1. AUTOBIOGRAFI
DIKA RÉZA PAHLÉVA
Wasta Dika Réza Pahléva lahir di Cianjur
kaping
29 Oktober 1998. Kuring gaduh
2 dulur,
Wildan Prima Putra (19), sarengdulur kembar kuring
nu namina Dicky Rizky Pahlévi (15).Kuring jeung
Diki téh lahirna ukur bénten 5 menit payunan kuring,
jadi sim kuring téh putra kadua ti tilu sadulur.
Mimiti lebet sakola téh taun 2002 basa umur
kuring 4 taun kénéh di PAUD. Di PAUD mah ukur
ulin sareng diajar maca tulis. Tos ti PAUD,
kuringneraskeun sakola ka TK Aisiyah Islamic
Céntre Cianjur. Di TK téh kuring mah ukur sataun lantaran tos tiasa maca sareng
nyerat.
Saatos ti TK, kuringneraskeun sakola ka SD Islamic Céntre nu tempatna
sami sareng TK. Di kelas 1 SD, kuring tos diajar ngitung. Di SD téh préstasi
kuring tos rada katingal,kelas hiji kuring téh rangking ka dua, kelas dua rangking
ka tilu, kelas tilu nepi ka kelas lima rangking na turun jadi rangking 5. Kelas
genep naék deui jadi rangking dua. Di kelas 5 SD, kuring téh pernah pinunjul
lomba cerdas cermat Matematika ka-3 sa Kab. Cianjur sareng kuring ogé pernah
pinunjul cerdas cermat PAI ka-2 sa Cianjur.
Saatos ti SD, kuringneraskeun sakola ka SMP Negeri 1 Cianjur, SMP 1
Cianjur téh SMP nu pang Favoritna di Cianjur lantaran hésé lebetna, biayana
pangmahalna sa Cianjur sareng SMP 1 téh hiji-hiji na SMP nu RSBI di Cianjur.
Di SMP abdi lebet ékstrakulikulér Pramuka sareng Marching Band, tapi
kulantaran bosen, kelas 2 SMP éksul Pramuka sareng Marching Band téh teu jalan
deui.
2. Di SMP kusabab SMP favorit di Cianjur sainganna sesah-sesah, Kelas hiji
kuring teu lebet rangking 10 besar, kelas dua ogé sami. Kelas tilu seméster
hijirangking na naék lebet 10 besar, kuring lebet rangking ka-8. Nu leuwihhese
deui, kelas tilu seméster dua abdi lebet 3 besar, abdi rangking ka-3.
Basasasasih sateuacan kalulusan SMP, kuringtos milu tésting ka SMA
favotit di Cianjur nyaѐ ta SMAN 1 Cianjur, étage sami SMA RSBI, tapi pas atos
tésting kuring téh teu katarima ka SMA 1.Kusabab pun biang ngalih ka Bandung
janten kuring daftar ka luar kota, kuring jadina daftar ka SMAN 6 Bandung. Teu
kungsi lami, aya béwara nu eusina kuring katarima ka SMAN 6 Bandung.
Di SMA 6 kuring lebet 5 ékskul, nyaéta English Club, HI, DRI, Angklung
jeung PMR.