Successfully reported this slideshow.
We use your LinkedIn profile and activity data to personalize ads and to show you more relevant ads. You can change your ad preferences anytime.

Mitra Sunda - Mangle 2432

9,355 views

Published on

Mitra Sunda - Mangle 2432

  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

Mitra Sunda - Mangle 2432

  1. 1. K iwari kawilang renung panyajak Sunda mutahir. Ngaran kayaning Ari Ardiansah, Arif Abdilah, Deri Hudaya, Prayoga Adiwisastra kaasup kana panyajak Sunda mutahir nu bisa dikahareupkeun. Nyarajakna tapis, sajak-sajakna nyarengcelak. Lanceuk- lanceukna kayaning Toni Lesmana, Dea Lugina, Sarabu- nis Mubarok, tumerus deui ka Nunu Nazarudin Azhar, Deden Abdul Azis, Darpan Ariawinangun, bras we ka Hadi AKS, nu puguh geus tarabah deui kana kumaha ngotretkeun sajak nu nya endah jeung ni’mat, bari jeung kantenan meuhpeuy pulunganeunana; kantetan basana orisinil jeung imaji katut potret hasil sawanganana matak parangling. Eta hal nembrak kacida utamana dina rereana sajak nu ditulis ku Nazarudin, Toni, jeung Ari. Utamana Nunu jeung Toni, dina cara nyajak teh ba- ngun nu geus meunang kagenahan deui; spontan, tapi kantetan basana orsinil tur eusina karasa nenggel. Boh Nunu boh Toni duanana tarapis pisan nulis sajak dina dua basa, Sunda jeung Indonesia. Padika jeung gayana mibanda arsiran anu matak pikameumeuteun; imajina ‘nalaktak’. Ngan bae dina edisi Kandaga Sajak ieu mah Toni ngasongkeun sajak anu ‘lindeuk’. Urusan panyajak wanoja, bet gorehel aya ngaran Onnok. Pada terang, samemehna kapan wawuh ka Onnok teh minangka pangarang prosasis. Beda jeung Risnawati atawa Rin Candraresmi anu samemehna me- mang nulis dina prosa jeung puisi. Tapi da sidik sajak Onnok karasa nenggang, ngemu harepan. Dina ieu edisi Kandaga Sajak, dipidangkeun sawatara panyajak katut karyana, malah mandar aya gambaran jengglengan sajak Sunda kakiwarian. Nyanggakeun.*** Kandaga Sajak 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di- brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. KANDAGA SAJAK Hal. 14 - 43 Urang & Urang Dede Syafrudin .............................. 14 Di Balé Kambang Dea Lugina .................................... 15 Di Lampu Mérah Éris Risnandar ................................ 16 Sajak Qona’ah Onnok Rahmawati .......................... 17 Kasarung Toni lesmana ................................... 18 Behind Blue Yosef M Ibrahim ............................. 20 Sindanglaya 1 Ibnu Hijar Apandi ........................... 24 Jagat Urang Nazarudin Azhar .............................. 26 Baluas Soni Farid Maulana ......................... 30 CARITA PONDOK Halteu Kadungora Usép Romli HM ................................ 10 Mangsa Panonpoé Haneut Moyan Yuli Sukmara ...................................... 44 Layung Langit Tety S Nataprawira ............................. 50 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Gedong Sate ...................................... 28 Nyusur Galur .................................... 42 Ha... Ha... Ha .................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Gogoda Ka Nu Ngarora (2) M.A. Salmun ............................................................. 8 Carita Sarebu Samalem (164) ............................................................. 46 ­Sekar­Manglé Desi Destiani Guntari 5 TAMU Melati Dari Jayagiri Iwan Abdulrachman Potret:Reisyan AYA samingguna motor bodong inpen- taris gawé kuring, ngabagug. Kakara ayeuna rék dipaké deui. Ku hésé hirup motor téh. Mun téa mah aya nu pirajeu- nan mangitungkeun, teu kurang ti lima belas kali nyelah, kakara siga rék nga- durudud... 44 Mangsa Panonpoé Haneut Moyan Jl.Pamekar Timur XV no.15 Panata Rias & Raksukan: ARGA PUSPA Jl. Melong Kaler I No. 2 Bandung Telp. 022 – 91600157 HP. 087821252077
  3. 3. Balsem D uka awahing ku geus lieur meureun, milih ngaranna ogé nepi ka asa teu puguh kitu. Bantuan langsung sementara masyarakat, cenah. Disarebutna BLSM. Tapi tuluy disina babari nyebutkeunana, jadi wéh Balsem. Ti dituna mah, dina réngkolna dina APBN, gedé nu ngaranna Balsem téh. Tapi lantaran dikéténgkeun, nu katarima ku jinisna mah ngan Rp 150 rébu séwang. Ari kituna mah atuda dijejewét ku puluhan juta jalma. Kudu ngantay ka kantor pos nyokotna gé. Salila opat bulan kituna téh. Naha ngan Rp 150 rébu séwang? Naha ngan opat bulaneun séwang? Mahi kana naon? Meureun kitu ahir-ahirna mah. Mémang moal bisa laluasa. Pangaji sakitu dina jaman ki- wari. Lamun kamari harega jéngkol waé geus nitih Rp 50 rébu sakilo, bisa kasawang bakal susah ngajejewétna. Ngaranna baé matak geunjleung, padahal moal jadi dangdanan. Pasti matak riweuh deuih. Matak meujeuh- na lamun aya kapala désa anu nolak narima Balsem. Alesanana sieun matak ribut baé, da geus kacipta pi- héséeunana milihan saha-sahana anu pantes narimana. Naha kituna téh lantaran nu mariskinna loba teuing? Ongkoh deui apan di Jakarta pisan aya anu narima Balsem tapi geulangna bae sagedé in- dung leungeun. Geus kitu biasana. Di urang mah lamun aya bantuan ti pamaréntah téh sok tuluy sumpang- simpang. Umumna mah nyimpangna téh ka kulawadet pamong désana sorangan. Ayeuna gé tangtu moal jauh ti kitu. Saha anu bakal negorna? Cenah para mentri ngahajakeun nyaksian dikieuna. Tapi nu dianjanganana gé ulukutek di Jakarta kénéh. Euweuh anu usrak-asruk ka kampung-kam- pung. Barina gé ulah dibiasakeun kitu peta téh. Utak-eutik turun ke lapa- ngan, utak eutik melakukan peninjau- an. Ukur sakali-kalina téh bari jeung diabring-abring ku juruwarta da hayang diberitakeun. Ti baheula ngan kitu jeung kitu baé. Nu matak meujeuhna lamun euweuh hasilna ogé. Ayeuna gé, sanajan mani siga anu enya dipiki- ran mulan-malén, dina geletuk batuna mah angger wé kitu deui kitu deui. Padahal kuduna, sajeroning mikir téh heug dikeureuyeuh. Cing yeuh nu ngalanggur téh disina baroga gawé. Cing yeuh nu sok ngaramén di parapatan téh diampi- han sina ngaménna di kafé. Komo nu baramaén mah tong diarantep. Ayeuna Kota Bandung bakal boga wali kota anyar. Tinggal nung- guan ditéken hasilna ku KPU. Ka- hayang téh cing dimimitian tina ngurus nu laleutik heula. Nu disebut laleutik téh lain hartina teu penting, malah penting kacida. Ngan entong loba teuing pupulitikan. Langsung wé prak. Jalan oméan, solokan di- jeroan. Nu baramaén tong diantep abring-abringan di unggal parapa- tan. Umumna pamingpin di urang sok ngaheulakeun loba ngomong. Ulah kitu ayeuna mah nawaétuna. Ngomong mah saperluna baé. Nu kudu digawé enyaan ayeuna mah kudu ti handap heula. Biasana urang sok nungguan dicontoan ku anu di luhur. Moal bisa ayeuna mah. Kudu sabalikna. Nu nyontoan gawé bener téh nu di harandap. Babakuna wali kota jeung bupati anu bisa langsung mindeng tepung jeung rayat. Malah sakuduna ulah loba teuing rapat boh jeung gubernur boh jeung mentri. Komo jeung presidén mah. Cing cobaan, sina presidén jeung para mentri anu diajar ka para wali kota jeung bupati. Kahayang téh Wali Kota Bandung nu anyar bakal bisa kitu. Kota Ban- dung téh urus sing bener. Ulah di- antep sina sakama-kama. Apan kacontoan ku anu enggeus-enggeus, anu milu ngalalakon téh kalah anu lain-lain. Antukna kapentingan rayat loba anu dimomorékeun. Ayeuna geus kabuktian cara-cara kitu téh teu matak salamet. Jajauheun kana matak maslahat. Malah kalah matak cilaka. Cing niatan ti ayeuna, hirup di Kota Bandung mah matak genah. Warga kotana hirupna senang. Di jalan teu macét. Euweuh kebul, eu- weuh logak. Mun hujan tara banjir. Runtah tara diantep sina bau ka mana-mendi. Piraku teu matak reueus ka wali kotana lamun kalawan tandes disebutkeun yén warga Kota Bandung mah taya saurang gé anu pantes narima Balsem. AM Manglé 2432 3
  4. 4. 4 Manglé 2432 Perhatian Guper- nur Jabar ka GK Rumentang Siang Diantos harepan para mitra kanggo pancen H. Ahmad Heryawan sareng Dedi Mizwar dina nanjeurkeun pangwangu- nan tatar Sunda Jawa Barat, hususna dina nga- mumule basa Sunda. Di handap ieu, kapidan- gkeun deui terasan edisi kamari ngeunaan komen- tar ti para mitra Facebook Majalah Sunda Mangle, kalawan dimuat saujrat- na. 1. Saurken k pa ahmad cing pangbebenahken ternak sapi na pks di daerah cibodas, limbahna ngotoran cai walungan ayena jd bau. (Dans Bejad) 2. Dedi mizwar na oge teu tiasaeun basa sunda, kumaha bade n g a m u m u l e n a . (Daishz Cecep) 3. Punten ,,,,badé tuma- ros sun,naha leres basa sunda dihapus tina kurikulum sakola? maklum wé simkuring mah bodo,,, (Migo Raspati) 4. Upami hoyong ngamu- mule bahasa sunda,kedahna tokoh- na ti tatar sunda kang,bade ngamumule kmh,bahasa sunda ge teu uningaeun. (Al Avalon's) 5. Emang dedi bisaeun basa sunda? Asa moal... (Bagja Mulyana) 6. Urang Jakarta anu asal jawa sareng Batawi ngahaja ngobrol ku Basa Sunda ka sim- kuring. Saurna teh resep cenah diajar basa sunda anu ti Ban- dung, panginten basa Sunda simkuring sapertos Basa Sunda warga Bandung anu waktos harita mung aya dina acara tipi sareng radio wungkul ditambih di padesaan sareng pasantren. (Agung Nugraha Sahayana) 7. Kanggo akang mah aya pamundut teh nyaeta supados jalan2 anu salami ieu rareksak, sing enggal didangdo- san, komo pami anu kalebet jalan provinsi mah, pan asa kacida awon katinggalna, contona jalan saatos jalan bypass ci- calengka, meni kacida reksakna teh, seueur liang di tengah jalan anu matak nyilaka- keun anu nga- langkung. (Jaja Wijanarko) 8. 5 taun kpengker, pa Aher teh tos naon hungkul dina nga- mumule budaya urang teh? GK rumentang sing ge estu teu katoel- toel acan? (Gontom Kifli) BBM jeung Pama- jikan Sampurasun! Dara- mang Ais Pangampih Mangle? Nuhun atuh pami daramang mah. Wilujeng nya ka Nyi Mangle nu teras ngabuktoskeun ngamu- mulena kana Basa Sunda. Simkuring mah reueus ka Mangle teh. Kamari-kamari ieu geunjleung ku urusan BBM (Bahan Bakar Minyak). Aya nu demo sanajan ahirna mah teu walakaya, aya oge nu hayang untung sorangan, saperti nimbun premium jeung sabangsana. Tah Nyi Mangle, harita mah ku simkuring dihaminan, meureun geus pantes geus kuduna BBM teh naek. Ah pasrah we. Naha ari balik ka imah, pamajikan ngadatna kabina-bina, pedah dibere duit keur dapur ukur 30 rebu. Basana, ti poe isuk ulah hayang dahar dua kali, wayahna kudu sakali. Jajan budak oge kudu pangnyaramkeun, poles beungeut saperti seuseu- ngit jeung pakean keur lebaran boa-boa moal kabeuli... jeung sabangsa- na. Pamajikan ngobrol semu ngarahuh, sim- kuring ngahuleng jentul. Singhoreng naekna BBM karasa pisan harita mah. Nepi ka rek masak emih wae, harita mah euweuh cengek-cengek acan. Basana ayeuna mah teu kabeuli. Beu! Simkuring olohok bari indit, susuga- nan aya pirejekieun deui. Wayahna kudu neangan sampingan keur bekel barudak jajan, keur meuli cengek, bawang. Keur bae ari urusan deungeunna nu alus kawas daging hayam, sapi mah. Eta mah urang dagoan wae lamun usum kurban. Terus terang simkuring harita mah nalangsa kabina-bina. Nyi Mangle, hampura nya, nulis nu kararieu. Ieu mah estuning pangala- man nu haneut keneh, basa kakara saumur hirup indungna budak rumahuh dina urusan bekel sapopoe. Hampura nya.... mah. Sakitu wae. Wass. Hendriyana Majalaya Kabupaten Bandung BEWARA ABOT DIDODORONG ISIN DIPAKSAKEUN Assalamu’alaikum Wr. Wb. Mugi sadayana kulawargi Manglé, para pa- maos, para agén, langganan, neda maphum sareng janten uninga, saréhna, ti awit pamedalan Manglé no. 2432, 4 Juli 2013, pangaos Manglé undak jadi Rp. 12.500,- (Dua belas rebu lima ratus rupia). Neda hapunten sareng mugi teu jadi matak megatkeun silaturahmi. Wassalamu’alaikum Wr. Wb. Bandung, 13 Juni 2013 Direksi, Drs. H. Oedjang Daradjatoen M.
