilayah Jawa Barat tur bisa dilaksanakeun sacara adil jeung rata.*** (AS) Jawa Barat Lain Priangan Wungkul Ketua DPRD Prov. Jawa Barat Irfan Suryanagara
  • 30.
    Manglé 2434 29 D PRDJawa Barat ngagelar "hearing dialog" atawa de- ngar pendapat antara Wakil GubernurJawaBaratDeddyMizwar jeung sajumlah inohong atawa tokoh masarakat anu ngiritik kana "tugas ganda" Deddy Mizwar nu dipercya jadi wakil kepala daerah, tapi masih katalian keneh kontrak komersial. Kegiatan ieu diayakeun ku alpu- kahna pingpinan DPRD Jawa Barat anu diwakilan ku Wakil Ketua DPRD Jawa Barat ti Fraksi Partai Golkar Drs. H. Uu Rukmana, di lobi ruang sidang DPRD Jabar. Nurutkeun Uu Rukmana, tujuan digelarna acara ieu nyaeta pikeun neangan jalan atawa solusi anu alus tina permasalahan "tugas ganda" Wakil Gubernur Jawa Barat. Dina acara ieu DPRD Jabar oge ngondang para inohong saperti Tjetje Padmadinata, Pengamat Hukum Dindin S Maolani, Penga- mat Birokrasi Memet Hamdan, Pengamat Budaya Yayat Henda- yana, Pengamat Politik Upa Safari, Wakil Ketua DPD Partai Gerindra Jawa Barat Sunatra, sarta ti media Januar P Ruswita. Pasualan masih katalian kontrak komersial Deddy Mizwar anu geus jadi Wakil Guber- nur Jawa Barat téh tetela masih keneh jadi kacapangan. Wakil Gubernur Jabar Deddy Mizwar sacara serius ngaregepkeun para inohong anu keur nepikeun kereteg hatena jeung unek-unekna patali jeung iklan anu mintonkeun Deddy Mizwar. Dedy netelakeun, yen can aya ren- cana megatkeun kontrak bintang iklan sacara sapihak jeung para pro- dusen iklanna. "Upami sim kuring mayar pihak produsen atanapi putus kontrak, atuhsimkuringtéhbakaldisebatteu terang etika, anu ditulis wae teu di- palire.Tahhalieubakaljadiawonka Wagub Jabar. Ieu integritas sim ku- ring," ceuk Deddy. Nurutkeun Deddy, dina industri periklanan, pausahaan geus nyip- takeun rarancang iklanna keur sa- taun. Kaasup jadwal iklan jeung anggaranana. Megatkeun kontrak di tengah jalan, ceuk Deddy bakal ngahe- sekeun boh keur pihak pausahaan boh bentang iklanna. "Milih talent anu tiasa ngadugi- keun bewara téh henteu gampil. Malah mah biasana diayakeun sur- vey mangbulan-bulan sateuacanna. Hal ieu bakal ngarugikeun, sim ku- ring alim dzalim," pokna. Aya sababaraha hal anu ku Deddy ditepikeun dina acara ieu, nyaeta moal narima kontrak deui jeung manjangkeun kontrak. "Kanggo kapayunna sim kuring moal nampi deui kontrak enggal. Moal neraskeun atanapi manjang- keun kontrak nu aya ayeuna. Kontrak nu aya, bakal direnegosi- asikeun deui ku sim kuring. Upamana bae wangunan ik- lanna dirobih jadi edukasi masa- rakat. Sim kuring bakal nyarios langsung ka pihak produsen," pokna.*** (AS) DPRD Jawa Barat Ngabahas “Tugas Ganda" Wagub Deddy Mizwar, Wakil Gupernur Jawa Barat
  • 31.
    30 Manglé 2434 K otaBandung minangka kota agamis, dina nga- wujudkeun masarakat anu mulya ahlakna, sangkan taya kajadian anu méngpar tina norma agama, lain saukur ku cara medalkeun paraturan wungkul, tapi kudu aya pangawasan anu daria sarta tuladan ti pamingping sangkan bisa jadi conto ka masarakat. Dina momen bulan Romadon anu mangrupa bulan nu pinuh ku bere- kah tur rohmat, sangkan kaom mus- lim ngarasa tengtrem dina ngalak sanakeun ibadah puasa, sagala rupa hiburan peuting kudu ditutup sabu- lan campleng, luyu jeung Perwal (Peraturan Walikota). Éta hal ditétélakeun ku Ketua Komisi A DPRD Kota Bandung Haru Suandharu SSi.MSi, ka Manglé sa- watara waktu nu kaliwat di rohangan kantorna. “Dina prak-prakan ngalaksanakeun éta Perwal, kedah aya pangawasan anu langkung daria, bilih aya pangu- saha anu teu taat kana aturan sarta ngajalankeun usaha hiburan peuting kalawan susulumputan. Pangusaha anu ngarempatk aturan kedah di- tibanan sangsi anu beurat, ti ngawi- tan tegoran lisan sareng tulisan dugi ka dicabut ijin usahana. Éta tindakan tegas téh kedah dilaksanakeun ku Pa- maréntah Kota Bandung. Ulah dugi ka aya ormas Islam anu ngiring aub metakeun tindakan, margi bakal nga- balukarkeun datangna pasualan anyar. Anu kedah nanjeurkeun atu- ran nyaéta pamaréntah ngalangkun- gan dinas anu aya pakaitna sareng éta hal, di antarana Dinas Pariwisata sareng Sap.Pol PP.,” kitu ditétélakeun ku Haru, anu ogé kacatet minangka anggota déwan ti Fraksi PKS. Ceuk Haru, pangusaha kudu tata- har sarta ti anggalna mula boga itungan yén dina usaha hiburan peu- ting mah usahana ngan sabelas bulan, lantaran salila bulan puasa kudu bener-bener eureun. Jadi, taya alesan sieu teu bisa ngagajih pa- gawéna, sabab geus ditataharkeun sarta diitung ti anggalan mula téa. Kategasan aparat pamaréntah, utamana Sat.Pol. PP Kota Bandung, éstu dibutuhkeun pisan pikeun nan- jeurkeun wibawa pamaréntah. Lamun aya oknum aparat anu méré toléransi ka pengusaha hiburan peu- ting nu ngarempak aturan, atasanana kudu gancang méré sangsi ka éta patugas. “Dina ngalaksanakeun paraturan pamaréntah, aparat téh ulah mung Salila Romadon Tempat Hiburan di Kota Bandung Kudu Ditutup Ketua Komisi A DPRD Kota Bandung, Haru Suandharu SSi, MSi.
  • 32.
    Manglé 2434 31 ukurngantosan laporan ti masarat, tapi ngalaksanakeun pangawasan langsung ka lapangan pikeun ném- bongkeun yén pamaréntah Kota Ban- dung mémang daria dina nanjeur keun aturan,” pokna. Dina Bulan Romadon, Haru ngém- bohan, dipiharep obyagna kagiatan ibadah téh lain ngan saukur katém- bong di masjid-masjid wungkul, tapi ogé deuih di tempat séjénna saperti di kantor, di mol, jeung sajabana. Éta taya lian ti pikeun ngajénén bulan Romadon jeung anu ngalaksanakeun ibadah puasa. Pamaréntah kudu jadi régulator sangkan masarakat Kota Bandung bisa ningkatkeun kaimanan, uta- mana dina bulan Romadon. Sajalan jeung ayana Perda Diniyah Takmiliyah anu pungsina pikeun ne- dunan kabutuhan atikan agama Islam, sarta ngamekarkeun kahiru- pan muslim anu luhung élmuna tur pengkuh agamana, anu brasna ngawujudkeun masarakat anu mi- banda pribadi percaya diri sarta séhat jasmana jeung rohani. Ogé dina raraga ngalaksanakeun pembinaan widang agama islam, momen bulan Romadon jadi bahan évaluasi dina ngalaksanakeun éta Perda, salah sahijina nyaéta ngatik masarakat dina widang pendidikan agama Islam anu dilaksanakeun ku organisasi, lembaga masarakat, jeung pamarén- tah. Contona, dina kagiatan nga- buburit dipihareup pinuh di masjid masjid, ngaderes tadarus Al Qur’an. “Kanggo ningkatkeun katengtre- man masarakat dina sasih saum, peryogi aya pembinaan ka nu dagang katuangeun sangkan ngahormat ka nu saraum, ulah icalan ti siang. Pa- padaning kitu, pamaréntah ogé kedah masihan solusi sangkan anu dagang tetep enging barokah dina sasih saum, ngalangkungan dinas anu aya pakaitna sareng éta hal. Kedah diémutan kumaha carana sangkan éta nu daragang téh masih kénéh tiasa usaha dina bulan Ro- madon bari jeung tetep tiasa ngalak- sanakeun ibadah saum, atanapi henteu ngaganggu anu nuju ibadah saum,” pokna deui.*** Cucu/Dédé Salila Romadon tempat hiburan peuting kudu tutup (nét) Pamaréntah kudu ngajamin katengtreman ibadah dina bulan Romadon (nét) Ngabuburit di masjid leuwih hadé bari tadarus (nét)
  • 34.
    Manglé 2434 33 M apagromadhon téh loba kénéh geuning jalma nu ngadon me- resihan kuburan bari ngadaru’akeun jalma-jalma nu dipiasihna. Teu nolih panon poé nu maju ka panas, loba kénéh nu patingkalosrék nyapukeun kalakay daun samoja nu malugu- ran. Kabeurangnakeun, saurang- saurang ngalaléos ninggalkeun pajaratan. Tita kaasup nu balik pandeuri. Méméh ngaléos manéhna ngalieuk ka palebah gundukan taneuh beureum. Emh....manéhna ngabayangkeun jasad Wiwin nu geus sataun ka tukang istirahat panjang di jero kubur...... Sing tengtrem, Win. Mugi teu weléh disarengan ku para malaikat nu soméah. Di- caangkeun di jero kuburna. Dita- mpi iman sareng Islamna. Diha- punten dosa-dosana. Haté Tita ngagerentes. “Hayu!” ceuk Ayang nu ngajan- teng gigireunana, ngenyang leu- ngeun Tita. Tita nuturkeun Ayang, ning- galkeun pajaratan nu mimiti karasa panas ku sinar panon poé. Harita geus méh tabuh duabelas. Sajeroning leumpang mapay jalan satapak nu brasna ka jalan gedé, maranéhna ngabaretem. Taya nu nyarita saurang ogé. Masing-ma- sing anteng dina pikiranana séwang-séwangan. Anjog ka jalan gedé, Tita nyokot motorna nu diparkir teu jauh ti sisimpangan ka makam. Sanggeus dihirupan, geuleuyeung ka beulah wétankeun, ngaboncéng Ayang. “Ku teu sangka nya, ari umur?” ceuk Tita. Padahal kalimah éta téh teuing geus sabaraha rébu kali dikedalkeun ampir sataun ieu. Bakat ku can percaya kénéh yén Wiwin téh geus teu aya dikieuna. Tuda asa diheulang pisan ku Wiwin téh. Harita, sataun kamari dina hiji soré, bet aya béja Wiwin maot lantaran tabrakan di Banjar. Innalillahi...... “Enya. Emh...urang mah inget wé kana kalakuanana pidua- poéeun deui ka kajadian harita,” ceuk Ayang,”Bet asa leuwih cen- til...sihoréng kituna téh....,” Ayang teu nganggeuskeun omonganana. “Ari sugan...urang wungkul no boga kesan kitu téh,” ceuk Tita. Jempé deui. Ukur sora mesin motor nu ngagerung. Léok méngkol ka jalan nu ka kénca. Ti dinya mah teu jauh imah mara- néhna téh. Poé éta Tita jeung Carpon Rumaja Nyekar Ku Ena RS
  • 35.
