SlideShare a Scribd company logo
HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran
1
HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran
2
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
1
1 Hè batur kumaha urang
Tonggoy bodo heunteu terang
Kanu mangèranan urang
Nu ngurus peuting jeung beurang
2 Nu ngadamel urang tèa
Asal euweuh jadi aya
Sarta parabot sadia
Suku leungeun sungut aya
3 Reujeung sajaba ti èta
Kaya irung ceuli mata
Manfa'atna panta-panta
Pikeun urang molah meta
4 Badan teu aya kakurang
Jaba èta pirang-pirang
Nu dipasihkeun ka urang
Nu hargana leuwih larang
5 Lamun urang karep ngitung
Bari diuk bari nangtung
Ni'mat tèh moal ka itung
Sabab urang loba untung
6 Ngan ni'mat nu panggedèna
Beunang diitung jumlahna
Hayu ku urang ayeuna
Urang bilang sawarèhna
7 Urang tèa sarèrèa
Baheula mah heunteu aya
Ayeuna gelar di dunya
Asal cai mani tèa
8 Bijil ti bapa ka indung
Tuluy ku indung di kandung
Tepi ka beurat melendung
Salapan bulan di kandung
9 Tayohna harita urang
Waktu jadi cari hèrang
Kunu ngadamel di karang
Dijadikeun daging tulang
10Dina jero beuteung ema
Supaya jadi jelema
Ulah bèda ti sasama
Sing cara bapa jeung ema
11Ngan sakalangkung ahèngna
Na kumaha midamelna
Tepi ka kieu buktina
Awak urang sadayana
12Nya langkung-langkung iyasa
Anu ngadamel manusa
Uninga kersa misèsa
Saha atuh nu kawasa
13Bijil ti indung ka dunya
Geus pepek lengkep sadia
Anggahota kabèh aya
Parabot hirup di dunya
14Jeung sanggeus aya di dunya
Di ruang ku ni'mat rèa
Jeung dijaga tina bahya
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
2
Supaya urang waluya
15Sarta kabèh anggahota
Dikersakeun bisa meta
Kaya sungut ceuli mata
Leungeun suku jaba èta
16Suku dibisakeun leumpang
Leungeun mah bisa ngopèpang
Sungut mah bisa ngocomang
Panon ningal dinu caang
17Kitu deui ieu ceuli
Ngadènge teu buta tuli
Na bet urang jongjon lali
Ka Nu nyieun teu merduli
18Cing hayu urang nanyakeun
Sugan aya nu nerangkeun
Saha anu ngajadikeun
Ka awak urang ngayakeun
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
19Pangapunten baè kulan
Kalinggih kersa ajengan
Abdi sareng rèrèncangan
Anu mawi ngadeuheusan
20Rèk aya nu ditaroskeun
Saha anu ngajadikeun
Ka awak urang ngayakeun
Mugi-mugi diterangkeun
Wa'alaikum Salam Wr.Wb
21Hè sakabèhna manusa
Nu ber-akal nu dèwasa
Aranjeun kudu rumasa
Di damel ku Nu Kawasa
22Bilih aranjeun teu terang
Ka Nu Mangèranan urang
Nu maparin barang-barang
Nu hargana leuwih larang
23Nya èta Alloh nu Mulya
Nu kagungan Alam dunya
Nu Kawasa Beunghar Kaya
Nu Hèmah ka sarèrèa
24Anu wajib kasifatan
Ku kabèh kasampurnaan
Suci tina kakurangan
Nu teu pantes di Pangèran
25Pèk ayeuna arèlingkeun
Sing tarenget karupingkeun
Alloh wajib diterangkeun
Ngan ulah dèk disamikeun
26Jeung nerangkeun ka makhluq-Na
Sok hayang puguh buktina
Heunteu sah kabina-bina
Alloh sami jeung makhluq-Na
27Ngan sakieu anu misti
Ku aranjeun sing kaharti
Satemen-temenna Gusti
Alloh Ta'ala tèh pasti
28Kasifatan ku sampurna
Nu taya wates wangenna
Suci tina kakurangan
Nu heunteu aya tungtungna
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
3
29Sawarèh kasampurnaan
Engkè baris ditataan
Anu wajib di Pangèran
Gusti Alloh nu Murahan
30Reujeung lalawananana
Nyaèta nu mustahilna
Ditambah kunu wenangna
Nu hiji taya hilapna
31Aya deui anu misti
Nyakitu kudu gumati
Kabèh jalma wajib ngarti
Satemen-temenna Gusti
32Alloh ngadamel utusan
Anu lobana ratusan
Purah muruk ngaalusan
Ka kabèh bangsa manusan
33Heunteu wajib ditataan
Anging nu aya di Qur'an
Aya salawè sebutan
Kadè ulah kaliwatan
Pertèlaan Hukum 'Aqal
34Mangka ari samèmèhna
Nerangkeun sifat-sifatNa
Alloh jeung sifat RosulNa
Sing terang hokum 'aqalna
35Hukum 'aqli tèh kabèhna
Ngan tilu hiji wajibna
Nu kadua mustahilna
Anu katilu wenangna
36Nganran wajib 'aqli tèa
Heunteu kaharti teu aya
Ku 'aqal urang sadaya
Aya qudratna nu Mulya
37Qudrotna Alloh nu Mulya
Tangtu teu ngarti sadaya
Kana euweuh qudrot tèa
Sabab anu wajib aya
38Ari mustahil mah pasti
Barang nu heunteu kaharti
Ayana barang ku ati
Saperti apesna Gusti
39Apes Gusti Alloh tèa
Moal kaharti mun aya
Di Alloh nu Maha Mulya
Ku 'aqal urang sadaya
40Ari palenggeuran wenang
Èta mana-mana barang
Aya sah ceuk 'aqal urang
Aya euweuhna teu mang-mang
41Kos Allah ngadamel Jati
Èta wenang tangtu ngarti
Akal tèh mun jadi bukti
Jeung teu bukti gè kaharti
Pertèlaan Barang nu Wajib, nu
Mustahil jeung nu Wenang di Alloh
Ta'ala
42Sawarèhna nu wajibna
Di Allah nu Agung di zat-Na
Tilu belas dibilangna
Da teu jeung ma'nawiyah-Na
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
4
43Nu mustahil gè nyakitu
Aya tilu belas tangtu
Sabab lalawanan itu
Ari nu wenang mah satu
44Nomor hiji anu misti
Sifat nu wajib di Gusti
Èta wujud sing kaharti
Hartina tèh aya pasti
45Satiap wajib ayana
Pasti mustahil euweuhna
Ari nu jadi dalilna
Yèn Alloh wajib ayana
46Ku aya mahkluk nu rèa
Ari makhluq-makhluq tèa
Ayana entos teu aya
Jadi anyar wenang aya
47Tiap anyar dianyarkeun
Karep kanu ngajadikeun
Taya nu bisa ngayakeun
Ngan Alloh nu ngabuktikeun
48Jeung wajib Alloh Ta'ala
Qidam tegesna tiheula
Taya mimitina mula
Mustahil anyar kas kula
49Ari nu jadi dalilna
Yèn Alloh wajib heulana
Sarta taya mimitina
Kieu ceuk dalil akalna
50Lamun Alloh heunteu Qidam
Tangtu anyar cara alam
Tapi anyar teu kapaham
Ku akalna ahli Islam
51Sabab tangtu dianyarkeun
Karep kanu ngajadikeun
Jeung nu ka Alloh nganyarkeun
Karep kanu nga-anyarkeun
52Jadi rantè-rantè pasti
Lamun dianyarkeun gusti
Tapi teu pisan kaharti
Rantè-rantè tèh ku ati
53Kos Allah dijieun Amar
Amar dijieun ku Bakar
Bakar dijieun ku Jahar
Jahar dijieun ku Semar
54Tuluy teu aya tungtungna
Saperti rantè nyantèlna
Moal kaharti ayana
Nu kitu ku sadayana
55Tawa jadi daor tèa
Kaya Alloh anu Mulya
Dijadikeun ku ki Jaya
