SlideShare a Scribd company logo
SURATSURAT
Kalimah WawaranKalimah Wawaran
Ku:Ku:
Galuh Permana Muchlis SaputraGaluh Permana Muchlis Saputra, S.Pd, S.Pd
Perkara Surat
Surat téh nya éta pakakas pikeun nepikeun sawatara
katerangan atawa informasi ti pihak nu nulis ka
pihak nu maca minangka wawakil dirina atawa
wawakil kelompok (lembaga).
Nilik kana jihat basana, surat téh mangrupa omongan
winangun tulisan.
Dumasar kana fungsina surat téh bisa digolongkeun
jadi tilu golongan, nya éta:
• Surat pribadi
• Surat resmi (dines) jeung
• Surat dagang (niaga)
Bagian Surat
Surat téh ngurung rupa-rupa bagian, saperti : (a)
titimangsa, (b) tujulna surat, (c) salam pamuka, (d)
bubuka, (é) eusi, (f) panutup, (g) salam panutup,
jeung (h) anu ngirim surat.
a. Titimangsa mangrupa nataan waktu atawa tanggal,
bulan, jeung taun ditulisna. Jaba ti waktu, dina
titimangsa téh sok aya ogé ngaran tempat
dijieunna surat. Runtuyanna nya éta ngaran
tempat, tanggal, bulan, jeung taun surat.
Conto:
Bogor, 25 April 2012
Bagian Surat
b. Tujulna Surat nya éta alamat anu dituju atawa alamat anu
dituju ku surat. Biasana sok ngagunakeun kecap pangantét
kahatur, haturan, kanggo, nepangan, ka, kasanggakeun,
jeung keur. Éta kecap pangantét sok dituturkeun ku ngaran
jalma nu dituju atawa ngaran instasi, boh dipiheulaan ku
kecap panggentra sesebutan (panghormat, gelar, atawa
jabatan), boh henteu. Geus kitu dituturkeun ku ngaran
tempat tujulna surat nu dimimitian ku kecap pangantét di.
Conto :
Kahatur
Mang Dadan sareng Bi Icih
di Bogor
Bagian Surat
c. Salam pamuka nya éta ucapan kasalametan anu diucapkeun
di awal surat. Kecap salam asalna tina basa Arab anu
hartina ‘salamet, bagja’. Kecap-kecap anu sok dipaké dina
salam pamuka di antarana, bagéa, haturan, salam sono,
asalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh, jeung salam
hormat.
d. Bubuka surat nya éta bagian eusi surat anu mangrupa
paragraf awal, biasana eusina nanyakeun kaayaan jalma anu
dituju jeung nyaritakeun kaayaan jalma nu ngirim surat.
Conto
Mang Dadan sareng Bi Icih di Bogor, kumaha daramang? Ogé ka
Adé Acah meni sono pisan Udin téh, hoyong tepang. Namung
kumaha da geuning Udin sibuk kacida ...
Bagian Surat
e. Eusi surat nya éta naon-naon anu hayang ditepikeun dina surat.
Eusi surat mangrupa intina tina surat. Eusi surat bisa ditepikeun
dina sapada (saparagraf) atawa sababaraha pada (paragraf),
gumantung panjang pondokna eusi surat.
f. Panutup surat nya éta bagian surat anu eusina ngébréhkeun yén
wawaran anu ditepikeun dina surat geus réngsé, tuntas, atawa
anggeusan. Biasana sok ngagunakeun ungkara sakitu heula, mung
sakitu, jeung dicekapkeun dugi dieu. Dina bagian panutup ogé sok
diselapkeun titip salam ka kulawarga anu disuratan, sarta biasana
bari ngomat-ngomatan sangkan surat dibalesan.
g. Salam panutup nya éta bagian surat anu nuduhkeun ucapan ahir
