Butuh Lalakon, Panghudang Harepan

J

adi warga nagara, butuh kareueus. Butuh pangajén pihak séjén, boh ti bangsa sorangan...
18

Ukur Ciciptan
5
TAMU

Abong pangsiunan nu teu boga cabak,
sapopoé téh ukur langlang-lingling teu
puguh laku. Enya kuri...
Inferno

A

nyaran ngéndong di jero
tahanan KPK, nu dipénta ku
Andi Mallarangeng téh
buku nu judulna Inferno. Éta téh
judu...
Hayu Urang Hijrah
keur Ngabebenah Diri
Assalamu'alaikum

Wr.

Wb
Sampurasun!
Damang Ais Pangampih
Manglé? Kiwari teu saeut...
Dr. H. Sundawa Bachtiar,M.Si.;

Léngkah Pamuda
Butuh Conto nu Tiheula
Pamuda butuh conto. Kitu
deui dina léngkah-léngkahna...
Ngajar téh, ngarah tetep daék diajar

mampuhan kawas kitu, pihak
pamaréntah gé, kudu bener-bener
daria ngarojongna. “Saha ...
Nu bakal tarung atawa makalangan
dina pilihan umum, sawadina nataharkeun dirina sangkan meunang kapercayaan ti masarakat. ...
Budi Rahayu Tamsyah

Ngalanglang­Alam­Rusdi­jeung­Misnem­­
(1)

Rusdi jeung Misnem

T

aun 1970-an, masih kénéh sok
ngadén...
sono ka indung bapana,
ka Misnem pon kitu deui.
Rusdi jeung MIsnem (aslina: Roesdi
djeung Misnem) disusun ku A.C. Deenik
j...
Bagian

179

Peuting ka-206
Syahrazad neruskeun
lalakonna....
Kalayan ati-ati,
Komarujaman ngarangsod kana dahan nu leuwih...
ngadongengna. Saperti
biasa, jangji rék
neruskeun éta lalakon
dina peuting engkéna.
Nya, tangtu cenah, upama
raja masih ké...
Ku M.A. Salmun

{ 17 }

6
Kawas geus babagian
jelema, lamun keur dibéré
naas, ana béntangna keur
surem, sok sagala sarwa
s...
abdi.”
Diucapkeun kitu téh
Usman mani reup geuneuk
ray pias, aya éra aya nyeri,
ari rék gerak teu wani, da
rumasa geus kat...
Mapag 1 Muharram 1435 H,

Nguatan Kayakinan Nanjeurkeun Kasoléhan
Ku­Rihhadatul­Aisy

S

akumna manusa di ieu alam
dunya, ...
don, Rosululloh SAW ngajarkeun supaya ngamimitian puasa saatosna
nempo bulan tanggal hiji Romadon,
kitu deui lebaranana sa...
DI KIWARI MACA BIHARI (24)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)

Padarubak Sisi Sam...
Karancagéan Pamuda
Perlu Conto jeung Dipernahkeun

P

amuda perelu conto-conto tuladeun ti generasi saheulaeunana
anu napa...
Ukur Ciciptan
Carpon Féndy Sy. Citrawarga

A

bong pangsiunan nu teu
boga cabak,
sapopoé téh
ukur langlanglingling teu pug...
enyaan lugay, ngadius
sabada ku supir digas.
Bangun ngahaja tanagana sina bedas, siga kuda
nu keur narik délman
dipecut sa...
Carpon Ihwan

“Asalamualikum.....!.”
ngadéngé sora anu geus
teu bireuk deui, kuring
gancang cengkat nyampeurkeun bari némb...
rengan sagulung-sagalang, sasuhunan silihsimbeuh ku kadeudeuh.
Silihsawér ku kanyaah.
Bet kiwari ngan kari
waasna.”
Sabada...
Cikopi Taun Hareup
Carpon Barkatun Purwasrikandi

S

ok cikopi dina
méja, deukeut
speaker komputer. Layar email dina
monit...
gawé jeung diajar rumah
tangga, cita-cita jadi barista
geus méh kapopohokeun.
Tapi ari karesep meulian
kopi jeung ngopi di...
Nu Dicidung Beureum
Ku Solihin

S

anajan pagawéan
kantor ngahunyud,
kuring merlukeun
indit. Pédah wé
cenah nu nyunatan
di...
lenjangna ditinggalkeun nyorangan di panglalajoan.
Mangka mani sakitu geugeutna. Sakitu tipepereketna
muntangan. Kawas nu ...
Putra nu Toyyibah,

Barokah ka Balaréa
Ku Hadé Rustandi
dina rumah tanggana. Malah tatangga sabudeureun
nana ogé kabeleter...
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
Upcoming SlideShare
Loading in...5
×

MSWA Mangle 2448

1,736

Published on

MSWA Mangle 2448

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total Views
1,736
On Slideshare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
1
Actions
Shares
0
Downloads
0
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