Jaya dikersakeun aya
56Digumelarkeun ku Gusti
Sili jieun pili genti
Èta kitu teu kaharti
Yakin wajib Qidam Gusti
57Tilu nu wajib di Alloh
Baqo tegesna mo salah
Alloh langgeng tara owah
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
5
Mohal ruksak Gusti Alloh
58Ari nu jadi dalilna
Yèn Alloh wajib langgengna
Kieu ceuk dalil aqalna
Mun Alloh ku ruksak keuna
59Tangtu tetep anyar Gusti
Sabab wujudna teu misti
Tapi ari anyar Gusti
Heunteu kaharti ku ati
60Sabab tadi geus kapaham
Ku dalilna sifat Qidam
Nya sidiq langgeng teu ham-ham
Allohul-'Aliyyul-'A'dzom
61Ka opatna sifat Alloh
Nu wajib tèh mukholafah
Lil-hawadits pèk maranah
Kunu anom kunu sepah
62Hartina wajib sulaya
Teu sami Alloh nu Mulya
Jaung makhluq-makhluq sadaya
Makhluq nu euweuh nu aya
63Ari ka-bèdaannana
Alloh jeung kabèh makhluq-Na
Èta lain jirim dzat-Na
Nu tangtu ngalap enggona
64Reujeung lain bangsa sifat
Anu sok tetep dina dzat
Heunteu menggon heunte nempat
Jeung teu aya dina jihat
65Teu di luhur Alloh aya
Teu di handap Maha Mulya
Teu di kalèr wètan tèa
Teu cara urang sadaya
66Jeung Alloh taya jihatna
Teu aya luhureunana
Atawa handapeunnana
Jeung taya kiduleunana
67Reujeung sajaba ti èta
Jeung teu make anggahota
Taya baham cepil soca
Leungeun suku lian èta
68Jeung teu pèndèk heunteu jangkung
Teu gedè leutik teu agung
Taya diuk leumpang nangtung
Teu kakurung teu kalangkung
69Ku peuting reujeung ku beurang
Sabab bèda reujeung urang
Bèda jeung sagala barang
Mikir Dzat-Na ulah panjang
70Tiap wajib mukholaafah
Alloh mohal mumatsalah
Tegesna mustahil Alloh
Sami jeung makhluq sok owah
71Ari nu jadi dalilna
Yèn wajib tèh sulayana
Alloh jeung kabèh makhluqna
Kieu ceuk dalil aqalna
72Lamun Alloh nyaruaan
Ka sakabèh nu anyaran
Nu gelar nu kasamaran
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
6
Tangtu anyarna Pangèran
73Tapi ari anyar Gusti
Heunteu kaharti ku ati
Sabab tadi geus diwarti
Yèn wajib Qidam tèh pasti
74Kalima sifat nu Mulya
Alloh anu murbeng dunya
Qiyamuh-binnafsi tèa
Seug aji ku sarèrèa
75Ari èta tèh hartina
Alloh jeneng ku Anjeun-Na
Teu karep ku Dzat lian-Na
Teu butuh kanu nyieun-Na
76Mustahil Alloh tèh numpang
Di Dzat lian cara urang
Cara seungit dina kembang
Kitu tèh Alloh teu wenang
77Sabab jumeneng ku Anjeun
Reujeung mustahil butuheun
Alloh kanu ngawujudkeun
Alloh tukang ngajadikeun
78Ari nu jadi dalilna
Kana kawajibanana
Alloh jeneng ku Anjeun-Na
Kieu ceuk dalil aqalna
79Mun tetep dina dzat lian
Alloh moal kasifatan
Ku sifat nu disebutan
Engkè diharep tujuhan
80Nyaèta Qudrot-Irodat
Ilma kaopatna Hayat
Sama' Bashar Kalam tamat
Milang anu tujuh sifat
81Jeung lamun Alloh karepeun
Kanu ngajadikeun nyieun
Tangtu anyar dijadikeun
Tatapi pikumahaeun
82Mun anyar Nu Agung dzatè
Sok jadi dor rantè-rantè
Nu teu kaharti ku hate
Yakin jumeneng ku dzatè
83Kagenepna sifat Gusti
Nyaèta Wahdaniyati
Fidz-dzati wafis-sifati
Wafil-af'ali sing harti
84Hartina sahiji dzat-Na
Jeung hiji-hiji sifat-Na
Reujeung sahiji damel-Na
Kieu ari hiji dzat-Na
85Dzat Alloh mah teu patumpang
Teu patumpuk cara urang
Kaya kulit daging tulang
Èta di Alloh teu wenang
86Reujeung teu aya dzat lian
Anu cara dzat Pangèran
Anu sasifat sangaran
Pèndèkna teu bingbilangan
87Hartina hiji sifat-Na
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
7
Sifat Alloh sakabèhna
Teu aya rangkepanana
Anu sangaran sama'na
88Kaya Qudrot-Na teu dua
Sumawona leuwih rèa
Ngaran ma'nana sarua
Jeung Iradat-Na teu dua
89Kitu deui satuluyna
Sifat Alloh sadayana
Kaya Sama' jeung Bashar-Na
Teu aya jodo-jodona
90Jeung taya lian Pangèran
Hiji gè nu kasifatan
Ku sifat nu nyaruaan
Kana sifat Alloh Rohman
91Ari hiji padamelan
Teu aya lian Pangèran
Anu boga pagawèan
Reujeung tapak beubeunangan
92Ari pagawè makhluqna
Jaung tapakna jeung atsarna
Èta dina hakèkatna
Ku Alloh dipidamelna
93Seuneu teu bisa nutungkeun
Damar teu bisa nyaangkeun
Pèso teu bisa motongkeun
Cai teu bisa nyegerkeun
94Tepi ku Alloh nu Mulya
Tutung caang potong tèa
Makhluq mah teu boga daya
Ngan adat langka sulaya
95Satiap wajib hijina
Dazt-Na Sifat-Na Damel-Na
Nya mustahil lalawana
Nyata bingbilanganana
96Ari nu jadi dalilna
Yèn Alloh sahiji Dzat-Na
Hiji Sifat-Na Damel-Na
Kieu ceuk dalil aqalna
97Lamun Alloh bingbilangan
Bet dua tilu Pangèran
Pinasti moal ayaan
Makhluq nu tanpa wilangan
98Katujuh sifat nu misti
Nu wajib aya di Gusti
Sifat Qudrot sing kaharti
Hartina kawasa Gusti
99Ari èta Qudrot tèa
Sifat qodim sarta aya
Tetep dina dzat nu Mulya
Ngayakeun makhluq sadaya
100 Reujeung nga-euweuhkeunana
Alloh ku sifat Qudrot-Na
Mustahil Alloh apesna
Ari dalil kawasana
101 Lamun Alloh teu kawasa
Moal aya makhluq rosa
Sabab apes heunteu bisa
Yakin Alloh nu Kawasa
102 Kadalapan sifat Gusti
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
8
Alloh Irodat sing harti
Hartina ngersakeun pasti
Kana mumkin mèmèh bukti
103 Jeung jaba èta liyanna
Nya ku sifat Irodat-Na
Nu mustahil lalawanna
Kapaksa euweuh sejana
104 Ari nu jadi dalilna
Ya'ni nu nuduhkeunana
Kana wajib Irodat-Na
Kieu ceuk dalil aqalna
105 Lamun Alloh teu keresa
Tangtuna Alloh kapaksa
Ngayakeun makhluq nu rosa
Jadi apes Nu Kawasa
106 Tapi ari apes Gusti
Pasti heunteu ngarti ati
Sabab tadi geus diwarti
Wèn wajib Qudrot tèh pasti
107 Kasalapan kudu timu
Sifat-Na Alloh tèh Ilmu
Hartina uninga nemu
Mustahil bodo tumamu
108 Ilmu ogè cara tadi
Sifat tetep di Yang Widi
Qodim teu anyar ngajadi
Disebut sifat Wujudi
109 Uninga Alloh nu Mulya
Ka mukmin-mukmin sadaya
Nu aya nu heunteu aya
Ku sifat Ilmu-Na Alloh
110 Kitu deui nu wajibna
Kaya dzat-Na jeung sifat-Na
Jeung kabèh nu mustahil-Na
Ka uninga ku Ilmu-Na
111 Ari nu jadi dalilna
Kana wajib uningana
Mun Alloh taya ilmuna
Tangtuna tetep bodona
112 Mun bodo moal keresa
Tangtu apes teu kawasa
Tapi apes teu keresa
Ku aqal makhluq nu rosa