sangkan anu dikirim surat aya dina kasalametan, kitu deui anu
ngirimna. Kekecapan anu biasana diguankeun dina salam panutup di
antarana sonona, wassalam, jeung baktos abdi. Salam panutup
biasana sok ditungtungan ku tanda koma (,), sarta dituturkeun ku
ngaran anu ngirim surat.
Amplop Surat
Amplop surat mangrupa bungkus surat, biasana sok dirapet,
lamun eusi surat kaitung rusiah.
Aya dua hal anu kudu aya dina amplop, nya éta
(1) anu dikirim surat lengkep jeung alamatna,
(2) anu ngirim surat, jeung alamatna.
Alamat lengkep dina amplop, boh alamat anu ngirim surat, boh
alamat nu dikirim surat biasana ngurung ngaran, ngaran
tempat (jalan, nomer jalan, nomer imah, ngaran wewengkon,
jeung kodeu pos). Alamat nu dituju ku surat aya di bagian
hareup amplop, ari alamat nu ngirim surat aya di bagian
tukang amplop.
Lamun surat dikirimkeun kana pos, di bagian hareup amplop
belah juru katuhu luhur, ditémpélan perangko.
Surat Pribadi
Surat pribadi ditulis ku saurang jalma ka jalma
lianna, eusina ngébréhkeun hal-hal nu sipatna
pribadi.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun ku hidep
saméméh prak nulis surat pribadi téh, di
antarana: 1) nangtukeun heula tujuan nyieun
surat jeung 2) nyieun rangkay surat. Maksudna
éta léngkah nyieun surat téh sangkan surat
henteu ngalantur nepi ka sagala dicaritakeun.
Rangkay surat pribadi
• Titimangsa, nya éta tempat jeung tanggal
dijieunna éta surat.
• Alamat surat, nya éta nyebutkeun ka saha
ditujulkeunana éta surat.
• Salam pamuka
• Eusi surat nu ngawengku : 1) bubuka 2) eusi
nu nétélakeun jeung tujuan nyieun éta
surat 3)pungkasan, minangka panutup
• Tanda tangan jeung ngaran nu ngirimna
Conto surat pribadi
Bogor, 24 April 2013
Kahatur Téh Icih
di Bogor
Salam Sono,
Téh Icih kumaha sakulawarga dina danget ayeuna di
Bandung, daramang? Alhamdulillah Sundari gé
sakulawarga di Bogor aya dina kaayaan séhat
walafiat. Tos sono pisan Sundari téh hoyong
tepang sareng téh Icih sakulawarga.
Téh Icih, maksad Sundari nyeratan téh teu aya
sanés badé ngawartosan, réhna dina liburan anu
badé dongkap hoyong ka Bandung. Kumaha tiasa
henteu? Naha Téh Icih gaduh waktos nu rinéh
kanggo nyarengan Sundari liburan di Bandung.
Conto surat pribadi
Téh Icih, Adé Ucup ayeuna mah tos sakola ka
PAUD. Tapi kedah dijajap-jajap waé ku Mamah ari
mios ka sakolana téh. Atuh uih sareng mios téh sok
sasarengan waé sareng Mamah. Kumaha Adé Idun tos
sakola teu acan?
Téh Icih, saleresna mah seueur pisan nu hoyong
dicarioskeun dina ieu serat. Namung engké wé pami
Sundari liburan di Bandung urang ngadongéngkeun
naon-naon pangalaman masing-masing.
Téh Icih, naha tiasa henteu engké dina liburan
nyarengan Sundari jalan-jalan di Kota Bandung?
Harepan Sundari mudah-mudahan Téh Icih tiasa
nyarengan Sundari nya. Téh serat ti Sundari
dicekapkeun sakitu heula. Ké upami tos caket kana
waktosna liburan, Sundari bakal ngintun serat deui.