  5. 5. Manglé 2432 5
  6. 6. 6 Manglé 2432
  7. 7. Manglé 2432 7
  8. 8. Manglé 24328 K u lantaran Ujang Kusén boga pikir kitu, ka Nyi Piah ogé jadi paler; panas-peurih ku Aom Usman jadi lémpés kari pas- rah ka Yang Agung, inget kana omongan kolot: “Wong becik ketitik, wong ala ke- tara!” ongkoh cék para bujangga ogé: “Sagala rupa anu tumiba ka urang, éta téh hasil pagawéan urang pri- badi, boh nu karasa, boh nu henteu.” Ku lantaran sagala rupa disangga ku pasrah sadrah, ditampanan ku katumarima- an, dideudeul ku sabar tawekal, atuh ayana di naraka-dunya ogé teu matak bejad batin, tetep éling walagri baé. Ku kituna mah manéhna teu kabawakeun kasar tur biadab ku paranté- an anu mémangna boga bakat jahat. Waktu kajadian ieu carita, Ujang Kusén jejeg pisan 18 bulan ngajalankeunana hukuman téh. Ku lantaran bageur jeung pamuluna pikarese- peun teu aya rindat jahat, mandor jeung anu ngajaraga téh ka éta mah jiga mahal iteuk, da ari nu séjén mah sabulan sakali beunang di- pastikeun “ngasaan” iteuk mandor ngajebrod kana tonggong atawa birit; komo éta mah mandor Hatebessy, royal pisan ngabagikeun rangkét téh, sakalieun aya parantéan nyusut tuluy ngéprétkeun késang ogé, weu iteuk hoé sagedé pigeulangan leungeun orok téh gancang pisan ngababukna. Paranté- an anu kagiliran digarawé dibawah paréntah Hatebessy, mani kawas embé dipaké eupan dina garogol maung baé, réa nu kokoplokan birit téh lain sisiwo. Bareng jeung cara embé sieun ku maung téa, méh kabéh parantéan pada ngéwa ka manéhna, ijid ku gangas-bengisna, komo Si Gomar mah, duméh pangseubeuhna ngasaan hoé Hatebessy. Hukuman jaman jajahan, telengesna kejem kaliwat saking, saleuheung dihukum gantung, maot pada harita, tapi ari hukum ranté mah duh ampun, saimbangna jeung naraka, siksaan lahir jeung batin. Ari Si Gomar téh parantéan nu dihukum saumur hirup, malah mun ponésna teu dirobah mah, baréto kénéh gé geus di- gantung, duméh dosana po- hara gedéna, ngabongkar, ngarampog jeung ngaleupas- leupaskeun nyawa batur. Éta gé, upama nagara dina taun- taun éta keur teu butuh ku tanaga kerjapaksa mah, moal boa Si Gomar téh ngagula- wing dina tinggarmanuk. Parantéan anu dosana cara Si Gomar, dibéré pagawéanana ogé anu pang- beurat-beuratna, sasatna mah dihaja dititah paéh. Anu hampang dosana, hampang deui hukumanana. Saham- pang-hampangna gawé parantéan dina kerjapaksa. Harita Si Gomar kagili- ran manggulan beusi, mani pépéyékéhan bawaning beurateun, méh teu kabawaeun, mangkaning kudu ngaliwat ka hareupeun Hatebessy anu sajagi iteuk hoéna. Ari nangtungna man- dor téh kabeneran deukeut Ujang Kusén anu pagawéan- ana ngan ukur mantuan nu keur némbok, Ki Arsali, urang Parungkujang nu jadi parantéan lantaran dipitenahkeun ku batur salemburna, magar maling munding nagara. Rada anggang ti Hatebessy, di tempat rada luhur sarupa gili, aya ser- dadu, sayagi bedilna geus dibayonetan, bedil kabaheulaan anu panjang kucubungna téa, dieusianana hiji-hiji, sajedér sakali, pedangna mani ngongkled, tina cangkeng mapay ping- ping, dina sabuk reuteum pa- trom, ari pasemon sasopak baé jeung Hatebessy, bere- ngos bangun gangas, bengis kuraweud haseum bangun cadu seuri. Ari mata, alah- batan heulang hingkik ngin- tip mamangsaan, parantéan nu deukeut nu jauh digawé- na sigana téh ku éta mah kadeuleu kabéh. Si Gomar anu pépéyékéhan beurateun manggul beusi, pohara di- awaskeunana ku mandor, duka kumaha, da antara Si Gomar jeung Hatebessy téh kawas enyaan pisan silih pikangéwana. Harita gé, kawasna mandor téh pohara teu panujueunana ka nu pépéyékéhan téh, saperkara geus ngéwa titadina, kadua- na samarukna ngaheureuy- keun, ngan gantawang baé nyarékan anu pohara { 2 } Ku M.A. Salmun
  9. 9. Manglé 2432 9 nistana. Nu dicarekan ngarérét bari mendelik, da ngalawan mah teu untupeun meunang, lain teu wani. Nu didedelekan pudigdig ambek, sirinting nyampeur- keun, jebrod hoéna ninggang tonggong bari sungutna nga- hoak. Nu digebug nya beurat, nya kagét, nya nyeri, teu di- haja ngagurubug bari malik nepi ka beusi nu dipanggulna ngababuk beungeut Hatebessy tuluy kalésotan, gubrag ninggang hulu tuur mandor teu aya dayana. Si Gomar nékad, kerewek hoé direbut, jebod dipaké nga- gebug beungeut Hatebessy nepi ka remuk cukang irungna, sot hoé ceg kana beusi bangbaluh ranté, karepna mah sirah Hatebessy arék dipékprék, tapi teu kanyahoan deui Si Gomar dirontok ku Ujang Kusén jeung Asrali, dicareke- lan ku duaan. Kituna téh lain nyaah atawa niat mang- meunangkeun Hatebessy, tapi kawas tandang sawajar- na baé, cara urang nénjo nu titeuleum sok hayang ngoja- yan atawa nénjo nu ka- paéhan sok hayang ngagotong. Geuning upama urang nénjo nu cilaka atawa diancam bahaya, sok tara inget saha téa bangsa naon, agama naon, tapi nu katénjo téh aya nu cilaka atawa di- ancam bahaya, kudu ditulu- ngan! Ujang Kusén jeung Arsali ogé kitu. Jaba ti éta geus lumbrah tur ilahar, lamun urang nénjo nu gelut sok hayang nyapih, sanajan urang ka nu gelut téh teu wawuh-wawuh acan. Si Gomar direjeng ku duaan téh adug-adugan, mangkaning jelema boga kabisa, Ujang Kusén jeung Arsali téh “dijeblagkeun mani nangkarak bengkang, sérépét Si Gomar nyabut pedang Hatebessy nu nga- joprak teu éling-éling, hadéna Ujang Kusén rikat, ranté suku Si Gomar ditarik nepi ka labuh, pedang lésot; barang rék dirontok, pérahna ditoker ku Arsali, sabot kitu dor sora bedil, gero Si Gomar ngadengek bari nangkeup sirah, bru nyuuh, ngaleupas- keun nyawa, wawales kana dosa, nya harita tumibana, paéh ngagojod henteu lésot tina ranté, nambru dina taneuh teu béda ti anjing leu- pas paéh dibedil, bisi nga- galaksak. Puguh baé harita téh geunjleung. Parantéan nu séjén tadina arék ngaronom ka Hatebessy, karep mulang- keun kanyeri, tapi serdadu nu ngabedil Si Gomar tadi sadia ngeusian deui bedilna, rék ngabedil nu maju. Ujang Kusén nangtung, lengeunna pakupis méré isa- rah bari gegeroan: “Mundur! Mundur! Awas bedil! Awas bedil!” Nu rék ngaronom ngarandeg, komo barang ti unggal juru ngadéngé sora locéng mah, dititirkeun ku mandor-mandor rombongan lian, tanghara aya nu nga- muk. Mandor-mandor jeung serdadu-serdadu batur nu ngabedil tadi geus sadia taki- taki bisi parantéan tuluy ngambregna. Hadéna kawasna kaburu aringet, yén masih ngaramuk ogé ngan nambah-nambah bae beurat- na hukuman, jaba jeung teu mustahil dibedil cara Si Gomar mah. Sanajan bari kukulutus, teu weleh nurut kana isarah jeung pang- halang Ujang Kusén, maranéhna mundur, baralik deui saurut-urutna. Sabot serdadu-serdadu jeung mandor-mandor sa- jaga kénéh pasang-pasang jeung caringcing, burudul serdadu ti tangsi anu rék mantuan, samakta sapakarangna, malah para gegedén ogé daratang, aya nu tumpak kuda, aya nu nyoréndang bedil aya nu mésakan péstol baé. Sakaut, (mun ayeuna mah Komisaris Pulisi) geus cuh-cih maréntah ningker wewengkon tempat digarawé parantéan, tuluy jeung sipir katut para gegeden marika mayit Si Gomar jeung ngahudangkeun Hatebessy anu humaregung bari nyabakan irungna anu bubuk. Sanggeus ngayakeun papariksaan saheulaanan saperluna sarta dicatet ku komisi, pikeun sapoé éta mah parantéan téh di- garawéna ngan nepi ka harita baé, terus digiring baralik ka bui dibariskeun opatan-opatan, kénca- katuhu diobéng ku serdadu jeung pulisi, nu samagreng pakarangna. Cenah ngajaga kaamanan. Ari sipir, enya jelemana mah keras, pageuh nyekel aturan bui, tapi bakatna adil, keras sotéh ngan bawaning ku gugon kana aturan baé, da rasa kaadilanana mah pantes dipuji. Ti barang nyahoeun ti serdadu jeung ti mandor- mandor, yén Ujang Kusén jeung Arsali, tandang nyegah ngamukna Si Gomar jeung ngahalangan ngambregna nu lian, budi jeung polahna ka éta dua parantéan ogé aya matak ngeunahna. Nu duaan téh ku sipir sadatang-datang ti palabuhan, dipisahkeun ti parantéan nu lian. Saperkara minangka ngaganjar ka jalma boga jasa, ka duana ngajaga bisi parantéan nu lian aya nu ngunek-ngunek tuluy ngarah, duméh asa di- halang-halang pamulang kanyeri. (hanca)
  10. 10. 10 Manglé 2432 A weuhan degung ngungkung. Mirig lagu “Salam Tepang”. Ngabagéakeun para wisu- dawan wisudawati katut para tamu, nu nungtutan daratang ka aula Sabuga. Jajap anak asuh tiluan, nu poé éta rék diistrenan jadi sarjana. Nu saurang adminis- trasi niaga. Saurang deui ték- nologi komputér. Saurang deui manajemén. Diutang- itung, nu tiluan ieu téh, nu kadua puluh genep ti mimiti ngurus jeung nyakolakeun barudak pahatu lalis, taun 1994. Nu pangheulana, masih kapiadi, keur kelas dua SMP, ditinggal maot ku bapana. Disambat nepi ka tamat SMA. Ari pék meunang pang- gilan ti IPB, jalur PMDK. Budakna sumanget hayangeun neruskeun. Lebar. Teu kudu milu tésting anu loba itu-ieu tur can puguh lulus. “Asal daék saayana. Asal jucung. Ulah pegat di satengahing jalan,“ budak di- wawadian. Unggeuk. Ongkoh tuman hirup prihatin. Opat taun kuliah, bisa bérés. Geus diistrénan jadi sarjana kahutanan, biur ka Kaliman- tan. Digawé di hiji pausahaan Hak Pengelolaan Hutan, nu geus nyangcang ku béasiswa ti keur seméster genep kénéh. Taun hareupna, ditutur- keun ku “adina”. Anak asuh nu sarua di IPB. Ngan béda jurusan . Ti pertanian ieu mah. Sarua deuih langsung digawé. Di Riau, di pausaha- an multinasional, nu geus nyangcang ku béasiswa ti béh ditu kénéh. Geus aya anak asuh mandiri, tur boga pangasilan rada mucekil, gedé haté nyakola nyakolakeun baru- dak du’afa nu daratang ménta diurus. Saeutikna, siap modal keur asup. Ka dituna mah, bekel saaya-aya rejeki baru- dak ngaliwatan sodaqoh infaq ti para dermawan. Ayeuna tiluan, nu kadua puluh genep, lulus paguron luhur. Insya Alloh, bakal gan- cang mareunang gawé da widang kasarjanaanana ka- asup nu réa diperlukeun. Insya Alloh, bakal bisa nagro- jong “adi-adina” nu séjén, sakumaha maranéhna di- rojong ku “lanceuk- lanceukna” papada anak asuh nu ngalaman nyeri-peurih hirup pahatu lalis, lieuk eu- weuh ragap taya, iwal ti kanyaah jalma nu haat ngu- rus jeung ngajeujeuhkeun sapopoé pikeun nyorang harepan pikahareupeun. Antayan di tempat narima tamu, lumayan pan- jang. Malah pagegelek. Baru- dak nu rék diwisuda mah geus arindit kana barisanana masing-masing. Saléngkah-saléngkah, an- tayan maju. Kahalangan ku saurang, di hareupeun aya awéwé umur 60-an. Gemeyek. Sabot ngalieuk ka tukang, karérét beungeutna. Najan geus rada karijut, asa teu kapalingan. Kacamata nu dipakéna, ujug-ujug ngoléabkeun ingetan ka mangsa opat puluh taun ka tukang. Ka Daniati. Kacamata nu ngabogaan daya tarik husus pikeun lalaki nu patepung teuteup jeung manéhna. Pangangguran nyebut ngaranna lalaunan sabot manéhna tungkul ngeusian daptar hadir. Gancang ngalieuk. Nelek-nelek. “Iyus nya?” manéhna rumegog nanya. “Muhun. Émut kénéh geuning?” ngajawab dibarung nyéréngéh. “Piraku poho….” manéhna nyikikik laun. Meg kana angen ngadéngé eta kalimah. Kawilang mindeng diucapkeun ku manéhna baréto. Cutatan tina sajak “Setatsion Kadungora, bulan Méi”. Ngan baréto mah bari nyegruk. Bari paheneng- heneng. Bari sasalaman pinuh geter perasaan. Terus pisah lalaunan. Sababaraha kali dina surat, kalimah “piraku poho” sok jadi bungbu catur ti ka- jauhan. Matak nambahan nineung jeung nalangsa. Wawuh ukur opat bulan. Bet kudu pegat sapisan. Geus bérés nanda daptar hadir, teu gancang asup. Néangan pangdiukan di émpér aula. Sili tanya kaayaan. “Jajap Si Bungsu wisuda. Panungtungan manawi. Lanceuk-lanceukna nu tilu, tos bérés sababaraha taun kapengker. Iyus jajap wisuda deuih?” manéhna gorocok. Kawas baréto. “Muhun. Tiluan. Nu kaduapuluh opat, kadua- puluhlima sareng kaduapu- luh genep.” “Ah, piraku?” manéhna ngaranjug, “Putra pituin?” “Barudak asuh. Pun anak pituin mah, panungtungan diwisuda taun 2006. Tos masihan incu tilu.” Uplek ngawangkong ka ditu-ka dieu. Persis opat puluh taun ka tukang. Tara ngaleunjeur. Naon baé nu inget, dicaritakeun. Kaayaan pribadina gé ukur saliwat wé. Carpon Usép Romli HM
