2. Dongeng
hartina carita nu kajadianana jaman
baheula nu aya unsur pamohalan
Unsur pamohalan hartosna, unsur atawa perkara
nu teu asup di akal.conto sasatoan bisa
ngomong jiga manusa, bisa mikir, bisa ngambek
jeung rea-rea deui.
Dongeng sumebar di sastra sunda dina wangun
prosa
Nyebarna baheula ku cara tatalepan ngaliwatan
basa lisan
3. Dongeng
bisa di pasing-pasing(dibagi-bagi) jadi
sababaraha rupa
1.
2.
Dongeng Pabel = Dongeng nu palakuna sasatoan tapi
tingkah polahna jiga manusa, contona Sakadang Kuya
jeung Sakadang Monyet Ngala Cabe jste
Dongeng Parabel = Dongeng nu palakuna manusa nu
caritana
pikalucueun, contona Si Kabayan jste
4. 3. Dongeng pieunteungeun= Dongeng nu
palakuna bisa saha wae, eusina
mangrupa
toladan piken nu macana, contona Jajaka
Hade Hatena jste
4. Dongeng Babad = Dongeng nu aya pakaitna
jeung
sajarah, contona Babad Galuh, Kean
Santang jste
5. Dongeng Mite/Mitos = Dongeng nu nyaritakeun
hal nu gaib contona Nyi Roro Kidul, Dewi
Sri
jste
6. Dongeng Sasakala= Dongeng nu nyaritakeun
asal-muasal hiji kajadian,bisa
tempat,sasatoan,tutuwuhan jeung barang,
contona Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Embe
Janggotan jste