    34 Manglé 2434 Ayangngahaja teu asup sakola, ménta idin. Geus ti béh ditu mula, éta dua sobat téh boga niat hayang nyekar ka makam Wiwin samé- méh romadhon taun ieu. Teu pati lila Tita geus nepi ka imahna. Ayang mah terus leum- pang, mapay gang ka beulah kulon. Sanggeus neundeun mo- torna, Tita terus ka kamar mandi. Awakna karasa rada reged. Brus mandi. Réngsé mandi, Tita ngadon ngahuleng di kamarna. Komo basa neuteup poto dina témbok kamar. Témbong dina poto téh Wiwin keur seuri diapit ku manéhna jeung Ayang. Éta poto téh basa maranéhna rék asup ka SMU, dua taun ka tukang. Enya, pan manéhna, Ayang jeung Wiwin téh sosobatan ti keur SD mula. Sakola teu kungsi pa- pisah. SMP babarengan di SMP Tambaksari. Kitu deui SMU. Bubuhan imah maranéhna ogé sakomplék, teu pati pajauh. Lucu Wiwin téh, resep heureuy. Jeung batur teu weléh akur. Tara belikan deuih najan ku batur remen digonjak ogé. Éta, pédah awakna lintuh, sakapeung mah sok aya nu nyebut sagedé dreum ogé....ih, da manéhna mah tara riuk-riuk. Paling ogé ukur nyéréngéh.... “Séhat ieu téh...!” ceuk Wiwin lamun aya nu ngageuhgeuykeun téh. Komo lamun pareng anu ngagonjakna awakna leutik mah, sok kalah ka malikkeun,”Batan di dinya....awak sagedé patlot! Menghawatirkan organisasi pang- an dunia,” pokna, bari ditungtu- ngan ku seuri ngagakgak. Nineung ku kituna ka Wiwin téh. Kungsi hiji mangsa manéhna nyaritakeun indung bapana rék pepegatan. Wiwin curhat ka Tita jeung Ayang. “Sedih urang mah. Kumaha teu- ing mun Bapa jeung Mamah tulus pepegatan. Urang mending milu ka saha, nya? Milu jeung Bapa, bisi Bapa engké kawin deui. Sieun ku indung téré. Milu jeung Mamah, kumaha mun Mamah kawin deui. Urang mah embung boga Bapa téré...,” ceuk Wiwin harita. “Sing sabar, Win,” ceuk Ayang. “Enya, anggur mah ngadu’a ka Alloh, sangkan Bapa jeung Mamah Wiwin teu jadi pepegat- an,” ceuk Tita. “Enya...ngadu’a mah méh teu kaitung, ampir unggal usik, ung- gal tas sholat. Kadang keur diajar di kelas gé urang mah ngadu’a. Tapi angger wé...urang mah sedih...” “Nya...sedih mah wajar atuh Win. Sok ku Tita dibantuan ngadu’a.” “Enya, bantuan. Asal urang ménta buruh ngadu’a wé.....urangna teu boga duit,” ceuk Wiwin bari nyeuleukeuteuk. “Tah geuning....sukur atuh ah, ari bisa kénéh seuri mah,” ceuk Ayang bari seuri kagugu. “Seuri gé ieu mah kapaksa, Yang..” “Baé maksakeun gé, nu penting mah Wiwin teu sedih deui. Sanés kitu?” Untungna téh indung bapana teu tulus pepegatanana téh. Jadi kasieun Wiwin teu kungsi karan- dapan. Enya...kasieun boga in- dung atawa bapa téré téa. Dua bulan saméméh Wiwin mu- lang ka kalanggengan, Tita kungsi mukaan buku diari Wiwin. Dina sakaca, aya sajak anu unina kieu: ................. Mun ajal datang néang, Kuring Anjeun Mo’ bisa baha ................. Emh, paingan ceuk batur. Cenah nu geus deukeut ka maot mah sok nararémpél. Ucapanana, kalakuanana, mun diimeutan sok matak anéh. Sadar sotéh geus ka- jadian. Éta wé, naha Wiwin bet nulis sajak nu eusina ngeunaan ajal. Horéng meureun manéhna kungsi mikiran ngeunaan ajal. Tita gé teu pati apal kajadian- ana. Ngen ceuk béja, cenah poé éta Wiwin téh ka Banjar, mawa motor sorangan. Basa rék mulang tabrakan lebah Lemah Neundeut jeung papada motor. Cenah motor ituna nu tekor na péngkolan, tuluy ngahantem motor Wiwin nu sarua rék méngkol ti beulah dieu. Wiwin kungsi dibawa ka rumah sakit, tapi teu katulungan da cenah tatuna parna. Ituna, nu nabrakna ogé ceuk béja mah maot sapada harita. Emh, Win, ku teu sangka nasib anjeun téh bet tragis kitu, gerentes haté Tita. Teu sangka bakal pon- dok umur. Padahal mun inget kana obrolanana ngeunaan cita- citana, asa panjang kénéh ari harepanana mah. Cenah, Wiwin téh hayang jadi guru. “Jadi guru naon, Win?” ceuk Ayang harita. “Nya...guru SD gé teu nanaon....,” ceuk Wiwin. “Ari sugan...hayang jadi guru sumo!” ceuk Tita. “Pédah awak urang lintuh? Ha, ha, ha...manéh mah ka urang téh!” ceuk Wiwin bari neunggeul tonggong Tita sahabekna. Saréréa seuseurian nepi ka reumbay cimata. Ah, Win, ayeuna mah anjeun ukur jadi panineungan, gerentes Tita. Kuring yakin, anjeun meu- nang pangbagéa nu hadé di alam kubur. Muga-muga dicaangkeun, sarta ditampi iman sareng Islam- na, dihapunten sagala dosana. Wilujeng istirahat, Win...Tita ngarénghap. Teu karaca cipanon- na ngalémbéréh mapay pipi. Pileuleuyan. Muga engké di pa- dang akhérat urang ditepungkeun deui ku Gusti nu Maha Asih. Amin.***(Sidamulya, mapag romadhon)
  • 36.
    Manglé 2434 35 GinaJuwitasari Impian Impian datang ‘na tungtung peuting Mangsa ati geus nyangreud jangji pasini Kaharti yén bulan mo’ leungit éndahna Saprak harita......maheut, matri ‘na ati sanubari Impian téh nyata bakal kasorang Taya karémpan nu ngahalangan Kuring ‘na tungtung impian......*** Sorangan Ngahaleuang lagu katresna Hawar-hawar tembang asih maturan simpé Simpé haté nu nyorangan di mumunggang Nya kudu ka mana nyantélkeun ieu rasa? Kuring poékeun..... Haté humarurung, gering nangtung, ngalanglayung Ka mana nganteur katresna...? Langit mingkin mongkléng peuting ieu Lir haté sorangan nu leungit sarina Ka mana kuring kudu ngaléngkah...?*** Sajak Rumaja
  • 37.
    36 Manglé 2434 K angarananmusibah, teu di nagara urang teu di nagara deungeun. Teu ukur di wilayah nagara nu keur nga- wangun, tapi ogé bisa kajadian di nagara maju. Musibah Tsunami Acéh sababaraha taun ka tukang, kajadian bedahna situ di Tange- rang, musibah Merapi, lini di Jog- jakarta jeung Tasikmalaya. Panganyarna banjir di Wasior jeung tsunami Mentawai. Pating- jelegur, patinggulidag, patingsaléor matak gimir, matak ketir. Taya deui daya manusa iwal ti kudu bisa, kuat jeung tawekal dina nyanghareup- anana. Kajadian anu anyar pisan, nga- jelegur di nagri sakura. Jepang, na- gara anu kawentar maju dina téknologi jeung ahli dina ngawan- gun bangsana jadi hiji nagara anu dipikasérab di dunya, dina waktuna meunang musibah mah teu bisa manggapulia. Tsunami nu ngaléléd di wewengkon Séndai jeung sabu- deureunana, hiji bukti yén murka alam teu bisa dibendung ku kama- juan téknologi. Dina kakawasaana- Na téknologi bisa kaléléd tsunami. Teu kurang ti alarm jeung alat-alat séjén tanda panginget ka manusa kana bahaya tsunami, tetep teu bisa meper ngagulidagna cai laut anu jungkiringna harita antara 8 nepi ka 10 méter. Nilik tina jangkungna cai nu ngagulung ngalétak daratan Jepang harita, bet asa pamohalan manusa bisa lumpat tina amuka- nana. Allohu Akbar.......seug urang Jepang arapaleun kana lapadz éta, moal teu handaruanana éta sora takbir di sakuliah Jepang. Tapi duka naon anu dilapadzkeun ku maranéhna mangsa kakawasaan Anjeun-Na nguwak-ngawik ka- mandirian éta bangsa pabrik mobil téh. Hiji hal anu pasti, sakur musibah anu kajadian di dunya, pasti aya “sutradara” anu nyababkeunana. Saréatna, alam anu mimiti teu saimbang alatan manusa anu sok loba poho nyebut asma-Na. Manusa umumna boga watek gedé angkeuh, asa aing pangbisana, asa aing pangpinterna, asa aing pangbeungharna. Manusa saka- peung poho yén daya upayana nga- muara ka takdir Manten-Na. Taya hiji ogé kajadian di alam ieu anu lain gurat ti Anjeun-Na. Jadi kahékatna mah sidik, hirup- hurip manusa téh aya anu ngatur. Jodona, patina, bagjana, cilakana, anging Anjeun-Na anu Maha Kawasa. Urang salaku bangsa anu di- takdirkeun “wawuh” kana ayat-ayat suci Nu Maha Kawasa, tangtu kudu bisa neuleuman tur nyurahan sakur musibah anu karandapan. Moal samangsa-mangsa Gusti maparin hiji musibah lamun taya hikmah satukangeunana. Mudah-mudahan waé bener, yén bangsa Jepang ogé kadieunakeun mah kabéjakeun geus mimiti loba anu ngagem agama Islam atawa agama-agama samawi séjénna. Hartina, tina kitab suci naon baé, geus loba di antara urang Jepang anu mimiti beunta yén hirup-hurip manusa téh darma wawayangan baé. Kamandirian bangsana tangtu lain sagala-galana. Saluhureunana aya “causa prima” anu boga hak prérogatif tunggal pikeun ngusik malikkeun sakur mahluk nu nya- waan ciptaana-Na. Sabalikna urang, salaku bangsa anu kacaritakeun geus ti baheula mula apal kana rupa-rupa ajaran agama jeung kayakinan, tangtu ceuk tadi gé kudu bisa leuwih teleb narima hikmah tina sakur musibah. Mudah-mudahan urang ogé jadi milu leuwih “bareunta”, leuwih sadar yén kahirupan urang kabéh geus lamokot teuing ku dosa. Ti luhur nepi ka handap, ti sisi kénca nepi ka katuhu, ti jero nepi ka luar, sakujur awak urang, sakumna séké sélér bangsa urang, kudu geus mimiti bebenah “haté”. Sadar yén hirup ukur saayeu- naeun. Aya alam langgeng nu kudu ogé jadi perhatian urang saréréa. Kacida dipahingna poho ka akhérat, tapi moal matak hadé ogé lamun urang teu dudunya. Lan- taran, rék kumaha tengtrem ibadah, lamun bubutuh poko salaku manusa kékéréhét. Intina, kudu saimbang antara perhatian urang kana kahirupan dunya jeung akhérat. Pikeun para nonoman, mudah- mudahan sakur kajadian di nagara urang sing bisa jadi eunteung, pibekeleun hirup geusan jaga nga- heuyeuk ieu nagri. Ka saha deui generasi kolot mihapékeun nagara jeung bangsa ieu lamun lain ka generasi ngorana. Ku kituna, geus waktuna para nonoman nata- harkeun jiwa raga, jasmani rohani anu séhat. Séhat awakna, séhat kol- buna. Pinter otakna, pinter haténa. Mémang teu gampang jadi manusa paripurna, tapi anging Alloh, taya hal anu mustahil. Komo lamun tu- juanana kana pihadéeun.*** Darma Wawayangan Ku Gemi Nastiti Kolom Rumaja
  • 38.
