Mitra Sunda - Mangle 2447

7,092 views
6,856 views

Published on

Mitra Sunda - Mangle 2447

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total views
7,092
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
6
Actions
Shares
0
Downloads
0
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mitra Sunda - Mangle 2447

  1. 1. Sabada Mulang ti Mekkah M ingkin dieu nu boga karep jeung kamampuhan munggah haji mingkin ningkat. Ngan kapaksa, kudu nungguan heula mangtauntaun hayang laksana miang ka Baetulloh teh, da kawatesanan ku quota, nu ahirna, nganti heula nepi kana waktuna. Upama nu boga karep milampah kahadéan mingkin ningkat, harepan ayana kahirupan leuwih hadé gé bisa leuwih ngandelan. Hartina, lobana nu taat kana ibadah, masarakat gé baris meunang barokah. Nu mariang ka Tanah Suci, mugia jadi haji mabrur. Atuh, masarakat séjénna, nu natangga jeung jamaah nu marulang ti Mekkah bisa gedé haté. Meureun, bakal kabawa hade, lantaran nu nyandang gelar haji mabrur téh baris mangaruhan positip kana kahirupan masarakat sabudeureunana. Mitra, urang percaya, ibadah téh sanés mung kanggo kapentingan pormalitas. Sapertos nu mandi sareng tuang, apan aya pangaruh séjén nu aya dina satukangeun éta kagiatan. Mandi, lain ukur sangkan awak baseuh jeung lantis ku cai, da ku cara mandi nu hadé luyu jeung aturan kasehatan, mandi téh, bakal leuwih nyehatkeun awak. Kitu deui mun tuangna bener jeung nu dituangna ‘hahalan toyiban’, ceuk basa agama téa, tangtuna gé pangaruh tuang téh bisa mangaat keur si éta jalma, lain ukur pinuh beuteung jeung seubeuh wungkul. Ibadah, saperti nu munggah haji, sanggup nyorang lalampahan jauh, demi kataatan ka Pangeran. Ihlas ngaluarkeun waragad nu lain saeutik, demi nyumponan paréntah. Atuh, sageuy mun urusan nu leuwih hampang batan kitu, leuwih murah ti batan munggah haji, asa pamohalan mun nepi ka kaluli-luli. Atuh, upama mampuh munggah haji, nyumponan pangondang Alloh, sageuy poho kana ondangan-ondangan séjénna. Apan, jalma-jalma sabudeureunana, teu saeutik nu ngisarahan, butuh pangondang kanyaah jalma-jalma nu leuwih batan arinyana. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 18 Lalaki dina Jandéla 5 LAPORAN Minggu ieu Bapa kuring mimiti gawé di kantor nu anyar. Ngarah deukeut, Bapa meuli imah nu teu jauh ti kantorna. Kuring, Ema, Wati, milu pindah ka imah anyar. Kuring sakulawarga atoh pisan sabab imahna rada gedé batan nu kamari. Tina Kareta Monorel Nyawang Urut Talaga Bandung H. Mohamad `Surya: SILATURAHMI SARENG WARGA PASUNDAN DI MELBOURNE ........................................................... 8 NU MANEUH Épisode Arif Abdilah ...................................... 9 Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Rumaja .................................. 31 Katumbiri .......................................... 36 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 IMPLIK-IMPLIK CARITA NYAMBUNG Situ Gedé Tasikmalaya Pangirut keur nu Resep Alam ......................................................... 46 Carita Sarebu Samalem (178) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (17) M.A. Salmun ............................................................. 12 PURIDING PURINGKAK Dedemit Guha Cinta Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24 Potret : Reisyan SAJAK CARITA PONDOK Lalaki dina Jandéla Dian Amaliasari ............................... 18 Haté Pamajikan Dadi Margana ................................... 20 Nu Nyaring Basa Janari Anggi Novia Dewi .............................. 22
  3. 3. Evan Dimas K umaha carana sangkan Evan Dimas sabalad-balad ulah nepi ka diajak salingkuh ku pangurus PSSI? Geus lila apan di urang mah sagala rupa téh sok babaladan. Ditingali téh basajan pisan. Itu téh balad urang atawa lain. Lamun balad urang, kudu dibantuan satékah polah. Lamun lain balad urang, mending gé kusrukkeun wé sakalian. Iraha deui aya kasempetan. Indra Syafri, anu kapapancénan ngalatih Evan Dimas sabalad-balad ayeuna, apan cenah nepi ka bisa kitu téh henteu gampang. Saméméhna kungsi dipasarahan si anu jeung si anu anu kudu dilatih ku manéhna téh. Barang dijalankeun, hasilna kurang nyugemakeun. Nepi ka balaka jeung ngajukeun tanjakan. Heug daék ngalatih tapi kudu dibéré kawenangan pikeun milih sahasahana. Lamun teu kitu, kajeun mundur. Nya manéhna ngider ka suklakna ka siklukna. Mangtaun-taun lilana matéakeun barudak nepi ka bisa siga ayeuna téh. Enya sanggeus puguh hasilna mah ku sasaha dibaeu-baeu, dienya-enya. PSSI gé milu agul. Kumaha pikahareupeunana? Tah soal ieu anu saréréa milu mangsalempangkeun téh. Lamun dipercayakeun ka nu ayeuna ngajajar jadi réngréngan pangurus PSSI, cangcaya. Hasilna ampir bisa dipastikeun. Moal jauh ti nu enggeus-enggeus. Kurang kumaha hébatna tim Primavéra harita? Kurniawan, Bima Sakti, apan mani gedé pisan harepan saréréa ka maranéhna téh. Lain ngan semet harepan, da geus nyampak jeung geus katémbong pibakaleunana. Ari buktina, apan teu kitu. Modal anu sakitu gedéna téh kalah jadi naon boa. Tapi ari anu ngarurus PSSIna mah teu ngarasa, yén pangna nepi ka mubah kitu téh lantaran teu bener ngurusna. Malah keur maranéhna mah sigana kajadian kitu téh teu jadi soal teu sing. Nu ayeuna gé, Evan Dimas sabalad-balad téa, lebar temenan lamun bakal kitu nasibna engké. Naha Indra Syafri bakal kumaha pikahareupeunana? Kudu diaku gawéna Syafri katut timna téh geus aya hasilna. Tur meujeuhna lamun dipuji. Komo barang sakumna rayat Indonésia nyaksian kumaha petana lamun Evan tas ngasupkeun. Apan saréréa, kaasup réngréngan anu ngalatihna, sujud sukur. Kakara ayeuna urang boga timnas anu saperti kitu. Tur éta téh barudak kénéh pisan. Tapi teu cukup ngan semet dinya. Teu cukup ku ngarasa agul. Teu cukup ku sakadar pada muji. Naha Dimas, Maldini jeung baladbaladna téh bakal meunang kasempetan anu leuwih hadé nepi ka ka hareupna maranéhna bener-bener bakal jadi timnas anu ngalalakon di Asia? Komo lamun nepi ka bisa milu makalangan dina tingkat dunya mah. Bakal mulang deui kana kleubkleub nu araya. Naha pakeun anu poténsial téh bakal disampakkeun lahan anu saluyu jeung pangabutuhna? Waktu pingpinan kleub Arsenal milih Arsen Wenger pikeun jadi pelatihna, pamaén nu geus araya di dinya teu sasatna ngajebéngan. Saha Wenger téh? Nu kungsi dilatihna ogé kleub di Jepang lin? Dibagéakeun ku sikep anu saperti kitu, Wenger henteu rumegag. Manéhna geus boga konsép kudu kumaha ngalatih tim. Barang éta konsép dijalankeun, teu kurang-kurang pamaén anu teu nurut. Tapi beuki lila ku maranéhna beuki karasa. Enya geuning aya hasilna. Bener geuning aya robahna. Bisa jadi Indra Syafri ayeuna gé posisina téh henteu jauh bédana jeung anu kaalaman ku Wenger harita. Mangkaning, anu disanghareupan ku Syafri téh pangurus PSSI anu henteu profésional. Pan di urang mah kitu, dina sagala urusan gé. Nu disebut profésionalismeu téh nu diuruskeunana ngan semet piduiteunana. Ari kana urusan kaahlian jeung étikana mah tara aya anu merhatikeun. Disangkana, profésionalismeu téh euweuh étikana. Lebar temenan lamun Indra Syafri katut tim yuniorna ayeuna saterusna dipercayakeun ku jalmajalma anu henteu ngajénan profésionalismeu sakumaha mistina. AM 3
  4. 4. Jalan di Kabupaten Pangandaran Kumaha daramang Ais Pangampih Manglé? Punten ah ngiring nyerat dina rohangan koropak, mudah-mudahan wé ieu seratan tiasa kaaos ku pajabat nu gaduh kalungguhan di Kabupatén Pangandaran. Sabada lalampahan ka Kabupaten Pangandaran, enya wae, jalan teh raruksak parna. Eta oge aya nu keur dibebenah, tapi lolobana mah diantepkeun wae. Tapi sanajan kitu, keur pribados mah, nuhun bade nu aya. Meureun mana kitu oge aya nu narekahan. Ngan kahade ngabebenah jalan di Kabupaten Pangandaran mah ulah alus saharitaeun wungkul, tapi nu bakal nagen nepi ka puluhan taun. Sakitu wae, sakali deui ngahaturkeun nuhun. Kang Doni Padaherang Ciamis Nu Karasa Sabada Kurban Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun! Nyi Mangle ti payun ngahaturkeun nuhun ku ditampina ieu serat ti pribados, mudah-mudahan tiasa kapidangkeun dina rubrik koropak. Nyi Mangle, lebaran idul adha atawa lebaran haji teh geus lekasan. Atuh kudu aya nu karasana tina hikmah satukangeun lebaran haji teh. Sanes wae alatan kamari urang loba nyate atawa nuang daging, tapi 4 kudu karasa dina nembongkeun kasolehan sosial ka papada manusa. Malihan nu paling penting nyaeta langkung deukeut ibadah ka Alloh Swt. Nyi Mangle, dina warta-warta seueur kabejakeun cenah nu kurban jeung nu mareunang daging kurban loba nu ararambek, loba nu rungsing. Alatanana, pedah nu kurban loba nu teu kabagian atawa henteu adil dina pas masihan daging kurban. Atuh nu mareunang kurban oge, alatan pagegelek jeung batur nepi ka pasrah. Tah, kaayaan-kaayaan saperti kitu, hadena mah ulah kajadian deui. Nu kurban nya kudu ihlas. Ngaranna oge kurban, nya meureunan kudu daek berkorban, luyu jeung paniatanana. Atuh ku mareunang daging kurban oge, kudu sabar upama teu kabagian. Sakitu wae, mung intina mah, mudah-mudahan sabada kurban, urang tiasa ngariksa diri geusan nanjeurkeun kasolehan ka papada manusa. Sakitu, hatur nuhun. Hapunten bilih aya kalepatan. Wassalamu’alaikum Wr. Wb. Bambang Cigondewah Bandung Nganti nu Marunggah Haji Islam di nagara urang kudu jadi rohmatal lil’alamin. Hartosna naon wae polah umat Islam kudu matak pikabetaheun, picontoeun umat sejenna. Ku kituna, Islam di Indonesia mah sahenteuna aya sababaraha kareueus. Nu kahiji, yén kamajuan bangsa jeung nagara, moal leupas tina paripolah sareng papagon Islam. Badé ancog ka mana waé ogé, apanan bakal panggih sareng umat Islam deui. Nu kadua, reueus patali sareng seueurna organisasi kaagamaan Islam atanapi lembaga Islam, boh dina lembaga ékonomi, lembaga atikan ogé lembaga hukumna. Tangtos kareueus ieu tiasa dijagi, margi masalahmasalah nu sakieu ageungna, upami sosorangan ku pamaréntah tangtu moal bisa. Katilu, reueus ku prakprakkanana ibadah umat Islam, kayaning ibadah haji, zakat, qurban jeung sajabana. Unggal taun nu haji undak, kitu deui nu kalurban ogé sami undak. Tangtu mantak reueus geusan ngahontal karaharjaan umat. Tina haji waé, apanan katingal triluyunan, tina zakat ogé kitu deui. Hartina umat Islam téh baleunghar pisan. Tapi tina kareueus éta, simkuring tetep aya nu jadi patarosan. Naha umat Islam loba nu katinggaleun kéneh? Naha barodo kénéh? Naha angka kamiskinan ogé kalah ngaronjat? Naha aya nu salah? Di mana atuh salahna? Tah éta patarosanpatarosan nu teu weléh jadi panasaran. Naha hésé pami masarakat Indonésia nu baleunghar gaduh émutan ka dinya? Tah, dina danget ayeuna dina miéling taun baru Islam, kedahna urang némakeun deui sawala Islam nu leuwih daria kana urusan-urusan sapertos di luhur. Margi kitu, luyu sareng sakedap deui urang bade kasumpingan tamu Alloh, para jamaah haji ti Mekkah, mudah-mudahan aranjeunna tiasa ngarobih, tiasa jadi conto pikeun manusa sejenna dina enggoning nanjeurkeun kasolehan. Sakitu, hatur nuhun. Mugia seratan ieu tiasa janten émutan sadayana. Wassalam, Hj. Dede Kurniasih Ti Ciamis Nguningakeun Dina Mangle 2446 Carita Nyambung “Gogoda Ka Nu Ngarora” teu kapidangkeun jalaran aya kalepatan tehnis. Kanggo nomer salajengna kapidangkeun deui sapertos biasa. Hatur nuhun. Manglé 2447
  5. 5. Bandung téh lengkob disawang ti pagunungan mah. Tah, engké mah, pamandangan nu kawas kitu téh bisa ditingal tina monorel. Ngan, iraha réngséna? *** T ina jandela kareta api, pamandangan teh rupa-rupa, pasawahan, pagunungan, jeung patingjarumplukna tatangkalan di lembur-lembur. Tetempoan nu kawas kitu, bisa kasaksen mun kaparengan numpak kareta api ti tungtung kulon Jawa Barat nepi ka wetan atawa sabalikna. Pamadangan nu kawas kitu, malah bakal leuwih atra, leuwih plung-plong upama jalan kareta teh anggang welasan meter meter tina taneuh. Tina kandaraan kawas kitu, bisa nyawang ka jauhna. Bandung nu hurin ku tangtung, boga karep nyieun monorail (kandaraan/kareta nu jalanna anggang tina taneuh aya kana welasna meter tea. Ngan, iraha Bandung boga kandaraan kawas kitu kitu? Memang, moal lila deui, dan geus ditataharkeun, kari prakna. Bandung nu palataranana lir katel nangkar, engke mah bisa titingal tina kareta monorel. Kareta nu lajuna welasan meter tina taneuh teh, bisa jadi sarana patalimarga, nu lain ukur ngan- Tina Kareta Monorel Nyawang Urut Talaga Bandung Monorel Bandung Raya Manglé 2447 5