  11. 11. Manglé 2432 11 Cenah, salakina maot genep taun ka tukang. Cenah, manéhna karék pangsiun sa- taun ka tukang. “Iyus mah da teu teras jadi guru, nya? Kaluar ti PNS ogé nya?” manéhna neuteup seukeut. Persis opat puluh taun ka tukang. Kaciri ayeuna mah, kacamatana minus. Rada kandel. Teu cara baréto, kacamata fantasi nu namba- han sari. “Pan saprak dikantun ku Nia, teras ngacapruk….Cul baé jadi guru, jadi PNS mah,” némbalan ku sora peura. Rada kaselek ku panineu- ngan lawas. “Kawas heulang kapakan, nu kadungsang-dungsang….” deui-deui manéhna nyutat kalimah tina salah sahiji sajak nu kungsi ditulis basa nyang- hareupan poé-poé panung- tungan rék mungkas lalakon. Diteuteup. Manéhna malik neuteup. Tapi gancang nyalénggorkeun ku per- tanyaan, “Maé gé lapur nya?” “Lapur….” sora ngeleper, “Kawas Nia wé, lapur!” Ngong pengumuman ti panitia. Nitah para tamu ondangan asup ka rohangan tempat wisuda. Acara rék dimimitian, jeung panto arék ditutup. “Mangga tuh, Yus…” manéhna cengkat, “Korsi nomer sabaraha?” Kartu ondangan diilikan. “K-36. Nia?” “H-40. Yu atuh, keun sugan aya nu kersaeun tukeur tempat. Ambéh urang ngaréndéng..” manéhna miheulaan ngaléngkah. Per- sis opat puluh taun ka tukang. Ngan pédah béda gégag. Ayeuna mah rada kendor. Bubuhan ngalintu- han jeung ngolotan. Teu lincah cara keur umur dua puluhan. Laksana bisa diuk ngaréndéng. Aya nu daékeun pindah tilu jajar ka hareup jeung ka nu daékeun ngised ka gigir. “Kadé ieu sanés halteu Kadungora….” manéhna semu nyikikik. “Ih, mani émut kénéh….” dicoba dicelok. “Saha nu hilap. Moal bisa hilap ka dinya mah……” sora- na semu katahan. Kusiwel kana tasna. Ngaluarkeun notes. Terus nulis diselang ku hulang-huleng. Hymne universitas keur di- haleuangkeun ku grup ram- pak sekar mahasiswa. Dipirig sora piano padu manis jeung biola. Bet mangpéngkeun panineungan ka mangsa opat puluh taun ka tukang. Harita Nia jeung papada baturna guru-guru ngora, nga- haleuangkeun lagu “Syukur” dina acara milangkala PGRI. Taun 1975 harita téh. Keur ceuyah pangang- katan guru Inprés. Barudak lulusan SPG nu ngalanggur mangtaun-taun, kabéh dibisluitan. Ngan réa nu dipeclengkeun ka nu jauh. Ti Bandung réréana mah, di- sebar ka Garut, Cianjur, Suk- abumi. Malah ka Sérang, ka Pandéglang sagala rupa. Untung kénéh Nia sabatur-batur ditugaskeun ka Kadungora. Di kotana deuih. Aya opat welas urang. Keur meujeuhna mojang jekékan. Dina rampak sekar, réa guru Inpres angkatan anyar nu kasebut geulis. Malah ceuk Pa Jamhur, guru senior, taya saurang ogé nu goréng, boh rupa boh tangtungan. “Hanjakal urang gancang teuing lahir….” pokna heureuy. “Heueuh, urang gé han- jakal waka kawin…..” Pa Tohir némpas. Panonna teu lésot-lésot nencrong ka pang- gung. “Tuh nu katilu ti katuhu, pangméncrangna. Mun urang bubujangan kénéh, dikubet. ” Téténjoan Pa Tohir teu salah. Mémang éta pangméncrangna. Deukeut- deukeut ka Yattie Octavia. Tapi nu pinuh daya tarik mah, itu tuh nu kaopat ti katuhu. Kacamata fantasi nu dipakéna, pas pisan kana keureutan beungeutna. Nu matak, barang taru- run tina panggung, gancang muru nu dikacamata wé. Gedé haté pédah bubujangan kénéh. Najan geus boga papacangan ogé, Maé, nu keur kuliah di IKIP. “Saé soantenna,“ kitu mimiti muka lawang wawanohan ka “Si Kaca- mata”. “Ah, saur saha…… Kadangu kitu? Pan rampak sekar. Sora seueuran. Sanés anggana sekar,” témbalna bari ngalaan kacamata. Dielap ku parantina. Rap deui. Wawuh wéh ka Daniati téh. Sok pada nyebut Bu Ati. Ngajar di SDN I. “Raos nya ujug-ujug di tengah kota,” rada digonjak. Da boga dulur, lulusan SPG Garut taun 1972, meunang tugas di Bayah, pakidulan Banten. Untung lalaki. Tapi da nu awéwé gé, di Garut mah paling deukeut ditugas- keun di Ciséwu atawa Caringin. Leuheung ari urang Bungbulang mah, salelewek kénéh. Ieu mah barudak awéwé urang Limbangan. Ti pakaléran dipernahkeun di tungtung pakidulan. Loba nu ceurik. Runghak-renghik hayang dipindahkeun ka sakola di lemburna nu deukeut ti imah. “Alhamdulillah,” témbal Bu Ati, ”Pa Iyus di mana?” “Tebih di Cisaat. “ Ti saprak wawanohan, méh unggal poé, gok deui- gok deui, lantaran aya ka- giatan olah raga jeung kasenian, nu ngalibetkeun guru katut murid. Atuh beuki omhang wé. Mindeng dahar bareng, pédah kabeneran atawa ngahaja diajak, di warung nu nyayagikeun pais jeung goréng lauk atawa hayam, lalab sambel sapuratina. Tempatna lalua- sa, boh dina korsi méja makan, boh ngampar sila. Deukeut setatsion karétaapi Kadungora. Sakali waktu, tas dahar, manéhna ngajak ningalian kaayaan statsion. Wangunan heubeul. Buatan jaman Walanda. Teuing taun sabaraha. Ngan geus kasebut- sebut ku Muhammad Ambri, dina buku “Numbuk di Sué” nu medal taun 1932. “Raos mun calik di ditu…” manéhna nunjuk kana bangku jati di buruan péron, deukeut tempat kaluar asup panumpang . Kaayaan stat- sion sepi. Da langka aya karétapi eureun. Ukur pangli- watan wungkul. Nu matuh eureun, karéta api “Jim Wést” jurusan Cibatu-Purwa- karta, nu indit ti Cibatu nyubuh. Eureun di statsion Kadungora, pukul satengah genep. Engké balikna ti Purwakarta, eureun di Kadungora, pukul genep magrib. “Ati mah resep da kana karéta api….” pokna barang geus gék diuk. Ngaréndéng. Nyanghareup ka jajaran erél. Di béh dituna ngaplak pasa- wahan nepi ka wates suku gu- nung Kalédong jeung Haruman. “Euh, kutan Nia resep kana karéta api?” lahlahan nyebut ngaran Nia, nénéhna tina Daniati. “Nia?” manéhna neuteup semu héran. “Muhun Nia. Bu Ati mah saur batur. Saur Iyus mah Nia.” “Mangga atuh ari kapalay Pa Iyus kitu mah,” manéhna imut. Beungeutna rada nyiak. Ngawangkong aya kana dua jamna. Kapegat ku adan lohor. Jeung inget kana kawajiban ngurus barudak murid nu keur milu tandang makalangan, dipingpin ku guru séjén. “Énjing hoyong calik deui di dieu,” cék manéhna, semu kalékéd rék cengkat téh. ”Resep nyawang pasawahan makplak. Angin ngahiliwir… .” “Iyus gé hoyong. Urang sareng deui wé atuh énjing calik di dieu…” nyobaan ngo- cal-ngocal. “Mangga, kersa mah….” panonna satukangeun kaca- mata, ngagurilap. Boa némbongkeun kabungah. Isukna, wayah kitu, da- riuk deui dina urut kamari. Tacan bener ngajar jeung di- ajar da masih kénéh dipaké kagiatan. Jadi nyalsé pisan.
  12. 12. 12 Manglé 2432 Ngobrol beuki nyosok jero. Ka ditu-ka dieu. Kana sagala rupa perkara. Kaasup kana soal pribadi. Kana uru- san cinta. Lebah dinya, manéhna rada ngaheruk. Ngarasa teu léah dipapacangankeun ku kolotna ka barayana kénéh. “Lulus ti SPG taun 1971, Ati nganggur . Teu aya pengangkatan guru. Aya dulur ti pihak pun biang, tos déwasa, tos gaduh damel, bubujangan kénéh. Nya Nia dirérémokeun ka dinya. Papacangan heula. Tukeur cingcin. Rencana nikah sasih sasih ieu. Ari pék Nia kénging tugas ka dieu. Janten teu cios heula. Duka sasih-sasih payun…..” “Nuhun wé tos téréh geu- ning. Iyus mah duka iraha da nu diantosan kuliah kénéh. Pameng nembé tingkat tilu. Hoyong hatam dugi ka sar- jana saurna,” némbalan ngabérag-bérag manéh. Ngarumasakeun haté ujug- ujug maskét ka Nia. Kari-kari kitu geuning. Turug-turug Maé amleng kénéh. Asa boga alesan keur néangan pang- lumpatan. “Iyus onaman ngantosan gé bari dihias ku cinta. Ari Nia?” manéhna malik neu- teup. Kacamatana burem. Aya cipanon ngeyembeng. “Hanjakal Iyus kapayu- nan…..” asa meunang jalan keur ngedalkeun angen- angen. “Nia gé hanjakal….tos aya nu meungkeut….” manéhna ngasongkeun ramo kénca. Némbongkeun jarijina geus dibeulitan ali meneng. Sirah- na ngulahék kana taktak. Buukna diusapan. Beungeut- na didangheuakkeun. Kaca- matana dilaaan. Cipanonna diusapan ku saputangan. Tapi Nia ngadon sumegruk. “Iyus, kedah kumaha Nia? Kedah kumaha ieu perasaan Nia ka Iyus?” manéhna eueuriheun. “Sami Iyus gé kedah kumaha?” haté beukah ku kabungah. Geuning teu nogéncang. Peutingna gulinggasahan teu daék saré. Ngagutrut nulis sajak sababaraha judul. Teu dikonsép heula. Lang- sung didurugdug dina mesin tik. Sora keprok di aula, mapag wisudawan-wisuda- wati nu diistrénan, megatkeun lamunan. Ongkoh Nia noél. Mebeskeun lipetan kertas kana dampal leu- ngeun. “Aos engké di luar, nya… .” manéhna ngaharéwos. Nompo pisan. Persis opat puluh taun ka tukang dina bangku péron statsion Kadungora. Ngan teu luas neruskeun, kawas baréto ngaléndot téh tuluy digalé- moh. Diselang ku sili teuteup ti kadeukeutan bari sili haré- woskeun ngaran. Paingan cék Albérto Moravia, bujangga Italia abad 20 nu kamashur. Wanoja téh sumber énérji jeung imaji pangarang. Dina novel “Ci- ciara” (1957), nu hartina “Dua Wanoja”, ieu bujangga nu lahir taun 1907, wafat 1990 téh, ngaku, yén réa karya- karyana ngagolontor, sabada tepung lawung jeung para wanoja. Tepung lahir, tepung batin. Nu matak karya-karya Alberto Moravia mangaruhan gedé pisan ka para pangarang “pop-erotik” Indonésia taun 1960-an, kayaning Motinggo Busye, Asbari Nurpatria Krisna, Abdullah Harahap, jeung sajabana, saparakanca. Acara lekasan. Manéhna pamitan mulang ti heula, kadua budakna, dijajap ku supir. Sabot nungguan barudak tilu daratang, kertas ti Nia dibuka. Eusina, omat-omatan sangkan ngalongok statsion Kadungora. Jiga kumaha ayeuna, jeung kumaha ke- sanna. “Diantos laporanana via sajak atanapi carpon,” cenah. Tadi ogé mani hantem nyarita, pajahkeun, teu asa jauh jeung Iyus da sajak jeung carponna kabaca terus. Di dinya ogé aya cutatan sajak “Halteu Kadungora” nu kungsi dibaca babarengan ku duaan, dua tilu poé saméméh pajauh. Bari diuk pagégéyé dina bangku péron. Dipirig hiliwir angin jeung sora récét manuk di sawah jeung di palataran péron. Harita langit kaleungi- tan méga Harita galéjra kaleungi- tan pangeunteupan Katiga Angar Harita bulan jeung panonpoé Bencar dina sesemplékan haté. Méméh kalimah “harita bulan jeung panonpoé”, dise- lang ku piligenti nyebut ngaran. Bari sili teuteup. Sili bikeun kageugeut. Ditung- tungan ku rambisak nu ngaburemkeun kacamatana. Malah kalimah “piraku poho” ogé aya ditulis ku manéhna dina éta surat : “Ungkara ‘piraku poho’ teu weléh dikedalkeun ku Nia. Enya, basa urang kaluar ti statsion, ngalangkung ka kantor pos, bras ka jalan raya. Nia harita langsung mulang ka Bandung. Neraskeun jangji nu geus digurit dina ciri jariji. Hanjakal Iyus mah bet bolay ka Maé. Moro julang ngaleupaskeun peusing……” Ungkara ‘piraku poho’ nu dimaksud ku Nia, aya dina sajak “Setatsion Kadungora, Bulan Méi” : Warna-warna tulisan geus dipulaskeun Dina témbok setatsion Nu ropoh ku kakolotan Najan ngan ku rindat panon Rupa-rupa caritaan geus dibalakakeun Dina bangku setatision Piraku poho: sabot tungkul balem ngaheneng Méméh kedal angen- angen nu disidem Kuring sadar, tuluy nga- heneng Jariji anjeun dibeulitan ali meneng Piraku poho: bari ngaléos Nyimpang heula ka kan- tor pos Ngirimkeun surat kilat pikeun alamat Cinta urang nu teu kebat. Mawa kabungah, tilu anak asuh réngsé diwisuda, kari neruskeun léngkah per- juangan saterusna dina raraga ngoméan nasib jeung cita-cita. Bari mawa kasusah nedunan paménta Nia, kudu néang setatsion Kadungora. Hartina kudu néang tapak lacak baheula nu pinuh ku dosa jeung mamala. “Robbana la tujugh qulu- bana ba’da idhadaitana wahablana min ladunka rohmatan innaka antal wah- hab,” sajajalan haté nguni- keun du’a kapancegan. Ulah nepi ka galideur deui ku kalakuan nu enggeus- enggeus, lantaran ayeuna geus ajeg dina niat katut tuju- an nguatan kaimanan jeung amal soléh pikeun mupus dosa nu enggeus-enggeus. Dosa nu ceuk Albérto Moravia “tepung lahir, tepung batin” jeung para wanoja sumber kalinuhungan karya. Pamadegan nu tangtu papalingpang jeung anutan akidah katut kasadaran kana kaimanan jeung kaislaman. Lalakon jeung Nia, nu ba- heula, nu ayeuna, tutup lawang sigotaka sabada bérés wisuda anak asuh nu kadua puluh genep, nu diajangkeun keur jalan amal soléh katut taubatan nasuha. *** Catetan : Sajak “Setatsion Kadu- ngora, Bulan Méi” dimuat dina buku kumpulan sajak “Sabelas Taun” (1979). Saméméhna kungsi dimuat dina Majalah Manglé, tur kasinugrahan Hadiah Sastra Manglé taun 1976. Sajak “Halteu Kadu- ngora” dimuat dina buku kumpulan sajak “Nu Lunta Jauh” (1990), bagéan kahiji nu maké subjudul “Runtah- Runtah Jahiliyah”. Saméméhna kungsi dimuat dina SKM Giwangkara.