113 Kasapuluh sifat Gusti
Sifat Hayat sing kaharti
Hartina Alloh tèh misti
Hirup mohal Alloh mati
114 Èta sifat Hayat tèa
Matak sah ngarti sadaya
Persifatna anu Mulya
Ku sifat nu bangsa aya
115 Kaya Qudrot Irodat-Na
Ilmu rawuh satuluyna
Sakur sifat bangsa ma'na
Ari nu jadi dalilna
116 Yèn wajib hirup tèh Gusti
Nyaèta mun Alloh mati
Moal kasifatan pasti
Ku sifat nu geus diwarti
117 Sabelas dua belasna
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
9
Sifat nu wajib ayana
Di Alloh nu Agung dzat-Na
Sama' jeung Bashor ngarana
118 Ari èta tèh hartina
Alloh wajib midangetna
Reujeung wajib ningalina
Kanu wujud sadayana
119 Mustahil torèk lolongna
Ari nu jadi dalilna
Yèn wajib Sama' Bashor-Na
Ku ieu dawuhanana
‫البصري‬ ‫ميع‬ ّ‫الس‬ ‫وهو‬
120 Nyakitu èta sundana
Alloh nu wajib ngupingna
Jeung nu wajib ningalina
Kanu aya sadayana
121 Ka tilu belasna Kalam
Ngadawuh salalawasna
Taya huruf teu sorana
Anu didawuhkaunana
122 Sakabèh anu wajibna
Jeung kabèh nu mustahilna
Jeung sakabèh nu wenangna
Mustahil Alloh pireuna
123 Ari nu jadi dalilna
Alloh wajib ngadawuhna
Ku ieu dawuhanana
Teu wani nyiirkeunana
‫تلكامي‬ ‫موىس‬ ‫هللا‬ ‫م‬ّ‫لك‬‫و‬
124 Geus ngadawuh Nu Kawasa
Alloh Ta'ala ka Musa
Ngadawuh temen karasa
Ka kuping ku Nabi Musa
125 Putus milang nu wajibna
Jeung milang nu mustahilna
Ngan genep likur jumlahna
Di dieu nu dituturna
126 Ari anu wenang tèa
Di Alloh nu Maha Mulya
Ngadamel mukmin sadaya
Jeung tinggal ngadamel tèa
127 Ari nu jadi dalilna
Alloh wenang ngadamelna
Jeung wenang teu ngadamelna
Kana mumkin sadayana
128 Nyaèta mun Alloh misti
Wajib ngadamelna Gusti
Kana mumkin mèmèh bukti
Atawa mustahil pasti
129 Tangtu tibalik nu wenang
Jadi wajib nya teu meunang
Euweuhna ceuk 'aqal urang
Saperti sagala barang
130 Tawa jadi mohal tèa
Jadi mustahil nya aya
Padahal mukmin sadaya
Wenang euweuh wenang aya
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
10
Nutur Jenengan Rosul nu Ditutur
dina Al-Qur'an
131 Ari perutusan tèa
Nu ngemban dawuh Nu Mulya
Ka makhluq-makhluq sadaya
Èta yakin leuwih rèa
132 Tapi sadayana urang
Tètèla teu wajib terang
Ngaran saurang-saurang
Ku syara' teu dipiwarang
133 Ngan nu aya dina Qur'an
Èta wajib dita'atan
Nu dua puluh limaan
Nu ku Alloh dinamaan
134 Wajib 'aèn pada paham
Supaya sampurna Islam
Nomer hiji Nabi Adam
Bapana sakabèh umam
135 Nabi Idris ka duana
Nabi Nuh nu katiluna
Nabi Hud nu kaoptna
Nabi Sholèh kalimana
136 Ibrohim nu kagenepna
Nabi Luth nu katujuhna
Isma'il ka dalapanna
Ishaq nu kasalapanna
137 Yaqqub nu kasapuluhna
Yusuf nu ka sabelasna
Ayyub ka dua belasna
Harun ka tilu belasna
138 Opat belas Nabi Musa
Kalima belas Yunusa
Genep belas Nabi Yasa’
Katujuh belas Ilyasa
139 Syu'èb dalapan belasna
Dawud salapan belasna
Sulaèman rong puluhna
Dzulkifli ka salikurna
140 Dua likur Zakariyya
Tilu likur Nabi Yahya
Opat Likur Isa tèa
Salawè nu leuwih Mulya
141 Panutup kabèh Anbiya
Gustina Rosul sadaya
Kakasih Alloh nu Mulya
Jeng Nabi Muhammad tèa
142 Nu diutus jadi rohmat
Ka sadaya makhluqot
Dawuhna anu murbéngrat
Inna arsalnaka rohmat
143 Anu diutus ka urang
Nu ku Allah di piwarang
Ka urang maparin terang
Marentah bari ngalarang
Pertelaan Barang Nu Wajib Nu
Mustahil jeung Nu Wenang di Para
Rosul
144 Ari sakabeh utusan
Anu lobana ratusan
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
11
Jeung nu bieu disebutan
Pasti wajib kasifatan
145 Ku sifat-sifat nu opat
Nyaeta Sidik Amanat
Tabligh kaopat Fathonat
Mohal lalawanan opat
146 Nyaeta Kidzib Khiyanah
Kitman sarawuh Baladah
Ngan hiji nu wenangna mah
Di kabeh utusan Allah
147 Nyeta ’Arodl-basyariyah
Jumlah salapan Aqidah
Di sakabeh rosul Alloh
Heug hartikeun sing kamanah
148 Ari Shidiq téh sundana
Bener Rosul sadayana
Dina ngaku risalahna
Reujeung nepikeun hukumna
149 Jeung dina kabèh saurna
Najan dina guguyonna
Ari kidzib mah sundana
Bohong èta mustahilna
150 Ari nu jadi dalilna
Yèn rosul wajib benerna
Reujeung mustahil bohongna
Kieu ceuk dalil aqalna
151 Mun barohong perutusan
Dina kabèh cariosan
Tangtuna khabar pangèran
Jadi bohong teu meneran
152 Tapi ari bohong gusti
Alloh nu suci teu ngarti
Akal tèh reh mohal pasti
Bohong Pangèran sajati
153 Nu matak lazim tèa mah
Lamun bohong Rosululloh
Jadi lazim bohong Allah
Sababna kieu mo salah
154 Sakabèh utusan Alloh
Ngakuna menang risalah
Ngemban timbalan ti Allah
Disaksian ku mu’jizah
155 Ari mu’jizahna tèa
Sami jeung dawuh nu mulya
Bener nabi teu sulaya
Dina ngadatangkeun tèa
156 Ari sundana amanah
Sakabèh utusan Allah
Kapercaya tara salah
Diraksa ku Gusti Allah
157 Tina anu diharamkeun
Atawa nu di makruhkeun
Pendekna teu ngalakukeun
Kanu gorèng tara leukeun
158 Ari sundana khiyanah
Nyidra ku daèk milampah
Kana barang nu dicegah
Kaya haram jeung karohah
159Ari anu jadi burhan
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
12
Yén amanah perutusan
Muhal khiyanah sebutan
Dalil aqal pék émutan
160Lamun utusan khiyanah
Lampah goreng teu dicegah
Ngarempak larangan Alloh
Haram makruh dipilampah1
161 Tangtuna di parentahkeun
Ka umat ku ngalakukeun
Nu haram nu dimakruhkeun
Lampah gorèng teu tinggaleun
162 Tapi kitu teu sah pasti
Da pang parentah ti gusti
Kana nyulayaan misti
Kana tho’at teu gumati
163 Ari Tabligh tèh sundana
Nepikeun hukum-hukumna
Ka kabèh umat-umatna
Mustahil nyumputkeunnana
164 Nyumputkeun teu ngadatangkeun
Barang nu diparèntahkeun
Ka umatna ditepikeun
Ti Allah nu ngadawuhkeun
1
Ari ieu bet no 159 sareng 160 eta teu aya dina
naskah anu asli, sanaos tos bolak-balik unjukan
ka guru kuring. Dawuhna, “ieu mah kedah dipilari
dina matan anu asli, anu ditulis arab”. Maka
kalayan teu ngirangan kana ta’dzim kuring
pangersa guru almarhum, kuring nambihan kana
ieu dua bet, bari ngalap berkah kana kitab
Bidaayatul Muwahhidiin. Mung, saha baé anu
ngagaduhan naskah anu asli, supados tiasa
