1. 1. Lumpat sakabeh jalma Di udag-udag Naraka
Taya pisan nungabela Anging amal keur didunya
2. Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Nabi Adam
Menta tulung jeung Safa’at Nabi Adam teh ngadawuh
3. Aduh Karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge eker susah Tuh sugan ka Nabi Nuh
4. Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Nabi Nuh
Menta tulung jeung Safa’at Nabi Nuh teh ngadawuh
5. Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge eker susah Tuh sugan ka Nabi Ibrahim
6. Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Nabi Ibrahim
Menta tulung jeung Safa’at Nabi Ibrahim teh ngadawuh
7. Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge eker susah Tuh sugan ka Nabi Musa
8. Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Nabi Musa
Menta tulung jeung Safa’at Nabi Musa teh ngadawuh
9. Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge eker susah Tuh sugan ka Nabi Isa
10. Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Nabi Isa
Menta tulung jeung Safa’at Nabi Isa teh ngadawuh
11. Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge eker susah Tuh sugan ka Kanjeng Nabi(Muhammad)
12. Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Kanjeng Nabi
Menta tulung jeung Safa’at Kanjeng Nabi teras sujud
13. Sujud kayang Agung Nyuhunkeun Safa’at Gusti
Gusti Alloh teh nimbalan Pek kuanjeun Safa’atan
14. Cengkat tina sujud Kanjeng Nabi teh ngorejat
Ngarajang Naraka galak Narak ampun carerik
15. Hanjat kameja hejo Kanjeng Nabi ngahukuman
Dina waktu 6 jammen Jalma rengse sadayana