Wangenan kecap rajekan

2,666 views

Published on

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total views
2,666
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
44
Actions
Shares
0
Downloads
13
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Wangenan kecap rajekan

  1. 1. I. Wangenan kecap RajekanKecap RejekanKecap rajekan nya eta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna.Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya oge nu ditambahan kurarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang. II. Jenis – Jenis Kecap Rajekan a. Dwipurwa Dwipurwa asal kecapna tina ‘dwi’ hartina dua; ‘purwa’ hartina mimiti. Jadi harti sagemblengna nya éta kecap anu engang (suku kata) nu mimiti disebut dua kali. Conto: Tempo : Delly nempo Delly tetempo baé Conto séjénna : cacabok, popolotot, tatajong, popolah, bibilintik, jrrd. Ø Dwipurwa nurutkeun hartina : 1) lain nu boga lalakon : bubuntut 2) barang nu siga : sisiku, babantal, jrrd. 3) nuduhkeun alat : kakait, cocolok, jrrd. 4) nuduhkeun kecap semu/samar : pépéték, papagon, pipiti, ririwa, jrrd. 5) nuduhkeun kecap abstrak : papayung, bébénténg, kokojo, jrrd. Ø Dwipurwa ditambah rarangkén: Dwipurwa bisa dirarangkénan ku rarangkén an atawa eun. Nurutkeun hartina dwipurwa nu dirarangkénan bisa kabagi jadi: 1) leuwih ti sakali : seuseurian, gogorowokan, totojéran, jrrd. 2) barang tironan : momobilan, kokorsian, iimahan, paparahuan, bebedogan, jrrd. 3) rupa-rupa : bubuahan, kekembangan, pepelakan, beubeutian, jrrd. 4) babagian badan : mumuncangan, cacariuan, peupeuteuyan, jrrd. 5) mindeng makéna : sasapédahan, momotoran, kakarétan, jrrd.
  2. 2. 6) asa : singsireumeun, seuseuneueun, jrrd. 7) kasakit : jeungjeuriheun, sisidueun, jrrd. 8) kalakuan : pupujieun, beubeulieun. b. Dwilingga Dwilingga nya éta kecap nu dirajék sagemblengna, aya nu robah, aya ogé nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebut dwimurni, sedeng nu robah disebutna dwiréka. 1) Dwimurni. Conto: a. nuduhkeun loba : bangku-bangku, samak-samak, méja-méja, jrrd. b. rupa-rupa, sarua sipatna : amis-amis, haseum-haseum, pait-pait, jrrd. c. lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir, jrrd. d. nuduhkeun siga : siku-siku, jrrd. e. nuduhkeun kahanjakal : geulis-geulis, kasép-kasép, pinter-pinter, haji haji, jrrd. 2) Dwiréka. Conto: a. nuduhkeun rupa-rupa : unak-anik, tulang-taléng, babak-bubuk, jrrd. b. leuwih ti sakali migawéna : luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobét, jrrd. c. nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, jrrd. 3) Dwisasana Kecap rajékan ngan nu dirajék engang (suku kata) nu panungtung wungkul.Upamana: pudigdig, pudugdug, cikikik, cakakak, jrrd. 4) Trilingga Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali bari jeung robah sorana. Upamana : dag-dig-dug, hah-héh-hoh, pak-pik-pek, jrrd.
  3. 3. III. Analisis Kecap Rajekan Dina Wangun Carpon JURIG PESBUK ku Dadan Wahyudin (dimuat di majalah Isma, Cianjur Edisi 112 Tahun XII 23 Nov-22 Des 2011) Teu pira ukur dua kecap. Kasigeung ku pamolah kuring. Bener ceuk paribasa letah mah teu tulangan. Lisan leuwih nyelekit kana hate batan maut hinis. Alatan status pesbuk Minggu kamari, dumadakan kuring diputuskeun ku Neng Ani. Aeh, geuning pesbuk lain lisan, tapi ku tulisan. Bener dawuhan Sayidina Ali bin Abu Tholib, cenah tulisan ge sarua leuwih