  6. 6. teur kapereluan tapi deui bisa nyingraykeun lalangse hate dina sajeroning lumampah. Cindekna, indit-inditan teh bisa bari nganteur karesep,nyawang pamandangan Bandung jeung sabudeureunana. Rarancang kareta monorel saperti kitu, ditembrakeun Gupernur Jawa Barat, H. Ahmad Heryawan, sawatara waktu ka tukang. Cenah, eta proyek teh dimitembeyan taun 2014 satutas masterplan atawa rarancang wangunana rengse. Prak-prakan ngawangun sarana patalimarga kawas kitu, digarap kalayan gawe bareng antara pihak Indonesia jeung pihak Cina. Dua pihakanana ge pausahaan swasta. Pamarentah mah, ukur ngajurung laku sangkan eta proyek teh bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar. Legana ambahan monorail nu baris ngaliawatan sababara tempat di wewengkon Bandung Raya,il, pangwangunanan ge butuh waktu mangtaun-taun. Eta proyek teh baris dilaksankeun dina lima tahapan. “Tahapan kahiji rengse dina taun 2016,ari kabehanana mah rensge dina taun 2025. Ngirit Lahan Ngawangun patalimarga kitu, tangtu we butuh waragad nu lain saeutik. Wilanganana ge bakal meakeun welasan triliunan rupia. Dina ngawangun monorel tea, pamarentah ngandelkeun swasta. Pausahahan Cina nu ancrub kana eta proyek teh, CMC kalian babrengan jeung pihak swasta lokal nu diluluguan ku Panghegar Group. Ari pihak pemprop mah moal ngalaurakeun waragad. “Kakara mun geus rengse, pihak pamarentah nangtukeun tarip panumpangna,” ceuk gupernur. Galibna, pangwangunan mah butuh lahan. Tah, nu tumali jeung lahan tea, bagian pamarentan propinsi nu baris natahararkeunana. Ngan, ceuk gupernur, moal loba lahan nu mubah, lantaran monorel mah, bisa make lahan nu ayeuna geus biasa dipake patalimarga. Jalan nu disebeut monorel mah di luhur, kurang leuwih 18 meter tina taneuh teh. Mun tea mah, make lahan sawah, tetep we sawah di handapeun erel/jalan mah bisa kapake, iwal ti nu dipake tihang. 6 Neken kasapukan gawe bareng jeung pihak Cina Upama pamarentah milih alat patalimarga monorail tea, tangtu we dumasar kana rupa-rupa tinimbangan, pangpangna mah sual lahan. Pangwangunna naon wae butuh lahan nu lain sateutik. Kitu deui upama ngawangun jalan raya anyar, apan bakal loba lahan nu kapake. Lembur, sawah, kebon, jeung sajabana, bisa salin rupa jadi jalan. Ari monorail mah, teu kitu, lantaran tempat-tempat nu kaliliwatan ku monorail tea, bakal tetep bisa digunakeun sabihari. Pangwangunan monoral di Bandung jeung sabudeureunna, digarap ku pihak swasta. Hartina, boh sumber daya boh sumber dana, disayagikeun ku pihak pausahaan swasta. Pihak pamarenetah, ‘masilitasan’ nu tumali jeung lahan, oge engkena milu nangtukeun tarip keur panumpangna. Garapan swasta, ceuk gupernur, bisa leuwih tereh. Apan, upama anggranana tina APBN atawa APBD, tangtu bakal leuwih lila. Da, kitu galibna makenan duit pamarentah mah. Leuwih tiheula kudu aya kasapukan ti para anggota dewan. Hartina, dina nangtukeun anggaran jeung makena anggaran teh butuh waktu nu teu bisa dirurusuh. Pemerintah Provinsi Jawa Barat sagancangna bakal ngagarap proyek monorel metropolitan Bandung Raya. Nurutkeun Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan proyek monorel ieu bakal dimodalan ku BUMN Cina nyaeta China National Machinery Import & Export Corporation (CMC). Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan netelakeun, proyek pangwangunan Monorel Bandung Raya bakal ngalibetkeun sababaraha kabupaten/kota di sabudeureun Kota Bandung sarta mangrupa salah sahiji tina 23 proyek raksasa di Indonesia. “Tina 23 proyek raksasa Indonesia, Monorel Bandung Raya téh aya dina urutan ka salapan pangageungna. Tangtosna oge ieu téh kareueus urang sarerea,”ceuk gubernur pinuh kareueus. Lian ti memorandum of understanding (MoU) jeung perjanjian sejenna anu geus ditandatangan ku pihak Indonesia (Jawa Barat) jeung China (CMC), nurutkeun Kang Aher, dina KTT APEC di Bali, Jabar jeung China geus neken memorandum of agreement (MoA) anu nandakeun puguhna gawe bareng antara dua nagara dina ngawangun Monorel Bandung Raya. Pamarentah kabupaten atawa kota nu engkena milu ngarasakeun mangpaat Monorel Bandung Raya (Kota Cimahi, Kabupaten Sumedang, Kabupaten Bandung, dan Kabupaten Bandung Barat) bisa ilubiung neundeun saham di PT Jasa Sarana anu mangrupa badan usaha milik daerah Provinsi Jawa Barat. “Pamarentah provinsi masihan kasempetan ka sadaya pihak supados tiasa nyimpen saham di BUMD,” pokna. MoU pangwangunan Monorel Bandung Raya geus disatujuan antara Manglé 2447
  7. 7. Gubernur Jabar nitenan Monorel larapkeuneun di tatar Sunda pihak Indonesia, dina hal ieu nyaeta Pamarentah Provinsi Jawa Barat anu diwakilan ku PT Sarana Infrastruktur Indonesia (Panghegar Group) jeung PT Jasa Sarana (BUMD), jeung pihak China anu diwakilan ku pausahaan CMC (China National Machinery Import & Export Corporation). “China sareng Jawa Barat ngadamel tim husus kanggo nyiapkeun master plan transportasi di Bandung Raya sareng nitenan visibility study kanggo pangwangunan Monorel Bandung Raya,” ceuk Aher. Waragad sakabehna proyek Monorel Bandung Raya anu panjangna 28 kilometer kira-kira Rp 15 nepi ka Rp 18 triliun. “Ngawitan mah diperkirakeun 5 dugi ka 10 triliun, tapi sabada dietang deui tetela waragadna téh dugi ka 18 triliun. Kanggo ground breaking tahap munggaran (Gedebage-Tanjungsari) meryogikeun anggaran 5 triliun rupia,” pokna. Nurutkeun CEO Panghegar Group Cecep Rukmana, proyek Monorel Bandung Raya bakal diwangun anu luhurna 8 meter diluhureun taneh. Lima koridor anu bakal kaliwatan ku monorel nyaeta GedebageTanjungsari (Bandung-Sumedang), Gedebage-Soreang (Bandung-Kabupaten Bandung), Gedebage-Cimahi (Bandung-Cimahi), Gedebage-Dago, Gedebage-Majalaya (Bandung Kabupaten Bandung Barat). Pikeun koridor mimiti nu bakal di- Manglé 2447 wangun nyaeta koridor GedebageTanjungsari anu panjangna kira-kira 28 kilometer sarta aya 11 stasiun. "Kanggo koridor nu ngawitan waragadna kinten-kinten 578 juta USD atanapi Rp 5 triliun," ceuk Cecep. Proses pangwangunan monorel, kiwari masih keur dipigawe panalungtikan feasibility study (FS). FS ieu dipiharep rengse dina bulan Februari 2014 jeung bakal dijadikeun dasar pangwangunan koridor nu mimiti, koridor mimiti ieu dipiharep bakal rengse dina taun 2016 hareup. Munggaran GedebageTanjungsari Lima koridor geus disusun dina “masterplan” monorel Bandung Raya. Jalur ieu dipiharep bakal bisa nyingkahan masalah kamacetan di Bandung Raya. Alesanana kunaon koridor nu mimiti Gede bage-Tanjungsari anu diwangun,nurutkeun Direktur Utama Penghegar Group Cecep Rukmana kusabab koridor ieu anu dianggap paling gampang dibandingkeun opan jalur sejenna. "Dumasar kana panalungtikan, jalur ieu téh dianggap padat. Kumargi kitu saenggalna hoyong tiasa direngsekeun kanggo pembuktian ka masarakar.janten jalur GedebageTanjungsari téh kumargi gampil tina palaksanaan proyekna nya janten proyek koridor anu ngawitan," pokna. Gubernur netelakeun, pihakna milih ngawangun moda transportasi massal monorel ieu téh kusabab henteu loba meakeun lahan anu lega. Kusabab kitu jalur nu bakal jadi liliwatan monorel ieu sabagean bakal make jalan raya nu geus aya. "Monorel henteu ngagusur lahan seueur teuing. Anu diangge sakedik, kanggo masang tihangna wungkul. Jadi upami, misalna, ngalangkungan sawah oge, éta sawah masih tiasa dianggo keneh," ceuk Heryawan. Pangwangunan monorel ieu mangrupa gawe bareng swasta jeung swasta atawa bisnis to bisnis. Hartina sumber dana jeung proses pangwangunana ku swasta, kusabab kitu proses pangwangunana ge dipiharep bisa leuwih gancang. "Upami anggaranna tina APBD atanapi APBN pasti lami. Kedh aya proses penganggaran heula, teras kedah aya persetujuan ti dewan. Upami ieu mah kan simpel, swasta anu nanggung waragadna sakaligus swasta oge anu ngawangunna," ceuk Heryawan. Sekretaris Badan Perencanaan Pembangunan Daerah (Bappeda) Kota Cimahi, Hery Antasari, manghanjakalkeun kana kaputusan Pemprov Jabar anu geus nempatkeun Kota Cimahi tina tahap dua jeung tilu tina total lima tahap perencanaan pangwangunan monorel Bandung Raya. Nurutkeun Hery, Kota Cimahi téh wilayah nu pangdeukeutna jeung Kota Bandung anu tingkat kamacetana teu beda jeung Kota Bandung anu mangrupa inti pusat kagiatan nasional (IKN) cekungan Bandung. "Langkung sae upami dina tahapan pangwangunan ieu dimimitian ti Kota Bandung, teras nyambung babarengan ka wetan sareng kulon. Supados proses dina pangwangunanana henteu lami sareng tiasa ngahontal penurunan indeks kamacetan di Kota Cimahi," ceuk Hery Status Cimahi minangka kota inti PKN cekungan Bandung, ceuk Hery, geus aya dina rencana tata ruang dan rencana tata wilayah (RTR / RTW) provinsi jeung nasional. "PKN ieu mangrupi kawasan perkotaan anu pungsina kanggo ngalayanan kagiatan skala internasional, nasional atanapi kagiatan propinsi. Tapi kanyataanna Kota Cimahi meh kahilapkeun," pokna.*** (AS) 7
  8. 8. Nguatan Seni Tradisi Mahing Jati Kasilih ku Junti Rengrengan pangurus Paguyuban Pasundan di Melbourne D ina raraga mancen tugas salaku anggota DPD-RI wawakil Provinsi Jawa Barat tanggal 24 Pebruari nepi ka tanggal 2 Maret 2013 ngalaksanakeun studi banding ka Australia anu dipuseurkeun di nagara bagian Victoria. Eta acara dipiluan ku 12 orang anggota Komite II, dina raraga studi banding ngeunaan oerkebunan, peternakan, sarta pengelolaan air . Disela-sela acara kagiatan kunjungan resmi di Melbourne, aya dua pangalaman anu boga harti penting. Pangalaman kahiji nya eta shalat Jumaah di masjid Assalam di Melbourne. Eta masjid teh diurus ku warga muslim di Melbourne anu lolobana para mahasiswa anu asal ti Timur Tengah, Pakistan, Malsysia, jeung Indonesia. Masjidna mangrupa imah anu cukup gede jeung dan digunakeun jadi tempat ibadah warga muslim. Kacida matak reueus ngalaman milu shalat Jumaah di nagara deungeun anu anu warga muslimna kagolong minoritas. Pengalaman kadua nya eta siltur- 8 Dahar ngariung mani nimat asa di lembur ahmi jeung warga pasundan di Melbourne dina poe Rabu peuting tanggal 27 Pebruari 2013. Sabada meunang katerangan ti pihak KJRI ngeunaan ayana paguyuban pasundan di Melbourne, tuluy diagendakeun acara silaturahmi jeung warga paguyuban pasundan, itung-itung nyerep aspirasi ti warga Jawa Barat anu aya di mancanagara. Minangka tokoh anu dipikolot sarta jadi pangurus nya eta Bapa Ade Faesal jeung pa Tedi anu salawasna aktip ngalakukeun silaturahmi jeung sesama warga pasundan di wewengkon Melbourne.. Dina mangsa patemon harita hadir lima welas urang warga pasundan anu tempatna di masjid. Eta masjid sakaligus oge mangrupa bale patemon warga pasundan. Nurutkeun katerangan ti para pangurus, aya kurang leuwih 200 urang warga pasundan di ditu anu sacara rutin ngalaksanakeun patemon silaturahmi saperti pangajian, kunjungan, arisan, olah raga, rekreasi, jsb. “Itung itung ngarakeutkeun dudulu- ran sakalian ngamumule budaya sunda, sanajan aya di mancanagara” kitu saur pa Ade sarta pangurus sejenna. Acara silaturahmi harita dimimitian ku shalat magrib berjamaah anu diltuluykeun ku dahar peuting babarengan anu disadiakeun ku pangurus. Satuluyna acara dialog jeung diskusi ngeunaan rupa-rupa masalah. Salah sahiji materi anu dibahas nya eta negunaan kahayang warga pikeun ngomean masjid supaya bisa digunakeun sacara efektif. Eta masjid teh awalna mangrupa gereja anu dibeuli ku pak Tedi hiji pangusaha anu sukses.. Kahayang warga nya eta ngarenovasi bangunan supaya bener-bener mangrupa masjid. Ayeuna keur dijieun proposal pikeun meunang bantuan waragad ti Islamic Developmental Bank di kantor puseurna di Jeddah Arab Saudi. Swaktu umroh bulan April kaliwat tos ditepungan pajabat IDB di Jedah anu nyanggupan ngabantu sabada aya proposal anu dikuatkeun ku KJRI Melbourne.*** Manglé 2447
