SlideShare a Scribd company logo
1 of 57
Download to read offline
Para Mitra,
Bulan Romadon, bulan anu mulya geus ngantunkeun
urang sadayana. Teu aya nu terang anging Gusti Alloh nu
Maha Suci, naha urang bakal nincak deui bulan puasa taun
payun atanapi henteu.
Margi bulan puasa téh bulan ujian, bulan at-tarbiyah
bulan pendidikan, atuh urang ayeuna kantun ngabuktos-
keun hasilna. Margi ibadah puasa di payuneun Gusti Alloh
téh ngan nga muara kana dua niléy. Kahiji ibadah puasa nu
maqbul, kadua ibadah puasa anu mardud. Ibadah puasa anu
maqbul tegesna di tampi ku Alloh, bari cirina sanggup méré
tapak nu hadé dina kahirupan sapopoé saréngsé ngalaksana-
keun puasa. Kadua, ibadah puasa anu mardud nyaéta ibadah
puasa anu sah ceuk élmu syaré’at tapi di tolak ku Alloh. Ciri-
na puasa nu mardud saréngsé ngalaksanakeun éta ibadah
teu méré tapak nanaon nu hadé dina kahirupanana sabada
puasa. Margi kitu, sangkan ibadah puasa lebet kana Maqbul,
nu ditampi Alloh Swt., mangga urang buktoskeun istiqomah
dina rupa-rupa ibadah. Henteu sabalikna. Tadina ahli ibadah
jadi balik deui ngalampahkeun haram jadah. Masjid ramé
jadi suwung deui. Dina bulan puasa resep barang béré, érép
puasa jadi koret jap jahé jeung sajabana. Tah, ieu nu ku
urang kedah mampuh dipahing mah.
Para Mitra,
Lian ti istiqomah dina rupa-rupa ibadah, ogé mampuh
ngajagi hubungan hadé sareng papada manusa. Nu kamari
waktu lebaran geus silih hampura, sakedahna kedah diteras-
keun ku mageuhkeun silih mikanyaah, silih asah, silih asih,
silih asuh téa. Malihan tiasa ogé dugi ka silih beungharkeun,
silih ngaraharjakeun. Komo deui, upama ngaregepkeun kana
kekecapan; nu jauh urang deukeutkeun, geus deukeut urang
layeutkeun geus layeut urang paheutkeun, geus paheut
silih-wangikeun. Ieu kekecapan kacida mulyana, ngandung
hartos keur ngajurung urang sangkan migawé rupa-rupa
ibadah téh kedah istiqomah sareng tiasa nambih-nambih ka-
hadéan atanapi ziyadatul khoer. Naha urang tiasa? Margi
urang Sunda mah dalit pisan jeung Islam, nya kantenan
kedah tiasa. Mudah-mudahan.
***
Lampah Sabada Silih Hampura
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
BAHASAN
Agustusan di Lembur Kuring
Endan Sukanda
........................................................... 8
PURIDING PURINGKAK
Jurig Beungkeut Tilu
Emha Ubaidillah ............................ 24
SAJAK
Dina Angkot
Ibnu Hijar Apandi ............................. 5
Sandékala
Nazarudin Azhar ............................. 42
UNAK-ANIK
Tukang Ngamaklun Kantong
Taya Panghasilan Tambahan
......................................................... 46
CARITA PONDOK
Asa Lebaran Munggaran
Aam Amilia ....................................... 17
Nu teu Mulang Tas Lebaran
Ena Rs. ............................................. 22
Dulag Pamungkas
Holisoh ME .......................................... 26
Di Hiji Kantor
Lugiena De ........................................... 32
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem ( 168 )
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora ( 7 )
M.A. Salmun
............................................................. 12
­Sekar­Manglé
Nuri Maulida
Raksukan Koleksi Pribadi
6
LAPORAN
Galindeng És Lilin di Nagara Babah
Potret:Reisyan
Baju lungsuran bawa Euceu ngalumbruk
dina luhureun samak. Rupa-rupa, aya
erok, kaméja, calana panjang, calana
sontog, ka kamprét kampret aya.
Éta kabéh téh bawa Euceu, paméré
dunungan Euceu di dayeuh. Bagéur
cenah dunungan Euceu téh, mana ning..
20
Dulag Pamungkas
68 Taun
S
alila 3,5 abad dijajah ku Wa-
landa (jeung Jepang) leuweung
di Sumatra weuteuh, di Kali-
mantan weuteuh, di Sulawesi jeung
Papua nya kitu deui leuweung-leuwe-
ungna tetep gerotan. Tapi salila 68
taun merdéka éta leuweung anu tadi-
na geledegan téh geus salin jinis jadi
tanah anu ngahgar.
Naha bisa saperti kitu di-
papandékeunana lamun arék balitu-
ngan salila urang 68 taun merdéka
téh? Tangtu teu bisa ngan semet kitu.
Jakarta ayeuna geus jauh bédana
jeung Batavia harita. Kitu deui
kaayaan di Sumatra, Kalimantan
jeung di sakuliah nagara séjénna.
Ngan bakal leuwih matak reueus
lamun majuna kaayaan di sakuliah
lemah cai téh henteu ditebus ku
ruksakna lingkungan.
Geus kurang kumaha anu ngiritik
mah. Pamaréntahan anu dipingping
ku Presiden Yudhoyono ayeuna di-
tuding néoliberal. Ari anu néolib di
mana teuing maké balitungan kana
urusan nu kararitu. Malah apan
karaharjaan rayat gé dinomer-
sabarahakeun. Nu jadi udaganana
semet nu ngaranna tingkat
pertumbuhan ékonomi anu taya pa-
tula-patalina jeung nedunan
sakumna pangabutuh rayat bari teu
diiwal-iwal.
Ari di urang apan geus sakitu
lilana ngawilah-wilah warga nagarana
sorangan téh kalah dihanakeun ku
pamaréntah. Rupaning istilah nga-
haja dijieun-jieun. Rayat baé apan
kalawan tandes aya anu digolongkeun
miskin sarta ku pamaréntah siga anu
ngahaja disina aya. Dina APBN
kalawan pasti aya anggaran pikeun
mantuan anu mariskin. Nepi ka aya
anu nuding pajar rayat nu miskin téh
geus jadi komoditi pulitik. Cindekna
mah keur kapentingan pencitraan.
Di sagigireun ngadagangkeun
tingkat pertumbuhan ékonomi, anu
keur hangkeut ditatawarkeun ayeuna
téh démokratisasi jeung hak azasi
manusia. Padahal teu kurang-kurang
paraahli anu ngingetan yén nyang-
hareupan nu kararitu téh urangna
kudu taki-taki jeung ati-ati. Taki-taki
dina nyanghareupan akibatna, bari
ati-ati dina lebah nerapkeunana.
Sanajan sistem pamaréntahan
anu démokratis ampir jadi cita-cita
sakumna manusa di sakuliah dunya,
lain hartina taya mamalana. Pikeu
nagara-nagara anu geus puluhan
taun mraktékkeun sistem démokrasi,
apan henteu sarimbag. Démokrasi nu
hirup di AS béda jeung nu di-
jalankeun di Inggris. Kitu deui
démokrasi di nagara-nagara Skandi-
navia. Lamun dadasarna démokrasi
sok dikantétkeun jeung liberalisasi, di
jojontor Skandinavia mah nu di-
jalankeunana téh justru sosialis. AS
sorangan, anu geus puluhan taun
ngagung-ngagungkeun liberalisasi,
ayeuna keur maju ngadeukeutan
sosialis. Pangna kitu, lantaran geus
kabuktian sistem liberal téh teu ku-
rang-kurang mamalana.
Ti mimiti merdéka, urang geus
mecak-mecak sababaraha sistem.
Dina mangsa-mangsa awal nu
dipraktékkeun téh sistem liberal. Tapi
lantaran loba teuing debat nepi ka
mangtaun-taun, ahirna ditutup ku
Dékrit Presidén dina taun 1958. Ti
harita ni dipaké téh sistem terpimpin.
Ékonomi terpimpin, pulitik ter-
pimpin, anu ahirna tikusruk kana
otoritér. Lantaran keuheul kana sis-
tem nu saméméhna, Orde Baru siga
anu kokomoan nerapkeun liberali-
sasi, sanajan henteu terang-terangan.
Sikep pamaréntah anu semu-
semu nyamuni téh terus lumangsung
nepi ka kiwari. Lain pamaréntah
wungkul deuih anu kitu téh, ieu mah
kaasup sikep partéy pulitik, anu eng-
kéna nyoko kana kawijakan par-
lemen, anu di urang mah éstu ngan
nganomerhijikeun kapentingan
parpolna masing-masing. Nu keur
kaalaman ayeuna téh suasanana
saperti kitu.
Dina nyanghareupan néolib
upamana, ongkoh loba anu ngiritik,
tapi taya hiji gé anu wani nga-
songkeun sistem séjén anu papaling-
pang jeung néolib tapi aya
kapercayaan bakal leuwih alus. Dina
patalina jeung pamaréntaha Yudho-
yono upamana, sanajan PDIP milih
jadi oposisi tapi sikepna téh ngan
semet henteu miluan kana kabinét. Di
luareun éta mah henteu nepi ka
ngasongkeun alternatif.
Anu pantes jadi oposisi téh saben-
erna parpol-parpol Islam. Kitu soté-
nan lamun bener maranéhanana aya
karep anu daria hayang némbong-
keun prinsip-prinsip Islam dina
enggoning ngokolakeun pamarénta-
han. Apan cenah, boh dina widang
ékonomi boh dina urusan pulitik,
prinsip-prinsip Islam téh henteu sa-
jalan jeung néolib.
Sanggeus 68 taun merdéka,
meujeuhna lamun soal-soal kitu téh
dipikiran kalawan daria, babakuna ku
anu salila ieu kokotak harayang ming-
pin ieu nagara. AM
Manglé 2437 3
4 Manglé 2437
Henteu cukup silih
hampura
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Damang Ais Pangampih
Mangle? Wilujeng boboran
siam 1434 H. Neda dihapun-
ten, boh kantos ngintun serat
nu kirang merenah kana koro-
pak Mangle.
Nyi Mangle, ngiring nge-
mutan perkawis kabiasaan
halal bihalal di urang. Nu
kasaksian dina acara halal bi-
halal teh, boh ku paguyuban
boh di lingkungan pamarenta-
han, dina intina mah sok di-
ayakeun silih hampura. Tos
kitu mah balubar we.
Tah, simkuring mah usul
ka wargi dimana wae, utama-
na ka para inohong, mugi
halal bihalal henteu cukup ku
silih hampura. Tapi aya nu
leuwih sae deui upami diteras-
keun silih tulungan. Antara nu
beunghar jeung nu miskin, nu
sukses jeung nu teu sukses.
Nyaeta kedah aya acara silih
tulungan silih bantu. Jigana
langkung sae, langkung a-
geung maslahatna.
Sapertosna wae, di halal
bihalal di Paguyuban Pasun-
dan, sae kacida pami ngulem
mitra-mitrana atanapi baraya
Sunda nu peryogi bantosan.
Apanan, geuning seueur
keneh wargi-wargi urang nu
peryogi bantosan. Sapertina
wae ka lembaga nu sami-sami
ngiring ngamumule budaya
Sunda, tapi teu walakaya dina
sual karahajaananana.
Sakitu hatur nuhun. Sakali
deui neda dihapunten. Per-
caya lah ka Mangle mah,
sakumaha beuratna nga-
mumule budaya jeung basa
Sunda, tapi geuning angger
medal nepangan baraya
Sunda di mana wae ayana.
Nuhun.
Pun Emang Djadja
Ti Majalaya Bandung
Ibnu Hijar Apandi
Dina Angkot
/1/
Pacaket tapi teu ngobrol,
Papayun-payun bet teu imut,
Boa manah mah galecok,
Teu sawios,
Urang silih paok wae teuteup,
Da kapan benten tujuan
Unggah henteu sasarengan
/2/
Nyemprung mobil jeung lamunan
Sapikiran sapikiran
Satujuan sewang-sewang
Eureun deui laju deui
Jrat jrut panumpang turun
Nu nyesa kari duaan
/3/
Anteng bangun sapikiran
Tambah pogot ku galecok
Maling tempo beuki nyoso
Hanjakal bet teu werat pok
Pada kemba ku carita
nyidem dina jero angen
/4/
Reg, mobil ngarandeg
Batur catur na lamunan lungsur
Sapaneuteup ngilu turun
Dianteur ku juru panon
Parat jajap ka sisi jalan
/5/
Lenyap manah nu jajap
Nu lungsur bet ngantun rindat
Sakiceup diadu teuteup
Hanjakal ngan sajorelat
Januari 2010
Manglé 2437 5
L
agu És Lilin kaasup lagu ti
tatar Priangan anu réa dipi-
gandrung ku salian ti urang
Sunda. Lagu és lilin ogé geus
ngagederkeun masarakat dunya
dina “Festival Of Intangtible Cul-
ture Heritage” (FICH) nu lumang-
sung di Chengdu, China,
sababaraha waktu nu kalarung.
6
Lilis Maryati ngahaleungkeun lagu És Lilin & Mojang Priangan di Chengdu, Cina (dok)
Galindeng És Lilin
di Nagara Babah
Asistén Ékonomi Pembangunan,
Sétda Kabupatén Bandung, Yayan
Sobarna milu midang dina ram-
pak kendang (dok)
Manglé 2437 7
Éta lagu geus mampuh nyedot per-
hatian panongton FICH. Salian ti
lagu És Lilin, lagu Mojang Pria-
ngan ogé dihaleuangkeun ku juru
kawih Lilis Maryati, S.Pd.
“Panongton féstival waktos
nguping lagu És Lilin sareng mo-
jang priangan téh, mani antusias
pisan. Sanaos teu ngartos kana
rumpakana, tapi nguping wirahma
laguna aranjeuna saperos nu
kahibur. Da éta baé saréngséna
lagu dihaleuangkeun, nu keprok
dugi ka éak-éakan,” ceuk Kasie
Kabudayaan, Dinas Pendidikan &
Kebudayaan Kabupaten Bandung,
Lilis Maryati, S.Pd waktu tepung
jeung Manglé, sawatara waktu nu
kaliwat di Soréang.
Salian ti lagu És Lilin jeung Mo-
jang Priangan, dina éta féstival nu
diluluguan ku PBB téh, Indonésia
ogé mintonkeun rampak kendang
jeung tari tradisional, jaipongan.
Saluyu jeung katangtuan ti pihak
panitia FICH, alat musik nu di-
paké salian tradisional ogé wajib
diadumaniskeun jeung alat musik
anu modéren.
Harita, Kabupatén Bandung
anu ngawakilan Indonésia mawa
angklung, nu dijejeran ku grup
musik Komstrad – Indonesia,
“Bamboo Ensamble”. Alat musik
tina awi téh diadumaniskeun jeung
tarompét, hitar sarta alat musik
modéren lianna. Tina ratusan
kabupatén jeung kota sa- Indo-
nésia, nu kapilih pikeun jadi
“duta” dina FICH téh ukur Kabu-
patén Bandung.
“Malih sa-Asia Tenggara mah
mung ukur diwakilan ku dua na-
gara, nyaéta Indonésia sareng Tai-
land. Dina éta féstival nu
lumangsung salami sapuluh dinten
téh, sakedikna kacatet aya dalapan
welas nagara anu midang, di
antarana Amérika Serikat, Cina
minangka pribumina, Indonésia,
Tailand, Brazil, Jérman, Afrika,
Rusia, Nigéria, sareng Jérman,”
Lilis ngémbohan.
Rombongan Indonésia diping-
pin ku Sékda Kabupatén Ban-
dung, Sofyan Nataprawira,
dibarengan ku Asistén Ékonomi
Pembangungan, Sétda Kab.Ban-
dung, Yayan Sobarna; Sékrétaris
Dinas Pendidikan & Kebudayaan
Kabupatén Bandung, Agus Fir-
man Zaini; jeung Kabid
Kebudayaan, Mieke Herawaty.
Harita ceuk Lilis, Indonésia meu-
nang kasempetan genep kali mi-
dang dina panggung nu tempatna
béda-béda.
“Pokona mah agul sareng
reueus pisan, unggal midang antu-
sias ti nu lalajo saé pisan,” pokna
deui.
Papadaning kitu, ceuk Lilis, di-
rina ngarasa sirik waktu nyaksian
masarakat Cina anu sadar kana
disiplin. Salian ti mampuh ngajaga
lingkungan kotana sangkan tetep
beresih téh, ogé salila lumang-
sungna féstival kaayaan tetep
aman. Malah masarakat anu lalajo
FICH bisa ngajaga katartiban,
buktina teu aya saurang ogé nu
ngaliwatan garis wates antara nu
lalajo jeung panggung. Padahal
batas téh, ukur dihalangan ku bola
nu ditalikeun kana tihang.
Hal séjén nu matak kataji di
nagri Babah, gedong kasenianana
salian ti anggréng téh ogé kapiara
pisan.
“Sigana mah pamarétahan Cina
merhatoskeun pisan kana hirup-
huripna kasenian daérah,”
pokna.***nunk-dédé
Pintonan seni ti nagara séjén (nét)Cina daria naker ngagelar FICH (nét)
Manglé 24378
G
eus matuh tempat diaya-
keunana upacara resmi mah
di alun-alun, tapi ari arak-
arakanana mah sok mapay-mapay
jalan raya Kacamatan. Tapi, ari
aleutan pawéy ti lembur kuring
mah sapanjang jalan ka-kaca-
matan-keun ogé geus dilalajoanan.
Masarakat ngarogrog sapanjang
jalan, atuh sabataé sakur ka-
monésan téa lain waé dipintonkeun
di alun-alun, da geus ningkah di
sapanjang jalan anu kaliwatan.
