2. Peta konsep
Sajarah jeung
pangwangunan
aksara sunda
Kamekaran
Aksara Sunda
Tahap Sosialisasi jeung
media sosialisasi
aksara Sunda
Tarekah Sosialisasi
Aksara Sunda
Hurup – hurup
aksara Sunda
Aksara
Sunda
4. Kamekaran Aksara Sunda
• Aksara Sunda teh dipake ti mimiti kurang leuwih abad ka-5 masehi, Ti mimiti
zaman kerajaan Tarumanegara. Nema kana jaman kerajaan Sunda (Masa
pakuan Pajajaran-Galuh abad ke-18 nepi ka abad 16). Hal ieu kapanggih dina
prasasti jeung naskah kuno.
• Naskah kuno nu ditulis make aksara sunda di antarana waé Amanat
Galunggung, Sanghyang Siksakandang Karesian, Carita Parahyangan, Carita
Ratu Pakuan, Kawih Paningkes, Jati Nisakala, Sanghyang Raga Déwata,
Darmajati, jeung Jatiraga.
• Aksara sunda teh nyaeta system ortografi hasil kaparigelan urang sunda
ngeunaan aksara jeung padika keur nuliskeun basa sunda jeung basa-basa
sejenna.
• Nurutkeun Perda No. 5 Taun 2003 jeung SK Gubernur Jawa Barat No.
434/SK.614-Dis.PK/99 ditetepkeun yen aksara sunda nu bener nyaeta aksara
sunda kanganga atawa aksara sunda ngalagena.
5. Sajarah Aksara Sunda
Aksara téh ciri mandiri tina jatidiri bangsa nu mibandana. Aksara Sunda gé kitu,
jadi kareueus tur ciri jatidiri urang Sunda. Dumasar lalakon sajarahna, urang
Sunda téh kungsi ngagunakeun 7 aksara, nyaéta: Pallatoa jeung Pranagari (abad
ka-5 nepi ka abad ka-7 Maséhi; ± 3 abad), aksara Sunda .Kuno (abad ka-14 nepi ka
abad ka-18 Maséhi; ± 5 abad), aksara Jawa atawa Carakan (abad ka-ll jeung abad
ka-17 nepi ka abad ka-19 Maséhi; ± 4 abad), aksara Arab atawa Pégon (abad ka-17
nepi ka panengah abad ka-20 Maséhi; ± 3 abad), aksara cacarakan (abad ka-19 nepi
ka panengah abad ka-20 Maséhi; ± 2 abad), jeung huruf Laten (ahir abad ka-19 nepi
ka ayeuna; ± 2 abad).
Ayeuna diwanohkeun deui aksara Sunda nu kungsi dipaké dina abad ka-14 nepi ka
abad ka-18 Maséhi téa. Diwanohkeunana deui aksara Sunda téh lantaran salila ieu
aya anggapan di masarakat yén urang Sunda téh teu bogaeun aksara. Aya ogé
urang Sunda nu boga anggapan yén aksara Sunda téh nyaéta cacarakan atawa
hanacaraka. Pangpangna mah di kalangan kolot béh ditu, lantaran baheula mah nu
diajarkeun di sakola téh aksara cacarakan
6. Sabada ditalungtik ku filolog jeung sajarahwan, horéng aksara
cacarakan nu disebut aksara Sunda téh saenyana mah aksara Jawa.
Kitu sotéh lantaran dina taun 1860, dina buku urang Walanda G.J.
Grashuis nu judulna Handleiding voor Aanleren van het
Soendaneesch Letterschrift (Buku Pituduh pikeun Diajar Aksara
Sunda), disebutkeun yén aksara cacarakan téh aksara Sunda, anu
satuluyna jadi bahan ajar di sakola-sakola di Tatar Sunda. Matak teu
anéh mun kolot béh ditu, nganggap yén aksara cacarakan téh aksara
Sunda. Tur padahal, ari cacarakan mah aksara Jawa.