  9. 9. Sajak Arif Abdilah épisode siga almanak nu tuluy ngolotan urang haben ngarucu waktu bari anteng nepungkeun umur jeung sésa ringkang horéng angka-angka masih jadi katineung jam, ngitung rénghap jeung hégak nu baris peuray dina jajantung sorangan 2012 tepang taun bari nyutat diri kami jongjon ngulin-ngulinkeun kalangkang ngumpulkeun kakelar sésa pirunan silalatu horéng lilin les-lesan juuh dina peteng mata dina rénghap, léngkah kami motah muru pajaratan bari nyutat diri kami jongjon nembang-nembangkeun impian melak tangara katut katunaan sésa angin katiga cika-cika reup-reupan ngiles dina peuting mongkléng dina bagantina usum, kubur nganti rupaning umur bari nepungkeun diri ringkang samar, peuting ngabungbang beurang ngarangsadan taun demi taun ririwa ngabakutet raga 2013 Manglé 2447 9
  10. 10. Bagian 178 Peuting ka-205 Miang mangbulanbulan, ahirna mah tinemu bagja. Komarujaman bisa tepung jeung wanoja nu dipisonona. Malah, ahirna mah laksana kapiduriat jadi batur hirup dina ngawangun rumah tangga. Ku lantaran kitu, nu anyar panganténan téh ngarasa bagja kacida. Heuleut sawatara poé, Komarujaman ras inget ka nagrina. Rumasa miang teu karana idin kolotna. Ceuk pikirna, meureun kulawargana téh katatangkotéténg néangan manéhna. Ras kana kalakuanana, Komarujaman téh jadi huleng jentul. Hiji peuting ieu nonoman téh ngimpi, kadatangan kolotna nu nganaha-naha dirina tacan waé mulang ka nagrina. Ku lantaran kitu, kasumpeg haténa téh dikedalkeun ka Putri 10 Budur . “Akang téh kudu nyelang heula mulang ka nagara,” pokna’ “Nya sumangga. Mémang saéna kitu,” ceuk putri. Isukna, putri téh bébéja ka ramana. Cenah, salakina ménta idin rék nyelang heula mulang ka nagrina. Ngadéngé caritaan anakna kitu, Raja Budur mah, bungah wé nu aya, lantaran mémang sakuduna anakna gé munjungan ka mitohana. Putri Budur atoh, bisa nyaba ka nagri salakina. Malah, bisa laluasa da meunang idin nyaba salila sataun. Ceuk pikirna, cukup keur leuwih mikawanoh nagri salakina. Gancangna carita, raja gé paparéntah, sangkan sakumna mantri ilu-biung nataharakeun sagala kapereluan anakna. Taya nu talangké, sakur pihak nu ngemban timbalan mah cakah-cikih nyadiakeun sagala rupa kapereluan keur pibekeleun dina salila lumampah. Dina waktu nu geus ditangtukeun, bring rombongan Putri Budur miang. Ngaleut rombongan téh, da puguh lian ti para badéga téh deuih pangawal gé teu tinggaleun. Atuh, kitu deui nu ngahaja mangmawakeun bebekelan aya kana welasna. Jumlah-jamléh nu miang rék nyaba téh moal kurang ti saratus urang. Rombongan kaluar ti buruan istana, laju muru jalan gedé nu muru ka luar kota. Tutunganganana, kuda jeung onta. Diiringkeun ku pasukan jaga baya nu sarua tarumpak kuda. Sanggeus rombongan teu katempo, kateureuy ku péngkolan, raja gé asup deui ka karaton. NU miang laju ninggalkeun puseur nagara. Beuki lila beuki jauh, ahirna sanggeus lumampah sapoé jeput, anjog ka palataran nu némprak. Eta téh tegal jukut nu sisi-sina pinuh ku tatangkalan. Rombongan ngarandeg, lantaran Komarujaman ngisarahan sangkan pangiringna areureun. Geus kitu mah jrat-jrut tarurun tina tutungganganana. Da, mémang wancina nu lumampah reureuh heula. Parabadéga cakahcikih nyieun tenda keur pangreureuhan. Da, puguh geus disadiakeun sagalana, kaasup ahli-ahlina, atuh ukur sababara jam, éta tempat téh salin rupa jadi pangereureuhan nu rapih tur pikabetaheun. Taksiran, Putri Budur téh capéeun, da terus wé, ngagoloyoh kana ténda. Nu séjén gé sanggeus ningali putri jeung pangeran arasup ka ténda, blas-blus ka tempat masing-masing. Ngan, mémang teu kabéh arasup kana ténda, da jagabaya mah, angger ngajarega di tempat-tempat nu misti dijaga. Putri Budur mah, reup wéh saré. Harita, Komarujaman ngadeukeutan Manglé 2447
  11. 11. pamjikanana, gék diuk gigireunana. Nu keur saré téh diteuteup dipapay ti mimiti lebah indung suku nepi ka tungtung buukna. Keur anteng neuteup pamajikanan, katingali tina lebah cangkéngna aya nu ngaburilak. Komarjaman panasaran. Ragamang éta nu ngaborélak katojo cahaya lampu téh dirampa. Karasa teuas! Tangtu wé, beuki panasaran. Nu cikeneh karampa téh dicokot dikaluarkeun tina endongna. Goréhél wéh, horéng permata anu kacida éndahna. Ngan, barang dialak-ilik horéng aya aksaraan. Ngan, teu pati kabaca. Komarujaman mingkin panasaran. Ceuk pikirna, moal pati-pati éta permata dibabawa, lamun teu kacida luhur ajénna. Kapanasaran séjénna, tumali jeung tulisan téa. Ku lantaran kitu, manéhna gancang ka luar ti kemah, angkanana mah rek maca éta hurup di tempat nu leuwih caang. Di nu caang, éta permatan téh dialak-ilik. Enya wé, kacida alusna, komo geus atra kasorot cahaya bulan mah. Ti dinya, manéhna ngadeukeutan lampu rek maca éta tulisan. Ngan, kakara gé dialak-ilik, dibebenah sangkan éta hurup kabaca, teu kanyahoan ti mana asalna, siet aya manuk nyamber éta batu nu keur diilikan ku Komarujaman. Sajongjongan éta panganten anyar téh hareugeueun. Ukur melong matasimeuteun lir nu ilang pangacian. Geus kitu, gebeg haténa ngagebeg. Ceuk pikirna, duh, cilaka! Mun pamajikanana apaleun permata leungit Manglé 2447 lantaran kalakuan manehna. Teu panjang mikir, Komarujaman téh nuturkeun manuk nu ngageleber kalayan mawa permata téa. Ari manuk, teung lantaran beurat ku batu nu diranggeum, teung lantara ngahaja ngaheureuyan sangkan Komaruujaman ngudag, da geuning hiberna téh eureun-eureunan enteup tina tangkal ka tangkal sejen. Ngan, ahirna mah ngajauhan. Komarujaman tatanggahan, terus nutur-nutur éta manuk. Susuganan, éta permata téh dipuragkeun. Atuh, mun teu dipuragkeun, nya bakal dipaksa sina murag, malah kajeun teuing rék nenggor éta manuk sina murang sakalian jeung manukna. Beuki lila, manuk téh beuki jauh. Atuh, lantaran kabawa ku rarasaanana nu sieun disalahkeun ku pamajikanan, kapaksa wé Komarujaman téh terus nuturkeun ka mana waé éta manuk téh hiberna. Ceuk pikirna, da tangtu aya tungtungna bakal eureun, bakal muragkeun batu téa. Komarujaman terus tatanggahan bari leumpat. Sakapeung gancang sakapeung kendor. Sakapeung nanjak sakapeung mudun. Malah, mun manuk hiber meuntasan walungan, nu ngudag gé kapaksa kudu gegejeburan di walungan. Dina hiji tempat, manuk téh eunteup dina dahan tangkal kai nu kacida luhurna. Ningali peta manuk kawas kitu, Komarujaman nyobanyoba naék kalayan rerencepan. Maksudna, mun geus deukeut éta manuk téh rék dipalengpeng ku naon waé nu kahontal ku dirina. Inyana gé sadar, mun ngahaja ditéwak mah pamohalan pibeunangeun. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ku M.A. Salmun { 16 } T eu lila antarana, dua dulur misan teh geus pahareuphareup deui, uplek pisan. Agan Sari ngaluarkeun panasna, ari Lilis ngalilipur ngabeberah, jiga heueuh padahal ceuk hatena: “Aing ku baraya sia nepi ka disebut Si Kacingcalang Manglayang! Sia pribadi, ngaku soteh ka aing, bane bae keur dina pepeteng, da nu enggeusenggeus mah sakalieun disaba ge nitah dibejakeun, “nuju arangkat” ku badegam da sieun kabawa morosot ku aing. Sakalieun aing nginjeum modal keur dagang cikopi, aing niat hirup bener, sia kalah sindirsampir, babasaan teh: “Kanggo Euceu mah geulis ieuh, moal teu gampil milari jalan kahirupan sapertos Uaistri. Teu heuleumheuleum sia ngomong kitu, samarukna teu 12 matak nyeri mapay ka puhu leungeun sagala.” Da jeung enyana, sakumana nu geus dicaritakeun ti heula, sanggeus Aom Dotong, Bapa Lilis maot, hirup Lilis teh gugulawingan, ka luhur teu sundul ka handap teu napak. Keur aya Aom Dotong onaman, kabawakeun ku bapa. Agan Lilis teh logor di panto; geus teu indung teu bapa mah, teu aya pisan nu mandang, nepi ka hirupna ge kapahung. Meujeuhna ka ditu kapahung, ka dieu kapeungpeuk, gok amprok jeung Nyi Dampi, atuh ku sarerea ge kaharti kumaha balukarna; padahal Lilis teh satekateka hayang hirup jad jalma bener, neangan rejeki ku jalan halal. Satungtung aya keneh titinggal kolot mah, aya saleuheung. Tapi titinggal didahar unggal poe ari pangala teu aya, nu ngajeujeuhkeun suwung, nya lila-lila beak. Ari lilis lain teu aya nu mikarep, da pangartina pikeun jaman harita mah cukup, diajar maca nulis di Nyonya Metman, rupana leuwih ti cukup, kawilang tegep, tapi nu luhur ngaasa paur dumeh ka anak ronggeng, nu handap ajrih dumeh ka menak, komo ieu mah randa jurutulis residen, beu, atuh lain udagudageun simahan. Ana geus teu pati ditampa ku masarakat ka mana Lilis kudu lumpat? Babari puguh ge ari ngahukuman atawa nembleuhkeun geugeuleuh mah, paribasa: “Panten bae da anak ronggeng!” geus teu make dipingkir, teu matak dipapay deui, jebrod bae dicap “Si Lilis ungkluk!” Padahal mungguh di Lilis, geus usaha sosonsoson, hayang hirup lulusmulus, palias nemahan rujit, tapi ari masarakat, teu aya nu daek nyambat. Baraya ge teu maduli, amprok oge sok melengos, kilangbara mun ngarawu, ka budak pahatulalis, padahal naon dosana, ngan ku dumeh anak cacah. Feodal ku matak nyeri, bibitna adigung sombong, ari Lilis geus tigebrus, bet didedetkeun sakali, lain seug ditarulungan, cing mana kamanusaan? Memang, unggal jelema pada teu resep ka awewe bangor, boh anu enyaan hatena saleh, boh anu api-api saleh, dalah awewe bangorna pribadi Manglé 2447
  13. 13. henteu aya nu ngaku yen kalakuanana teh bener. Tapi eta nu nyawad ngahukuman, ngan bisa nyawadna jeung ngahukumanana bet, cara ka nu gelo ngan barisa ngaheureyan jeung ngalalagana wungkul, ngubaran mah henteu. SAbaraha rebu jumlahna awewe nu carana tigebrus samodel jeung Agan Lilis, Nyi Rapiah, Nyi Sinta, Nyi Munigar, Nyi Itu, Nyi Ieu, ngan ukur dipoyok sanggeus rigebrus, lain ditarulungan dina kokoleabanana atawa keur gugulawinganana keneh. Ana ninggang dina karep mulangkeun kanyeri cara Agan Listariah atawa Nyi Rapiah, paribasa hayang meunang bela dina dorakana, nya cara banteng bayangan atawa maung tatu, geus teu milih itu saha ieu saha, eta nu deuekut, eta nu ditaladung atawa dirontok. Awewe kitu, basana ge: geus kapalang bocok dihargaan moal, doraka eukeur, matimati tigubrag hayang ngagusur wadal. Ana geus nepi ka dinya ceuk jagat mah babari bae: “Si Lilis, si Piah budina bejad.” Ngupat-ngawala mah puguh ge babari,moyok lelewe oge teu hese. Nu hese teh migawena, nu beurat teh ngalalakonanana. Dina seuhna mah, nu ngupat-ngawada teh, upama kudu ngalakonan pribadi, terkadang leuwih bokbrok batan anu dipoyokna. Da tadina ge ngan kalah kaomong wungkul. Memang babari nyebutkeun Si Bejad teh! Manglé 2447 Cek santri mah, mung setan arek ngagoda, sok ngadago teu eling, mun jalma keur hilap, keur poho ka Pangeran, setan teh nyulusup rikip, ngadon bebetah, di jero ati ngancik. Lebah dinya mah geus teu aya pinter geus teu aya menak nu aya teh: jalma. Ari pinter tea, ceuk para arif: kapinteran anu teu dibarengan ku budi perbawana ancur, tapi budi wungkul teu rejeung kapinteran perbawana mundur (dina harti teu aya majuna). Lilis ka Sari oge cara maung tatu tea bae, geus poho di kabarayaah; nya kajurung ku nyeri ti baraya bapa, nya sieun ku ancaman Nyi Rapiah. Najan kitu, Lilis teu mambrih ari clom ari giriwil disanggut useupna mah, geus karuhan terang lauk lindeuk mah diingkeun heula dijieun ceumceuman. Ari Sari, kawas geus titis-tuisna kudu abus kana pitapak, bet ka Lilis teh jadi pogot sono, pageuh deudeuh, nepi ka ngaririhan hayang diendongan lamun Aom keur kilir, pokna mah sok kareueung jeung saredih lamun teua ya batur teh. Aya pangajak kitu. Lilis seuri di jero hatena, da puguh eta nu diarah ge. Najan kitu, henteu kaciri haripeut, teu nembongkeun atoh, pura-pura heula, nahan harga, hayang dipaksa. Ti harita Lilis jadi sering pulang-anting, mondok moek di Sari ... lamun Usman keur teu aya. Lain ngan Lilis bae anu sok lar-bus ka Sari teh, tapi –ku pangatur Lilis—aya deui budak ngora nya kasep nya beunghar, meujeuhna bedas jeung rampus sagalagalana, nya eta Anom Belem. Ari mimitina pisan mah papanggih di rumahbola keur aya pesta bareot, diwawuhkeun ku Luih. Tuluy kalan-kalan sok nganjang, ngadon ulin, ari keur “mudun” ti Lembang, malah sakalikalieun bendina sok rajeun dipake ku Aom Usman jeung Agan Sari sabot anom di rumah bola atawa di tempat lian. Ka-behdieunakeun, asal ulin-ulinan tuluy sering nganjang, beuki loba, beuki raket, nepi ka Belem “bawaning ku geus pohara layeutna” wani meuting, basana mah teu ludeng balik ka Lembang. Anu biasa ari ngendong sok di losmen tuan Homan teh, sasat paeunteung-eunteung jeung rumah bola, ari geus “asa ka dulur” kitu mah seringna ngedong teh di Sari, boh keur aya, boh keur teu aya salakina. Pendekna mah sinyoh Willem Hoffmeyer alias Anom Belem Kopmayar teh pantes disesebredkeun: Ucing-ucing eong, buntut panjang jadi pondok. Ulin-ulin Anom, urut nganjang jadi mondok. Lah, nya eta atuh, dasar ka nu ngarora, rearea pisan gogodana, ana pareng ieu loncer itu logor, wah cek Babah Dolar tea mah, “tau sama tau”. Ari iblis gogodana tea, sok sumawonna ka nu negrak nonggerak, atawa nu empuk-uduh, dalah ka nu disarigsig beusi disakuta wadya oge karepna mah ngan hayang ngarungkadkeun bae! Cek santri mah, mung setan arek ngagoda, sok ngadago teu eling, mun jalma keur hilap, keur poho ka Pangeran, setan teh nyulusup rikip, ngadon bebetah, di jero ati ngancik. Ngaharewos ngajak bari ngabibita, kana jalan teu uni, jalma nu digada, sok kalinglap tingalna, sakur paripolah iblis, endah tembongna, poho ka temahwadi.*** (hanca) 13