  13. 13. 14 Manglé 2432 Dede Syafrudin Urang & Urang I ngan na mata kuring anjeun kudu nengetan diri anjeun laju geura anjangan ieu jajantung lebah rohang-rohang peteng, ogé rohang-rohang cangra II ngan na mata anjeun kuring rék ngintip diri ngintip langit, béntang-béntang, bulan nu sapasi, nu purnama, ogé nu samagaha III urang lenyepan ieu keteg jajantung dina wirahma simpé, ah geura sieuhkeun sora-sora haliwu anu silung Solat Subuh I Nitip dikir dina reumis Solawat Rosul mucuk ibun Srangéngé monténg langit, Gusti Sora saabrulan manuk Nadoman Asma Salira II Saampar sajadah Ngembat temen karumasa Léngkah horéng remen ngénca Biheung teuing bisa lempeng Mun teu diasongan pamuntangan: Ahad
  14. 14. Manglé 2432 15 Dea Lugina Di Balé Kambang Ungkara nu datang Hujan di balé kambang Dangdaunan ngarangrangan Sora rincik dipetik deui Sabot hujan nuliskeun girimis Sajak-sajak reumbay citangis Kalangkang kalarung Nu dipedar langit alum Sajak-sajak beurat ku usum Luhureun talaga reueuk Antara hujan katineung Jeung angin kakeueung Sagagang kembang taraté Soré masinikeun simpé Sabot hujan malidkeun haté 2012
  15. 15. Éris Risnandar Di Lampu Mérah seuri atuh sia téh da lain embé (tulisan stiker dina hélm kabaca sarérétan di lampu mérah) belenyéh seuri konéng rét ka sisi ka gigir mobil motor tingbelenyeng 2013 Ngahérang ngahérang neuteup lalangit bruh-bréh gambar idup tuang seuri nambul kalangkang sorangan 2013 16 Manglé 2432
  16. 16. Manglé 2411 17 Onnok Rahmawati SAJAK QONA’AH (Keur si cikal) Asa teu kungsi kabandungan hidep ngedalkeun hayang jadi dokter, insinyur, persidén atawa jéndral. Tapi rurunguan indung sadia, basa hidep norolang gunem catur rupa-rupa élmu hirup. Asa teu kungsi apal, hidep boga katiasa nu nyongcolang. Panon indung ukur nyerangkeun nu ngadekul hareupeun léptop bari remen geregeteun mun eucreugna maro jeung ngulinkeun stik gim. Ayeuna rék kumaha? Bada hidep run- tag di antara réwuan calon bintara, bingbang dina barisan bakal perwira? Nyebut teu katoong jadi guru. Boboléh teu kabita ngalap hukum. Hayang jadi naon atuh? Reugreug batin sotén manggih rupa hidep lain roman anu ngangluh. Sukur. Najan Rama hidep jadi gering balas sagala dirasa. Keun baé tong dibibisani da éta téh nyaahna. Kiwari hidep ngacung menta bongbolongan indung. Baruk hayang sakola bari usaha? Teu aya nu neuleu gigir. Jempol ge réa nu notog. Haté indung reueus-peureus. Tapi keun baé kajeun. Pan panto gé dijieun eujeung sosina. Mun kamer meureun jeung angin-anginna. Haté nu ayem ditingtriman ku tumarima. Jelema hirup digondeng hurip qadarna. Tanjeurkeun sapanceg gunung uhud. Ngan indung gedé mihapé. Peupeujeuh, hirup mah teu kudu hayang ngajadi sirah, mangka balai rieut. Tong ngimpi wentar ngaran tinangtu gedé pajegna. Nam geura luméngkah teuneung ludeug najan tan aranan. Laa- haola walaa quwwata illaa billaah. Sing waluya cita-cita. Pareng hasil tinekanan jucung apanjang-apun- jung.*** Ciamis, 5 Mei 2013 JATNIKA NU SAESTUNA Kang. Bernard Shaw cenah. Saha? Duka teuing. Béjana mah tukang nulis nu kantos miskin. Teu aral mideudeuh leukeun. Ngabuah darajat. Pabukon ageung lengekp rohang pamér lukisan di Tralagfar square Britania, jleg hurung-hérang. Harta ngaleuya. Mun dipésérkeun sesepeun, sabara pabrikeun. Atawa pu- luhan setél anggoan trén. Sing sarwa garwa atanapi tutunggangan méwah bisi badé jeung sajabana. Al- imeun. Bagjana lain bisa mésér saparo dunya. Nineungna téh keukeuh kana kabasajanan. Banda nu teu weléh dipiboga ti keur tuna mula. Barayana batur calik cukup maosan buku. Perkara eusi mastaka jeung dadana sumebar dina seratan. Pelesirna nutupkeun soca, ngencarkeun ciciptan. Nyieun diri sakahayang. Ikrarna micinta qadar dina lillaahita’ala. Ngamuara bagja. Kang. Asma binti Abu Bakar. Saha deui cik? Istri sohor nu gaduh jujuluk Dzatun Nithaqaini. Demi Zubair tan harta iwalti kuda. Tapi ibadah cintana minuhan dada teu kacacadan aral subaha. Gusti teuing. Akang Bernard? Kuring Asma? Tebih. Tapi widian kuring ngemutan Akang. Omat tong ngajak nyiar bagja ku sulap nu teu pati luhur regana. Ulah murukusunu muru-muru luhurna kalungguhan nu can karuh. Nga- momorékeun bagja awak ayeuna anu enyaan. Komo ngengkékeun ibdaha ku kangoraan. Bisi kabujeng anggeusan.*** Ciamis. 2013-05-05
  17. 17. 18 Manglé 2432 Toni Lesmana Kasarung Di kulon usik cahaya di langit girimis ngepris katumbiri, katumbiri di parapatan urang lir panonpoe jeung hujan sésélékét sapanjang gurilap jalan néang leuwi satengahing kota léok deui ka hotél, léok deui ka hotel Lembang, 2013 Surat Simpé Basa simpé ngajak mulang Sit uncuing ngelak di kamar Pati ngerewih sapeupeuting Diri ngampih kana puisi Lembang, 2013 Saméméh Reup Lir ganja muruluk luhureun pahpir Raga téh horeng nganti dilinting Garing temen nu lawas leungit cimata Aya seuneu teuteupna geugeut kacida Lembang, 2013
  18. 18. Manglé 2432 19 Hirup Misurti kapeurih saestuna nyered abad-abad mongkléng, mamanggul tatu ratusan taun ka hiji laut laut, nu iberna saukur catetan raheut 2009 Birahi rimbil ku jamparing atawa jarum suntik sarua kénéh, da geuning papada ngemasing pati lumampah lebah dongéng atawa kanyataan taya bédana, apan luak-léok muru tungtung lebah tungtung, naha énya aya nu milang tatu nu sidik mah, aya birahi nu hamo bisa ditampik ti jaman ka jaman. ti kurusestra ka perang dunia aya birahi nu hamo bisa ditampik, ngajak ngampih: duka kamana! 2011
  19. 19. 20 Manglé 2432 Yosef M Ibrahim BEHIND BLUE Noor, haseup banget ku peurih na dada kuring sanggeus pélor racleng narabas pangparatan rasa. cinta urang bakal manjang sapanjang jalan Tasik-Sukabumi masih kénéh ngembat dina tarang, na genggerong tapak-tapak mariyuana lulumpatan ngudag bulan nu nyayang na impian. Kapan kuring geus nitipkeun kamelang dina pot kembang, na dada anjeun kuring melak siki kacang nu bakal hirup jadi bandéra nu ngélébét na sela-sela sukma gening kekecapan téh teu waé pareng jeung ramalan béntang nu paanggang, dina kalender kuring ngajirim angka nu maturan tik-tekna jam. detik demi detik kaliwatan, wanci demi wanci tuluy peuray. Angin... angin pagaliwota jeung riakna hujan nyaian pot kembang jeung siki kacang nu teuing iraha kasorang. 4.4.13 KADO :Noor Ilmi Amalia kuring hayang méré panon poé supaya teu katiisan mun peuting datang kuring hayang méré bulan supaya teu kapoékan mun indit-inditan kuring hayang méré béntang supaya teu sasab mun leumpang nyorangan saupama gusti nanya keun kuring nu ngomongna 16.4.13
  20. 20. Manglé 2432 21 ANJEUN srangéngé ngaduruk lamunan urang duaan, unggal peteng ngajirim palita caang nganteur balébat nu jadi haat mancerkeun duriat ngahuru jagat manggih nineung nu teu waé ludeung :lamun srangéngé bencar, naon nu ditéang? bulan nyaangan mongkléng urang duaan, saban rembet kawat pan rea nu kaliwat tagihan telepon, kartu kredit jeung rekening listrik peun hariring nu unggal peuting ngahinghing na haté nu mingkin pagiling gisik tiap rénghap jeung usik :lamun bulan pareum, naon nu dipikahayang? sagara ngemu satungkebing hariwang urang duaan, caah nu matak anggang ogé ombak nu neunggaran kahéman neundeun katugenah na tiiran manah angin jeung séahna sarta hujan katut gebrétna tilem na lamunan kari beja nu geus laas na impian :lamun sagara képlok, naon deui nu dipikamelang? Anjeun, ceuk kuring 2013 ÉLÉGI*) Jungjunan, gening anjeun buligir hareupeun eunteung sebrangeun sofa nu didiukan kuring, anteng wé ngilikan bisi aya bohak jeung tapak batur nitipkeun kamelang panon ngadadak caian jadi vodka anu unggal poé ditotor tina keclakna haté kuring Anjeun mabok, kuring milu lieur Jungjunan, naha maké ngamang-ngamang botol harepan nu tuluy dikucurkeun kana awak anjeun sorangan beuki hérang, beuki jelas buligirna na panon kuring 25.3.13 *) Dijudulan ku Noor Ilmi Amalia
  21. 21. 22 Manglé 2432 ARI ANDRIANSYAH KEDOK Kedok-kedok piligenti tingjuringkang luhur kalang Hideung bodas kelir wanci pakalangan patandangan Tangtungan waruga banjet, saringset pageuhna iket Pangsi wulung, janget ngurung, bahar lalakon tarung Dipedar rintih sekoci dina pamulu saweuy injeuman Laju lalampahan ngaronghéap sarénghapan gonjang Taya bédana antara wates dongéng jeung kanyataan Dipadungdungan guruh aweuhan émprak deungeun Sagalur carita nandaan adegan demi adegan hirupna Saringkang dikungkung satru ijén jeung papasténna Sakalangkang ditalikung sésa cangra jeung samarna Sajorélatan gurilap bedog, satawuan getih pamungkas Naon nu lana diabar sabada wowotan saban pakarang Ukur leungeun ngabandang lésang saban ranggeuman Ukur jejerih neueulkeun jaheut raheutna mili kapeurih Adegan muru surup di tungtung gembrung gonjingan Kedok-kedok piligenti nungtut rubuh saparat kalang Kalang takdir patutunggalan kuring jeung kurungna Tempuran, 2012 ARI ANDRIANSYAH, lahir di Bandung 18 Januari 1988. Alumnus Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI Bandung. Nulis di sawatara media. Kiwari dumuk di Karawang jadi Guru Basa Sunda di SMAN 1 Ciampel, Karawang.