Geura ieuh di handap urang
caritakeun diantara unak-anik
pésta Agustusan di lembur kuring.
Aya nu matak piseurieun, pikaru-
nyaeun, matak réhé jeung aya ogé
nu matak pikasebeleun.
Sanggeus bérés upacara resmi,
sok diayakeun pawéy. Ti unggal
désa anu diraramekeun ku ka-
monésan ti lembur2 mungpung ka
dayeuh kacamatan, mintonkeun
sagala kamonésan séwang-séwa-
ngan. Upamana ti Pasir Panjang
anu katelah “lembur haji”
ngaleutkeun aleutan para haji maké
dangdanan kahajian, gamis pan-
jang bari sirah ditutup ku kopéah
higal kawas askar di Arab. Ari ti
Pasir Gombong anu pangeusi
kampungna loba anu jadi kusir
sado (sado, lain délman, ceuk nu
apal kecap “sado” asalna tina ba-
hasa Portugis sa do sa = tonggong
diadu tonggong). Nu matak kitu,
tumpak sado mah kusirna jeung
panumpangna saurang nyang-
hareup ka hareup. Panumpang
séjénna maralik ka tukang,
tumerapna tumpak sado mah tong-
gong bakal paadu jeung tonggong.
Tah, dina pésta Agustusan téa,
sado ogé sok diabringkeun milu
pawéy. Bari dihias saaya-aya,
malah nu pangalusna hiasan sok
dilélér hadiah. Sado hias sapanjang
keur pawéy henteu kosong, tapi
dieusian panumpang, malah béda
tina sapopoéna panumpangna ogé
sok garinding.
Diantara sado hias téa, aya sado
Mang Ugan anu kudana....hérnia
atawa ceuk urang kampung mah
burut. Lantaran panyakitna téa, ieu
kuda mun geus capéeun pisan sok
brat-brét-brot. Kawas harita,
sanggeus capéeun kukurilingan
pawéy, sado Mang Ugan kakeunaan
musibah langganan. Sapanjang
jalan kudana teu eureun-eureun
ngaluarkeun sora brat-brét-brot,
padahal leumpangna anca waé da
mindeng kacandet ku barisan di
hareupeunana.
Atuh pamuda nu ngarogrog
sapanjang jalan arakey-akeyan bari
sawaréh narunjuk kana sado Mang
Ugan. Tapi teu kitu keur
panumpangna mah, mangkaning
kabeneran anu miluan kana sado
Mang Ugan téh mojang-mojang
anu keur mareujeuhna. Tumerap-
na, ngan henteu wé ari ngarajleng
turun mah, cawéné-cawéné téa
ngan ngahéphép bari éra kasima.
Teu rék kitu kumaha geura, nu
ngarogrog sapanjang jalan arakey-
akeyan bari ngageuhgeuykeun,
“Mang Ugan mah pangbodona
sadunya, ari nu gareulis dibujuran,
bujur kuda disanghareupan,” ceuk
nu saurang.
Gorowok deui nu séjén, “Da tut
sir pa, kuda hitut kusir nu nampa!”
ditembal ku anu saurang bari akey-
akeyan, “Sir tut pangpa, kusir hitut
panumpang nu nampa!”
“Pang tut, da bur?” tanya
saurang bari nunjuk baturna.
“Panumpang hitut kudana kabuu-
urr...!!” Nu nongton ngaburiak
lalumpatan bari saleuseurian
nunutur sado Mang Ugan.
Ti lembur Pasir Malaka mah aya
Mang Unuy, jalma jangkung gedé
tukang punggal-panggul. Tanagana
bedas kacida, saluyu jeung daharna
anu ceuk béja mah disuguhan liwet
saléter téh kurat-karét hayangeun
kénéh.
Dina hiji pésta Agustusan, Mang
Unuy didangdanan ku tukang rias,
dipentés jadi....wayang Gatotgaca.
Surup ka patutna, jangkung badag,
dada simbar jaba dipasangan
mamakutaan. Dina pawéy téa, di
tukangeunana ngiclik nuturkeun Bi
Unuy, pamajikanana jeung budak-
na anu ditungtun kénéh. Sapanjang
jalan dipirig ku gendang penca teu
tinggaleun tarompét ngalagukeun
lagu-lagu perjoangan. Sapanjang
jalan loba nu lalajo cruk-crek milu
reueus kana “wayang’ Unuy, aéh
wawayangan Gatotgaca anu keur
dilalakonkeun ku Mang Unuy.
Tumerapna ka Mang Unuy, asa
mingkin sumanget ngagaya, komo
basa aya wartawan anu cutrak-cet-
rek motrét mah, rarasaanana asa
jadi aktor pangsohorna.
Tapi dasar kudu aya caritakeu-
neun ka anak-incu. Keur meujeuh-
na raraména anu pawéy, ana buriak
téh jalma-jalma paburencay bari
tingjéréwét. Nu dagang suuk awur-
awuran, daganganana katincakan
ku anu lalumpatan.
Barang disidik-sidik, sihoréng
téh Si Oléh, jalma kurang saeundan
anu sok matuh di pasar miluan
pésta bari rarampayakan. Barang Si
Oléh geus deukeut ka “Gatotgaca”
anu sarua keur ngibing raram-
payakan, sugan téh Si Oléh anu rék
diraponan, ditéwak bari dialung-
boyongkeun. Sihoréng jauh tina
sangkaan saréréa, bari rada
culang-cileung heula, Gatotgaca
Agustusan di Lembur Kuring
Ku Endan Sukanda
Manglé 2437 9
Unuy malik ka tukang ngan
regeyeng wéh....pamajikan jeung
anakna dipangku duanana. Satu-
luyna ngabecir ngajauhan Si Oléh,
geus teu nolih makuta ragrag
kaidek ku anu lalajo ogé. Sihoréng
Gatotgaca anu gagah ogé sieuneun
ari ku jalma kurang saeundan mah.
Beu, nepika kituna ari Agan Gatot
mamalihan mah.
Raraméan Agustusan téh
mangsa bihari kira 60 taun kaliwat
keur mangsa budak. Di lembur ku-
ring désa Cisalak Hilir kacamatan
Cibeber, kabupatén Cianjur. Ka-
asup kampung, jauhna ti kota
kabupatén téh ampir tilu puluh kilo
métér, ti kantor Kacamatan ogé aya
kana dalapan kilometer anggangna.
Ti mimiti taun 2009, ku
alpukahna inohong-inohong di
Kacamatan Cibeber kalayan meu-
nang pangbagéa ti aparat désa,
raraméan dina Agustusan téa di-
hirupkeun deui. Sanggeus upacara
di alun-alun Kacamatan, pamilon
pawéy muru ka lapang Pasir
Munding di désa Sukaraharja. Ieu
lapang gaganti lapang Jagaraksa
anu bihari mah sok dipaké
pasanggiri maénbal marebutkeun
piala jeung hadiah Agustusan,
kadieunakeun geus salin rupa jadi
pabrik.
Boh keur barudak anu kakara
nyaksian, manakomo keur kolot-
kolot mah jadi matak kagagas inget
ka mangsa bihari. Mangsana Agus-
tusan di lembur kuring ramé ku ka-
monésan. Dina Agustusan taun
kamari mah raraméan jeung ka-
monésan téh geus nyaluyukeun
jeung jaman. Sahanteuna di lem-
bur-lembur ogé kiwari mah geus
loba nonoman anu rancagé lan-
taran sarakola di kota. Sajaba ka-
monésan kawas baheula, aya
lalakon perjoangan ra’yat ngalawan
penjajah sacara téatrikal. Bambu
runcing, tandu pikeun ngagotong
nu tatu, nu papakéanana rubat-
rabét saroéh jeung ulawéran getih.
Teu tinggaleun, sirah dibengker ku
Mérah-Putih. Tongtonan téatrikal
sapanjang jalan leuwih euyeub
jeung anteb, sakapeung matak ka-
gagas, sabab anu niron-niron pa-
joang téa bari nyareundeutan...
bedil lodong awi anu dieusian kar-
bit. Malah aya mamarieman anu di-
gusur dina roda sagala. Unggal
beledug sora bedil lodong, gerrr nu
ngarogrog sarurak ayeuh-ayeuhan,
tapi teu saeutik kolot mah anu ram-
bisak, lantaran ngalenyepan per-
joangan alam penjajahan dina
raraga ngarebut deui kamerdé-
kaan...
Aya saeutik kahanjakal, duméh
kakara sakali diramékeun deui,
mapag Agustusan taun 2010-2011
mah waktuna bareng jeung puasa
Ramadan. Rada hanjakal sotéh,
duméh kabiasaan anu karék ngu-
niang deui kahalangan. Sugan taun
ayeuna satutasna lebaran, ka-
monésan urang lembur kuring dina
Agustusan bisa dihirupkeun deui.
Wilujeng milangkala kamerdékaan
RI anu ka-67 taun, mugia apan-
jang-apunjung nagarana mingkin
nanjung, mawa rahayat waluya
bagja, waluya dina harti lahir jeung
batin. Aamiin***
Nu nulis pituin urang Cisalak hilir,
Kac. Cibeber-Cianjur.
10 Manglé 2437
Bagian
168
N
gadengé dongéng
kageulisan Putri
Budur, jin
awéwéna téh
nyeuleukeuteuk. Kaharti
ku jin lalakina gé,
Maimunah teu per-
cayaeun kana caritaan
dirina. Ku lantaran kitu,
pok wéh ngajak Maimu-
nah ngadatangan tempat
putri téa.
“Mangga wé tingalian
ku salira!”
“Ah, mending hayu ka
tempat pamuda nu ku
kula dicaritakeun téa!”
pokna.
Jin nu duaan pating-
kalayang di awang-
awang, lebah
wawangunan nu dipake
ngerem Komarujaman,
Maimunah nyirorot ka
handap dituturkeun ku
baturna.
“Sok tingali ku
manéh!”
Sanggeus ngomong
kitu, Maimunah
nyingkabkeun simbut nu
nutupan beungeut éta
nonoman. Ku lantaran
kakara reup, keur tibra,
Komarujaman gé teu
ngarasaeun aya nu
mukakeun simbutna.
Ningali nu ngageubra,
jin lalaki téh neuteup
beungeut Komarujaman
anteb naker. Ceuk
pikirna, mémang bener
éta nonoman téh kasep
naker, hésé
pitandingeunana di alam
manusa mah. Geus kitu,
pok nyarita. Enya, cenah,
éta lalaki téh gagah jeung
kasép, manéhna gé
kakara nempo jalma nu
rurupaanana kawas kitu.
“Mung bawiraos,
putri nagri Cina gé moal
kawon
kageulisanana,”pokna.
“Ah, moal enya
ngelehkeun rurupaan nu
kasep!”
“Ku margi kitu,
mangga atuh urang
yakinkeun wé ka ditu!”
“Teu deuk teuing! Pek
wé ku andika bawa ka
dieu!” ceuk Maimunah
maréntah.
Ku lantaran teu wani
magak, sieun ku
mamalana, Dahnasyi gé
teu bisa majar kumaha.
Manéhna ngabiur ka
awang-awang nu
saterusna ngabelesat ka
lebah karaton Putri
Budur.
Da puguh geus peu-
ting pisan, putri gé keur
tibra, atuh regeyeng di-
pangku dibawa ka
awang-awang téh teu
usik-usik. Geus nepi ka
nu dituju, jin lalakina téh
turun ka lebah Maimu-
nah.
“Pek kedengkeun sina
ngaréndéng!” ceuk
Maimunah.
Peuting ka-184
Putri jeung pangeran
tetep ngaguher, tibra
naker. Teu ngarasaeun
dirina keur pada melong
dialak-ilik diakurkeun.
Tétéla, rurupaana téh bet
sarimbag. Bédana téh,
mémang pedah awéwé
jeung lalaki. Nu awéwé
geulis pisan, nu lalaki
kasep pisan. Ngan, jin nu
duaan mah, angger wé
teu robah pamadegan.
Ceuk jin awéwé,
Komarujaman tetep
leuwih punjul, leuwih
matak narik ati. Sabalik-
na, ceuk jin lalakina,
Putri Budur leuwih
ngirut.
Pamanggih masing-
masing téh leuwih
ditéték deui. Ngan, tetep
wé, sagala rupa nu
dicaritakeun ku jin nu
duaan téh pamustungan-
ana mah, ngunggulkeun
masing-masing
pamanggihna. Cindekna,
tetep dina kayakinanana.
Najan percaya kana
kayakinanana, nganggap
Putri Budur leuwih pun-
jul, ahirna, jin lalakina
mah, teu bisa nnyawad
deui kana pamanggih
putri jin. Kituna téh, lan-
taran sieun ku mamala-
na. Apan, éta jin awéwé
téh sohor kasaktenna,
nepi ka loba nu gigis,
milih serah bongkokan.
“Kumaha upama
Manglé 2437 11
nyuhunkeun pamendak
nu sanes?” ceuk jin
lalakina.
“Maksud andika
kumaha?”
“Sina diajén, mana nu
langkung punjul!”
Memang kaharti ku
Maimunah gé,, masing-
masing pihak bakal
ngeukeuhan pamanggi-
hna. Hartina, upama
taya pihak sejen nu nga-
jén mah, pamanggih
masing-masing téh moal
aya bulé-hideungna.
“Saha nu kudu dipen-
tés sina ngajén?”
“Mangga, teu
langkung pangeresa,”
ceuk Dahnasyi.
“Heug atuh kula sora-
ngan nu rék manggil
pihak séjén!”
Maimunah nenjrag
bumi tilu kali. Eta téh
cara manggil bangsana
nu ngancik di dasar
bumi. Enya wé, teu
réngsé téténjrag, peletek
haseup kaluar tina jero
taneuh. Eta haseup téh
beuki lila beuki nga-
lobaan, nu ahirna robah
wujud ngabelegedeg
hareupeun Maimunah.
Ningali jin awéwéna
nu aya hareupeunana,
jin nu anyar datang téh
gancang ngarengkepkeun
leungeunna, nyembah
luyu jeung kabiasaanana.
Pok nyarita, kalayan
tungkul teu wani neu-
teup beungeut putri jin.
“Pangapunten, aya
pikeresaeun naon?”
“Kula butuh bantuan
andika!”
“Mangga, peryogi
naon agan téh?”
Derekdek putri jin
ngalalakon. Ditéték nepi
ka bubuk leutikna.
Ahirna, ngumaha
sangkan dipangmutus-
keun papangihanana nu
teu bisa sapagodos.
“Cindekna, andika
kudu meunteun saha nu
leuwih pujul naha nu
lalaki atawa nu awéwé?”
pokna.
Sanggeus nyarita kitu,
Maimunah, ngisarahan
ku rindatna. Jin nu anyar
datang surti, geuwat
malik ka lebah Putri
Budur jeung Komaru-
jaman nu keur nga-
galeubra. Nu keur tibra
téh dipelong anteb
naker. Sanggeus kitu,
teuteupna pundah-pin-
dah ka putri jeung
pangeran. Teuing
sabaraha kali ngalelekan
nu keur tibra téh.
Ahirna, balaka, cenah
memang duanana gé taya
nu asor taya nu punjul,
da sarua matak ngirut
atina. Nu tétéla mah,
bedana téh ukur lantaran
béda jenisna, nu saurang
awéwé nu saurang deui
lalaki.
Pamustunganana, éta
jin téh balaka. Dirina teu
sanggup mutuskeun
mana nu leuwih punjul.
Tapi, cenah, bisa jadi
cara séjén bisa mutus-
keun éta pasualan.
“Cing atuh kumaha
carana?”
“Bawirasa, tiasa di-
tangtoskeun ku
aranjeunna!”
“Enya kumaha
carana. Gancang atuh
petakeun!”
“Kieu atuh!”
“Enya geura pok!”
Usulna téh kieu!
Cenah, duanana sina
lilir, sina hudang. Ngan,
kudu bareng lilir jeung
hudangna téh. Memeh
bener-bener eling, dua-
nan téh sina pasing-
hareup-singhareup. Tah,
mun geus kitu mah, kari
ngabadungan wé.
“Naon cirina salah
saurang ti maranehna
leuwih punjul?”
“Gampang. Saha nu
leuwih tiheula nembong-
keun pasemon nu kairut,
tah manehna nu leuwih
goreng. Cindekna mah
kieu, mun nu lalaki
leuwih tiheula nembong-
keun karesepna ka si
awewe nya nu awewe nu
leuih punjul téh. Kitu
deui sabalikna!”
“Satuju mun kitu?”
Maimunah nyarita semu
nyentak.
“Mangga ngiringan!”
ceuk Dahnasyi. ***
(Hanca)
12 Manglé 2437
N
yi Rapiah éstuning teu
daya teu upaya nyang-
hareupan sawenang-
wenangna Aom Usman ka
dirina téh. Sumawonna nepi
ka boga wawanén wakca
ménta disérahkeun bo... atuh
matak geunjleung sadayeuh,
guyur salembur lamun cacah
pantaran manéhna wani man-
cal ka Aom Usman, putra
ménak gedé sugih mukti tur
terah bupati.
Ari rék wakca terus-terang
ka Haji Abdulraup, bapana,
teu kaduga ku éra, tada teuing
ngabongan-bonganna. Jeung
mana teuing pating kuciwesna
jeung pating taroélna baraya-
baraya (tunggal kénéh baraya
Ujang Kusén), meureun
haréwosna téh: “Humayua Si
Piah, dibélaan dipecat-tibubu-
rangjat mancal Si Kusén, ari
kocéplak meunangkeun Si
Usman, bet cara anu miceun
pinggan mulung batok, moro
jurang ngaleupaskeun
peusing.
Lah, teu kadaruga teuing
ku éra. Jadi ayeuna kaayaan
Nyi Piah téh lir monyét keuna
ku sumpah, rék dicabut teu
kaduga ku paur, rék disurung-
keun teu kuat ku nyeri,
tuntungna kokocéakan bari
ajrét-ajrétan teu puguh polah.
Hanas jeung baraya pecah,
deungeun-deungeun henteu
béla!
Beuki lila beuki nyeri,
karasana ku Nyi Piah,
asa dipepejet haté,
diri dijieun lumayan,
dipaké sasampeureun,
disampeurkeun lamun “butuh”
geus “teu perlu” mah ditunda
Hanas pegat ti salaki,
anu bageur tur baraya,
bongan kaolo kagélo,
kagembang ku kaménakan,
anu muluk jangjina,
buktina mah baragajul,
omong kosong pangoloan.
Rasa manéh ménak sugih,
kahayang sawenang-wenang,
nindes ka awéwé héngkér,
teu aya pisan ras-rasan,
dijieun coco’oan,
henteu ajrih ku Yang Agung,
teu sieun ku dorakana.
Dipikir beuki kapikir,
dirasa beuki karasa,
yén henteu adil kitu téh,
ménak ngagencet ka somah,
kudu aya tungtungna,
kumaha jalanna atuh,
Nyi Piah sering mikiran.
Hiji mangsa pasosoré, keur
