SlideShare a Scribd company logo
1 of 1
18.   Saba’da wafat eyangna            Nabi di rawat uwana
      Abi Tholib kakasihna             Saderek teges ramana
19.   Kanjeng Nabi sering pisan        Di candak kanegara Syam
      Sok nyandak barang dagangan      Didinya teh pajeng pisan
20.   Kacatur dieta negri              Loba pendeta yahudi
      Sarta pandeta nasrani            Nu tepang jeung kanjeng Nabi
21.   Sadayana sasauran                Ieu jalmi moal nyalahan
      PiNabieun akhir zaman            Toret Injil geus ngiberan
22.   Sifat Nabi panganggeusan         Aya di anjeuna pisan
      Harita loba nu iman              Ka Nabi ngangkeun panutan
23.    Lami-lami Kanjeng Nabi          Di sambut kuhiji istri
      Dagang kaunggal negri            Kauntungan na dibagi
24.   Istri jenengan Khodijah          Putra Khuwalid katelah
      Nu pangbengharna di mekah        Ka Nabi kalangkung nya’ah
25.   Istri Khodijah masrahan          Ka Nabi barang dagangan
      Maesaroh nu ngarencangan         Ka Nabi purah nyarengan
26.   Kacarios Maesaroh teh            Loba pamendakna aneh
      Cicireun Nabi nu sholeh          Matak ngaherankeun kabeh
27.   Tatangkalan uluk salam           Mega bodas sok mayungan
      Jeung aya cap kaNabian           Dina salirana pisan
28.   Pamendak Siti Khodijah           Cocok pisan jeung Maesaroh
      Akhirna Siti Khodijah            Ka Nabi mundut di tikah
29.   Harita yuswana Nabi              Salawe tahun kawarti
      Ngadak-ngadak sugih mukti        Tapi tambah sae ati
30.   Karesepna Kanjeng Nabi           Kaguti Alloh ngabakti
      Di Gunung Hiro maranti           Ibadahna saban wengi
31.   Didinya jol kasumpingan          Jibril nu nurunkeun qur’an
      Kalawan dawuh Pangeran           Nabi didamel utusan
32.   Harita yuswana Nabi              Pat puluh tahun kawarti
      Di utus ku Alloh Pasti           Ngembarkeun agama suci
33.   Anu iman pangheulana             Siti Khodijah garwana
      Abu Bakar kaduana                Shohabat nu pangmulyana
34.   Murang kalih nu nonoman          Anu pangheulana iman
      Sayyidina Ali pisan              Ka Nabi saderek misan
35.   Jeung ari jalma beulian          Anu pangheulana iman
      Sayyidina Bilal kaleresan        Anu jadi tukang Adzan
36.   Ari lolobana pisan               Ka Nabi teh ngamusuhan

More Related Content

More from Smk Pasundan 2 Cianjur (20)

Brick by boring brick
Brick by boring brickBrick by boring brick
Brick by boring brick
 
Cinta
CintaCinta
Cinta
 
Ahmad'friends
Ahmad'friendsAhmad'friends
Ahmad'friends
 
Lampiran
LampiranLampiran
Lampiran
 
Jurnal kegiatan
Jurnal kegiatanJurnal kegiatan
Jurnal kegiatan
 
Isi laporan
Isi laporanIsi laporan
Isi laporan
 
Cover
CoverCover
Cover
 
Payun
PayunPayun
Payun
 
Payun
PayunPayun
Payun
 
Cover
CoverCover
Cover
 
Jurnal kegiatan
Jurnal kegiatanJurnal kegiatan
Jurnal kegiatan
 
Audition
AuditionAudition
Audition
 
Isi
IsiIsi
Isi
 
26 11-2012
26 11-201226 11-2012
26 11-2012
 
Lampiran
LampiranLampiran
Lampiran
 
Anwar naswari
Anwar naswariAnwar naswari
Anwar naswari
 
Assalamu’alikum
Assalamu’alikumAssalamu’alikum
Assalamu’alikum
 
Assalamu’alikum
Assalamu’alikumAssalamu’alikum
Assalamu’alikum
 
Puisi
PuisiPuisi
Puisi
 
Ahmad supriyadi
Ahmad supriyadiAhmad supriyadi
Ahmad supriyadi
 

Data3

  • 1. 18. Saba’da wafat eyangna  Nabi di rawat uwana Abi Tholib kakasihna  Saderek teges ramana 19. Kanjeng Nabi sering pisan  Di candak kanegara Syam Sok nyandak barang dagangan  Didinya teh pajeng pisan 20. Kacatur dieta negri  Loba pendeta yahudi Sarta pandeta nasrani  Nu tepang jeung kanjeng Nabi 21. Sadayana sasauran  Ieu jalmi moal nyalahan PiNabieun akhir zaman  Toret Injil geus ngiberan 22. Sifat Nabi panganggeusan  Aya di anjeuna pisan Harita loba nu iman  Ka Nabi ngangkeun panutan 23. Lami-lami Kanjeng Nabi  Di sambut kuhiji istri Dagang kaunggal negri  Kauntungan na dibagi 24. Istri jenengan Khodijah  Putra Khuwalid katelah Nu pangbengharna di mekah  Ka Nabi kalangkung nya’ah 25. Istri Khodijah masrahan  Ka Nabi barang dagangan Maesaroh nu ngarencangan  Ka Nabi purah nyarengan 26. Kacarios Maesaroh teh  Loba pamendakna aneh Cicireun Nabi nu sholeh  Matak ngaherankeun kabeh 27. Tatangkalan uluk salam  Mega bodas sok mayungan Jeung aya cap kaNabian  Dina salirana pisan 28. Pamendak Siti Khodijah  Cocok pisan jeung Maesaroh Akhirna Siti Khodijah  Ka Nabi mundut di tikah 29. Harita yuswana Nabi  Salawe tahun kawarti Ngadak-ngadak sugih mukti  Tapi tambah sae ati 30. Karesepna Kanjeng Nabi  Kaguti Alloh ngabakti Di Gunung Hiro maranti  Ibadahna saban wengi 31. Didinya jol kasumpingan  Jibril nu nurunkeun qur’an Kalawan dawuh Pangeran  Nabi didamel utusan 32. Harita yuswana Nabi  Pat puluh tahun kawarti Di utus ku Alloh Pasti  Ngembarkeun agama suci 33. Anu iman pangheulana  Siti Khodijah garwana Abu Bakar kaduana  Shohabat nu pangmulyana 34. Murang kalih nu nonoman  Anu pangheulana iman Sayyidina Ali pisan  Ka Nabi saderek misan 35. Jeung ari jalma beulian  Anu pangheulana iman Sayyidina Bilal kaleresan  Anu jadi tukang Adzan 36. Ari lolobana pisan  Ka Nabi teh ngamusuhan