  22. 22. Manglé 2432 23 PIGURA Kawas sasari anjeun anteb nirukkeun sasamar teuteup Medar gambar lebah pigura nu ngubeng galeuh carita Sakaca-sakaca reueuk rumeukna diséka tina kekebul Ti mimiti kelar geugeut roncé munggaran panganténan Imah heureut geusan ngandeg, nepi ka opat pancer kelir Ti opat rupa kabedang anak nu lawas lampar jengkar Satemenna taya nu robah wanda tina wengku pigura Najan lambaran buuk ganti pulas, waruga ngabanda ragas Katut sajatining warna nu ngalimpud saukur kulawu pias Nu wedel éstu kamalé trésnan tina galindeng hiji indung Nawajuhan tukuh laku sapanjang ngasruk rungkun waktu Sapanjang lésot ayun ambing nepi ka hirup nu dipiaing Tina lalamur panon sarimbit kulawarga basajan lumakon Dina pasagi pigura tempat imah jeung balébat bumetah Maneuh dikaitkeun kana rengat dada témbok rangkebong Laju kaca dumadak juuh dina rangkulan renung katineung Nu nyangkrung saméméh saab galindeng sora panggero Saméméh saniskara inghak jadi kasono nu terus ngeclak Arjasari, 2012 BATU -Surat keur Oedipus- Nya anjeun lalaki nu satuhu dilulun talikung waktu Nyunyurung batu wulung tina beku cimata gandrung Katineung lawas ngaringkel dina saban urat boléas Lambaran buuk muruluk, rangkétan waruga pasiksak Ngaringkangkeun deui sésa léngkah nu jauh kalangsu Tina talaga ngénclong nyidem saniskara kapeurih bihari Sampulur awak ngaronghéap nyodorkeun léncop réma Tigin riakna masih karasa nyéak kana wuwung kujur tatu Anjeun mapag mudun kawas mangratus windu kalarung Tapi angin nenung kalangkang tungtung ranggeuman Teu kudu tumanya naha tresna nyanding jeung ajalna Takdir lir jerona talaga sayaga nerebkeun nu kapibanda Atawa netek nanjak sorangeun sorangan kebatna ahérat Lebak jeung landeuh lana jadi pasampangan pikeun hirup Disurung jeung digulutukkeun pikeun nu kasakitu kalina Karawang, 2012
  23. 23. 24 Manglé 2432 Ibnu Hijar Apandi Sindanglaya 1 Bagéa Sindanglaya tanah pangancikan panineungan nu nyidem saniskara carita kiwari kaseuseup deui mawa hégar pipikiran Ringkang-ringkang katukang narémbongan saban péngkolan sapudunan lalamunan satanjakan panineungan gugupay lir ngajak mulang Bagéa Sindanglaya tanah pangancikan panineungan angen-angen nu geus tilem kiwari harudang deui marengan asih nu anyar pinanggih 2010
  24. 24. Manglé 2432 25 Sindanglaya 2 Di gunung imut halimun di langit naleukeum ceudeum najan ceudeum henteu aleum neuteup kalangkang nu betah manjangan ngagulung waktu nu sarenghapan tepiswiring ngahariring kaso pondok kaso panjang mirig asih sungkan balik sono pogot sungkan mulang sajagat pinuh duriat Tengah beurang entrang-entrang sababak carita cacap nyukang carita anu kadua korejat kalangkang cengkat kagebah ku sora gaib Satangkarak jagat rempan satangkub langit inggis bongan ringkang bongan ringkang ngumbar rasa lain mangsa asih dipegat ku wanci Mulang kalangkang jeung hariwang salengkah nyukang salempang keupatna jeung boa-boa paur gunung bitu catur melang langit hujan carita Kebat lengkahna kalangkang nutup laku mungkas kecap neundeun paseukeun nunda pelakeun susuganan aya mangsana rek diteang deui jaga 2010
  25. 25. 26 Manglé 2432 Ipung Thaifur Abu Yazid Sajak ti FINA Dina méja aya salembar kaasih ti Anjeun, nu dipulas kayas. Pinuh panineungan. Bandung, 2012 Hariring Haté :haturan Fitri Siti Nurjanah Neuteup kasimpé langit nu mongkléng béntang-béntang ngigel na sagara peuting. Ngan hanjakal, taya Bulan nu maturan. Galura méga ngagalindeng nyasaak sagara peuting, haté kumalayang, mapag sukma nu sasab lampah. Miharep manggihan Bulan nu teuleum na mongkléngna sagara Jentréng kacapi ti béh Wétan mawa mangréwu guligah, nu saban mangsa ku salira sumputkeun na jeroning manah, ngadadak kapireng mirig asih na haté. Bandung, 28 Fébruari 2013
  26. 26. Manglé 2432 27 Nazarudin Azhar JAGAT URANG hujan meuntaskeun urang ti kahirupan nu ilahar ka dunya metafor. misahkeun urang jeung urang laju dipaparin tambah jeung kurang nu kongang jeung nu wenang, patalimbeng léngkob jadi kota lambang, gedong jangkung ngalaungkeun geueum leuweung nu midangdam sangkuriang. urang nu keur misah dongéng ditepungkeun dongéng séjén dina kaniskala asih tatangkalan nyumputkeun semu dina cahya nu kulawu. cikaracak daunna ngeclak kana batu nu demit tapi karasa beuratna sabot urang ngaléngkah, di antara patalimarga nu bangun salah wayah pirang-pirang lolongkrang pajuranteng garis-garis nu ngénclong sanggeus lawang robah jadi lukisan. anjeun dina warna nu sampurna kumalayang tina tembang kana tembang dumalingding tina kembang kana kembang warnaning ringkang salingkung jeung nu keur gandrung sora-sora mayeng, monoton, sora-sora ningkah dina pangreungeu séjén. nu ditepikeun plang panuduh jalan ukur kalimah nu remen ditatah ku leungeun-leungeun nu manjang tina ingetan. sapanjang dingding labirin catetan mulangkeun rasana, saban kecap masrahkeun ma’na pikeun sawarga nu asa angger kapalang. papada urang piligenti jadi wujud jeung kalangkang prosa dina eunteung nembrakkeun ayana puisi nyalindung ka nu kongang dipisaha terus aya maranéhna nu mibanda urang na pelong teu jeung jirimna satungtung deudeuh, urang remen kudu milah-milah ungkara jagat urang raména ku réa haté nu galécok silih tanya silih euleuhan disonokeun ku karémbong pangaisan balébat na carita séwang-séwangan
  27. 27. 28 Manglé 2432 di dayeuh nu geus robah sagalana lelembutan dipulangkeun deui hujan mapag urang nu datang dibandang melang ngajurung miang dua raga nu sadrah diperih anggang 2011 CALUNG TARAWANGSA dina tangkal kadakaan areuy geweng ku mindeng kagunasika daun pugur lanyap catur milih suka pangsimpèna nu ngarah nilas ku haat dirumat dibawa mulang awi hideung keur calungeun dirantay ku tali leuweung kai bengkung tara silung nalangsa sora migandrung dijentréngan dikawihan mukahkeun rohang kaliwung haleuang nu keur ngahening mulasara kanyaahna 2012
  28. 28. Manglé 2432 29 PIGURA KATUMBIRI hayang mileuleuheungkeun nu remen digambarkeun ku denting piano anjeun; manéhna nu datang ti nagri cahaya, puisi nu tatalépa ti saban waditra ka waditra séjén laju nawurkeun petétan dina hiji réfrén; “kuring nu keur betah tuna ngaran datang ti lebah paluruheun anjeun…” jiga rumpaka dina tembang cianjuran mélankolia nu ngintelkeun ciptaning harepan ngajurung meuntasan gunung mapay galeng pasawahan kalingkung kelir lumayung nu nyata teu kasartaan kebul jalan, 39 péngkolan kaleuseuh pasemon dayeuh raket jeung nu ngajamanan “rék nyingkahan sakur landeuh pangancikan katunaan nanjak kapahung ku euweuh puncakna di panginditan” pasir-pasir na pigura katumbiri lir jangjangan haliber ka baligeusan jandéla nu muka bet gancang ganti riukna midangkeun lampu baranang panyumputan sakur mongkléng di rohang nu sakabéhna geus jadi sora piano, puisi anyar lir aweuhan nu misah wirahma jeung sakur lagu purba nu keur kapireng sasora 2012 Nazarudin Azhar Pangarang, dumuk di Tasikmalaya Buku puisina nu geus medal, “Ngabungbang” (Geger Sunten, Maret 2012)
  29. 29. 30 Manglé 2432 Soni Farid Maulana BALUAS hirupna baluas weling teu rumasa meurahan batur bagja guyang na cimata deungeun ngangon napsu teu kapalang teu hariwang nyukang peteng teu hariwang diala pati 2013 KATAMBIAS mun kuring katambias estu hirup hirup kuma ombak laju ajal ngaheurap nyawa mung asih Pangersa nu dipundut Nu Maha Welas, Nu Maha Agung Nu Maha Suci: Lautan Hampura 2013 JEMPLANG MULANG mungguh hirup ninggang kecrék campala noroktok deui. sora rebab nyukang peurih maut hinis jero jantung. sarenghapan méméh jempling sahariring alif lam mim 2011
  30. 30. Manglé 2432 31 PADUNG rumasa paéh ka sirung da puguh dipager padung mungguh umur ngabukur catur dipelak taya kembangan karungu deui sora incuing ngear di jero dada 2011 UMUR mapag umur kolot kalapa matak muringkak bulu punduk meri onaman tuing-tuing. hmmm, naha geuningan kieu. bener ceuk Hasan Mustapa néang tapak soang dina cai. néang tapak diri di mana; dina sésa umur anu méhong badis bujur sééng; atawa dina amparan sajadah nu belewuk ku lebu waktu? 2012 Soni Farid Maulana lahir di Tasikmalaya, 19 Februari 1962. Sabada tamat ti SMA, kuliah di Jurusan Teater di ASTI (STSI) Bandung. Mimiti ngarang dina bahasa Indonesia, nulis puisi taun 1976. Dina basa Sunda, taun 1980. Kalakay Méga (citakan 1-3) mangrupa kumpulan puisi Sundana nu munggaran, diter- bitkeun ku CV Geger Sunten (1992, 1997, 2007) jeung Angin Galunggung (CV. Geger Sunten, 2012). Lian ti éta sasabaraha hiji sajakna disunting ku Ajip Ro- sidi dina antologi puisi Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007) jeung Saratus Sajak Sunda (CV Geger Sunten, 1992) hasil suntingan Abdullah Mustappa.
  31. 31. 32 Manglé 2432 RISNAWATI TANAH LOT Endah temen leungeun déwa nu kungsi ngagurat karang Ngawangun jajaran pura. Lambak jeung karang unggal wanci Pataréma jangji macangkrama dina magisna gundukan rampé Nu teu elat nyambuangkeun cinta ti mahluk ka nu Nyiptana Tingtrim temen langit biru digurat réma emas sunrise nu moncor Tina sela-sela pura bolong. Jojontor nu raca diteumbag lambak Ngajanggélék jadi siluet némbongkeun kapengkuh adat Nu teu leyur digempur panéka jaman Lalaunan angin dumaligdeug muru palataran waktu Nu haben tingjorélat ngalétakan pingping turis Haté-haté nu buligir teu daék reureuh diayun ambing Galindeng moderenisasi (19 Méi 2012) GUBENG – BANYUWANGI Nyemprung meupeuskeun kasimpé haté Meulah jajantung peuting nu teu weléh ngintip Tina jorélatna jandéla nu lulumpatan diudag-udag kalangkang Tangkal nu tingjungkiring lir bebegig tingkuniang Dibaribinan hatong karéta nu ngahiung sapanjang Pangparatan rasa Bet muruhpuy ieu angen Inggis wanci tikoséwad tina rél nu anteng pacantél Sapanjang jalan nu kaliwatan. Padahal urang dihewag anggang Jeung batin nu kumacacang (17 Méi 2012)
  32. 32. Manglé 2432 33 Heni Hendrayani MAPAG TAUN ANYAR Seah angin tungtung desember Karasa neumbrag dada Nu bulistir suda harti Leungeun hideng nyoek almanak Nu unggal tahun ganti angka Uteuk milu sibuk cakah cikih Ngitung lengkah Milang umur Nu napel ukur kekebul Ngotoran diri Mun pareng isukan bisa keneh ngulisik Bareng jeung ciibun Nu nyangkrung na jukut Maseuhan dampal suku Mere tanaga pikeun lengkah anyar Najan ukur lengkah panungtung 28122012 KARUNGSING LAIN WAYAH Wanci ngagayuh ka peuting Poek satungkebing hate Lain pedah euweuh panonpoe Sab rasa dibulen pepedut hirup Na saha nu ngirim karungsing Lain wayah Isukan balebat datang Ngolebat bareng jeung harepan “subuh baris datang,” ceuk Anjeun Basa diri uyup ayap ngarayap Nitenan firman Anjeun Cahaya nyulusup nyaangan hate Ukur sumegruk ngawakilan diri 01012013 Heni Hendrayani lahir 17 Februari 1966. Kumpulan puisi tunggalna nu geus terbit dina bahasa Indonesia Rumah Kupu-kupu (Kelir, 2011) jeung Desis Kata Kata (KSLS, 2013). Lian ti eta terbit oge dina antologi puisi Kartini 2012 (KKK, 2012), Bangga Aku Jadi Rakyat Indonesia (2012), jeung Dari Negeri Poci 4 (2013). Kiwari aktif di Komunitas Sastra Lingkar Selatan, Bandung
  33. 33. 34 Manglé 2432 Prayoga Adiwisastra LOMARI Satutas muka lomari, bet karungu halimpu sora talkin Turta ramo-ramo ngadadak ngeprulkeun taneuh beureum Lir keprulan kekebul nu diawurkeun ranggeuman angin Di dieu, seungit samoja kaambung leuwih nyambuang Tibatan sesegak parfum nu lawas diseuseup sungut katiga Atawa sambuang sarwa kekembangan sapatamanan Kari tutumpukan lawon nu belewuk ku kekebul karingrang Mulangkeun sagebar galagat mangsa lawas. Tapi lalaunan Kalah ramo-ramo ngaragamang kana lalambaran boéh Nu katémbong beuki dumeling dikeput kelun kasono Tuluy sataranjang waruga geus saged diamparkeun Kawas lalambaran boéh nu geus nganti-nganti meulit diri 2013 AIR MANCUR Paguneman urang geuning kalah ngambang dina balong air mancur Kawas kalangkang bulan nu teu reureuh ngagolontorkeun getih beureum Dina korsi taman, anjeun masih nengetan lalampahan daun nu ngangkleung Tengahing beungeut balong. Ti mana jeung rék ka mana pangjugjuganana? Padahal muntirna cai geus ngaharéwos, yén saniskara lalampahan moal teu Mulang deui ka huluwotanana bari ngalahun kembang atawa karingrang Basa daun-daun keur anteng maluguran tina kembang taraté Aya genclang kekecapan nu maluguran tina régang-régang kasimpé Teuing ku hayang urang duaan ancrub kana balong, neuleuman eusining Haté séwang-séwang. Tuluy lalaunan urang mubus kana gupay air mancur Saenyana, hiji mangsa urang bakal mulang deui ka ieu korsi taman Bari ngaranggeum kembang iman geusan nyorang taman kalanggengan 2013 Prayoga Adiwisastra. Lahir di Purwakarta 18 Januari 1992. Mahasiswa Jurusan Pen- didikan Bahasa Daerah UPI. Diajar nulis di komunitas sastra Turus jeung ASAS UPI.
  34. 34. Manglé 2432 35 Hadi AKS Catetan Kalakay Lain muru katumbiri najan yakin sok ngempur palebah dinya. Urang cunduk bari pada ngeumbing simpé. Sugan mireng sora nu bisa meper kapeurih. Tapi lamping jeung gawirna geuning jempling, taya manuk jigrah mapag panonpoé surup. Ngan layung turun laun-laun ngarungkup embun-embunan. Urang nyuuh dina akar dina batu nu lukutan. Mupus beungeut poé nu kalarung. Bari mopohokeun jiwa jeung ringkang sorangan, anjeun nanya: “Naha urang teu bisa jadi nu lian bari nampik ieu titis tulis?” Ukur simpé nyaliara basa kelir indung peuting dibébérkeun sang kala nu pinuh rusiah. Urang cengkat ningalkeun wanci nu hieum. Mulang muru panto jeung imah séwang-séwangan. Anteng deui milang kembang jeung kalakay nu marurag ti lebah lalangit kamar. 2012 Lamping Peuting Lain hibar layung atawa pulas katumbiri. Manéhna angin rintih ngahiliwir na lamping-lamping peuting. Ngeleterkeun kakangen nu langgeng. 2012 Hadi AKS, lahir 16 Méi 1965 di basisir kulon, Pandéglang. Nulis pangpangna dina wangun carpon jeung sajak. Kadieunakeun milu an- crub nulis fiksimini -- genre anyar nu ayeuna keur ramé ditarulis tur dipadungdengkeun di dunya maya, Karya Hadi dina wangun sajak kungsi dilélér panghargaan Hadiah Sastra Dk Ardiwinata jeung Hadiah Sastra LBSS taun 1993, 1997, jeung 2012.