meumeujeuhna dayeuh Ban-
dung endag-obyag ku nu pele-
sir, Nyi Piah mah ngadaweung
baé di tepas, ngabangbang
areuy, ngahuleng miraga ti-
neung mikiran hayang leupas
tina kapeurih. Pasemonna
katara keur ngandung wuyung.
Sabot kitu jol Nyi Dampi,
pikeun di Bandung mah di-
paké kapaur pisan ku salaki-
salaki balageur, tapi dipisobat
ku bangsa patukangan atawa
ku salaki nu sok curaling cu-
lang-caling. Ari sababna, geus
kawentar pisan, baragajul
awéwéna. Sanajan awéwé
pengkuh cara bénténg waja
ogé ku Nyi Dampi mah moal
teu éléh cara malam ka-
panasan, ceuk nu sompral téa
mah ngiclik beunang ditung-
tun. Ceuk sawaréh mah majar
asihanana ogé mani satelebug,
aya Si Leugeut-Teureup, aya Si
Kukuk-Mudik, aya Si Ranjang-
Kundang, jeung duka naon
deui bangsaning anu satetel
sakali muntel, saulas satahun
welas. Aji pangabaranana,
magar téh boga Si Maung Tun-
duk, si Oray-Numpi, Si
Palengketan jeung sapa-
padana. Duka teuing atuh.
Duka teuing bener henteu-
na mah, omongan jalma ieuh,
sok rupa-rupa. Anu puguh baé
Nyi Dampi téh nyaho kana
lilinggeran awéwé, lebah dinya
teuasna, lebah dinya uduhna;
nu ieu mah kudu kieu
nataranana, ieu eupanna; nu
itu mah kudu kitu dipulutna,
béda deui eupanna gé. Pikeun
Nyi Dampi mah awéwé téh
cara manuk, aya nu anggeus
ku taheunan leugeut, aya nu
beunang ku pitapak, aya nu
dikurawed ku jiret, malah réa
nu dililito ku jontrot, malar
bongoh, nyaho-nyaho geus
dipikat.
Ari gawé sapopoé, Nyi
Dampi téh nu ébréh ka jalma-
réa mah jadi cengkaw, purah
ngider dagang barikan jeung
emas-inten, mangjualkeun
barang batur, ngarah pirilikna.
Tapi lamun urang telik, Nyi
Dampi téh dagangna bangun
anu payu sukur, henteu kajeun
malah aya aturan dagangna
ditawar batur teu dibikeun
magar geus aya nu pesen, geus
ditimpahan. Ari sihoréng, da-
gang gé lain sadagang-dagang-
na, éta mah pipindingan baé,
payu sukur teu paduli, pokona
ngarah aya dangka geusan
patepung jeung nu rék
ditaheunan pitapak.
Jaba ti anu ébréh katém-
bong ku jalma réa, “pausaha-
an” Nyi Dampi téh aya deui nu
samuni. Disebut samuni sotéh
lain tempatna nu nyumput, da
ari tempatna mah di Kebon-
kalapa, sasat tengah lembur,
ngan peta-petana édas ku
{ 7 }
Ku M.A. Salmun
Manglé 2437 13
rarikip, masing diambreg ku
pulisi gé moal kapanggih
bukti-buktina. Dina kaperego
upama téa, teu kurang
piekoleun-pijawabeun katut
bukti-bukti palsu. Anu baroga
lampah teu uni di imah Nyi
Dampi, ti anggalna geus
dibadamian, pijawabeun jeung
pipetaeun lamun tea kaperego
ku pulisi nu ngambreg.
Cindekna, jumlah-jam-
léhna mah Nyi Dampi téh
awéwé jahat anu bisa ngaba-
hayakeun imah-tangga nu
kurenan jeung masarakat.
Prak-prakanana, leueur alah-
batan belut.
“Panghapunten Agan,”
ceuk Nyi Dampi hormat pisan
kawas ka agan enyaan baé.
Nu keur ngadaweung rada
ngagebeg, atuhda jelema keur
uleng pisan, katénjo gé nu
nyampeurkeun jol ti gigir
imah, sasat teu barang paliré.
“Sawawi, rampes,” tembal
Nyi Rapiah, “aéh geuning Bibi.
Mangga calik.”
“Nuhun Agan sawios en-
tong teuing di lebet, ieu baé di
dieu, raos di tepas ningali nu
pelesir,” cék Nyi Dampi barang
nenjo Nyi Piah abus ka jero
imah ngampar samak.
“Eum, moal saé, mangga
ieu di dieu geura.”
Nyi Dampi geus andiprek
di patengahan bari mando jiga
ngadeuheus ka ménak baé. Nyi
Rapiah rajeun ari papanggih
mah jeung Nyi Dampi téh tapi
kasémahan mah kakara harita.
Dina haténa rada héran néjo
peta Nyi Dampi téh, tapi aya
atoh asa heueuh diménak-
ménak, da ku batur mah tara
dipangmandokeun.
Ceuk Nyi Dampi: “Ku
raraos di dieu téh Agan,” (nye-
but “agan” téh mani anteb)...
“aéh angkat ka mana dupi
Aom?”
Nyi Piah rada éra parada
diagan-agan téh, tapi duka
atuh, da ngeunah.
“Hih, ulah agan ka kuring
mah Embi, apan uninga pil-
kadar gé anak Haji Abdulraup,
urang pasar,” cék Nyi Piah.
Nyi Dampi: “Ya Alooh,
Agan, Ucu, anak embi nu
geulis. Ari ménak tulén ku iasa
handap asor. Baku ari ménak
asli mah sok tara karooh ku
puji. Ulah sok ngapeskeun
turunan Agan, komo ka Bibi
mah nu terang ka pupuhuan
tuang rama. Jadi sudagar
sotéh tuang rama mah
awahing ku resep kana jual-
galeuh baé, da tuang karuhun
téh sakaterang mah Si Ibi mah,
Agan terusing ratu rembesing
kusumah. Moal samata-mata
Agan kapigarwa ku Aom
Usman, upami teu pada ka-
gungan karuhun.”
Nyi Rapiah: “Karuhun
kitu? Naha da geuning Abah
jeung Ibu mah tara sasauran
bab luluhurna?”
Nyi Dampi: “Emh,
deudeuh anak Embi Si Geulis.
Sanggem Bibi gé, ménak tulén
mah tara jécéh ucah acéh
ngambat-ngambat luluhur...”
Nyi Dampi luak-lieuk kawas
aya nu diteangan, tuluy bisa
pisan ngagilekkeun carita téh,
“angkat ka mana dupi Aom?”
Nyi Rapiah lat baé poho
kana baluwengna, kagendam
ku omongan semah pok nga-
jawab: “Lah, nya eta atuh
Embi, boga salaki gé sarua baé
jeung henteu. Aom téh tara
kantenan sumpingna; saka-
peung mah saminggu téh nepi
ka dua kali, tapi ari keur tam-
polana lali mah pleng sabulan
ambleng teu aya talatah-tala-
tah acan, éstuning matak
kaluman.”
Nyi Dampi pura-pura
kaget, mandona cengkat bari
ngusapan dada: “Ya Robbi, Ya
Pangéran, kutan téh dugi ka
kituna Si Ucu. Si Geulis anak
Embi? Emh, na asa ku teung-
teuingeun teuing. Sanes
heurey Agan téh, nga-
maénkeun Si Ibi?”
“Ih, naha maké kudu
heurey?” walon Nyi Rapiah asa
dipiheueuh.
Nyi dampi gogodeg pura-
pura milu jéngkél jeung nyeta-
nyeta mikarunya: “Teu nyana
ku Aom bet kitu geuning. Atuh
ieu Embi téh sasat kaisinan ku
Agan, margi amprokna Agan
ka Aom téh sasat dijalanan ku
Embi, kapungkur. Beu édas
dosa ageung atuh Embi téh.”
“Emh, naha Bibi maké
ngagugat-gugat ka dinya, da
kuring gé teu nyalahkeun ka
Bibi,” jawab Nyi Piah. “Nu
enggeus mah nya enggeus baé,
ulah dibangkit-bangkit. Mun
bisa mah anggrusi tulungan
kuring. Kilangbara bisa nunggal
jadi padmi, atuh ulah ieu baé
kieu, asa disapirakeun pisan.”
Ngadéngé omongan Nyi
Rapiah kitu, dina haténa mah
Nyi Dampi téh mani surak
bawaning atoh, puguh nu di-
pambrih gé éta, supaya Nyi
Rapiah nyarandu, sing
percayaeun ka manéhna. Pok
ngomong jiga nu enya nga-
helas:
“Matak hawatos teuing:
duh Gusti, nya geulis, nya
ménak, nya beunghar nepi ka
werat dijieun pais-poho ku
caroge. Éta panginten Agan
mah teu aya pisan dianggo, su-
pados carogé kakeupeul ku
urang.”
Nyi Rapiah henteu ngarti
bener kana maksud omongan
Nyi Dampi, ngan karasaeun
yén jiga aya pangharepan
rasiah. Rada curinghak, pok
ngajawab:
“Nganggo naon Bibi, da
asa kirang kumaha, apan
pangna nepi ka sakieu ge
awahing ku gumusti, satia sa-
tuhu ka salaki.”
Nyi Dampi nyeuleukeu-
teuk, jiga nu heueuh kapiasem,
pokna deui ngomong: “Éta
Agan mah sok pura-pura teu
surti. Maksad Embo mah nu
dianggo sotéh sanes anggoan,
nanging pamaké. Sukur-sukur
upami kagungan ku anjeun, di
henteuna atuh sakalieun ciduh
dukun mah kedah
dipetakeun.”
Nyi Rapiah: “Euh éta. Atuh
luput di kuring mah Bibi.
Bolostrong kosongmolong-
pong cara songsong téh
enyaan. Cing atuh Bi, kumaha?
Sok-sok ka dieu.” (hanca)
S
aéstuna taya manusa nu
sampurna. Rumasa atawa teu
rumasa, urang salaku manusa
pasti aya kuciwana. Kurang ieu téa,
kurang itu téa. Malah, umumna
manusa rék leutik rék gedé pasti
kungsi ngarémpak papagon agama
atawa darigama. Lantaran ngagugulu-
keun hawa napsuna, nya moal
pamohalan hiji waktu mah kungsi
ngalaman tisolédat kana kamasiatan.
Balukarna, daék teu daék diasupkeun
wéh kana golongan manusa doraka.
Naon sababna pangna kitu? Geus kitu
baé ti ajalina kénéh ogé. Manusa, ti
basa brol dijurukeun ku biangna geus
dibabahanan dua jalan. Tegesna, jalan
kana kajahatan jeung jalan kana
katakwaan (QS Asy-Syams [91] : 8).
Palebah dieu mah, sakumna manusa ti
nu pangheulana diyugakeun tepi ka nu
pangpandeurina ditakdirkeun sarua.
Taya nu diiwal.
Perkara urang rék milih jalan
kajahatan atawa jalan katakwaan és-
tuning kumaha urangna. Ngan pi-
dawuh Alloh, sakur jalma nu netepan
jalan katakwaan, tegesna ku cara
nyucikeun jiwana dipastikeun jagana
bakal bagja. Sabalikna, sakur jalma nu
milih jalan kajahatan, tegesna ku cara
ngotoran jiwana dipastikeun jagana
bakal cilaka (QS Asy-Syams [91] : 9 –
10). Ku kituna, kahadé tong salah pilih.
Malah sawadina kudu waspada
inggis keuna ka diri urang. Manusa nu
ngaku teu rumasa boga dosa, nurut-
keun ahli élmu mah ku kitu ogé geus
kaitung dosa. Alloh SWT ngadawuh,
“Anjeun ulah ngaku-ngaku diri anjeun
suci atawa beresih tina dosa”. Naon
sababna pangna peta kitu téh di-
larang? Jawaban nu pangbabarina ka-
harti, sabab jalma nu teu rumasa boga
dosa pasti jauh tina tobat. Padahal,
tobat téh hukumna wajib. Sakur jalma
nu embung tobat, darajatna disakom-
pét-daunkeun jeung jalma sombong/-
takabur. Pidawuh Rosululloh SAW,
sakur jalma nu aya dina dirina kasom-
bongan najan saeutik pasti bakal
digebruskeun ka Naraka. Sabalikna,
jalma nu rumasa boga dosa pasti bakal
gura-giru tobat. Dumasar kana hiji
katerangan, Alloh SWT mikareueus ka
jalma-jalma nu tobat. Aya dua kauntu-
ngan nu diancokeun ka jalma-jalma nu
tobat, meunang ganjaran tobat jeung
meunang pangampura.
Sakumaha pada ma’lum tobat téh
aya saratna. Kahiji, ngarasa hanjakal
malah alusna mah nepika nalangsa
lantaran geus ngarémpak papagon
agama jeung darigama. Kadua, jangji
ka dirina sorangan jeung ka Alloh SWT
yén moal deui-deui ngarémpak papa-
gon agama jeung darigama. Katilu,
ngaganti kajahatan atawa kamasiatan
nu dilanggarna ku kahadéan atawa
amal soléh sakurang-kurangna
sapadan jeung kajahatana sukur-sukur
mun ku nu leuwih hadé.
Upama kajahatan nu dilam-
pahkeun aya pakuat-pakaitna jeung
papadana, dikudukeun ménta diham-
pura atawa ménta diridokeun lang-
sung ka manéhna. Upama inyana geus
tilar dunya, dikudukeun ménta diham-
pura atawa ménta diridokeun ka kula-
wargana.
Alloh SWT ngadawuh: “Saéstuna
Alloh moal ngahampura dosa-dosa
jalma nu nyarékatkeun naon-naon ka
Anjeunna, jeung Alloh baris nga-
hampura dosa nu salian ti éta pikeun
sing saha nu dikersakeun ku Anjeunna
sarta maranéhna moal dikaniaya sa-
eutik-eutik acan” (QS An-Nisa [4] :
48). Jangji Alloh moal sulaya. Lebah
dieu kari urangna, naha geus bener-
bener méménta pangampura ka
Anjeunna? Naha urang geus kaabus
ahli tobat atawa acan? Kumaha baé
prak-prakan tobat téh?
Ngadawamkeun Istighfar
Diriwayatkan ku Muslim dina
sohihna, Al-Aghru al-Mizani RA
nyarioskeun yén Rosulullah SAW kan-
tos ngadawuh: “Kaula (kadang-
kadang) ngarasa teu tengtrem haté,
(ku lantaran kitu) kaula tara poho
méménta pangampura ka Alloh jero
sapoéna saratus kali”. Diriwayatkeun
ku Abu Dawud dina sunanna, Abdul-
loh bin Umar RA nyarioskeun yén
Rosululloh SAW ngucapkeun kalimah:
“Ya Alloh hapunten abdi, tampi tobat
abdi, saéstuna Anjeun téh Dzat nu
Nampi tobat sareng Anjeun téh Dzat
nu Welas Asih”, lobana saratus kali
saban poéna. Saterusna Rosululloh
SAW ngadawuh: “Yaa ayyuhannaas,
tuubuu ilalloh fa innii atuubu fil yaumi
miata marrotin / Hartosna: Héy
manusa, gura-giru geura tarobat ka
Alloh, saéstuna Kaula tobat ka Anjeun-
na saban poé saratus kali ” (HR Mus-
lim). Sedengkeun dumasar kana hadits
riwayat Bukhori, Rosululloh SAW
saban poéna leuwih ti tujuh puluh kali
tobat (HR Bukhori).
Mungkin baé aya nu hélok, naon
sababna pangna Rosululloh SAW tara
tinggaleun maoskeun istighfar saratus
kali saban poéna? Apan, anjeunna téh
ditangtayungan tina sagala dosa? Ibnu
Taimiyah nyaurkeun, saenyana saban
jalma salilana aya dina ni’mat sarta
kurnia Alloh nu wajib disyukuran ku
inyana. Jeung salilana aya dina dosa
sarta kamasiatan nu wajib ditobatan
ku inyana. Ku lantaran Rosululloh
SAW mah jalmi nu pang tiasa-tiasana
syukuran kana saniskara ni’mat sarta
Kautamaan Maos Istighfar
Ku Mahmud Yunus
14 Manglé 2437
karunia Alloh SWT, atuh kantenan baé
anjeunna mah teras-terasan neneda
pangampura ka Anjeunna siang
sinareng wengi ogé!
Demi jalma nu iman kalawan iman
nu sabener-benerna, inyana pamoha-
lan deuk mopohokeun atawa
ngaleuleungit kana saniskara nu
dilélérkeun ka manusa ti mimiti di jero
kandungan biangna tug tepi ka kiwari.
Mun seug urangna rajeun
ngalenyepan urang téh asalna ti mana
jeung rék ka mana tangtu hirup téh
moal mangprung-mangprung teuing.
Saha téa kitu urang téh? Geura
hempék lenyepan dawuhan Alloh SWT
dina Al-Quran Surat Al-Mu’minun
[23] ayat ka-12 nepi ka-14. Atawa Al-
Quran Surat Al-Hajj [21] ayat ka-5
jeung réa-réa deui ayat séjénna.
Satuluyna Alloh SWT ngadawuh: “Ti
dinya, saéstuna maranéh sabadana
kitu téh pasti jadi mayit (dicabut
nyawana). Tuluy, saéstuna maranéh
dina poé Kiamat téh bakal dihudang-
keun” (QS Al-Mu’minun [23] : 15 –
16). Naha geuning maké dihudang-
keun sagala? Sanggeus dihudangkeun,
manusa sakumna baris dikumpulkeun
di Makhsyar. Satuluyna baris di-
balitungkeun amalna sagemblengna!
Alloh SWT maréntahkeun ka
hamba-Na sangkan marénta pangam-
pura ka Anjeunna. Pidawuh-Na:
“Jeung maranéh geura ménta diham-
pura ka Alloh. Saenyana Alloh téh
Maha Jembar Pangampura, turta
Maha Welas Asih” (An-Nisa [4] : 106).
Dina ayat séjénna: “Ku kituna, sing
nyaho waé yén teu aya deui Pangéran
anging Alloh, jeung geura ménta di-
hampura tina dosa manéh jeung geura
ménta pangampura pikeun mu’minin
katut mu’minat. Jeung Alloh uninga
kana tempat maranéh balawiri jeung
tempat padumukan maranéh” (QS
Muhammad [47] : 19). Jeung réa deui
ayat séjénna nu eusina maréntahkeun
ka manusa sangkan ménta dihampura
tina sagala dosa.
Ayat-ayat bieu nétélakeun ménta
pangampura ka Alloh SWT lain waé
keur diri pribadi tapi ogé keur dulur-
dulur urang nu ariman. Boh awéwé
boh lalaki. Boh nu hirup kénéh boh nu
geus maot. Geuning sok aya nu ngadoa
kieu: “Allohumaghfir lil-mu’miniina
wal-mu’minaat, wal-muslimiina wal-
muslimaat, al-ahyaa’i minhum wal-
amwaat”.
Awahing ku welas asih ka hamba-
Na, tobat ogé teu sirikna di-
tatawarkeun atawa diasong-asong. Ieu
hartina, kari urangna nu enya-enya
ngamangpaatkeun kasempetan. Da,
puguh lawang panto tobatna mah geus