nyumpingan ka pasantren pagelaran II Sumedang
kanggo ngaishlahkeun ieu matan.
165 Ari anu jadi burhan
Pertandana perutusan
Wajib Tabligh mohal Kitman
Dalil aqal mo nyalahan
166 Lamun Rosul tèh nyumputkeun
Barang nu haq didatangkeun
Ka umatna diwurukkeun
Tangtu urang diwajibkeun
167 Diwajibkeun nyimpen ilmu
Nu ku urang geus katimu
Kabatur jalma tumamu
Tapi kitu mo tinemu
168 Tegesna mohal jeung teu sah
Urang kabèh diparèntah
nyamunikeun ilmu Alloh
Karena matak dila’nah
169 Ari hartina fathonah
Palinter utusan Alloh
Bisa ngajawab mas’alah
Ngèlèhkeu nu mujadalah
170 Ari hartina biladah
Belet bodo mintul manah
Èta mustahil mo salah
Ari nu jadi dalil mah
171 Yèn Rosul wajib pinterna
Mustahil bodo manahna
Kitu ceuk dalil aqalna
Mun Rosul tetep bodona
172 Tangtu moal bisa hujjah
Ngèlèhkeun nu mujadalah
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
13
Reujeung ngajawab mas’alah
Tapi kitu tèh mo salah
173 Sabab Qur’an geus nuduhkeun
Ku Alloh geus didawuhkeun
Yèn Rosul bisa ngèlèhkeun
Ku hujjah anu ngapeskeun
174 Ka musuhna nu maduan
Kaya dawuhan pangèran
Wa jadil hum dina Qur’an
Jeung bil-latii hiya ahsan
175 Ari sifat kawenangan
Di sakabèh perutusan
Nya sifat kamanusaan
Nu henteu matak ngurangan
176 Kana kaluhurannana
Darajatna sadayana
Saperti tuang leueutna
Teu damang anu meujeuhna
177 Jual galeuh jeung gerwaan
Kulem jeung angkat-angkatan
Anapon sifat ngurangan
Kaya corob reujeung èdan
178 Sakur anu matak kurang
Ka-aèban bangsa urang
Èta di Rosul teu wenang
Pèk tèkadkeu ulah mang-mang
179 Ari dalil pertandana
Yèn Rosul tèh sadayana
Wenag kasifatannana
Ku ‘Arodl-basyariyahna
180 Nyaèta geus kabuktian
Katinggal kunu nyaksian
Tetep sifat kamanusan
Di kabèh para utusan
Pertèlaan Nasabna Kanjeng Nabi ti
Jihat Ibuna jeung ti Ramana
181 Sawarèhna kawajiban
Ka jalma baligh aqalan
Nerangkeun kana turunan
Nasab jeng Nabi utusan
182 Ari Rama Rosululloh
Nyaèta gusti Abdulloh
Èyangna mah Raja Mekah
Abdul Mutholib nu nelah
183 Abdul Mutholib ramana
Sayid Hasyim wastana
Ari Hasyim tèh ramana
Abdul Manaf nu nelahna
184 Ari ti Abdul Manaf mah
Ramana tèh Qushoy nelah
Putra Kilab tedak Mekah
Kilab putra Sayid Murroh
185 Murroh putra sayid Ka’bi
Putra Lu’ayyi ‘Arobi
Lu’ay putrana Gholibi
Gholib ka fihri tèh Abi
186 Ya’ni Gholib putra putra Fihri
Fihri putra Malik ari
Malik putrana Nadlori
Ari èta tèh Nadlori
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
14
187 Putrana Sayyid Kinanah
Kinanah bin Khuzaèmah
Khuzavmah bin Mudrikah
Mudrikah bin Ilyas Mekah
188 Ilyas putra sayid Mudlor
Mudlor putra Sayyid Nizar
Nizar bin Ma’ad Isytihar
Ma’ad bin Adnan kawèntar
189 Ti Adnan tepi ka Adam
Urang henteu wajib paham
Malah ku Syara’ dicaram
Sabab tarèkatna ham-ham
190 Ari Ibu Rosululloh
Nyaèta Gusti Aminah
Putrana Wahbin Madinah
Bin Abdimanaf bin Zuhroh
191 Zuhroh putra Kilab tèa
Kilab nu tadi geus aya
Tepung Nasabna Nu Mulya
Ngahiji di Kilab tèa
Nutur Putra Nabi SAW.
192 Deui ieu kawajiban
Terang yèn Rosul putraan
Anu kamasyhur tujuhan
Sayyid Qosim permulaan
193 Gusti Zenab kaduana
Ari anu katiluna
Gusti Ruqoyyah namina
Ari anu kaopatna
194 Gusti Ummi Qultsum tèa
Kalima nu lewih mulya
Ratuna istri sadaya
Gusti Fatimatul-‘Ulya
195 Ka genep Gusti Abdulloh
Nyaèta anu katelah
Disebut ku Rosululloh
Thoyib jeung Thohir mo salah
196 Ari anu katujuhna
Gusti Ibrohim namina
Èta putra sadayana
Ti gerwa nu pangsepuhna
197 Nyaèta Gusti Khodijah
Ngan Gusti Ibrohim na mah
Èta mah da ti Jariyyah
Kakasih Sitti Mariyyah
198 Ari sadaya gerwana
Nu kantun waktos pupusna
Aya salapan kabèhna
Heug bilang hiji-hijina
199 Kahiji Sitti A’isyah
Kaduana Sitti Hofsah
Katilu Sitti Shofiyah
Opat Sitti Juairiyyah
200 Kalima Sitti Saodah
Genep Sitti Maèmunah
Katujuhna Sitti Romlah
Ari kadalapanna mah
201 Èta Sitti Zènab tèa
Salapan Hindun nu Mulya
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
15
Kabèh micua ka dunya
Da milih Nabi nu Mulya
Syafa’at Nabi saw.
202 Deui urang wajib terang
Yèn jeng Nabi Gusti urang
Kagungan talaga èmpang
Kè di akhèrat kasorang
203 Jeung Kangjeng Nabi panutan
Èta bakal Nyafa’atan
Engkè di poè landratan
Ka kabèh makhluk Pangèran
204 Jeung deui dawuhannana
Nu maraot sakabèhna
Anu geus sup ka kuburna
Panggih jeung siksaanana
205 Lamun jalma ahli siksa
Kafir jeung nu gedè dosa
Mun taya Sih Nu Kawasa
Ngahampura dosa rosa
206 Reujeung meunang ni’mat kubur
Jalma nu mu’min teu kufur
Meunang sih ti Robbul-Ghofur
Dihampura dosa lebur
207 Reujeung aya patakonan
Engke di jero kuburan
Dua Malaikat ngaran
Munkaron reujeung Nakiron
208 Jeung sakabèh nu marati
Bakal dihirupkeun deui
Jeung dikumpulkeun ka Gusti
Jeung dipariksa taliti
209 Jeung bakal aya ganjaran
Wawalesna kahadèan
Jeung bakal aya siksaan
Wawalesna kagorèngan
210 Aya surga agung mulya
Tempatna para Anbiya
Jeung Wali Mu’min sadaya
Kanugrahan ti Nu Mulya
211 Jeung bakal aya naraka
Tempat siksaan posaka
Enggona jalma nu murka
Kafir jeung jalma doraka
212 Jeung bakal aya timbangan
Keur nimbang amal-amalan
Kahadèan kagorèngan
Ngalahirkeun pangadilan
213 Reujeung bakal aya Cukang
Nu leuwih lembut tur panjang
Dina saluhureun jurang
Jahanam nu Jungkrang lèwang
214 Jeung ari Jalma Islam mah
Anu doraka ka Alloh
Ti naraka bakal pindah
Sup ka Sawarga nu èndah
215 Jeung bakal langgeng ayana
Makhluq-makhluq sadayana
Mu’min dina Sawargana
Kafir dina Narakana
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
16
216 Jeung Ahli Sawarga tèa
Bakal ningali sadaya
Kana Dzat Alloh Nu Mulya
Ni’mat pangasih kurnia
217 Tidieu teu majeng kalam
Tayoh ngan sakitu ilham
Atuh nya Wallohu a’lam
Tikukur deuk uluk salam
218 Salam Ta’dzim ti Muhyiddin
Kasadaya ikhwan fiddin
Nu ngaos ieu syi’irin
Bidayatul-Muwahhidin
‫صواب‬‫ل‬‫ا‬‫ب‬‫م‬‫ل‬‫ع‬‫أ‬‫وهللا‬
| Himpunan Usaha Santri Pagelaran
1