    Manglé 2434 37 K ementerianDalam Negeri (Ke- mendagri) ngajadikeun Kabu- paten Bandung minangka daérah percontohan, lantaran dianggap pangpunjulna “best practice” dina nga- laksanakeun program Pelayanan Ad- ministrasi Terpadu Kecamatan (Paten). Ti 2011, sakabéh kacamatan di Kabu- paténBandung,geusmibandaruangad- ministrasi Paten. "Tina 497 kabupatén/kota di In- donésia, nu parantos ngalaksanakeun Paten nembe aya 275 kabupatén/kota. Tapi nu saé dina prak-prakanana ukur sababarahadaérah,salahsahijinaKabu- patén Bandung," ceuk Dirjen Pemerin- tahan Umum Kemendagri, Dr. Made SuwandiM.S.,waktuditepungansabada ngaresmikeun sarta “launching” ruang pelayanan Paten, sawatara waktu nu kaliwat di Kacamatan Kutawaringin Kabupatén Bandung. Bupati Bandung, Dadang M Naser, nétélakeun, dirina geus ngalimpahkeun 385 kawenangan ka kacamatan. Tujuan dilaksanakeunana Paten, taya lian pikeun ningkatkeun kualitas palayanan ka masarakat. Jadi, masarakat bisa narima palayanan publik leuwih deu- keut ka padumukanana. Bupaté ogé ngémbohan, dukungan keur program Paten diimplemén- tasikeun ku waragad Rp 7,75 miliar. Éta intervénsi waragad téh diancokeun pikeun 31 kacamatan. Saban kacamatan meunang Rp 250 juta, nu alokasina pikeun ngawangun rohangan Paten.*** nunk OJK keur Masarakat Jabar Ditepikeun dina Basa Sunda J lug-jlegna lembaga kauangan di Indonésia éstu matak reueus.Kitunatéh,lantaranpasarIndonésiabogaharepan nu kacida legana. Ngan hanjakal, kasadaran masarakat pikeun leuwih mikawanoh lembaga kauangan can pati nyuge- makeun.KitudiantaranajejerobrolanDirekturFungsionalPro- gram Literasi Keuangan OJK (Otoritas Jasa Keuangan), Agus Sugiarto, waktu sosialisasi peran OJK di Hotél Hilton Bandung, sawatara waktu ka tukang. Dina panitén Agus, ngadegna OJK, lain lantaran lembaga kauangan nu aya, saperti perbank-an atawa jasa kauangan séjénna kurang daria atawa teu mawa harepan, tapi ayana lem- baga OJK téh sangkan dina pungsi pangawasan ka lembaga keuangan ogé henteu paburencay. Lantaran deuih, ketak OJK jinek, minangka pusat otoritas pangawasan dina ngajalankeun pungsi pangawasan ka sakumna lembaga kauangan nu aya, kaasup ogé dina sistim keuanganana. Ku kituna, sangkan OJK bener-bener luyu jeung pungsina, Agus ngémbohan, teu aya deui jalan salian ti kudu nyekel pageuh amanat Undang-undang No. 21 taun 2011 ngeunaan OJK, ogé kudu jadi kapercayaan masarakat Indonesia. Ditepikeun ku Basa Daérahna Sangkan masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh kana OJK, tangtu sosialisasi ogé bakal ngagunakeun basa daérah. Dinahaléta,pihakOJK ogé,ngahaminanpisanusulantiMang- lé, sangkan masarakat Jawa Barat leuwih wanoh ka OJK, di- dadarkeunana maké basa daérah. Saperti di tatar Jawa Barat, ditepikeun dina basa Sunda. Kituna téh, sangkan haté ma- sarakat bisa leuwih katodél. Husus lembaga kauangan di Jawa Barat mah, ceuk DR. Kusumaningtuti Sandriharmy Soetiono, S.H., LLM, Dewan Komisioner Otoritas Jasa Keuangan nu nyekel widang Édukasi jeung Perlindungan Konsumén, mé- mang euyeub pisan. Ku kituna, sosialisasi OJK di Jawa Barat perlu perhatian husus. *** (RH) Kabupatén Bandung Pangpunjulna dina Paten Bupati Bandung jeung Dirjen Pemerintahan Umum Kemendagri, Dr. Made Suwandi M.S Agus Sugiarto, Direktur Fungsional Program Literasi Keuangan OJK, waktu sosialisasi peran OJK di Hotél Hilton Bandung
  • 39.
    K ota Bandung anulegana 16.729,50 km2, miboga panjang jalan 1.236,48 km kalawan jum- lah kandaran 859.411 mobil jeung 356.714 motor, sarta angkutan kota 5.521 unit. Saban taun jumlah kan- daraan téh naék 11 persén. Dina saban pakanci ditambahan ku 3.500 kan- daraan ti luar anu datang ka Kota Ban- dung. Hal sarupa kitu ngalantarankeun KotaBandungnyanghareupanpasualan macétna jalan anu hésé diungkulanana. Éta hal ditétélakeun ku Kabid Lalinpar (Kepala Bidang lalulintas dan Parkir) Dishub Kota Bandung, Agung Purnomo ATD.SE.MSi,kaManglésawatarawaktu anu kaliwat. “Teu saimbangna panjang jalan sareng jumlah kandaraan ngalanta- rankeun seueur jalan anu macét. Seueurna kandaraan téh balukar tina kamekaran ékonomi, ogé daya tarik Kota Bandung minangka kota wisata sareng ibu kota propinsi nu ngalan- tarankeun warga ti luar daérah sumping kadieu tur nyarandak kandaraan. Pa- padaningkitu,DinasPerhubunganKota Bandung teu reureuh metakeun ihtiar kanggo ngungkulan éta pasualan, sangkan Kota Bandung janten nyaman, tengtrem, sareng aman,” pokna. Ceuk Agung, Dinas Perhubungan Kota Bandung geus nyieun léngkah- lengkah pikeun ngungukulan pasualan macétna jalan, di antarana ku ngawa- ngun sarta ngabebenah sarana tranpor- tasi. Pikeun ngajaga kasaimbangan moda tranportasi diatur ku sistim ATCS (Areal Trafic Control System). Di Kota Bandung kacatet aya 135 titik sisimpa- ngananudiaturkulampustopan(traffic Light). Tapi tina jumlah sakitu téh 40 perséna ruksak, tur lamun usum hujan sok mindeng ngaco. Taun 2013 dian- cokeun waragad pikeun ngoméan lam- pu setopan jeung nyieun rarambu patalimarga. Salila ieu, tihang rarambu patalimarga mindeng leungit, sarta kabel-kabel lampu setopan réa anu ma- ling. Ku alatan kitu, kiwari mah tihang rarambu patali marga jeung panunjuk jalan téh dijieun leuwih luhur tur gedé, jadibakalhésédiragajisartaleuwihkuat lamun kateunggar ku mobil, lantaran réa kasus rarambu nu ruksak kateung- gar ku mobil tur palakuna teu bisa nga- gantian. Pasualan séjénna anu nga balukarkeun macétna jalan téh nyaéta pasoléngkrahna parkir kandaraan. Ngaliwatan UPT (unit Pelaksana Tek- nis) dilaksanakeun pangawasan sarta nartibkeun parkir nu nyoko kana Perda no 16 taun 2012 ngeunaan ditetepkeun- analokasijeungposisiparkirdisisijalan umum, sarta tempat husus parkir anu jumlahna aya 238 lokasi. Pikeun nan- jeurkeun aturan, pihak Dishub gawé bareng jeung pihak pulisi sarta Satpol PP Kota Bandung, anu dina prak- prakanana ti mimiti méré sanksi mang- rupa tilang nepi ngagembok mobil anu parkirna ngarempak aturan sarta ngaranté motor anu parkir lain di tem- patna. “Mung baé dugi ka danget ayeuna seueur kénéh masarakat anu parkir sambarangan. Ku margi kitu, peryogi ditingkakeun kasadaran masarakat sareng kapadulian dina nyiptakeun ka- disiplinan lalulintas,” pokna deui.*** Cucu 38 Manglé 2434 Jalan di Kota Bandung Teu Saimbang jeung Jumlah Kandaraan
  • 40.
    Manglé 2434 39 W aliKota Bandung, Dada Rosada, geus resmi nyabut Ijin Mendirikan Bangunan (IMB) PT. EGI (Esa Gemilang Indah) di Babakan Siliwangi, nusalilaieugeusjadipacogré- gan di antara pemkot nu méré ijin ka PT. EGI jeung ma- sarakat Bandung nu kaweng- ku kana Forum Warga Peduli Babakan Siliwangi nu dilu- luguan ku Tisna Sanjaya. Di- cabutna éta IMB téh ditan deskeun ku walikota dina acara Orasi Budaya Syarif Bastaman “Negara Ini Tak Berpagar” alpukahna Forum Warga Peduli Babakan Sili- wangi di Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) Jalan Naripan Bandung, sawatara waktu nu kaliwat. “Sim kuring dina hati nurani mah sapamadegan sareng sikep rayat nu ditepikeun ka déwan sareng ka gedong walikota, boh ku cara-cara nu lemes atawa ku cara démo. Minangk walikota anu pancénna méré panyalindungan jeung karaharjaan ka balaréa, sim kuring sapuk, hayu urang tutup lahan anu 0,2% atanapi 2000 méter pasagi di Babakan siliwangi, nu jadi bahan pacogrégan téa. Sim kuring kantun nyanggem ka pan- gusaha PT EGI. Ka saderek Tisna (Pupuhu Forum Warga Peduli Babakan Siliwangi-réd) supados ngadamel tim kecil kanggo ngabébérés hal-hal nu sala- jengna.MargiieuayapasualanIMBtang- tos aya prosés hukumna. Upami aya pencabutan tangtos kedah aya wangkon- gan atanapi babadamian. Tah sakitu wé nya. Bérés panginten ayeuna mah, moal aya démo deui?” cék Walikota, dibagéa- keun ku émprak surak balaréa. TisnaSanjaya haritakénéhgélangsung nyieun “tim kecil” nu ngawengku ahli lingkungan hirup, budayawan, ahli tata kota, hukum, jeung pupuhu adat nu panceg sikepna teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina ngabéla kapentin- gan rayat. Sakumaha nu geus pada apal, PT. EGI (Esa Gemilang Indah) sawatara taun ka tukang geus hasil nyakuan IMB ti pihak nu boga wewenang, pikeun ngadegkeun wangunanréstorandilahanBabakanSili- wangi (Baksil). Tapi rayat nu kritis teu panuju, laju maju mertahankeun pungsi Babakan Siliwangi pikeun RTH (Ruang Terbuka Hijau), paru-paru kota, malah geusdiresmikeunminangka“Hutan Kota Dunia”. Nya antukna jadi pacogrégan nu taya tungtungna. Dua pihakanana keukeuh-peuteukeuh dina pamade- ganana séwang-séwangan. Puncakna, dina tanggal 20 Mei 2013 séng nu nutu- pan babakan siliwangi, sabadana dilukis jeung ditulisan ku soara protés para sen- iman, dicabutan laju ku Forum Warga Peduli Babakan Siliwangi bareng jeung ratusan warga, seniman, budayawan katut para inohong Sunda saperti Kasepuhan Solihin GP, Acil Bimbo, Tisna Sanjaya, Budi Dalton, Hermana HMT, Gustaf, Isa Perkasa, Robbi Sundawani Wirabuana, jrrd, diarak sarta dibawa ka kantor Walikota. Hanjakal, Walikota harita keur suwung, rombongan téh di- tarimakuWakilWalikota,AyiVivananda, nu saterusna milu néken sacara pribadi kateupanujuanana kana pangwangunan réstotan di Baksil. Pamustunganana, nya dina acara Orasi Budaya Syarif Bastaman di YPK harita, Walikota Dada Rosada, méré kapastianana. Dina orasina, Syarif Bastaman mi- nangka Pupuhu BAMUS (Badan Musya- warah Masyarakat Sunda) Puseur, peupeujeuh sangkan rayat Bandung jeung pamarén- tahna layeut sabilulungan dina ngaréngsékeun sagala pasualan. Baksil, cék Syarif, mémang alusna mah jadi RTH (Ruang Terbuka Hijau) tapi aya prosés hukumna kudu diréngsékeun. “Kanggo Pa Dada, punten Baksil mah mémang langkung saé janten Hutan Kota. Mémang kedah aya prosés hukumna, na- mungpasualananateukedahdi- aageungkeun, mung kantun aya komunikasi nu dalit antawis pa- marentah sareng steakholderna. Kitu deui ka Kang Tisna, Baksil saé pami dipertahankeun janten RTH. Dayeuh Bandung mémang peryogiparu-parukotanusoméahsareng kadongkang ku rayat, tapi kedah caina hérang laukna beunang,” pokna. Dina kagiatan orasi kabudayaan nu geus hasil jadi cukang lantaran pataré- manna antara kahayang rayat jeung pa- mingpin harita, dihadiran ku para inohong,seniman,budayawan,LSM,ma- hasiswa, jeung warga Bandung lianna. Kaasup Tejtje Hidajat Padmadinata, Tisna Sanjaya, Nanang Masoem, Robby Sundawani, Asep Berlian, Pa Surya (tokoh étnis Tionghoa nu nyunda), Diro Aritonang, Hikmat Gumelar. Kagiatan gé direuah-reuah ku prosési “Rajah” Mas Nanu Muda, Dalang Opik Sunandar Sunarya nu dipirig ku haleuang juru kawih Mutia (Pinunjul Kawih Sunda sa- Jawa Barat) jeung jentréng kacapi Deni Mulyana(JuaraTembangSundaDamas). Teu tinggaleun démo ngagambar ku Isa perkasajeungDiyanto(Solilukui)numilu ngaramékeun acara. Lukisan Isa nu judulna “Lemah Cai” langsung dibeuli 25 juta ku Putri Syabas (garwana Syarif Bas- taman), nu hasilna pikeun ngawaragadan kagiatan ngamumulé Babakan Siliwangi. Minangka panutupna, Dada Rosada jeung Syarif Bastaman dipasrahan bibit tangkal kacapiring ku opat panari.*** Asép GP IMB PT. EGI di Babakan Siliwangi Dicabut Walikota Bandung narima binih tangkal kacapiring sabada acara orasi budaya Syarif Bastaman
  • 41.
  • 42.