dibuka. Mun seug ditengetan moal boa
disebutkeun dina bulan Romadon ka-
mari, panto Sawarga dibuka salébar-
lébarna téh maksudna sangkan urang
kamotivasi. Ambéh paloba-loba turta
pahadé-hadé dina ngalampahkeun ka-
hadéan. Sagigireun ti éta disebutkeun
bulan Romadon gé kebek ku pangam-
pura ogé nya kitu ngarah urangna
daria ngalampahkeun tobat ku tobat
nasuha. Nya éta tobat nu sabener-
benerna. Naha aya kalimah istighfar
nu husus dicontoan ku Rosululloh
SAW? Naon baé ti antarana?
Rosululloh SAW ngadawuh: “Keur
sing saha nu maca: “Astaghfirullohal
adhim, alladzii laa ilaaha illa huwal
hayyul qoyyuumu wa atuubu ilaihi /
Hartosna: Abdi neda dihampura ka
Alloh, teu aya deui Pangéran iwal ti
Anjeunna, nu Maha Hirup jeung terus-
terusan miara mahluk-Na” (HR Mus-
lim).
Diriwayatkeun ku Bukhori dina
sohihna, Syaddad bin Aus nyarioskeun
ti antara sababaraha redaksi istighfar
aya ti antarana nu katelah “panghulu”
istighfar. Nya éta: “Allohumma anta
robbi laa ilaaha illa anta, kholaqtani wa
ana ‘abduka, wa ana ‘ala ‘ahdika wa
wa’dika mastatho’tu, audzu bika min
syarri maa shona’tu, abuu’u laka bi
ni’matika ‘alayya, wa abuu’u bi dzambi
faghfirlii fainnahu laa yaghfirudz-
dzunuuba illa anta”.
Nurutkeun HR Bukhori, sing saha
nu maca “panghulu” istighfar ti beu-
rang kalawan kebek ku kayakinan
tuluy inyana maot saméméh datang
waktu sore, inyana baris jadi pangeusi
Sawarga. Sing saha nu maca “pang-
hulu” istighfar ti peuting kalawan
pinuh ku kayakinan tuluy inyana maot
saméméh waktu subuh, inyana baris
jadi pangeusi Sawarga.
Istighfar disyaréatkeun saban
waktu. Hukumna wajib pikeun nu
tikoséwad kana kamasiatan. Istighfar
disunahkeun keur nu tas migawé amal
soléh sangkan kakurangana katutu-
pan. Istighfar digunakeun keur mupus
dosa sabot aya dina pasamoan/majlis,
jst. Wallohu A’lam bish-Showab.***
Nu nulis Ketua DKM Manbaul Ulum
SMA Negeri 1 Banjar Kota Banjar
Manglé 2437 15
tina internet
D
awuhan Allah Swt. : Fa'fu
'anhum wasfah, innalloha
yuhibbul muhsiniin. Hartosna,
mangka hampura maranéhna jeung
lubarkeun dosana saenyana Alloh
mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun
kahadéan (QS. Al-Maidah : 13).
Ngamimitian sasih Syawal atanapi
poé-poé sanggeus lebaran biasana umat
Islam sok disibukkeun ku rupa-rupa
pasamoan anu dipatalikeun sareng idul
fitri, nu di urang mah katelahna acara
halal bihalal téa. Kitu deui, halal bihalal
ogé dina buktina mah taya lian ti sila-
turrahmi sakumaha dianjurkeun dina
agama Islam. Dina halal bihalal ogé
disimbeuhan ku silih lubarkeun dosa
tur ngaraketkeun deui duduluran anu
pernah renggang. Silih lubarkeun dosa
antara sasama muslim dicirian ku cara-
cara pataréma leungeun. Ku pataréma,
sasalaman minangka hiji bukti pikeun
ngaberesihan diri tina rupa-rupa dosa
sareng kasalahan anu kungsi kalaksana-
keun. Kangjeng Rosululloh SAW
ngadawuhan : Maa min muslimaeni
yaltaqiyaani fayatasoofahaani illa gufiro
lahumaa qobla ayyatafarroqo. Nu
pihartoseunana : Dua jalma muslim anu
papanggih bari sasalaman baris diham-
pura dosana saméméh duanana pa-
pisah deui. (HR. Abu Daud, Turmudzi,
Ibnu Majjah)
Sasih Ramadan anu agung, ayeuna
parantos ngantunkeun urang sadaya.
Sasasih campleng urang dilatih puasa
tur ngalakukeun rupa-rupa ibadah. Kitu
deui ibadah urang teh sanés waé ku
tanaga sareng pikiran, tapi ku harta
banda ngalangkungan nyumponan
zakat sareng sodakoh. Mudah-muda-
han, dina latihan kamari, urang kalebet
nu lulus banglus, teu aya halangan
harunganana.
Ti mimiti prung urang puasa dugi ka
lekasanana, urang meresihan diri. Ngan
tangtu, salaku jalmi, sok aya waé lam-
pah nu teu uni, lampah nu patojaiyah.
Tah, jalaran kitu Islam ngawajibkeun
silihlubarkeun dosa. Naon sababna?
sangkan urang tiasa ‘idul fitri, balik deui
kana kasucian tur amal urang beresih
tina kotoran-kotoran. Dina kaayaan
ngudag éta, tos sawadina, lian ti urang
istigfar ka Nu Maha Kawasa, atuh urang
ogé kedah silihhampura. Margi,
sakumaha pidawuh di luhur ogé, Fa'fu
'anhum wasfah, innalloha yuhibbul
muhsiniin. Hartosna, mangka hampura
maranéhna jeung lubarkeun dosana
saenyana Alloh mikacinta ka jalma-
jalma anu nyieun kahadéan.
Sangkan dosa papada urang tiasa
kapupus, kacida hadéna upami dina
kasempétan 'Idul Fitri atanapi
saréngséna, ku diayakeun Halal bihalal
atanapi silaturrahmi. Dina halal bihalal
éta, teu aya acara iwal ti silih hampura,
silih talingakeun, silih asih, silih asuh
malahmandar mampuh silih talinga-
keun. Sabalikna kacida rugina jeung ki-
rang hadéna upami dina kasempétan nu
berharga ieu, teu digunakeun ku urang
sadayana. Sabab jalma nu tara ngulur-
keun leungeunna pikeun ngahampura
kana kasalahan batur atawa ménta
pangampura ka baturna, éta téh lain ciri
jalmi takwa. Dina Al-Qur'an, Alloh Swt.
parantos nuduhkeun, Wal'aafiina 'anin-
nas, wallohu yuhibbul muhsiniin. Nu
hartosna : Jeung anu ngahampura ka
jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-
jalma anu ngalampahkeun kahadéan.
(QS. Al-Imron : 134).
Jalma Bangkrut nu Embung
Silih Hampura
Hikmah halal bihalal, silih ha-
lalkeun papada urang, tangtu ambaha-
nan ulah heureut nepi ka dinya. Urang
silih halalkeun tuangeun jeung silih
hampura tina lisan jeung lampah, méh
moal barokah (jiyadatul khoer), upama
teu dibarung ku istiqomah. Sabab, naon
atuh hartina urang silih lubarkeun dosa,
tapi dina lampahna, embung silih
bantu, embung silih jeujeuhkeun. Pada-
hal, keur ngaberesihkeun haté urang,
henteu cukup saharitaeun, tapi kudu
manjang, nepi ka ngadatangkeun silih
bungahkeun. Ieu luyu sareng surat Al-
Hasyr. Jalmi rugi, nyaéta jalmi nu ng-
amomorékeun tina silih naséhatan dina
kahadéan jeung silih naséhatan tina ka-
sobaran.
Dicarioskeun dina salahsahiji hadits
nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yén
Rosululloh SAW kantos tumaros ka
para sohabat : "Saha sabenerna ari
jalma nu bangkrut téh?" para Sohabat
ngawaler : jalma nu teu gaduh artos
sareng teu gaduh harta. Teras Rosu-
lulloh SAW negeskeun : "Saenyana
jalma anu bangkrut téh nyaéta jalma nu
balik ka ahérat mawa ganjaran solat anu
loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat
anu lain saeutik, tapi hanjakal anu saki-
tu lobana béak dipaké mayaran hutang
lantaran keur hirupna di dunya sok
nganyeurikeun haté batur, ngadoliman
ka nu séjén nepi ka ganjaran anu sakitu
lobana teu mahi dipaké mayaran
hutang, anu antukna jadi tibalik dosa
batur anu didoliman dipindahkeun ka
manéhna, tuluy dialungkeun kana
naraka. Jalma bangkrut téh kitu, loba
ibadahna ka Alloh, tapi loba dosa ka pa-
pada manusa."
Margi kitu, ayeuna saparantosna
'Idul Fitri, haté urang kedah diseuseuh
ku silih hampura, silih lubarkeun tina
dosa perdosa, silih talingakeun, malah-
mandar mampuh silih beungharkeun.
Taqabbalallahu minna waminkum.
Mudah-mudahan sagala ibadah urang
ti tampi ku Gusti Allah Swt. Sareng
minal ‘aidin wal faizin, mugi urang
sadayana janten golongan anu beresih
sareng golongan anu aruntung. Allohu-
magfirlana dunubana waliwalidina
warhamhuma kama robayyani shogiro.
Amin ya robbal 'alamin.
***
Silih Hampura, Silih Lubarkeun Dosa
Ku Rifqu Fawaj Fauji
16 Manglé 2437
17Manglé 2437
K
ANCING over-
coat nu geus
pageuh, teu
ngahaja di-
pageuhan
deui. Syal nu meulit dina
beuheung, dibebener, sana-
jan teu lésot. Sakitu sarung
tangan geus dua rangkep,
ramo-ramo asa baal kénéh
waé. Teu sangka bakal
sakieu tirisna hawa téh.
Mun seug nepi ka teu
tepung téh, tada teuing
handeueulna. Cacak lain
rék néang buah haté, asa
teu sanggup kudu ngambah
lalampahan sakieu jauhna.
Tepung kitu jeung budak
téh, atawa moal? Mun seug
tepung, nya ayeuna mung-
garan lebaran jeung budak
téh. Mun henteu?
“Namaste,” cék Arun nu
mapagkeun kuring, di ban-
dara. Dua leungeunna di-
antelkeun kana dadana
dina posisi munjungan.
“Namaste,” témbal ku-
ring nurutan. Terus pada-
pada nikukur.
Ti bandara ukur tepi ka
sisi wates Darjeeling kana
mobil téh, terusna
leumpang paduduaan. Ku-
ring ngarep-ngarep rék
ganti mobil, tapi henteu
kénéh waé.
Sajajalan teu katénjo
patalimarga, ukur nu
laleumpang wungkul.
Kitugé ukur sababaraha
urang. Padahal kakara
pukul salapan, asa can
peuting-peuting teuing.
Basa ditanyakeun ka
manéhna, cenah mémang
jam-jam sakieu mah teu
meunang aya kendaraan nu
ngaliwat.
“Special car free night?”
cék kuring.
“Henteu da unggal peu-
ting gé sarua,”pokna.
Hayang nanyakeun ku
naon jeung ti iraha ayana
ieu kabiasaan téh, tapi ku
tiisna hawa asa teu hayang
cacarita leuwih loba. Basa
manéhna ngajakan nginum
cientéh heula, mani giak
ngamanggakeun, atoh. Eu-
keur mah tas leumpang
sakitu jauhna, katambah-
tambah hawa tiis anu sakitu
nyiksana.
Pangampura pamajikan,
jadi jalan kuring kudu nyo-
rang Darjeeling, hiji tempat
nu ayana di India Kaler.
Kuring narima surat ti
Walinda, mopoyankeun
yén manéhna geus taya
harepan hirup. Kanker nu
jadi dina salah sahiji organ,
geus nyaliara ka sakuliah
awakna, hamo aya harepan
diubar-abér. Salakina, rék
masrahkeun budak, da ce-
nah kuring anu leuwih hak.
Budakna geus dibéjaan
saha bapa tegesna, ti ang-
galna kénéh. Ka salaki
Walinda nyebutna Uwa, da
manéhna pernah kapisuan
laér ka anak kuring téh.
Asa Lebaran Munggaran
Carita Pondok Aam Amilia
Manglé 243718
“How about you, lemon-
tea, appletea, rosetea, or-
angetea?” cék Arun. Kuring
éra asa katohyan keur
ngalamun. Can némbalan,
kalah ngahuleng.
“Atawa hayang rajana
entéh, English breackfast-
téa?” pokna deui.
“Naon wé, lah “ cék ku-
ring. Manéhna seuri, bari
sup deuika jero.
Sora seuneu ngalétak
hunyudan bubuk kai,
ngagebos, ngareureuwas.
Karasa rada haneut kana
awak. Sabot nungguan
citéh nu ditinyuh sorangan
ku Arun, kateuteup léntab-
na seuneu, kawas ngaléta-
kan suluh nu anyar dibe
beskeun. Moal bina nga-
léntabna haté pamajikan,
basa ngadéngé kuring ba-
laka yén saenyana bareto
téh geus kungsi rarabi,
malah batianhiji. Kuring
haritanyarita asa balé-
lol.Sanajan meunang
ngabeuweung-ngautah-
keun aya samingguna,
angger teu béntés. Awak
ngadégdég, teuteup pama-
jikan, asa seuseukeut balati.
Ngan cipanonna nu wasa
kedal. Rangkulanana pa-
geuh dina dada kuring.
“Hapunten Kaka,” cék
kuring harita.
Lain rék ngabobodopa-
majikan nu ayeuna, tapi da
kuring mémang kawin
jeung Walinda téh susu-
lumputan. Kolotna teu
doaeun. Status sosial nu
ganjor jeung adat féodal nu
masih dicekel pageuh ku
kolot-kolotna, moal bisa di-
rempak. Padahal cinta geus
meulit muhit, uratan
akaran dina dada kuring
duaan.
“Ieu mah téh tubruk Dar-
jeeling, buatan saya,” cék
Arun ngareureuwas. Sok
citéh sabekong diteundeun
hareupeun, ku manéhna
sabekong.
Suruput diinum saeutik
sanggeusditiupan. Kawas
nu ngarti, kojéngkang Arun
mawa pisin. Dipisinan mah
leuwih téréh kaasaanana.
Enyaan mani marem.Hawa
tiis jeung citéh panas
ngageleser kana beuteung.
Ti luar durukan beuki
ngabebela. Kuring sanggup
muka sarung tangan,
sabeulah. Sok gigireun
citéh.
“Are you hungry too?”
pokna. Kuring unggeuk bari
mésem, rada éra.
Léos manéhna ka jero
deui. Papakéanana kakara
kasidikkeun, geuning mani
randutdut. Cacak urang
dieu mani tilu lapis bajuna,
komo kuring.
Seuneu durukan di luar-
eun warung beuki ngage-
dur. Dina wangwangan
kacipta deui kumaha pa-
nungtungan tepung jeung
Walinda. Manéhna nga-
jakan napak tilas ka tempat
tepung baheula. Di buruan
kalér kampus duaan, sarua
keur meneng kana buku
masing-masing. Teu nyaho
ti mana jolna, bet aya ucing.
Na ari gajleng téh éta mo-
jang ngadeukeutan, ménta
dipanggebahkeun ucing. Ku
kuring paméntana ditedu-
nan. Rada éraeun basa di-
tanya maenya ku ucing
sieun.
“Keun baé naha, lain uru-
san anjeun,” pokna, judes.
Tapi lantaran ucing téh
nyampeurkeundeui, ka-
paksa manéhna dikawal.
Harita da kabeneran sarua
lapar, bareng ngajugjug
kantin mahasiswa. Di kan-
tin, kakara siliwawuhan.
Manéhna nyebutkeun
ngaranna téh, Cinta
Walinda cenah. Bet man-
jang wawawuhan téh. Tem-
pat éta matuh jadi paranti
ngobrol. Ngan di dinya bisa
murakeun kasono téh, da
manéhna mah indit kuliah
dijajap, balik dipapag ku
supirna.Komo sanggeus
kuring nyaho yén di
imahna aya bénténg adat
nu kacida luhurna, hamo
kaléngkahan ku sing saha
waé ogé. Bénténg kuno, nu
ngalarang éta kulawarga
kawin ka luareun dinasti
maranéhna. Nu nyoba-
nyoba ngarempak, kudu
kaluar tina garis panjang
ahli waris, keluarga besar
pengusaha nu beurat
beunghar téh.
“Diusir sapajodogan?
Kejem amat,“ cék kuring
harita.
“Henteu diusir mah, ngan
moal meunang warisan,“
témbalna.
Cinta nu datang teu
pupuntenan, kalah beta-
heun nyayang dina jiwa
kuring duaan. Aya cita-cita
hayang hirup babarengan,
bari apal yén jalan pikeun
ka dinya téh tarahal pisan.
Pék baé mun kuring rék
disebut lalaki teu boga
cedo, mikahayang anak
konglomerat. Bongan cinta
nu nyayang téh kalah méré
kakuatan nu rohaka,
pikeun ngarempak
larangan kulawarga
Walinda. Manéhna kungsi
akal-akalan, nyebutkeun
yén geus kakandungan.
Sugan téh haté kolotna rék
leyur. Teusingna. Kolotna
milih mun enya kitu téh,
pék waé cenah, kawin soré
pegat isuk, batan narima
kuring jadi minantu. Ku-
ring duaan nékad, kawin
lari. Tapi kakara sataun gé
geus karasa sangsarana.
Atuda eukeur mah kuring
kuliah kénéh, katambah-
tambah hirup diuudag
kasieun téh capé nataku.
Teu bisa indit babarengan,
salawasna susulumputan.
Kuring pepegatan, sabada
Si Cikal lahir. Duaan
kapisek neangan duit keur
mayar bidan. Ahirna serah
bongkokan, Walinda mu-
lang deui ka kulawargana.
Kuring neruskeun kuliah.
“Anjeun ahli entéh ogé,
sarua jeung Mr Vikar?”cék
Arun. Kuring ngarénjag,
méh baécitéh nu keur disu-
ruput, képlok. Kuring ukur
unggeuk, ngawadul deui.
Manéhna ngasongkeun da-
hareun sapiring.
“Mr Vikar téh Angga-
wikarta, bos perkebunan
entéh Valinda. Létah kuring
nyebut Wikarta jadi
Vikarta. Mangga dituang,“
cék manéhna bari seuri.
“Ditampi,” témbal kuring.
Jadi ras ka lembur. Kada-
haran téh bet méh sarupa