Kiwari aksara Sunda Kaganga téh mimiti geus dipaké keur nuliskeun
ngaran lembaga atawa jalan. Upamana waé di Musieum Sri Baduga,
Kampus Yayasan Atikan Sunda, Kantor Diparda Kota Bandung, dina
beus Pérsib, jsté. Malah di sawatara kota/kabupatén mah aksara
Sunda téh geus dipaké nuliskeun ngaran jalan.
Aksara Sunda
7. Lian ti eta, ayeuna mah aksara Sunda téh
bisa dituliskeun maké alat citak modérn,
kayaning mesin tik, mesin citak, jeung
komputer. Lantaran ti mimiti bulan April
2008, ku alpukahna Balai Pengembangan
Bahasa Daérah (BPBD) Disdik Provinsi
Jawa Barat, aksara Sunda téh geus resmi
asup kana daftar Unicode, nyaéta standar
industri nu dirarancang keur narékahan
téks jeung simbol tina sakabéh sistem
tulisan di dunya bisa dipidangkeun jeung
dimanipulasi kalayan konsistén ku
komputer. Ari udagan tina ayana
komputerisasi aksara Sunda téh pikeun
ngamekarkeun jeung nyumebarkeun
aksara Sunda ngaliwatan média computer.
Aksara Sunda
8. 1. Wangunna diluyukeun kana aksara sunda kuno , sangkan
kajaga kaaslianana.
2. Wangunna basajan sangkan gampang ditulisna.
3. Sistem nuliskeunana ku cara misahkeun kecap per kecap.
4. Ejahanana diluyukeun kana basa sunda kiwari.
5. Mibanda unsur ka endahan estetika sangkan dipikaresep.
6. Daptar abjadna ditambahan ku kandaga kecap basa sunda
kiwari.
7. Tanda bacana ngeunaan tanda baca nu biasa dipaké
nuliskeun aksara laten.
8. Bisa ditulis diketik make alat cetak modéren saperti mesin
ketik mesin cetak jeung computer.
Dasar Proses Modifikasi Aksara Sunda
10. • Tahap Pawanohan
Dina tahap ieu di wanohkeun ka kalompok jeung
lembaga masarakat anu engkena dipiharep
baris nepakeun ka masarakat
• Tahap Palomaan
Dina tahap ieu diusahakeun sangkan masarakat
ngarasa loma jeung biasa make aksara sunda
• Tahap pangagulan
Dina tahap ieu aksara sundar teh geus dipiagul
tur jadi kareueus urang sunda urang sunda dina
kahirupan anak bisa maca jeung nulis make
aksara sunda.
• Tahap Pamibandaan
Dina tahap ieu aksara sunda teh geus dianggap
banda budaya urang sunda.
T
A
H
A
P
S
O
S
I
A
L
I
S
A
I
11. kiwari aksara sunda teh geus aya
software komputerna. Aksara sunda ti
mimiti bulan april 2008 geus resmi
diasupkeun kana Unicode. Ari Unicode
teh nyaeta salah sahiji lembaga
independen anu ngadeg taun 1991.
lembaga ieu the diadegkeun ku
pausahaan computer di dunya, kaya ning
Appel Computer, Microsoft, IBM, Eeroe,
Hewlet Packard Adobe Incdan, jste. Ieu
lembaga nyiuen standar encoding
character dina system computer anu bias
nampilkeun aksara dina computer. Urang
ngainstal aksara sunda tina internet
Media Sosialisasi
Aksara Sunda
15. Rarangken
Aksara Sunda
Rarangken gunana ngobah sora vokal misalna jadi é kaya
contoh kahiji di luhur bias ogé nyisipkeun hurup di tengah,
aya ogé nu méré hurup di tukang.
17. JANUARY FEBRUARY MARCH APRIL
PHASE 1
Task 1
Task 2
JANUARY FEBRUARY MARCH APRIL MAY JUNE
PHASE 1
PHASE 2
Task 1
Task 2
Task 1
Task 2
18.
19.
20. ...and our sets of editable icons
You can resize these icons, keeping the quality.
You can change the stroke and fill color; just select the icon and click on the paint bucket/pen.
In Google Slides, you can also use Flaticon’s extension, allowing you to customize and add even more icons.