  35. 35. 36 Manglé 2432 Darpan Catetan ti Suku Gunung Jeung sagelas cihérang baé, Emi ngalong dayeuh disimbut halimun laun-laun di buruan nu taneuhna beueus lalukutan pucuk pineus nuliskeun tiris nu kawas rék langgeng nu ngarayap ti lamping-lamping gudawang siga haté nu angger hieum Geus dikirim-kirimkeun sora tina jempling naon deui anu nyésa, Emi, sabada batin korédas nyésakeun mangpirang-pirang kawaas nu nyalangkrung dina régang-régang kamelang urang meureun angger silih eunteungan bari haben tatanya bari puguh euweuh jawabna dina ayunan kosong di juru panineungan urang kembang ngagolér kénéh taya nu miroséa dirungrum ku hawa nu leungit aci-acina Tuh, geuning ibun bajra geus ngaronghéap sedeng ieu puisi gugulayunan kénéh na pucuk rasa gerentes rembes kénéh tina kalbu nu mimiti ngabatu. Emi, laratan urang boa geus luntur dina témbok-témbokna nu ngemu sungkawa 2013
  36. 36. Manglé 2432 37 Dina Daun Katapang Dina daun katapang nu baseuh ku hujan nguniang rupa-rupa obrolan nu kalarung diondang ku haté nu lila jempling Dina daun katapang nu endag ku angin aya haréwos dareuda jeung peurih kadéngé ku lelembutan nu parongpong Dina daun katapang nu ngiuhan jujukutan aya galindeng sora nu leukeun ngupahan nitah liuh ka batin nu ngabarungsinang Dina daun katapang aya lalakon awir-awiran kari sapotong 20133 Lagu Kembang Jambu Ieu lagu kembang jambu, bageur dihaleuangkeun ku benangsari nu palugur ngahégar-hégar pakarangan Taya rumpakana, iwal sorana sumulusup kana bayah laun-laun ngamparkeun kakangen na kebon urang Lagu kembang jambu lagu ligarna usum dialokan manuk begér na pupucukan kawas sasari harepan disampay-sampaykeun dina reumbeuyna pibuaheun Mun téa aya hariwang ngalangkangan tangtu tina sora silung nu maling-maling lantaran salira ngiwat dua tilu nada bari teu amit ti anggalna 2013 2013
  37. 37. 38 Manglé 2432 Nurochman Sudibyo YS Sembahyang Alang-alang Yuh bareng tasyakuran karo sing gawé urip, yen awak ira wis bisa ngibadah ning sanjerone jagat padang jimbrang kaya mengkenén soale ning kéné langka genah sing angker, langka awak sing langgeng keker. kejaba iku wong kang tumindak jujur; diarani ajur-ajér Tak rasakna sedawané urip lelakon ngibadah kaya dené tambang sing dililit mubeng ngalar-alar sepira adoé. Kathon dhawané, digulung, diringkes maning marani galang, seambané sendang sing ayem tentrem Yén bengi cahyané wulan katon padhang nyorot gegodongan gedang yén awan srengéngé ngupai terangé jagat dadi padhang jimbrang ora kejagan karo dedonga kaya dené alang-alang zikir dhawa uga ngalang alang megeng awit esuk tumeka surup srengéngé abang puasa isun ya puasa alang-alang sembahyang kula ya alang-alang ngibadah kaya déné alang-alang, sewaktuné rubuh kena angin balang awak obah digoyang-goyang endas muter keteter, sekujur awak kumalayang kaya dené suluk ki dalang, dolanan wayang kesorotan ayang-ayangé dhamar gedhé kang padang. 2011 *Nurochman Sudibyo YS. Lair téng Tegal. 24 Januari 1963. Pun akrab gadhah nami sebatan Mas Dibyo utawi Mas Noer. Rutinitas sedinten-dintené dadhos Jurnalis, peneliti uga penggiat seni. Aktif mimpin lembaga Medium Sastra lan Budaya Indonesia. Kawentar uga dados penulis lan maos Kiseran, (Dalang Sastra tutur Dermayonan). Sederèt Karyanipun mangrupI puisi, cerkak, catetan budaya lan ésai ingkang nganggé basa Indonesia. As- ring dipun muat teng kathah media awit taun 1990-an. Antawisipun teng koran ming- guan Pikiran Rakyat Edisi Cirebon, saniki harian Kabar Cirebon, Karina, Mitra Désa, Pikiran Rakyat, Bandung Pos, Hikmah, Suara Merdéka, Lampung Pos, Singgalang, Riau Pos, Kedaulatan Rakyat, Minggu Pagi, Merapi, Solo Pos, Jawa Pos, Bernas, Surabaya Post, Bali Post, Bisnis Indonesia, Suara Pembaruan, Suara Karya, Ummi, Amanah, Republika, Media Indonesia, Pelita lan Majalah Horison.
  38. 38. Manglé 2432 39 Kiser Saedah - Saeni Kala mau jagat minangkala ana ing jaman karuhun tepaté atusan taun ning tlatar pantura, desané pinggir kali sewo ning désa sukra. Ana salah sawijiné kluarga kang bakal nglairaken crita babad sengka awaling seni lan budaya Sapeninggalé mboké, Saédah lan Saéni urip dadi piatu mang sarkawi sing dadi bapané rumaksana kepéngén duéni batur saumah lan nganggo ngopeni bocah loro mau nari mbok Maémunah si randa maésan. Kepirenga ning kala semono nyi randa ayu, pancene kemayu ananging nggadai sifat kang nyilakani syirik musrik, ala gandes ning prilakuné atiné ora pada karo pangucapé.Jaré demen ning bapané lan bakal éman karo sing dadi anak waloné. Barang dirasakaken sawuan pindo nyi Maémunah mulai gawé tingkah, akéh jalukan lan pirang-pirang alesan sing gawé mang Sarkawi ora bisa nolak. Apamaning rasa tresna wis tuniba ngrakét ning sanjero batiné. Saédah Saéni urip kekoyak-koyak perih ning ati kaya gorengan opak. Nampi ning waktuné bocah loro nambah sengsara. Uripe sering pisan dilelara kadang ora dipai mangan, kadang arep turu diperwasa padahal bocah loro mau ora nduweni salah ning batien Saédah lan Saéni nggerentes ora mari-mari séring bareng tetangisan, tapi ora wani wadul ning sing dadi bapané soalé pernah kedadian wara-wara, apaning ngalami kenang jahaté mimi Maémunah, dumadakan bapané disewoti diarani abot sebelah akhiré serba salah. Sampe ning sawijineng dina, krana rumasa abot angoné njalanaken urip kakaluargaan, Maémunah mulai jejalukan. seumpamané mang Sarkawi masih demen lan tresna. Jalukané supaya bisa misahaken keruedan sing dirasakna yaiku Saédah lan Saéni kon dibuang mbuh dipateni ning tengah alas sing renggit, sedengé sing paling parek kala semono sing ana ya alas séwo. Supaya ora ngalang-alangi tresna sejatiné lan kasih sayangé wong loro, Sarkawi nuruti bae panjaluke Maémunah yén ora bisa urip mbagi kasilané mang Sarkawi, sun mung bisa nggo mangan wong loro., Mulane anane Saédah lan Saéni mung dadi memala, Maémunah ora bisa jongjon mbagi ékonomi. 2010-2011
  39. 39. 40 Manglé 2432 Arif Abdilah dina jandéla -indung méméh layung ngubur panineungan dina jandéla, gening raratan salira atra kabaca rénghap karasa namper minuhan kaca lebah dinya, ngaran salira natrat tapak nulis kadeudeuh kuring di luar langit alum hujan ngucurkeun cimata kana jandéla aya nu sumelendep kana hahalang kaca pipi salira nu riut diturih cuaca salira beuki sepa sedeng sepi tuluy ngukuntit lebah pangkéng dina hordéng nu jadi panyumputan ringkang dua mata ngukur anggangna jarak : aya jeung sirna désémber, 2011 surat keur sepi biheung teuing mun purnama teu leungiteun rupa peuting teu leungiteun warna. kari hideungna! bari leumpang bulan anteng disimbutan méga dipayungan halimun dikiceupan 25 watt béntang urang ngudar langit satarajang biheung teuing mun kota teu leungiteun alamatna léngkah urang tepi mana paratna. kari hégakna! bari mulungan kakelar horéng peteng gugupayan lebah péngkolan jalan. lebah parapatan lampu setopan leungiteun kiceupna di kota. salambar demi salambar angin rawék dikésétan sepi disebitan peuting disiksikan jempling liuhna ditinggalkeun kawih tingtrim. kari peura nguluwut saban séahna, rumangsak lebah rurungga kota 2011 Arif Abdilah. Dibabarkeun di Majalengka. 01 Januari 1989. Alumnus Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung. Kiwari aktif ngokolakeun Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS) UPI jeung Turus Hima Pen- satrada.
  40. 40. Rinrin Candraresmi Snorkeling Aya nu héman melak petétan harepan di dasar sagara angar, muga jaga tumuwuh saniskara wa- ngun karang mareng jeung ketak katut kelirna mareng jeung ganggeng katut lukutna. Dijampé-jampé ku matapoé diparancah kanyaah bulan diayun ambing angin nu tigin diceuceuh cai nu maneuh, néléngnéngkung-néléngnéngkung kum sirung sing jangkung melentung sing neba nyaliara sing ngareuy rembet jembet sing nyagak nya ranggakgak, jadi tonggoh jadi landeuh jadi sédong nyangkeredong jadi ruyuk jeung bunina jadi jungkrang jeung lewangna jadi guha jeung rusiah petengna jadi leuweung jeung sima gerotna. Kapan mareng jeung sagala nu renung, baris ruménghap bangsaning nu ngukuy nu mumbul nu ngaléor nu ngagéboy nu ngocépat nu ngolépat nu ngaliang nu silanglang nu ngarandang nu ngalayang nu sisitan nu buntutan nu peurahan nu setruman nu capitan nu cangkangan nu balu- ngan nu teu tulangan nu nyorangan nu ayang-ayangan ; pikeun netep renggenek atawa ngalanglang sakadar nganjang néang luang. Tuluy mareng jeung satungkebing nu ngaalas bandawasa séwu-séwu téntakel mekarkeun sarwa- kusumah mirupa patamanan nu lalilir laligar jauh di ditu di daratan, lir anyelir kanikir kembang- merak daunpérak kertas hébras asparahas aster aliander désémber sebé réndé taraté srangéngé bakung kucubung jantung tanjung cantigi jayanti walini gandasoli sadagori puring kacapiring kamuning srigading jeungjing sungsang hanjuang jahéwelang capithurang kucayjepang patah- tulang campaka kananga kadaka kastuba kaliandra tapakdara ; duh asmaralaya nu sampurna di suklakna di siklukna! Tuluy tina pirang-pirang nu rumingkang nu gandrung mulan nu gandrung moyan nu gandrung melewung nu gandrung ngalayung sumirat warnaning wungu kulawu paul hideung beureum konéng héjo oranye coklat bodas kayas ; mirungrum kujur séwang-séwang sawatekna-sawatekna! Aya nu haat nebar bibit asih na kikisik jaladri sepi, muga ti ayeuna ieu sakumpulan sato héwan nu cenah basajan nu ahéng mapakan dongéng-dongéng nu hirupna jadi tangkal jadi sekar nu patina jadi tunggul jadi batu , karaksa-kariksa na tirtaning laut welas asih palias ditandasa raja- wisuna! (Pulo Umang, Dés 2010 – Jan 2011) Rinrin Candraresmi, salian resep diajar nulis (sajak, carpon, naskah drama) ogé aktip di dunya téater. Salila neuleuman seni peran, kacatet, kungsi ngarojong pagelaran pikeun sawatara pakumpulan seni, pangpangna nu aya di Bandung, diantarana Caraka Sundanologi, Teater Sunda Kiwari, Studiklub Teater Bandung, Laskar Panggung Bandung, Teater Senapati, Teater Bel, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, Actors Unlimited, NEO Theatre (Exploring New Paradigms), Samba Sunda, jlté. Mindeng dipénta maca sajak jeung jadi juri sajak dina sawatara kasempetan. Manglé 2432 41