jeung papais atawa ciréng,
papada tina tipung béas
jeung tipung aci. Manéhna
mah dicoélkeun kana
caigula dina sangku leutik,
kuring mah resep nu asin.
“Geus lila wawuh ka Mr
Vikarta?” cék Arun.
Kuring rada ngarandeg.
Tapi piraku nyebutkeun
can panggih-panggih acan
mah. Komo balaka yén
salakina popotongan. Nga-
jawab téh ngawadul wé,
geus lila. Cék kuring,
manéhna téh salakina dulur
kuring Walinda. Manéhna
unggeuk.
“Ari anjeun babatu-
ranana?”cék kuring.
“Lain, kuring mah pa-
gawé, Mr Vikar mah
salasahiji owner perke-
bunan entéh, dunungan
kuring. Nu matak kuring
ditugaskeun mapagkeun
anjeun ka bandara. Geus
panggih jeung Mrs Valinda,
garwana?” pokna, bari
nyoél gula.
“Acan. Kumaha
kaayaanana ayeuna?”
“Karunya, salirana séép
digorogotan ku panyawat.
Kageulisan anu sakitu
murub mubyarna téh méh
teu nyésa. Ayeuna mah,
deudeuh. Ah, so sadness.
Nu mawi anjeunna alim
ditepangan ku sasaha ogé.”
Kuring ngarandeg,
deudeuh teuing Walinda.
Anjeun teu apal, kuring
kawin ka pamajikan nu
ayeuna, sabada gering
nangtung taun-taun inget
Manglé 2437 19
ka anjeun. Tapi kudu ka
mana nyusul? Ayeuna
Enung alim ditepangan.
Kuring ukur bisa
ngadu’akeun, mugia anjeun
sing kiat. Nuhun, masih-
keun buah haté urang ka
kuring. Apan kuring geus
sapuluh taun ngarangkep
ka pamajikannu ayeuna,
tacan kénéh dipercaya boga
budak, cék haté norowéco
bacéo.
Lantaran nénjo kuring ci-
cing waé meureun, Arun
ngajakan neruskeun lalam-
pahan, ka hotél, bari pami-
tan ka tukang warung.
Cenah kuring kudu saré
heula, sangkan ulah kabu-
lusan. Engké janari rék di-
jemput. Urang nepungan
Mr Vikar, alias Wikarta
Anggaputra, salaki
Walinda, di Tiger Hill.
Cenah Mr Vikar hayang
nyarengan putrana ka éta
tempat, rékningali panon-
poé bijil.
Teu wudu capé leumpang
téh, ngan bubuhan tiis wé.
Teu burung nepi ka hotél.
Sanajan ukur jam-jaman
di hotél, kuring bisa
ngarénghap tina baju kan-
deljeung overcoat. Ramo-
ramo sina bébas tina
sarung tangan. Pemanas
ruangandi éta kamar hotél,
kacida nulungna kana awak
kuring tina kabulusan.Asa
kakara salenyap saré téh,
panto kadéngé diketrokti
luar. Arungeus ngajega di
lawang, makéovercoat, si-
rahna dibuged, kawas sor-
ban, tur maké sapatuboot.
“Are you ready?” pokna.
Kuring ménta idin rék saur
heula.
Sihoréng ti hotél ka ditu
mah bisa kana mobil. Ngan
tiluanjeung supir dina
mobil téh. Kuring jeung
Arun ditukang.Jalan beuki
lila, beuki netek. Di sisi gigir
jalan ngan leuweung nu
katénjo, lamun sakali-
kalieun kahibaran ku
lampu mobil, da poék
kénéh. Mun ti beurang mah
tangtu kaciri rumpilna éta
jalan téh. Ti kajauhan geus
kadéngé sora nu ayeuh-
ayeuhan, jeung sora dogdog
ditakol. Beuki lila beuki
jelas horéng loba nu keur
nyanyi lagu India. Mobil
dieureunkeun lebah
lawang. Kuring duaan taru-
run, supir néangan parkir.
“Is taraf nahin,” cék hiji
lalaki maké jubah bodas
nanya ka Arun.
Kadéngé Arun nanya ku
basa nu teu kaharti ku kur-
ing. Kitu deui jawabanana
sarua teu kaharti.
“What did he say?” cék
kuring.
“We walk on the wrong
way,” cék Arun. Lantaran
salah jalan, kuring muter
deui.
Ieu tempat téh ayana di
luhur pisan, lebah suku Gu-
nung Himalaya. Wangu-
nanluarna rék siga
munara. Cék Arun, unggal
taun sok aya urang Sunda
nu keur aya di India,
nepungan ka Mr Vikra.
Taun tukang mah ti New
Delhi. Kungsi ogé ti Hyder-
abad, Kalkuta, Mumbai,
Bangalore, jeung di
Madras.
“Taun ieu anjeun, “ cek
manehna bari ngaléos, per-
misi rék néangan Mr Vikar.
Ah, Walinda, siga
kumaha anjeun ayeuna?
Minangka panungtung
ngadéngé sora Walinda téh
basa kuring keur di
Bangkok, milu seminar
ngeunaan masalah her-
itage, ditugasken ku dunu-
ngan.
“Tresna? Kumaha
kabarna? Kumisan kénéh,
ari gigi carang kénéh, sok
gétékan kénéh?” Angger,
pananyana mani nyoroscos,
sanajan karasa geter gu-
gupna. Pananyana ukur
ditémbalan ku heemh.
Kacipta panonna nu
cureuleuk, biwirna nu ipis
kayas, pipina nu konéng
enay. Buukna sok ngariab
lamun disingklakkeun,
kaambeu seungit. Irungna
nu mancung sok dipengék,
mun manéhna mengék
irung kuring. Inget kénéh
nanyana téh tutuluyan.
“Ku naon can kawin
waé?” pokna. Enyaan terus
mapay-mapay kahirupan
kuringna téh. Tepi ka nyaho
yén kuring can kawin.
Angger poksang, semu
ocon.
“Atuda hoyong ka nu
siga Cinta. Aya gé jauh di
Amérika,” cék kuring.
“Saha namina?”
“Wynona Rider.“
Manéhna seuri nyeuleukeu-
teuk.
“Angger kénéh waé. Ieu
téh sagalana angger
kénéh?” cék kuring.
“Aya nu robah,” tém-
balna. Manéhna kaciptana
nompokeun HP-na.
Kawasna ka ucing, da di-
sada éong-éongan. Keur
mangku ucing? Apan
baréto mah sakitu sieuneu-
nana ku ucing téh. Eta
meureun nu dimaksud
robah téh.Cinta, siga
kumaha Enung ayeuna?
Sora HP ngirining, asa
ngahudangkeun lamunan.
“Mr Vikar nga-sms, teu
mungkin ka dieu cenah,
hampura, Mrs Walinda
anval, kedah ka rumah
sakit. Ngan aya putrana
nungguan di dieu, saurna
piwarang sareng jeung an-
jeun,” cék Arun.
Kuring ngagebeg, rey
getih asa unggah kabéh
kana sirah. Hawakarasa
beuki tiis, nepi ka irung gé
peurih, tapi teu ieuh dirasa.
Kuring muru tempat nu di-
tuduhkeun ku Arun.
Cenah manéhna diuk
dina kuta nu nyanghareup
ka lebah pibijileun panon
poé. Di dieu mah angin
karasa pisan ngagelebugna.
Sora nu surak, asa ngahu-
dangkeun ingetan ka
mangsa pipisahan jeung
Walinda.Kuring kakara
nempo anak téh keur orok
beureum kénéh. Tangtu
ayeuna mah geus ABG.
Duaan paungku-ungku,
ceurik.
Ti wétan, sumirat mimiti
rék lugay, kakarakatara ca-
hayana, murub mubyar lir
emas sinangling. Kuring
luak lieuk néangan Arun.
Jep sakedapan nu surak
jempé. Méh kabéh ngaréng-
hap. Lalaunan planét nu
teu weléh hurung téh siga
kaluar ti tukangeun gu-
nung. Bray-bray alam pe-
teng mimiti caang.
“Allahu Akbar,” cék ku-
ring.
“Oh myGod,”cek nu
séjén, sorana handaruan.
“Acha guzra, ”kadéngéna
ku kuring, nu surak ambal-
ambalan.
“Namaste lovely sunrise,”
cék nu gigireun.
Nun Gusti, aya ku éndah
étadadamelan. Mani asa
deukeut bal emas téh tina
teuteupan. Sakeudeung
deui mah tangtu kuring
moal wasa neuteup anjeun,
da sérab. Tina sela-sela sora
nu muji kaéndahan éta ka-
jadian alam, karasa aya nu
noél. Basa dilieuk, horéng
Arun jeung budak lalaki,
mani kasép. Angen tutung-
gulan. Antara kadéngé
jeung henteu basa Arun
nyebutkeun, Mr Vikar nga-
jak tepung engké pukul
salapan isuk-isuk, di guest
house-na. Geus teu hayang
tatanya, basa patepung teu-
teup jeung budak. Angen
dulugdugdag, kabawa mo-
tahna rasa. Atuda sagala
nu aya di éta budak téh
lolobana nu kuring,
panonna, irungna, biwirna,
buukna.
“Morning Dad,” cék
budak, tatag naker.Sarérét
katenjo Arunkerung, colo-
hok.
Teu wasa némbalan, da
piceurikeun nyelek kana
tikoro. ***
20 Manglé 2437
C
arita pondok “Jajap nu
Mulang” (Manglé
No.2133), hiji ti antara
sakitu ratus carpon karya
kuring, bisa dianggap
mawa berekah manjang. Mimiti
dimuat dina “Manglé” bulan Méi
2007, kasinugrahan hadiah “Carlih”
(carpon pinilih) “Manglé”. Engkéna
milu ngeusian buku “Kanagan 2”
(2008) nu ngamuat carpon-carpon
pinilih “Manglé taun 2002-2007.
Basa kumpulan carpon “Ceurik
Santri” (Rahmat Cijulang, 1985), rék
dicitakulang ku Geger Sunten (2007),
Taufik Faturohman ménta éta buku
nu ngamuat dua carpon (“Ceurik
Santri” jeung “Tanah Satapak Peu-
cang”) dikandelan. Nya ditambahan
ku “Jajap nu Mulang” jeung “Hujan
Silantang” (sarua kungsi dimuat dina
“Manglé” jeung buku “Kanagan I”)).
Pék téh deuih Déwan Juri Hadiah
Sastra Lembaga Basa jeung Sastra
Sunda(LBSS),2006-2007,netepkeun
“Jajap nu Mulang” minangka carpon
pinunjulIIIth.2007.PinunjulIcarpon
Sisipus karya Deni Ahmad Fajar,
jeung pinunjul II “Kembang Keretas”
karya Ai Koraliati. Carpon Ai sarua
kungsi jadi “Carlih” Mangle, tur sarua
dimuat dina “Kanagan 2”.
Hayang nyaritakeun carpon “Jajap
nu Mulang” lain goong nabeuh
manéh. Ieu mah sakadar babagi pan-
galaman dina perkara prosés nulis éta
carpon. Sugan baé bisa jadi eunteung
keur para pangarang Sunda nu
ngarora, nu geus mimiti renung ma-
kalangan. Apan di antara nu mareu-
nang hadiah sastra LBSS 2006 jeung
2007, rata-rata pangarang ngarora
20-30 taunan, samodél Rizal Sabda,
Atép Kurnia, Ary Ardiana, Tiwi Sonia,
Dhipa Galuh Purba, Nunu Nazarudin
Azhar, Sarabunis Mubarok, jsb.
Saméméh jadi carpon, gagasan
“Jajap nu Mulang” leuwih ti heula di-
tulisdinawangunartikelbasaIndone-
sia. Dijudulan “Partai dan Bahan
Bacaan”. Dimuat dina rubrik budaya
“Khazanah” Pikiran Rakyat (Januari
2007). Ditulis deui mangrupa artikel
dina basa Sunda “Partéy jeung Bahan
Bacaan”. Dimuat dina majalah
“Cupumanik (Maret 2007).
Atuh lamun diitung-itung ti mimiti
mangrupa artikel dina “PR”, “Cupu-
manik”, jeung carpon dina “Manglé”,
carpon pinilih “Manglé” katut “Kana-
gan 2”, jeung dimuat deui dina
“Ceurik Santri” ditambah hadiah
LBSS, “Jajap nu Mulang” geus “nge-
duk” honor ampir Rp 4 jutaan. Gedé
pisan keur ukuran karya sastra Sunda
mah.
Ari nu jadi sumber gagasan éta ar-
tikel nu mindarupa jadi carpon téh,
nyaéta gempungan resmi nu di-
ayakeun dina raraga resés salah
saurang anggota DPR-RI di Garut.
Kuring hadir duméh diondang.
Wakil rayat nu teu jiga rayat (lan-
taran sikep unggah-ungguhna, len-
tong basana, katangén pisan kawas
pejabat luhur) téh, tétéla teu mangga-
pulia nyanghareupan “audéns” Pang-
pangna para mahasiswa paguron
lokal. Meureun tadina mah nganggap
énténg. Bakal bisa nyarita laluasa
sakahayang manéhna. Moal aya nu
ngadebat. Nu matak ti barang naék
kana podium, ngeunah baé medar
rupa-rupa program gawé manéhna,
boh nu geus digarap, boh nu karék di-
rarancang.
Bet ranyong nu interupsi. Nepi ka
moderator kawalahan. Hiji maha-
siswa, budak kénéh pisan, pertentang
nyarita. Ngiritik peureus pisan, boh ka
éta anggota DPR-RI nu ngarasa nga-
wakilan konstituen Garut, jeung
Tasikmalaya (Daerah Pamilihan XI),
boh ka institusi DPR nu pinuh ku ko-
rupsi jeung jalir jangji. Dina nga-
songkeun kritikna, éta mahasiswa
nyutat teori-teori para pakar politik,
sosial, budaya kamashur. Saperti Nic-
colo Machiaveli, John Dérida,
Gramcy, Michaél Focault, Ibnu Khal-
dun, Ché Guavara, jsb. Duka enya éta
mahasiswa téh geus macaan buku-
buku karya pangarang nu ditataan
cikénéh. Atawa ukur kabawakeun ku
usum. Tamba tinggaleun jaman.
Pédahétangaran-ngarantéhmindeng
kawayangkeun kiwari.
Dina ngajawab rupa-rupa kritik, éta
anggota DPR-RI katingal pisan
“grogi”.Aga-eugeujeung gupuy-gapay
ka ditu-ka dieu. Nepi ka mindeng
mengpar tina substansi poko. Beuki
geumpeur barang ku barudak diéak-
éak. Malum mahasiswa di kota leutik,
nu langka manggih pajemuhan badag.
Dina sakalina aya kasempetan, dipaké
mudalkeun angen-angen bébéakan.
Najan teu nonggérak, tina jawaban-
jawabanana kana kritik para audéns,
éta anggota DPR-RI, katingal kurang
wawasan jeung referénsi. Ukur saaya-
aya baé teh enyaan. Meureun pédah
cicing di puseur nagara, sapopoé
ngantor di Senayan, nyangking ka-
lungguhan istimewa, ulah katangar
éléh atah-atah ku urang “pasisian”.
Matak ngangres, sabot ngabayang-
keun, kumaha carana éta wakil rayat
bisa prak ngalaksanakeun pagawéan
nyata dina hirup kumbuh masarakat.
Kana téori-téorina ogé kawas teu
apaleun. Kawas kurang maca. Mak-
lum waktu kapilih, henteu diajén eusi
uteukna. Tapi cukup ku meunang
nomerleutikdinadaptarcaleg,duméh
Lalakon Carpon
Ku H.Usép Romli HM
Manglé 2437 21
deuheus ka gegedén partey.
Ras ka mangsa 40 taunan ka
tukang. Anggota partéy téh, bener-
bener palalinter. Ngawasa masalah,
apal kana teori jeung prakna. Réa
maca. Réa diskusi. Sarta mampuh
nuliskeun gagasan-gagasanana, boh
winangun fiksi (carpon, sajak), boh
non-fiksi (artikel, essey), jsb.
Tokoh Obid dina “Jajap nu Mulang”
mangrupa tipe “urang partéy” nu
masagi. Padahal manéhna ukur
anggota biasa. Dumuk di pilemburan.
Hirup paspasan. Ngan bacaan jeung
bahan bacaanana ngaleuya. Hiji ka-
anéhan keur masarakat umum, lain
baé harita, dalah ayeuna gé sarua kitu.
Dina artikel “Partai dan Bahan Ba-
caan” kuring ngabandingkeun “urang
partéy” (hususna Partey Komunis In-
donesia – PKI), jeung aktivis politik
sabada PKI dibubarkeun (1965). Dina
aspék inteléktualita, jauh tanah ka
langit.Karepmacajeungnulisgé,jauh
gunung ka laut. Di dinya disebutkeun,
aya aktivis pamuda, kapeto jadi
anggota DPRD kabupatén, di imahna
taya buku hiji-hiji acan. Rak jati nu di-
pajang di rohang tamu imahna, ukur
dieusi kasét-kasét lalaguan dangdut.
Nu disebut buku, ukur agénda, gular-
golér pinuh kekebul. Boro-boro buku
sastra jeung budaya, buku nu patula-
patali jeung pangaweruh politik katut
sosial gé teu salambar-lambar acan.
Éta kekentong pamuda leuwih apal
kana bésték bangunan, harga beusi
harga semén, komisi jeung sulap-selip
susulapan duit proyék. Jauh jeung
tokoh Obid nu digambarkeun dina
“Jajap nu Mulang”.
Lamun seug “Obid” teu kaburu
dicerék gara-gara peristiwa G-30-
S/PKI, Séptémber 1965, kuring yakin
manéhna pantes jadi anggota
DPRD/DPR. Sabab pangaweruhna
pepel, wawasanana lega, kutu buku
jeung rajin nulis. Aktivitasna dina
partéy, bener-bener dimangpaatkeun
ku “Obid” keur ningkatkeun kapin-
teran, kaparigelan jeung kamampuh
nyeuseup aspirasi rayat. Nu matak
“Obid” cicing di pilemburan, kawasna
ngahaja ditugaskeun ku partéyna
sangkan deukeut ka rayat.
Ayeuna mah apan, calon wakil rayat
téh, karéréanana urang pakotaan.
Ukur hiji dua “urang lembur” bari
jeung sapopoéna mah cicing di kota
deuih.Teu sakulah-sakolih dina kany-
eri kapeurih urang lembur nu aya di
wewengkon “nanggerang lila caang,
nanggorék lila poek”. Urang suklak
urang sikluk nu gulet jeung kamiski-
nan katut kabodoan.
Ras deui ka Wira, hiji tokoh nyata
taun1950-an,urangSeungkeu,Banyu
resmi, Garut, kuloneun Situ Bagendit.
Sapopoé nyieun pariuk atawa anyam-
anyaman. Tapi apal kana seluk-beluk
politik, sabab keur ngorana (taun
1920-an), getol milu masamoan dina
acara-acara “pahadréng” (verharding)
atawa diskusi, nu diayakeun ku