More Related Content

Featured

How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental HealthHow Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
ThinkNow
 
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdfAI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
marketingartwork
 
Skeleton Culture Code
Skeleton Culture CodeSkeleton Culture Code
Skeleton Culture Code
Skeleton Technologies
 
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
Neil Kimberley
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
contently
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
Albert Qian
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Kurio // The Social Media Age(ncy)
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Search Engine Journal
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
SpeakerHub
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next
Tessa Mero
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Lily Ray
 
How to have difficult conversations
How to have difficult conversations How to have difficult conversations
How to have difficult conversations
Rajiv Jayarajah, MAppComm, ACC
 
Introduction to Data Science
Introduction to Data ScienceIntroduction to Data Science
Introduction to Data Science
Christy Abraham Joy
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best Practices
Vit Horky
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project management
MindGenius
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
RachelPearson36
 
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Applitools
 
12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work
GetSmarter
 

Featured (20)

How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental HealthHow Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
 
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdfAI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
 
Skeleton Culture Code
Skeleton Culture CodeSkeleton Culture Code
Skeleton Culture Code
 
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
 
How to have difficult conversations
How to have difficult conversations How to have difficult conversations
How to have difficult conversations
 
Introduction to Data Science
Introduction to Data ScienceIntroduction to Data Science
Introduction to Data Science
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best Practices
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project management
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
 
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
Unlocking the Power of ChatGPT and AI in Testing - A Real-World Look, present...
 
12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work12 Ways to Increase Your Influence at Work
12 Ways to Increase Your Influence at Work
 
ChatGPT webinar slides
ChatGPT webinar slidesChatGPT webinar slides
ChatGPT webinar slides
 