MSWA Mangle 2448

  1. 1. Butuh Lalakon, Panghudang Harepan J adi warga nagara, butuh kareueus. Butuh pangajén pihak séjén, boh ti bangsa sorangan boh ti bangsa deungeun. Pangajén kawas kitu, bisa jadi panghudang kareueus ka lemah cai jeung bangsa sorangan. Saterusna, éta kareueus téh, bisa jadi modal kamajuan keur bangsa jeung nagara. Dina pacaturan kahirupan, urang remen nyaksian, aya bangsa punjul jeung sabalikna. Tapi, kapunjulan kitu bisa waé robah luyu jeung manusana, pangpangna mah generasi ngorana. Nilik ka dinya, urang gé payus gedé haté, lantaran kamampuhan barudak kiwari teu eleh ku barudak bangsa séjén. Kapunjulan barudak kiwari, tembong dina ruparupa widang. Enya, apan nu makalangan di luar nagri, saperti dina olimpiade sain, remen kapeto jadi jawara tingkat internasiona. Kitu deui nu miluan lomba nyieun robot, sababaraha kali barudak/nonoman urang ge jadi juara! Potensi kitu, kudu kariksa jeung kajaga. Ulah nepi ka kamampuhanana teu bisa mekar atawa teu kamangpaatkeun di nagri sorangan. Hartina, sakur potensi anu nyampak kudu boga tempat keur ngipuk sarta miarana, oge ahirna boga ‘rohangan’ keur nempatkeunana. Mitra, saban 28 Oktober aweuhan seumanget nonoman ngoncrang deui. Digedurkeun dina mileling “Sumpah Pemuda”. Nya tumali sareng éta, dina nomer ieu Manglé nglongan pamanggih Dr. H. Sundawa Bachtiar, M.Si., manten aktipis pamuda nu kiwari mupuhuan Gelanggang Generasi Muda (GGM) Bandung. Nu dipalar, dina sumpegna ngabandungan rupa-rupa kajadian kiwari, ku nitenan karep jeung kahayang para nonoman mah, enyay-enyay harepan téh teu burung tembong. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 18 Ukur Ciciptan 5 TAMU Abong pangsiunan nu teu boga cabak, sapopoé téh ukur langlang-lingling teu puguh laku. Enya kuring, kalah der nunutur indung suku. Aéh kétang henteu ari teu puguh laku teuing mah. Aya nu dijugjug. Rék ka Cianjur nepungan babaturan sugan baé boga palakiah pagawéan keur nu pangsiun. Naon baé lah. Dr. H. Sundawa Bachtiar,M.Si; Léngkah Pamuda, Butuh Conto nu Tiheula BAHASAN NU MANEUH Budi Rahayu Tamsyah Ngalanglang Alam Rusdi Jeung Misnem (1) ........................................................... 8 Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Alit ....................................... 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 PURIDING PURINGKAK Nu Dicidung Beureum Solihin ............................................. 24 Potret : Reisyan IMPLIK-IMPLIK S ­ ekar­Manglé KARIN Panata Rias & Raksukan: Sanggar Ayu Busana (Galery Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9 Ujung Berung – Bandung Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408 Hanjeli Wangi Bisa Dipake Gaganti “Nasi” ......................................................... 46 CARITA NYAMBUNG UNAK-ANIK Geregetna Rita Tila ......................... 44 CARITA PONDOK Ukur Ciciptan Féndy Sy. Citrawarga ....................... 18 Nyekar Ihwan ............................................... 20 Cikopi Taun Hareup Barkatun Purwasrikandi ................... 22 Carita Sarebu Samalem (179) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (17) M.A. Salmun ............................................................. 12 Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (1) HD. Bastaman ............................................................. 48
  3. 3. Inferno A nyaran ngéndong di jero tahanan KPK, nu dipénta ku Andi Mallarangeng téh buku nu judulna Inferno. Éta téh judul novélna Dan Brown, minangka runtuyan tina novel-novel saméméhna, babakuna The Da Vinci Code jeung Angel and Demon. Tokoh utamana ogé angger éta, Robert Langdon, profésor anu ahli dina urusan simbo logi. Langdon bisa nafsirkeun simbul-simbul atawa lambang anu parenting, babakuna nu aya patalina jeung geréja Katolik katut sagala rupa organisasina, utamana anu nyamunina, kayaning Opus Dei. Naha salila di jero tahanan KPK Andi gé rék nyurahan deui simbulsimbul atawa lambang nu aya dina pulitik di nagara urang? Apan kabéh parpol nu aya di urang gé baroga lambangna sorangan. Hulu banténg lambangna PDIP. Tangkal caringin lambangna partéy Golkar. Ka'bah lambangna PPP. Bulan bintang lambangna PBB. Tangtu kabéhanana gé henteu sambarangan, tapi aya harti jeung maksudna. Ari partéy Démokrat, di mana Andi salila ieu icikibung, lambangna téh sarua jeung mobil Mercedes Benz. Lamun parpol nu séjén maké lambangna téh tina nu geus populér tur aya di urang, naha ari Partéy Démokrat lambangna bet niron kana mobil buatan Jérman? Keun éta mah urang pasrah keun ka Andi Mallarangeng baé. Ngan ku maca Inférno sigana Manglé 2448 Andi bakal kaubaran kanyeri haténa. Lain suudon, ieu mah ngan babala gonjangan baé. Da apan geus aya ti baheulana anu arasup ka jero tahanan di dituna téh sok getol maraca buku. Komo anu kasebutna tahanan pulitik mah. Bung Karno upamana. Buku anu dibacana téh loba pisan. Sing saha anu kungsi maca Di Bawah Bendera Revolusi, Indonesia Menggugat atawa Sarinah, bakal boga kasimpulan yén naon-naon anu jadi pikiran Bung Karno harita sumberna ti mana mendi. Malah apan Pancasila gé kapanggihna téh sabada Bung Karno macaan ruparupa sumber nu aya dina diri bangsana, boh anu tinulis boh anu jadi kabiasaan sapopoé. Kitu deui anu jadi kabiasaan Bung Hatta, Sutan Syahrir, Tan Malaka katut pamingpin bangsa mangsa harita. Di antara anu geus kaparengkeun jadi presidén di urang ngan Pa Harto jeung Mégawati anu teu kungsi kabéjakeun resep maca téh. Pa Harto cenah panganggona kana kejawén, anu ampir taya patula-patalina jeung buku da museurna kana nglakoni, ngadon tapa di tempat-tempat anu husus. Duka tah Mégawati, kana naon baé pangaresepna. Di urang gé Kang Tjétjé (H. Padmadinata) apan sok aléwoh pajar cenah salila di jero bui téh loba pisan maca buku. Kungsi dua rintakan THP dijebloskeun ka jero buina téh. Geus puguheun dina jaman Bung Karno, dalah dina mangsana Pa Harto ngalalakon gé, kabagéan hancenganana. Padahal THP téh kaasup salasaurang anu milu naratas ngadegna Golkar. Geus kitu lumrahna mungguh dina pulitik mah. Tapi ké heula. Bung Karno, Bung Hatta jeung Syahrir dijebloskeunana ka jero bui, malah nepi ka dibuangna téh, urusanana jeung pulitik. Kitu deui THP. Ari Andi Mallarangeng mah apan béda. Anu meulit kana bitisna nepi ka tijengkang téh lain urusan pulitik tapi perkara korupsi. Ti saprak runtagna Suharto, ampir geus tara aya deui anu dibui lantaran pulitik. Éta hiji bukti yén di urang nu ngaranna démokrasi geus merenah. Kitu soténan ceuk maranéhna. Ngan anu pasti, nu arasup bui alatan tina korupsi mani jol deui jol deui. Malah siga anu moal aya béakna. Ti mamana deuih anu kapanggihna téh. Nu ti pamaréntahan, anu ti parlemén, kitu deui hakim jeung jaksa katut pulisi. Atuh anu ti perguruan tinggi gé teu tinggaleun. Malah aya anu nepi ka pokna pisan, najan bari garanyam-gerenyem, pajar cenah méh saréréa korupsi di urang téh. Anu ngabédakeunana ngan antara nu geus kapanggih jeung anu can kapanggih. Horéng geuning dina korupsi gé aya lambang-lambangna. Nu disebut apel washington jeung apel malang téh aya bédana. Kitu deui nu disebutna emas. Paingan Andi Mallarangeng resep macaan novelna Dan Brown. AM 3
  4. 4. Hayu Urang Hijrah keur Ngabebenah Diri Assalamu'alaikum Wr. Wb Sampurasun! Damang Ais Pangampih Manglé? Kiwari teu saeutik jalma nu resep migawé kamaksiatan, kajahatan jeung kamungkaran. Hiji tanda pikeun umat manusa pikeun hirup leuwih ngadeukeutkeun ka Gusti Nu Mahasuci. Sabab, lobana manusa nu geus teu maliré deui kana aturan nu geus digariskeun ku Gusti Nu Mahasuci mangrupa cicirén yén dunya geus kolot. Sapertina mahabuna korupsi, leungitna sangsi moral nu ngalakukeun dosa, di urang geus biasa. Kondisi masarakat nu samodél kitu téh, sabenerna mah geus ti anggalna kénéh digambarkeun ku Rosululloh SAW. "Bakal datang hiji jaman di mana jelema-jelema teu kuat deui néangan pakasaban kahirupannana anging ku jalan ma'siat nepi ka waktu harita jalma-jalma pada ngabarohong jeung murtad. Mangka di mana kaayaan geus kitu aranjeun kudu hijrah," kitu dawuh Rosulullah SAW. Ku kituna, simkuring umajak dina mayunan taun anyar Hijrah, hayu urang bebenah diri hayu urang hijrah. Ka kudu hijrahna téh? Saur Rosululloh: Kudu hijrah kana jalan Alloh. Al-Qur'an jeung Al-Hadits kudu jadi pituduh, cecekelan pikeun jadi kompas kahirupan. Insya Alloh, ku jalan kitu, urang tiasa hirup dina jalan nu dipikarido ku Gusti Nu Mahasuci. Kaayaan jaman kiwari, diaku atawa henteu, mémang kacida paurna. Geus loba jelema nu teu bisa ngabédakeun mana nu halal, mana nu haram. Paingan saur Ro- 4 sululloh SAW: "Bakal datang hiji jaman di mana manusa henteu merhatiken deui sumber kahirupan maranéhna, naha tina sumber nu halal atawa tina sumber nu haram." (HR. Bukhari) Lamun kitu gambaran téh geus ngabukti dina mangsa kiwari, tinangtu urang kudu gura-giru tobat, bari terus hijrah kana jalan Alloh. Insya Alloh upama dina diri urang nerap patékadan kitu, gogoda nu bakal datang bakal gancang disingkahan. Rupina cek simkuring mah ieu téh kalintang pentingna keur nyingkahan mahabuna paripolah dosa nu beuki dieu beuki babari narémbongan. Sakitu, hatur nuhun sakali deui ka Ais Pangampih Mangle. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. Hakim Najmudin Ti Cipasung Tasikmalaya Jalan Heureut Sampurasun! Nyi Manglé, punten ngiring nyerat. Nyi, di Bandung mah jalan téh heureut laleutik. Atuh wajar upama sok macét. Tah cek simkuring jalan heureut téh mémang di urang aya masalah, pangpangna teu aya kajelasan nataharkeun tata ruang kota. Contona waé pangaruh tina cara melak tatangkalan. Aya masarakat nu hayang jalan téh gedé, tapi ogé aya masarakat nu ulah nuaran tatangkalan di jalan-jalan di Kota Bandung. Tah, salila teu di bukbak éta tatangkalan mémang jalan di kota Bandung bakal kitu. Tapi lain hartina simkuring ngajak ulah aya tatangkalan, tapi pihak dinas Tata Ruang kudu ngamimitian deui nga- rumuskeun jalan gedé, tapi tatangkalan angger aya. Sakitu waé, hatur nuhun Nyi Manglé. Aep Hendriyana Gumuruh Bandung Ngamumulé Budaya Sunda Sampurasun! Cek simkuring Budaya Sunda kacida pentingna. Di antarana pentingna ngamumulé basa Sunda, nyaéta keur nguatan masalah ahlak. Adab sopan santun, soméah hadé ka sémah, apan di Sunda mah kalintang dipupustina. Jelas diajarkeun ti baheula mula. Sepuh urang ngajarkeun budi pekerti. Hadé ka sasama, hormat ka guru, hormat kasaluhureun, éta téh diajarkeun ku sepuhsepuh urang. Sepuh ngajarkeun ogé ku basa Sunda nu nyerep nu moal poho nepi ka iraha waé ogé. Jeung deui sanajan apal nu karitu téh lebah dituna mah tina ajaran Islam, tapi sepuh téh henteu kudu ngaluarkeun dalil, tapi cukup ku basa nu matak pikabetaheun. Ieu nu diantarana cek simkuring ngamumulé budaya Sunda téh kalintang pentingna, nyaéta mageran manusa tina urusan ahlak. Atuh kantenan dina sual séjén nu leuwih luhur jeung jembar mah, nya budaya téh bisa mageuhan silaturahmi. Geuning seueur wargi-wargi nu tarebih, cenah caketna téh lantaran sami-sami urang Sunda. Atawa upama tepung jeung batur di luar Jawa Barat, heg apal manéhna maké basa Sunda, asa jadi dulur. Tah, éta meureun karasa pentingna budaya Sunda téh. Ku kituna, ka saha waé, hususna ka pamaréntah Jawa Barat, ulah mangmang nanjeurkeun budaya Sunda téh. Lantaran geuning sakitu ageung mangpaatna. Rupina sakieu waé, ieu mah étang-étang ngajak ka diri waé. Hatur nuhun Manglé. Wassalam, Pun Rizki Ti Cileunyi Bandung NGALERESKEUN Dina édisi 2447 kaca 8 aya kalepatan nyerat judul. Kaserat : Nguatan Seni Tradisi Mahing Jati Kasilih ku Junti. Kedahna : H. Mohamad Surya; Silaturahmi sareng Warga Pasundan di Melbourne. Kantenan, kalepatan ieu kalintang matak ngagangguna ka pamaos Majalah Manglé. Ku kituna, Ais Pangampih Manglé neda tawakufna, hususna ka Bapa H. Mohamad Surya, umumna ka pamaos sadayana. Mudah-mudahan kapayunna henteu kajantenana deui. Redaksi Manglé 2448
  5. 5. Dr. H. Sundawa Bachtiar,M.Si.; Léngkah Pamuda Butuh Conto nu Tiheula Pamuda butuh conto. Kitu deui dina léngkah-léngkahna. Ngan, saha tuladeun téh? Dr. H. Sundawa Bachtiar, M.Si., medar pamanggihna. *** N u hirup kiwari moal tuna tina kahirupan bihari. Kitu deui pamuda, butuh conto atawa tuladan. “Pangpangna nu tumali sareng moral,” ceuk Dr. H. Sundawa Bachtiar, M.Si., aktipis pamuda manten nu ayeuna icikibung dina kapamudaan. Inyana yakin, pamuda boga karep jeung kahayang. Atuh, kasempetan keur leuwih maju batan generasi saméméhna, ngabulungbung. “Tapi, tetep kudu aya kareueus ka dirina jeung ka bangsana,” pokna. Upama H. Sundawa nyarita kitu, mémang cenah, kanyataan nu remen kasaksén kiwari. Teu jarang nonoman téh kawas nu laas kanyaahna ka bangsa jeung nagarana. Contona, cenah, inyana dina hiji mangsa kungsi papanggih jeung sala saurang nonoman. Nilik kana rurupaanana jeung dedeganana, bréh wé tangtu ti Asia, ti sélér Malayu. Mémang, enya, manéhna téh ngakukeunana mah urang Malaysia, padahal sabenerna mah urang Indonesia. H. Sundawa harita panasaran, nya nanyakeun alesanana, pangna leuwih reueus ngaku jadi bangsa deungeun batan bangsa sorangan. Pokna téh. Era pajabatna loba nu korupsi! ajénan, tangtosna gé bakal timbul kareueus ka lemah caina sorangan,” ceuk ieu Doktor Kebijakan Publik lulusan Universitas Pasundan (Unpas), Bandung téh. Kareueus jadi warga nagara, ceuk inyana mah, bisa jadi modal kamajuan keur bangsa jeung nagara. Apan, bukti mun warga nagara teu reueus ka bangsa sorangan, moal boga kanyaah ka lemah caina. Saperti, nu remen kacatur kiwari, bangsa urang téh loba nu hébat di nagri deungeun. Tapi, naha embung babakti di lemah caina sorangan? “Margi ngarasa kurang diajénan di lembur sorangan mah,” pokna semu hanjelu. Nyaritakeun nonoman, hartina nyaritakeun kaayaan bangsa kiwari jeung mangsa nu bakal datang. Atuda ti dinya huluwotanna kamajuan bangsa mah. Ngan, tangtu cenah, dina nataharkeunana gé kudu bener-bener daria. “Lian ti maparin conto hadé, ogé kudu jinek cara nataharkeunana,” ceuk ieu kepala UPT Gelangang Generasi Muda (GGM) kota Bandung téh. Upama nonoman bisa mekar sahadé-hadéna, ceuk H. Sundawa Bachtiar, lain pamohalan mun kamajuan urang bisa satata jeung deungeundeungeun. “Tingal wé poténsi murangkalih ayeuna, apan seueur nu unggul,” pokna. Kapunjulan barudak kiwari, témbong dina rupa-rupa widang. Enya, apan nu makalangan di luar nagri, saperti dina olimpiade sain, barudak téh remen kapeto jadi jawara tingkat internasional. Kitu deui nu miluan lomba nyieun robot, sababaraha kali barudak/nonoman di urang gé jadi juara! Poténsi kitu, ceuk H. Sundawa, kudu kariksa jeung kajaga. “Ulah nepi ka kamampuhanana teu bisa mekar atawa teu kamangpaatkeun di nagri sorangan,” pokna. Geusan ngajaga jeung ngariksa ka- Ngahudangkeun Kareueus Jadi warga nagara, butuh kareueus. Butuh pangajén ti pihak séjén. “Upama ngaraos di- Manglé 2448 5