Sarikat Islam (SI), nu mindeng dilu-
uhan ku HOS Tjokroaminoto. Basa SI
pecah dua, jadi SI “Beureum” (kapan-
gruhan ku paham sosialis-komunis)
jeung SI “Hejo” (panceg dina ideologi
Islam), Wira milu ka SI “Beureum”.
Bari ningkatkeun pangaweruh politik
ngaliwatan kursus-kursus jeung “pa-
hadréng”, Wira teu incah balilahan.
Tetep tumetep di Seungkeu, jeung
satia kana proféssina nyieunan katut
ngadagangkeun pariuk, atawa anya-
man.
Kahébatan Wira dina ngawasa teori
politik jeung praktek paham sosialis,
dipujikuSutanSyahrir.Ieukekentong
Partey Sosialis Indonesia (PSI), jeung
Perdana Mentri munggaran Republik
Indonesia, nganggap Wira minangka
guru politik jeung guru sosialisme,
sakumaha diungkab dina buku
“Hidup dan Pejuangan Sutan Syahrir”
(1982) karya Rosihan Anwar. Dina
usum kampanye pemilu 1955, Syahrir
dibarengan ku sawatara kekentong
PSI – di antarana Ahdiat Kartami-
hardja (pangarang roman Atheis nu
kamashur) – kungsi nganjang ka Se-
ungkeu. Adi Wira, Sastra, kapilih jadi
anggota konstituante (MPR) hasil
pemilu 1955. Wira mah teu pipilueun
ribut jadi anggota parlemén (DPR)
atawaMPR.Tekunjununwaenyieun-
an pariuk jeung anyaman di lem-
burna. Padahal mun daék, moal hésé
muntang ka Syahrir nu ngarasa jadi
muridna.
Jauh mela-melu jeung sobat kuring
nu jadi anggota DPRD jeung anggota
DPR nu keur resés téa.
Duka teuing lamun karep maca
jeung nulis hirup nanjung mah,kawas
jaman “Obid”. Lamun daék namba-
han pangaweruh samodel Wira mah.
Henteu ukur ngandelkeun konéksi
(kolusi) atawa hubungan kakulawar-
gaan(népotisme),sakumahakajadian
kiwari nu geus ngajurus kana “Politik
Dinasti”. ***
22 Manglé 2437
K
aasup alus
milik, basa
Wija isuk-isuk
datang ka
imah Haji
Dédé, kasampak keur aya.
Malah témbong nyalsé,
Haji Dédé keur maca koran
dina téras hareup. Biasana
Haji Dédé mah jarang di
imah, hésé hayang panggih
téh, ma’lum pangusaha nu
keur meumeujeuhna nan-
jung.
“Aéh, geuning urang kota
téh aya kénéh di lembur?”
cék Haji Dédé bari nilepan
koran.
Wija ngahéhéh bari nyo-
longkrong ngajak sasala-
man.
“Batur mah nu marudik
téh geus baralik deui ka
kota, ari manéh Ja, naha
aya kénéh di lembur?” Haji
Dédé mencrong Wija.
“Muhun, Pa Haji... Abdi
mah moal ka kota deui da...
badé teras di lembur wé
ayeuna mah... horéam ka
kota deui téh abdi mah...”
Cék Wija. Haténa mah rada
éra nyarita kitu téh.
“Sukur atuh ari geus
bumetah di lembur mah...
teu kurang-kurang sumber
kahirupan mah di lembur
gé... sukur lah, bungah lem-
bur nambahan deui warga,
moal tariiseun teuing ditar-
inggalkeun ku nu naréan-
gan kipayah ka kota...”
Wija nyéréngéh.
“Namung da abdi mah
kapaksa, Pa Haji...”
“Har, kapaksa kumaha?
Mun teu salah ngitung mah
Wija téh usaha di kota geus
aya kana lima welas
taunna... meureun meu-
jeuhna geus boga bekel
keur hirup di lembur... pi-
raku rék saumur-umur
usaha di kota waé, teu inget
balik deui ka lembur.”
“Nya muhun nu saruksés
mah Pa Haji... nu nasibna
saé sareng arageung modal
mah mendakan kasenan-
gan usaha di kota téh. Abdi
mah ukur tinggal daki wé di
kota gé...” cék Wija. Luk
tungkul.
“Euh, kutan kitu nya?”
“Sumuhun, Pa Haji.”
“Enya kétang nya, nasib
meureun nu kita mah... tapi
kétang pan cenah nasib
mah bisa dirobah, nya?”
Wija unggeuk.
“Hartina nasib mah
kumaha patékadan urang.
Mun urang kuat tékadna
dina ngarobah nasib, nya
nasib gé bisa robah. Lamun
teu kuat atawa satengah-
satengah tékad urangna,
meureun nasibna gé moal
bisa robah.”
Wija ngeluk deui waé.
“Atuh soal modal, ah kur-
ing apal Ja urang dieu nu
sukses usaha di kota. Itu Si
Sapri tina ukur dagang baso
dina roda pan ayeuna mah
cenah bisa meuli ruko. Da-
gang basona gé di ruko aye-
una mah. Padahal mun
dipikir tina modal dagang
baso dina roda mah,
sabaraha gedé modalna,
sabaraha untungna? Tapi
meureun manéhna mah
apik bakat hayang
ngarobah nasibna.”
Teu lemek, Wija beuki
ngeluk.
“Si Toha deuih, tina supir
angkot ayeuna mah jadi
juragan angkot. Si Udeng,
mimitina buburuh ngaduk,
ayeuna mah bisa jadi pem-
borong.”
“Muhun pan nu sanés
mah, Pa Haji... saraé mi-
likna. Abdi mah angger wé
petot kahirupan téh...” cék
Wija karék némbalan.
Haji Dédé ngahéhéh.
“Ah, ulah dipaké leutik
haté, Ja... encan Wija
mah... pan cék kuring gé
nasib mah bisa dirobah asal
kuat tékad dina
ngarobahna. Teu di kota
teu dilembur pikeun jadi
jalma sukses mah taya ha-
halang. Modal usadaha jadi
halangan. Réa jalma nu
tadina modal leutik tapi ari
bisa mah ngatur bet jadi
beunghar. Kuring gé cicing
di lembur, lain agul Ja, cék
batur mah pan disebut suk-
sés.”
“Sumuhun...”
“Terus, Wija ayeuna di
lembur rék usaha kana
naon?”
Méméh némbalan Wija
ngarénghap heula.
“Nyaéta Pa Haji, abdi téh
teu acan gaduh totoongan
badé naon-naonna. Na-
mung saheulaanan mah
mamanawian abdi téh badé
nyuhunkeun tulung ka Pa
Haji, manawi aya padame-
lan nu tiasa dipidamel ku
abdi...” cék Wija neger-
neger manéh ngomong sa-
kitu gé. Rumasa éra geus
kapeupeuh ku omongan
Haji Dédé cikénéh.
“Ah, éra ngagawékeun
urang kota mah...” Haji
Dédé ngahéhéh.
“Teu kenging kitu Pa
Haji... sing hawatos wé ka
abdi...” beungeut Wija
ngadadak nyiak beureum.
Éra.
“Emh, hampura kétang
Ja, heureuy kuring mah.
Nya ari arék buburuh di
kuring mah pék waé...
kabeneran aya tilu mobil
treuk nu nganggur euweuh
supiran téh, supirna ka
karota, bisa nyupiran kénéh
lin?”
“Tiasa, atuh Pa Haji...
pan di Jakarta gé abdi
nyupiran damel téh...”
Témbal Wija giak.
Nu teu Mulang Tas Lebaran
Carpon Ena Rs
Manglé 2437 23
“Nya atuh mimiti isuk wé
gawéna. Kabeneran tas
lebaran téh loba order
ngangkutan batu ka proyék
perumahan di Cisaga. Asa
kabeneran, teu kudu riweuh
néangan supir. Mobilna nu
Z 7610, Ja... Jagjag mobilna
mah... tapi jig wé ilikan ku
sorangan. Kenékna Si
Hamid... apal ka Si Hamid?
Éta anakna Mang Cécé...”
“Terang, Pa Haji...”
“Enya, jig wé ilikan mo-
bilna.”
Sanggeus nganuhunkeun
ka Haji Dédé mah, Wija
ngoloyong ka garasi mobil
Haji Jaja. Aya tilu mobil
treuk nu ngabagug di garasi
téh. Nu séjénna mah tangtu
keur jaralan, da réa mobil
treuk Haji Dédé téh. Mun
teu salah aya kana tujuh
belas sikina.
Wija nyampeurkeun
mobil treuk nu nomer
polisina Z7610TB. Enya jiga
jagjag kénéh. Tina cetna ogé
katempo mulus, bubuhan
asak piara meureun. Kala-
cat naék kana mobil, konci
kontak ngagantung. Jegur
dihirupan, Didédengekeun
sora mesinna.
Enya, jagjag ieu mah, ge-
rentes Wija. Teu lila mesin
mobil dipareuman. Jrut
turun, tuluy taang-toong ka
kolong mobil, nempoan
handapan. Per aralus, taya
nu potong. Ban sakitu gar-
aling kénéh. Tinggal mecut
wé.
**
Mulang ti Haji Dédé teu
tuluy mulang ka imah. Tapi
méngkol ka pasawahan. Nu
ditujuna taya lian saung
sawah nu bapana.
Panonpoé keur meu-
jeuhna manceran. Keur
usum halodo, tapi sawah
lembur manéhna mah taya
nu kagaringan da boga iri-
gasi nu kawilang kuat caina.
Paré keur meumeujeuhna
héjo, sawaréh témbong
mangsa rareuneuh. Angin
rada tarik nebak awak Wija.
Anjog ka sawah nu ba-
pana, Wija tuluy muru
saung. Gék diuk. Késang re-
nung dina tarangna. Tapi
késang nu karasa haneut
kana awak, lain késang lan-
taran baringsang ku panas-
na hawa Jakarta, tempat
manéhna nyiar kipayah we-
lasan taun ka tukang.
Gék Wija diuk dina
talupuh saung. Nempo ka
jauhna satungtung nga-
plakna sawah. Karasa
tingtrim. Nu keur ngalongo-
kan sawah parentul na ga-
lengan. Ti beulah wétan aya
manuk kuntul ngalayang
muru wates pasawahan.
Pikiran Wija ngacacang
ka waktu nu geus kaliwat.
Mangsa manéhna usaha di
lembur. Keur meumeu-
jeuhna paheuras-heuras
bitis di Jakarta mah. Gawé
jadi supir Mayasari, hawa
panas, macet teu anggeus-
anggeus... hhh, najan geus
teu dilakonan deui bet ku
manéhna masih kénéh
karasa capéna, ripuhna...
dipikir-pikir ayeuna mah
uyuhan wé bisa tahan
welas-welas taun kitu.
Keur Wija, omongan Haji
Dédé tadi téh asa nyindiran
ka manéhna. Enya batur
mah sarukses, ari manéhna
mulang ka lembur téh nga-
gilincing. Ladang usaha
béak keur kahirupan sapo-
poé. Bisa neundeun gé teu
sabaraha. Nu diancokeun
téh ukur keur lebaran.
Bubar lebaran, teuteundeu-
nan gé bubar, érép pisan.
Nganjrek di imah kon-
trakan saumur-umur. Teu
cara batur, bisa meuli imah
di Jakarta. Bisa barangbeuli
di lembur, meuli kebon,
meuli sawah.
Bisa ngagedéan usaha.
Bisa ningkat pacabakan. Ari
manéhna supir wé saumur-
umur. Bororaah bisa cara
batur. Wija ngarénghap.
Mun palid dina kahirupan
kota manéhna mah rumasa.
Jiga jalma beunghar, kana
kadaharan teu disungkeret,
naon waé nu hayang dia-
saan. Kana kahirupan peu-
ting kota Jakarta teu
tinggaleun. Kana meuli
pakéan teu kapetolan. Ka-
jeun duit béak da isuk gé
bisa néangan deui.
Ayeuna karasana. Hirup
taya robahna. Karunya wé
anak pamajikan. Kikiriman
ka lembur téh taya leuwi-
hna, saat sésa manéhna di
Jakarta. Taya keur nambah-
nambah pangaboga. Sabu-
lan béak, sabulan béak.
Nepi ka kolotna gegelen-
deng. Majar téh keur naon
usaha jauh-jauh teuing ka
kota ari hasilna taya pun-
julna mah. Nyupiran mah
di lembur gé réa ieuh nu bo-
gaeun mobil. Asal daék
ngadunungan ka batur.
Dipikir dibulak-balik, bet
karasa benerna. Matak dina
lebaran ieu, batur baralik
deui ka kota, Wija mah
nguatkeun tékad pikeun
bumetah di lembur.
Kumaha waé resikona...
najan enya asa rawing ceuli
ku nu nanya; naha can ka
Jakarta deui, naha di lem-
bur kénéh?
Sakuduna mah mualang
bumetah deui di lembur téh
geus kari ngahunang-nga-
hening. Boga bekel nu kan-
del. Boga modal. Boga keur
jalan usaha anyar. Ladang
welas-welas taun usaha di
Jakarta. Tapi manéhna
mah: nol pisan téh lain
babasaan. Kahirupan di
lembur ayeuna nya nga-
mimitian ti enol deui waé.
Kaduhung bener-bener
kaduhung, naha keur
sumanget usaha di Jakarta
aing teu apik, ngadon ham-
bur, gerentes haté Wija.
Coba mun apik, coba mun
prihatin cara batur, coba
mun boga tékad kuat
ngarobah nasib... meureun
moal kieu ieuh. Mangsa
geus capé, mangsa geus
bosen ku kahirupan
Jakarta, mulang ka lembur
téh bati bingung. Dasar...
ah... Wija garo-garo teu
ateul.
Batur mah saruksés
usaha di Jakarta téh. Ari
manéhna?
Encan Wija mah...
omongan Haji Dédé nong-
toréng deui. Wija ngoréjat.
Aya nu nguniang dina
dadana. Enya, encan aing
mah. Ngan jigana kudu di
Jakarta. Kudu di lembur
sugan, sangkan kahirupan
robah téh... haté Wija
norowéco.
“Kang Wija...” aya nu
ngageroan.
Wija ngalieuk. Horéng
Hamid, nangtung di lu-
areun saung. Teu kadéngé
jolna.
“Aéh, Mid... rék ka
mana?” Wija nanya.
“Ngahaja milarian Kang
Wija. Tadi ditelepon ku Pa
Haji Dédé, cenah enjing
mah jalan jeung Kang Wija
da badé damel di anjeun-
na.” Ceuk Hamid.
“Enya, Mid. Daék lin
buburuh bareng jeung ku-
ring?”
“Atuh kantenan, Kang.
Bungah wé nu aya. Tos sa-
bulan abdi mah teu bubu-
ruh da taya supir. Ayeuna
aya Kang Wija, deuh... bu-
ngahna béh ditueun ti bu-
ngah. Abdi tiasa buburuh
deui... teu genah nganggur
téh, Kang.”
Wija nyéréngéh. Haté
manéhna gé bet milu bu-
ngah. Aya harepan anyar nu
mimiti ngeusian haténa.
Rék diniatan ngarobah
nasib. Rék ditékadan
kalayan rosa. Sangkan bisa
jiga batur... najan teu ka
kota. Najan di lembur. Moal
jadi halangan.
Teu karasa waktu geus
tangangé. Panon poé
morérét. Angin rada tarik,
sora daun paré nu katebak
kadéngé ngérésék.***
Lembur simpe,
Agust 2012
24 Manglé 2437
T
euing ti iraha
jeung saha mimi-
tina nu méré
ngaran éta tegal
ku ngaran Tegal
Mati téh. Teuing duméh
lahan pangureban, teuing
cenah baheula mah taya nu
wani cacab-ceceb tutuwuh-
an kajeun ngajejembrung
paselang reujeung tutung-
gul. Heueuh mati tea, alias
teu ngahasilkeun. Mana-
sina ayeuna moal-moal
acan wawuh ka nu nga-
ranna amit sun. Ketang di-
rarab mah teuing ku sare
rem ngaran wewengkon
Bandung pawetanan harita.
Coba wé Leuwi Boéh, Seke
Jurig, Bojong Dedemit, Bo-
jong Podol jeung naon deui
lah. Harita usum katiga,
reup peuting tangka com-
rék. Salelembur numpi taya
nu pirajeunan ngulam-
preng, kalah ka pos ronda
wéh ngajalegir tengah lem-
bur jeung di wates tung-
tung lembur.
Ari simanahoréng aya anu
maot anyar dikurebkeun di
Tegal Mati. Nu matak hélok
tur ngondang kapanasaran-
an téh cenah saban tos
ngurebkeun kudu wé kabé-
jakeun némbonganana
jurig beungkeut tilu. Kitu
baréto mah nelahna, mun
ayeuna mah pocong tea.
Jurig béntang filem
pangngetrenna, sumber
bobojegan dunya bobo-
doran malah jadi bobonde-
lan dunya intertainment nu
boéhna waé dijarieun bu-
sana pikalucueun carek
maranéhna mah. Padahal
naon pikalucueunana? Nu
sidik mah nyiptakeun bo-
rangan massal ti kelas
bebenjit tepi ka aki-aki
jeung nini-nini. Teuing
kumaha pipikiranana.
Lembur sabudeureun
Tegal Mati harénghéng
cakueum, Mang Ejeng teu
sirikna neumbrag panto
imahna bari walahwah-
weuleuhweuh moal ngali-
wat deui ka jalan Tegal
Mati da katangen pisan
dina saung pasaran aya nu
sidengdang ucang-ucang-
an, makhluk sarwa bodas
kukuncungan.
Mang Jamprang kitu
deuih. Mas Nasro tukang
baso nyakitu dipegat jurig
kukuncungan cenah. Atuh
Kang Juju ginggiapeun tepi
ka ayeuna, cenah pas nyu-
kang sasak awi anu ne-
pungkeun Tegal Mati
reujeung palemburan. Dina
tangan-tangan sasak
kasampak jurig kuncung
beungkeut tilu keur ucang
anggé.
Malah kungsi geunjleung
basa jalanan Tegal Mati di-
paké shooting filem horor
peuting-peuting, ana
diroris dina monitor bet
aya anu aclok-aclokan
nutur-nutur artisna. Isukna
gancang pupuhu kru filem
ngadatangan Bah Aih sa-
balad-balad nu kapeto
kuncén ngarangkep
pawang lelemes alias dunya
lain. Ku kituna pésak si
Abah tangka merekis,
encan peperet sasajén nu
disayagikeun sababarah
nyiru mah. Ditambah
sasajén karuhun modern
kayaning inuman teurab,
inuman nyereng jeung ci
enen sapi.
Si Abah gé tara hawek,
urusan peperet mah sok
diémbratkeun ka para anak
buahna; Kang Oyong, Kang
Saridi jeung Si Obos, grup
lengger ‘pembasmi’
sasajén. Lumayan kaala
tanaga maranéhna téh di-
sagedéngeun kurad-koréd
ogé biro jasa dunya lian.
Ngan nyéta ku ngalalo-