  41. 41. Ihung Mengingat Sajak Si Ujang aya sajak nu motékar. yaituh sajak si ujang. sajakna benclung, benclong, dahsyat. kapunjulan si ujang: baong. asli, pituin pisan. gagah namung okéh. mudigdig sekaligus menyihir. dina dasawarsa pancasila, si ujang nagen jumeneng. ngéngklak mapakan mega. tandang nga-barca-madrid. wedel, tak ada yang menggoyahkan. nyanganaha? panginten, nu sanésna masih jumeneng luhureun samping. masih sesah ngantunkeun kebat sareng layung nu mencenung. na mastaka sim kuring: si ujang tidak boléh dibiarkan berléha-léha. goréng keur anjeunna. goréng ogé keur balaréa. karunya: atuh si ujang langlang-lingling. suat-siet taya layan. taya batur makumaha. taya geusan mecak élmu, mecak wewesén kadugalan. kanggé encon, mumung, ucup sarimbit, sami. teu kénging gaduh émutan yén nu namina sajak sunda, ukur si ujang sapajodogan. nu disebat haleuang tibang layung nu ngempur ti palih wétan. wiréh saleresna. sajak téh eusining émutan. gaduh luang: kekecapanna. tiasa digudar-gédor: kahoyongna. mangga téh teuing. embét badé ngadamel honjé tina risbang. uus badé nyungkelidkeun kanyut (saur kang godi téa mah) kana kutang. atuh opét badé nulak-cangkéng dina tarang, hempék téh teuing. moal dicaram. moal di- toél-toél acan. sunda mah leubeut. komo lebet tina sastra. komo lebet tina sajak. ulah. ulah jadi radén saléh. ulah boboéh méméh paéh. hayu. utamina kanu anom. cuang singkil. cuang nyieun jujutan. cuang manjangkeun husnul khoti- mah. sajak-sajak sunda terus eunceuneung. tinggurilap. ararédan. janten kiblat ngaburisatna pasoalan di indonésa. 2013 Nu Kadua naon bentenna cikunguya sareng mastaka. cikunguya mah panyakit. mastaka mah panyawat. pan rabul tina mastaka. hayang malédog camat nu doraka. hayang mijah-mijahkeun beunteur di jalan raya. hayang paséa jeung jawadah. hayang ngarogahala cut meutia bongan génjér dipelakeun di bu- ruan. jul-jol lého tina sirah. nyaranyikeun és lilin. nabeuhan kendang. kumétap pédah peda nu tatangga seungitna kabina-bina. lého aya nu ngaley. kana angen. hariweusweus hayang nyieun pos kamling. hayang nyieun kantor pos nu logona ngajeblag siga adidas. rentul dina hulu. jangjawokan. pélét. ésénangka ngahieng macakeun kulhu. jaba hayang kabual sédan. hayang umroh jeung biduan. jaba bitis keukeuh nulis-nuliskeun kisah ceurik santri aa gym. ongkoh palangkakan gogoakan. kélék bisul. hutang. iris. balong bedah. ari na tipi kalah haben ku opéjé… ya aloooh… mun mah sirah bisa ditukeuran jeung duwegan. hayang teuing réhé comrék. ngahenang-ngahening. rék tirakat di tutugan. nyieun sajak. nyieun carpon. ngantos anjeun, ngadongkapan. 2013 42 Manglé 2432
  42. 42. Jalan Terakhir Heri Djuhaeri “asihan sirining kembang. sampakan kembang riring kembang gading. kembang sagodébag bancana. mengka asih satangkubing langit. mengka welas satangkaraking lemah. nu jauh paburu-buru. nu deukeut paboro-boro. sepuh-anom lanang-wadon, sing asih ka awak aing. pratiwi sulistiana, sia sing asih ka awak aing. sing bogoh sia ka aing.” 2013 Naon Bedana, Japati Jeung Santri Kalong? sami-sami lindeuk-cureuleuk. gaduh béntol dina bujur. hiber ka langit seja munjung ka nu maha agung. di tatar sunda, santri kalong nganggé sinjang. angkat teunangan nyandak kitab dina dada. na harigu, raray pun guru ngagelenyu. piwuruk sareng dederuk ngabaruang sajeroning kobong. tuluy japati ngadeluk. euntreup kana giribig. macokan sajatining huut jeung haat. satékah-polah ngalelempeng hulu jeung léngkah. ngalelempeng leumpang na poé nu beuki kadungsang. japati lindeuk-lindeukna santri. nyuhun kardus dina hulu. nelekinkeun babacaan. ngajajar na sola- watan. pareng tahlil angkaribung nyandak kupat jeung berekat. dimana atuh layung nu matuh? dina nanah. dina cénang nu marentis. dina sela-sela kitab gundul. dina bedug nu ngajubleg siga gogog. santri kalong. palangsiang nu racleng di unggal gang. janten marketing. nawis-nawiskeun cisoca. nawis-nawiskeun kaligata nu néréptép sapanjang mangsa. santri kalong. nu nyandak jangjang japati. hiber ka unggal toko jeung kios. ngalugar sorban. wiridan. ngical tuhan ka tukang aseupan. taun 2070. mangsa japati tos palinter. tos tiasa ngadamel rakit dina tipi. sok katingal, aranjeunna ucul-ucul tengah pasar. ngagalakeun iuran sareng arisan. ngadamel dompét kangge umat. ngaresmikeun yayasan nu digunting pita beureum. bleg waé, ayeuna mah santri kalong gé gaduh tarékah. kumaha ngungkulan kahayang na kahirupan. diantawisna, ngasup-ngasupkeun momolo ka kolong ranjang. teras wawartos dina faceebook yén pasan- trén aya nu maling. (tos kitu mah sapertos biasa, nu katempuhanna mui sareng fpi. riweuh sareng paciweuh. mung hanjakal aranjeunna mah sanés japati, sanés santri nu ngalong lebeting diri. Teu nyungkil imaji abdi kanggé gaduh niat ngagentos judul di luhur, janten: naon bedana, japati, santri kalong jeung aranjeunna?) 2013 Manglé 2432 43
  43. 43. 44 Manglé 2432 A YA samingguna motor bodong inpentaris gawé kuring, ngabagug. Kakara ayeuna rék dipaké deui. Ku hésé hirup motor téh. Mun téa mah aya nu pirajeunan mangitung- keun, teu kurang ti lima belas kali nyelah, kakara siga rék ngadurudud. “Rék ka mana Sujang? Tong waka indit-inditan, bisi karugrag!” Ema turun tina golodog. Ceg kana arit jeung tolombong. rék ngilu ngala paré jeung Ma Eutik di sawah bogana Haji Odon sigana mah. Paré meujeuhna diarit basa kuring balik gawé méméh ngaringkuk téh. “Karunya ka dunu- ngan, saminggu euweuh nu mantuan ukat-akut, sugan jagjag.” walon ku- ring. “Keun baé, da Bu Yéyét gé bakal ngarti, ari gering kudu dikumahakeun. Tuh nya, Si Iyah mah ari ngin- jeum parabot téh teu apik. Nepi ka rarompang kieu, gagangna gojlag, na dipaké ngarit naon?” Ema ngecebrek, bari kebat muru ka nu nyalukan nga- jak indit ti peuntas jalan, nepi ka lesna. Kuring terus leumpang bari jumarigjeug ka lebah buruan nu rada kasorot panon poé rék ngadon moyan, bari ngararasakeun awak nu asa pasiksak kénéh. Teu rék kitu kumaha atuda, gawé ukur jadi kuli mundak, jauh tina harepan jeung cita-cita kuring nu saenyana. Pareng ningali anak dunungan, indit kuliah, sok kabita. Saha pijalmaeunna nu boga cita-cita hayang gawé kawas kuring, ari lain ka- paksa-paksa teuing mah. Ongkoh bakat ku butuh. Cék nu nyararita gé, hésé néangan gawé jaman ayeu- na mah, kudu boga duit heula. Keur pantar kuring, keur sapopoé dahar jeung ongkos sakola adi ogé dibantuan kénéh ku Ema. Keur ngeunah moyan bari ngararasakeun tong- gong nu mimiti karasa ha- neut, ras inget ka Apa nu geus taya dikieuna. Karasa pisan kanyaah Apa téh. Enya ogé hirup loba ka- susah, tapi Apa ngabélaan nganjuk ngahutang pikeun waragad sakola nepi ka kuring tamat SMA téh. Sing jucung jeung junun, saurna. Cahaya panon poé asa beuki mépéndé haté anteng ngumbar panineu- ngan. Natrat narémbo- ngan. Asa cikeneh kuring rék milu ujian téh. Harita Apa keur nga- capi bari ngahariring. Padamelanana, lamun Carpon Yuli Sukmara
  44. 44. Manglé 2432 45 ngareureuhkeun kacapé méméh kulem soré-soré da pacabakan bakuna mah buburuh macul atawa ngakutan kai di pangraga- jian Haji Bahar. Tapi Apa dikersakeun tiasa ngacapi, ngahaleuang jeung man- tun, turunan ti Aki, saurna mah. Ngan hanjakal katiasana teu bisa dipaké néangan pangupa jiwa. Seni buhun geus langka di- paké dina masamoan. Kitu sotéh di lembur kuring, boa di lembur nu séjén mah pada ngamumulé. Sok sanajan jaman ayeuna mah nu hajat teh remen nanggap organ tunggal jeung dangdut. Pajarkeun téh resep ningali penyanyi- na, umumna sok dierok sarwa ketat, komo pikeun lalaki careraman mah. Wanci beuki ngagayuh ka peuting, Apa anteng ngajentréng bari nga- haleuang, socana mani pureum beunta, ngararaoskeun napakna sora kana wirahma piri- gan. Si Adé adi kuring hiji- hijina, ngagolér gigireun Apa, kérék nyegrék, tayoh- na asa dipépéndé meureun, Saré nangkarak, sukuna ngajégang, teu di- simbut, ukur maké baju nu kancingna geus lalésotan sawaréh. Panon kuring gé geus ceuleuyeu balas maca buku. Golédag kuring kana ranjang. Panon mélétét kénéh can reup. Ceg kana anggel, nyangigirkeun awak nyanghareup kana hordéng nu geus sararoék, minangka tutup lawang kamar. Kacipta kénéh aya kalangkang Ema ti lebah dapur, nyaketan Apa. “Pa, abdi aya pisangge- meun,” saur Ema lalau- nan, bangun sieun kadénge´ ku kuring. “Naon ?” walon Apa, bari angger ngacapi, ngan rada dihalonkeun. “Eu, taeun, Mang Atib tadi ka dieu rék nepangan Apa.” “Nanyakeun deui hutang, Ma ?” saur Apa. Ayeuna mah katenjo kalangkang Apa, ngadeg bari mangku kacapi, di- tunda luhur bupét. Gék calik deui, teu tebih ti Ema. Kusiwel ngaluarkeun bako jeung kertas pahpir tina saku kampret hideungna, tuluy ngalint- ing ngadamel sesepeun. Ema unggeuk. Apa ngarénghap bangun nu se- unggah. “Heueuh dipikir-pikir mah jiga nu bungah hirup teh, unggal peuting hahariringan padahal kanyataan mah teu reureuh-reureuh diuudag kasusah, nya urang téh ?” saur Apa sorana ngageren- deng, bangun nyarios nyalira. Ema teu kadangu nyoara. Apa ngarahuh “Ari si Ujang kumaha, Ma ?” “Nya can meunang kartu, mangkaning pagéto ujianana téh, tapi da teu ngomong, teu ménta Si Ujang- na mah, ngan karunya waé éraeun meureun ku batur- baturna, da SMA mah mayar. Béda jeung sakola Si Dede, di SD mah gratis. Bejana si Aldi babaturan si Ujang mah ngajual tipi pikeun mayar ujianna téh, da kari manéhna jeung Si Ujang nu can malayar téh.” “Tinggal budak urang meureun ayeuna mah, Ma!” “Muhun.” Soanten Ema dareuda. “Na sabaraha bulan budak téh nunggak bayaranna ?” saur Apa deui. “Tilu bulan mun teu salah mah, tapi pan duit bangunan gé can kaluna- san kabéh. Hadéna aya karinganan di sakola Si Ujang mah, asal bayaran waé lunasan cenah. Keun mayar ujian mah. Paling gé ijasahna moal dibikeun, salila can katebus, sok sanajan geus tamat ogé !” Apa ngaheneng, teu kadangu soantenna. “Boga lanceuk geus jadi jelema di kota, gedé hulu. Geus poho wé ka dulur mah. Komo bari jeung hirup urang masakat, narah Apa mah ménta tulungna ogé. Moal wé nyebutkeun cadu, bisi pajarkeun hayang bagian. Urang jual waé kacapi titinggal Abah téh, piraku si Ujang kudu pugag sakolana. Asana Pa Usép kungsi ngocal-ngocal butuh kacapi keur di sakolana? Rék dicoba isukan, sugan enya.” “Ngajual kacapi?” Ema semu teu percanteneun. “Ari geus naon deui atuh? Pan hayam laleutik kénéh moal picukupeun. Sugan waé kacapi mah aya hargaan. Da hésé cenah néangan kacapi modél kieu mah. Akutaneun kai di pangragajian geus béak ka- mari, ladangna pan nu di- paké dahar poé tadi, jeung keur isukan. Néangan pa- culeun lain wayah. Piraku karuhun ogé teu maphum, da dijual sotéh keur ngabélaan turunanana. Pan keur ngajaga wiwirang ti nu nagih hutang jeung ngajujurkeun Si Ujang sakola. Sugan waé cita-cita manéhna laksana.” Ari kuring harita di jero kamar, da puguh can saré ngadéngé pisan sakabéh obrolan Apa jeung Ema téh. Maké kagagas haté téh. Deudeuh, Apa. Mangkaning kacapi téh kanyaahna, sobatna, paragi murakeun ka- sumpeg. Sagala nu ngarobéda manahna, kawasna téh ditumpra- keun dina jentréngna ka- capi. Ari ayeuna rék dijual? Tapi asa jadi panyumanget haté deuih. Sakapeung mah sadirieun ogé sok ra- jeun berontak ka diri sora- ngan. Lebah ngudag kahayang jeung cita-cita téh, bet teu beunang dionggét-onggét, teu sadar kana kaayaan, napel pageuh lir kalangkang sorangan mangsana panon poé haneut moyan. Kuring hayang kuliah, nepi ka jadi sarjana. Apa tilar dunya, sabada teu damang aya mingguna. Anjeunna teu kungsi nyak- sian kuring lulus ujian. Ka- capi kadeudeuhna ngabagug kénéh luhur bupét. Ku Haji Usép dipulangkeun deui. Kagagas saurna, unggal ningali éta kacapi téh. Ari ladangna henteu ditaroskeun. Saur Ema, ngajimatan keur mayar sakola kuring. “Geuning Cécép keur nagog di luar, kabeneran aya,” soanten Uwa. Sora jeung léngkahna nga- buyarkeun panineungan kuring. Teu kanyahoan jolna. Jung kuring nang- tung, ngasongkeun leu- ngeun. Ras ka Apa, cenah Uwa geus hilapeun ka anjeunna. Ayeuna aya hareupeun. Ti saprak Apa ngantun, ayeuna ngadua- kalian nepungan kula- warga kuring. Anjeunna ngarangkul bangun ka- gagas, nepakan kana tong- gong. “Uwa, kumaha damang?” cék kuring. Haté kebek ku kahéran, pasawur jeung kasedih Teu pupuguh, harepan jeung cita-cita kokolébatan deui. *** Ciparay Awal Juni 2013 Panglawungan 13.