  6. 6. Ngajar téh, ngarah tetep daék diajar mampuhan kawas kitu, pihak pamaréntah gé, kudu bener-bener daria ngarojongna. “Saha waé nu boga kamampuhan kudu dirojong sahadéhadéna,” ceuk ieu aktipis pamuda manten teureuh Sumedang téh. Maksud H. Sundawa, mun ceuk kekecapan kolot téa mah, ulah cueut ka nu hideung ulah ponténg ka nu konéng, tapi saha waé nu boga kapunjulan dina widang naon waé, kudu meunang panalinga jeung pangrojong ti pamaréntah, kaasup sual keur waragadna. Mindeng ilubiung dina kapamudaan, H. Sundawa sadar pisan, tarékah ngaronjatkeun ajén nonoman, kudu dibarung ku sayagina lingkungan anu hadé. Komo deui dina sarwa bruk-brak, apan naon waé gé boh hadéna boh goréngna bisa kasaksén ku saha baé. Atuh, kajadian-kajadian saperti palanggaran-palanggaran hukum nu ‘dipidangkeun’ dina média masa gé, baris mangaruhan kana pasipatan barudak atawa nonoman. Nataharkeun mangsa ka hareup, hartina mekelan nonoman ti ayeuna. Tangtu loba nu kudu dibekelan sarta rupa-rupa bekelna deuih, da kahayang jeung karep para nonoman téh ruparupa. Tah, di GGM gé kari milih, barudak bisa diajar jeung ngasah pangabisana dina rupa-rupa widang, olahraga, seni, jeung organisasi. Kagiatan éta gelanggang, apan rupa-rupa naker, aya kana 32 rupana. Atuh, ieu tempat nu perenahna di Jalan Merdéka, Bandung téh teu weleh haneuteun! Nataharkeun nonoman, ogé kaasup dina widang pulitik. Tah, ieu widang gé jadi garapan utama keur GGM mah. Malah, ceuk H. Sundawa Bachtiar, pihakna rék ngayakeun saraséhan nu jejerna “Menangkan Kaum Muda: Banggakan Indonesia Menyongsong Fajar Kebaharuan Nasional Indonesia”. Jejer éta miang tina patékadan ais pangampih GGM Bandung, geusan mapag pajar anyar nasionalisme atawa neonasionalisme. Hartina, kudu aya léngkah nyata dina ngahontalna. Kumaha carana? “Tiasa ku cara ngarojong nonoman. Pilihan umum anggota DRP, DPD, jeung DPRD Propinsi/Kabupaten/Kota di lemah cai, moal lila deui. Itung-itungan waktuna gé ukur bubulanan deui. Sareng garwana Hj. Irma Suryani 6 Manglé 2448
  7. 7. Nu bakal tarung atawa makalangan dina pilihan umum, sawadina nataharkeun dirina sangkan meunang kapercayaan ti masarakat. Dina mangsa pilihan umum ngandelkeun kapunjulan pribadi, lain gambar, sakuduna, éta pribadi-pribadi téh boga kapunjulan. “Hartina, para nonoman téh kudu mekelan dirina sangkan boga kamampuhan nu cukup geusan milu ngurus ngatur ieu nagara,” pokna semu neundeun pangharepan. Dina saréséhan téa, nu jadi narasumber téh ahli-ahli dina widangna. Intina, sangkan para nonoman mampuh ngalaksanakeun pancénna, lain ukur bisa ngurus ngatur nagara, tapi deui boga moral anu hadé geusan kamaslahatan masarakat. Miang tina Harepan Upama H. Sundawa Bachtiar gedé katineungna ka nonoman, mémang ti dinya akar pamianganana. Keur ngora, keur meujeuhna belekesenteng, karesepna téh ruang-riung dina organisasi. Atuh, komo deui sanggeus jadi mahasiswa, lian ti aktif di kampus ogé di luar, di antarana di GGM Kota Bandung. Di dieu, para nonoman bisa mekelan pangaweruh jeung kaludeungna. Apan, di dinya mah tempatna karancagéan. Naon waé pakarepan, kaasup nu resep kana pulitik, bisa kasorang. GGM kota Bandung, Dr. Sundawa nandeskeun, baris jadi “Kawah candradimuka” keur para nonoman geusan ngamalirkeun kamampuhanana, dina rupa-rupa widang, di antarana, widang seni, olah raga, organisasi jeung widang pulitik. Salian ti eta, GGM ge baris jadi tempat pangimpungan balarea. H. Sundawa gé kitu, harita téh aktip dina rupa-rupa widang, kaasup resep diajar gulat. “Kantun milih sakaresep, nu resep kana gulat tiasa latihan gulat,” pokna nyoréang mangsa ka tukang. Tina ancrub kana olah raga kitu, bet jorojoy hayang milu ngokolakeun persatuan gulat. Malah, ahirna mah kapeto jadi Ketua PGSI Kota Bandung. Dina widang pulitik, apan kungsi ancrub dina MKGR. Di dinya, inyana gé meunang luang jeung pamanggihna dina ngurus organisasi. “Ngalangkungan organisasi, tiasa mekarkeun kamampuhan masing-masing, kalebet engkéna mah tiasa dianggo dina puli- Manglé 2448 Sareng kulawarga tik,” ceuk ieu carogé Hj. Irma Suryani téh. Aktip di GGM, saterusna mah milu icikibung di dinya. Ula-ilu nguruskeun rupa-rupa kagiatan. Antukna, bet aya nu nawaran sangkan milu ngokolakeun éta gelanggang. “Saterasna mah janten padamel GGM,” ceuk ieu rama Restu jeung Riksa teh. Nu cikal murid SMA di Bandung, ari nu kadua mah, di SMP kénéh. Sapopoé idek-liher dina organisasi, keur inyana mah, gedé pangaruhna. Ku lantaran kitu, dirina gé boga karep, hayang nyiar élmu saluhur-luhurna. Atuh, dina lolongkrang kariweuhanana, bisa kénéh maksakeun sakola. Blus wéh ka Unpas. Malah, ahirna mah, ngahontal gerar Doktor. Disertasina gé tumali jeung organisasi. Remen ririungan jeung para nonoman, keur H. Sundawa mah gedé mangpaatna. “Nu penting mah boga karep kalayan wani ngalaksanakeunana,” pokna. Atuh, cenah, mémang kuduna wani ngawujudkeun impian. “Sakur nu diimpikeun, lain pamohalan, bisa kahontal,” pokna. H. Sundawa Bachtiar, pituin urang Wado, Sumedang. Upama ahirna nanjung di Bandung, mémang pangjurung indung pituah bapa. Daék rajin ngalap élmu. Saperti dina haleuang indung, geura-gedé geura jangkung geura sakola ka Bandung. Ceuk pikirna, ngahontal udagan, bisa ku elmu, kalayan saméméhna kudu buleud patékadan. Hasilna, karasa, nyuprih élmu di Pascasarjana gé ukur dua puluh bulan. Atuh, ngahontal gelar doctor, di S-3 méakeun waktu tilu puluh bulan. Boga pangaweruh, sageuy keur sadirieun. Atuh, inyana gé masih kénéh nyéngsarkeun waktu ngajar di STIA Bagasasi-Bandung, almamaterna méméh neruskeun di Unpas. Cenah, ngajar téh, ngarah tetep daék diajar! Cekel gawé ngaluluguan kagiatan GGM, keur dirina mah, pas jeung lelembutanana. Matak, betah di kantor gé, da loba kagiatan. Ngalaksanakeun pancén gawé, sarua jeung ngalaksanakeun amanah. Cenah, lain ukur pancén gawé manusa, tapi tugas dina ngalaksanakeun pancén hirup. Mun di dinya meunang pancénna, nya kari prakna ngalaksanakeunana. “Jabatan mah ditinggalkeun jeung ninggalkeun; mun teu ditinggalkeun, tangtu ninggalkeun, moal lana sapapanjangna,” pokna. *** (Tim Mangle) 7
  8. 8. Budi Rahayu Tamsyah Ngalanglang­Alam­Rusdi­jeung­Misnem­­ (1) Rusdi jeung Misnem T aun 1970-an, masih kénéh sok ngadéngé babasan “Euweuh dina buku Rusdina” téh. Anu maksudna, euweuh ti dituna, euweuh dina aturanana; henteu umum atawa henteu ilahar. “Euweuh dina buku Rusdina awéwé kudu maranan ka lalaki mah.” atawa “Euweuh dina buku Rusdina kaluaran SD hayang jadi caleg mah.” Kiwari mah, geus carang, mun teu disebutkeun geus euweuh ogé éta babasan téh. Bisa jadi jaman harita mah masih kénéh aya anu ngalaman maké buku Rusdi jeung Misnem pikeun bacaan di sakolana. Copélna kungsi ngadéngé dongéngna ti nini-akina, sanajan ngan saukur dédéngé tara ogé. Jaman harita, enya tahun 1970-an, buku bacaan basa Sunda di SD téh geus maké buku Umi jeung Udi, diteruskeun kana Taman Pamekar, anu tokohna Aman, Adé, jeung Isah anak mantri pasar urang Cicaléngka. Ayeuna mah komo, ngaranna ogé, enya ngaran Rusdi geus carang dipaké ku urang Sunda téh. Komo Misnem mah, 8 asa jauh tangéh kana ngaran urang Sunda. Rusdi jeung MIsnem téh buku carita anu “diajam pikeun ngalajengkeun bacaan di sakola handap sareng di sakolasakola, maksadna pikeun diajar maos”, kitu ceuk bubuka nu ngarangna. Ari anu diutamakeunana, saperti nu kauni dina bubukana “Laguna sareng pok-pokanana dina waktos nganggo ieu buku, peryogi dianggap nomer hiji”. Lamun ngagunakeun basa jaman kiwari mah meureun, anu dipentingkeun téh lentong jeung wirahmana. Lentong jeung wirahma, mémang hal anu kacida pentingna − ceuk sakaol − dina basa Sunda mah, pikeun ngabédakeun basa Sunda jeung basabasa lianna. Salian ti kecap-kecapna téh. Lentong jeung wirahma basa dina paguneman, anu matak ceuk pangarang dina panganteurna “aya sababaraha pasal anu ku guru kénging didamel paguneman”. Ari eusina kawilang euyeub, da cenah gé “aya nu kénging nukil tina élmu kajadian, élmu pepelakan, élmu sasatoan, sareng élmu bumi”. Sabada dibaca sagemblengna, opat jilidanana (Rusdi jeung MIsnem téh aya opat jilid), henteu méncog tina panganteurna. Jadi, henteu ngan saukur nyaritakeun urang kampung bau lisung nu jauh ka bedug, henteu ngan saukur panineungan nyaritakeun sawah, kebon, walungan, gunung, jeung (ngan) sabudeureun sawah anu subur mahmur héjo ngémploh. Asa henteu loba bacaan anu nyaritakeun jaman baheulaning baheula téh, ari lain dongéng mah. Umumna bacaan anu nyaritakeun kaayaan anu luyu jeung jamanna. Ceuk ukuran jamanna mah, Rusdi jeung MIsnem téh, ngajak barudak sangkan lampar, sangkan jembar panalar; ulah loba teuing ulin jeung rarasaan, tibelat ka lembur sorangan nu geus kasorang, nyawang alam éndah Parahiyangan. Apan dipungkasna ogé ku pupuh Kinanti, anu nyaritakeun papisahna Rusdi jeung indung-bapa katut adina. Papisah di Statsion Bandung, sabab Rusdi kudu nuluykeun sakola di Bandung, ari indung-bapana katut adina kudu balik deui ka lemburna. Cenah pupuh anu kacida populérna, dina mangsana mah. Tamba kawaranan, urang cutat sababaraha pada pupuhna: KINANTI Rusdi ku Ramlan ditungtun, dikaléng diajak balik, diupahan ku tiluan, ku Ramlan, paman, jeung bibi, dipapalér dibubungah, ulah nyantél ka nu balik. Ti statsion tarurun, ngaréndéng anu prihatin, nu ketir katinggal mulang, nu sedih katilar mulih, Jang Rusdi wungkul nalangsa, sajalan-jalan ngan ceurik. Di imah geus darariuk, Rusdi nyanghareupan bibi, bari ngadaweung ka wétan, nginget-nginget ka nu balik, Manglé 2448
  9. 9. sono ka indung bapana, ka Misnem pon kitu deui. Rusdi jeung MIsnem (aslina: Roesdi djeung Misnem) disusun ku A.C. Deenik jeung Rd. Djajadiredja. Diterbitkeun ku Rijswijk: Blankwaardt en Schoonhoven, tanpa taun. Aya nu nyebutkeun terbitna taun 1930-an. Aya ogé anu nyebutkeun taun 1913, dumasar kana katalog nu aya di Perpustakaan Nasional. Aya anu nyebutkeun, antara taun 1913 – 1930 suasanana moal pati jauh géséhna. Komo deui ieu di jaman normal, jaman anu can digurujag ku arus informasi ti madhab papat saperti kiwari. Bisa jadi di wewengkon séjén mah, enya kituna téh. Tapi henteu kitu ari di Dayeuh Bandung mah. Antara taun sakitu téh keur meujeuhna ngahangkeutkeun pangwangunan, dumasar kana rencana pamaréntah jajahan anu hayang mindahkeun puseur dayeuh pamaréntahanana ti Batavia ka Bandung. Loba gedong anu kiwari dianggap warisan sajarah di Bandung, anu diadegkeun dina mangsa-mangsa éta. Gedong Saté upamana, anu di jaman Walanda disebut Gouvernements Bedrijven (GB), diadegkeun taun 1920 – 1924. Arsitekna Eh de Roo jeung G. Hendriks, ngalibetkeun teu kurang ti 2000 pagawé, di antarana 150 urang bangsa Cina ti Kanton, ahli ukir batu jeung kai. Ari tukang batu, kuli aduk, jeung juru ledénna, pituin urang Bandung ti Kampung Sékéloa, Kampung Coblong Dago, Kampung Gandok, jeung Kampung Cibaréngkok. Tim pangwangunan Dayeuh Bandung, anu saméméhna ngadegkeun Gedong Sirap (Kampus ITB) jeung Gedong Papak (Gedong Balékota). Kitu deui Gedong Gebeo (PLN ayeuna), Gedong Merdéka, Kantor Pos Bandung, Museum Géologi, jeung Gedong Javansche Bank (BI ayeuna). Kaasup Gedong Sabau jeung Gedong Jaarbeurs, anu kiwari dipaké ku Kodam III Siliwangi; diadegkeunana téh mangsa harita. Teu ngan saukur ngawangun gedong sigrong, Dayeuh Bandung ogé diwuwuhan ku taman-taman kota anu mangrupa “ruang terbuka hijau”. Salasahijina Pieters Park, taman hareupeun balékota kiwari, anu henteu jauh ti padumukan paman Rusdi di Banceuy. Hartina, lamun ngan saukur hayang lalajo soldadu baris bari ngadrambén mah, teu kudu jauh-jauh ka Cikudapateuh. Taun 1930-an mah, di dinya ogé sok dipaké apél soldadu. Taun sabaraha atuh terbitna buku Roesdi djeung Misnem téh? Upama terbit taun 1913, jelas éta Manglé 2448 mah, statsion tempat Rusdi sakulawarga munggaran tumpak karéta api téh, di Statsion Cicaléngka. Ari sababna jalur karéta api Bandung – Cicaléngka geus dibuka taun 1884. Tapi lamun diterbitkeunana taun 1930-an, bisa jadi Rusdi téh tumpak Si Gomar ti Majalaya, anu leuwih deukeut ka lemburna di sisi Walungan Cigedé, walungan anu ngamuhara ka Citarum di Majalaya. Jalur kareta api Bandung – Soréang dibuka taun 1921; Jalur Bandung –Soréang – Dayeuhkolot dibuka taun 1923, anu diteruskeun ka Ci- basajan paranti komidi (sandiwara). Taun 1907 di juru Alun-alun Bandung, aya dua gedong gambar idup, nyaéta Oranje Electro Bioscope jeung De Crown. Lain mangrupa gedong, tapi sarupa ténda semi permanén, teu dibangkuan deuih; nu lalajo dariuk ngalampar samak. Émprak bari tingsaruit dina waktu gambar idup mimiti némbongan dina layar bodas. Teu béda ti urang lembur lalajo bioskop misbar jaman Orde Baru. Ayeuna mah geus kawilang langka nya rombongan Kondektur mariksa karcis Rusdi widéy taun 1924. Jalur kareta api hinterland Bandung, anu ayeuna mah ngan kari waasna. Rusdi atawa Ramlan, henteu nyabit-nyabit soal Si Gomar, padahal Si Gomar téh apan kacida populérna harita mah. Loba urang pasisian ngahajakeun dariuk lebah piadeuk (viaduct), lalajo Si Gomar langsir. Bari marurak timbel kituna téh. Lamun maca lalampahan Rusdi sakulawarga ka statsion anu kaitung jauh, indit dur subuh datang pabeubeurang, kawasna anu dijugjugna téh Statsion Cicaléngka. Éta baé ceuk Ramlan, ti dinya téh maranéhna kudu ngadagoan karéta api anu ka kulon, anu rék ka Bandungkeun. Tangtuna baé karéta api ti wétan, karéta anu ti Statsion Warung Bandrék (Cibatu). Lain karéta api anu ti kidul, anu ti Ciwidéy. Upama nilik ka dinya, bisa jadi tah buku Roesdi djeung Misnem diterbitkeunana téh taun 1913. Komo upama nengetan kana suasana basa Rusdi sakulawarga lalajo “gambar idup” (pilem ayeuna mah). Can di gedong anu sigrong, tapi di gedong pilem misbar anu nguriling ka pilemburan téh. Tong boroning kitu, gedong bioskop ogé, loba anu robah fungsi atawa diruntagkeun dijadikeun wangunan anyar. Ngan di Bandung meureun di Jawa Barat mah anu masih kénéh aya bioskop téh. Ari di kota-kota séjénna mah, geus euweuh di kieuna bioskop téh, geus almarhum. Kadéséh ku telepisi jeung pidéo bajakan. Kakara taun 1908, di Bandung muncul bioskop “kelas atas” sarta permanén nyaéta Elita Biograph. Nu lalajo dariuk dina bangku sarta dikelas-kelas: kelas 1, kelas 2, jeung kelas 3. Ari keur bangsa urang mah, kelas 3 téh kaasup méwah atuh. Da tampolana aya anu lalajo di tukangeun layar, nepi ka gambar pilemna téh katénjona tibalik. Malah aya bioskop anu henteu kaci katincak ku pribumi, saperti Biskop Majestic di Jalan Braga. Maké pelang basa Walanda, anu pihartieunana: “Anjing jeung pribumi dilarang asup”. Sabelas dua belas lah jeung politik apartheid di Afrika Kidul mah. (hanca) 9