  14. 14. Ibadah Miara Lingkungan Ku Féndy Sy. Citrawarga U sum ngijih, di sagédéngeun matak atoh duméh loba cai nu kacida pentingna keur sakumna mahluk hirup, tapi réa nu guligah humandeuar alatan datang musibah rongkah mangrupa caah. Kituna téh méh tumiba unggal taun. Boh masarakat boh pamaréntah saolah-olah béakeun akal ngungkulanana. Duka lebah mana ngojotna da apan para ahli nu palinter jeung paham kana pasualan éta piraku suwung. Papadaning kitu, ceuk panitén balaréa, tumibana musibah caah atawa banjir téh akibat lingkungan geus ruksak. Saha nu ngaruksakna? Nu sidik mah lain ruksak alatan teu pupuguh atawa nyindekelkeun kana takdir, tapi akibat paripolah manusa anu teu daék tunduk kana pituduh wahyu Alloh Nu Kagungan alam, sakumaha nu kaunggel dina Al Quran nu hartosna: ''Geus nyampak karuksakan di darat jeung di lautan alatan pagawéan leungeun manusa, sangkan Alloh ngarasakeun ka maranéhna sabagéan tina (akibat) pagawéan maranéhna sangkan maranéhna babalik pikir (kana jalan anu bener).'' (Surat Ar Ruum: 41) Kitu pidawuh Alloh SWT anu tangtosna mangrupa pépéling keur urang saréréa, pangpangna pikeun jalma anu iman yén naon rupa anu tumiba téh kudu jadi pangajaran, ulah diantep nepi ka musibah téh datang deui dina waktu séjén. Enya, siga caah jeung sajabana, éta téh mangrupa pépéling ka diri urang sakabéh sangkan ngariksa diri yén urang téh geus migawé salah. Leungeun-leungeun urang geus diantep sakarepna ngaruksak lingkungan. Jadi, ulah ngeuleuh-ngeuleuh angot nyalahkeun solokan lamun leungeun urang geus sangeunahna miceun runtah ka solokan. Da ceuk akal gé gancang kaharti, samangsa-mangsa runtah metet di 14 solokan, tangtu cai bakal kapendet nu témahna mudal nu nyababkeun caah téa. Lamun geus apal kitu, kudu kumaha atuh? Nya buru-buru mémérés ahlak ramijud ku nu leuwih alus sangkan mamala nyingkah. Hal éta baris kalaksanakeun lamun haté urang kacaangan ku cahaya agama nepi ka timbul kasadaran yén sagala rupa anu ku urang dipilampah téh baris aya balitunganana di payuneun Mantenna. Ngaruksak lingkungan siga nuaran kakayon teu jeung adeuh, ngantepkeun taneuh ngahgar, miceun runtah ka mana karep, apan ceuk agama mah éta téh pagawéan dolim, sikep ngaleuwihan wates anu kagolongkeun dosa gedé tur baris aya wawalesna. Alloh ngadawuh: ''Saéstuna dosa téh pikeun jalmajalma anu migawé dolim ka papada manusa jeung ngaleuwihan wates di luhur bumi tanpa alesan anu hak. Pikeun maranéhna nu kitu peta téh siksa anu peurih.'' (QS Asy Syura: 42) Kitu dawuhan Alloh anu nandakeun yén sagala rupa anu dipigawé ku urang téh baris aya balitunganana. Ku kituna teu hamham deui, keur sakumna muslim mah tarékah miara lingkungan sangkan musibah kasinglar téh kaasup kana ibadah. Tegesna, miara lingkungan sangkan tetep aya dina kasaimbangan téh lain sakadar urusan duniawi, tapi ogé bakal dicatet sabagé amal soléh. Pagawean Dolim Ku kituna, ngaruksak lingkungan nu témahna ngarugikeun urang sorangan jeung balaréa téh kaasup pagawéan dolim, kaniaya. Siga dulur-dulur urang anu kakeunaan musibah caah di hilir, apan éta téh akibat urang girang anu léléwodéh miceun runtah ka solokan. Kitu peta téh ulah dianggap pagawéan biasa, tapi sidik pagawéan dosa anu mamalana kacida gedéna, bisa megatkeun tali duduluran alatan adi- gung bin sombong. Rosululloh saw. ngadawuh: ''Saéstuna Alloh geus maparin wahyu ka kami sangkan maranéh handap asor nepi ka euweuh saurang ogé anu migawé aniaya jeung teu aya saurang ogé anu sombong ka nu séjénna.''(HR Muslim ti 'Iyadl bin Himar r.a.) Dina hadis séjénna Rosululloh ngadawuh: ''Taya dosa anu leuwih pantes pikeun dihukum ku Alloh ka nu migawéna di dunya jeung ahérat anging jalma anu ngaleuwihan wates jeung jalma anu megatkeun tali duduluran.''(HR Ibnu Majah jeung Turmudzi) Alatan miara lingkungan kaasup kana ibadah téa, sawadina sakumna pihak boh pamaréntah boh masarakat sabilulungan, barjamaah ngajaga jeung ngariksa. Da apan mangpaatna ogé keur saréréa. Cindekna, lamun kaayaan lingkungan tempat urang bumén-bumén téh bérés roés, mangpaatna gé keur saréréa lain baé mahluk nu kasebut manusa tapi uteuk tongo walangtaga gé bakal ngilu sugema. Nya kitu deui lamun lingkungan ruksak akibat pagawéan leungeun-leungeun jelema dolim, nu narima akibatna lain anu migawé kadoliman tapi nu teu tuah teu dosa gé kapécrétan. Malah dina hal ruksakna lingkungan mah nu baroga duit ngeunah-ngeunah caricing di gedong sigrong di mumunggang pagunungan éndah ladang ngababad alas amer, ari urang hilir kasapu caah rongkah. Miara lingkungan bérés roés dina papagon Islam bagéan tina ibadah nu disebut sukur nimat, sabalikna ngantep lingkungan ruksak éta téh kagolongkeun kufur nimat. ''Saéstuna Kami geus nempatkeun maranéh sakabéh di luhur bumi jeung Kami nyadiakeun pikeun maranéh di luhur bumi téh (sumber) kahirupan. Kacida saeutikna maranéh salukuran.'' Manglé 2447
  15. 15. (QS Al A'raaf: 10) Mangga urang lenyepan ayat di luhur ku émutan anu leleb. Da atuh luyu sareng kanyataan, mémang kitu pisan. Urang anu hirup di luhur lemah, ku Gusti disadiakeun pirang-pirang kabutuh sapopoé. Keur ngambekan disadiakeun hawa seger, na atuh dikotoran ku haseup naon ku hanteu demi kauntungan matéri. Keur nginum disadiakeun cai, der sumber cai diraruksak, atuh kabanjiran mun usum hujan jeung tingkocéak euweuh cai nalika usum halodo. Keur imah-imah disadiakeun lembur nu merenah, der nyarieun imah di puncak gunung. Jeung sajabana jeung sajabana. Amanat nu Kudu Dipiara Saur Mang Ihin (Solihin GP, Gupernur Jawa Barat mantén), caah nu tumiba di wilayah Kota Bandung alatan leuweung teu kapiara. Teu anéh lamun ray poé ray poé caah mingkin rongkah. Sabalikna usum halodo rahayat ngocéak kurang cai. ''Leuweung ruksak, cai béak, rahayat balangsak,'' saurna. Hal ieu téh akibat leuweung di mumunggang Kota Bandung diruksak dijadikeun padumukan saperti vila, apartemén, jeung wawangunan séjénna nepi ka robah jadi leuweung beton.(''PR'', 31/12/2012) Cindekna mah perelu kasadaran ti unggal diri yén sakali deui lingkungan hirup anu dianugrahkeun ku Alloh ka sakumna mahluk hirup di bumi ieu téh mangrupa amanat anu kudu dipiara, lain diruksak sakarep-karep. Keur naon éta anugrah nimat anu sakitu gedéna téh? Taya kajaba keur nyumponan pancén ibadah ka Mantenna. Enya, saméméh manusa gubrag ka alam dunya apan sagala kaperluanana mah geus dicawiskeun kalayan kumplit. Pangandika Alloh SWT: ''Jeung Kami geus ngajadikeun pikeun maranéh di dunya téh pangabutuh hirup jeung (Kami nyiptakeun ogé) mahluk-mahluk anu maranéh saeutik ogé lain anu ngarejekian maranéhna.''(QS Al Hijr: 20) Tada teuing bakal sangsarana lamun urang hirup di dunya teu dibarengan ku rejeki minangka kaperluan sapopoé kayaning dahareun, inumeun, pakéeun, tempat reureuh, jeung sajabana. Da puguh Alloh tos jangji yén Anjeunna teu samata-mata nyiptakeun jin jeung manusa anging pikeun nyembah ka Mantenna. Nu matak, sangkan jongjon mancén ibadah, sagala kaperluan hirup manusa téh dicumponan sakumaha nu kaunggel dina ayat di luhur. Manglé 2447 Ari dina prakna manusa téh boroboro jongjon ibadah da puguh lingkunganana ogé kalah diraruksak. Maranéhna ngagugu hawa napsu ngudag kangeunahan sajongjongan, teu ngingetkeun keur ka hareup. Abong enya manusa boga kawasa sabagé khalifah, teu inget ka mahluk séjén anu sanyatana mah gedé jasana keur hirup manusa. Enya ningan lamun caah, lamun leuweung ruksak, apan sasatoan boh ingoningon boh sato liar sarua balangsak. Dina ayat séjén Alloh nguningakeun: ''Anjeunna anu geus nurunkeun cai hujan ti langit pikeun maranéh, sabagéanana keur inuman jeung sabagéanana (nyuburkeun) tutuwuhan anu dina (tempat tumuwuhna) maranéh ngangon ingon-ingon maranéh.''(QS An Nahl ayat: 10) Ulah Digunasika Ayat di luhur kalayan tandes maparin gambaran yén Alloh geus nyiptakeun lingkungan anu harmonis ku nu sarupa nyaéta cai. Teu kasawang bakal ripuhna hirup mahluk di dunya angot nu kasebutna manusa nu boga pancén salaku khalifah lamun teu disayagian cai. Teu héran lamun lelewek anu ceuyah cai sok disebut tempat nu subur mamur da puguh cai mah mangrupa kabutuh poko hirup manusa. Dina kaayan kitu, kuduna mah dina diri manusa gé subur ku iman jeung amal soléh. Iman jeung amal soléh anu subur dina diri jalma, baris ngadatangkeun rohmat atawa kahéman ti Alloh. Sabalikna lamun ngaruksak, baris tumiba lanat. Ku kituna, sakali deui, pacuan naon rupa ciptaan Alloh nu geus merenah téh ulah rék digunasika deui sangkan rohmat Alloh sumebar dina kahirupan urang saréréa. Mangga urang lenyepan deui pidawuhNa: ''Jeung pacuan maranéh nyieun karuksakan di luhureun bumi sanggeusna (Alloh) merenahkeunana jeung prak ngadunga ka Mantenna binarung rasa sieun (hamo ditarima) jeung pangharepan (baris dikobul). Saéstuna rohmat Alloh kacida parekna ka jalmajalma anu migawé kahadéan.'' (QS Al A'raaf: 56) Tina pirang-pirang dalil boh Al Quran atanapi Al Hadis kapanggih yén geuningan mangpaat tina amal soléh atawa nerapkeun amal soléh téh lain baé ibadah-ibadah ritual siga solat jeung zakat katut sajabana, tapi ngariksa lingkungan hirup ogé kaasup amal soléh anu kacida pentingna. Da geuningan, buktina mah amal-amal ritual naon baé ogé teu burung ngantét jeung lingkungan hirup. Solat upamana. Apan nu disebut sahna solat téh kudu cumpon rukun jeung sarat sahna. Di antara sahna solat lamun urang beresih tina hadas boh gedé boh leutik. Anapon cumponna hadas beresih téh nya ku ayana cai. Cai ogé teu sagawayah, tapi kudu cai nu nyumponan kriteria hukum pikih nyaéta cai anu suci. Ku sakitu ogé geus katoong pentingna cai sangkan terus sayagi ngarah urang bisa solat atawa ibadah ka Alloh. Kumahana urang bisa solat lamun teu boga wudu/adus lamun urang teu boga cai anu suci tina najis. Kumahana disebut cai suci lamun cai pinuh ku kokotor alatan cai sumur kaserepan cai walungan, cai laut, atawa kabanjiran pisan. Sedengkeun urang solat téh dipiwarang husu sakumaha pidawuh Alloh: ''Riksa sakabéh solat maranéh jeung jaga solat wustho. Jeung prak ngadeg pikeun Alloh (dina solat) kalayan husu.''