    Manglé 2434 41 A yahiji manuk cangkurileung. Min- deng hiber ka pilemburan. Pang- pangna ka deukeut imah leutik padumukan hiji aki-aki jeung pamajikan- ana. Éta aki-aki éstu bageur. Someah. Handapasor.Nyaahkasasama.Kaasupka sasatoan. Beda jeung pamajikanana. Nini-nini goreng budi. Gawé baketut haseum. Se- ngar sengor, ambek-ambekan. Teu kaop aya kakurang atawa capé ku pagawéan. Atuhcangkurikeungresepeunpisanka aki-aki. Komo unggal datang, sok dibagéakeun dihiap-hiap. Disuguhan saaya-aya.Gedangatawacau.Terusduaan macangkrama. Cangkurileung ucla-aclé dina dahan bari bacéo. Aki-aki jongjon kaprak-keprek baranggawé. Nganyam bilik atawa nganyam parabot dapur bangsaning ayakan, boboko, hihid, jeung sajabana. Jualeun ka nu butuheun. Wanciburit,cangkurileunggegancang mulang ka padumukanana di leuweung. Hiji poé, kawas sasari, cangkurileung datang ka imah aki-aki. Tapi taya nu ngabagéakeun. Kawasna aki-aki keur iang ka nu rada jauh. Barangclékanagantarpamoean,ujug- ujug habek aya nu neunggeul. Sihoréng nini-nini telenges geus ti tadi ngadodoho. “Beunang siah, manuk bangkawarah téh !”nini-nini napsu pisan. Pamatuk cangkurileung dipaksa dicekahkeun. Sret létahna diteukteuk ku péso nu geus dibabawa ti tadi.Lung dialungkeun ka lua- reun pager.”Jor siah mantog. Awas mun datang-datang deui ka dieu !” Keur mah reuwas jeung nyeri, cangkurileung lenglengan kapaéhan. Un- tung gancang eling. Geleber hiber lalau- nan. Sajajalan ceurik. Teu nyangka bakal manggih nasib sial. Kaleungitan létah sapotong. Atuh lapur teu bisa bacéo. Meunang saminggu, cangkurileung nyirekem dina sayangna. Teu bisa kama- mana. Ngadagoan létah cageur. Barang- hakan kapaksa ku lapar. Aki-aki ngarasa kaleungitan. Biasana ari datang ti panyabaan,cangkurileung sok mapagkeun. Nyéngclé dina pager atawa dina dahan tangkal di buruan. “Ninina, teu nénjo cangkurileung datang tadi?”aki-aki nanya ka pamajikan- ana, sugan apaleun. “Nyao !”jawab nini-nini judes.”Boro- raah ngurus nu kitu patut. Ngurus paga- wéan gé teu anggeus-anggeus. Lantaran ambleng, aki-aki kapaksa indit ka leuweung. Rék neangan sobat. Sajajalan gegeroan : “Cangkurileung, cangkurileung Ka mana geuningan anjeun Ampleng-amplengan teu datang Ieu aki kaleungitan.” Kitu jeung kitu, ti isuk nepi ka soré. Isukna, indit deui. Kabeneran cangkurileung geus cageur. Geus bisa disada deui. Ngadéngé sora aki-aki, gancang ditembalan : Aduh aki, watir teuing Leumpang jauh mani ripuh Bakat ku sono ka kuring Untung geus nyampak susuguh Handapeun kiara badag, tempat cangkurileung nyayang, aki-aki ngalungsar. Ngararasakeun angin tiis ngahiliwir. Ngararasakeun kabungah panggih jeung sobat. Ka aki-aki, cangkurileung teu betus perkara kalakuan nini-nini. Cukup ku bebeja gering. Enyaan aki-aki disuguhan sagala rupa. Bungbuahan nu aramis jeung parelem. Bongborosan nu ngepros ngeunah. Malah basa rék mulang, dititah milih hadiah nu geus ngahaja disayagikeun ti tadi. Mang- rupa dua barang ahéng. Nu hiji cepuk leu- tik camperenik. Nu hiji deui, peti badag dihias dialus-alus. “Ah, nu leutik wé. Hampang mawana. Ongkoh ka dieu sotéh lain rék néangan ha- diah. Bakat ku melang wé ka anjeun, cangkurileung,”cék aki-aki saméméh indit, bari omat-omatan, sangkan cangkurileung nganjang deui unggal poé kawas sasari. Barang nepi ka imah, cepuk dibuka hareupeun nini-nini. Eusina bangsa inten berlian, nu murub mubyar cahayaan. “Aya kénéh hadiah séjén di padumu- kan cangkurileung téh, aki?” nini-nini ngadak-ngadak marahmay. “Aya. Peti badag. Ngan moal kauntup mawana. Matak milih ieu wé nu leutik,”jawab aki-aki. Sapeueuting, nini-nini ngageremet. Nyalahleun aki-aki, naha bet milih cepuk. Lain peti. Meureun eusina leuwih réa. Rebun-rebun, kalawan rerencepan, nini-nini indit ngajugjug panonoban cangkurileung nu lebah-lebahna geus di- caritakeun ku aki-aki. Anjog ka dinya, wanci haneut moyan. Dibagéakeun ku cangkurileung nu taya riuk-riuk keuheul. Disuguhan sagala rupa. Atuh balikna ditawaran bisi hayang meunang hadiah, rék cepuk atawa peti. “Peti wé dieukeun,”cek nini-nini mani nyorongot. Ti leuweung ka lembur, mawa peti badag. Atuh ripuh pisan. Mindeng ti gubrag. Mindeng labuh. Datang wanci sareupna, nini-nini ngajongkeng di buru- an. Nangkub kana peti. Teu maliré capé, bari rarampéolan, gancang nyokot linggis keur nyungkal turub peti. Kajurung ku hayang geura nénjo eusina. Pasti mutiara barakbak, leuwih alus jeung leuwih réa ti batan eusi cepuk aki aki. Barang bray, ukur batu karikil, keusik jeung taneuh. Malah aya oray tinglaleor, jeung langgir tingkodomang. Puguh baé nini-nini reuwas. Nepi ka tijengkang kana kamalir. Ngajehjer kapaéhan d dinya. Éling éling isukna.Kageuingkeun ku sora bacéo cangkurileung nu rék nganjang deui ka aki-aki. *** (H.Usep Romli HM) Cangkurileung Nyobat jeung Aki-Aki
  • 43.
    Wangsakerta Sejarawan Moyan NyarungsumKarajaan sa-Nusantara 42 Manglé 2434 M inggu pengker dipedar ngeuna- an naskah-naskah katya Pangé- ran Wangsakerta anu lobana 29 judul. Dina éta katalog dipidangkeun ogé karya-karya tulis generasi saméméh Wangsakerta, di antarana baé; 1) Purwaka Samasta Bhuwana karya Pangéran Losari, 17 jilid. 2) Pustaka jeung naskah Rontal jaman Panembahan Ratu, 91 jilid 3) Naskah Ramayana karya Pangéran Losati , 7 jilid. 4) Naskah agama Islan karya Pangéran Manis saparakanca, 300 jilid. 5) Sarwacarita karya jaman Panemba- han Girilaya , 75 jilid. Naskah asli Samasta Bhuwana ditulis ku Dharmakitri dina basa Malayu kuno ditulis di Sriwijaya taun 1020 Masehi terus disalin ku Pangéran Losari taun 1518, ahirna ditarjamahkeun kana Basa Purwajawa ku Pangéran Wangsakerta taun 1676. Naskah-naskah anu midang- keun sajarah daérah téh disusuna meu- nang nyarusun dina wangunan tilu séri anu mimiti. Unggal parwa Pustaka rajya- rajya I Bhumi Nusantara judulna husus. Parwa 1 Pustaka Kathosana Rajya- rajya I Bhumi Nusantara (RIBN) Parwa II Pustaka Rajyawarmana , RIBN Parwa III Pustaka Kretajaya, RIBN Parwa IV Pustaka Rajakawaca, RIBN Parwa V Pustaka Nanaprakara, RIBN. Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa- dwipa diwincik jadi; 1) Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa- dwipa , 4 jilid 2) Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa Kulwan , sajilid 3) Pustaka Pararatwan I Bhumi Swarnadwipa , 2 jilid 4) Pustaka Pararatwan II Nusantara I Bhumi Nusantara ,sajilid 5) Pustaka Pararatwan I Balidwipa- manggala , sajilid Pustaka Nagara Kertabumi jeung Pustaka Carita Parahyangan mah henteu diwincik kana kudul - judul Husus iwalti dibagi kana parwa jeung sarga. Nulis opat sarga jadi buku (pinus- taka) téh méakeun waktu 22 taun ( 1677-1698 ). Niténan runtuyan daptarna katité- nan aya nomer sarga gedé nu ditulis heulaeun sarga anu leutik dina patwa anu sarua. Kitu deui sababaraha sarga pustaka, Rajyarajya I Bhumi Nusantara ditulis mareng Jeung sababaraha sarga Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawadwipa. Hal éta ngabuktikeun yén saméméh dibukukeun (pinustaka) saméméhna ditataharkeun heula kopé asli nu lengkep, Taksiran ieu dikuatkeun ku kanyataan yén carita sarua dina rupa-rupa seri parwa jeung sarga sering ditulis dina runtuyan kalimah anu sarua ogé. Sawatara sarga dibéré jilid pelengkap nu maksudna ngoréksi sarga-sarga nu ditulis saméméhna. Pelengkap jeung koréksi umum dituliskeun dina Pustaka Rajya- rajya I Bhumi Nusantara parwa V ( 5 sarga). Nurutkeun Pangéran Wangsakerta, di antara pustaka milik karaton Kasepuhan aya ogé milikna para duta atawa Maha- kawi utusan ti daérah séjén anu satang musawarah (Mapulung rahi) di Cirebon taun taun 1599 Saka (1677 Masehi). Di- antarana loba anu ngahadiahkeun naskah nu dibawana ka Sultan Cirebon Tapi aya ogé anu saukur nginjeumkeun, hartina kudu dipulangkeun deui. Sabab aya anu hayang neuleuman leuwih jero terus di- salin deui keur kapentinganana séwang- séwangan. Aya anu narik, upamana baé naskah-naskah karya Prapanca dibawana ka Cirebon ku Mahakawi utusan ti Bali, lain ti Jawa Timur. Aya Gotrasawala Dina jilid Sakabéh naskah anu dikumpulkeun Pangéran Wangsakerta salawasna maparin kalimah panganteur nu eusina ngeunaan asal-usul penulisan atawa nataan saha-saha baé anu milu nyusuna. Tina kalimah panganteur éta pisan bisa kanyahoan yén dina taun 1677 Masehi di karaton Kasepuhan kungsi lumangsung Gotrasawala (Musyawarah kakulawargaan) para ahli sajarah sa nusantara. Gotrasawala digelar dumasar kana pamundut Sultan Kasepuhan jeung Kanoman. Éta téh pikeun nyumponan amanat Panembahan Girilaya ka Pangéran Wangsakerta supaya Wangsa- kerta nyusun sajarah karajaan-karajaan di Nusantara. (Pustaka Rajyarajya I Bhumi Nusantara) . Palaksanaana di- jurung ludeung jeung pidunga Sasuhu- nan Mataram jeung Sultan Banten. Dina kalimah panganteurna susunan lengkep kapanitiaan dituliskeun ku Pangéran Wangsakerta; a) Pananggung jawab (pribumi), Sultan Sepuh jeung Sultan Kanoman. b) Ketua Gotrasawala; Pangéran Wangsakerta. c) Panaséhat; 1. Dharmadyaksa Karasulan Ulama Islam ti Arab. 2. Dharmadyaksa Kasewan (ulama Siwa ti India) 3. Dharmadyaksa Kawesrawan (Ulama Hindu ti Jawa Timur) 4. Dharnadyaksa Kasogatan (Ulama Budha ti Jawa Tengah) 5. Dharnadyaksa kong pu ce (Ulama kong Hu Cu ti Semarang) Panitiya palaksana Jaksa Pepitu ti Cirebon nyaéta ; 1. Raksanagara penulis naskah jeung nu ngatur gempungan. 2. Anggadiraksa wakil Penulis naskah ngarangkep Bendahara 3. Purbanagara nu ngumpulkeun jeung nyeleksi bahan naskah. 4. Singanagara, pananggung jawab kaa- manan 5. Anggadipa Juru Basa, Duta Keliling nu nanggung jawab ondangan nu disebarkeun ka tiap pamilon. 6. Pananggung jawab konsumsi 7. Nayapati, pananggung jawab akomodasi jeung angkutan Para pamilon dibagi kana lima kolom- pok atawa Sangga. Sangga ! ; Surabaya, Pasuruan, Pana- rukan, Balambangan, Bali, Madura, Makasar, Bhanggali, Maluku, Galilao,
  • 44.