  10. 10. Bagian 179 Peuting ka-206 Syahrazad neruskeun lalakonna.... Kalayan ati-ati, Komarujaman ngarangsod kana dahan nu leuwih luhur. Maksudna mah ngadeukeutan éta manuk, sarta sakalian rék motongkeun pangpung keur maléngpéng éta manuk. Ari manuk, bangun nu teu kagareuwahkeun mimitina mah. Ngan kakara gé Komarujaman ngarongkong motongkeun pangpung, nu angkanana mah rék dipalengpengkeun ka éta manuk, geleber wéh manuk téh hiber. Atuh, komarumajan gé gancang turun deui. Manuk téh hiberna teu jauh, ukur pindah tangkal. Cineten dina dahan nu pangluhurna. Komrujaman ngadeukeutan éta tangkal. Ngan, teu 10 wak naék da karasana téh capé naker. Leuleus satulang sandi, balukar lulumpatan jeung tatanggahan. Manéhna luak-leuk. Gebeg ngagebeg horéng geus jauh naker ti tempat asalna téh. Lian ti kitu, nu matak héran téh, lantaran manéhna asa teu puguh rarasaan. Teu bisa nangtukeun kaler kidul, kulon wetan. Hartina, manéhna téh linglung jeung kalangsu. Atuh, teu apaleun, di mana tempatna kemah nu ditinggalkeun ku manehna téh. Ku lantaran kacida capéna jeung deuih éta manuk gé reureuh dina dahan tangkal kai di luhur, Komarujaman gé antukna mah cicing di dinya. Diuk nyarandé kana tangkal kai. Bakating ku tunduh, reup peureum tibra naker. Isukna, manéha hudang. Rét ka luhur, manuk aya kénéh dina tempatna bari rarat-reret ka handap, siga nu keur nitenan dirina. Geus kitu, éta manuk téh hiber deui, ngajauhan éta tempat. Komarujaman beuki panasaran. Manuk dituturkeun. Ngan, da lungsé kénéh, ukur bisa nuturkeun bari leumpang. Ngan, da manuk gé hiberna téh teu gancang kawas kamari, mun jelema mah éta sato téh ukur leumpang, teu lumpat nyerepet cara saméméhna. Teu karasa, horeng nutur-nutur manuk téh geus lila naker, geus aya kana sababaraha poéna. Geus loba tempat nu disorang, leuweung tegalan, walungan, jeung sajabana. Ahirna, lalampahan éta lalaki nutur-nutur téh ajog ka pakampungan, nu saterusna nepi ka tapel wates kota. Ku lantaran loba wawangunan, Komarujaman teu bisa nuturkeun éta manuk, Geus kitu mah,éta sato téh ilang tina paniten Komaru- jaman. Anjog ka sisi dayeuh, komarujaman beberesih heula di walungan. Geus kitu mah, muru gapura lawang ka kota. Najan loba jalma, taya saurang ogé nu dipiwanoh ku dirina, nya kitu deui nu séjén, taya nu wawuheun ka Komarujaman. Eta kota sisi basisir. Tetempoan, ti lebah dinya mah upluk-aplak, satungtung deuleu. Nu tembong di jauhna, ukur patingborélakna, cahaya tina layar kapal nu kasorot ku panon poé. Komarujaman, reureuh sajongjongan, nangunjar dina kikisik. Geus leungit kacapé, inyana nangtung deui. Teu jauh ti dinya, katempo aya taman lega naker. Nya,manéhna téh maksakeun manéh leumpang teu sirikna ngarayap ka lebah panto taman. Kasampak, aki-aki nu ngajaga éta tempat keur sila bari melenyun udud. Syahrajad eureun Manglé 2448
  11. 11. ngadongengna. Saperti biasa, jangji rék neruskeun éta lalakon dina peuting engkéna. Nya, tangtu cenah, upama raja masih kénéh ngidinan inyana ngadongeng deui. Raja nu beuki lila beuki pogot kana dongéng éta putri, tangtu wé ngidinan. Peuting ka-207 Syahrazad neruskeun lalakonna. Masih kénéh ngadongéngkeun lalampahan Komarujaman nu kadungsang-dungsang. Komaurjaman uluk salam. Ngadéngé kekecapan semahna kitu, aki-aki téh kagéteun naker. Gancang nangtung sarta ngajak ki semah buru-buru ka jero. Muru tempat nu kacida nyingkurna, bangun nu sieun kanyahoan ku nu lian. Najan panasaran, Komarujaman tacan wani nanyakeun. Ukur nuturkeun wé. Geus nepi ka nu dituju, guk-gék dina babaléan tempat éta akiaki reureuh. Teu kudu tetelepék sémah téh, lantaran pribumi sorangan nu leuwih tiheula nétélakeun paripolahna. Cenah, untung Komarujaman bisa nepi ka éta tempat. Lantaran, mun kayakinan agama ki semah kanyahoan ku nu séjén, nu umumna urang dinya mah ngagem agama majusi, tangtu wé cilaka, bisa-bisa dipateni. Ngadéngé caritaan pribumi kitu, Komarujaman kakara ngarti. Waktu pribumi nanyakeun pamaksudanana, barabat wéh Komarujaman téh nyaritakeun pangna dirina anjog ka dinya. Intina mah, lain lantaran Manglé 2448 boga maksud, tapi kapaksa lantaran kalangsu. Atuh, maksudna gé, hayang geura mulang deui ka nagrina. “Duh, kumaha atuh, da ti dieu mah lalampahan sorangeun hidep téh kacida jauhna,” ceuk akiaki. Saterusna, nu ngajaga kebon nétélakeun. Cenah, anggangna nagri sorangeun Komarujaman téh, moal kurang ti opat puluh poé jalan laut. Eta téh, lalampahan nu pangdeukeutna ti dinya, ka nagri-nagri Muslim. Ngan, upama hayang nepi ka nagri sorangeun nu bakal jadi tujuan Komarujaman mah, nagri nu dirajaan ku Syahraman, kudu nyorang deui lalampahan nu leuwih lila. Ngadéngé caritaan panunggu kebon kitu, Komarujaman teu bisa majar kumaha. Kapaksa kudu nyorang pangalaman nu kawas kitu. Ceuk pikirna, meureun geus kitu kuduna, misti nyorang lalakon papisah deui jeung jalma-jalma nu dipicintana. Jauhna sorangeun, katambah deuih ku langkana kapal nu balayar ti éta nagri ka nagri séjén. Kudu ngadagoan mangbulan-bulan cenah, lanataran éta kapal kakara sawatara poé ninggalkeun eta tempat. Nya, Komarujaman ge ukur tumamprak, kajeun rék nungguan heula di mana waé panganjrekanana mah. “Ih, ulah kaluar ti deiu, bisi cilaka!” ceuk tukang kebon. “Nya kedah di mana atuh?” “Geus wé di dieu! Kitu ogé kudu ati-ati bisi kanyahoan ku nu séjén.” “Hatur nuhun atuh ari kitu mah,” ceuk Komarujaman semu bungah. Saterusna, aki-aki téh cacarita. Cenah, saheulaanan, kudu tetep renggenek di éta tempat. Kudu nyamuni di tempat nu teu kagiridig ku nu lian. Atuh, Komarujaman gé atoheun pisan, sabab boga pamtuhan nu najan basajan, teu burung matak betah. Tempatna téh saung, ayana dina tengah-tengah patamanan. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ku M.A. Salmun { 17 } 6 Kawas geus babagian jelema, lamun keur dibéré naas, ana béntangna keur surem, sok sagala sarwa salah, nété semplak nincak semplak, muru luput moro lepot, cara Aom Usman. Ari Nyi Piah –abong cacah dianggap murah— ti baréto gé sasat dikoncer-dikencar, dikumaha-karepkeun, tapi ka Agan Sari, mungguhna mah dikemitan, maké sok nitah ngéndong ka Si Abdullah, geusan “nalingakeun” agan. Babakuna curiga, duméh sok aya Lilis larbus ka imah, mangkaning Lilis téh geus jadi pangupatan sadayeuh Bandung, henteu sotéh jalma nyarahoeun ka imah “bunianana”, da ari pamatuhan nu heueuh mah Lilis téh itu tuh sisi gang heureut deukeut susukan, nu ditepasna maké lantéra burem. Tapi Lilis gé atuh lain murid Nyi Dampi, teu awas ka Si Abdullah jeung 12 badéga-badéga mah. Ari badéga téa, ongkoh kabiasaanana lewih ku dunungan awéwé batan ku dunungan lalaki. Ninggang di Si Abdullah, teu béda ti anjing jarian, dapon seubeuh ku geugeuleuh, asal buncir ku seredan, bangusna geus moal weat babaung sumawonna ngégél. Ku sabab éta taya lian jaba ti kudu beuneur ngeupeulanana, pageuh miseubeuhanana, wayahna Anom Belem udulan ringgit, asal belem. Babu jeung koki, ari ngeupeul gambar tuan dina pérak (duit ringgit jeung rupia tina pérak, baheula mah gambar raja Walanda) kitu mah, sakalina mani dua atuh biwirna gé rapet alahbatan dilampat. Ari Si Abdullah, puguh baé asa nokang, ti ditu nguyupna, ti dieu ngeupeulna, atuh gemuh, nyocol deui, nyocol deui. Komo ieu mah, rupia Aom Usman ditumpangan ku ringgit Anom Belem, puguh baé Agan Sari téh buni. Ana dipénta laporan ku Aom Usman, Si Abdullah téh méméh ngomong gé geus sumpah heula. Cindekna mah Usman téh kawaskawas keur nungtutan nandang wawales dosadosana. Ari kilir di Nyi Piah, mantepna Nyi Piah téh ayeuna mah béda ti nu enggeus-enggeus, éstuning puraga tamba kadengda téh saenyana, ngan henteu baé bari jeung kurawed haseum baeud cakeutreuk. Upamana Aom ngarenghik, jawabna téh jiga geus sadia pijawabeun méméh pertanyaan dikedalkeun. Da éta baé, bawaning ku api lain Nyi Piah téh tampolanana dikilir tilu poé tilu peuting téh ku salakina teu katoél-toél acan, sok aya baé awadna, kitu téa, kieu téa. Anu pangsebelna ka Aom, éta tah si Roda, leuh, na aya ku matak ijid, pepetaanana téh kurang saeutik baé ti pacalang ka sakitan, rindat jeung dilakna téh yéy, mani hayang nyokél tah matana nu jiga bolor hingkik téh! Hiji mangsa, bawaning ku teu kawawa, Usman nyarita ka Nyi Piah, pokna: “Nyai, cing atuh ka Akang téh ulah cara ka sakitan, mani sirikna henteu nepi ka unggal réngkak dikikintil, da Akang gé moal jalir kilir téh. Ieu mah kumaha, unggal poé Kemis pabuburit, geus dinutrung di warung hareupeun imah peuntaseun jalan, pura-pura ngadon ngopi, sihoréng ngintip akang bisi teu turun atawa bisi turun tuluy ngaléos. Di imah aya aturan ka jamban didéhéman ti luar. Diuk di tepas ditempo, pura-pura menerkeun pager téa, ngocorkeun kamalir téa, atawa naon baé. Akang téh asa teu ngeunah kitu-kitu teuing mah. Cing ku Nyai carek. Ceuleukeuteuk Nyi Rapiah seuri, jajawabanana éstuning niruk jajantung: “Naha gamparan bet sapertos sanes pameget? Kawantun téh mung ka istri héngkér pantaran abdi. Ari sumuhun mah kagungan wawanen, pilkadar gé pun Roda, cacah-rucah sumah murah, tampiling baé kainyah gampleng-gampleng; bet nganggo istori ka Manglé 2448
  13. 13. abdi.” Diucapkeun kitu téh Usman mani reup geuneuk ray pias, aya éra aya nyeri, ari rék gerak teu wani, da rumasa geus katiir mamatih. Kawasna dina laki-rabi mah lalaki kitu anu asup kana paribasa “Ngawula ka bujur” téh; talunganan lalaki “nyalindung ka gelung” ngajual manéh gé boga gégéleun. Teu matak héran upama dina waktu kabéhdieunakeun, sarap Aom Usman pohaga kagangguna, nya kakeupeul galeuh ku Nyi Rapiah, nya cangcayacuriga ka Agan Sari, nya sok dililieur ku Si Abdullah, nya dédéngéan di kantor teu ngarareunah, (duméh patih sok sindir-sampir bab angka dina buku), nya mikiran hutang raweuy ka sisi ka gigir urut pawit ngadu. Haté Usman éstuning sering gegebegan rérénjagan. Keur kitu téh ger sadayeuh Bandung éar nyebar béja yén aya urut parantéan, batur Ujang Kusén balik ti Surabaya, mawa amanat Ujang Kusén balik ti Surabaya, mawa amanat Ujang Kusén ka baraya jeung sobatna, jeung magar hukuman Ujang Kusén dikurangan, moal kungsi béak taun gé bisa balik. Ari ngagebegna Usman, duméh disingsieunan ku Nyi Rapiah, magar téh: “Parantos wangsul deui pun Kusén mah gamparan kedah atos-atos, margi moal teu ngarah pati, hoyong mulangkeun kanyeri. Mangkaning jalma sésa parantéan mah osok tétékadan luluasan, tara lebar ku nyawa.” Uyuhan Usman henteu ngagerebeg gélo sapadamayan ogé, sakitu sarapna jeung batina geus rosa ogé “di goda” ngéncangatuhu. Tapi sidir tur tetela, Usman téh boh jasmani boh rohani, boh jasad Manglé 2448 boh galeuh, katara ngareunteut, jiga nu kari ngadago mangsana ngagigihan baé. Anu baréto gandang pertentang, nembres mencenges téh mimiti surem, arek maju kana ceudeum tanding béntang ngadeukeutan balébat. Pamajikan duanana, nu kolot nu ngora bet garanti adat. Nyi Rapiah hayang ngarasa puas, nya mulangkeun paneungteuinganan menak sakawenang-wenang, nya naur kapanas ka maru; ari nu ngora duméh asa disapirakeun jeung asa dirurud kalungguhan ku cacah pantaran Nyi Rapiah. Ceuk pikirna: “Naha salaki téh maké kudu sujud ka Si Piah bari neler-neler aing?” Teu kapikir, yén dina urusan salaki ka pamajikan mah teu aya kelas ningrat, teu aya kelas marhaén. Ka pamajikan nu nomer sabaraha baé gé salaki téh kudu sarua, kudu adil. Panasna Agan Sari ku Nyi Piah, teu kalis ku boga kasukaan ka Belem, unggal kaseuti sok séwot, pikirna teu weléh ngageremet hayang ngajerum atawa mi- wurungan maruna. Rasana kekeuh asa diluncak dikutiplak, weléh teu daék sadrah yén tanjakan Nyi Rapiah téh éstu munasabah, teu leuwih tina takeran. Batur pakumaha anu beunang dibawa sarasiah, ngan Lilis, tapi lamun dikumahaan hayang ngajerum Nyi Piah mah sok gogodeg malah gegebes, basana: “Euceu mah bureng, teu aya katerangan bab éta mah.” Kawasna bawaning ku geus teu kawawa, dina hiji mangsa mah ngumaha téh ka Si Abdullah. Nu dikumahaan jelema pondok-heureut jeung telenges, tegaan, jajawabanana teu jauh ti algojo pokna: “Wah, hésé-hésé teuing mah dibaruang kainyah, gelekgek, piraku teu ngajongkéng!” Agan sari, enya gé panas-peurih ku maru, ari ngadéngé omongan Si Abdullah sakitu kasarna mah mani ngarenjag jeung ngabirigidig: “Astagfirullah!” ceuk Agan, “gélo sia Abdullah?” Dasar jelema geus rungkad imanna, Si Abdullah téh kalah nyéréngéh: “Da teu kedah Agan ku anjeun nu ngabaruangna. Kanggo naon Agan ngukut Si Abdullah, masihan dahar-leueut, ari teu diandelkeun kitu-kitu acan mah.” Sari acan leler kagétna, malah kalah ngeleper saluar awak, asa tas nénjo nu digandung. Regot nginum heula, ngusap beungeut, tuluy peureum. Abong enya keur kausap sétan, lain tuluy nyingkah, kalah nanya: “Kumaha lamun kanyahoan? Meureun jadi urusan pulisi.” Abdullah: “Perkawis gampil éta mah asal Agan luar mamanahan. Upama téa kapeletik –nanging asana mah moal— sagala rupi baris diangken pokal sarta karep abdi. Ceuk abdi ka pulisi: “Mémang kuring kanyenyerian ku Si Piah. Baréto mah diiwat dipaling sotéh diamprokkeun ka Aom, ngarah abdi gaduh panyalindungan, dupi buktina, bujeng-bujeng kenging disalindungan, abdi nembe nece ogé, ka pakaranganana, parantos gantawang ti panto: “Nyingkir sia, si gelo, Si gerejud, Si Baragajul!” Saha nu teu nyeri cobi ku Agan galih. Moal Gan, moal katungtik upami abdi nu ngalampahkeunana. Duka upami nu sanés?” Sari: “Teu nyaho atuh! Ari si Piah kudu paéh mah haté kami asa-asa. Rék dipikiran baé heula, isukan urang badami deui. Tapi kumaha jangjina?” Abdullah: “Lah, Gan, abdi mah jelema murah. Aya artos salawé pérak baé gé jalan!” Sari: “Heueuh, kumaha isukan baé, rék dipikiran heula. Isukan, rada beurang manéh ka dieu deui, nya.” (hanca) 13