nyéngna, Kang Oyong diti-
tah adan mapag mayit
kalah ka ngaréngkol di jero
bangkarak pasaran.
Kang Saridi masket pisan
kana kuda lumping. Aturan
keur ngali kuburan gé,
ngaliwat wéh abringan
kuda lumping, na da nga-
belecet nuturkeun, ngadon
ririgigan sajajalan. Atuh Si
Obos nalika bapana sora-
ngan keur papanganténan
jeung indung téré anyar teu
kireum - kireum ngadon
ngintip, ngahéphép di ko-
long risbangna.
Enyan aya ku leuwih Si
Obos mah, éta wé basa keur
kerja bakti padat karya, ku-
rumuy ti nu bala diabring
balad-baladna bari ngagigi-
wing cenah ceuk manéhna
anak kelenci beunang bebe-
dil, mémang enya da bari
nyorén bedil cuklis. Geus
disisit jaba geus euweuh
huluan diasongkeun ka
ibu-ibu sina disiksikan laju
ditaliiran ajangkeuneun
bapa-bapa nu keur diga-
rawé ngecor jalan kam-
pong. Sawatara kaom ibu
ngagebér saté, nu digarawé
arerror pating laliud. Kang
Otoy tangka ngacay bakat
ku uruy, Kang Moses nu
geunteul tikorona elok-
elokan, kari ngadudut gé
piraku teu ngagorolong.
Bayangkeun wé, keur
capé bari lapar tengah poé
éréng-éréngan ngambeuh
girinyih saté, piraku teu
kokosodan. Teu salabar,
brak wéh dalahar dina
daun cau. Kéjona beunang
ngeduk ti dapur RW, da
pan prinsip rayat Endoné-
sia mah; banda RW banda
rayat, banda rayat cadu
banda RW.
Ana soréna sanggeus
leleson di arimahna ma-
sing-masing, sakur nu nga-
hempol sate taya nu ba
balongkéngan da sihoreng
nu disaté téh… beurit.
Peuting keur reyem-
reyem , Bah Aih rerencepan
ka pakuburan Tegal Mati,
ngingkig sorangan teu
mawa balad. Biasa job
nyekar pleus nyebor hi-
rasan kulawarga nu kapa-
paténan tilu poé katukang.
Lain teu ngadéngé haréng-
héng isu jurig pocong, lain
pédah teuneung ludeung
Jurig Beungkeut Tilu
Ku Emha Ubaidillah
Manglé 2437 25
ogé lain teu ngahodhod
katirisan duméh tukuh wé
kana pancén. Ari srog ka ja-
jalaneun lebah saung
pasaran. Gebeg ! sidik pisan
hareupeunana aya nu nga-
gaclok sing sarwa bodas
lebah sirah wéh kukuncu-
ngan.
“Deuleu ituh, ieu
geningan jurig kuncung
téh!” kagét-kagét ogé Bah
Aih ngagerenyem. Teu bu-
rung jantungna eundeur,
guyan gayun badis jam ban-
dul buatan Walanda. Saki-
lat awakna malik bari
matek aji lengkah sarébu
ngan teu sadar botol orson
nu dieusi cai kapang-
pengkeun meneran pisan
kana beungeut si jurig be-
ungkeut tilu. Bareng jeung
soara ngowowong, Bah Aih
ngabelesat di tempat alias
kokoséhan.
Pangrasana geus dina
golodog imahna. Jigahna
ajian léngkah sarébuna teu
metu, camal gara-gara
tamarakan ngahakan saté
beurit. Bah Aih ngarandeg,
anéh… aya jurig bet nga-
goak? Pudugdug kawanina
bijil, serebét jekok-jekok
peureup kahotna ngareu-
ceuh awak jurig si kuncung,
teu kaliwat beungeut jeung
palangkakanana. Enya gé
peureupna teu sagedé
peureup Chris Jhon tapi ari
mindeng kaasahna ku
citakan bata mah, jurig be-
ungkeut tilu gé tangka nga-
rihreuh kocéak dengék.
“Ampuun… ampuun,
uing ieu mah!”
Bah Aih teu ngawaro
beuki wani, posisina asa di
atas angin. Ceuk pikirna éta
si jurig kuncung téh geus le-
ungit kasaktianana. Heueuh
pan meureun bisa ngaleu-
ngit pantesna gé, cenah di-
tonjok gé sok ngeplos jaba
kudu cicikikikan lain aduh
alah. Si jurig kuncung da-
dayagdagan, kudawet gebru
weh nambru. Sedeng Bah
Aih ngawangun kuda-kuda
ala si Burusli, kadé lain pa-
majikan Pa Rusli.
Aing moal méré hojah
deuleu ceuk keretegna. Da
jeung enyana peresis Mik
Tisen ngaragragkeun si
Toni Tubb atawa Muhamad
Ali nganfaskeun si Joe Nor-
ton. Kerewek kana talutug
nu nanggeuh dina tihang
saung bari kabayang isuk
beurang baris guyur
salelembur éar sajajagat;
Bah Aih pawang sakti
nalukkeun jurig pocong
Tegal Mati. Dina kover
Koran Pe er jeung Gala
baris ngajeblag pangge-
dena; Bah Aih penakluk
pocong. Atuh Kang Eca ti
Mangle moal cicingeun
bakal ngamuat carita silat
jawara sakti ti Tegal Mati.
Kang Aan MP geus pasti
nulis sasakala Pocong Keok.
Jigana Ceu Aam ge moal
kakantun ka-inspirasi
nyieun novel; Cinta Dalam
Seutas Tali Pocong. Paling
heunteu upama si jurig
kuncung geus teu walakaya
rék digusur ka buruan
imahna dibeungkeut dihiji-
keun jeung tangkal kalapa
sedeng si Rw Fajar sina
ngumumkeun kana sapiker
masigit tapi saméméhna
geus disiapkeun kéncléng
saridona lima rébu ka
luhur.
Teu kabayang mun
sapoena saratus pangun-
jung kali lima rébu, sami-
nggu sabulan sataun kali
lima rébu, samilieur wé
pokona mah. Komo ayeuna
usum internet, kari ngik-
lankeun. Kabina-bina teu-
ing, moal éléh ku si Ponari
urang Jawa. Inget ka dinya,
Bah Aih teu ngengkékeun,
rikat ngaheumbatkeun talu-
tugna. Tapi….
“Ampuuun Bah!... Ampu-
uun, ieu mah uing!”
Si jurig kuncung
ngaweuleuhweuh kenceng
naker bari nguniang hu-
dang, leungeunna pakupis
ngudar taregos kuncungna.
Bah Aih ngarego, nyentok
paneunggeulna ngan baé
rada nyangkiweng, gebro
weh kana tangkal jarak.
“Hahh!... Silaing Obos?”...
pokna reuwas kareureuh-
nakeun, bréh beungeut si
Obos, tarangna nu nong-
nong ti kudrat tangka nyo-
rondoy sababaraha senti,
atuh irungna jadi mancung
ka jero. Biwir wéh ngabu-
laéh kawas keur nyeupah,
nya teu aya kajaba korban
“keganasan” peureup kahot
bogana Bah Aih.
“Jadi…jadi…nu geus
ngageunjleungkeun lembur
téh, silaing nyah?”
Nu ditalek merekpek
unggeuk. Kituna bari lewa-
lewé sawatara leungeun
kéncana nyangkéh
palangkakan, paur ngage-
clik sigana mah.
“Ari silaing… Obos…
Obos!”***
Panglawungan 13,
Juni 2013
26 Manglé 2437
B
aju lungsuran
bawa Euceu
ngalumbruk
dina luhureun
samak. Rupa-
rupa, aya erok, kaméja,
calana panjang, calana son-
tog, ka kamprét kampret
aya. Éta kabéh téh bawa
Euceu, paméré dunungan
Euceu di dayeuh. Bagéur
cenah dunungan Euceu téh,
mana ning teu pindah-pin-
dah ngadununganana téh.
Padahal geus aya tilu taun-
na laladén di dinya téh.
Da enya, karasa ku ku-
ring saréréa gé, unggal
lebaran saimah-imah
kabagi papakéan. Lain waé
lungsuran, tapi nu weuteuh
gé, aya. Komo keur kuring
mah aya meunang dua setél
nu weuteuh wungkul téh,
tacan nu lungsuranana,
leuwih ti cukup. Mana sa-
taun campleng tara meuli-
meuli pakéan.
“Geura ajaran Ujang tah
baju anyar téh, cukup hen-
teu? “ ceuk Euceu bari nyo-
dorkeun kaméja weuteuh
nu aya kénéh mérekan.
Kaambeu seungit toko.
Baju ditampanan. Rap
dipaké. Ema mencrong
kana beungeut. Kuring nga-
balieur. Naon maksudna
Ema nempo ka kuring?
Kasieunan kuring nanya-
keun deui Bapa kitu?
Moal, kuring moal
nanyakeun bapa. Sabab
geus rébuan kali nanya-
keun bapa, Ema kalah sok
rambisak.
“Iiiih ari Ujang kalah
ngahuleng, lain geura rap
paké, méh kanyahoan
gedé leutikna. ” Ceuk
Euceu teugéug.
Gancang baju dipaké.
Pas pisan na awak. Ema
jeung Euceu marelong.
“Meujeuhna géuning.
Bisaan ngapasna lanceuk
Ujang mah” ceuk Ema
daria. Euceu dipuji téh
nyéréngéh wé.
“Baju baju lungsuran
mah teu kudu diajaran, da
pasti mareujeuhna, apan
anak dunungan téh awak-
na sarua jeung ujang.
Ngan itu mah kulitnabere-
sih teu hurik kawas Ujang.
” Ceuk Euceu ngabanyo-
lan.
“Nya enya atuh béda
nya, Jang . Itu mah
ulinna gé moal leledugan
moal papanasan kawas
Ujang. Cicing dijero gé-
dong. Mun kaluar
kaiuhan da dimobilan.
Deuk hurik kumaha ?”
ceuk Ema mangmeu-
nangkeun. Kuring seuri
konéng.
Mun Euceu teu gawé
mah, kuring moal bisa
maké baju weuteuh, moal
bisa boga salin lungsuran
paranti ulin, meureun
kawas si Nana wé, ukur
mamaké calana rabet
jeung kaos nu geus siga
pangutahan lalay. Tapi da
Euceu mah bagéur ka si
Nana téh, sok méré baju
lungsuran unggal lebaran
gé. Pikarunyaeun si Nana
mah, najan enya gé ba-
pana aya tapi da tanpa
daksa, gémpor geus nau-
nan. Da asalna mah hen-
teu kitu, biasa wé jagjag
belejag, sok buburuh
ngabedug. Sok pada
ngahiras ku nu jaregud,
da hampang birit. Ngan
basa si Nana karék sup ka
esde, bapana géring
parna, bulan-bulan.
Cagéur deui geus diubar
aber téh, ngan sukuna jadi
lumpuh teu bisa leum-
pang. Pajar ceuk si Nana
mah kausap korod. Ah,
naon patula patalina gém-
por jeung korod? Ah dasar
si Nana ka kolot téh.
“Ma, kari meuli sarung
jeung sendalna keur si
Ujang téh. Isuk wé Ema
ka pasar, bari sakalian
meuli béas ketan hideung,
urang meuyeum. Pas mun
isuk meuyeum téh, tilu
Carpon Holisoh ME
Dulag Pamungkas
Manglé 2437 27
poé. Lebaran bisa didahar,
“ ceuk Euceu bari ngaje-
wang kantong leutik nu di-
tunda gigireun kuring.
Pasti nyokot duit.
Tuh da enya wé, Euceu
nyokot lokét tina kantong-
na. Sok mikeun duit nu
bareureum tilu lambar.
Mani ngadaregdeg Ema na-
rimana téh.
“Syukur Nyai , mani
sagala diurus ku nyai. Ti
mimiti dahar nepi ka kabu-
tuhan lebaran, Nyai nu
nanggung. Hampura Ema,
“ ceuk Ema bari carinakdak.
“Keun waé Ema tong jadi
pikiran. Da uing gé rido
lilahi taala. Meureun mana
dunungan nyaaheun gé ka
uing, éta téh du’a Ema. Eu-
wéuh du’a ti indung mah
uing téh kawas si Cicah
gawé pipindahan dunun-
gan, da garalak. ” Ceuk
Euceu daria.
“Heueuh da sakuduna
mah Nyai téh lain bubujang.
Kahayang mah Ema mah
sakola. Sugan wé ari pinter
mah moal kawas kolot ukur
tukang buburuh ngabedug.
” Sora Ema mani ngahelas
kadéngéna téh. Kuciwa ku
dirina meureun, teu bisa
nyakolakeun anak.
Da pasti lah Ema téh
sarua jeung Ema Ema nu
séjén, hayang kahirupan
anak leuwih undak batan
kahirupanana. Hayang
leuwih palinter méh bisa
ngarobah nasib saréréa.
Ngan ku teu daya teu upaya
angen-angen Ema téh teu
kahontal. Karunya.
“Aaah, keun baé Ema
tong dipikiran. Geus nasib
meureun urang mah
hirupna kudu kieu. Dipiki-
ran mah ka géring géring
awak. ” Sora Euceu kacida
datarna. Bangun teu boga
beban. Kadéngéna téh enya-
enya pasrah kana perjalan-
an hirup. Ema ukur
ngarénghap.
“Hayang hayang teuing
mah boga anak sakola, keun
ku uing si Ujang urang
sakolakeun sing luhur. ”
Ceuk Euceu deui semu ngu-
pahan Ema.
Leuh, mani bungah
ngadéngé Euceu deuk
nyakolakeun téh. Bungah
pisan. Irung gé asa deuk
ngapung. Sugan wé mun
sakola luhur mah, bisa
neangan bapa nu indit ti
imah basa keur kuring
umur sataun.
Da bongan, mun nanya-
keun ka Ema mah tara nga-
jawab, ukur dijawab ku
cimata. Nanyakeun ka nini
sarua ukur dijawab ku
cimata. Ari nanyakeun ka
Euceu mah pasti ingét , da
harita basa bapa ninggal-
keun téh Euceu geus umur
lima taun. Ngan Euceu
moal daék ngajawab, najan
dipaksa paksa gé, kawas nu
trauma. Malah jiga nu
hayang mopohokeun kana
éta kajadian.
Jadi bapa téh ninggal-
keun ieu imah geus dua
welas taun. Lin waktu saeu-
tik welas-welas taun téh.
Pan ayeuna kuring geus
kelas génep, geus tilu welas
taun, Euceu geus tujuh
welas taun.
Nyaan geus lila nya. Mana
pantes mun kuring nanya-
keun bapa geus rébuan kali
téh. Komo mun diitung
jeung nu unggal lebaran
kuring nanyakeun bapa
mah, leuwih ti sarebu kali.
Pan unggal rék puasa atawa
piisukaneun lebaran,
mangsa dulag pamungkas
pasti kuring nanya ka Ema,
deuk balik moal si bapa téh?
Sabab teu weléh nepi ka
dulag pamungkas mah
masih kénéh aya harepan
Bapa balik.
Tapi luput, diarep-arep
nepi umur kuring tiluwelas
taun, bapa teu datang waé.
Ah, boa lebaran ayeuna
mah datang deui. Saha nu
nyaho, si Bapa ngarasa
sono ka kuring.
Rébuan kabungah, ka-
bagja, kasuka, pacampur na
jero dada. Tangtu lebaran
ayeuna si Bapa datang.
Tangtu datang.
“Ku naon Ujang seuri so-
rangan?” ceuk Ema bari
kerung.
Gebeg, haté ngaranjug.
Reyyy beungeut asa
beureum, kaéraan.
Ngalamun téh jero-jero
teuing, nepi ka asa enya,
bapa deuk datang lebaran
ieu. Haté asa yakin pisan.
Kapédéan, awahing ku geus
hayang geura gok jeung
bapa. Hayang geura nempo
beungeut bapa téh siga
saha? Naha siga Euceu
atawa siga kuring.
Da mani sok kabayang-
bayang , unggal detik ung-
gal ngarénghap. Na siga
kuring? atawa siga Euceu?
“Bungah meureun Ema,
meunang baju loba, ” Euceu
nu nembalan téh.
Ema tarangna kerung
bari panonna mani anteb
neuteup panon kuring.
Kawasna Ema teu per-
cayaaeun kana naon anu
dilisankeun ku lanceuk ku-
ring.
“Bener Ujang bungah
pédah loba salin?” ceuk
Ema daria nanyana. Kuring
ngahuleng. Embung ngabo-
hong ka Ema mah, sabab
Ema mah sakti sok nya-
hoeun naon nu aya dina
haté kuring. Tapi haté asa
teu wasa mun balaka, yén
kabungah kuring téh pédah
gedé haté yén lebaran
ayeuna Bapa pasti balik.
Ngan teuing iraha. Na poé
ieu, poé isuk atawa engké
waktu dulag pamungkas
ditabeuh dimana jelema-
jelema tingaraleut ka lapang
bal rék sarolat ied.
Tapi naha luas kuring
nepikeun naon nu aya na
jero haté ka Ema? Kumaha
lamun bapa teu datang? teu
datang poé ieu, teu datang
poé isuk teu datang ké di-
mana dulag pamungkas di-
takol. Kuciwa meureun
saréréa.
Jeungna deui, nyanya-
hoanan maké deuk datang
sagala. Apan nu nyaho di-
mana ayana bapa téh iwal ti
Ema meureun. Mana kur-
ing sok nanyakeun gé di-
mana bapa iraha deuk
datang ka Ema. Ari ayeuna
sayong nyanyahoanan.
Padahal saukur ngandel-
keun kereteg haté. Bari teu-
ing bener teuing hanteu.
Ah, bingung, kudu nga-
jawab kumaha ka Ema.
“Enya, Ma. Uing téh
atoh, meunang baju loba.
Baju lungsuran ongkoh,
baju weuteuh ongkoh. ”
Tembal téh.
Tapi Ema mencrongna
kalah beuki seukeut. Sama
sakali teu percaya. Kuring
samar polah. Tuh nya, ceuk
kuring gé Ema mah sakti,
bisa maca eusi haté kuring.
“Aya deui, Ma nu matak
uing bungah “ nyarita téh
rada asa-asa.
“Naon ?” tanya Ema
daria.
Sakeudeung kuring
ngahuleng. Ngumpulkeun
kakuatan pikeun ngabu-
dalkeun eusi haté. Sabab
keukeuh haté téh sieun,
sieun Ema kuciwa. Sieun
Ema ceurik.
“Pok pok atuh Sujang
deuk nyarita mah,“ ceuk
Euceu bari nilepan deui
baju nu wareuteuhna, nu
keur kuring jeung Ema.
Panon ngarérét ka Euceu.
Nu dirérét unggeuk. Kawas
méré kakuatan unggeukna
Euceu téh. Timbul kawani.
“Lain, Ma. Uing téh boga
kayakinan bapa dina
lebaran ieu bakal datang.
Meureun geus welas-welas
taun sono ka anak sono ka
Ema. Pasti, Ma , bapa gé so-
noeun ka urang. ” Ceuk ku-
ring tatag nyarita téh.
Tapi Ema teu némbal,
kalah carinakdak. Euceu
ngaheruk, tungkul.
Anggér Ema mah mun
dibawa nyarita urusan Bapa
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437