    Manglé 2434 43 Seram,Lwah gajah, Ambon, Gurun, Taliwang, Bantayan, Banten jeung Palem- bang. Sangga II; Mataram, Lasem, Tuban, Wirasaba,Kediri, Semarang, Bojoagung, Bagelan, Dermayu, Losari, Berebes, Tegal, Japara, Mantingan, Bonang. Sangga III ; Jayakarta, Demak, Kudus, Cirebon, Gresik, Tanjungpura, Karawang. Cangkuang, Kuningan, Lam- ongan, Tembayat, Sebayu, Malaka, Barus, Tumasik jeung Trengganu. Sangga IV : Sumedang, Sukapura, Parakan muncang, Galunggung, Ranca- maya, Ukur, Talaga, Sindangkasih, Galuh, Kertabumi, Rajagaluh, Luragung, Imbanagara, Giri, Sumedang Duwur. Sangga V; Jambi, Bangka, Perelak, Berunai, Lamuri, Kuta Lingga, Tanjung Kutai, Tanjung Puri, Tanjung Nagara, Minangkabau, ( Kampeharwa Mandai- ling), jeung Siak. Para pendengar (Pangreungeu); Mesir, Arab, India, Srilangka, Benggala, Campa, Cina, Semenanjung Malaka. Para pangreungeu tugasna sakadar ngareungeukeun jeung nyakséni Gotra- sawala, teu boga hak sora. Tapi di- antarana aya anu nyumbangkeun naskah, pangpangna nu eusina perjangjian jeung Walanda. Tahap-tahap pembahasan Diatur; Tiap anggota Sangga kudu nyusun sajarah daérahna masing-masing nu eusi- na kudu disaluyuan ku sidang Sanggana masing-masing. Hasil Gotrasawala di tiap Sangga kudu diasongkeun dina sidang lengkep ku jurubicarana masing-masing. Diajén bebeneranana ku para panaséhat a) Diajén kacocoganana jeung eusi pus- taka nu geus diaku kaabsahanana. b) Sabada kabéh mupakat terus dijieun risalahna sacara resmi c) Neda kasaluyuan ti Sultan anu opat d) Sabada dibukukeun, tanggung jawab Pangéran Wangsakerta. Sejarawan Nu Nyongcolang Ambahan lalakon sajarah nu ditembrakeun ku Pangéran Wangsakerta ngalimpudan kurun waktu anu disebutna “ Purwayuga”. Kira-kira sajuta taun saméméh tarih Saka. Ti saprak Nusan- tara dieusian ku mahluk-mahluk hewan (Satwa- purasa). Tepi ka peristiwa perjangjian an- tara Cirebon jeung Walanda Taun 1681. Mangsa harita Wangsa- kerta nataan para tokoh anu dipendem di Giri Saptarengga nyaéta Gunung Sem- bung nu mashur disebut Gunung Jati. Jenengan Sultan Sepuh l, nu wapat taun 1697. Naskah-naskah anu geus kakumpulkeun kakara bisa kaungkab- keun kajadian-kajadian jeung daptar pa- maréntahan para raja, lengkep jeung taun pamaréntahana di sawatara daérah, Perelak, Samudra Pasey, Sriwijaya, Jawa Barat, Jawa Rengah, Jawa Timur, Banjarmasin, Nusa Bali. Disebut ogé tokoh wanoja Aceh Laksamana Malaha- yati jeung Patih Lambung Mangkurat ti Karajaan Banjar. Nyebarna agama Islam di Pulo Jawa diungkabkeun ti jaman Darmawangsa, lengkep jeung Madhab anu diagem ku para penyebarna. Diungkabkeun ogé ngeunaan tokoh penyebar Islam Fatimah binti Maimun nu dipendem di Désa Leran Gresik, éta masih mangrupa misteri sa- jarah di Nusantara. Dina sawatara hal pedaranana sa- jalan jeung anu kaunggel dina prasasti anu geus dikenal. Dina hal-hal sejenna bisa dikatagorikeun logis , hartina henteu tojaiah jeung prasasti anu geus aya. Ciri gaya tulisan umum dina jaman- na, kacirina téh upama Wangsakerta ngagambarkeun kageulisan wanoja atawa ngagambarkeun perang jeung ungkapan-ungkapan anu ampir salawasna sarua. Tapi tara nyelapkeun “ mariem”, iwal ti keur urang Portugis atawa Demak, waktu Cirebon perang jeung Galuh di Palimanan deukeut Bukit Gempol taun 1528. Cukup narik, Pangéran Wangsakerta méré judul Nusantara keur buki sajarah- na nu mimiti, Anu dongkangan wawasana cukup istimewa dina jamana. Ngaran Nusantara jeung bisa jadi ogé Kertabumi dipaké ku Sang Pangéran ku- lantaran kacida kasengsremeunana ku karya-karya Prapanca. Tiantara 10 karya Prapanca nu geus disalin di Cirebon ku Wangsakerta, di antarana “ Katha Pustaka Dasawarnana” nu mashurna ayeuna mah disebut “ Negara Kertabhumi”. Dina éta naskah aya nu disebut Nusantara tina ngaran Kertabumi bisa jadi kailhaman ku istilah Kertagama. Dina ambahan sumber , Pangéran Wangsakerta sering titajong kana katerangan anu béda. Tapi sok gancang ngajakan kom- promi, hartina tara kapapanjangan. Atawa méré katerangan anu jelas nga- jéntrékeun nurutkeun versi-versina jeung nétélakeun tulisan saha saenyana nu di- sebut béda téh. Brukbrak nembrakna katingal écés dina medar hal ihwal saha saenyana Gajah Mada. Dina ngungkabkeun kaja- dian Perang Bubat, tandes pisan Wangsakerta nétélakeun yén perang Bubat kajadian akibat lakuning lampah Mahapatih Gajah Mada. Ditembrakeun ogé yén Gajah Mada kabur waktu arék ditéwak ku Bhayangkata karaton Maja- pait. Tapi sacara jujur ngungkabkeun ka- jayaan Majapait jaman Prabu Hayam Wuruk, éta ogé nurutkeun Wangsakerta berkah Mahapatih Gajah Mada. Upama ningal kana jamanna, henteu kaleuleuwihi lamun tokoh Pangéran Wangsakerta meunang pangajén luhur, tokoh Sejarawan anu nyongcolan. Sabab sakitu hébatna dina jamana mampuh nyarungsum sajarah karajaan-karajaan Nusantara, cara mikir anu logis, gampang kahartina turta henteu bulat- beulit.**HRS** Karéta Paksi Naga Liman Produk putra Cirebon abad ka 17.
  • 45.
    M ang Darma (65),warga Jatigede ukur seuri barang nampa beja yen bendung Jatigede bakal dicaian ti mimiti 1 Oktober 2013 teh. Mang Darma katingalina cangcaya. “Naha tiasa? Abdi mah cangcaya Jatigede janten dano ti kawit 1 Oktober 2013,” pokna ka nu nulis basa ngahajakeun ulin ka lelewek nu bakal jadi bendungan di Sumedang. Rada aneh mireng Darma nyarita kitu teh. Pasalna, nu ngaluarkeun eta beja lain jore-jore. Apan nu ngembarkeunna teh Menteri Pekerjaan Umum Djoko Kirmanto, ngawakilan Pamarentah, sawatara waktu kaliwat di Jakarta. Cek Djoko, projek bendung nu dirancang puluhan taun ka tukang teh bakal mimiti ngemplang ku cai ti 1 Oktober 2013. Ti poe harita, torowongan nu aya di Jatigede bakal dibuka. Hartina cai ti Walu- ngan Cimanuk jeung walungan sejenna nu leuwih leutik bakal nga- malir ka Jatigede. Antukna, eta bendung nu meakeun waragad nu teu saeutik bakal pinuh ku cai. Eta ngandung harti oge, hek- taran lahan di eta wewengkon bakal kakeueum. Sajaba ti eta, kira 4.701 KK nu ayeuna masih nganjrek di lelewek nu bakal kakeueum kudu geus dipindahkeun. “Samemehna, di lelewek bendungan geus taya deui nu nganjrek. Warga geus dipindahkeun ka tempat-tempat nu geus ditangtukeun,” kitu statemen Djoko teh. Aya nu percaya, Jatigede bakal mimiti ngemplang ku cai ti awal Oktober 2013 sakumaha anu ditetelakeun ku Djoko Kirmanto. Tapi rereana mah nu cangcaya. Basa nu nulis ngahaja ulin ka lelewek Jatigede teh, mimitina mah nyangka nu pesimistis model Mang Darma teh ukur hiji deui. Horeng, dina kanyataanna mah rea pisan. Malahan, bisa disebutkeun, ampir kabeh nu ditepungan sapamadegan jeung Mang Darma. Ka nu nulis, Mang Darma jeung nu sejenna netelakeun, saenyana mah maranehna miharep Jatigede mimiti dicaian ti awal Oktober. Maranehna geus kesel nungguan. Tuda pamarentah boga rarancang nyieun dano gede di Sumedang teh apanan geus puluhan taun lilana. Enya, ayeuna maraneha hayang buru-buru mireng dano gede nu bakal nyaian rebuan hektar lahan pertanian di Sumedang jeung sabudeureunana, najan maranehna kudu korban lahan jeung imah. Tapi maranehna teu yakin awal Oktober Jatigede ngemplang ku cai. “Kapungkur oge kantos aya katerangan ti pamarentah yen Jatigede bakal dicaian ti mimiti taun Anu. Tapi barang dugi ka taun nu disebatkeun, henteu keneh wae. Tah ayeuna ge kitu,” cek Rosidi (47), warga Jatigede sejenna. Parurugi, mindahkeun warga Nya kunaon atuh pangna rea nu cangcaya kana omongan Menteri teh? Sabada dipaluruh ku nu nulis, horeng tug ka kiwari aya keneh pa- sualan nu can dibeberes ku pa- marentah. Eta pasualan, can karuhan bisa beres samemeh torowongan gede di Jatigede dibuka geusan ngamalirkeun cai ti walungan Cimanuk. “Pasualan nu utami, nyaeta parurugi tanah. Dugi ka ayeuna eta pasualan teu acan beres. Warga nu tanahna bakal kakeueum seueur keneh nu teu acan nampi parurugi. Padahal kedahna mah tos beres ti kapungkur. Duka ku naon pangna kitu. Panginten Pamarentah teu kagungan waragadna.” cek Agus (43), tokoh pemuda Cihideung. Leuheung pokna mun waragad nu kudu digolontorkeun keur nga- gantian tanah warga nu bakal kakeueum teh ukur samilyar-dua milyar. Ieu mah apan puluhan mil- yar malahan ratusan milyar gedena. Nilik gedena waragad keur 44 Manglé 2434 Jatigede jadi Dano Mimiti Oktober?
  • 46.