  14. 14. Mapag 1 Muharram 1435 H, Nguatan Kayakinan Nanjeurkeun Kasoléhan Ku­Rihhadatul­Aisy S akumna manusa di ieu alam dunya, moal aya saurang ogé nu kumawasa iwal ti kawasana Gusti Alloh Swt. Hiji conto nu pangleutikna, teu aya jalma nu mampuh, boh sadetik boh dua detik nu bisa ngatur masalah umur hirup manusa. Sapinter-pinterna jalma, sakuat-kuatna éta jalma, ahirna mah bakal tinemu jeung ajal, nu jadi ciri ahirna manusa ngawasa nafsuna. Nu aya tinggal mertanggungjawabanana dipayuneun Gusti nu Maha Kawasa. Ieu bukti, yén manusa mah kawatesanan. Lantaran kawatesanan kitu, bawirasa atuh manusa téh kudu ngarasa rumasa. Rumasa urang hirup téh moal salila kieu. Nu tadina jalma sok sombong, adigung lantaran ngarasa pangbisana, ngarasa pangpinterna, ahirna hiji waktu bakal eureun, malahan bakal dibalikkeun kana kaayaan nu teu aya hargana, ngahiji jeung taneuh nu sarua jeung mahluk séjénna. Kaayaan manusa kawas kitu, museurna mah lantaran manusa teu rumasa kana dirina tina kawatesanan hirup di dunya. Dawuhan Gusti Alloh Swt, dina surat Al-Hasyr ayat 19, ditétélakeun : Walaa takuunuu kalladziinan suulloha faansaahum anfusahum ulaaika humul faasiquun. Nu hartosna, “Jeung poma maranéh ulah kawas jalma-jalma anu poho ka Alloh, tuluy Anjeunna ngajadikeun maranéhna poho ka dirina, maranéhna téh jalmajalma nu parasék.” Témbrés, ieu téh ugeran tina papagon agama nu ngagambarkeun ruparupa paripolah manusa di alam dunya. Keuna ku paribasa ati mungkir beungeut nyanghareup. Loba manusa nu patojaiyah antara ucapan jeung paripolah. Ulah jauh-jauh néangan 14 conto mah, kadieunakeun apan loba nu kararitu. Nu tigebrus lantaran babari kalimpudan syaiton. Dina surat As-Sajdah ayat 22, nu kieu unggelna : Waman adhlamu mimman dukkiro bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo 'anha, innaa minal mujrimiina mintaqimuun. "Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku ayat-ayat Pangéranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat." Margi kitu, geus meujeuhna dina pangéling-éling Muharram 1434 H, umat Islam henteu saukur ngareuahreuah ku pintonan Islami tapi aya nu leuwih penting nyaéta umat Islam kudu caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Dina harti umat Islam kudu pageuh kayakinan, mampuh ngabebenah diri tur nanjeurkeun Islam nu rohmatal lil’alamin. Nu Tigebrus Gancang Hudang Sakumaha numutkeun sajarah Islam, seueur kajantenan dina bulan Muharram nu mageuhan kalungguhan Islam. Bulan Muharram disebut ogé bulan sajarah, lantaran umat Islam dipiharep ulah poho kana sumanget kaislamanana. Boh dina milampahkeun ibadah mahdohna boh dina milampah ibadah goer mahdohna. Pangpangna dina mitembeyanan hijrah. Hijrah lain waé mulangkeun panineungan kana kajadian baheula nalika kanjeng Rosul pindah ti Mekah ka Madinah tapi ogé ngingetan ka sakumna urang kumaha sangkan bisa niru naratas jalan anjeunna pikeun ngahontal harkat diri jeung martabat kamanusaan anu luhung. Hartina umat Islam kudu leuwih hadé. Atuh nu tigebrus gancang kudu wani hudang. Dina enas-enasna mah hijrah téh jadi silib tina perjuangan anu kaala hasilna kapetik buahna. Cacak upami Nabi kurung batokeun tetep dumuk di lemburna sorangan Mekah, tanwandé Islam tacan karuhan bisa sumebar ka jauhna malah boa Nabi jeung para sohabatna ogé tumpur manten dikakaya ku urang Mekah. Aya sababaraha nu bisa dipetik ku urang dina sumanget taun baru Islam atanapi taun anyar hijriyah, diantarana : Kahiji, urang sadar yén umur urang bakal ngurangan. Padahal boa teuing investasi amal urang engké diahérat bakal kacatet ku Malaikat Rokib. Buktina geuning loba kénéh jalma nu kufur kana nikmat Alloh, atawa teu sabanding antara syukur ka Alloh sareng nikmat Alloh diturunkeun ka umatna. Kadua, tanggal 1 Muharram, urang tiasa nyaksian hiji parobahan waktu, alam geus ngagésér, munculna bulan sabit taun baru ti beulah kulon. Ti dinya, urang nyaksian dina ngalalakon hirup urang sorangan, sajalan sairama sareng rotasi alam ieu. Alloh SWT nu nyiptakeun sadayana mahluk di alam jagat raya ieu, salamina ngajarkeun pikeun merhatikeun kaagungan Mantenna. Sahingga dina ngalaksanakan ibadah ka Alloh, urang ogé kedah merhatikeun waktu nu sajalan sareng muterna tata surya. Contona waé dina ngadegkeun solat atawa waktuna zakat, waktu puasa atawa ibadah sanésna, éstuning ibadah éta saluyu sareng waktu. Contona waé, sacara hukum moal sah solat Magrib dina waktu subuh. Kitu deui puasa Roma- Manglé 2448
  15. 15. don, Rosululloh SAW ngajarkeun supaya ngamimitian puasa saatosna nempo bulan tanggal hiji Romadon, kitu deui lebaranana saatosna cunduk kana waktu ahir Romadon. Kitu deui dina ibadah haji, Alloh ngajarkeun sangkan dilaksanakeun dina bulan-bulan nu geus ditangtukeun. Dawuhan Alloh : Alhajju asyhurum ma'luumatun faman farodo fihinnal hajja fala rofasa wala fusuuqo wala jidala fil hajji. Nu hartosna : Ari usum haji téh sawatara bulan anu geus ditangtukeun. Sing saha anu keur ngalakonan ibadah haji dina bulanbulan éta henteu meunang pisan rafats, jeung teu meunang pisan fusuq, jeung teu meunang paséa paheuras-heuras genggerongan sabot ngalakonan ibadah haji. (QS. AlBaqoroh: 197) Bulan Muharram ogé ngabogaan kautamaan-kautamaan. Salah sahijina sakumaha pidawuh Rosululloh nu hartosna : "Puasa nu paling utama sagedengeun puasa Romadon nyaéta puasa dina bulan Muharram, sedengkeun solat nu paling afdol sagedengeun solat fardu téh nyaéta solat ti peuting." (HR Muslim). Nu dimaksud bulan Muharram nu dianjurkeun sakumaha hadis, nyaéta poénan kasapuluh, atawa nu diistilahkeun 'Assyuura. Dina hiji hadis diuningakeun, Aisyah, kantos ditaros perkara puasa 'Assyuura, Aisyah ngajawab, "Kuring tacan kantos ningal Rosululloh SAW. puasa dina hiji poé nu bener-bener miharep fadilah tina poé-poé séjénna, iwal puasa dina poé kasapuluh bulan Muharram." (HR Muslim). Hadis séjén, nu diriwayatkeun ku HR. Ahmad sanadna Ibnu Abbas r.a. ogé ngajéntrékeun, Rosululloh SAW. ngadawuh, "Prak puasa dina poé 'AaSyuura jeung bédakeun éta puasa jeung kaum Yahudi. Prak puasa téh sapoé saméméh 'Assyuura jeung sapoé sabadana." (HR Ahmad). Bulan Muharram, sakumaha dicarioskeun ku Abu Qatadah, Rosululloh SAW. ngadawuh, "Puasa 'Assyuura mupus dosa sataun, sedeng puasa Arafah mupus dosa dua taun." (HR Muslim, Tirmidzi, Abu Daud). Kitu deui dina tarikh tasry, disebutkeun hukum Puasa Muharram asalna mah wajib. Hukumna jadi sunat, saparantosna lungsur ayat Manglé 2448 Puasa Romadon. Aisyah R.A. nyebatkeun, "Rosululloh SAW. maréntahkeun sangkan puasa 'aasyuura sateuacan turunna paréntah Puasa Romadon." (HR Bukhari, Muslim, Tirmidzi). Amalan di Bulan Muharram Bulan Muharram nu dijadikeun itungan mimiti bulan hijriah, mibanda amalan sunah, di antara waé. 1. Puasa Sunah Bulan Muharram Puasa dina poé 'Assyura, sakumaha hadis ti Ibnu Abbas RA. nyarioskeun, yén Rosululloh SAW sumping ka Madinah teras ningal urang Yahudi puasa dina poénan éta. Nalika ditaroskeun perkara puasa urang Yahudi, Rosululloh SAW ngadawuh, "Dina poé éta, Alloh SWT nakdirkeun meunangna perang Nabi Musa jeung Bani Israil ngelehkeun Fir'aun. Urang puasa ogé pikeun ngahormat kajadianana." Rosululloh ogé ngadawuh deui, "Kaum muslimin leuwih hak ka Nabi Musa tinimang maranéhna (urang Yahudi)" Mangka Rosululloh maréntahkeun sangkan puasa dina poénan éta. (HR Bukhari dan Muslim). 2. Nurunkeun Hahargaan Aya salah sahiji hadis sanajan masih ikhtilaf ulama nu ngajelaskeun masalah amalan dina tanggal 10 bulan Muharram. Diriwayatkeun ku AthThabarni sareng Al-Baihaqi. "Jalma nu nurunkeun babalanjaan dina poé Assyura', mangka Alloh SWT bakal ngaluaskeun rejekina salila satahun". 3. Muhasabatunnafsi Dawuhan Alloh : Falaa tadlimuu fiihinna angfusakum, hartosna ku kituna poma maranéh ulah nganiaya diri pribadi dina éta bulan. Dina bulan Muharram, sakuduna kaum muslimin ngajadikeun bulan 'Assyura téh, bulan karohmatan jeung bulan bangkitna amal soléh. Ti mimiti kasoléhan diri urang nepi kasoléhan sangkan jadi mangpaat balaréa. Quu angfusakum wa ahlikum naaro. Prak jaga diri katut keluarga maranéh tina seuneu naraka. Diri jeung kulawarga kudu dijaga téh maksudna dijaga ku pisik, tapi mungguhing inget ka Alloh, nyatana ngajaga tina perkara nu bakal ngaruntagkeun kayakinan ka Alloh. 4. Jihad Fisabilillah Sakumaha dawuhan Alloh di luhur tadi, waqootilul musyrikiina kaaffatan kamaa yuqootiluunakum kaaffatan, wa'lamuu annAllaha ma'al muttaqiin. Hartosna : Jeung prak geura perangan kaom musyrikin sakumna cara maranéhna merangan maranéh sakumna. Jeung sing nyaho, yén Alloh téh nyarengan jalma-jalma anu takwa. Kaum muslimin dina perjoangan nanjeurkeun bebeneran pasti aya halangan harunganana. Pahlawan atau mujahid nu merangan kadoliman lain manéhna nu tutunjuk di gedong nu méwah, sarwa cukup ku bekel, jabatan nu énténg, tapi pejoang, mujahid nu ihlas ngorbankeun sukuna nincak taneuh, ihlas sok sanajan aya dina kahinaan atawa berjoang nu ihlas ngorbankeun dirina pikeun ngajaga agama Alloh. Hal ieu sakumaha kaum anshor sareng kaum muhajirin geus contoan, kumaha ihlasna dina pangorbanan sangkan tetep aya dina ukhuwah Islamiyah nu sajati. Kacatet dina sajarah Islam Rosululloh Muhammad SAW ngempelkeun golongan Anshor sareng Muhajirin, Rosul ngadawuh: Likullisy naeni ma haya fillohi waihwaeni ihwaeni (Sok aranjeun duduluran dina agama Alloh dua urang dua urang). Ku kituna, kasauran Alloh di luhur, merangan kamusyrikan, geuning hiji kawajiban kaum muslimin. Ngan nu béda téh cara meranganana. Upama ningal kana sajarah bulan Muharram, teu bentén sakumaha Nabi Musa merangan Fir'aun. Fir'aun nu ngaku Alloh, raja pangawasa langit bumi lain édél-édél merangan kaum Nabi Musa nepi ka séréd ka sisi laut. Perjoangan Nabi Musa cekel pageuh ka Alloh, Fir'aum jeung kaumna tigebrus ka laut. Margi kitu, hayu urang tanjeurkeun deui kahadéan, kuatan deui kayakinan. Robbana hablana min ajwajina wadurriyatina qurrota áyuni wajalna lil muttaqina imama. Robbana aatina fidunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakina adabannar. Mudah-mudahan urang salamina aya dina pangtayungan Alloh Swt. Amin.*** 15