(QS Al Baqarah: 238) Harti husu di dieu, lain baé cumpon sarat jeung rukun solat, tapi ogé ngariksa wasilah-wasilahna di antarana lingkungan tempat urang saréréa hirup kumbuh. Tegesna mah miara amal soléh anu sahusu-husuna sangkan kasinugrahan kabagjaan boh di dunya boh di ahérat jaga. Apan pangandika Alloh ogé: ''Pikeun jalma-jalma anu migawé kahadéan, dicawisan ganjaran anu kacida alusna (sawarga) jeung tambahanana (nimat ningali Alloh), jeung beungeut maranéhna henteu ditutupan lebu hideung jeung taya kahinaan. Maranéhna téh padumuk sawarga, maranéhna langgeng di dinyana.'' (QS Yunus: 26) Pamungkas dadaran, manawi aya pulunganeunana, mangga urang lenyepan peperenian ki juru pantun: ''Ngiuhan handapeun sasak, ngadon diuk dahar sirsak. Lingkungan ulah diruksak, sangkan hirup teu balangsak.'' ''Ceu Mumun urang Cisalak, nénjo sawah ngarakacak. Mun lingkungan diraruksak, ibadah gé moal mecak.'' ''Tumpak délman jeung Kang Wawa, di tikungan bet ngajega. Pageuhan iman jeung takwa, ngarah lingkungan kajaga.'' *** 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS Hukum Puasa Arofah Patarosan: Tumaros perkawis hukum puasa Arofah kanggo jama’ah haji sareng puasa salapan dinten dina awal sasih Rayagung (Dzulhijjah). Kumaha afdolna? sareng kumaha katangtosanan. Hatur nuhun. Wassalam Najmudin Rancaekek Bandung Waleran: Hatur nuhun kana perhatosanana. Sanaos kantos dibahas dina edisi kapengker-kapengker, namung teu sawios urang bahas deui. Mudah-mudahan aya mangpaatna, utamana nu teu acan maos waleranana dina Mangle nu ngamuat topik sapertos kieu. Atuh hususna mah, aya mangpaatna ka nu naroskeun. Sasih Rayagung (Dzulhijjah) kalebet bulan suci (Syahrul Hurum, atanapi Syahrul Harom), dumasar kana katerangan, nu diantarana ti Abu Hurairah, Rosululloh SAW ngadawuh: “Waktu dina sataun muter sakumaha kaayaanana nalika Alloh nyiptakeun bumi sareng langit. Sataun jumlahna aya dua belas bulan, di antarana aya opat bulan haram (bulan suci). Tilu bulan ngaruntut, nyaéta bulan Dzulqa’dah, Dzulhijjah, Muharram. Anu sabulan deui nyaéta bulan Rajab anu aya di antara bulan Jumadil Akhir sareng Sya’ban (HR. Bukhori-Muslim). Kumargi opat bulan éta kalebet bulan suci, mangka Alloh ngalarang ka Rosululloh SAW sareng ka umatna dina waktu harita pikeun ngayakeun peperangan sareng kaum kafir. Samentawis bulan Romadon anu tos umum ku umat Islam Indonesia disebat bulan suci, mangka henteu kalebetkeun kana katerangan Hadits anu disebat di luhur. Dalil-dalil di luhur, ditétélakeun 16 yén sasih Rayagung (Dzulhijjah) mangrupa salahsahiji sasih dina taun Hijrah anu kacida mulya tur agung. Dina sasih ieu aya anu disebat poé Arofah nyaéta poé Haji Akbar, sadaya jama’ah haji ti saantero alam dunya kumpul ngalaksanakeun wukuf di Arofah. Ku hal éta umat dianjurkeun ngalaksanakeun ibadah solat sunat ‘Idul Adlha sareng ngalaksanakeun kurban keur nu mampuh. Ku kaagungan sasih éta, Rosululloh SAW. kantos ngadawuh: “Poé anu paling utama nyaéta sapuluh poé di awal sasih Rayagung. Lajeng Rosul ditaros: Naha aya anu saperti kitu dina jihad fi sabilillah? Rosul ngawaler: Henteu aya anu saperti kitu dina jihad fi sabilillah, anging jalma anu ngorbankeun dirina jeung hartana nepi ka teu balik deui sagalana, tegesna maot.” (HR. Imam Bukhori, Abu Daud, sareng Turmudzi). Margi kitu, ningal kautamaan éta, Rosululloh SAW. nganjurkeun ka umatna supaya ngalakukeun puasa sunat dina salapan poé awal sasih Rayagung, sakumaha pidawuhna: “Saéstuna Rosululloh SAW. Nalika anjeunna masih jumeneng ngalaksanakeun puasa salapan poé dina sasih Rayagung, teras dina kaping sapuluh bulan Muharram, sareng saban bulan dina dinten Senen sareng Kemis.” (HR. Abu Daud). Anapon kautamaan sapuluh poé awal sasih Rayagung disebat ogé dina Alquran Surat al-Fajr ayat 1-2 anu unggeulna: “Perhartikeun balebat (Fajar) jeung peuting anu sapuluh”. Jumhur ulama tafsir mufakat yén anu dimaksud sapuluh peuting, nyaeta sapuluh poé dina awal sasih Rayagung. Tapi aya ulama anu nyebatkeun sajabi ti sapuluh poé awal sasih Rayagung, ogé maksadna kaping sapuluh sasih Muharram, sahingga dina poé ieu Rosul nganjurkeun ka sadaya umat Islam supaya ngalaksanakeun puasa sunat, anu disebat “Puasa ‘Asyuro”. Salajengna, anu dimaksud puasa Arofah nyaéta puasa sunat dina tanggal 9 sasih Rayagung. Hal ieu dumasar kana Hadits Rosululloh SAW anu sumberna ti Abu Qatadah. Anjeuna nyarios wiréh Rosul kantos ngadawuh: “Saéstuna puasa Arofah tiasa mupus dosa sataun saméméhna, sareng dosa sataun anu bakal datang.” (HR. Muslim sareng Turmudzi). Para ulama mufakat, puasa Arofah ieu hukumna sunat, sareng disunatkeun ngan wungkul ka anu henteu tiasa ngalaksanakeun ibadah haji. Sedengkeun keur nu ngalaksanakeun ibadah haji, para ulama béda-béda pamadegan. Yahya bin Said al-Anshari nyebatkeun henteu kalebet sunat hukumna puasa Arofah pikeun nu ngalaksanakeun ibadah haji. Pamadegan ieu sakumaha diagem ogé ku Utsman bin Abi Ash, Sufyan al-Tsauri sareng Ibnu Zubair kalebet Imam Syafi’i. Anapon Hadits anu aya patalina kénéh, katerangan nu dicandak ku Abu Hurarah, nyebatkeun saéstuna Rosululloh SAW. ngalarang puasa Arofah di Arofah (HR Abu Daud sareng Ibnu Majah). Lajeng Hadits sanésna anu sumberna ti Ummi Maemunah nyebatkeun, saéstuna jalma-jalma ngarasa ham-ham ngeunaan puasa Rosul dina poé Arofah. Lajeng maranéhna ngintun susu ka Rosululloh nalika mantena wukuf di Arofah, teras mantena ngaleueutna bari kasaksian ku sadaya anu haladir.” (HR. Bukhori Muslim). Tina dua Hadits ieu, tiasa disimpulkeun wiréh puasa Arofah pikeun jama’ah haji henteu kalebet sunah, margi henteu kantos dicontokeun ku Rosululloh SAW., sok sanaos aya Hadits anu nyebatkeun Rosululloh SAW kantos ngalaksanakeun saum nalika wukuf di Arofah. Tapi hadits ieu nurutkeun mayoritas ulama Hadits, kalebet do’if , boh tina matanna boh tina sanadna. Sakitu nu tiasa diwaler, hapunten bilih waleranana kirang sampurna.*** Manglé 2447
  17. 17. Napak Jagat Pasundan Ngider Dayeuh Mapay Lembur M anusa, mahluk sosial anu teu weleh hirup silaturahmi dina beungkeutan silih asah, asih silih asuh, silih pihapékeun, silih pikanyaah jeung papadana. Kituna, Lain baé nyaah jeung papada manusana wungkul tapi deui misti raket dalit jeung mahluk séjénna. Nempatkeun diri jeung merenahkeun kahirupan di dunya, manusa saestuna kudu raket dalit jeung alam. Naon pangna kitu, sabab lalakon hirup manusa di alam teh henteu ngan ukur ngalajur sakarep insunna wungkul, tapi deui kauger jeung wajib hukumna, lian ti ngamangpaatkeun ieu alam jeung eusina teh, nu utamana kudu getol miara sahadé-hadéna. Ngawujudkeun kapancegan diri perelu nanjeur keun sikep jujur jeung kaihlasan. Sabab, kajujuran jeung kaihlasan mangrupa ajén (kualitas) manusa anu baris mawa léngkah jeung piléngkaheun ka hareup anu ajeg dina adeg-adeg. Pon kitu deui dina titincakan kudu nété tarajé nincak hambalan. “Tah, apan disaban manusa aya atikan hirup jeung kahirupanana. Salasahiji alat ukurna nyaéta atikan, boh atikan formal boh non formal. Dina atikan formal ulah ngarasa reueus pédah geus nyumponan pinter jeung cerdas wungkul. Tapi, di satukangeun éta aya ajén nu leuwih luhung tur mapakan tina ukuran kapinteran jeung kacerdasan manu- Manglé 2447 harita kacida rempegna, salian ti ais pangampih Sundawani Wirabuana nu dina kapamingpinan Roby Maulana Zulkarnaen, oge para seniman budayawan petingan, diantarana, Aat Suratin, Tisna Sanjaya, Mira Gnagey, Doel Sumbang, Taufik Faturohman. Digelarna kagiatan, Roby netelakeun miang tina geter manah sarta rumasa prihatin ku alatan obahna laku lampah manusa nu geus poho kana wiwitan jeung jati dirina, geus teu mirosea jeung apilain kana ajen inajen budaya titinggal karuhunna. Manusa geus poho kana jati diri jeung geus teu ngupama kana adeg-adeg Kasundaanana. ”Mudah-mudahan ku digelarna gerakan budaya ieu baris cengkat sumanget para nonoman Sunda, tandang makalangan, midangkeun kaparigelanana boh di lemah caina (lokal) boh di tatar nasional, pon kitu deui di intenasional” Kitu kedalna Roby sumanget naker. Nu jadi udagan ku digelarna Napak Jagat Pasundan, Roby netelakeun deui minangka salasahiji tarekah ngahudang sumangetna patekadan saamparan sabaraya rasa nu dirojong ku para seniman jeung budayawan anu ajenna henteu wae kawatesanan enggoning ngamumule budaya, tapi deui ku pok-pek jeung prak-prakan gerakan (eksen) nu nyata. Kagian Napak Jagat Pasundan 2013 baris digelar di 19 zone kabupaten kota di Jawa Barat, munggaran digelar di Lapang Dadaha, Tasikmalaya (19/10 2013). ”Insya Alloh, kagiatan Napak Jagat Pasundan ieu baris jadi pangirutan balarea. Diolah kalawan daria, beda ti biasa, salian ti midangkeun hiburan seni, acara ge baris Ketua Umum Paguyuban Pasundan (kadua ti katuhu) ngajurung laku jeung sumanget kana kagiatan direumbeuy ku dialoh budaya Napak Jagat Pasundan 2013 deuih,” pokna.*** sa. Nyaéta atikan moral. Eta hal dikedalkeun Ketua Umum Paguyuban Pasundan Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., basa ngajurung laku kagiatan gerakan budaya ’Napak Jagat Pasundan Ngider Dayeuh Mapay Lembur’ rancage gawe babarengan Paguyuban Pasundan jeung Sundawani Wirabuana. Harita, Ketua Umum Paguyuban Pasundan ngajurung laku, ngahudang sumanget kana eta kagiatan, bari mapatkeun sajakna, anu ngahudang sumanget gerakan budaya Ki Sunda geusan tandang makalangan di tataran nasional. ”Prung tarung padungdung. Ki Sunda masing jaya di buana,” kitu jurung laku sumangetna Ketua Umum Paguyuban Pasundan tandes naker. Kagiatan gerakan budaya napak jagat pasundan 2013 ’ngider dayeuh mapay lembur’ dipitembeyan di Babakan Siliwangi (Baksil) kota Bandung, sawatara waktu ka tukang. Nu hadir 17
  18. 18. Lalaki dina Jandéla Carpon Dian Amaliasari M inggu ieu Bapa kuring mimiti gawé di kantor nu anyar. Ngarah deukeut, Bapa meuli imah nu teu jauh ti kantorna. Kuring, Ema, Wati, milu pindah ka imah anyar. Kuring sakulawarga atoh pisan sabab imahna rada gedé batan nu kamari. Kuring jeung Wati gé boga kamar sorangan ayeuna mah, matak moal aya deui perang suten hayang dicaangkeun atawa dipareuman lampu ari waktuna saré. Kuring jeung Wati selang béda umur dua taun, tapi pasipatanana béda pisan. Wati mah gancang akur jeung batur ari kuring cicingeun jeung teu resep abring-abringan cara Wati. Pindah ka dieu téh kakara saminggu ka tukang, tapi 18 kuring geus ngarasa betah sanajan lolobana mah cicing waé di kamar. Tuda hayang boga kamar sorangan téh geus jadi impian kuring ti baheula kénéh, tapi kakara kacumponan ayeuna. Eta kamar téh ku kuring dihadéhadé sangkan kuring nu nyicinganana leuwih betah keur nyumangetan diajar. Témbokna dicét héjo pucuk daun, lomari buku jeung risbangna warna bodas, bukubuku diéntép dirapih-rapih sangkan teu hésé néang ari butuh. Ah pokona mah betah! Leuwih betah ayeuna mah di kamar téh, moal matak kaganggu nanaon. Pasosoré ari tas balik sakola kuring sok buru-buru mandi, barang dahar, tuluy ka kamar. Keur anteng maca buku bari diuk dina palang dada jandela, kuring ujug-ujug teu puguh rarasaan jiga aya nu merhatikeun. Ari dilieuk téh enya wé, hiji lalaki nu taksiran umurna luhureun kuring keur ngajanteng ningali ka kuring di jandéla peuntaseun imah. Kuring reuwas, buru-buru wé kuring asup ngajauhan jandéla. Kuring diuk dina kasur, kabayangkeun cara manéhna ningali kuring ku mata kosong. Sieun sakaligus panasaran. Kuring teu wani deui ngadeukeutan jandéla. Pukul satengah genep kuring kaluar ti kamar muru ka rohang tipi. Teu anéh unggal soré aya Ema jeung Wati keur lalajo sinétron. Gék kuring diuk nyanghareupan tipi, milu lalajo sinétron. “Tara-tara lalajo sinétron? Bosen nya di kamar waé?” ceuk Ema nu kakara nanya basa sinétronna kaselang ku iklan. Kuring ngan ukur robah diuk bari nanggeuy gado. “Nya, sakali-kali mah atuh keun baé lalajo sinétron gé Ning, ngarah teu bosén. Hiburan. Tong cicing waé di kamar.” Ceuk Ema deui. Kuring angger teu némbalan, ngadon cemalcemil nyingkahan kareuwas nu tadi. Sinétron maén deui. Ema, Wati, aranteng deui lalajo sabot kuring kumalayang inget ka lalaki nu tadi. “Lalaki dedegan jangkung leutik, buuk gondrong acakacakan, matana leutik, keureutan urang Arab katingalina mah. Pakulitanana teu pati jelas da kuring kaburu reuwas mantén. Tapi kunaon bet ningali kuring jiga kitu?” kuring norowéco dina haté. Teu karasa geus pukul salapan. Ema geus tibra di kamarna sabada sinétron bérés, Wati kitu deui tibra dina korsi hareupeun tipi. Ari kuring? Rék ka luhur téh mandeg mayong, jadi nambahan kasieun padahal mah geus tunduh pisan. Tungtungna kuring saré duaan jeung Wati dina korsi hareupeun tipi. “Geuningan sararé di dieu? Apan geus baroga kamar sorangan-sorangan?” ceuk Ema subuh-subuh. Kuring nguliat, hudang, ka cai, tuluy shalat di kamar. Poho nu geus kaalaman soré kamari, matak asup ka kamar téh biasa wé teu inget nanaon. Sanggeus shalat, sanggeus ngaji, rék ganti baju seragam sakola kuring kakara inget jandéla teu ditutup sapeupeuting. Lalaunan kuring ngadeukeutan jandéla bari ningali ka lebah jandéla nu aya lalaki téa. Kosong. Euweuh sasaha. Kuring longsong. Jandéla buru-buru ditutupkeun, gesat-gesut dangdan, tuluy turun deui muru sasarap jieunan Ema. Bérés sasarap kuring indit ka sakola bareng jeung Wati Manglé 2447