Kahoyong Sundari mah ieu serat téh saénggalna
diwaleran. Nuhun nya Téh kana sadaya kasaéan Téh
Icih sakulawarga ka Sundari. Teu hilap salam baktos
ka Ua Istri kalih Ua Pameget sakulawarga di
Bandung.
Sonona,
Sundari Ariesta
Surat Resmi
• Surat resmi (dinas) nya éta surat anu ditulis ku hiji
pausahaan, instansi, atawa kantor anu ditujukkeun ka
pausahaan, instansi, jeung kantor lian, atawa pribadi
• Bagéan kop surat; kop surat téh mangrupa bagéan
kahiji eusina mangrupa ngaran lembaga atawa ngaran
perusahaan atawa ngaran naon baé nu ngirim surat.
• Bagéan nomer surat; béda jeung surat pribadi, surat
resmi mah mutlak kudu maké nomer surat, lantaran
kudu diékspédisikeun. Nya éta dicatet dina buku
husus, buku ékspédisi.
• Bagéan lampiran surat; lampiran surat bisa dipaké
bisa teu.
Surat Resmi
• Bagéan hal surat; hal surat téh penting pisan
dieusian lantaran nangtukeun eusi surat naha
ondangan naon.
• Bagéan titimangsa
• Bagéan alamat surat
• Bagéan unjuk salam
• Bagéan bubuka
• Bagéan eusi
• Bagéan panutup
• Bagéan nu ngirim surat jeung cap
Kalimah Wawaran
• Kalimah wawaran nya éta kalimah anu eusina
ngawawarkeun, méré béja ka nu lian tur miharep
résponsi (perhatian) nu mangrupa panitén hungkul.
Dina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda peun
atawa titik (.)
• Kalimah wawaran dibagi dua nya éta :
1. Kalimah wawaran basajan (kalimah wawaran nu
diwangun ku jejer (subyék) jeung caritaan
(prédikat).
2. Kalimah wawaran jembar (kalimah wawaran basajan
nu ditambahan/dijembaranku obyék jeung
katerangan.
Paribasa Mibasa jeung Miélmu
• Élmu angklung, hartina jolédar ka kolot
• Lodong kosong ngelentrung, hartina jalma
bodo sok ngahaja siga nu pinter.
• Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku
akalna, hartina unggal mahluk Alloh geus
dipaparinan rupa-rupa parabot pikeun nyiar
kahirupanana.
• Ngukur baju sasereg awak, hartina hirup
saeukeurna dina papait dina mamanis teu daék
pacorok jeung batur.
Paribasa Mibasa jeung Miélmu
• Uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan,
gajah depa dina punduk teu karasa, hartina
kagoréngan batur (sanajan leutik/saeutik)
biasana kanyahoan, ari cacad/kasalahan
dina awak sorangan (masing gedé ogé) teu
karasa.
• Meunang luang tina burang, hartina
meunang pangalaman pait lantaran cilaka
heula.
• Élmu tumbila, hartina pribumi ngarugikeun
sémah.
Paribasa Mibasa jeung Miélmu
• Endog mapagahan hayam, hartina budak
mapatahan kolot atawa mapagahan nu geus
bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.
• Alak-alak cumampaka, hartina niru-niru
atawa hayang nyaruaan saluhureun,
pupujieun, ieu aing.
• Ciri sabumi cara sadésa, hartina kabiasaan
di unggal daérah béda-béda.
• Élmu sapi, hartina samiuk kana kagoréngan,
guyub dina hal nu kurang hadé.
htur; nuhun;
ddH