bahaya tibatan congo pedang. Teu pira ukur dua kecap, geus ngaburantakkeun sumanget hirup kahareupna. Kakara kaharti ku kuring, geuning maen pesbuk tèh loba mudorotna batan maslahatna. Alatan pesbuk, loba jalma taya hojah, gawena ngan carindekul nyoro’o hape. Ti isuk jegur nepi ka sore jeput anteng dipepende ku dunia maya anu geus jadi simbol manusa modern tea. Teu di buruan, di sakola, di mol, atawa di angkutan kota, malah teu sirikna di dapur, loba jalma anu sibuk sorangan, malah sakapeung mah katara siga nu owah. Ngomong jeung sura-seuri sorangan, tara ieuh nolih ka batur sagigirna. Da èta, mangsa baheula mah ari ngobrol tèh ukur di golodog bari nyiar kutu, mun teu ngabudalkeun bangbaluh hirup minangka curhat paling ngagosip ngomongkeun batur. Atuh bapa-bapana, bari maen kartu di pos ronda naon deui atuh ari lain ngadurenyomkeun randa bengsrat di kampung sabeulah. Sigana èta pasipatan masarakat tèh diulik kalayan geten ku pausahaan pesbuk. Heueuh, kreatip pisan tah nu nyieun pesbuk. Ngigelan jalma anu puwadaksina resep ngobrol atawa gibah. Ukur mencet hape, bisa ngobrol naon waè, ti ngabahas kasus Gayus Tambunan, gosip artis Anang-Krisdayanti atawa obrolan maen bal di mancanegara. Malah obrolan pulitik ogè ayeuna mah teu didingdir kelir deui nembrak, teu menak teu cacah bisa ilubiung ngabahas sual pulitik anu haneut, anu baheula cadu dipedar. Lamun geus ancrub jadi pesbuker, landian keur komunitas nuboga pesbuk, bobolokot sok poho sagala-gala. Nu rajin sok kabawa males, nu sipatna males beuki komo deui tambah males. Poho kana pancen gawe, malah sok poho solat, da kagok jawabna. Nu watir mah, loba nu mentingkeun meuli pulsa batan meuli beas. Heueuh keur maraban juragan pesbuk nu teu weleh nelegan pulsa. Unggal poe kudu seba pulsa ngarah bisa OL, lamun teu dipulsaan mah juragan pesbuk tèh sok olo-olo alias mogok. Kapaksa pesbukerna kokotetengan neang waragad pikeun meuli pulsa keur ngadeuheus juragana… Nyaèta, ti saprak Minggu kamari kuring jadi ceuceub pisan ka nu ngarana pesbuk tèh. Cua, teu hayang deui OL atawa muka status. Paduli teuing babaturan kaleungitan ge, nu saacana teu weleh ngaganteng unggal bada Magrib, kukurusukan di jagat maya.
  4. 4. “Jurig pesbuk” dilandina ogè ku kuring ayeuna mah. Ukur nelegan pulsa, teu kolotteu budak. Nu untung mah pausahaan pulsa we, jadi beunghar. Pinter maranehnamah, tara angkaribung ngunjal jeung teu beurat mamawa pulsa.Bebene kuring anu dipikaasih beurang peuting, Neng Ani ngejat ninggalkeun kuringalatan pesbuk. Teu pira ukur nulis dua kecap. Dua kecap anu meunggaskeun duriatkuring ka manehna. Neng Ani anu teu weleh ngancik dina jero hate, geus paheut reksapapait samamanis, nyeri hate ku eusi status kuring dina pesbuk.Padahal sumpahna ge lain, lain keur anjeun, Neng An! Di pesbuk mah ocon atawaheureuy tèh biasa, tong serius teuing. Kuring atawa sohib sok rajeun nempel potoatawa tulisan, ogè nyieun status nu mahiwal tèh, ngarah panasaran sohib-sohibsejen. Lamun meunang komentar leuwih ti sapuluh, hartina status pesbuk kuringlaku, bakal rame, kana rating bakal naek, kuring jadi popular. Èta matak reueuspikeun pesbuker tèh, da ari honor kikituan teu aya eleh ku barakatak Mangle.Harita mah heureuy kuring neunggeul pisan hate Neng Ani anu asa dileleceh harkatjeung martabat dirina jeung kulawargana. Sabalikna, pikeun kuring oge lir guludugdina panas poe