  19. 19. ogé Bapa. Simpé, kawas euweuh nu nyicingan basa kuring ngahajakeun ningali imah nu aya lalakian téa. Ditilik-tilik imahna mah beresih, tatangkalan kariksa, ngan pager nutup bari dikonci. “Ngalamun waé Ning, kunaon?” ceuk Bapa bari nyupiran. “Ah henteu, Pa.” Kuring ngajawab singget. “Bener teu nanaon?” “Muhun... “ ceuk kuring bari imut. Sanepina di sakola, kuring teu pati inget ka éta lalaki, inget-inget deui téh basa kuring balik deui ka imah wé. Saperti biasa balik sakola téh kuring tuluy ka kamar, neundeun kantong dina méja belajar. Rap nyokot anduk tuluy mandi. Ngelol deui kuring ka jandéla, kosong, euweuh sasaha. Buru-buru kuring ka handap. Sanggeus mandi, ganti baju jeung shalat, kuring barang dahar sakur nu aya dina méja. “Ning, urang balanja yu?” ceuk Ema. “Balanja naon?” kuring malik nanya. “Urang balanja kueh wé ka supermarkét nu deukeut” ceuk Ema. “Kuéh naon, Ma? Pan itu gé aya kénéh?” Kuring nanya deui. “Kieu, Ning. Tadi basa Ema ka warung rék meuli minyak panggih jeung Ibu Rudi, nu imahna aya tangkal dalima téa ningan. Tuluy ngobrol, manéhna poé ieu téh kabagéan méré dahareun ka Jang Uloh nu cicingna hareupeun imah urang pisan.” Ceuk Ema nyarita. Kuring ngagebeg. “Jang Uloh? Nu dipayuneun bumi urang? Kunaon kitu, Ma?” kuring panasaran. “Enya, di hareupeun imah urang téh aya hiji lalaki hirup sorangan. Umurna mah sarualah jeung Ening. Manglé 2447 Manéhna ditinggalkeun ku kolotna da indung téréna embung ngurus, beunang ku disiksa wé éta budak téh nepi ka gering. Saditinggalkeun téh euweuh nu ngurus sagala rupana, cul wéh. Ukur Mang Unang wé nu sok bulakbalik ka dinya téh, maturan jeung ngurus sabisa-bisa ari geus bérés ngajemputan barudak sakola. Kituna teh pédah Mang Unang baheulana kungsi jadi supir bapana. Beuki ka dieu budak téh cenah beuki embungeun nanaon. Sakapeung mah sok hing waé ceurik mun keur disanghareupan ku Mang Unang téh. Nu disebut ngan indungna nu geus taya dikieuna. Tara daék diajak ka luar, tara daék panggih jeung batur, cicing wé di imah. Nu matak, ibu-ibu di dieu mah cenah sok sakali éwang méré dahareun keur manéhna jeung Mang Unang. Atuh urang gé kitu wé nya? Anyar-anyar ogé, komo hareupeun imah pisan mah.” Ema nyarita nepi ka kuring bérés barang dahar. Kuring teu ngajawab nanaon, ngan kapanasaran kuring beuki nambahan hayang leuwih nyaho ngeunaan manéhanana. “Hayu atuh Ma, karunya ari kitu mah” ceuk kuring sumanget. Deregdeg kuring jeung Ema indit ka supermarkét. Sanggeus balik balanja, Mang Unang geus nyampak di imah rék mawa dahareun. “Mang, kénging ngiring kitu? Maksad téh badé sakantenan silaturahmi wé..” ceuk kuring. “Enya Mang, bari hayang ningali wé. Sugan atuh ari deukeut mah ku abdi tiasa katalingakeun ongkoh.” Ema negeskeun. “Mangga upami teu répot mah, hayu” ceuk si Emang. “Assalamu’alaikum Den.. Ieu Emang“ kitu si Emang ngabasakeun téh. “Tingali, ayeuna mah Emang ka dieu téh sareng Ibu Dede, tatanggi Den Uloh nu énggal. Hoyong terang cenah ka Den Uloh.” Geus apaleun pisan Mang Unang mah lebah-lebahna éta imah, geus teu asa-asa kaluar asup gé. Bari kitu téh kuring mah bari pepereket nyepengan ka leungeun Ema, luak-lieuk ningali saeusi imah. Beresih. Euweuh nanaon iwal ti risbang Jang Uloh jeung tipi. Pajar téh ngarah teu keueung teuing lamun Emang saré di dieu, da Mang Unang mah di dieuna gé nyorangan. “Den, tingal ka dieu. Salim heula ka Bu Dede. Da Den Uloh mah pinter nya?” ceuk Mang Unang ngolo ka manéhna. Manéhna tungkul, murungkut di juru risbang embung ningali ka nu datang. “Ieu, Ibu gaduh tuangeun sakedik kanggo Cép Uloh. Dituang nya? sakantenan nepangkeun, Ibu tatanggi Cép Uloh nu énggal, bumi Ibu dipayuneun pisan bumi Cép Uloh. Taah ieu putra Ibu, Nining. Nu saurang deui mah tacan wangsul sakola” ceuk Ema. Manéhna angger tungkul nepi ka kuring jeung Ema ninggalkeun éta imah. Ti harita, manéhna sok sering katingali tina jandéla lamun kuring keur ngahaja diuk dina jandéla bari maca novel. Kitu deui kuring nu geus tara reuwas atawa sieun mun manéhna nangtung hareupeun jandéla. Nepi sababaraha waktu mah kuring jeung manéhna sok paadu teuteup. Silih imut dina waktu-waktu nu sarua. Isuk-isuk saacan indit sakola jeung pasosoré mun kuring balik sakola. Aya sumanget nu karasa ku kuring sanajan kuring jeung manéhna ngan ukur silih teuteup jeung silih imut. Sugan jadi ubar haté keur manéhna gé nu keur gering. “Niiing....” Ema ngageroan. “Niiing... kadieu! Aya tamu.” “Muhun sakedap. Aya saha kitu Ma?” ceuk kuring. “Kadieu wé.” Ceuk Ema. Kuring turun tangga téh jadi rurusuhan. Barang srog téh, Mang Unang jeung manéhna. Rada pangling, beresih batan mimiti papanggih. Buukna rapih, sanajan manéhna tetep katingali embung panggih jeung batur. “Ieu cenah, Mang Unang badé amitan.” Ceuk Ema ka kuring. “Badé kamana kitu Mang?” nanya ka Emang bari rérétan mah ka manéhna. “Muhun, badé amitan. Emang badé wangsul heula ka lembur, itu pun anak cenah hoyong waé pendak. Dén Uloh gé badé dibantun wé. Hawatos di dieu teu aya nu ngurus. Rada lami rupina mah, Bu, Neng. Upami teu aya pambengan nya panginten ka dieu deui, upami henteu mah panginten ngalongokan bumi wé bilih aya nanaon.” Mang Unang ngajelaskeun. “Mangga atuh Mang, keun bumi mah panginten sakali-kali ku abdi gé kalongokan. Wilujeng, sing salamét dugi ka lembur. Mudah-mudahan Cép Uloh gé kabangbrangkeun manahna nya Mang? Ieu mah sakedik kanggo bekel di jalan.” Ceuk Ema bari ngasongkeun amplop keur nambahan ongkos Mang Unang. Jung Mang Unang jeung manéhna indit ninggalkeun imah kuring, ninggalkeun imah manéhna, ninggalkeun jandéla tempat mimiti kuring ningali manéhna. Ayeuna mah kari tapakna basa kuring diuk dina jandéla unggal soré.*** 19
  20. 20. Haté Pamajikan Carpon Dadi Margana M eunang hayang puguh gé boga imah sisi jalan téh. Ku kabeneran dipicangcam ti baheula mula, ayeuna sasat kabiruyungan. Tekal-tekil mélaan kuru cileuh kentel peujit. Ku sasaha ogé kasawang gaji Pe En Es butitina jaman kiwari. Gaji sabulaneun kadangkadang boroampar nyésa nepi ka tanggal bulan hareupna, mimindengna sapat di tengah jalan. Ngingetkeun pangala unggal bulan, ku saréat mah asa hamo bisa nyengsarkeun pikeun boga imah. Tapi da teu kitu mungguhing Pangéran mah. Sagalana teu aya anu mustahil. Buktina anu kaalaman ku diri. Asal keyeng tinangtu pareng, sanajan struk gaji rimbil ku potongan ti ditu ti dieu ogé, tamada wé ...! ari geus kumaha deui nya kulan! Loba leuwihna boga imah sisi jalan téh. Ka ditu-ka dieu babari ngadongkangna, pikeun sakuringeun di antarana lamun rék indit gawé jadi leuwih babari. Kari megat mobil hareupeun imah. Balikna nya kitu kénéh. Puguh kaliwatan pisan ku jalur angkutan padesaan. Sakalieun balanja kaperluan sapopoé, boh rék ka pasar boh ka toko anu aya di kota kacamatan, henteu barabé deui. Salian anu ditataan bieu, aya deui onjoyna boga imah sisi jalan téh. 20 Lamun pareng meneran hadé poéna, komo poé pakanci mah, sakalieun ngadaweung di tepas imah, sok nambah matak resep. Asa ku loba tetempoan. Pangpangna jalma anu lalar liwat kandaraan anu meneran liwat hareupeun imah. Jiga harita poé Ju’maah pasosoré, kabeneran geus dua poé taya hujan. Patoja’iah pisan jeung kamari-kamarina, méh parat dua minggu katukang mah, henteu beurang, henteu peuting hujan turun taya kendatna. Dibaturan ku pamajikan cara sasari lamun hadé poéna sok ngahajakeun ngadaweung di tepas hareup. Ngobrol ngaler ngidul ka ditu ka dieu. Obrolan anu sipatna enteng marengan nginum cikopi haneut. Lalawuhna mah saayaaya we anu nyampak. Sakalieun ngahajakeun paling meuli ti warung peuntaseun imah. Bosen ngobrol kaselang ku maca koran atawa majalah. “Asa ku hade poe téh nya, Kang!” pamajikan ngamimitian cumarita, kituna bari nunada majalah dina meja anu cikeneh mentas dibaca. Omonganna teu dietembal! Kadenge-kadengena mah, tapi kagok keur pogot maca koran, puguh ge. Ongkohongkoh we tonggoy kana bacaeun! “Ieuh... baku ari geus Manglé 2447
  21. 21. tara ngadengekeun omongan pamajikan téh!” Neni, anu jadi pamajikan maiod, pangrasana omonganana teu dipalire. “Enya puguh ge kitu, Nen! Kawasna mah rek maju dangdarat. Apan geus rek April saminggu deui oge.” Eleh deet, bari nutupan koran, nyelang heula nempo beungeutna sieun kateterusan baeud. Sanajan rumah tangga geus meh sapuluh taun, lamun pareng keur ngobrol, ngabasakeun ka pamajikan cukup ku ngaran wae. Munasabah! Bisa jadi lantaran salila rumah tangga sakitu lilana encan wae diparengkeun boga turunan. Boga rasa henteu kagok nyebut ngaran sabab can boga budak. “Dina koran diwartakeun hahargaan kabutuhan poko mimiti tingtararekel deui! ceuk pangrasa Akang naekna gaji bulan April téh asa taya hartina ari kitu mah.” “Keneh-keneh tea wae panginten Kang, ari kitu mah kasebutna.” Obrolan kuring duaan kandeg nepi ka dinya. Kasapih ku panggero tatangga nu kabeneran ngaliwat hareupeun imah. “Wilujeng sonten, Pa Guru!” Pa Rosadi anu imahna di tungtung lembur beulah kulon. Kayungyun tukangeunana Bu Ida, ingkang garwa anu oge sarua darehdeh tandana miconggah. “Barade angkat ka mana atuh, ieu téh...?” Kuring gasik nembalan panggero, disusul tepus ku pananya basa-basi. “NGahaja we jalanjalan, Pa Guru! Kaleresan geuning nuju sae dintenna.” Bu Ida ngilu Manglé 2447 mairan. “Naha murangkalih henteu aya anu ngiring?” Pamajikan ngilu nembrong. Encan oge Pa Rosadi jeung Bu Ida nembalanan pananya pamajikan, kaburu kaganggu manten ku dua budak anu lumpat bari patingirihil suka seuri silihsirig. “Geureuheun Ibu! Sakitu budak piindung wungkul, teu kalias ngaringkang, sakalieun ka buruan ge teu weleh ngikintil,” Bu Rosadi anu nembalan téh. Sajungna pa Rosadi sarimbit amitan, ceg deui kana hanca bacaeun. Kareret pamajikan ngojengkang ka jero imah. Teu kungsi lila norojol deui bari nanggeuy gelas dieusi cikopi. Sanggeus merenahkeun gelas dina meja, gek diuk dina korsi urutna tadi. “Lamun diparengkeun boga budak kawas bu Ida, tada teuing resepna, moal sepi teuing,” kadenge manehna humandeuar. Lain sakali dua kali manehna nyarita kitu. Geus bosan ngadengena! Harita oge teu dipalire, diantep we. Keur barang mimiti mah nyarita kitu. Sok gancang dilelemu, bari diyakinkeun yen sok sanajan teu diparengkeun boga turunan, tapi pikeun kuring mah rumah tangga jeung manehna ngarasa bagja bae. Jeung enyana kuring mah nyarita kitu téh. Lain teu hayang boga budak cara batur, tapi kuring sadar tumamprak kana kadar papasten ti Gusti. Sok sanajan sakapeung mah osok oge dirobeda ku pikiran hayang ganti atawa nambahan deui pamajikan. Nurutkeun diagnosa dok- ter mah kuring téh sehat henteu kuat-kieu. “Hampura Neni, Kang! Rumasa henteu bisa nyugemakeun manah. Teu bisa mere turunan cara awewe anu sejen! Ku kituna Neni ikhlas, upami tea mah Akang seja kagungan garwa deui!” Ngadenge caritaan Neni bieu. Teu