More Related Content

Featured

2024 State of Marketing Report – by Hubspot
2024 State of Marketing Report – by Hubspot2024 State of Marketing Report – by Hubspot
2024 State of Marketing Report – by Hubspot
Marius Sescu
 
Everything You Need To Know About ChatGPT
Everything You Need To Know About ChatGPTEverything You Need To Know About ChatGPT
Everything You Need To Know About ChatGPT
Expeed Software
 
Product Design Trends in 2024 | Teenage Engineerings
Product Design Trends in 2024 | Teenage EngineeringsProduct Design Trends in 2024 | Teenage Engineerings
Product Design Trends in 2024 | Teenage Engineerings
Pixeldarts
 
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental HealthHow Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
How Race, Age and Gender Shape Attitudes Towards Mental Health
ThinkNow
 
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdfAI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
AI Trends in Creative Operations 2024 by Artwork Flow.pdf
marketingartwork
 
Skeleton Culture Code
Skeleton Culture CodeSkeleton Culture Code
Skeleton Culture Code
Skeleton Technologies
 
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
PEPSICO Presentation to CAGNY Conference Feb 2024
Neil Kimberley
 
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
Content Methodology: A Best Practices Report (Webinar)
contently
 
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
How to Prepare For a Successful Job Search for 2024
Albert Qian
 
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie InsightsSocial Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Social Media Marketing Trends 2024 // The Global Indie Insights
Kurio // The Social Media Age(ncy)
 
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Trends In Paid Search: Navigating The Digital Landscape In 2024
Search Engine Journal
 
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
5 Public speaking tips from TED - Visualized summary
SpeakerHub
 
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
ChatGPT and the Future of Work - Clark Boyd
Clark Boyd
 
Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next Getting into the tech field. what next
Getting into the tech field. what next
Tessa Mero
 
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search IntentGoogle's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Google's Just Not That Into You: Understanding Core Updates & Search Intent
Lily Ray
 
How to have difficult conversations
How to have difficult conversations How to have difficult conversations
How to have difficult conversations
Rajiv Jayarajah, MAppComm, ACC
 
Introduction to Data Science
Introduction to Data ScienceIntroduction to Data Science
Introduction to Data Science
Christy Abraham Joy
 
Time Management & Productivity - Best Practices
Time Management & Productivity -  Best PracticesTime Management & Productivity -  Best Practices
Time Management & Productivity - Best Practices
Vit Horky
 
The six step guide to practical project management
The six step guide to practical project managementThe six step guide to practical project management
The six step guide to practical project management
MindGenius
 
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
Beginners Guide to TikTok for Search - Rachel Pearson - We are Tilt __ Bright...
RachelPearson36
 
Featured (20)