Bidayatul muwahhidin

  • 1. HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 1
  • 2. HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 2
  • 3. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 1 1 Hè batur kumaha urang Tonggoy bodo heunteu terang Kanu mangèranan urang Nu ngurus peuting jeung beurang 2 Nu ngadamel urang tèa Asal euweuh jadi aya Sarta parabot sadia Suku leungeun sungut aya 3 Reujeung sajaba ti èta Kaya irung ceuli mata Manfa'atna panta-panta Pikeun urang molah meta 4 Badan teu aya kakurang Jaba èta pirang-pirang Nu dipasihkeun ka urang Nu hargana leuwih larang 5 Lamun urang karep ngitung Bari diuk bari nangtung Ni'mat tèh moal ka itung Sabab urang loba untung 6 Ngan ni'mat nu panggedèna Beunang diitung jumlahna Hayu ku urang ayeuna Urang bilang sawarèhna 7 Urang tèa sarèrèa Baheula mah heunteu aya Ayeuna gelar di dunya Asal cai mani tèa 8 Bijil ti bapa ka indung Tuluy ku indung di kandung Tepi ka beurat melendung Salapan bulan di kandung 9 Tayohna harita urang Waktu jadi cari hèrang Kunu ngadamel di karang Dijadikeun daging tulang 10Dina jero beuteung ema Supaya jadi jelema Ulah bèda ti sasama Sing cara bapa jeung ema 11Ngan sakalangkung ahèngna Na kumaha midamelna Tepi ka kieu buktina Awak urang sadayana 12Nya langkung-langkung iyasa Anu ngadamel manusa Uninga kersa misèsa Saha atuh nu kawasa 13Bijil ti indung ka dunya Geus pepek lengkep sadia Anggahota kabèh aya Parabot hirup di dunya 14Jeung sanggeus aya di dunya Di ruang ku ni'mat rèa Jeung dijaga tina bahya
  • 4. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 2 Supaya urang waluya 15Sarta kabèh anggahota Dikersakeun bisa meta Kaya sungut ceuli mata Leungeun suku jaba èta 16Suku dibisakeun leumpang Leungeun mah bisa ngopèpang Sungut mah bisa ngocomang Panon ningal dinu caang 17Kitu deui ieu ceuli Ngadènge teu buta tuli Na bet urang jongjon lali Ka Nu nyieun teu merduli 18Cing hayu urang nanyakeun Sugan aya nu nerangkeun Saha anu ngajadikeun Ka awak urang ngayakeun Assalamu'alaikum Wr.Wb. 19Pangapunten baè kulan Kalinggih kersa ajengan Abdi sareng rèrèncangan Anu mawi ngadeuheusan 20Rèk aya nu ditaroskeun Saha anu ngajadikeun Ka awak urang ngayakeun Mugi-mugi diterangkeun Wa'alaikum Salam Wr.Wb 21Hè sakabèhna manusa Nu ber-akal nu dèwasa Aranjeun kudu rumasa Di damel ku Nu Kawasa 22Bilih aranjeun teu terang Ka Nu Mangèranan urang Nu maparin barang-barang Nu hargana leuwih larang 23Nya èta Alloh nu Mulya Nu kagungan Alam dunya Nu Kawasa Beunghar Kaya Nu Hèmah ka sarèrèa 24Anu wajib kasifatan Ku kabèh kasampurnaan Suci tina kakurangan Nu teu pantes di Pangèran 25Pèk ayeuna arèlingkeun Sing tarenget karupingkeun Alloh wajib diterangkeun Ngan ulah dèk disamikeun 26Jeung nerangkeun ka makhluq-Na Sok hayang puguh buktina Heunteu sah kabina-bina Alloh sami jeung makhluq-Na 27Ngan sakieu anu misti Ku aranjeun sing kaharti Satemen-temenna Gusti Alloh Ta'ala tèh pasti 28Kasifatan ku sampurna Nu taya wates wangenna Suci tina kakurangan Nu heunteu aya tungtungna
  • 5. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 3 29Sawarèh kasampurnaan Engkè baris ditataan Anu wajib di Pangèran Gusti Alloh nu Murahan 30Reujeung lalawananana Nyaèta nu mustahilna Ditambah kunu wenangna Nu hiji taya hilapna 31Aya deui anu misti Nyakitu kudu gumati Kabèh jalma wajib ngarti Satemen-temenna Gusti 32Alloh ngadamel utusan Anu lobana ratusan Purah muruk ngaalusan Ka kabèh bangsa manusan 33Heunteu wajib ditataan Anging nu aya di Qur'an Aya salawè sebutan Kadè ulah kaliwatan Pertèlaan Hukum 'Aqal 34Mangka ari samèmèhna Nerangkeun sifat-sifatNa Alloh jeung sifat RosulNa Sing terang hokum 'aqalna 35Hukum 'aqli tèh kabèhna Ngan tilu hiji wajibna Nu kadua mustahilna Anu katilu wenangna 36Nganran wajib 'aqli tèa Heunteu kaharti teu aya Ku 'aqal urang sadaya Aya qudratna nu Mulya 37Qudrotna Alloh nu Mulya Tangtu teu ngarti sadaya Kana euweuh qudrot tèa Sabab anu wajib aya 38Ari mustahil mah pasti Barang nu heunteu kaharti Ayana barang ku ati Saperti apesna Gusti 39Apes Gusti Alloh tèa Moal kaharti mun aya Di Alloh nu Maha Mulya Ku 'aqal urang sadaya 40Ari palenggeuran wenang Èta mana-mana barang Aya sah ceuk 'aqal urang Aya euweuhna teu mang-mang 41Kos Allah ngadamel Jati Èta wenang tangtu ngarti Akal tèh mun jadi bukti Jeung teu bukti gè kaharti Pertèlaan Barang nu Wajib, nu Mustahil jeung nu Wenang di Alloh Ta'ala 42Sawarèhna nu wajibna Di Allah nu Agung di zat-Na Tilu belas dibilangna Da teu jeung ma'nawiyah-Na
  • 6. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 4 43Nu mustahil gè nyakitu Aya tilu belas tangtu Sabab lalawanan itu Ari nu wenang mah satu 44Nomor hiji anu misti Sifat nu wajib di Gusti Èta wujud sing kaharti Hartina tèh aya pasti 45Satiap wajib ayana Pasti mustahil euweuhna Ari nu jadi dalilna Yèn Alloh wajib ayana 46Ku aya mahkluk nu rèa Ari makhluq-makhluq tèa Ayana entos teu aya Jadi anyar wenang aya 47Tiap anyar dianyarkeun Karep kanu ngajadikeun Taya nu bisa ngayakeun Ngan Alloh nu ngabuktikeun 48Jeung wajib Alloh Ta'ala Qidam tegesna tiheula Taya mimitina mula Mustahil anyar kas kula 49Ari nu jadi dalilna Yèn Alloh wajib heulana Sarta taya mimitina Kieu ceuk dalil akalna 50Lamun Alloh heunteu Qidam Tangtu anyar cara alam Tapi anyar teu kapaham Ku akalna ahli Islam 51Sabab tangtu dianyarkeun Karep kanu ngajadikeun Jeung nu ka Alloh nganyarkeun Karep kanu nga-anyarkeun 52Jadi rantè-rantè pasti Lamun dianyarkeun gusti Tapi teu pisan kaharti Rantè-rantè tèh ku ati 53Kos Allah dijieun Amar Amar dijieun ku Bakar Bakar dijieun ku Jahar Jahar dijieun ku Semar 54Tuluy teu aya tungtungna Saperti rantè nyantèlna Moal kaharti ayana Nu kitu ku sadayana 55Tawa jadi daor tèa Kaya Alloh anu Mulya Dijadikeun ku ki Jaya Jaya dikersakeun aya 56Digumelarkeun ku Gusti Sili jieun pili genti Èta kitu teu kaharti Yakin wajib Qidam Gusti 57Tilu nu wajib di Alloh Baqo tegesna mo salah Alloh langgeng tara owah
  • 7. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 5 Mohal ruksak Gusti Alloh 58Ari nu jadi dalilna Yèn Alloh wajib langgengna Kieu ceuk dalil aqalna Mun Alloh ku ruksak keuna 59Tangtu tetep anyar Gusti Sabab wujudna teu misti Tapi ari anyar Gusti Heunteu kaharti ku ati 60Sabab tadi geus kapaham Ku dalilna sifat Qidam Nya sidiq langgeng teu ham-ham Allohul-'Aliyyul-'A'dzom 61Ka opatna sifat Alloh Nu wajib tèh mukholafah Lil-hawadits pèk maranah Kunu anom kunu sepah 62Hartina wajib sulaya Teu sami Alloh nu Mulya Jaung makhluq-makhluq sadaya Makhluq nu euweuh nu aya 63Ari ka-bèdaannana Alloh jeung kabèh makhluq-Na Èta lain jirim dzat-Na Nu tangtu ngalap enggona 64Reujeung lain bangsa sifat Anu sok tetep dina dzat Heunteu menggon heunte nempat Jeung teu aya dina jihat 65Teu di luhur Alloh aya Teu di handap Maha Mulya Teu di kalèr wètan tèa Teu cara urang sadaya 66Jeung Alloh taya jihatna Teu aya luhureunana Atawa handapeunnana Jeung taya kiduleunana 67Reujeung sajaba ti èta Jeung teu make anggahota Taya baham cepil soca Leungeun suku lian èta 68Jeung teu pèndèk heunteu jangkung Teu gedè leutik teu agung Taya diuk leumpang nangtung Teu kakurung teu kalangkung 69Ku peuting reujeung ku beurang Sabab bèda reujeung urang Bèda jeung sagala barang Mikir Dzat-Na ulah panjang 70Tiap wajib mukholaafah Alloh mohal mumatsalah Tegesna mustahil Alloh Sami jeung makhluq sok owah 71Ari nu jadi dalilna Yèn wajib tèh sulayana Alloh jeung kabèh makhluqna Kieu ceuk dalil aqalna 72Lamun Alloh nyaruaan Ka sakabèh nu anyaran Nu gelar nu kasamaran