wudu rada reuwas oge! Kakara ari nyarita nepi ka lebah dinya mah. Tapi henteu geruh. Kuring tetep ayem bari mikir-mikir jalan piomongeun, anu sakirana enteu matak jaheut kana hatena. “Nyaan... Kang! Neni mah serius. Sanes nyarios tamba bau sungut! Ieu mah leres ka luar tina ati sanubari. Estuning caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Rido, teu katumpangan geuneuk meuleukmeuk. Tong boroning diwayuh sanajan bade dikeser oge, Neni pasrah jalaran tamada dikersakeun gabug, hamo bisa mere turunan.” “Meunggeus! Nyarita téh ka mana wae. Kawas henteu aya piomongeun deui anu sejen. Angguran mah ka ditu geura Ashar bisi kaburu ahir!” Henteu kudu dititah ngadua kalian, manehna ngaleos ka jero imah. Saditinggalkeun ku pamajikan. Pikiran jadi galideur, dirobeda ku lamunan teu pararuguh. Dadakuna mikiran obrolan bieu, naha nyaan jejeroan hantena téh nepi ka lebah dinya. Ceg! Koran anu keur dikeukeuweuk téh ditunda dina meja. Sajongjonan mah kuring mgahintul ngumbar lamunan, bari panon mah anteng manco ka jalan hareupeun imah. Teu sabaraha lila rentang-rentang di jalan beulah wetan, katempo awewe duaan keur leumpang bareng, sanggeus deukeut jadi sidik ka nu duaan téh. Anu kaos beureum mah si Cucu, anu hiji deui mah teuing saha. Paingan ti kajauhan oge si Cucu mah sura-seuri. Kungsi kaajar basa keur SD, ngan teu kungsi boga ijasah kaburu aya anu narikan kawin. Tapi teu lila rumah tanggana. Ngadenge beja saprak papisah manehna digawe di Jakarta. Rada pangling oge tadi mah. Tetempoan téh asa jadi leuwih mencrang. Sanggeus deukeut ka hareupeun, manehna seuri bari unggeuk. Kuring males ku imut, bari panon mah terus montel ka nu leumpang ka kulonkeun. Teuing kunaon bet jadi ngadon careraman. Nu keur leumpang téh make jeung ngadon diteuteup saanteng-anteng. Leler-leler reuwas kagareuwahkeun ku pamajikan anu ngagebah tukangeun. “Kitu we nya bongoh ti pamajikan téh. Dasar lalaki mata karanjang! Teu kaop ningal imbit badag mani moho. Poho kana sagala rupa!” Neni nengterewelang bari nulak cangkeng, kareret beungeutna kurawed haseum. Kuring ngan ukur melek! Teu kaharti ku pikiran anu jadi pamajikan. Karek maling reret ge geus sakitu werana. Komo lamun kuring tulus nyandung. Beu... kiamat tea meureun.*** 21
  22. 22. Nu Nyaring Basa Janari Carpon Anggi Novia Dewi R arasaan mah geus teu puguh ti saprak manéhna indit gé. Geus saminggu budak téh ngiles duka ka mana. Naléngténg ka dulur, teu aya nu kaanjangan. Naléngténg ka babaturanana, taya nu apal. Ditelepon kana hapéna, teu aktip. Kungsi éta gé ngasms sakali, Mah, abdi aya di daérah Batununggal, cenah. Barang dibales téh hapé manéhna geus teu aktip deui. Di mana atuh di Batununggalna téh? Jeung saha? Keur naon? Matak nambahan hariwang. Kari-kari ayeuna, jam dua subuh kieu aya sms ti nu ngaku kabogohna cenah. Yén nu ditétéangan téh kapanggih di hiji 22 tempat. Kuring ngahudangkeun bapana. Diguyahkeun téh kalah nyorongot. Omongna téh geus najis kudu nguruskeun jalma nu kitu. Antukna kuring éléh géléng, geus moal bisa diajak badami bapana mah. Ti mimiti budak euweuh gé, geus embung nguruskeun. Da kuring mah indung, keukeuh wé nyaah. Tong boro kudu néang budak janari kieu, nandonkeun nyawa gé, keun baé. Kuring ngoléséd ganti baju, dicindung tuluy dijékét. Ménta tulung ka tatangga nu bogaeun motor. Geus teu boga dikaéra, nu penting mah hayang geura panggih jeung budak. “Mang Endin, abdi rék ménta tulung. Anteur ka daérah Paskal ayeuna kénéh. Itu Si Enéng téh geus kapanggih.” ceuk kuring bari rambisak. Untung boga tatangga téh geus siga jeung dulur, bisa sapapait. Teu ngaengkékeun deui, Mang Endin tuluy manaskeun mesin motorna bari mawa jékét jeung hélm ka jero imahna. Jol kaluar jeung pamajikanana nu kadangu hariweusweus. Kuring ukur unggeuk bari nyusutan cimata. Clé kana motor, geuleuyeung digas. Kuring ngan wasa manteng ka Pangéran bari nahan tiis hiliwirna angin janari. Peteng masih ngaharudum langit. Ngan lampu-lampu jalan nu cahyana maturan. Sapaparat jalan, kuring nyawang kahirupan jalma nu masih ngulampreng. Aya tukang pulung runtah, aya barudak géng motor nu keur ngarariung. Aya ogé barangmaén nu keur sararé ditilaman kardus di émpér-émpér toko. Ngan nu matak nyebitan kana haté mah basa ningali sababaraha hiji budak awéwé rumaja nu dikaléng lalaki. Budak awéwéna maké calana pondok jeans. Paling gé ukuran sapuluh sénti tina cangkéng. Matak ngaboléklak pingpingna téh. Kaluhurna lékbong, ngaliglag katingali dadana. Jaba bahanna carang. Matak katingali awak dijerona. Lipen setip, burahay. Wedak, kandel. Gusti, palias putra abdi mah kitu. Angin geus teu dirasa, leungeun ngeleper, cimata beuki nyurucud. “Teras ka mana, Ceu?” ceuk Mang Endin basa motor geus mangpeng di Jalan Pasir Kaliki. “Kirang terang atuh, Mang. Cobi ieu alamatna.” ceuk kuring bari macakeun alamat tina hapé bari iingsreukan. “Ah, nu leres? Maenya nepika los-los ka dinya budak téh?” ceuk Mang Endin. “Duka atuh, Mang. Urang cobian wé heula.” “Enya, apal sotéh daérah dieu da mindeng kaliwatan lamun keur ngiangkeun kurupuk.” ceuk Mang Endin bari méngkolkeun motorna ka salah sahiji gang. Motor dilaunkeun, mapayan alamat. Kuring ngan bati geremet hayang geura panggih jeung budak. Jaba nu katingali téh jajaran tempat bilyar jeung diskotik wungkul. Ti luar mah Manglé 2447
  23. 23. katingali reup-reupan cahya lampuna téh. Motor eureun di hareupeun hiji wangunan. Kuring hookeun, naha enya kitu ieu alamat nu tadi dismskeun téh. Da geuning ieu mah diskotik. Mang Endin markirkeun motorna. Kuring turun nuturkeun Mang Endin leumpang rék asup ka jero. Satpam nu jaga tipoporongos megat. Teuing naon nu diomongkeun satpam ka Mang Endin, da kuring dititah nungguan di luar. “Pa, abdi téh rék néangan budak. Tong dihahalang siga kieu atuh!” ceuk kuring teu éléh nyorongot bakat haté geus tagiwur. “Teu sagawayah jelema bisa asup! Pokona tungguan di luar!” ceuk satpam bari neunggeul méja. Kuring dicekelan ku satpam liana nu matana beureum. Tuluy digiringkeun ka luar deui. Mang Endin mah katingali dibawa asup bari dibaturan hiji satpam deui. Saprak nungguan gé, kuring geus teu kuat hayang asup. Hayang ngayakinkeun naha enya budak téh aya di jero. Satpam nu ngabaturan téh noélan waé deuih. Teu nolih kuring ditiung. Untung Mang Endin teu lila. Kuring geuwat nyampeurkeun basa manéhna ngagupayan. Kuring ngagukguk ceurik bari nahan karisi. “Mang, kumaha atuh nyaan Si Enéng téh aya di jero?” ceuk kuring bari ngelap cimata ku tungtung cindung. “Jeung Euceu geura ka lebetna ayeuna mah.” “Aya henteu, Mang? Manglé 2447 ceuk kuring teges. “Muhun, urang tingal wé ka lebet. Teu sawios margi satpam nu tadi tos ngawidian.” Kuring beuki ngeleper, jantung geus dag-digdug, awak leuleus. Barang sup, selengseng teuing bau nanahaon. Di jero, lampu tingburinyay, botol-botol inuman, musik nu tarik, haseup rokok, awéwé jeung lalaki nu silih kaléng, jeung hal liana nu ku kuring karék kasawang. “Nu itu, Ceu?” ceuk Mang Endin bari nuduhkeun budak awéwé keur nari dina panggung dilalajoan ku saréréa nu keur ngararinum. “Astaghfirulloh, Gusti! Enya, kuring moal salah deui masing budak téh geus salin rupa gé.” ceuk kuring bari roroésan hayang geura nyampeurkeun. Hayang geura nurunkeun, hayang geura nutupan auratna. Éraaa. Geus asa dipokpokan tai ieu beungeut ku kalakuan budak siga kitu. Teuing tari nanahaon ari nu siga kitu. Pakéanana gé sing sarwa kabuka. Éstu buligir wé éta mah. Satpam nahan kuring, sakeudeung deui gé musik eureun, cenah. Kuring ampir kapiuhan kudu ningali budak sorangan kitu peta. Musik eureun, lalaki nu lalajo tingsaruit ngahéotan budak, sawaréh deui émprak mani handaruan. Maranéhna ngaralungan duit ka budak. Kuring bati istigfar bari ngusap beungeut sababaraha kali. Dituyun ka tukangeun panggung gé asa teu sadar kuring mah. Jol-jol pasanggrok wé jeung budak nu keur bulucun. “Enuuur!” kuring ngagabrug manéhna bari ngagaur ceurik. “Anjiiing! Saha nu mawa indung aing ka dieu?” ceuk budak bari tipoporongos ka kabéh jalma nu aya di dinya. “ENUR!” kuring nyentak satarikna bari ngaleupaskeun tangkeupan. Peupeuteuyanana ku kuring dicekelan pageuh. Beungeutna nu salin rupa téh diteuteup. Manéhna ngan wasa ngahégak, panonna nu beureum ngembeng cimata. Duit nu keur dikeupeul manéhna, ku kuring dijéwang. Disoéksoék nepi ka rajét. Diawurkeun hareupeun beungeutna. Manéhna ngan wasa nangtung siga arca neuteup lambaran duit nu soék patulayah dina ubin. Manéhna ngan ceurik bari deku ngarampaan duitna. “Enur, astaghfirulloh geulis!” ceuk kuring bari ngajungjungkeun awakna sina nangtung. “Hayu uih!” ceuk kuring tandes. “Embung Mamah, embuuung!” cenah. Budak ku kuring teu dilepaskeun, digusur nepi ka roroésan tulungtulungan. Satpam nu tadi hohoak waé gé hookeun. Nu tadi ngaririung gé méré jalan sorangan. Mang Endin geus ngastarter motorna. Budak diséréd sina nepi ka naék. Jékét nu kuring dipakékéun ka manéhna. Clé kuring naék ngadempét manéhna ti tukang. Biur motor ninggalkeun diskotik. Sajajalan kuring ceurik. Hayang geura nepi ka imah. Hayang geura nanya ka budak naha kalakuan nepi ka siga kitu. Padahal indung kurang kumaha nyaahna. Diatik ti leuleutik agama jeung darigamana. Duit keur sakola teu weléh kacumponan. Sagala diperhatikeun, daharna, jajanna, pakéanana. Rarasaan mah taya anu kurang. Éta pédah bapana nu sok ngungusir budak téh. Mun keur paséa jeung kuring neumbleuhkeun ka budak. Jadi budak taya tempat panyalindungan. Nepi ka imah, budak dititah asup ti heula. Kuring nunuhunan ka Mang Endin bari peupeujeuh ulah nyarita ka batur perkara budak. Sup ka imah, budak keur diteunggeulan ku bapana. Gusti, kuring ampir béak tanaga misahkeun duanana. Geus dipisahkeun, budak dititah asup ka kamerna. Bareng jeung ngong adan subuh, bapana tuluy indit ti imah. Rérés sholat, kuring asup ka kamer budak. Ditingali téh keur ngagolér bari iingsreukan. Kuring ngadeukeutan manéhna, diuk di sisi kasurna. Awakna disimbutan, tonggongna ku kuring diusapan. Prak ngawirid digalindengkeun ka budak. Manéhna ngulisik tuluy ngiserkeun sirahna kana lahunan kuring. Pipina juuh ku cipanon, kuring gé rambisak deui bari tuluy ngagalindengkeun wirid mépéndé manéhna.*** Mujahidin, 8 Juni 2013 Kahatur Darismawati 23