  45. 45. 46 Manglé 2432 Bagian 164 Peuting ka-174 Kacatur, raja sohor ka jauhna, kakasihna Syah- raman. Eta raja téh beurat beunghar, karajaanana lega, balad tentarana loba, ogé rahayatna bagja. Cindekna, ninggang kana paribasa, hirup gusti waras abdi. Najan saréatna taya kakurang, horéng manah raja mah teu weléh guli- gah. Ringrang jeung hareudang lantaran dina dirina ngarasa aya kakurangan. Geura wé, sakitu umur tengah tuwuh sarta ngawangun rumah tanggana geus puluhan taun, tacan kasinugrahan putra, malah teu burung-burung acan. Mimitina, kahariwang kitu téh ukur disidem wé. Ngan, da beuki lila mah beuki kapikir, mun nepi ka teu boga anak, kumaha nasib karajaanana? Ku lantaran kitu, dina hiji waktu mah, éta raja téh ngumpulkeun para gegedén nu biasa dikumahaan dina waktu- na boga pasualan nu teu bisa direngsékeun ku sorangan. Rupa-rupa pamanggih nu tumali jeung éta ditembrakeun dina éta gempungan. Intina, parasesepuh karajaan nyarankeun sangkan raja teu putus pangharepan. Cenah, nu penting mah ngadudu’a ka Nu Maha- kawasa sarta teu kendat- kendat ihtiar. Heuleut sababaraha minggu, tarékah raja téh mimiti nembongkeun hasil. Garwana kakandu- ngan. Nya ahirna, sabada ngandeg salapan bulan, tumiba kana waktuna, praméswari téh ngalahirkeun. Anakna lalaki, kalayaan sehat wal’afiat. Gubragna ka alam dunya, dibagéakeun ku kabagjaan. Lain kula- warga raja wungkul nu bungah téh, tapi parat ka saban tempat. Lahirna putra raja, nu ngaranna Komarujaman, lir bulan nu nyaangan dina poékna peuting. Komarujaman pada ngaping, pada nalinga- keun. Rupa-rupa kabutuh jeung kahayangna tara di- pogogan. Raja gé teu nyaah dulang, lantaran lian ti nyumponan pangabutuh lahirna, éta calon raja teuh diatik sagala rupana. Raja gé ngadatangkeun rupa-rupa guru nu ahli sina ngatik Komarujaman. Cindekna, sangkan éta budak jadi jalma nu masagi. Raja bagja kacida. Lantaran, ku boga budak heug lalaki, keur ngalanggengkeun turun- ana téh lain pamohalan. Komo deui, da ninggal ketak jeung paripolah éta budak, estu taya cawadeunana. Mun téa mah, nepi ka waktuna jadi raja, tangtuna ogé bakal pada ngabagéakeun. Ngan, mungguhing hirup, tara salilana aya dina hiji kaayaan. Rasa bagaja nu saméméhna minuhan haté raja, mimiti ngoléséd deui. Timbul deui kahariwangna, sieun anak nyorang jalan anu salah. Mangka apan budak ngan hiji-hijina, nu upama gagal téh, hartina ogé bakal megatkeun harepanana. Raja Syahraman mikir. Rupa-rupa pilihanana nu tumali jeung rarancang ka hareup dibeuweung- diutahkeun. Tina sababaraha pilihan, gilig haté raja téh, rek sagancangna ngawinkeun budakna nu harita man- jing umur lima welas taun. Karepna kitu ditembrakkeun ka para mantri nu biasa diajakan sakanyeri sakapeurih. Sakur nu diajak badami, nyaluyuan kana karep raja. Lantaran ilahar deuih, putra raja mah laki-rabina ogé kalayan pangjurung kolotna. Satutas asak babadamian, raja tatahar. Perkara pijodoeunana, kari milih. Rék dijodo- keun, atawa sina milih
  46. 46. 47Manglé 2432 sorangan, pék téh teuing, asal ka nu kupuna. Cindekna, keur raja mah, moal ngahulag kahayang budak asal luyu jeung rarancangna pikahareu- peun. Sanggeus sagala rupa- na sadia, raja manggil putrana. Biasa kitu téh, da saban aya hal anu sipatna penting, raja sok manggil putrana kalayan disaksian ku sababara urang gegedén karajaan. Harita gé kitu, karep raja ngutarakeun patéka- danana téh hayang kasak- sén ku para mantri. “Ama téh, banget mikahayang hidep sagancangna ngawangun rumah tangga,” ceuk raja. “Hapunten, Ama,” ceuk Komarujaman. Saterusna, éta putra raja téh cacarita panjang lebar. Nyaritakeun pama- nggih jeung angen-angen- na. Ngan, intina mah, nyebutkeun dirina tacan boga karep ngawangun rumah tangga. Ngadéngé jawaban kitu, Raja Syahraman kagét. Paromanna nyiak, beungeutna geuneuk. Kituna téh, lantaran ambek kapegung. Ngan, teu bisa majar kumaha, lantaran kakeuheulna, éléh kénéh ku kanyaahna. Peuting ka-175 Sabubarna gempu- ngan, raja numpi manéh. Mikir pipetaeun. Néangan cara geusan ngalelemu anakna sangkan daék sagancangna ngawangun rumah tangga. Ngan, harita mah, raja téh masih kénéh aya harepan, lan- taran ceuk pikirna, bisa jadi nolak sotéh lantaran mémang ngarasa can waktuna boga kabeung- beurat rumah tangga. Ningkat umur, Komarujaman beuki nembongkeun pangabisana. Dibanding- keun jeung barudak umur sapantranana mah, loba punjulna. Dedeg hadé rupa sampé, luhung élmu jembar pangabisa, katam- bah sugih mukti, lantaran kokocoran teureuh jeung terahan, langsung ti sunggapan karajaan. Heuleut sawatara taun ti harita, waktu umur Komarujaman nincak dalapan welas taun, raja nepikeun deui karepna. Ceuk pikirna, meureun haté anakna téh geus robah, teu cara samemehna. Lantaran dina umur nu beuki sawawa, bisa jadi geus aya ceungceuman haténa geu- san ngawangun rumah tangga. Méméh nepikeun karepna, raja gé nyarita- keun rarancang ka hareupna. Cenah, geus meujeuhna, dirina lengser kaprabon, mikeun tahta ka anak nu ngan hiji-hiji- na. Tapi, saméméh nyangking kakawasaan, merenah kacida mun raja anom téh geus boga pamajikan. Ngadéngé caritaan raja kitu, Koma- rujaman, sajongjongan mah ngahuleng. “Kumaha ceuk pamanggih hidep?” ceuk raja. “Panuhun, Ama teu maksa jisim abdi,” ceuk Komarujaman. Saterusna, éta putra raja téh medar alesanan. Rupa-rupa pamanggih jeung rarancang kahareupna. Ngan, intina mah, tetep ngarasa teu boga karep ngawangun rumah tangga. Sanggeus nyarita kitu, Komaru- jaman amitan. Raja ngahuleng. Bi- ngung lir nu teu manggih tungtung. Nyaah, keuheul, pacampur. Mun kongang hayang nyarekan ngabudalkeun kateuge- nah haténa. Tapi, karepna kitu téh teu dilaksana- keun, lantaran inggis ku bisi rempan ku sugan. Jeung deuih, pangpangna mah kahalangan ku kayaah. *** (Hanca)
  47. 47. Hayang Nyaho Sajarah Kudu Nanya Ka Ahlina C euk Naskah Sunda kuno Sanghiyang Siksakandang Karesian “Nanyakeun masalah sajarah, kudu ka ahlina anu bener-bener bisa dipercaya. Kieu ceuk Sanghiyang Siksa Kandang Karesian téh; (tarjamahanana); “ Talaga dicaritakeun ku soang Gajah nyaritakeun leuweung Lauk nyaritakeun laut Kembang dicaritakeun ku bangbara Nya kitu deui lamun urang arek ngalengkah” Poma ulah salah néangan pikeun tumanya, Lamun hayang nyaho ngeunaan taman anu hégar tur éndah, tanyakeun ka sakadang soang, lamun hayang nyaho ka saeusining leuweung, tanyakeun ka sakadang gajah, lamun hayang nyaho ka saeusining laut, tanyakeun baé ka sakadang lauk, lamun hayang nyaho kana seungit jeung éndahna kekembangan tanyakeun ka sakadang bangbara. Karuhun Sunda anu arif wijak- sana geus ngisarahkeun supaya dina enggoning natanyakeun hal- hal anu teu acan terang téh bener- bener ka ahlina. Kitu deui lamun natanyakeun masalah sajarah, kudu ka ahli sajarah, sabab kudu bener, kudu logis kaharti ku akal séhat jeung bisa ditarima ku saka- béh pihak. Drs.Saleh Danasasmita taun 1986 geus mampuh nga- identifikasikeun ahli sajarah ti Cirebon liwat kajian ilmiah nu di- judulan “ Pangéran Wangsakerta Sejarawan abad ka XVII. Mang- rupa makalah anu dipadung- dengkeun dina Seminar Kabudayaan Sunda Proyek Sundanologi Depdik- bud di Bandung Maret 1986. Ku- lantaran kitu taya salahna lamun ayeuna urang ungkabkeun pikeun leuwih wanohna ka Sang Pangéran anu ahli sajarah ieu. Ari Saleh Danasasmita salah saurang inohong Sunda anu milu marajian lahirna Maj alah Mangle di Bogor taun 1957. Hadé urang tembrakeun baé, kumaha nurutkeun Kang Saleh ngeunaan Pangeran Wangsakerta ieu. Panembahan Cirebon Tokoh Pangeran Wangsakerta mémang ampir teu dikenal di lingkungan masarakat, malah kalangan karaton ogé wanoheun- ana téh ngan ka Wangsakerta anu kalungguhanana Panembahan Cirebon I, tanpa ajén husus Sejara- wan waktu jadi asistén Sultan Sepuh. Di gedong Arsip Nasional aya dokumen mangrupa naskah per- jangjian antara Cirebon jeung Kumpeni Walanda tanggal 7 Janu- ari 1681, ditulis dina dua basa. Bagian kénca maké basa Malayu Arab, bagian katuhu ku basa Wa- landa aksara Latén. Di bagian handap naskah beu- lah kenca ditulis 9 urang nu nandatangan naskah ti pihak Cire- bon, nomer tilu ditulis “ Wangsak- erta” ku aksara cacarakan. Dina naskah ditulis tandes yén anu mangsa harita nyangking kaka- wasaan di Cirebon téh aya tiluan di antarana Pangéran Wangsakerta. Dumasar kana éta dokumen, bisa mastikeun yén tokoh anu di- sebut Pangéran Wangsakerta salah saurang pangawasa Cirebon, bener-bener aya. Dr.F.De Haan dina buku Priangan B 1912 nyarita- keun Pangéran Wangsakerta tapi nyebutna Depati Topati. Dina sum- ber Kumpeni sejena. Leuwih sohor disebut de Derde Prins van Cheribon (Pangeran katilu ti Cirebon). Catetan poéan Kumpeni D. 19 Nopember 1677 ngamuat laporan chaeff (wakil Kumpeni di Banten) ngamuat yén de Derde Prins van Cheribon anyar kénéh mulih ka Cirebon sabada sumping ka kara- ton Banten Tapi dina D 21 Desem- ber taun 1977 Caeff ngalaporkeun yén éta béja teu bener Kusabab tugenah de Haan ngajejeleh Caeff, ceuk de Haan “Na di mana éta jelema neundeun matana?” . Nge- unaan hubungan antara Pangéran Wangsakerta jeung karaton Ban- ten, De Haan ( 1912, 260) nyutat laporan b Van der Meer jeung Yan Mulder nyebutkeun yén Sultan Anom masih tunggal karabat kara- ton Banten, ari Depati Topati mah samasakali lain karabatna. Ka- 48 Manglé 2432
  48. 48. kucrut kitu téh sajalan jeung nu di- ungkabkeun ku Sujana, Kasi Kabudayaan Kota Cirebon nu aya kaitanana jeung karaton. Ceuk Sujana karabat karaton sacara brukbrak nyebutkeun ayana naska wawacan. Dina éta wawacan disebutkeun yén Pangéran Kertawijaya (Sultan Anom) séjén ibu jeung Pangéran Mertawijaya (Sultan Sepuh), ibuna Pangéran Kertawijaya mah ti Ban- ten, ari Mertawijaya jeung Wangsakerta mah ti Mataram. Ku- lantaran kitu kalungguhan Wangsakerta di Cirebon samar. Kumaha Nurutkeun Wangsa- kerta? Geus dicaritakeun yén putra Ratu Ayu Sakluh ngajodo jeung Mas Rangsang nu ahirna jadi Sul- tan Agung Mataram anu mashur téa, nya kagungan putra anu jenen- gana Sunan Tegalwangi nyaéta Amangkurat ka I . Sunan Tegal- wangi kagungan putra Amang- kurat ka 2 anu neruskeun ramana jadi Raja Mataram. Putri Sunan Tegalwangi ngajodo jeung Pangéran Putra nyaéta Panemba- han Girilaya putra Pangéran Seda ing Gayam. Ti putri Mataram, Panembahan Girilaya kagungan tilu putra nyaéta Pangéran Mertawijaya, ditelah Pangéran Samsudin nu jadi Sultan Kasepuhan Ka I. Raina nyaéta Pangéran Kertawijaya atawa Badrudin jadi Sultan Kanoman ka I, ari Pangéran Wangsakerta jadi Panembahan Cirebon anu ka I. Kusabab Ratu Ayu Sakluh téh rakana Panembahan Ratu, atuh raja Cirebon jeung Mataram téh nasih karabat. Tapi Raja Mataram Sunan Tegalwangi salawasna boga angen-angen hayang ngarebut Cirebon. Sajeroning kitu Raja Cirebon ogé karabat karaton Ban- ten, padahal Banten jeung Mataram téh musuh gerot. Awal ngadegna Kasepuhan jeung Kanoman taun 1599 Saka (1677 Masehi). Heuleut opat taun ti harita Cirebon meungkeut tali mimitran jeung kumpeni dipaheutkeun dina surat Perjangjian nu ditandatangan ku Sultan Kasepuhan I Pangéran Samsudin Mertawijaya, Sultan Kanoman I, Pangéran Badrudin Kertawijaya , milu tandatangan ogé para pajabat luhur negeri Cirebon nu disebut Jaksa Pepitu nyaéta Panem- bahan Ageng Gusti Cirebon Pangéran Wangsakerta jeung para Jaksa Pepitu Raksanagara, Purbanagara, Angga- diraksa, Anggadiparna, Anggaraksa jeung Nayapati ,Sang Panembahan Pangéran Wangsakerta ketua para Jaksa Pepitu. Ti pihak Kumpeni anu nanda- tangan téh Yakub Bule, (Yacub van Dijck) jeung Kapten Misel (Yochem Michielsz), acarana di karaton Kasepuhan Cirebon. Sabada Panembahan Ratu wapat, terus diganti ku putuna nyaéta Pangéran Putra astawa Raden Resmi nu saterusna disebut Pangéran Panembahan Adining Kusuma gelarna Panembahan Ratu II putra Pangéran Seda ing Gayam anu wapat dina waktu ramana aya kénéh di kieuna. Panembahan Seda ing Kusumah jadi pangawasa Ci- rebon 12 taun Sabada wapat nya di- gentos ku putrana nyaéta Radén putra gelarna Pangéran Panemba- han Girilaya. **Yoseph Iskandar ” Nagara Gheng Islam Pakungwati Cirebon “ HRS** Karaton Cirebon Manglé 2432 49
  49. 49. 50 Manglé 2432 P ANAS poé mani morérét, angin halodo nyelesep, sésélékét kana sakujur awak Rasti. Karasana matak lalinu satu- lang sandi. Keur mah manéhna teu ngareunah, kawas anu rék salésma. Di tepas ngan aya manéhna sorangan, jongjon nyang- hareupan mesin jahit. Keur nganggeuskeun baju Nia, anakna nu ayeuna keur kuli- ah di Jogja. Taya sora nu kadéngé, iwal gurudugna mesin jahit meupeus kasimpé. Teu cara sababaraha taun ka tukang, basa sararéa ngariung kénéh. Aya Nia, aya si Ayah, sebutan sapopoé bapana Nia. Sok heureuy silih poyok, silih puji. Da bapa jeung anak téh sakaresep kana musik jeung ngalukis. Rasti ngabandu- ngan sok bari nganggeus- keun hanca kaputeun kawas ayeuna. Pangaresep Rasti ngaput téh. Pangaresep nu bisa nambahan pangasilan keur meuli kabutuh sapopoé. Rét kana jam dina tém- bok, geus jam satu, ras manéhna inget can solat lohor. Buru-buru cengkat tuluy ka cai rék wudu. Basa sup ka kamar mandi, karasa awakna beuki nirisan, malah tepi ka ngahodhod. Rasti neruskeun wudu. Kawasna geus lohor mah tulus rék kaluar téh, gerentes haténa. Aya jangji nu can katedunan saprak manéhna hirup nyorangan. Hayang solat Asar di Masjid Agung. Can ludeung ka masjid téh, ku loba panineungan. Kapan di masjid éta tepung munggaran jeung salaki téh. Kapan di masjid, sok babarengan munajat ka Anjeunna. Naha saprak ditinggalkeun, jadi sieun teu kuat ka masjid téh. Tapi maenya rék kalalanjoan ngingu kawaas jeung kame- lang. “Pamali, kawas anu teu tumarima kana kadar,” saur Ema, bulan tukang. Euweuh sora nu nga- ganggu, jongjon. Rasti husu salat lohor. Bérés salat manéhna nilepan mukena, sup kana kantongna, tuluy di kana tas keun. Rék dibekel. Sup qur’an husus paranti manéhna, diasup- keun tartib, tuluy sarua dikana taskeun. Sakalian hayang nuluykeun diajar tahsin. Niat nu katunda saprak si Ayah dipaparin cocobi ku Alloh, ngaranda- pan kanker nasopharink. Ku dokter kapanggih, sanggeus metastase, nyebar kama- mana. Méh lima taun, Rasti tawekal ngurus nu gering. Padahal nu jadi gunung pananggeuhan téh, ngan salakina. Ti harita Rasti jadi gagantina, nyangahareupan sagala rupa urusan. Alham- dulillah, Allah SWT satemenna maparin ujian sareng rohmatNa, sareng kadeudeuhNa. Salaki nu dikaulaan éstu sabar, tara ngarasula. Rumasa Rasti sakapeung sok ngarasa capé. Ihtiar jeung tarékah geus di- lakonan, tapi kodar ti Allah mo bisa disinglar. Dina te- ngah taun kagenep, Allah geus nangtukeun salakina kudu mulang ka kalangge- ngan. Basa Rasti ka Masjid Agung nu panungtung, sa- taun ka tukang ogé, éstu bari nedunan paméntana. Salakina, panasaran hayang ngajaran diubar ku jajamu. Panasaran, pédah pabéja- béja, aya ubar tina tutuwu- han nu sok remen ditawarkeun di buruan Masjid, mangpaatna bisa ngubaran kanker. Paménta- na ditedunan, bari angger ngalaksanakeun saran dok- ter radioterapi jeung kemo. Nyanghareupan kaayaan kitu, Rasti ngan bisa tumam- pi bari ikhtiar. Rasti ngarasa yakin, ujian ti Allah SWT, moal ngaleuwihan kamampuhna. Harita mah asa gedé haté. Sugan Ayah bisa séhat deui sabihari. Sanajan ti taun ka taun Carpon Tety S Nataprawira

×