  • 8. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 6 Tangtu anyarna Pangèran 73Tapi ari anyar Gusti Heunteu kaharti ku ati Sabab tadi geus diwarti Yèn wajib Qidam tèh pasti 74Kalima sifat nu Mulya Alloh anu murbeng dunya Qiyamuh-binnafsi tèa Seug aji ku sarèrèa 75Ari èta tèh hartina Alloh jeneng ku Anjeun-Na Teu karep ku Dzat lian-Na Teu butuh kanu nyieun-Na 76Mustahil Alloh tèh numpang Di Dzat lian cara urang Cara seungit dina kembang Kitu tèh Alloh teu wenang 77Sabab jumeneng ku Anjeun Reujeung mustahil butuheun Alloh kanu ngawujudkeun Alloh tukang ngajadikeun 78Ari nu jadi dalilna Kana kawajibanana Alloh jeneng ku Anjeun-Na Kieu ceuk dalil aqalna 79Mun tetep dina dzat lian Alloh moal kasifatan Ku sifat nu disebutan Engkè diharep tujuhan 80Nyaèta Qudrot-Irodat Ilma kaopatna Hayat Sama' Bashar Kalam tamat Milang anu tujuh sifat 81Jeung lamun Alloh karepeun Kanu ngajadikeun nyieun Tangtu anyar dijadikeun Tatapi pikumahaeun 82Mun anyar Nu Agung dzatè Sok jadi dor rantè-rantè Nu teu kaharti ku hate Yakin jumeneng ku dzatè 83Kagenepna sifat Gusti Nyaèta Wahdaniyati Fidz-dzati wafis-sifati Wafil-af'ali sing harti 84Hartina sahiji dzat-Na Jeung hiji-hiji sifat-Na Reujeung sahiji damel-Na Kieu ari hiji dzat-Na 85Dzat Alloh mah teu patumpang Teu patumpuk cara urang Kaya kulit daging tulang Èta di Alloh teu wenang 86Reujeung teu aya dzat lian Anu cara dzat Pangèran Anu sasifat sangaran Pèndèkna teu bingbilangan 87Hartina hiji sifat-Na
  • 9. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 7 Sifat Alloh sakabèhna Teu aya rangkepanana Anu sangaran sama'na 88Kaya Qudrot-Na teu dua Sumawona leuwih rèa Ngaran ma'nana sarua Jeung Iradat-Na teu dua 89Kitu deui satuluyna Sifat Alloh sadayana Kaya Sama' jeung Bashar-Na Teu aya jodo-jodona 90Jeung taya lian Pangèran Hiji gè nu kasifatan Ku sifat nu nyaruaan Kana sifat Alloh Rohman 91Ari hiji padamelan Teu aya lian Pangèran Anu boga pagawèan Reujeung tapak beubeunangan 92Ari pagawè makhluqna Jaung tapakna jeung atsarna Èta dina hakèkatna Ku Alloh dipidamelna 93Seuneu teu bisa nutungkeun Damar teu bisa nyaangkeun Pèso teu bisa motongkeun Cai teu bisa nyegerkeun 94Tepi ku Alloh nu Mulya Tutung caang potong tèa Makhluq mah teu boga daya Ngan adat langka sulaya 95Satiap wajib hijina Dazt-Na Sifat-Na Damel-Na Nya mustahil lalawana Nyata bingbilanganana 96Ari nu jadi dalilna Yèn Alloh sahiji Dzat-Na Hiji Sifat-Na Damel-Na Kieu ceuk dalil aqalna 97Lamun Alloh bingbilangan Bet dua tilu Pangèran Pinasti moal ayaan Makhluq nu tanpa wilangan 98Katujuh sifat nu misti Nu wajib aya di Gusti Sifat Qudrot sing kaharti Hartina kawasa Gusti 99Ari èta Qudrot tèa Sifat qodim sarta aya Tetep dina dzat nu Mulya Ngayakeun makhluq sadaya 100 Reujeung nga-euweuhkeunana Alloh ku sifat Qudrot-Na Mustahil Alloh apesna Ari dalil kawasana 101 Lamun Alloh teu kawasa Moal aya makhluq rosa Sabab apes heunteu bisa Yakin Alloh nu Kawasa 102 Kadalapan sifat Gusti
  • 10. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 8 Alloh Irodat sing harti Hartina ngersakeun pasti Kana mumkin mèmèh bukti 103 Jeung jaba èta liyanna Nya ku sifat Irodat-Na Nu mustahil lalawanna Kapaksa euweuh sejana 104 Ari nu jadi dalilna Ya'ni nu nuduhkeunana Kana wajib Irodat-Na Kieu ceuk dalil aqalna 105 Lamun Alloh teu keresa Tangtuna Alloh kapaksa Ngayakeun makhluq nu rosa Jadi apes Nu Kawasa 106 Tapi ari apes Gusti Pasti heunteu ngarti ati Sabab tadi geus diwarti Wèn wajib Qudrot tèh pasti 107 Kasalapan kudu timu Sifat-Na Alloh tèh Ilmu Hartina uninga nemu Mustahil bodo tumamu 108 Ilmu ogè cara tadi Sifat tetep di Yang Widi Qodim teu anyar ngajadi Disebut sifat Wujudi 109 Uninga Alloh nu Mulya Ka mukmin-mukmin sadaya Nu aya nu heunteu aya Ku sifat Ilmu-Na Alloh 110 Kitu deui nu wajibna Kaya dzat-Na jeung sifat-Na Jeung kabèh nu mustahil-Na Ka uninga ku Ilmu-Na 111 Ari nu jadi dalilna Kana wajib uningana Mun Alloh taya ilmuna Tangtuna tetep bodona 112 Mun bodo moal keresa Tangtu apes teu kawasa Tapi apes teu keresa Ku aqal makhluq nu rosa 113 Kasapuluh sifat Gusti Sifat Hayat sing kaharti Hartina Alloh tèh misti Hirup mohal Alloh mati 114 Èta sifat Hayat tèa Matak sah ngarti sadaya Persifatna anu Mulya Ku sifat nu bangsa aya 115 Kaya Qudrot Irodat-Na Ilmu rawuh satuluyna Sakur sifat bangsa ma'na Ari nu jadi dalilna 116 Yèn wajib hirup tèh Gusti Nyaèta mun Alloh mati Moal kasifatan pasti Ku sifat nu geus diwarti 117 Sabelas dua belasna
  • 11. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 9 Sifat nu wajib ayana Di Alloh nu Agung dzat-Na Sama' jeung Bashor ngarana 118 Ari èta tèh hartina Alloh wajib midangetna Reujeung wajib ningalina Kanu wujud sadayana 119 Mustahil torèk lolongna Ari nu jadi dalilna Yèn wajib Sama' Bashor-Na Ku ieu dawuhanana ‫البصري‬ ‫ميع‬ ّ‫الس‬ ‫وهو‬ 120 Nyakitu èta sundana Alloh nu wajib ngupingna Jeung nu wajib ningalina Kanu aya sadayana 121 Ka tilu belasna Kalam Ngadawuh salalawasna Taya huruf teu sorana Anu didawuhkaunana 122 Sakabèh anu wajibna Jeung kabèh nu mustahilna Jeung sakabèh nu wenangna Mustahil Alloh pireuna 123 Ari nu jadi dalilna Alloh wajib ngadawuhna Ku ieu dawuhanana Teu wani nyiirkeunana ‫تلكامي‬ ‫موىس‬ ‫هللا‬ ‫م‬ّ‫لك‬‫و‬ 124 Geus ngadawuh Nu Kawasa Alloh Ta'ala ka Musa Ngadawuh temen karasa Ka kuping ku Nabi Musa 125 Putus milang nu wajibna Jeung milang nu mustahilna Ngan genep likur jumlahna Di dieu nu dituturna 126 Ari anu wenang tèa Di Alloh nu Maha Mulya Ngadamel mukmin sadaya Jeung tinggal ngadamel tèa 127 Ari nu jadi dalilna Alloh wenang ngadamelna Jeung wenang teu ngadamelna Kana mumkin sadayana 128 Nyaèta mun Alloh misti Wajib ngadamelna Gusti Kana mumkin mèmèh bukti Atawa mustahil pasti 129 Tangtu tibalik nu wenang Jadi wajib nya teu meunang Euweuhna ceuk 'aqal urang Saperti sagala barang 130 Tawa jadi mohal tèa Jadi mustahil nya aya Padahal mukmin sadaya Wenang euweuh wenang aya
  • 12. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 10 Nutur Jenengan Rosul nu Ditutur dina Al-Qur'an 131 Ari perutusan tèa Nu ngemban dawuh Nu Mulya Ka makhluq-makhluq sadaya Èta yakin leuwih rèa 132 Tapi sadayana urang Tètèla teu wajib terang Ngaran saurang-saurang Ku syara' teu dipiwarang 133 Ngan nu aya dina Qur'an Èta wajib dita'atan Nu dua puluh limaan Nu ku Alloh dinamaan 134 Wajib 'aèn pada paham Supaya sampurna Islam Nomer hiji Nabi Adam Bapana sakabèh umam 135 Nabi Idris ka duana Nabi Nuh nu katiluna Nabi Hud nu kaoptna Nabi Sholèh kalimana 136 Ibrohim nu kagenepna Nabi Luth nu katujuhna Isma'il ka dalapanna Ishaq nu kasalapanna 137 Yaqqub nu kasapuluhna Yusuf nu ka sabelasna Ayyub ka dua belasna Harun ka tilu belasna 138 Opat belas Nabi Musa Kalima belas Yunusa Genep belas Nabi Yasa’ Katujuh belas Ilyasa 139 Syu'èb dalapan belasna Dawud salapan belasna Sulaèman rong puluhna Dzulkifli ka salikurna 140 Dua likur Zakariyya Tilu likur Nabi Yahya Opat Likur Isa tèa Salawè nu leuwih Mulya 141 Panutup kabèh Anbiya Gustina Rosul sadaya Kakasih Alloh nu Mulya Jeng Nabi Muhammad tèa 142 Nu diutus jadi rohmat Ka sadaya makhluqot Dawuhna anu murbéngrat Inna arsalnaka rohmat 143 Anu diutus ka urang Nu ku Allah di piwarang Ka urang maparin terang Marentah bari ngalarang Pertelaan Barang Nu Wajib Nu Mustahil jeung Nu Wenang di Para Rosul 144 Ari sakabeh utusan Anu lobana ratusan