  16. 16. DI KIWARI MACA BIHARI (24) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Padarubak Sisi Samping K EUR usumna kitu ayeuna téh, keur usum padarubak sisi samping. Keur papada silih ma’lum. Nu salah tara ieuh digareuwahkeun, da rumasa soranganna gé teu hadé. Paling copél nu teu hadé téh babaturanana, papada salembaga. Antukna nya silih ma’lum, teeste, “tahu sama tahu”. Beuki dieu beuki éebréh yén nu milampah gawé curaling téh horéng lain ngan saukur di hiji lembaga. Kum sakabéhna. Tilu lembaga anu dipercaya baris nanjeurkeun demokrasi, nepi ka cék téori mah apan disebutna gé pilar-pilar démokrasi, kalah sarua teu reugeujeugna. Cék Montesquieu, anu didadasaran ku konsép pikiran John Locke, tilu pilar démokrasi téh diwangun ku legislatif, éksékutif, sarta yudikatif. Ari legislatif, pancénna téh nyieunan undang-undang. Pikeun dijalankeun ku éksékutif. Anu ngawas naha éta undang-undang jieunan legislatif téh diajalankeun kalawan bener atawa henteu ku éksékutif, dipercayakeun ka yudikatif. Ari ukuran bener henteuna ngajalankeun undang-undang téh nya programna, anu dumasar kana éta undang-undang téa. Ari nu disebut program nya taya lian ti ihtiar, kumaha carana sangkan sakumna rahayat raharja. Tapi tangtuna gé nu ditalingkeun téh lain ngan saukur program wungkul, da program mah bisa dijieun dihadéhadé. Nu ditalingakeun téh kumaha ngajalankeun program nu geus dijieun dihadé-hadé téa. Naha ngajalankeun program téh enya-enya pikeun kapentingan rahayat, atawa rahayat mah ngan saukur dipaké taméng? Apan geus hadé konsépna mah. Tug apan éta konsép téh dipaké cecekelan di nagara urang enggoning ngajalankeun démokrasi gé. Apan kitu ngabagi kakawasaan di urang gé. Aya lembaga anu ngajalankeun pancén legislatif, aya nu ngalaksankeun pancén éksékutif, jeung 16 aya nu anu ngalaksanakeun kakawasaan yudikatif. Da mémang kitu cék “Trias Politica” beunang mikiran Montesquieu gé. Éta tilu lembaga téh teu kaci pacorok kokod. Pangna kitu, tangtuna gé malar teu kararagok enggoning ngalaksanakeun kawajiban pikeun nalingakeun lembagalembaga lianna téa. Ngan édas, horéng teu luyu jeung konsép lebah prak-prakanana mah. Pangna éta tilu pilar démokrasi téa dipapancénan pikeun silih talingakeun téh, nya tangtu baé ari enas-enasna mah pikeun kapentingan rahayat. Tapi ari dina prak-prakanana apan éta pilar-pilar démokrasi téh euweuh hiji ogé anu digawé pikeun kapentingan rahayat. Nu puguh mah digarawéna téh ngan pikeun kapentingan maranéhna sorangan, maranéhna nu nyangking kakawasaan di lembaga-lembaga anu mangrupa pilarpilar démokrasi téa. Geus katangén ti béh ditu mula yén éta pilar-pilar démokrasi téh piparaké nyayang para koruptor. Di legislatif réa nu korupsi, di éksékutif nya kitu kénéh. Katurug-turug di yudikatif gé mahabu. Ku sabab tiluanana sarua, nya antukna silih ma’lum, padarubak sisi samping. Ku lantaran geus kabuktian yén éta tilu pilar démokrasi téh mangrupa lembaga-lembaga korup, atuh kacida pisan benerna nu baroga pamadegan yén paham démokrasi di urang téh geus robah. Lain “Trias Politica”, tapi “Trias Korptica”. Nu nyarangking kakawasaan di éta tilu lembaga démokrasi téh teu ieuh mikiran rahayat, tapi mikiran dirina sorangan, mikiraan kumaha carana ngamangpaatkeun kalungguhan pikeun nyiar kauntungan. Lebah ngalaksanakeun talajak curalingna gé kawas nu euweuh kasieun. Korupsi téh henteu susulumputan, tapi éstuning terang-terangan. Sogok-sogokan geus jadi pagawéan nu ilahar. Sogok-sogokan teu kudu lumang- sung handapeun méja sangkan teu katangén ku nu lian, tapi dilaksanekun dina méja. Pék téh teuing katangén ku nu lian gé da sarua ieuh sok narima panyogok. Sawatara waktu ka tukang, ku alpukahna salah sahiji majalah di Bandung, lumangsung diskusi anu jejerna ngeunaan ngawaung Indonesia nu kuat jeung mandiri dinta taun 2045. Ditetepkeunana taun 2045 téh ku lantaran dina taun éta umur nagara urang téh panceg saratus taun. Lamun diitung ti ayeuna, nepi ka umur saabad téh apan ngan kari 32 taun kurang. Tug teu mantra-mantra kahirupan di urang téh bakal aya robahna. Démokrasi nu kiwari dipanglimakeun, éstu teu kaciri pisan bakal pihadéeun. Paham démokrasi nu sawadina dijungjung luhur anggur kalah teu dipaliré. Nya kitu, “Trias Politica” geus dirarobah ku nu nyangking kakawasaan jadi “Trias Koruptica”. Nu nyarangking kakawasaan, geus nepi kana sikep padarubak sisi samping. Padahal cirina urang mandiri téh, cék Bung Karno mah nyaéta saupama urang geus mibanda kadaulatan dina widang politik, berdikari dina widang ékonomi, turta mibanda jatidiri dina widang kabudayaan. Éta ciri-ciri kamandirian téh teu mantra-mantra kacangking. Dina widang pulitik apan urang téh teu mibanda kadaulatan. Dina widang ékonomi geus tétéla teu berdikari. Pon kitu deui dina widang kabudayaan, jajauheun kana mibanda jatidiri. Nu jadi eunteung téh kalah kabudayaan nu jolna ti nagara deungeun. Indonésia Taun 2045 anu Kuat tur Mandiri, asa moal pikahontaleun upama masih kénéh keiu waé mah.*** Nu nulis Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda (ABS) Unpas Manglé 2448
  17. 17. Karancagéan Pamuda Perlu Conto jeung Dipernahkeun P amuda perelu conto-conto tuladeun ti generasi saheulaeunana anu napak dina kahirupan bihari. Utamana, patali jeung laku lampah hirup sapopoé. Lebah dieu, atikan moral mangrupa hal utama nu baris ngawangun tangtungan jeung ajen moral katut lakulampah barudak/nonoman geusan nembongkeun jati dirina. Eta hal ditétélakeun M. Budiana, S.Ip., M.Si., Ketua Bidang Pemuda dan Olahraga Paguyuban Pasundan nu ogé Wakil Dekan II FISIP Unpas Bandung dina acara dialoh interaktif nu disiarkeun ku TVRI Jawa Barat poe Rebo peuting (23 Oktober 2013), anu jejerna “Memaknai Hari Sumpah Pemuda”. Budiana nétélakeun, pamuda minangka pondasi geusan ngawewegan ajegna ieu nagara kesatuan republic Indonesia (NKRI), minangka pilar atawa bénténg pangharepan pikeun ngawujudna pangwangunan dina rupa-rupa séktor. Pamuda Indonesi pinunjul, tangtu dina dirina geus kawangun sumanget kacintana ka lemah cai ku karep jeung kahayangna pribadi. Atuh ku kituna para nonoman téh teu pamohalan boga karep jeung kasempetan keur leuwih maju batan generasi saméméhna. Mun Budiana nyarita kitu, mémang cenah, kanyataan nu remen kasaksén kiwari, jiga nu némbongkeun laasna kanyaah para pamuda ka bangsa jeung ka nagarana. Naon nu jadi margalantaranna? Nya, diantarana, pamaréntah nu boga pancén ngaakomodir ngeunaan hal-hal kapamudaan (ti mimiti kementrian kapamudaan jeung olahraga, pon kitu deui tingkat propinsi di saban kabupaten jeung kota nu tugas poko jeung pungsina ngalaksanakeun pancén garapanana, acan optimal. Sok wae imeutan, apan palebah ngamalirkeun garapanana, acan imbang, déngdék kénéh kana garapan anu sipatna lahiriah, acan sabanding jeung kagiatan-kagiatan anu sipatna ukhrowiyah. Padahal hadéna mah ngaheulakeun kagiatan-kagiatan anu ngawewegan sumanget kabangsaan jeung karakter buildingna. “Sim kuring nepi ka poé ieu optimis, nonoman Sunda Manglé 2448 M. Budiana, S.Ip., M.Si., (tengah) dina acara Talkshow di TVRI Jabar poe Rebo sore sawatara waktu ka tukang. hususna, Indonesia umumna, lian ti widang olahraga, boga kaparigelan jeung kapunjulan dina widang-widang séjénna. Tah, nu kudu jadi perhatian ayeuna, kumaha carana sangkan eksistensi/jati dirina para nonoman diaku ku balaréa. Nya tangtu lebah dieu perelu dariana ngayakeun atikan. Salasahiji carana, nya tangtu kudu diwadahan sarta ngamalirkeun bakat nonoman unggul tur punjul dina rupaning widang anu baris jadi kareueus bangsa katut nagara,” kitu harepan Budiana. Gedurna sumanget Sumpah Pemuda, mangrupa puncak tina gedur sumanget para pamuda keur ngabuleudkeun tekad ngarebut kamerdékaan. Tah kiwari sabada 85 taun, naon waé atuh ketak para pamuda téh? Naha geus bener-bener geus ngeusian kamerdékaan ku gawé nu barokah, ngaraharjakeun balaréa rayat Indonesia. Geuning dédéngéan téh unggal poé, ngan didedetan ku nu dicangkalak, dikerewed lantaran korupsi, ngagerejud kana barang nagara. Bunda Putri hayoh jadi carita. Na euweuh deui anu leuwih produktif. Tapi kétang aya nu rada pikareueuseuns ti pamuda urang kiwari téh, saperti PSSI U-19, nu bisa unggul di tingkat Asia, anu geus boga tiket ka piala Asia di Myanmar taun 2014. Kitu deui dina widang sain (Iptek) nu geus boga prestasi ngadunya. Dina widang seni jeung budaya ogé apan geus diaku ku tingkat dunya. Sugan prestasi-prestasi séjénna ogé nuturkeun. “Nepi ka poé ieu kuring tetep optimis yén para pamuda Indonesia unggul,” ceuk Budiana nandeskeun. Nyaritakeun nonoman, hartina nyaritakeun kaayaan bangsa kiwari jeung mangsa nu bakal datang. Atuda ti dinya huluwotanna kamajuan bangsa mah. Ngan, tangtu cenah, dina nataharkeunana gé kudu bener-bener daria. “Lian ti maparin conto hadé, ogé kudu jinek cara nataharkeunana,” ceuk ieu kandidat doctor bidang élmu pulitik jeung pamaréntahan UNPAD. Upama nonoman bisa mekar sahadé-hadéna, ceuk Budiana, lain pamohalan mun kamajuan urang bisa satata jeung nagara deungeun. “Tingal wé poténsi murangkalih ayeuna, apan seueur nu unggul,” pokna.*** 17
  18. 18. Ukur Ciciptan Carpon Féndy Sy. Citrawarga A bong pangsiunan nu teu boga cabak, sapopoé téh ukur langlanglingling teu puguh laku. Enya kuring, kalah der nunutur indung suku. Aéh kétang henteu ari teu puguh laku teuing mah. Aya nu dijugjug. Rék ka Cianjur nepungan babaturan sugan baé boga palakiah pagawéan keur nu pangsiun. Naon baé lah. Ti imah ngajugjug ka jalan Terusan Pasirkoja, lawang Tol Cipularang. Kana angkot Cimahi. Ngajanteng sisi jalan nu ka lawang tol. Panon eunteup kana pirang-pirang kandaraan nu keur macét. 18 Enya macét dihaja; da apan aya lampu setopan. Sora kelakson mani récét hayang paheula-heula maju. Motor susuruduk badis begu bayangan néangan jalan lowong, mesinna digaur-gaur nanding ajag babaung. Zebracross nu ngajedig kelir apu nu kuduna peré keur nu mareuntas jelema geus dirungkupan gilinding. Atuh nu rék meuntas téh agagagagan, teu walakaya. Nu ngarasong dagangan, nu ngelapan kaca mobil, nu ngamén, nu namprak, teu éléh ketak ku gaur mesin kandaraan. Maranéhna sumanget ngala duit bari ngoprot késang di lampu setopan. Leuh, enyaan hirup di kota keur jalma leutik mah matak balangsak. Cacak étah barudak ngora anu rosa tanaga, anu gedé kénéh harepan geusan nyorang mangsa datang. Atuh angot kolot kawas kuring nu ngaligeuh teu boga cabak matuh. Rentang-rentang ti béh wétan katangén beus trayék Sukabumi. Cindeten kapegat macét lampu beureum. Lila da puguh patalimarga lebah dinya mah rabul ti ditu ti dieu, ti madhab papat. Teu anéh mun macétna lila. Teu anéh ogé mun nu daragang ngasong nya kitu deui nu ngamén, nu jajaluk, baretaheun. Nu matak, najan dibuburak ogé jol deui-jol deui. Alhamdulillah beus téh teu burung ngageuleuyeung meuntas Jalan Bypass. Reg eureun. Nu rék tarumpak, kaasup kuring gasik muru panto beus nu geus muka. Pasesedek jeung nu rék ngarasong. Clé kana beus. Ngarénghap sakedapan. Panon ngulincer néangan korsi kosong. Geus padangadiukan. Abong poé Saptu, mangsa weekénd, poé peré. Alhamdulillah di béh tengah katangén aya jok lowong kénéh, karék didiukan ku awéwé nu katénjo maké cindung kelir bodas. Rumégag pédah kuring rumasa jalu asli, itu awéwé murni. Ari enggeus di mana deui da jok séjén geus padangadiukan? Nya langgéor baé kuring muru éta jok. Clé bujur diteundeutkeun kana jok empuk. Manéhna, enya awéwé nu dijilbab bodas téa, bangun teu riuk-riuk dideukeutan ku kuring téh. Kuring deuih bet poho teu ngedalkeun punten-punten acan katarik bawaning atoh meunang jok kosong. Rék dikedalkeun ayeuna, piraku deui, érék gé tadi tibarang clé kaciri ngaragangan ka batur. Baé ah moal kitu-kieu sugan. Geleser beus miang. Ngeyeted kénéh ngantri meuli karcis tol. Nu tas daragang ngasong jlungjleng tarurun muru beus tukangeunana. Ngemplong, teu eungap teuing. Reg beus eureun, supir nampanan karcis. Kuring nyelang ngarérét ka nu geulis gigireun. Daék samedin, geulis, manis! Ngan can wani nékad neuteup sabeuleugeunjeuran mah, kuriak dijebian. Leuh, tada teuing! Rérés ngarcis mah beus Manglé 2448
  19. 19. enyaan lugay, ngadius sabada ku supir digas. Bangun ngahaja tanagana sina bedas, siga kuda nu keur narik délman dipecut sataker kebek ku kusirna. Di jero beus karasa nyecep tiis. Perbawa AC. Teu kudu muka kaca. Padahal sok mecak tumpak beus bari muka kaca jandéla mobil téh. Kajaba téténjoan di luar nu siga lulumpatan téh katangén cékas, angin ogé nyewuk ti luar ngageberan awak, matak wareg. Awahing gedé teuing mah gelebug angin téh kolu ditampik, kaca ditutupkeun deui. Geus karasa hareudang deui, dibuka deui. Ih, sok teu puguh nya! Tapi, nu di gigireun mah, enya awéwé nu ditiung bodas bari modis téa, geus puguh awéwéna, jinek geulisna, jéntré manisna. Ku kituna, haté ogé puguh ngalanglangna dina wirahma...panasaran. Panasaran hayang sidik, panasaran hayang ngawangkong, panasaran hayang,,,ah cunihin ieu kuring! Teuing keur naon manéhna. Maksud téh keur mikiran naon da bangun ngajubleg. Puguh baé kuring beuki marojéngja. Kapanasaran wuwuh motah jeroeun dada lir motahna gilinding beus nu muih di jalan tol nu ngan sajorélat geus tepi ka lawang Tol Padalarang. Bisi jadi bisul, kapanasaran dibudalkeun ngaliwatan panénjo. To the point kana sabeuleugeunjeuran awakna ti luhur tepi ka handap. Gebeg, teu pangling, teu sangli, manéhna Rani. "Rani?" tanya téh méh wé ngocéak. "Éh, ningan Pa Aga?" malik nanya, gelenyu imut. Manglé 2448 Angger manis miyuni kareueut peueut. Teu robah, siga imut baheula basa babarengan sakulahsakolih di pagawéan. "Badé angkat ka mana?" cékéng, awak dibalikkeun ka kénca bari deui-deui neuteup manéhna. "Badé ngawulang," témbalna. Aéh enya apan ti heula manéhna geus nyarita cenah sok nyambi ngadosénan di salasahiji paguron luhur di Cianjur, teuing paguron naon. "Oh...nyalira nyah?" "Pan duaan sareng Pa Aga." Gelenyu deui imut. Ngan ditéma ku pananya. "Angkat ka mana Pa Aga?" "Ka Cianjur." "Nyalira nyah?" "Pan duaan sareng Rani." Angger da kitu ti baréto gé sok siligonjak. Geulis, manis, pinter, jeung soméah Rani mah. Harita mah basa babarengan gawé manéhna lalagasan kénéh. Teuing ayeuna da geus aya lima taunna kuring pangsiun téh. Enggeus meureun. Teuing kétang. Teu hayang ngaguliksek, najan haté leutik mah nitah, kuriak disangka nyilidik da rumasa keur babarengan gawé mah aya haté kadua leutik malah sok cunihin, ngocal-ngocal rék dijadikeun nu ngora. "Nya Ran?" "Naon téa Pa Aga?" "Muhun janten nu anom?" "Yéy!" "Naha?" "Ah, yéy wé!" Teu puguh. Geus kajudi manéhna ngajaga iméj. Basa barudak ngora papantaran Rani anu nya kasép nya pinter, ceuk basa légégna mah profésional muda nganjing cai ka Rani, kuring ngajaga géngsi, apiapi teu beuki nu geulis, padahal haté mah mentegeg, tikoro ngagendok. "Hahaha...watir uy!" ceuk Rasta, batur gawé, ngagakgak basa kuring balaka ditampik sapajodogan. "Ah siah lain kadua nulungan. Boga kénéh peperenian lin?" "Euweuh, béak," pokna basa dipénta peperenian asihan paragi mélét awéwé. Cenah geus dijual jaar ka nu butuheun. "Barina gé geus teu usum haré géné mélét awéwé ku nu kitu patut. Tah ku nu kieu, ayeuna mah," cenah bari ngadukeun curuk jeung jempol. Beus majuna beuki luakléok kawantu jalan nurugtug bari pungkal-péngkol pangpangna lebah Citatah. Atuh awak kuring mindeng diadu jeung Rani. Ih, na nya ieu si cunihin mani taya euih-euihna. Inget, basa kuring pamitan eureun tina gawé, cékéng ka Rani ulah rék miceun, malah urang gawé bareng nyieun garapan usaha susuganan tinekanan. "Insyaalloh, moal hilap ka Pa Aga mah. Pa Aga gé tong lali ka abdi, aya karerepet mah telepon baé," pokna. Puguh baé kuring atoh. Ngan harita mah bubuhan boga kénéh duit badag, caritaan Rani téh teu pati dipaliré, sasatna asup tina ceuli katuhu bijil tina ceuli kénca. Pleng, wéh! Duit ladang pangsiun anu digebrokeun mani amis kacida. Sakotéap teuing ka mana. Ari sapopoé kudu barangdahar, malah boga kénéh nu sakola. Karasa aya rungkang-rungkang kahirupan anu jadi ruruhit ati bangbaluh kalbu. Kakara inget deui kana caritaan Rani. Enya rék dipuntangan sugan baé manéhna ingeteun kénéh kana caritaanana, rék minangsaraya naon baé anu bisa dipigawé dapon aya pangasilan boh jeung manéhna boh jeung nu séjén ngaliwatan manéhna. Ayeuna, kabeneran patepung di dieu, enya dina beus nu sajurusan ka Cianjur. Atuh puguh baé asa dibalédog congcot, asa mobok manggih gorowong, rék meuntas manggihan cukang. Enya, rék dikedalkeun ayeuna da iraha deui atuh. "Ran?" Karasa omongan téh rada harus perbawa atoh. Rani kalah ngabigeu, ngajubleg. Nénjo kitu kuring bati kerung. Asa kaduhung tepung, hanjakal patanya. Aya nu ngajeletit nurih ati, karasa gudawang na dada. Beus geus anjog ka Cianjur. Kuring nguniang seja turun. Rani ngabigeu kénéh, imutna ngiles, béar marahmayna ilang. Lebah lawang, kondéktur nalék. "Ari bapa tadi ngawangkong sareng saha mani uplek?" "Itu sareng istri tilas réréncangan damel." "Na da teu aya sasaha?" "Nu bener?" Rét kuring ngarérét ka jok urut diuk. Gebeg, enya wé euweuh sasaha. Awahing éra, kuring ngeureunkeun beus, jrut turun tuturubun. Leumpang nuturkeun indung suku teu puguh jugjugeun. Sabot ngaléngkah, inget deui kana lalampahan cikénéh dina beus. Horéng awéwé geulis nu disangka Rani téh ukur ciciptan. Rani nu asli teuing di mendi. *** 19