    parurugi eta, wargaantukna rea nu cangcaya. “Nu matak kaget, abdi nampi info, payung hukum kanggo ngagolontorkeun parurugina ge teu acan jentre,” pokna deui. Pasualan sejen nu oge katiten moal beres dina waktu sabulan-dua bulan nyaeta mindahkeun warga ti lelewek nu bakal kekeueum. Nurut- keun sawatara warga, Pamarentah tug ka kiwari can jinek dina sual eta; nya rek ka mana jeung kumaha mindahkeun warga. “Padahal warga teh jumlahna rebuan. Jaba warga teh boga kahayang nu beda. Maranehna teu bisa diatur kitu wae ku pamarentah. Komo mun tempatna dipandang moal nguntungkeun mah,” cek Agus. Pasualan “imah kajajaden” nu dugdeg di lelewek Jatigede oge, ulah dianggap enteng ku pa- marentah. Agus netelakeun, me- mang, ngadegkeun wangunan di lelewek nu bakal kakeueum, ti ba- heula dipahing pisan ku pamaren- tah. Pamarentah, saingetna, ti awit meuli tanah warga, geus netelakeun yen di luhureun lahan nu geus dibeuli, ulah aya adegan naon wae sumawonna imah. Najan kitu, pamarentah tetep kudu merhatikeun kahayang warga nu ngadegkeun “imah kajajaden”: narima parurugi ti pamarentah. “Soal gede atawa leutik mah mangga we nyang- gakeun,” cek Agus. Najan kitu Agus miharep pamarentah teu sagawayah mere parurugi ka nu ngakukeun boga eta imah, soalna aya imah nu saenyana diadegkeun ku “investor”. Bari seuri, ka nu nulis Agus rada “nyalahkeun” pamarentah. Pokna, lamun pamarentah teu ngalila-lila eta proyek mah nu disebut “imah hantu” atawa “imah kajajaden” teh moal dugdeg di Jatigede. Nya ku sabab lila tea, warga nu geus nga- jual tanahna ahirna ngadegkeun wangunan nu ayeuna disebut “imah kajajaden”tea. “Malahan, apanan ku sabab lila teh rea warga nu asalna lunta ka Garut atawa luar Jawa teu saeutik nu baralik deui ka lelewek Jatigede. Mun teu dilila-lila mah moal aya kajadian kitu,” pokna bari seuri. Parurugi siap Tapi beda jeung warga, Pamarentah taun ayeuna mah katingalina yakin pisan pasualan naon wae nu aya di Jatigede baris rengse samemeh Oktober. Menteri Djoko Kirmanto moal wani nyebut- keun 1 Oktober 2013 torowongan gede di Jatigede mimiti dibuka pikeun ngamalirkeun cai ti walu- ngan, mun ngarasa teu yakin mah. Buktina, basa mere katerangan pers di Jakarta, apan Djoko nete- lakeun yen pamarentah geus nyiap- keun anggaran tina APBN keur parurugi Jatigede. Anggaranna, ti Kementerian Perumahaan Rakyat. Engke, pokna, sajaba ti bakal mere ganti rugi langsung ka warga nu boga lahan di lelewek Jatigede, pamarentah oge baris mindahkeun warga ti lelewek nu kakeueum. “ Warga bakal direlokasi, di antara ka lelewek nu deukeut ti Jatigede,” Djoko netelakeun. Hanjakalna, Djoko teu nembrakkeun sabaraha sabenerna anggaran nu disiapkeun ku Kementerian Perumahan Rakyat keur eta kapereluan. Kepala Bappeda Jabar Denny Djuanda kurang leuwih nandes- keun hal nu sarua. Denny nyebut- keun, pamarentah teh mimitina mah masang target bendung Jatigede dicaian dina bulan Sep- tember. Alatan dana perumahanna henteu di Kementrian Pekerjaan Umum deui tapi aya di Kementer- ian Perumahan Rakyat, jadina tar- get Jatigede ngemplang ku cai jadi awal Oktober 2013 engke. Rada lila teh sabab mroses anggaranna merelukeun waktu rada panjang. “Tapi peresmianna mah Pebruari 2014 engke,” pokna di Gedung Sate. Sanggeus waragad ngagolontor, warga bakal meunang perurugi jeung bakal mimiti direlokasi. Mun teu aya halangan, pokna, nu pangheulana bakal direlokasi teh 697 KK nu aya di lelewek nu bakal jadi dano. Maranehna bakal dipindahkeun ka Desa Conggeang Kulon, Conggeang Wetan jeung Takurjaya. “Proses ganti rugi jeung relokasi dipiharep rengse dina taun 2014, samemeh peresmian,” cek Denny. Tangtu, bareng jeung eta, pamarentah ge nyiapkeun payung hukum keur eta keperluan. Pasalna, bener cek Agus, tug ka ki- wari payung hukum keur proses parurugi Jatigede teh can aya. Eta hal diaku ku Kepala Dinas Pemuki- man dan Perumahan Pemprov Jabar Eddy Nasution. “Payung hukumna masih disiapkeun ku pamarentah pusat,” cek Eddy. Eddy netelakeun, basa mroses parurugi keur sawatara warga Jatigede, Pemprov Jabar masih ngagunakeun payung hukum lila, nyaeta Permendagri No 15/1975. Eta teh digunakeun basa pa- marentah mere parurugi ka warga antara tauun 1982 nepi ka 1986. Sajaba ti eta, pamarentah oge kungsi make Keppres No 55/1993 (basa ngabebaskeun lahan antara taun 1994-1997), jeung make Per- pres No 36/2004 jeung P. Ka. BPN No 2/2007 (basa ngabebaskeun tanah ti taun 2005 nepi ka ayeuna). Nepi ka kiwari can aya katang- tuan naha payung hukum keur proses parurugi atau pembebasan lahan di taun ayeuna bakal make payung hukum tadi atawa henteu. Ngan cek Eddy, pamarentah pusat ayeuna keur nyiapkeun. Ngeunaan “imah kajajaden”, Eddy nyebutkeun pamarentah moal katipu kitu wae. “Imah kajaja- den” teh diadegkeun ku “investor” husus lain ku warga nu baralik deui ka lelewek Jatigede. Tujuanna sangkan meunang parurugi ti pamarentah. Pamarentah bakal ati- ati dina nyanghareupan eta pasua- lan. (AP Sutarwan) Manglé 2434 45
  • 47.
  • 48.
  • 49.
    48 Manglé 2434 TachrunSuwerpi Untung Rugi Hirup Manusa Manusa di dunya cicing, Teu béda ti nu ngumbara, Diayunan mimiti téh, Liang lahad nu kadua, Tilu surga naraka, Jauh lalampahan umur, Taun minangka fasena. Poé-poé minangka mil, Bulan nyaéta farsakhna, Léngkah kawas nafas baé, Taat ka Allah hartana, Waktuna téh modalna, Rampogna mah hawa napsu, Jeung sagala kahayangna. Untungna bakal papanggih, Jeung Allah Aza Wajalla, Di karajaan anu gedé, Nagri pinuh kabagjaan, Nyaéta Dar –AS- Salam, Kabéhna kahontal tangtu, Ku jalan taat ka Allah. Ari nu nimbulkeun rugi, Nyaéta jauh ti Allah, Meunang ngan ukur bebendon, Cangkalak reujeung siksaan, Nu peurih di naraka, Di dinya cicingna matuh, Di Jahim lapisan handap. Nu poho ka Maha Suci, Sanajan ukur sarenghap, Saméméh datangna paéh, Tangtu kaduhung ahirna, Nu moal béak-béak Atawa teu aya tungtung, Rugina salalawasna. Padasuka Indah, 21-04-2013
  • 50.
    Sayudi Révolusi Cara Pangéran nyiptakeunmanusa gelarna ka dunya sakedét nétra Révolusi téh gawé rancagé wening lir beling melesat lir kilat lebar wawanén Lega alah batan sagara ngaguruh lir ombak motah tapa istirah nu ngarangkadkeun kamartadan dunya impian saba tina cai késang patani Ngagolak alah batan kawah nyongkab lir peurah ngahuru sakur tahayul ngarérab sétan marakayangan ngararatakeun kasta jeung warna sabab tina seuneu pameuleuman beusi kuli pabrik Révolusi téh lagu kahirupan kidung kabebasan manusa tina siksa jeung tunggara séah maratan jagat perlawanan jeung kaunggulan nu mustungkeun rampung talikung nu numpes lanat Pangeran sabab tina angin angin puyuh lilimbungan napas napas rakyat tertindas Lir pasir ngadiding langit perkasa yaksa ngajega ngemban amanat nagara dina dampal leungeunna gelarna dunya panonoban bangsa-bangsa saba tina taneuh daki kuli jeung patani getih, pati jeung lalaki Bandung, 29 Maret 1965 Manglé 2434 49
  • 51.
    “Jang Anung, panenjing téh ngamimitian saum, tah mun tiasa mah pang nalingakeun Anda nya? Énjing ibu badé ka pasar heula, palaur ah ari taya nu nalingakeun téh.” “Kumaha kitu, bu?” “Puasana sok bulang-betong. Ngaku-ngaku puasa di imah, padahal di luar mah susu- lumputan, sok jajan.” “Ohh... muhun atuh, keun wé... enjing urang réncangan...” Demi Si Andana mah dikitu- keun téh ukur nyengir. Teu riuk- riuk aya éra, da puguh geus biasa. Katambah pan Anda mah babatu- ran kuring ti keur leutik. Jadi ku- ring mah meureun lain jelema anu kudu dipikaéra ku manéhna. Awas siaahhh rasakeun isukan!!! Subuhna... Méméh solat subuh, kuring langsung nyampeur ka imah Anda. Maksud téh dék ngajakan solat di masjid bari sakalian pasantrén kilat. “Lebet wé langsung... tuh di kamar kénéh, duka nuju naon...” indungna Anda ngagorowok di dapur. Uing langsung muru ka kamar- na Anda... “Gustiiii!!!! Ari nyanéh nanaon éta? Burukeun ah... pan urang pasantrén kilat téa?” “Euuuaaahhh... horéam ah tunduh..” bari ngusapan beuteungna. “Maenya tunduh ngusapan beuteung?” “Hé hé hé....” “Lah boa-boa loba teuing dahar nya?” “Hé hé hé....” Najan kalékéd gé, teu bu- rung Anda daékkeun... Réngsé pasantrén kilat, Anda mah buru-buru lumpat ka imahna. Rada curiga. Kuring teu éléh-déét, sanggeus neundeun heula samping jeung kopéah, terus muru ka imah Anda. Kasampak Anda keur ngagolér dina korsi... “Lah daripada kikituan mah hayu wang ulin?” “Embung ah... ulin di luar mah bisi haus, engké batal kéh...” “Bener ogé...” Kuring ulin di imah Anda. Ti isuk-isuk nepi ka beurang. Teu méré kasempetan ka Anda keur batal puasa. Da basa manéhna alesan dék mandi gé ku kuring di- tuturkeun, bisi nguyup cai. Atawa basa manéhna nitah ka kuring balik gé teu digugu da bisi aya lolongkrang keur manéhna nga- batalan. Paroman anda jiga nu baéud, bari nyepengan beuteungna. Beungeutna katingali pias. Bari sakapeung mah sok luh-lah... Teu petot-petot kuring ngupa- han manéhna. Sangkan bisa nahan puasana... Pasosoré kuring balik heula, niat téh dék mandi bari sakalian mawa sarung jeung kopéah, dék sakola agama. Pas balik deui, kasampak Anda mah keur ngaguher dina korsi. Duh... watir pisan, jigana saré téh bakat ku teu kuat nahan lapar. Atuh kuring mah indit wé ka masjid. Balik ti mesjid, kuring nyim- pang deui ka imah Anda, dék nga- jak ngabuburit ngadu kaléci bari nungguan adan. Alhamdulillah... karék gé ulin sakeudeung, ngong sora adan ti masjid. Anda mah giak lumpat. Teu maliré kaléci manéhna. Atuh kuring nyokotan kalécina, terus wé balik ka imah. Ba’da magrib di luar néangan Anda bari jajan. “A... ari Anda ka mana?” ku- ring nanyakeun Anda ka lanceukna. Méméh ngajawab, lanceukna Anda seuri heula. “Aya naon kitu, A?” kerung. “Tingal wé di bumi.” Kuring langsung ka imah Anda. Kasampak téh Anda keur gulinggasahan dina samak. Leungeunna nyepengan beuteung anu gendut. Adug-lajer oséh-osé- han. Opieun pabalatak, ti mimiti kolek, goréngan, roti, jeung anu séjénna. Tayohna Anda kamerkaan, nepi ka teu bisa ka mana-mana. Duh karunya teuing anu keur diajar puasa... *** 50 Manglé 2434 Mimiti Puasa Ku Agus Suhada
  • 52.