ereng-erengan, teu hujan teu angin, Neng Ani ujug-ujug males statuskacida kuciwana ku polah kuring.Lain ku nanaon, Neng Ani estuning mojang aktip tur pinter. Keur geulis rupa, parigelkana sagala widang. Aktip di Karang Taruna di lemburna, anu euyeub ku prestasi,saprak dipupuhuan ku Neng Ani. Dumadakan sohor sa-Kabupaten mah. Pangpangnasohor tèh, kapan sukses dina ngokolakeun program pamarentah kabupaten dinamiara lingkungan “go green” tea. Karang Tarunana boga ajen dina miara kembanghias, ti ngabibitkeun, nyieun pupuk organik nepi ka sukses masarkeuna. Teu hemeng,loba instansi pamarentah jeung organisasi pamuda sejen ti luar ngahaja studibanding ka Karang Taruna nu dipingpin Neng Ani.Ceuk batur kuring, bagja temen kuring meunangkeun Neng Ani mah. Neng Ani mahwanoja singer, supel, tur darehdeh. Tangginas dina gawe ogè leubeut ku pangarti.Èta dina biantara ge, meni capetang pertentang tèh nyaan abong manukna dinamiara kembang tèh, ma’lum kapan masih keneh tolab elmu di Fakultas Pertanian.Atuh dina ngajak masarakat, pinter pisan ngirutna, kalayan sukarela masarakat miluaktip ngarojong program ieu milu miara kembang hias di buruan sewang-sewangan.Munasabah atuh komplek parumahan tèh asri jeung resik.Ayeuna karasa kosong hate tèh. Ngangres, tunggara, balangsak. Sok nineung,biasana maju peuting tèh haneuteun najan ukur ceting dina pesbuk. Ayeuna mahestuning jempling rehe. Ukur lalangit kamar kos nu pulas bodas dipapaes kusakadang cakcak anu ngadodoho reungit pikeun mangsana. Pangacian nyawangmangsa endah jeung Neng Ani, minangka adi angkatan di kampus beda fakultas.Kuring rajeun mantuan tugas-tugas mahasiswa anyar dina mangsa ospek, nu ahirnajadi cukang lantaran kacangreud ati meungkeut katresna.Geus saminggu, kuring teu muka pesbuk deui, baluas keneh ku komentar Neng Ani
  5. 5. anu mangrupa komentar panungtungan. Saeutik mantak nyentug, majar kuring tèh“sakola tapi teu nyakola” anu dipungkas ku komentar nutup panto hatena pikeunkuring. Senjata makan tuan siah, kitu ceuk si Omen tea mun apaleun mah. Nu matakhirup mah kudu asak timbangan ceuk kolot baheula mah.Dunia selebriti dina layar kaca nu sok ngagosip bintang pilem atawa pajabat milumangaruhan tabeat pamirsana, kaasup kuring. Paduli teuing nu jadi objekna nudiadurenyomkeun, nu penting mah rating beritana naek, nu masang iklan loba. Etamah tipi, ari ieu mah status pesbuk. Jigana paduli teuing nu jadi bukur caturna mah,nu penting sohib sugema, aing gumbira titik. Èta pisan nu karandapan ku kuring.Èta atuh pirajeuneun nempelkeun poto doger monyet nu keur euyeub di unggalparapatan lampu merah dina status pesbuk kuring, teu pira ukur ditulisan dua kecap: “Sarimin Berkacamata” anu diigelan ku sohib-sohib kuring ku komentar-komentarna matak beureum ceuli, jauh tina tata etika, arasal eungab, ma’lumbarudak atah didikan.Horeng Pa Sar, sok disungkeman ari nganjang ka Neng Ani, sugan tèh Pa Basar, arihoreng tèh geuningan Mang Sarimin, Bapana Neng Ani. Hampura, Neng!Gara-gara jurig pesbuk. Halik siah nyingkah.. … ****Pasirgede - Kampus Suryakancana CianjurDiposkan oleh Dadan Wahyudin di 15.51 Tidak ada komentar:Label: majalah isma cianjurMinggu, 30 Oktober 2011Keterangan :Dwimurni: méja-méja, korsi-korsi, buku-buku.Dwiréka: tujang-tajong, tunggal-teunggeul, puak-paok.Trilingga: dar-dér-dor, tat-tit-tut.Dwipurwa: sasapu, kokoréd, bebedil.Dwimadya: sababara urang

×