Surat smp

  • 1. SURATSURAT Kalimah WawaranKalimah Wawaran Ku:Ku: Galuh Permana Muchlis SaputraGaluh Permana Muchlis Saputra, S.Pd, S.Pd
  • 2. Perkara Surat Surat téh nya éta pakakas pikeun nepikeun sawatara katerangan atawa informasi ti pihak nu nulis ka pihak nu maca minangka wawakil dirina atawa wawakil kelompok (lembaga). Nilik kana jihat basana, surat téh mangrupa omongan winangun tulisan. Dumasar kana fungsina surat téh bisa digolongkeun jadi tilu golongan, nya éta: • Surat pribadi • Surat resmi (dines) jeung • Surat dagang (niaga)
  • 3. Bagian Surat Surat téh ngurung rupa-rupa bagian, saperti : (a) titimangsa, (b) tujulna surat, (c) salam pamuka, (d) bubuka, (é) eusi, (f) panutup, (g) salam panutup, jeung (h) anu ngirim surat. a. Titimangsa mangrupa nataan waktu atawa tanggal, bulan, jeung taun ditulisna. Jaba ti waktu, dina titimangsa téh sok aya ogé ngaran tempat dijieunna surat. Runtuyanna nya éta ngaran tempat, tanggal, bulan, jeung taun surat. Conto: Bogor, 25 April 2012
  • 4. Bagian Surat b. Tujulna Surat nya éta alamat anu dituju atawa alamat anu dituju ku surat. Biasana sok ngagunakeun kecap pangantét kahatur, haturan, kanggo, nepangan, ka, kasanggakeun, jeung keur. Éta kecap pangantét sok dituturkeun ku ngaran jalma nu dituju atawa ngaran instasi, boh dipiheulaan ku kecap panggentra sesebutan (panghormat, gelar, atawa jabatan), boh henteu. Geus kitu dituturkeun ku ngaran tempat tujulna surat nu dimimitian ku kecap pangantét di. Conto : Kahatur Mang Dadan sareng Bi Icih di Bogor
  • 5. Bagian Surat c. Salam pamuka nya éta ucapan kasalametan anu diucapkeun di awal surat. Kecap salam asalna tina basa Arab anu hartina ‘salamet, bagja’. Kecap-kecap anu sok dipaké dina salam pamuka di antarana, bagéa, haturan, salam sono, asalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh, jeung salam hormat. d. Bubuka surat nya éta bagian eusi surat anu mangrupa paragraf awal, biasana eusina nanyakeun kaayaan jalma anu dituju jeung nyaritakeun kaayaan jalma nu ngirim surat. Conto Mang Dadan sareng Bi Icih di Bogor, kumaha daramang? Ogé ka Adé Acah meni sono pisan Udin téh, hoyong tepang. Namung kumaha da geuning Udin sibuk kacida ...
  • 6. Bagian Surat e. Eusi surat nya éta naon-naon anu hayang ditepikeun dina surat. Eusi surat mangrupa intina tina surat. Eusi surat bisa ditepikeun dina sapada (saparagraf) atawa sababaraha pada (paragraf), gumantung panjang pondokna eusi surat. f. Panutup surat nya éta bagian surat anu eusina ngébréhkeun yén wawaran anu ditepikeun dina surat geus réngsé, tuntas, atawa anggeusan. Biasana sok ngagunakeun ungkara sakitu heula, mung sakitu, jeung dicekapkeun dugi dieu. Dina bagian panutup ogé sok diselapkeun titip salam ka kulawarga anu disuratan, sarta biasana bari ngomat-ngomatan sangkan surat dibalesan. g. Salam panutup nya éta bagian surat anu nuduhkeun ucapan ahir sangkan anu dikirim surat aya dina kasalametan, kitu deui anu ngirimna. Kekecapan anu biasana diguankeun dina salam panutup di antarana sonona, wassalam, jeung baktos abdi. Salam panutup biasana sok ditungtungan ku tanda koma (,), sarta dituturkeun ku ngaran anu ngirim surat.
  • 7. Amplop Surat Amplop surat mangrupa bungkus surat, biasana sok dirapet, lamun eusi surat kaitung rusiah. Aya dua hal anu kudu aya dina amplop, nya éta (1) anu dikirim surat lengkep jeung alamatna, (2) anu ngirim surat, jeung alamatna. Alamat lengkep dina amplop, boh alamat anu ngirim surat, boh alamat nu dikirim surat biasana ngurung ngaran, ngaran tempat (jalan, nomer jalan, nomer imah, ngaran wewengkon, jeung kodeu pos). Alamat nu dituju ku surat aya di bagian hareup amplop, ari alamat nu ngirim surat aya di bagian tukang amplop. Lamun surat dikirimkeun kana pos, di bagian hareup amplop belah juru katuhu luhur, ditémpélan perangko.
  • 8. Surat Pribadi Surat pribadi ditulis ku saurang jalma ka jalma lianna, eusina ngébréhkeun hal-hal nu sipatna pribadi. Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun ku hidep saméméh prak nulis surat pribadi téh, di antarana: 1) nangtukeun heula tujuan nyieun surat jeung 2) nyieun rangkay surat. Maksudna éta léngkah nyieun surat téh sangkan surat henteu ngalantur nepi ka sagala dicaritakeun.
  • 9. Rangkay surat pribadi • Titimangsa, nya éta tempat jeung tanggal dijieunna éta surat. • Alamat surat, nya éta nyebutkeun ka saha ditujulkeunana éta surat. • Salam pamuka • Eusi surat nu ngawengku : 1) bubuka 2) eusi nu nétélakeun jeung tujuan nyieun éta surat 3)pungkasan, minangka panutup • Tanda tangan jeung ngaran nu ngirimna