    Poho Deui Duka teuingtaun sabaraha, poho deui. Harita teh poe Minggu, kuring jeung Ki Lanceuk indit ka pasar. Kabene- ran harita teh usum hujan, atuh di pasar mani jareblog jeung mani heurin usik deuih, malum poe pere sakola. Sanajan jareblog, kuring resep dititah ka pasar mah, komo ari geus nyedek- nyedek batur, rarasaan teh asa rek lalajo maen bal, teu inget balanaan marurgan, nu kukulutus-kukulutus mah, teu diang- gap ieu, api-api teu kadenge bae. Jingjingan geus pinuh ku balanjaan, kuring jeung Ki Lanceuk leos wae balik. Ki lanceuk ngadagoan, sanggeus meu- nang delman sarta ditawar, clak we tarumpak. Tapi... na atuh dasar nu limpeuran, rarasaan teh rek hanjat ka imah, da eta sendal tarumpah nu dipake kuring, make jeung dibuka sagala. Inget soteh barang delman maju, suku, suku asa tiis, barang ditempo kuring teu make sendal, gebeg teh reuwas! Ngan lieuk ka tukang sendal aya di tengah jalan, ramiping pinuh ku taneuh. Teu talangke deui kuring ngeureun- keun delman, turun tibuburanjat rek mawa sendal. Eta mah sajajalan jeung KI Lanceuk seuseurian nyeungseurikeun polah kuring, dibaturan ku kusir delman. Poppi Bajuri Jl. Percetakan Negara II Kel. Johar Baru Jakarta Pusat Salah Alamat? Pas keur jalan-jalan di mol jeung babaturan, ujug-ujug jorowok téh saurang lalaki ngagorowok béh peunta- seun. Kuring jeung babaturan geuntak ngalieuk. Tapi langsung kerung, da puguh teu apal ka éta lalaki anu keur gugupay bari gogorowokan téh. Babaturan méré isarat, kuring ngarti. Buru-buru ngaléos. Leumpang gé nga- haja rusuh ngarah ngajauhan di tempat éta. Tapi si lalaki téh kalah terus ngudag, bari angger gogorowokan. Atuh saréréa ngalalieuk ka kuring jeung babaturan tangka éra. “Lah saha cenah éta lalaki téh? Teu apal teu sing…” “Enya! Wawuh gé henteu…” kuring nembal. “Yéy… tuh tingali, kalah gugupay ka abdi.” “Enya nya?” “Kumaha atuh?” “Bururkeun wé leumpangna, bisi kaburu kasusul.” Tungtungna kuring jeung babaturan beuki ngagancangan leumpang. Sieun kaburu kasusul, da geuning lalaki téh kalah lumpat muru ka arah kuring. “Maya!” éta lalaki téh tungtungna mah ngagorowok. Kuring ngalieuk ka éta lalaki. Tapi babaturan mah teu ieuh ngarérét. Tong- goy wé leumpang. Atuh kuring ngudag manéhna. “Maya!!! Iiihh meni sombong!” éta lalaki téh deui-deui ngagorowok. “Naon sih maksudna?!” tungtungna mah babaturan téh malik ka éta lalaki bari ngagorowok. “Maya meni sombong ih…” éta lalaki téh teu kireum-kireum bari nyepengan pigeulang babaturan kuring. Ujug-ujug gaplok wé babaturan téh ngagaplok pipi éta lalaki. Atuh si lalaki téh langsung mundur bari kerung. “Naha?” “Da abdi mah sanés Maya, tapi Irma….” Éta lalaki téh beuki kerung. Wawa Sungkawa-Bojongsoang Disangka Pepetasan Dongéng pangalaman Aki Ahdi, aki mitoha kuring atawa akina pamajikan kuring, nu kiwari umurna geus ampir 81 taunan, ngan dikeresakeun masih keneh jagjag sarta panjang keneh emutan. Ari kajadianana cenah kaalaman ku Aki kira-kira taun 1974-an, basa aki kakarek boga budak dua. Nu panggedena lalaki. Aki Ahdi teh nikahna keur ngora pisan, kira umur 20 taunan. Numatak dina umur 40 taun teh aki geus boga budak gede, geus bujang, geus bisa baranggawe sarta geus bisa ngala duit. Budak aki teh geus boga pakasaban ma- neuh di kota, nyaeta dipausahan meubel. Ari mulang ka lembur geus matuh sa- taun dua kali, nyaeta dina waktuna lebaran jeung agustusan. Mangsa harita mah minangka pangeling-ngeling poe kemerdekaan teh di Pilembura osok di- reuah-reuah pisan, disarebutna oge pesta Agustusan. Lamun balik ka lembur teh budak Aki sok pada moro-moro, pangpangna ku dulur-dulur katut baraya-baraya, ku- sabab osok mawa oleh-oleh ti kota anu sasebut “araneh” pikeun urang lembur mangsa harita. Ongkoh deuih dina mangsa harita mah arang-langka keneh budak ngora anu sok nyaba ka kota teh. Sakali mangsa, budak aki mulang ka lembur teh mawa oleh-oleh mangrupa kaleng alis “sardens” tea. Budak aki datang ka lembur teh pasosore, kira wanci liwat asar. Puguh we aki katut nini mani dagdag degdeg narima eta oleh- oleh teh, dina ayana oge cenah moal kabeuli pajar teh! Loba mawana teh, aya lima sikina. Ngahaja jang paranti deu- ngeun sangu cenah! “Ngan kudu dihaneutkeun heula Ma, da tiis, sarta ngarah teu karasa hanyir deuih!” ceuk budak Aki mere nyaho. Ngadenge kitu, Aki katut Nini teh kadon ngaharuleng paheneng-heneng. Kudu kumaha nya cara ngahaneutkeun- ana? Kitu nu aya dina pipikiran Aki katut Nini teh. Tapi Si Aki boga “ide” jetu! Kasabab eta sardens teh wadahna tina kaleng, mangka gampang pisan cara ngahaneutkeunana, nyaeta urang bubuy bae dina hawu cenah! Kabeneran pisan harita hawu keur dipake, da Si Nini keur nyeupankeun sangu dina seeng. Atuh seuneu di hawu teh mani burahay! Geus kitu mah tuluy we si sarden teh dibubuykeun, disaeuran ku lebu panas jeung ruhak nu burahay. Tapi teu kungsi lila, kira saparapat jam kadenge sora nu ngabeledug handaruan sada pepetasan, jolna ti lebah dapur pisan. Barang ditempo... hawu geus rugrug, seeng nu ditagenkeun geus dengdek, seuneu tina jero hawu mancawura minuhan parako, sawareh seuneu narapel dina bilik dapur. Si aki pahibut, pakupis mareuman seu- neu nu narapel dina bili da sok sieun matak kahuruan. Dina parako oge nara- pel “eusi sarden” babaratan pacampur eujeung lebu! Rob tatangga-tatangga daratang bari naranyakeun: “Aya naon... aya naon???” cenah ngara hareraneun. “Laaah... nyaeta atuh, dasar kolot- kolot teu boga pikiran! Ngahaneutkeun sarden, ger dibubuy dina jero hawu! Kalah jadi we... ngabeledug!” ceuk nini kutug-gendeng. “Ohhh... ari sugan teh nu nyeungeut pepetsan!” ceuk tatangga-tatangga bari tulu bubar. Tah kitu cenah dongengna urang kampung mayang-muyung nu taya kanyaho teh.*** Agus B. Irawan Garut Kidul Manglé 2434 51
  • 53.
    Wasiat Bapa Kira-kira sajamkana sakaratul maut, pa Oyeng mere wasiat ka barudakna. “Barudak, kadarieu sakeu- deung! Bapa arek mere wasiat ka hidep.” “Mangga Pa, aya pikersaeun naon?” walon barudakna. “Lamun bapa maot, bapa nitip mobil BMW jeung Grand Escudo ka hidep duaan. Kade ulah dijual, nya?” “Insya Allah, Pa. Mobil tawis asih ti Bapa salamina ku abdi bade dianggo, moal pisah- pisah bade di ical.” Jawab barudak Pa Oyeng, dibare- ngan ku rasa sedih jeung bu- ngah. “Sukur atuh lamun kitu mah. Soalna eta mobil teh duanana geus dijaminkeun ku bapa ka BPR. Cicilan hutangna masih 28 bulan deui.” Holid A. Gani Komite Sekolah SDN Cihampelas-Kota Bandung Béas Awéwé I: “Pangaos béas nérékél waé, nya?” Awéwé II: “Sumuhun...” Awéwé I: “Lieur abdi mah, ngatur resiko dapur sadidintenna téh.” Awéwé II: “Hadéna waé abdi mah tara méséran béas...” Awéwé I: “Kagungan serang?” Awéwé II: “Ah, henteu. Nambutan... wé, dibayar sasasih sakali.” Mimin Candra Ningsih Cikeruh RT 05/09 Jatinangor - Sumedang Diusapan Wiwin: “Cing, naon bédana ucing jeung jajaka?” Enci: “Ucing mah sato, jajaka mah manusa.” Wiwin: “Lain éta nu bener mah. Ucing mah mun diusapan téh sok tuluy saré, ari jajaka mah mun diusapan téh sok tuluy hudang.” Enci: “???” Mimin Candra Ningsih Cikeruh RT 05/09 Jatinangor - Sumedang Bahasa Gaul Indung: “Nyai... Nyai ka dieu. Penting!” Budak: “Ciyus? Aya naon, Ma?” Indung: “Ari kamari geus ti mana? Budak: “OTW Bandung.” Indung: “Halah teu ngalalarti.“ Budak: “Ah Ema mah kamsepay pisan.” Indung: “Naon hayang seu- pan?” Budak: “So what gitu lho, emang aku harus bilang dou- ble wow gitu!” Indung: ??!!! Nina Rahayu Nadéa Bandung Cingcin A: “Badé angkat ka mana?” B: “Badé ka dinya, ka Pa Ali.” A: “Euh, Pa Ali nu sok ngadamelan lelepen?” B: “Leres, nu bumina di caket jambatan cingcin.” Mimin Candra Ningsih Cikeruh RT 05/09 Jatinangor - Sumedang OTW Macaan status dina FB. Haradé. Jol si Fuad nulis. ‘Otw Bandung. Jol si Bahrun nulis ‘Otw Bali’. Ah, teu éléh géléng, langsung nulis status. ‘Otw Wc’. Nina Rahayu Nadéa Bandung Ngimpi + Gélo téh, uing pruting ngimpi ningali nu tabrakan. - Wah…, tabrakan naon jeung naon? + Tukang ojeg jeung hali- kopter. - Wadul sia mah! + Har…, atuh ngimpi-ngimpi uing, naha manéh nu sewot- na! Ella Kartika Sasak Gantung-lengkong Hilap “Pa Ustad, badé tumaros. Upami nuju saum, hilap kalah tuang. Teu batal?” ceuk Udin nanya ka Ustad. “Lamun poho mah teu batal, Din. Iwal ti dihaja...” témbal Ustad. “Alhamdulillah. Abdi hilap, nembé tos tuang dua piring, ditambihan és campur, rujak, cau, teras kana és krim. Tuh, tinggal corongna. Bilih badé mah, Pa Ustad?” ceuk Udin deui, teu kireum-kireum. Ella Kartika Sasak Gantung-lengkong Jalan-jalan Imam : “Dék ka mana eung?” Ibro : “Jalan jalan aah. Yu dék milu?” Imam : “Embung ah sieun batal.” Ibro : “Lah! Puasa atuh nomer ka tilu!!” Imam : “Kumaha sateh, pan
  • 54.
    puasa mah wajib?” Ibro: “Apal uing gé.” Imam : “Naha atuh puasa bet dinomer-tilukeun!!” Ibro : “Enya atuh! Pan nu ka hiji mah syahadat, kadua sholat, ka tilu karék Zakat!” Imam : “Éh heueuh nya…” Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88 Kuma Karep wé Dodo : “Ema, baé teu, abdi buka puasa jam 11?” Ema : “Lahh!! Karep, najan rék lebaran ayeuna gé teu nanaon!!” Dodo : “Asik!! si ema bageur euy…” Meta Melia Jl. Banteng No. 122 Kabeurangan sakola Guru : "Iciiihhh! Kunaon atuh telat?" Icih : "Teu sawios-wios da bu, hasil téspékna gé negatip da!" Guru : ??!!! Meta Melia Jl. Banteng No. 122 Lebaran - “Lebaran ayeuna mah teu kudu meuli baju ahh.” + “Naha?” - “Ahh… nu taun kamari gé alus kénéh, tinggal ngahaneutkeun deui wé...” Afriliani - Jl. Bima No. 113 Hadiah Puasa Wa Haji : "Mun manéh tamat puasa, uwa rék méré hadiah, yeuh duit keur jalan-jalan ka francish." Oon : "Aasyiiiik.. leres ieu téh, wa?" Wa Haji : "Bener jang, uwa mah méré cuma-cuma, tah engké mun geus aya di francis rék naon, jang?" Oon : "Hayang nyium Hajar Aswad, wa. Tuluy diphoto." Wa Haji : “Euuuhhh!!” Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88 Nu Kamari Guru : "Saha anu emut kénéh, dugi ka mana pelajaran anu kamari?" Ojo : "Atos lah bu, anu atos mah atos wé, tong diungkit- ungkit deui. Bahas mah pelajaran anu ayeuna wé." Guru : “Ka hareup siiaaahhh Sojo!!!” Annisa Mulandari Jl. Cimanuk 234 Bandung Modal + “Ma, jual wéh mobil téh lah, paké modal usaha..” - : “Mobil ti mana ari maneh?” + : “Heueuh teuing, mobil saha wéh jual ku ema, jig..” - : “Dasar weureu….” Annisa Mulandari Jl. Cimanuk 234 Bandung Katawis Wiwih : "Aa jomblo nya?" Odo : "Muhun, naha apal?" Wiwih : "Katawis wé dina rarayna, rada nguluwut hehe- heh…" Sundara-Ujung Berung 23 Rada Loba Budakna: “Bah, tadi Ujang ngojay di balong. Ari pék téh caina kainum. Batal henteu?” Bapana: “Nya henteu ari teu dihaja mah.” Budakna: “Tapi Bah, nu kainum ku Ujang téh rada loba.” Bapana: “Rada loba sakumaha?” Budakna: “Aya jigana kira- kira sagelaseun nu sok biasa ku Abah dipaké ninyuh cikopi.” Bapana: “Ari Ujang? Éta mah lain kainum tapi dihaja di- inum. Batal atuh selud! Anissa - Subang Lebar Iis: “Da, kira-kirana lamun bobogohan keur puasa batal henteu?” Ida: “Sigana mah henteu, ngan meureun matak hapa kana puasana.” Iis: “Lamun kitu mah kuring rék eureun heula ah bobogo- han téh, kajeun bulan Sawal diteruskeun deui.” Ida: “Naha?” Iis: “Pan lebar. Sieun matak hapa.” Anissa - Subang Géhgeran Oni : "Kabogoh uing mah gehgeran, piraku diajak non- ton pilem drama india, kalah pipilueun méwék." Unang : "Komo kabogoh uing, nonton pilem Titanic balikna ooroloan utah majarkeun téh mabok laut cenah." Sundara-Ujung Berung 23 Piraku Pa RT: “Kunaon teu puasa?” Ujang: “Numawi nuju nyeri huntu.” Pa RT: “Lain ubaran atuh ka dokter” Ujang: “Puguh ieu gé nembé wangsul dilandongan ti dok- ter héwan.” Pa RT: “Har, naha nyeri huntu bet jig-jig ka dokter héwan?” Ujang: “Margi cenah anu ngalantarankeun nyeri huntuna ogé ulam.” Izzul Komplek Vijaya Kusuma Cipadung - Bandung Tong Sadéngé-Déngéna Baban: “Bener geuning, ari keur puasa mah teu meunang sok sadéngé-déngéna.” Yuyun: “Ari kitu kumaha?” Baban: “Basa uing balik ulin, di dapur kadéngé sora nu susuruputan. Ditoong téh adi uing nu bungsu keur ngada- har emih bangun nimat naker.” Yuyun: “Terus kumaha?” Baban: “Jadi kabita, kapaksa wé ngasaan saeutik.” Izzul Komplek Vijaya Kusuma Cipadung - Bandung Keur Puasa Abah: "Dupi Cép Ogin resep ka istri téh modél nu kumaha?" Ogin: "Aaah..Ogin mah teu muluk-muluk Bah, nu geulis manis nu hérang méncrang gé cekap." Abah: "Dupi Jang Onyon?" Onyon: "Onyon gé sami Bah teu néko-néko, yang penting cantik camperenik atanapi nu dénok montok!" Ogin: "Dupi Abah?" Abah: "Abah mah ka nu geulis teu pati ka nu dénok teu moho." Onyon: "Naha Bah?" Abah: "Keur puasa, Sawal mah ulah dibéakeun euy!" Féndy Sy. Citrawarga, Bandung Parab Naraka Anak: "Mah, naha jalma- jalma kagak barang dahar nya?" Mamah: "Pan Ramadan, Jang!" Anak: "Na aya maksadna?" Mamah: "Nya aya, nyatana sangkan jalma-jalma pada takwa." Anak: "Naha Aa mah katara barang dahar dalam kamar- nya. Katanya jangan balaka ka Mamah atawa ka Bapa bahwa Aa makan-makan can mangsana. Awas, katanya, ngancam Jajang Mah." Mamah: "Tah Aa mah jalma sasab, kagak takwa, parab naraka!" Féndy Sy. Citrawarga, Bandung Bété Nyanghareupan Lebaran Iteung: "Ari bulan puasa téh Iteung mah sok bété Ambu. Naon ubarna nya?" Ambu: "Naon bété téh?" Iteung: "Bété téh parusing mikiran lebaran." Ambu: "Oh, gampang atuh Teung. Ubarna ku bata atawa batu." Iteung: "Dikumahakeun Ambu?" Ambu: "Bata atawa batu téh dikumpulkeun, geus loba, jual ka nu butuheun. Boga bati tah keur lebaran!" Iteung: "Cihuy!" Féndy Sy. Citrawarga, Bandung Manglé 2434 53
  • 55.