  20. 20. Carpon Ihwan “Asalamualikum.....!.” ngadéngé sora anu geus teu bireuk deui, kuring gancang cengkat nyampeurkeun bari némbalan ka nu boga éta sora. Bener, kasampak si Téteh jeung indungna dibarengan ku hiji lalaki 20 Nyekar ngora, keur caringogo bari nyegruk. Mun wasa mah kuring téh hayang ngarangkul ka ka si Tétéh jeung indungna bakat ku sono. Ari ka lalaki ngora anu nagog gigireun si Tétéh mah kuring téh weléh teu nyaho saha-sa- hana. Bari nungguan leler tina ceurikna, kuring teu lésot neuteup anteb ka si Tétéh jeung ka indungna. Teu karasa kuring ngagerentes, “Tétéh kembang haté ayah, geuning anjeun téh geus parawan, geus meujeuhna mun nyandingkeun lalaki anu pantes keur hidep.” Lamunan kalah nyelang ka jaman katukang. “Geus sabaraha lilana nya kuring dipisahkeun ti maranéhna? Asa cikénéh urang tiluan hirup babaManglé 2448
  21. 21. rengan sagulung-sagalang, sasuhunan silihsimbeuh ku kadeudeuh. Silihsawér ku kanyaah. Bet kiwari ngan kari waasna.” Sabada leler tina ceurikna, pok si Tétéh jeung indungna sanduksanduk ménta dihampura lantaran geus rada laér teu nepungan ka kuring. Si Tétéh nyambung carita ngedalkeun pamaksudanan rék ménta ijin ka kuring. Manéhna rék ngadahup jeung lalaki anu aya di gigireunana téa. Poé Minggu, cenah. Enya, minggu hareup. Ngadéngé kedal ucap ti si Tétéh sorangan, haté kuring bungah taya papadana. Kabungah anu Manglé 2448 nyangkaruk dina haté ngan saukur kedal jadi cipanon. Bari neuteup embun-embunan si Tétéh kuring muji sukur sarta nga du`a ka Nu Kawasa, “Alhamdulilah Gusti. Anjeun geus ngamprokkeun si Tétéh jeung jodona. Muga-muga lalaki anu bakal jadi jodona téh sing nyaaheun. Sing mituhu kana kawajibanana. Emh, dido’akeun ku ayah, hidep téh sing panjang umur. Séhat rohanina sehat jasmanina. Gedé milikna. Loba rejekina. Dipaparin turunan nu saroleh.” Sabada bérés ngadaro’a si Tétéh jeung indungna paramit ka kuring. Mun kongang mah kuring téh hayang ngandeg heula bakat ku sono kénéh. Teu lila tiluanana cararengkat tuluy laleumpang pairingiring ka wétankeun. Ari kuring ngan bisa nganteurkeun maranéhna ku paneuteup nepi ka tungtung gapura astana. Sanggeus tiluanana leungit tina paneuteup, bari rada hareneg kuring balik deu ka tempat asal. Tuluy ngedeng deui cara tadi. Bari hulang-huleng kuring mimiti uleng mulangkeun deui pangla munan ka mangsamangsa katukang. Teu nyangka saeutik ogé lamun kuring bakal ngalaman gering ripuh bari jeung lila. Harita téh keur meumeujeuhna loba pangabutuh. Ku lilana panyakit anu ngancik dina awak, kuring téh dikaluarkeun ti pagawéan. Tatamba mah geus béak déngkak. Ber ka mana ber ka mana. Nu jauh dijugjug nu anggang ditéang da hayang cageur sabihari. Ari inditna ka ditu-ka dieu téh ngandelkeun tanaga awéwé, diaanteur ku pa- majikan. Kangaranan tatamba téa, batan cageur kalah ka beuki ripuh. Tepi ka dina hiji poé mah geus nepi kana pastina, titis tulis ti Nu Kawasa kuring kudu ngalaman raga paturay jeung nyawa. Ti semet harita kuring kudu papisah jeung jelema-jelema nu dipikanyaah tug nepi kiwari. Teu karasa nyéréléna waktu téh. Asa karék kamari si Tétéh jeung indungna néang ka dieu. Geuning geus saminggu ti harita téh. Poé ieu pisan waktu anu geus dipaheutkeun ku si Tétéh téh rék ngadahup ka lalaki anu jadi pilihanana téa. Adan subuh geus kadéngé ngalanglaung di tajug nu aya kiduleun astana. Tanda panyaur keur jalma muslim pikeun ngalaksanakeun salat subuh salaku ingsun anu taat kana paréntah Gusti. Indit ti pajaratan ngahaja subuh-subuh ambéh bisa niténan jeung hayang nyaho kumaha kaayaan di imah kiwari. Pangpangna hayang nyaksian si Tétéh dina waktu diwalimahan. Wanci carangcang tihang kuring geus indit kawétankeun. Nu dijugjug imah kuring baheula keur waktu jumeneng kénéh. Teu sabaraha lila kuring geus nepi ka nu dijugjug. Kaayaan di imah taya nu robah, sarua cara baheula kénéh. Ngan nu béda téh rada beresih, bubuhan anyar ngecét. Bau cét masih kaambeu kénéh. Bari nungguan waktuna diwalimahan, kuring ngarasa panasaran hayang ningali si Tétéh keur didangdanan. Tuluy kuring asup ka kamarna. Kasampak si Tétéh keur didangdanan ku awéwé tengah tuwuh, duaan. Ningali si Tétéh dikabayaan brukat bodas maké samping réréng dilamban, ari buukna digelung maké siger jeung kembang goyang dipapaés ku manglé kembang sedep malem. Mani asa payus jeung pangadegna anu jangkung leutik. Teu sadar kuring ngagerentes, “Geulis geuning hidep téh Tétéh. Muga-muga kageulisan hidep téh sing parat nepi kana haté, ucap, jeung lampah hidep. Tandaning jalma anu soléhah.” Nitih wanci ninggang mangsa. Geus cunduk kana waktuna, si Tétéh geus diréndéngkeun hareupeun lebé jeung Uwana nu rék ngawalian, gaganti kuring. Dina waktuna ijab kabul, haté kuring asa ngarakacak. Sedih jeung bagja taya papadana bari ngagerentes, “Tétéh anak ayah... kembang haté, anu dipikadeudeuh ti bubudak nepi ka kiwari. Kuduna mah ayah nu ngawalian hidep téh. Tapi kumaha da alam urang geus béda. Sok sanajan alam urang geus béda tapi du`a ti ayah keur hidep moal aya pegatna. Du`a ti ayah mugamuga rumah tangga hidep mulus rahayu berkah salamet. Sing aya dina panangtayungan jeung ridona Gusti. Sing dibeungharkeun hartana, di beungharkeun haténa. Dipaparin turunan anu saroléh. Muga-muga jaga urang bisa riung mungpulung deui di kalanggengan.” Sabada réngsé dirapalan, kuring tuluy ngised ngajauhan tina riungan. Tuluy kuring indit deui ka tempat asal; tempat kuring nugguan poé ahir. *** 21
  22. 22. Cikopi Taun Hareup Carpon Barkatun Purwasrikandi S ok cikopi dina méja, deukeut speaker komputer. Layar email dina monitor can dikaluarkeun. Puguh gé kolom jawabanna can dieusian. Kalah rét ka luareun jandéla, nu hordéngna ngahaja can ditutupan. Da puguh méja gawé téh ngahaja diperenahkeun deukeut jandéla pisan. Tina jandéla ieu kur- 22 ing bisa ningali rapangna kiceup béntang. Tina jandéla ieu kuring bisa neuteup moncorongna bulan. Tina jandéla ieu ogé kuring bisa ngumbar carita-carita anu geus dilakonan. Sabot pikiran pulang anting ka mangsa kaliwat, layar hp hurung. Nyalahan tina panyangka, nu ngaSMS téh lain Kang Purwa. Padahal sasarina mah mun manéhna keur ninggalkeun kuring ka luar kota, wayah kieu sok ngingetan sangkan geura saré, jeung tong loba teuing ngopi. Dina layar hp atra katingali nu ngirimna, Jafar. Teu ieuh buru-buru dibuka, kalah regot kana cikopi. Karasa haneut ngageleser kana tikoro. Rét kana monitor, rét kana hp. Antukna SMS dibaca, masih ngeunaan hal éta. Tong boro ditanya dina SMS, dalah kapan ieu gé email anu saminggu ka tukang can ieuh bisa dibales. Pa Jafar téh nu boga karep hayang ngajak kuring digawé jeung manéhna muka usaha kopi. Cenah taun hareup rék muka deui cabang di Bandung. Manéhna salah sahiji méntor kuring basa sataun kaliwat kuring boga kasempetan miluan pelatihan barista di Jakarta. Ngarénghap panjang. Karasa beurat nakeranan. Gawé di coffeeshop, sok komo jadi baristana mah kapan impian kuring ti baheula. Mimiti wanoh kana kopi téh ti keur budak kénéh. Lamun pareng ka imah Abah di Cibeber Ciwidéy, sok pipilueun hayang milu digawé ka kebon kopi. Da harita Abah masih kénéh jadi pagawé di perkebunan. Sok resep lamun geus eundeuk-eundeukan bari ngolomoh siki kopi anu keur meuhpeuy beureum téh, semu amis. Nincak bangku kuliah, sosobatan jeung Sisil, anak salah sahiji barista sénior di Bandung. Pangaweruh ngeunaan kopi beuki lila beuki nambahan. Jorojoy hayang jadi barista. Méh lima taun nyuprih élmu di paguron luhur widang disain interior. Nepi ka diamprokkeun jeung Kang Purwa, salaki kuring ayeuna. Geus nincak taun kadua ngambah sagara rumah tangga, masih kénéh galituk paduduaan di imah téh. Lain teu hayang boga anak cara batur, ngan kuring jeung salaki boga targét. Hayang boga anak téh di taun katilu rumah tangga. Asal umur sorangan teu meuntas ti tilu puluh wé ceuk pikir téh. Sanggeus Manglé 2448
  23. 23. gawé jeung diajar rumah tangga, cita-cita jadi barista geus méh kapopohokeun. Tapi ari karesep meulian kopi jeung ngopi di kapékapé mah masih kénéh dilakonan, sanajan alatan éta hal sok remen paséa jeung Kang Purwa. “Nanaonan atuh ngalelebar artos dugi ka puluhpuluh rébu kanggo cikopi wungkul? Mending kanggo bekel…” Inget kénéh, basa harita kuring meredih hayang dibaturan ka Starbucks. Puguh gé enya kitu téa mah, duit pangaji opat puluh rébu ku kuring sok dianggap teu pira. Ceuk Kang Purwa mah cenah kudu bisa rikrik gemi, ulah abong aya, ulah abong cukup. Tapi, reueus ogé ka salaki téh, tara ngawowoy sakur kahayang pamajikan. Karasa merenahna, iraha kudu ngaenyakeun, iraha kudu ngulahkeun. Ngan, perkara pangajak ti Pa Jafar mah, basa ditepikeun téh manéhna teu langsung méré jawaban, “Sok, émut-émut deui wé…” sakitu-kituna. Saméméh indit ka Surabaya, kuring ménta deui jawaban. Alesanna rada kaharti. “Fi, sok geura ngémutna sanés ukur ngungudag impian. Akang terang citacita Ofi téh ti kapungkur palay janten barista. Tapi, urang ayeuna ngémutkeun ka payunna. Taun payun, Ofi bakal nampi jabatan anyar di kantor nu langkung luhur, pan pengajuanna tos diasésé sanés? Teras, taun payun ogé pan urang téh hoyong gaduh jimat. Sok nya, diémutan deui…” Hhhh… diémutan diémutan, saban poé gé diémutan. Da atuh naha harita kuring bet diijinan milu sawatara pelatihan? Kapan Manglé 2448 nepi ka hayang meunang sértifikat pelatihan barista téh, méh béak séép kana tujuh jutana. Naha éta téh lain hartina ngarojong? Naha deuih kuring gé teu ti baheula mutuskeun jadi barista téh, saméméh panggih jeung Kang Purwa? Kétang, anu jelas-jelas teu ngarojong mah Ibu. Pajar keur naon sakola luhur-luhur ari ukur jadi tukang ninyuh cikopi mah. Harita Ibu nyarék bébéakan basa kuring boga niat rék digawé di tempatna Sisil. Regot cikopi nu méh tiis. Leungeun ngopépang di dunya maya. Nyaliksik wébna Kopiana Caffe, kapé Pa Jafar. Témbong artikelartikel meunang nu bogana, ti mimiti resép-resép inovatif nepi ka sakur pangaweruh ngeunaan kopi di luar nagri. Resép-resépna mémang teu jauh tina olahan arabika Brasil jeung Irlandia. Lamun téa ogé maké robusta, pasti moal jauh ti Vietnam salaku nagara nu ngahasilkeun kopi panggedéna kadua saalam dunya. Matak pantes, kaharti, upama idéalismena kawilang luhur. Pangna bisa nyebutkeu kitu téh, manéhna tara sagawayah maké kopi keur di kapékapéna. Nu dipaké ukur kopi-kopi anu mémang kualitasna geus kacida hadé ceuk ukuranana. Nu rada teu kaharti téh naha Pa Jafar tara maké kopi-kopi local? Kapan kopi-kopi Indonésia kayaning kopi Waména ti Papua, kopi Lanang ti Jawa, atawa kopi Kintamani ti Bali ogé kawilang boga ngaran di pasar dunya. Atawa kopikopi Sumatra anu mémang kualitasna geus dianggap hadé. Kopi Java jeung Toraja ogé kapan teu éléh. Sanajan aya resép kopi Luwak, tapi lain prioritas. Padahal kapan kopi luwak téh kopi anu pangmahalna, lin? Teu ngarti. Lian ti éta, anu rada teu kahartina téh naha bet kuring deuih anu digugujeg gawé di tempatna? Kapan kuring mah kakara sababaraha kali milu pelatihanana ogé. Bari lain tingkat internasional. Nya ari diajar ka Sisil mah méh unggal minggu baheula gé. Tapi nya saukur resep. Ceuk pikir, pamohalan lamun pa Jafar teu bogaeun kawawuhan barista anu jauh leuwih alus jeung leuwih loba pangalamanana batan kuring. Rét kana cangkir anu masih satia nungguan di sisi speaker. Rét kana jam nu ngagantung dina témbok, jarum panjangna geus kana angka tujuh ngaleuwihan tina jarum pondok anu masih kénéh dina angka sabelas.Jung nangtung, goloyong kana kasur ngadon ngabebengkang neuteup lalangit kamar. Pipikiran beuki ngacacang, panyangka bet jadi goréng. Ras ka Kang Purwa, lalaki sabar anu tegas nyokot kaputusan. Inget ka Ibu jeung Apa anu geus talété nananyakeun incu. Inget ogé kana sakur daptar impian anu salah sahijina keur disanghareupan. Kasempetan. Ieu téh kasempetan anu hamo datang mindo. Teuteup dipangpéngkeun kana erak buku di juru kamar. Tilu undakan mah eusina buku-buku ngeunaan kopi. Sésana, novelnovél jeung antologi-antologi sajak katut carpon. Erak kaca gigireunna pinuh ku cangkircangkir kopi, meunang ngagundukkeun ti keur kuliah mula. Nu panganyarna, saminggu ka tukang meunang Kang Purwa oléh-oléh ti Makassar. Cengkat, muru deui méja gawé. Monitor diteuteup piligenti jeung pigura poto sisi speaker. Poto ukuran kartu pos, poto panganténan dua taun kaliwat. Bati rumahuh. Punduk disangkéh ku dua leungeun. Legeday, awak kana jok korsi. Neuteup deui lalangit. Cét bodas anu dicaangan ku lampu néon, katara mingkin nyacas. Témbong manglaksa harepan jeung kanyataan anu kudu disorang. Aya kahariwang, najan ukur semet kasieun. Pisin cangkir digusur lalaunan, salila-lila cangkir dikeukeuweuk. Eusina kari saparapat deui. Mongkléng. Puguh gé béda, poékna langit di luar jandéla jeung poékna pulas cikopi ‘na cangkir kuring. Poékna peureum kuring. Nyah beunta, eusi cangkir diteuleuman. Mingkin jero, ming kin jero. Nepi ka dasarna, kacapa aya hampasna. Hampas kopi bawa Kang Purwa ti Pangaléngan. Lain, lain hampas kopi Brasil, Irlandia atawa Vietnam. Hampas cikopi nu teu pati lemes. Hampas Cikopi nu ninggalkeun rasa anu béda. Rasa tengtrem anu teu ilahar. Létah ngararasakeun ayana semu haseum, kanikmatan anu béda, najan cikopi geus nyecep. Tiis jeung haseumna sésa cikopi, jadi kaputusan pangharepan taun hareup. Cag cangkir ditunda. Gep kana mouse, klik log-out. Klik shut down. Komputer dipareuman. Gep kana hapé, ramo-ramo ngetik és ém és. Wilujeng wengi, diantos ku sacangkir sono. Témbong kalimah dina layar, pesan terkirim.*** Cidadap Hilir, Pangawungan 13 23