  • 13. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 11 Jeung nu bieu disebutan Pasti wajib kasifatan 145 Ku sifat-sifat nu opat Nyaeta Sidik Amanat Tabligh kaopat Fathonat Mohal lalawanan opat 146 Nyaeta Kidzib Khiyanah Kitman sarawuh Baladah Ngan hiji nu wenangna mah Di kabeh utusan Allah 147 Nyeta ’Arodl-basyariyah Jumlah salapan Aqidah Di sakabeh rosul Alloh Heug hartikeun sing kamanah 148 Ari Shidiq téh sundana Bener Rosul sadayana Dina ngaku risalahna Reujeung nepikeun hukumna 149 Jeung dina kabèh saurna Najan dina guguyonna Ari kidzib mah sundana Bohong èta mustahilna 150 Ari nu jadi dalilna Yèn rosul wajib benerna Reujeung mustahil bohongna Kieu ceuk dalil aqalna 151 Mun barohong perutusan Dina kabèh cariosan Tangtuna khabar pangèran Jadi bohong teu meneran 152 Tapi ari bohong gusti Alloh nu suci teu ngarti Akal tèh reh mohal pasti Bohong Pangèran sajati 153 Nu matak lazim tèa mah Lamun bohong Rosululloh Jadi lazim bohong Allah Sababna kieu mo salah 154 Sakabèh utusan Alloh Ngakuna menang risalah Ngemban timbalan ti Allah Disaksian ku mu’jizah 155 Ari mu’jizahna tèa Sami jeung dawuh nu mulya Bener nabi teu sulaya Dina ngadatangkeun tèa 156 Ari sundana amanah Sakabèh utusan Allah Kapercaya tara salah Diraksa ku Gusti Allah 157 Tina anu diharamkeun Atawa nu di makruhkeun Pendekna teu ngalakukeun Kanu gorèng tara leukeun 158 Ari sundana khiyanah Nyidra ku daèk milampah Kana barang nu dicegah Kaya haram jeung karohah 159Ari anu jadi burhan
  • 14. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 12 Yén amanah perutusan Muhal khiyanah sebutan Dalil aqal pék émutan 160Lamun utusan khiyanah Lampah goreng teu dicegah Ngarempak larangan Alloh Haram makruh dipilampah1 161 Tangtuna di parentahkeun Ka umat ku ngalakukeun Nu haram nu dimakruhkeun Lampah gorèng teu tinggaleun 162 Tapi kitu teu sah pasti Da pang parentah ti gusti Kana nyulayaan misti Kana tho’at teu gumati 163 Ari Tabligh tèh sundana Nepikeun hukum-hukumna Ka kabèh umat-umatna Mustahil nyumputkeunnana 164 Nyumputkeun teu ngadatangkeun Barang nu diparèntahkeun Ka umatna ditepikeun Ti Allah nu ngadawuhkeun 1 Ari ieu bet no 159 sareng 160 eta teu aya dina naskah anu asli, sanaos tos bolak-balik unjukan ka guru kuring. Dawuhna, “ieu mah kedah dipilari dina matan anu asli, anu ditulis arab”. Maka kalayan teu ngirangan kana ta’dzim kuring pangersa guru almarhum, kuring nambihan kana ieu dua bet, bari ngalap berkah kana kitab Bidaayatul Muwahhidiin. Mung, saha baé anu ngagaduhan naskah anu asli, supados tiasa nyumpingan ka pasantren pagelaran II Sumedang kanggo ngaishlahkeun ieu matan. 165 Ari anu jadi burhan Pertandana perutusan Wajib Tabligh mohal Kitman Dalil aqal mo nyalahan 166 Lamun Rosul tèh nyumputkeun Barang nu haq didatangkeun Ka umatna diwurukkeun Tangtu urang diwajibkeun 167 Diwajibkeun nyimpen ilmu Nu ku urang geus katimu Kabatur jalma tumamu Tapi kitu mo tinemu 168 Tegesna mohal jeung teu sah Urang kabèh diparèntah nyamunikeun ilmu Alloh Karena matak dila’nah 169 Ari hartina fathonah Palinter utusan Alloh Bisa ngajawab mas’alah Ngèlèhkeu nu mujadalah 170 Ari hartina biladah Belet bodo mintul manah Èta mustahil mo salah Ari nu jadi dalil mah 171 Yèn Rosul wajib pinterna Mustahil bodo manahna Kitu ceuk dalil aqalna Mun Rosul tetep bodona 172 Tangtu moal bisa hujjah Ngèlèhkeun nu mujadalah
  • 15. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 13 Reujeung ngajawab mas’alah Tapi kitu tèh mo salah 173 Sabab Qur’an geus nuduhkeun Ku Alloh geus didawuhkeun Yèn Rosul bisa ngèlèhkeun Ku hujjah anu ngapeskeun 174 Ka musuhna nu maduan Kaya dawuhan pangèran Wa jadil hum dina Qur’an Jeung bil-latii hiya ahsan 175 Ari sifat kawenangan Di sakabèh perutusan Nya sifat kamanusaan Nu henteu matak ngurangan 176 Kana kaluhurannana Darajatna sadayana Saperti tuang leueutna Teu damang anu meujeuhna 177 Jual galeuh jeung gerwaan Kulem jeung angkat-angkatan Anapon sifat ngurangan Kaya corob reujeung èdan 178 Sakur anu matak kurang Ka-aèban bangsa urang Èta di Rosul teu wenang Pèk tèkadkeu ulah mang-mang 179 Ari dalil pertandana Yèn Rosul tèh sadayana Wenag kasifatannana Ku ‘Arodl-basyariyahna 180 Nyaèta geus kabuktian Katinggal kunu nyaksian Tetep sifat kamanusan Di kabèh para utusan Pertèlaan Nasabna Kanjeng Nabi ti Jihat Ibuna jeung ti Ramana 181 Sawarèhna kawajiban Ka jalma baligh aqalan Nerangkeun kana turunan Nasab jeng Nabi utusan 182 Ari Rama Rosululloh Nyaèta gusti Abdulloh Èyangna mah Raja Mekah Abdul Mutholib nu nelah 183 Abdul Mutholib ramana Sayid Hasyim wastana Ari Hasyim tèh ramana Abdul Manaf nu nelahna 184 Ari ti Abdul Manaf mah Ramana tèh Qushoy nelah Putra Kilab tedak Mekah Kilab putra Sayid Murroh 185 Murroh putra sayid Ka’bi Putra Lu’ayyi ‘Arobi Lu’ay putrana Gholibi Gholib ka fihri tèh Abi 186 Ya’ni Gholib putra putra Fihri Fihri putra Malik ari Malik putrana Nadlori Ari èta tèh Nadlori
  • 16. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 14 187 Putrana Sayyid Kinanah Kinanah bin Khuzaèmah Khuzavmah bin Mudrikah Mudrikah bin Ilyas Mekah 188 Ilyas putra sayid Mudlor Mudlor putra Sayyid Nizar Nizar bin Ma’ad Isytihar Ma’ad bin Adnan kawèntar 189 Ti Adnan tepi ka Adam Urang henteu wajib paham Malah ku Syara’ dicaram Sabab tarèkatna ham-ham 190 Ari Ibu Rosululloh Nyaèta Gusti Aminah Putrana Wahbin Madinah Bin Abdimanaf bin Zuhroh 191 Zuhroh putra Kilab tèa Kilab nu tadi geus aya Tepung Nasabna Nu Mulya Ngahiji di Kilab tèa Nutur Putra Nabi SAW. 192 Deui ieu kawajiban Terang yèn Rosul putraan Anu kamasyhur tujuhan Sayyid Qosim permulaan 193 Gusti Zenab kaduana Ari anu katiluna Gusti Ruqoyyah namina Ari anu kaopatna 194 Gusti Ummi Qultsum tèa Kalima nu lewih mulya Ratuna istri sadaya Gusti Fatimatul-‘Ulya 195 Ka genep Gusti Abdulloh Nyaèta anu katelah Disebut ku Rosululloh Thoyib jeung Thohir mo salah 196 Ari anu katujuhna Gusti Ibrohim namina Èta putra sadayana Ti gerwa nu pangsepuhna 197 Nyaèta Gusti Khodijah Ngan Gusti Ibrohim na mah Èta mah da ti Jariyyah Kakasih Sitti Mariyyah 198 Ari sadaya gerwana Nu kantun waktos pupusna Aya salapan kabèhna Heug bilang hiji-hijina 199 Kahiji Sitti A’isyah Kaduana Sitti Hofsah Katilu Sitti Shofiyah Opat Sitti Juairiyyah 200 Kalima Sitti Saodah Genep Sitti Maèmunah Katujuhna Sitti Romlah Ari kadalapanna mah 201 Èta Sitti Zènab tèa Salapan Hindun nu Mulya
  • 17. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 15 Kabèh micua ka dunya Da milih Nabi nu Mulya Syafa’at Nabi saw. 202 Deui urang wajib terang Yèn jeng Nabi Gusti urang Kagungan talaga èmpang Kè di akhèrat kasorang 203 Jeung Kangjeng Nabi panutan Èta bakal Nyafa’atan Engkè di poè landratan Ka kabèh makhluk Pangèran 204 Jeung deui dawuhannana Nu maraot sakabèhna Anu geus sup ka kuburna Panggih jeung siksaanana 205 Lamun jalma ahli siksa Kafir jeung nu gedè dosa Mun taya Sih Nu Kawasa Ngahampura dosa rosa 206 Reujeung meunang ni’mat kubur Jalma nu mu’min teu kufur Meunang sih ti Robbul-Ghofur Dihampura dosa lebur 207 Reujeung aya patakonan Engke di jero kuburan Dua Malaikat ngaran Munkaron reujeung Nakiron 208 Jeung sakabèh nu marati Bakal dihirupkeun deui Jeung dikumpulkeun ka Gusti Jeung dipariksa taliti 209 Jeung bakal aya ganjaran Wawalesna kahadèan Jeung bakal aya siksaan Wawalesna kagorèngan 210 Aya surga agung mulya Tempatna para Anbiya Jeung Wali Mu’min sadaya Kanugrahan ti Nu Mulya 211 Jeung bakal aya naraka Tempat siksaan posaka Enggona jalma nu murka Kafir jeung jalma doraka 212 Jeung bakal aya timbangan Keur nimbang amal-amalan Kahadèan kagorèngan Ngalahirkeun pangadilan 213 Reujeung bakal aya Cukang Nu leuwih lembut tur panjang Dina saluhureun jurang Jahanam nu Jungkrang lèwang 214 Jeung ari Jalma Islam mah Anu doraka ka Alloh Ti naraka bakal pindah Sup ka Sawarga nu èndah 215 Jeung bakal langgeng ayana Makhluq-makhluq sadayana Mu’min dina Sawargana Kafir dina Narakana
  • 18. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 16 216 Jeung Ahli Sawarga tèa Bakal ningali sadaya Kana Dzat Alloh Nu Mulya Ni’mat pangasih kurnia 217 Tidieu teu majeng kalam Tayoh ngan sakitu ilham Atuh nya Wallohu a’lam Tikukur deuk uluk salam 218 Salam Ta’dzim ti Muhyiddin Kasadaya ikhwan fiddin Nu ngaos ieu syi’irin Bidayatul-Muwahhidin ‫صواب‬‫ل‬‫ا‬‫ب‬‫م‬‫ل‬‫ع‬‫أ‬‫وهللا‬
  • 19. | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 1