    54 Manglé 2434 T aunhareup Presiden SBY ngecagkeun kalungguhan ku- lantaran mangsa pamaren- tahanana maren. Ieu mangrupa tradisi pamarentahan nu alus, nganggeuskeun pancen pamarenta- han luyu jeung jadwal. Nya sugan wae kitu, salamet nepi ka mangsa Pilpres 2014. Paling saeutikna eta nyirikeun bangsa urang geus mimi- ti dewasa, henteu remen bongkar pasang pamarentahan di satenga- hing jalan. Memang pamarentahan SBY henteu mulus. Rea nu matak nguciwakeunana. Upamana wae, karaharjaan rahayat tacan kahon- tal, kamiskinan angger ngaguna- sika. Lahan pagawean samporet keneh, rahayat rea nu ngaligeuh. Pamarentahan ti puseur nepi ka daerah henteu nembongkeun tata kelola pamarentahan nu hade. Coba wae, conto leutik ngabagi- bagi BLSM, upamana, apan sakitu matak ngawirangkeunana. Padahal pamarentah geus boga luang pangalaman ti taun-taun samemehna. Kitu deui, lebah netepkeun putusan ngurangan subsidi BBM, sakitu kalekedna. Antukna anggaran nu aya henteu bisa epektip kulantaran subsidi lain ngurangan tapi kalahka nambahan. Katambah deuih, korupsi apan angger sakitu mahabuna. Jadi Palajaran Mangsa sapuluh taun pamaren- tahan SBY bisa dijadikeun pala- jaran boh keur Presiden engke boh keur bangsa urang sakumna. Naon kasalahan atawa ka- hengker SBY? Tetela SBY teu beda jeung pangawasa jaman Orde Baru nu po- hara ngutamakeunana kakawasaan. Sieun pisan kaleungitan kalung- guhan nepi ka bisa disebut para- noid. Coba wae, remen pisan apan SBY nyaritakeun aya pihak-pihak nu rek ngudeta. Tah, kasieun kitu jigana nu ngalantarankeun SBY embung dibarengan ku wakil presi- den nu pasipatanana beda jeung di- rina. Pamustunganana JK apan ditinggalkeun, tuluy diganti ku Boediono. Tapi, tetela putusan bieu teh rea ngarugikeunana. Kahengker SBY saperti remen hamham lebah netepkeun putusan, nu tadina bisa diimbangan ku JK, apan ku Boedi- ono mah teu bisa kagantian. Tuluy lebah nyusun kabinet oge, nu sabenerna mah wewenang gembleng presiden, tetela SBY teu wani nyusun kabinet ahli, tapi leuwih ngutamakeun kahayang partey pulitik. Ieu oge kuat dugaan kulantaran sieun digubragkeun tina kalungguhanana ku kaom pulitisi di Senayan. Nya antukna mah menteri teh karereanana usulan ti partey pulitik. Atuh sanajan kanyahoan sababaraha urang men- teri teu nembongkeun prestasi, tapi Presiden teu wani ngayakeun roba- han susunan kabinet (reshuffle). Polah saperti kitu, nu kajurung ku sieun leungit kalungguhan, nembongkeun putusan kontradik- tip. Coba geura, geus jelas pisan partey pulitik di nagara urang teh rea kakurangna, pangpangna han- dap pisan kamampuh pangurusna. Tapi, kunaon atuh ku Presiden bet kaom pulitisi ti partey pulitik teh diayunkeun kahayangna? Malah dibere jabatan menteri nu pohara nangtukeunana nasib rahayat? Kontradiksi satuluyna, Presiden SBY nu sohor ati-ati pisan, asak jeujeuhan lebah netepkeun putu- san,. tetela geus ngalakukeun hal nu lalawora pisan. Naon? Taun 2009 pamarentah kungsi nurun- keun harga BBM ! Coba, pan polah degdegler, nu sakuduna subsidi BBM dikurangan (harga BBM diun- dakkeun) tapi ieu harga BBM kalahka diturunkeun! Ceuk ekonom Faisal Basri, eta teh ku- lantaran SBY hayang meunang sim- pati rahayat pedah nyanghareupan Pilpres 2009. “Itu dosa SBY” ceuk Faisal. Pamingpin Ka Hareup Nya tembong jelas, ambisi kakawasaan, sieun nataku leungit jabatan, ngalantarankeun hiji pamingpin tidadalagor, remen salah lengkah, ngalakukeun rupa- rupa kasalahan. Jadi, harepan ka hareup, pamingpin urang bisa metik pala- jaran tina kasalahan-kasalahan pamingpin samemehna. Pamingpin borangan, paranoid, sieun leungit jabatan, ngutamakeun pisan kakawasaan meugeus ulah dipilih deui. Uji kawanina lebah tarung jeung lawan pulitikna. Pamingpin nu amanah mah tangtu moal sieun leungit jabatan. Nemahing pati oge ihlas! Karno Kartadibrata. Harepan
  • 56.
    Manglé 2434 55 KAGIGIR: 1. Kapal angkutan minyak 4. Wadah cai nu kerung tina kuningan 7. Boga bakat tawekal, daék hesé 8. Kudu dipiboga ku supir 9. Universitas Langlangbuana 11. Ngaderes Al Quran ku jalma loba 14. Bagian wawangunan nu pang- luhurna 17. Salasahiji sifat Alloh 19. Lembur anyar 22. Panutup do’a 24. Istilah dina batminton 25. Béak daunna ku hileud 26. Komando Distrik Militér 27. Nu dialajar di pasantren KA HANDAP: 1. Sémah 2. Kénca 3. Keuyeup 4. Hasil palawija 5. Jangkrik gedé 6. Ringkesan, patokan 10. Lembaga Elektronik Nasional 12. Anak lanceuk 13. Akang (basa Minang) 15. Nagara gedé 16. Hadir 17. Paur 18. Bendungan 19. Anyaman awi meunang ngahua keur piimaheun 20. Carita nu ngandung unsur sajarah 21. Tilelep 22. Laun 23. Indungna kolot urang Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No. 1401. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuir dua minggu saparantosna medal. Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1399: 1. Ibu Sofi Jl. Gagak Blk No 258 Kalurahan Sukaluyu Bandung 2. Daffa Dzaky Basith Darpis Komp. Bumi Harapan Blok EE Kabupaten Bandung 3. Ade Kartini Jl. Sukarno Hatta Gg. Citalaksana 2 No. 43 Tasikmalaya 1401 K U P O N TARUCING CAKRA NO. Hadiah masing - masing Rp. 15.000,- Parantos Gumelar ka Alam Dunya Pun Anak: Putri Kumala Galuh Tresna Dinten Jumaah Ping 28 Juni 2013 Bandung. Nu Borojol Sing Morontod Nu Jagjag Masing Gorejag Si Inji Si Ayun Ambing Si Utun Si Nelengnenggung Ditamperan Geugeut Asih Geura Susud Cisoca.. Junia Yuningsih.. Indung nu Humarekeng Geura Guar Lacak... Asep Gp.. Bapa nu Ngadanan Mangka Mulus Jalugjug Jangkung Hurip Diaping Asih Nabi Asih Gusti Robbi Habdi Minnas Solihin. Amien! ***
  • 57.
    “Si Bibina kukulutus,Lo.” “Kutan, pédah naon?” “Hayam téh hésé ditéwakna.” “Beu.” “Batan beunang mah kalah terus ngagarapak.” “Lingas nyah, Mang?” “Enya. Jual mahal tah sakadang hayam téh.” “Heuheuy, lain jual mahal, Mang.” “Ari kitu?” “Béla diri, Mang. Nyingkahan pibalaieun.” “Lah, teu kudu béla diri sagala da kapan hayam mah kudu tumarima kana nasib dijadikeun deungeun sangu ku manusa, héhéhé….” “Néangan hayam nu teu lingas atuh, Mang.” “Nyaéta teu boga deui. Piraku kudu néwak hayam nu tatangga mah.” “Hus!” “Heueuh. Ku lieur, ngagarapak baé tah hayam téh.” “Di pasar atuh néwakna, Mang.” “Leuwih hésé puguh di pasar mah, Lo.” “Baruk?” “Lain saukur ngagarap, tapi nga- pung, Lo.” “Jangjangan nyah hayam téh?” “Ti baheula gé hayam mah jang- jangan. Nu teu jangjangan mah embé.” “Maksud téh bisa ngapung?” “Bener, Lo. Ngapung, teu kahon- tal ku saku masarakat leutik mah.” “Maksudna?” “Mahal pisan hargana daging hayam téh, Lo. Bangun anu boga jangjang, ngajaul terus.” “Oh.” “Lingasna harga daging hayam téh kawas hayam Si Bibi, Lo.” “Hésé diaturna nyah, Mang?” “Enya.” “Kétang lain harga daging hayam wungkul nu lingas téh.” “Baruk?” “Harga kabutuhan poko nu séjénna ogé lalingas, hésé diaturna. Gagarapakan kawas hayam.” “Lain gagarapakan atuh, Lo.” “Ari kitu.” “Ngapung, badis anu jangja- ngan.” “Enya, Mang. Cenah mah alatan bulan puasa jeung alatan naékna BBM.” “Alesan éta mah, Lo.” “Alesan kumaha, Mang?” “Alesan ti Bandar anu ngatur harga, sangkan meunang kauntu- ngan anu mangtikel-tikel.” “Bisa jadi kitu, Mang.” “Cenah mah, ceuk warta dina tivi, Disperindag Kota Bandung ogé teu walakaya.” “Teu walakaya meruhkeun lingasna hahargaan?” “Enya, Lo.” “Beu.” “Tah Si Bibina mah lamun hayam lingas téh henteu sumerah kitu baé.” “Geuning?” “Si Bibina mah sok laju néangan cara. Saakal-akal, sangkan sakadang hayam katéwak, bisa dperuhkeun.” “Palébah dinya mah éléh pinter ku Si Bibi nyah, Mang?” “Lain éléh pinter, Lo.” “Ari kitu?” “Éléh tékad.” “Éléh tékad, kumaha?” “Si Bibina mah tékadna leuwih kuat, Lo. Jadi wéh uteukna kréatip.” “Tékad meruhkeun hayam nu lingas, Mang?’ “Ja heuheuh.” *** Garapak Hayam 56 Manglé 2434