  24. 24. Nu Dicidung Beureum Ku Solihin S anajan pagawéan kantor ngahunyud, kuring merlukeun indit. Pédah wé cenah nu nyunatan di pengkolan téh nanggap wayang. Barang langka nu nanggap wayang jaman ayeuna mah. Ongkoh karesep ti bubudak. Ka indung budak mah pupulih rék ka babaturan ngadon catur. Bébéja lalajo wayang mah kuriak henteu diidinan. Hara-haraeun nu nanggap wayang téh bet malem Jumaah. Teuing pédah ngaruat teuing pédah meunang ngitung waé meureun. Teu poho nyakuan duit, bisi aya nanaon. Can pati loba nu lalajo téh, da wayangna gé can prung. Kuring seselendep néangan tempat diuk. Gék waé dina korsi nu tukang. Teu kungsi lila jul-jol nu lalajo. Beuki peuting nu lalajo mimiti moyég. Kawasna hayang pada awas, marindahkeun pangdiukanana ka hareup. Teu karasa diuk téh bet jadi pangsisina. Panonn neuteup kana wayang-wayang nu diigelkeun. Lalakonna teu wudu ramé. Lalakon Cuminalaya. Pinter naker dalang ngigelkeun wayang, mani hirup. Jleg waé jelema enyaan. Teu kanyahoan aya nu nyedekkeun ti gigireun. Dilieuk téh mojang. Haté degdegan. 24 Bray beungeut indung budak. Nya gendut, nya bebeng. Ari ieu nu anyar datang, mani lenjang. Disamping latar bodas, kabaya semu beureum. Puguh, panon lalaki mana nu teu ngacleng, nenjo barang kieu. “Ngiring nyalik,” cenah semu ngirung. Kuring ngised. Beungeutna ditutupan ku cindungna. Bulao cindungna téh. Seleksek bau nu teu pararuguh. Moal salah budak nu ditukang hitut. Barudak téa sok resep nyieun onar di nu ramé. Hadéna nu diuk gigireun cengkat. Teuing rék balik, teuing rék ka cai. Geuwat wé diandih. Si Lenjang dibéré tempat urut kuring. Dihaja sina di sisi, ngarah henteu dihéroan batur. “Nyalira?” ceuk kuring. “Uhun,” cenah méh teu kadéngé. “Dimana bumi?” “Nyaket,” témbalna. Éraeun kawasna, beungeutna téh teu weléh ditutupan ku cidungna. Cidung bulao, bangun lemes nutupan sirahna. Gap téh leungeunna kana leungeun kuring. Cep tiis. Meureun perbawa tiisna peuting. Rét téh, mani bodas ngeplak, leungeunna téh. Jauh wé jeung leungeun nu di imah. Keur sasanggaleun téh, cakeutreuk deuih. Loba teuing nyeuseuh jeung kukumbah meureun. Karunya kituna mah. Tapi keun baé, da heurey ieuh. Teu jeung haté jikan, sing percaya. Leungeun nu laléncop, beuki “mahabu”, ngarames leungeun kuring. Haté beuki ratug tutunggulan. Panon taki-taki nénjo sakurilingna, rancingeus, bisi aya nu nangenan. Duh, leungeun sakieu lemesna. Sok komo deui beungeutna. Sok komo deui pipina. Tada teuing ngageleserna lamun dirampa. Mun teu réa jelema mah geus kumaha boa. “Nyalira?” ceuk kuring taya picaritaeun. “Sareng Apa, ngan dikantun,” témbalna. Béntés ayeuna mah nyaritana, da cidung na henteu dicékel. Ku hayang mukakeun cindung bulao téh. Hayang neuteup beungeutna. Hayang ngaragap pipina. Hayang ngambung, hayang sagala rupa wé. “Engke uih sareng saha?” cék kuring. “Nyalira,” témbalna, sada ngirung deui. “Kersa dijajap?” “Ngga,” témbalna pondok. Lucu ku timpuhna. Teu weléh tungkul. Boro-boro neuteup beungeut. Ari nilik lampahna mah tetela awéwé timpuh. Tapi maenya awéwé lungguh maké wani-wani lalajo wayang ti peuting sosoranganan deuih. Boaboa awéwé bangor. Tapi kapan cenah tadi gé manehna téh lalajo jeung bapana, ngan ditinggalkeun. Leungiteun bapana meureun. Pantesna téh sieuneun, matak muntangan ka kuring gé. Sieuneun aya nu ngaheureuyan. Karunya ku kituna mah. Hartina manéhna lain awéwé bangor. Kudu ditangtayungan anggur. Lengeunna angger caméwék, sakitu ku kuring hantem diramesan. Gamelan eureun ngadadak. Si Udawala dicabut tina gebog, terus kawas nu pidato, méré béwara. “Ka sadayana para pamiarsa. Ku margi niatna gé nu kagungan hajat téh badé ngaruat, ku kituna sim kuring bada ngawartoskeun kapamalian. Upami badé mulih-mulih, upami badé teras-teras. Margi ayeuna parantos tabuh dua belas wengi. Larangan nu ngaruat, mulih ka pameng. Bilih mendak bancang pakéwuh di jalan.” Anggeus Udawala biantara, sahéng ku sora jelema. Aya nu obyag rék baralik. Aya nu kalah memener tempat diuk. Ari kuring? Tadina mah rék balik méméh jam dua welas. Tapi piraku ucing ninggalkeun paisan lauk kitu waé. Lebar temen, mojang sakieu Manglé 2448
  25. 25. lenjangna ditinggalkeun nyorangan di panglalajoan. Mangka mani sakitu geugeutna. Sakitu tipepereketna muntangan. Kawas nu sieun ditinggalkeun. “Badé mulih?” cék kuring. Kalah gideug, bari angger tungkul. Enyaan budak lungguh. Henteu wani nénjo beungeut-beungeut acan. Bangunna mah ieu parawan téh teu meunang pisan lunta. Kawasna lalajona gé kabur sieuneun henteu meunang ku indung bapana. “Nonton waé teras?” ceuk kuring. Manéhna unggeuk. Leungeun beuki rosa silih rames. Tapi leungeunna angger tiis. Padahal kuring mah geus samar koléséh. Hayang kedewek, mun kana dahareun mah. Rada ngarandeg nyekel leungeunna basa lengeun kuring karasa baseuh. Dirérét, lenyap haté ngalenyap, téténjoan téh getih. Leungeun kuring aya getihan. Teu karasa, geuwat dibetot. Tapi teusing, geuning leungeun kuring téh garing. Gap deui hideng nyekel leungeun mojang lenjang, nu beuki tungkul waé. Geus peuting mah jelema loba nu nundutan. Ayeuna mah leungeun téh wani nyampay dina taktakna. Tungtung ramo hideng nyorosod kana dadana. Nu dicékel nyikikik. Atoheun. Irung antel kana cindung bulao, hayang nyium pipina. Seleksek bau teu ngeunah. Moal salah budak nu diharudum sarung, tah nu hitut téh. Tina sarungna gé geus katara, jolna ti dinya ambeuan teu ngeunah téh. Galura rasa méh teu kabendung basa leungeun mimiti nyekel cangkengna. Hideng “beroperasi”, ka sakuriling tatanggana cangkeng. Manéhna cicing waé, henteu obah. Manglé 2448 Budak nu dihareupeun mimiti tinggaloler dina korsi. Bray wé tetenjoan rada caang. Da petromak henteu kahalangan ku sirah maranéhna. Kuring ngagebeg. Cidung bulau téh bet asa semu beureum. Kawas aya getih nu maseuhan ka dinya. Tapi kuring geuwat ngiceup sababaraha kali. Euweuh geuning. Téténjoan kuring waé meureun nu mimiti lieur. Rieut ku dua ku tilu. Rieut duméh biasana wayah kieu téh geus ngimpi dua iangan, ieu bolotot kénéh. Rieut ku galurana rasa anu beuki naék, nyedek ka luhur. Ditelek-telek. Teu singna getihan, cindung téh angger bulao. “Uih, yu, ah,” cék kuring mimiti sesek. “Ngga...” cenah ngaharéwos. Manéhna cengkat. Kuring ngaleng. Cidungna dicékel. Nuruban beungeutna. Ah, Si Lucu, Si Lungguh. Leumpang antaré. Ongkoh ku kuring diajak lalaunan. Basa diajak muter ngaliwatan masjid, manéhna gideung. “Naha?” ceuk kuring. “Sieun,” tembalna alon. “Sieun ku saha?” “Sieun pependak sareng Apa, sok netepan di dinya,” pokna. Bener cék sangkaan, pasti manéhna téh budak parawan anu dipingit pisan, henteu meunang liar. Lantaran manéhna embung diajak jalan ka dinya kapaksa dibawa lempeng. “Di mana bumi téh?” “Caket jambatan,” témbalna. Caket jambatan. Naha da deukeut jambatan mah taya imah. Moal kitu anu béh dieueunana. Da piraku deukeuteun jambatan pisan mah. Henteu panjang tatanya. Paduli rék dimamana imahna gé. Moal papanjan- gan wawuh ieuh. Sieun ku indung barudak. Nu penting mah peuting ieu kuring bisa reureujeungan jeung manéhna. Hareupeun hiji imah, jegog anjing ngagogog. Terus ngagogogan. Sakitu geus diusir téh, keukeuh waé ngagogogan. Bet tatalépa ka anjing-anjing nu séjén. Babaung matak keueung. Tapi Si Lenjang henteu bangun sieuneun. Antaré waé leumpang gigireun kuring. Wanian, Si Geulis téh. Tapi anjing beuki ragég. Babaung pikakeueungeun. Haté ratug tutunggulan. Hayang geura gep, hayang geura gep. “Tebih kénéh bumi téh?” ceuk kuring. “Nyaket, nyakedik deui.” cenah. Sidik ngirung. Boa cindungna ditutup waé téh, irungna songhék. Atawa suing kitu. Panasaran. Kerewek dicékel taktakna. Beungeutna didangheuakkeun. Panon nelek-nelek. Gaok waé kuring ngagoak. Becir lumpat notog-notogkeun manéh. Beungeut rénghat. Panonna bolong dua nana. Tina sela-sela nu rengat téh ngucur getih. Jurig! Kuring lumpat. Ti kajauhan kadéngé hawar-hawar sora manéhna. “Akang... Akang...” cenah. Kuring teu wani ngalieuk. Beungeutna ngalangkang deui. Rorongkong rengat, pinuh ku getih. Ayat-ayat Quran ngadadak paroho deui. Ayat Qursi anu biasana apal ngagolontang, ngadadak poho mimitina-mimitina acan. Basa katénjo aya nu tumpak kareta mesin teu antaparah gajleng waé kuring asup kana boncéngan. “Kang, tulungan kuring, diudag-udag jurig,” cék kuring haruhah-haréhoh. Hadxna bageur, manéhna ngaboséh tarik. Geus jauh kakara kuring wani ngalieuk. Nu Akang-akangan kadéngé hawar-hawar. Tapi basa dilieuk, taya sasaha. Bulu punduk carengkat. Teu wani beunta. Peureum, bari nyuuh kana tonggong nu ngaboséh. “Dimana aya jurig?” cék manéhna. “Awéwé, Kang, bareng lalajo wayang.” “Awéwé lenjang, kulitna bodas?” “Enya,” cék kuring. “Éta mah atuh, Neng Parini. Nu maot maéhan manéh alatan bogoh ka salaki batur. Ngaragragkeun manéh ti loténg imahna. Karunya teuing...” “Geuning Akang uninga?” “Puguh wé, da urut kabogoh Akang,” témbalna. Bari can nyaho gé kolot budakna, kuring hideng ngaakangkeun. Keun waé panghormat ieuh, nyebut Akang sotéh. “Semet dieu wé, nya. Rék méngkol.” Rey bulu punduk cengkat. Atuda dieureunkeun téh deukeut dapuran awi pisan. Sieun Neng Parini ngudak deui. “Ari Akang badé ka mana?” cék kuring. “Nyampeur Parini,” cenah. Rét ngalieuk. Goak deui kuring ngagoak. Beungeutna rata taya nanaonan. Les kuring kapaéhan. Inget-inget geus aya di imah. Pada nyeuceuhan. Indung budak ceurik gigireun. Alhamdulillah, kuring salamet. Unggal malem Juma’ah, di RT kuring réréongan, nahlilkeun Néng Parini. Muga-muga sing sampurna, arwahna di tampi ku Gusti Nu Maha Suci. Ulah marakayangan deui. Horéng cenah Neng Parini téh bobogohan jeung guruna nu geus boga pamajikan. Maranéhna milih paéh babarengan batan henteu laksana. Abong dunya.*** 25
  26. 26. Putra nu Toyyibah, Barokah ka Balaréa Ku Hadé Rustandi dina rumah tanggana. Malah tatangga sabudeureun nana ogé kabeleteran. Sabab anak (turunan) nu thoyyib di dirina nyampak tuladan. Hal ieu teu béda jeung tangkal kawung. Sabab sakujur tangkal kawung ngadung faédah. Heug geura urang tataan hiji-hiji. panasan atawa katiisan. Tara bobo kayu bogor teu cengengan. Tipung Kawung Dina jero tangkal kawung aya tipung nu dikandung. Mun garing merewul. Éta tipung ngadung aci. Ieu tipung sok dijieun kadaharan. Carana tipung kawung diwadahan baskom atawa naon baé nu rékép. Geus kitu dibanjuran cai asak ngagolak. Sanggeus tiis jadi kadaharan. Keur urang Rajagaluh ieu kadaharan sok disebut “aci oyag”. Mangpaatna keur ubar lapar saha baé. Teu budak teu kolot, nini-aki nu arompong ogé moal nolak. Akar Kawung Mangpaat akar kawung keur nguba ran panyakit batu ginjal ogé kencing manis atawa jinis batu nu ngancik dina kandung kemih. Carana sapuluh teukteuk akar kaBuah kawung ruruntuyan, kapuluk ku balarea wung ukuran panjang 15 cm, digodog “Nun Gusti Pangéran abdi mugi Gusti maparin anak (turunan) ka abdi dina panci dua liter nepi ka ngagolak. langsung ti Gusti nu thoyyib (alus). Lamun geus ngagolak kari nyait. Tuluy Sayaktosna Gusti Maha Ngadangu ka diinuman; sakali nginum sapertilu nu nuhunkeun.” [QS. Ali Imran (3):38] gelas. Sapoé tilu kali nginum. Insya Allah batu tina ginjel atawa tina kanllah maha murah, Allah ogé dung kemih barijil; tampolanana ngoMaha Asih. Allah nedunan cor siga cai béas, lantaran cikiih warna paménta jalma nu miharep bodas. Ku sabab kitu akar kawung dikiriman pangabutuhna. Diantarana mangpaat pisan. nu hayang boga rundayan nu thoyyib Tangkal Kawung (bogor) (alus). Alus sagala-galana. Alus wanda Warnana hideung. Kaasup goréng hadé rupa; kagolong cageur, bageur, patut. Tapi nilik mangpaat nu luar bener, jeung pinter. biasa. Ieu kayu anti baseuh. Anti Lamun baé paménta hiji kulawarga ditedunan bakal kasawang kabagjaan rinyuh, tara melengkung pedah ka- A 26 Kawul Kawung Ieu hiji bulu kawas kapas. Ngan seratna henteu liat. Ieu bulu téh narapel dina balukang kawung. Baheula mah dimangpaatkeun keur nyeungeut seuneu tina panékér gocrak. Nyaéta panékér tina batu seukeut digésékkeun kana awi tamiang garing sok ngaluarkeun burinyayna seuneu nu dideukeutkeun kana kawul nu ditapelkeun kana batu nu dipaké ngagésékkeun. Ieu téh saméméh aya panékér nu maké batu panékér jeung sumbu tina kapas maké minyak tanah. Harupat Kawung Harupat téh sabangsa nyéré nu narapel kana tangkal tina balukang. Rupana hideung meles tapi regas. Lamun kacugak ku jarupat sok karasa panas tur ateul. Bisa jadi ngandung racun. Jaman baheula mah sok dijieun paser (sabangsa panah nu palebah tungtungna dibulen ku kapas jeung tungtung hareupna diseukeutan saperti congo pulpén atawa panah) tuluy diasupkeun kana tulup tina tamiang. Atawa nyieun penah (alat nulis) tina harupat nu Manglé 2448

×