  24. 24. Dedemit Guha Cinta K angaranan nu keur pelesiran, saréréa padabu ngah, sukansukan negrakkeun kasuka ati, nyieuh keun kariweuh jeung capé gawé di kantor. Nya kitu deui rombongan karyawan jeung karyawati PT Sugih ogé saruka bungah. Puguh pelesiran ka tempat nu éndah, aya di lelewek suku gunung nu hawana seger, beresih tina polusi kota nu matak eungap. Cai cur-cor, tatangkalan ngémploh héjo, angin taya reureuhna ngageberan awak. Pugu baé itu ieu téh sarwa mecak. Di lapang hareupeun panginepan nu jukutna héjo kandel, sababaraha urang karyawan aranteng sesedekan maké bal palastik, mani sarumanget nyéta-nyéta pamaén propésional. Karyawati tingcikikik jeung baturna silipotrét ku kaméra HP lebah backround kekembangan, lebah pancuran jeung tempat éndah séjénna. Demi para pucuk pingpinan aruplek ngawangkong. Lain, lain wangkongan beurat siga di kantor, kitu wé semet wangkongan énténg, semu siligonjak. Enya, satékah polah kariweuh di kantor mah ulah nepi kacaturkeun 24 Ku Féndy Sy. Citrawarga dina wangkongan nyalsé. Pati-pati kudu diadurenyomkeun ogé engké dina waktuna nu peresun. Aya deui nu misahkeun diri ti balaréa, bangun embung kaganggu duméh aya maksud-maksud nu tangtu nu narah katohyan ku batur. Dua insan lawan jinis, enya awéwé jeung lalaki nu keur sumedeng diasruk galura asmara. Duanana tingsalingker néangan tempat anu rinéh, anu leuwih éndah, anu romantis! Teu hésé manggihan da puguh di tempat rékréasi. Kakayon, kekembangan, warna-warni jeung asri bisa ngahudang rasa nu keur kasandingan jaladri asih, kapentang panah katresna. Geus puguh deui hiliwir angin ririh nu matak seger ngusapan awak. Puguh baé duanana wuwuh tumaninah, dunya milik kita berdua siga ceuk barudak ngora karasa enyana. Duanana teu kabitaeun ku nu salusurakan saruka bungah najan harita wanci geus nampeu ka soré. Teu kungsi lila jempling marengan raja poé tunggang gunung tur teu kungsi lila ngong adan magrib ti pilemburan. Jaba rék sarolat magrib barjamaah, rombongan téh rék reureuh heula da apan bada solat isa rék ngayakeun riungan geusan adu rényom ngeunaan kamajuan pausahaan. Demi Yanto jeung Yayah, dua insan nu misah ti rombongan téh bangun baretah kénéh nyingkur. Duanana keur nganteur geter asih séwang-séwangan Najan kitu, basa ngadéngé adan magrib mah maranéhna gancang sadar, teu hadé kalalanjoan nganteur kereteg napsu. Duanana sapuk carengkat seja ngampih aub jeung rombongan. Aya kénéh poé isuk keur sukan-sukan padsuduaan mah. "Yu Yang ah urang mulih," ajak Yanto bari ngabedol pigeulang Yayah nu bangun kalékéd rék nguniang téh. Barang duanana carengkat bari ngeprukan kokotor urut diuk na jukut, maranéhna digareuwahkeun ku nu ceurik ngadingdiut bangun kanyenyerian. "Kukupingan téh aya nu nangis nya Kang Yan?" tanya Yayah bari teu sadar nangkeup awak Yanto. "Muhun, sora istri," témbal Yanto bari nyekel pageuh nu keur tipepereket nahan kasieun. "Kumaha atuh, wangsul baé yu tos magrib!" punduk Yayah dumadak kukurayeun, angot barang nga- déngé nu ceurik bangun nandangan kanyeri. Teg deuih nyangka nu lain-lain heug wanci geus sareupna, boa-boa jurig nyiliwuri sétan mindarupa mangkaning di tempat nu kawilang sanget. "Hayu Kang ah bilih..." Yayah teu werat ngedalkeun nu dipikasieun. "Ké lanan. Bilih enya jalmi," kituna téh Yanto bari ngabedol leungeun Yayah muru datangna sora nu sakapeung ngiles sakapeung atra. Duanana ngeteyep ngadeukeutan rungkun, bras ka guha nu ceuk urang dinya mah disarebut Guha Cinta. Puguh baé jajantung Yayah beuki ngageter, sieun kumaonam. Nepi ka riungan dibuka mah saréréa teu maliré kaayaan Yanto jeung Yayah téh. Malah saréréa yakin duanana ngilu ngariung jeung nu araya. Ngan basa riungan rérés, dipindo balakécrakan, mimiti kadéngé nu tingkecewis ngeunaan Yanto jeung Yayah. "Lain, asa teu nénjo Yanto jeung Yayah euy!" ceuk Irfan ka baturna. "Keur aradus meureun," témbal Doni. "Si, ngomong téh!" Irfan jebi, taksiran tugenah batur sadivisina disangka milampah teu uni. "Cik atuh nya ari keur Manglé 2447
  25. 25. dines kieu mah acara bogoh enyaan téh dikénsel heula." Boim nyenggakan bari haténa rada mentegeg. Meujeuhna, neundeun haté ti baréto ka Yayah téh ari galéong disantok pagawé anyar, Yanto "Bobogohan meureun seblu!" Doni nyureng. "Bobogohan mah bobodoan, jurig! Pan ieu mah sidik enyaan, teu aleucreug. " Boim beuki nyeuneu. "Minggeus lah lain urusan urang!" aya nu ngagebés. Antukna tepi ka tengah peuting pahibut nyaritakeun nu leungit tanpa raratan. Duloh minangka kaamanan mimiti cakahcikih bari tugenah da Pa Diréktur baketut. "Na teu sina lapor heula Dul?" "Numawi jol ngereles," témbal Duloh nu padahal manéhna geus ngawantiwanti ulah jarauh ti rombongan jeung lamun rék ka mamana kudu bébéja. Kusiwel Duloh ngodok HP, klik mencét nomer HP bogana Yanto. Taya jawaban, teu aktif. Klik mencét nomer HP Yayah, nyambung ngan teu diangkat. "Beu!" Duloh gegetun. Ibur wéh. Diréktur ngeprik wadiabalad karyawan sangkan néangan nu duaan bisi meunang musibat nu teu dipikahayang. Biur ngencar ka ditu ka dieu di sabudeureun lelewek pelesiran, lebeng. Duloh gasik laporan ka nu boga panginepan di dinya. Atuh no boga panginepan cakahcikih. "Ké urang nyauran nu tiasa," ceuk urang panginepan. "Sanés sakali dua kali kajantenan kitu téh. Nanging teu kedah salempang, insyaalloh moal nanaon," pokna deui. Duloh jeung batur-baturna rada teteg. Teu kungsi lila nu disebut Manglé 2447 jelema pinter nu diangkir urang panginepan geus datang, aki-aki cetuk huis, janggotna rambay. Ceuk katerangan manéhna, di lelewek ieu pangpangna deukeut Guha Cinta mindeng kajadian jelema leungit atawa kasarung teu pupuguh. Éta téh cenah ganguan arwah nu marakayangan saurang mojang jeung jajaka nu tiwas tikunclung ka curug tukangeun guha nu lungkawing. "Sok aya sora nu ceurik melas-melis menta tulung," ceuk ki dukun. "Ku kituna ulah wani-wani ngadeukeutan Guha Cinta bari boga niat teu uni, sok cilaka!" "Dupi réréncangan abdi, muhun pun Yanto sareng Yayah?" Duloh geus teu sabar hayang geura meunang kacindekan kitu kieuna. Najan dina haténa yakin Yanto jeung Yayah boa enya meunang musibat sakumaha katerangan ki dukun. Ki dukun kalah ngabigeu. Keur meleng sugan, teuing ku naon. "Antosan dugi ka énjing, urang paluruh di Guha Cinta," pokna deui. Geus kitu mah Duloh saparakanca nepungan atasanana bari nyaritakeun katerangan jalma bisa téa. Sakur nu ngadéngé tingpuringkak, anging nu panceg imanna. Isukna enya baé saréréa paciweuh néangan nu ilang can mulang. Nu dikulikbek lelewek nu disebut Guha Cinta nu ceuk urang dinya kaasup tempat sanget. Loba nu arulin carilaka duméh ngalakukeun teu uni. Aya nu labuh, aya nu kaleungitan barang berharga, tepi ka anu paraséa rongkah jeung pasanganana. "Ah rupi-rupi wé," ceuk ki dukun nu teu eureun-eureun kunyam-kunyem. Teu- ing mapatkeun jangjawokan, teuing jampé. Nu sidik, saréréa gé boga angkeuhan ku tarékah manéhna nu leungit téh mulang deui dina kaayaan salamet. Ning buktina mah can tinekanan. Nu néangan Yanto jeung Yayah geus ngasruk rungkun jeung ruyuk. Ngungkab nu bala-bala, nu turun tuturubun ka walungan landeuheun Guha Cinta, jeung tempat-tempat séjénna. "Lain Loh, geus ditelepon atawa SMS?" saur Pa Direktur nibgkin hariwang. "Atos Pa ti wengi gé." "Hasilna?" "HP Yanto teu aktif, HP Yayah aktif tapi teu aya waleran," témbal Duloh. "Beu, kumaha atuh? Urang lapor wé ka nu wajib," saur Pa Diréktur. "Muhun, saé kitu waé," Duloh nyaluyuan. Satadina, saréréa boga angkeuhan kana tarékah ki dukun. Ning, taya hasilna, nya ditepikeun ka manéhna rék lapor ka nu wajib. "Muhun énggal lapor baé supados dipiliarianana gampil ari ku ahlina mah," ki dukun sapuk. Tepi ka tabuh sapuluh nu leungit can kapaluruh. Saréréa boga kacindekan nu leungit diganggu dedemit Guha Cinta sakumaha ceuk katerangan ki dukun da cenah lain sakali dua kali kajadian kitu téh. Najan kitu, tetep kudu kapaluruh, sukur-sukur salamet. Atuh lamun nepi ka hanteuna kudu kapanggih layonna. Ku kituna Pa Diréktur deuideui ngeprak para karyawan sangkan néangan nu leungit tepi ka aya hasilna. Sedengkeun Duloh sina buru-buru lapor ka nu wajib keur ménta bantuan. Sajungeun pisan Duloh miang, ana ronghéap aya nu datang bari cocorowokan. "Héy, héy, ieu abdi mah!" Nu datang téh tina selasela ruyuk jalan satapak. Ana bréh...Yayah jeung Yanto diiringkeun bapabapa. Saréréa hareugeueun, ngabarigeu, siga keur ngumpulkeun pangacian. Antara percaya jeung henteu. Nu geus kapangaruhan béja ayana dedemit Guha Cinta pajar téh nu datang ririwa Yanto jeung Yayah, heuy deuh. Nu panceg kana iman gasik ngedalkeun puji sukur ka Gusti Alloh ku kedalna alhamdulillah nu leungit baralik sorangan bari dina kaayaan salamet. "Yanto, Yayah, tas ti marana atuh?" Pa Diréktur ngabagéakeun bari kebek ku kabungah. "Hapunten ka sadayana tos ngarépotkeun," tembal Yanto. Yayah padangarangkul ku babaturan awéwéna. Derekdek Yanto ngadongéng cenah kamari soré téh basa rék mulang tas ulin jeung Yayah deukeut Guha Cinta ngadéngé aya nu ceurik. Panasaran disampeurkeun sieun-sieun ogé. Ana bréh enya baé aya nu ceurik. "Dedemit?" aya nu nanya. "Lain, budak awéwé!" témbal Yanto. Sidik jelema, nya ditulungan. Horéng éta budak téh korban perkosaan pamuda baragajul. Ngaku urang lembur dinya, nya dijajapkeun tepi ka imahna. Rék mulang ku nu boga imah diandeg. "Hatur nuhun kana bantosanana," ceuk bapa-bapa nu nganteur Yanto jeung Yayah. "Sami-sami Pa. Jaman kiwari mah kedah atos-atos ngajagi murangkalih istri téh seueur dedemit bungkeuleukan nu langkung bahaya batan dedemit Guha Cinta," saur Pa Diréktur. *** 25
  26. 26. TILU ALBUM IMAS PERMAS Layung Langit, Sundanese Classical Songs, Leuweung Sarakan Ku H.D. Bastaman K eur jongjon milihan buku-buku Sunda di paméran buku waktu aya pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Damas taun 2012 di STSI, Imas Permas sumping terus nyérénkeun ka petugas paméran satumpuk compact disk. “Titip pangicalkeun” pokna. “Naon éta téh, Néng Imas?” kuring nanya ka nu ngadeg gigireun. “Album abdi“ walonna. “Tiasa akang ningalan?” kuring nanya deui. “Mangga. Aya tilu rupi” walonna bari mikeun tilu rupa CD. “Akang hoyong gaduh sadayana” cékéng spontan sanggeus ningalan judul-judulna. Asana harita kuring nu pangheulana meuli langsung ti nu kagungan galindeng. Kabeneran, geus lila pisan teu nguping galindeng Imas. Di imah album nu tilu téh dititénan deui. Judul-judulna: “Layung Langit” (Imas Permas; Kabuyutan Seni Tembang Cianjuran LINGGAHYANG), “TEMBANG SUNDA: Sundanese Classical Songs” (Imas Permas, Adé Kosasih; Nimbus Record) jeung “Leuweung Sarakan” (Imas Permas, Héry Suhéryanto, Héndrawaty; Kabuyutan Seni Tembang Cianjuran LINGGAHYANG gawé bareng jeung Perum Perhutani Unit III Jabar & Banten). Foto Imas nu anggun, ngaran-ngaran juru mamaos jeung judul album nu dikemas apik dina kover warna jingga kolot, héjo lukut jeung abu-abu méré kesan unik, antik, étnik jeung kareueut. Tiluanana maké implik-implik 26 “Koléksi Pribadi”. Meureun sabangsa édisi husus, nu diproduksi ku nyalira keur kaperluan husus tur teu dipajang di toko-toko. Malah dina bubuka “Tembang Sunda: Sundanese Classical Songs” disebutkeun direkam-ulang lobana 50 siki kalawan widi Prof. Viviane Sukanda officer-na. Geus ti méméh 1970 terang ka juru mamaos urang Cigéréléng nu matuh di Sukabumi téh tina kasétkasétna. Sababaraha kali nyaksian pagelaranana sarta tepung dina pajemuhan mamaos di bumi Bapa Éddy Djadjang Djajaatmadja wali kota Jakarta Pusat, “asjams” asli Jampang Sukabumi. Malah dina Pasanggiri Tembang Sunda tingkat Nasional taun 1970 mah kungsi sarua jadi patandang. Rada ngahaja deuih ngoléksi kasét-kasétna lantaran bojo ngefans pisan ka Imas Permas. Harita mah jaman sora galindengna sumedeng ngongoncrangna jeung nu ngagalindengna ogé sumedeng mémén crangna ….nepi ka ayeuna. Imas kungsi nyangking juara II Pasanggiri Tembang Sunda tingkat Nasional di Jakarta taun 1970, harita juara kahijina Entin Tjartini ti Jakarta, nu katilu Énah Sukaénah ti Sumedang. Dina PTSC Damas mah Imas Permas kungsi “silih beubeut” jeung Ida Widawati: Taun 1972 Ida juara ka I, ari Imas ka II, taun 1974 mah Imas nu juara I, juara II Ida. Tapi dina PTSC taun 1976 Imas Permas nyangking Juara Umum. Jaman éra kasét, album galindeng Imas aya kana 30-na diproduksi ku Hidayat jeung Dian Record, ari jaman CD/VCD mah bisa kénéh diitung ku ramo. Mugamuga baé nambahan. Antara taun 70 – 80 mah bisa disebutkeun mangsa héjo lémbokna tembang Sunda (jeung seni Sunda séjénna), euyeub ku panembang nyongcolang, dugdeg pakumpulanana, seminar jeung kagiatan pagelaran diayakeun di manamana sarta sering magelaran di mancanagara dina misi kasenian ti Tatar Sunda. Kitu deui rupa-rupa kasét tembang Sunda ngaleuya di toko-toko. Atuh pasanggiri tembang Sunda, sajaba rutin ku Damas, sering diayakeun ku ruparupa instansi jeung organisasi masyarakat. Tah dina mangsa éta nyampiungna Imas Permas “béntang tembang Sukabumi” saentragan jeung “the wonder girl” Ida Widawati sarta Didin Bajuri “pamuk Bandung”. Kuring mah baréto kataji ku Imas téh ku tincak jeung sénggol-sénggolna nu merenah. Sorana éstu lemes, wening tur tartib dina prakprakan ngagalindeng. Digalindengkeun ku Imas mah boh lagulagu mamaos boh panambah dina wanda jeung laras naon baé éstu nyari. Sora Imas teu kaasup sora kuat/gentem, tapi “deudeuh” dibarung ku penghayatan nu jero. Ceuk kuring mah gaya mamaosna kombinasi tincak Cianjur jeung gaya Bandung. Tincak Cianjur sigana hasil atikan Ibu Mimi, ibuna nu nyobat pisan sareng Bi Éém sareng Bi Eros juru galindeng ti Cianjur. Manglé 2447

×