  • 10. Conto surat pribadi Bogor, 24 April 2013 Kahatur Téh Icih di Bogor Salam Sono, Téh Icih kumaha sakulawarga dina danget ayeuna di Bandung, daramang? Alhamdulillah Sundari gé sakulawarga di Bogor aya dina kaayaan séhat walafiat. Tos sono pisan Sundari téh hoyong tepang sareng téh Icih sakulawarga. Téh Icih, maksad Sundari nyeratan téh teu aya sanés badé ngawartosan, réhna dina liburan anu badé dongkap hoyong ka Bandung. Kumaha tiasa henteu? Naha Téh Icih gaduh waktos nu rinéh kanggo nyarengan Sundari liburan di Bandung.
  • 11. Conto surat pribadi Téh Icih, Adé Ucup ayeuna mah tos sakola ka PAUD. Tapi kedah dijajap-jajap waé ku Mamah ari mios ka sakolana téh. Atuh uih sareng mios téh sok sasarengan waé sareng Mamah. Kumaha Adé Idun tos sakola teu acan? Téh Icih, saleresna mah seueur pisan nu hoyong dicarioskeun dina ieu serat. Namung engké wé pami Sundari liburan di Bandung urang ngadongéngkeun naon-naon pangalaman masing-masing. Téh Icih, naha tiasa henteu engké dina liburan nyarengan Sundari jalan-jalan di Kota Bandung? Harepan Sundari mudah-mudahan Téh Icih tiasa nyarengan Sundari nya. Téh serat ti Sundari dicekapkeun sakitu heula. Ké upami tos caket kana waktosna liburan, Sundari bakal ngintun serat deui.
  • 12. Conto surat pribadi Harepan Sundari mudah-mudahan Téh Icih tiasa nyarengan Sundari nya. Téh serat ti Sundari dicekapkeun sakitu heula. Ké upami tos caket kana waktosna liburan, Sundari bakal ngintun serat deui. Kahoyong Sundari mah ieu serat téh saénggalna diwaleran. Nuhun nya Téh kana sadaya kasaéan Téh Icih sakulawarga ka Sundari. Teu hilap salam baktos ka Ua Istri kalih Ua Pameget sakulawarga di Bandung. Sonona, Sundari Ariesta
  • 13. Surat Resmi • Surat resmi (dinas) nya éta surat anu ditulis ku hiji pausahaan, instansi, atawa kantor anu ditujukkeun ka pausahaan, instansi, jeung kantor lian, atawa pribadi • Bagéan kop surat; kop surat téh mangrupa bagéan kahiji eusina mangrupa ngaran lembaga atawa ngaran perusahaan atawa ngaran naon baé nu ngirim surat. • Bagéan nomer surat; béda jeung surat pribadi, surat resmi mah mutlak kudu maké nomer surat, lantaran kudu diékspédisikeun. Nya éta dicatet dina buku husus, buku ékspédisi. • Bagéan lampiran surat; lampiran surat bisa dipaké bisa teu.
  • 14. Surat Resmi • Bagéan hal surat; hal surat téh penting pisan dieusian lantaran nangtukeun eusi surat naha ondangan naon. • Bagéan titimangsa • Bagéan alamat surat • Bagéan unjuk salam • Bagéan bubuka • Bagéan eusi • Bagéan panutup • Bagéan nu ngirim surat jeung cap
  • 15. Kalimah Wawaran • Kalimah wawaran nya éta kalimah anu eusina ngawawarkeun, méré béja ka nu lian tur miharep résponsi (perhatian) nu mangrupa panitén hungkul. Dina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda peun atawa titik (.) • Kalimah wawaran dibagi dua nya éta : 1. Kalimah wawaran basajan (kalimah wawaran nu diwangun ku jejer (subyék) jeung caritaan (prédikat). 2. Kalimah wawaran jembar (kalimah wawaran basajan nu ditambahan/dijembaranku obyék jeung katerangan.
  • 16. Paribasa Mibasa jeung Miélmu • Élmu angklung, hartina jolédar ka kolot • Lodong kosong ngelentrung, hartina jalma bodo sok ngahaja siga nu pinter. • Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna, hartina unggal mahluk Alloh geus dipaparinan rupa-rupa parabot pikeun nyiar kahirupanana. • Ngukur baju sasereg awak, hartina hirup saeukeurna dina papait dina mamanis teu daék pacorok jeung batur.
  • 17. Paribasa Mibasa jeung Miélmu • Uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina punduk teu karasa, hartina kagoréngan batur (sanajan leutik/saeutik) biasana kanyahoan, ari cacad/kasalahan dina awak sorangan (masing gedé ogé) teu karasa. • Meunang luang tina burang, hartina meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula. • Élmu tumbila, hartina pribumi ngarugikeun sémah.
  • 18. Paribasa Mibasa jeung Miélmu • Endog mapagahan hayam, hartina budak mapatahan kolot atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina. • Alak-alak cumampaka, hartina niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun, pupujieun, ieu aing. • Ciri sabumi cara sadésa, hartina kabiasaan di unggal daérah béda-béda. • Élmu sapi, hartina samiuk kana kagoréngan, guyub dina hal nu kurang hadé.