More Related Content

What's hot (20)

Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
 
Mangle 2451
Mangle 2451Mangle 2451
Mangle 2451
 
Mangle 2457
Mangle 2457Mangle 2457
Mangle 2457
 
Mangle 2452
Mangle 2452Mangle 2452
Mangle 2452
 
Mangle 2482
Mangle 2482Mangle 2482
Mangle 2482
 
Mangle 2478
Mangle 2478Mangle 2478
Mangle 2478
 
Mangle 2450
Mangle 2450Mangle 2450
Mangle 2450
 
Mangle 2466
Mangle 2466Mangle 2466
Mangle 2466
 
Mangle 2454
Mangle 2454Mangle 2454
Mangle 2454
 
Mangle 2469
Mangle 2469Mangle 2469
Mangle 2469
 
Mangle 2464
Mangle 2464Mangle 2464
Mangle 2464
 
Mangle2465
Mangle2465Mangle2465
Mangle2465
 
Mangle 2455
Mangle 2455Mangle 2455
Mangle 2455
 
Mangle2463
Mangle2463Mangle2463
Mangle2463
 
Mangle 2456
Mangle 2456Mangle 2456
Mangle 2456
 
Mangle 2462
Mangle 2462Mangle 2462
Mangle 2462
 
Mitra Sunda - Mangle 2432
Mitra Sunda - Mangle 2432Mitra Sunda - Mangle 2432
Mitra Sunda - Mangle 2432
 
Mangle 2470
Mangle 2470Mangle 2470
Mangle 2470
 
Mangle 2475
Mangle 2475Mangle 2475
Mangle 2475
 
Mangle_2460
Mangle_2460Mangle_2460
Mangle_2460
 

Viewers also liked

Viewers also liked (12)

Mitra Sunda WA - Mangle 2435
Mitra Sunda WA - Mangle 2435Mitra Sunda WA - Mangle 2435
Mitra Sunda WA - Mangle 2435
 
Mangle 2453
Mangle 2453Mangle 2453
Mangle 2453
 
Mangle 2483
Mangle 2483Mangle 2483
Mangle 2483
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
Mangle 2458
Mangle 2458Mangle 2458
Mangle 2458
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
Mangle 2449
Mangle 2449Mangle 2449
Mangle 2449
 
Mitra Sunda - Mangle2439
Mitra Sunda - Mangle2439Mitra Sunda - Mangle2439
Mitra Sunda - Mangle2439
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443
 
Mangle 2471
Mangle 2471Mangle 2471
Mangle 2471
 
Mangle 2459
Mangle 2459Mangle 2459
Mangle 2459
 

More from mitra_sunda

More from mitra_sunda (10)

Mangle2480
Mangle2480Mangle2480
Mangle2480
 
Mangle2481
Mangle2481Mangle2481
Mangle2481
 
Mangle 2479
Mangle 2479Mangle 2479
Mangle 2479
 
Mangle 2477
Mangle 2477Mangle 2477
Mangle 2477
 
Mangle 2476
Mangle 2476Mangle 2476
Mangle 2476
 
Mangle 2474
Mangle 2474Mangle 2474
Mangle 2474
 
Mangle 2473
Mangle 2473Mangle 2473
Mangle 2473
 
Mangle 2472
Mangle 2472Mangle 2472
Mangle 2472
 
Mangle 2468
Mangle 2468Mangle 2468
Mangle 2468
 
Mangle 2467
Mangle 2467Mangle 2467
Mangle 2467
 

Mitra Sunda WA - Mangle 2437

  • 1.
  • 2. Para Mitra, Bulan Romadon, bulan anu mulya geus ngantunkeun urang sadayana. Teu aya nu terang anging Gusti Alloh nu Maha Suci, naha urang bakal nincak deui bulan puasa taun payun atanapi henteu. Margi bulan puasa téh bulan ujian, bulan at-tarbiyah bulan pendidikan, atuh urang ayeuna kantun ngabuktos- keun hasilna. Margi ibadah puasa di payuneun Gusti Alloh téh ngan nga muara kana dua niléy. Kahiji ibadah puasa nu maqbul, kadua ibadah puasa anu mardud. Ibadah puasa anu maqbul tegesna di tampi ku Alloh, bari cirina sanggup méré tapak nu hadé dina kahirupan sapopoé saréngsé ngalaksana- keun puasa. Kadua, ibadah puasa anu mardud nyaéta ibadah puasa anu sah ceuk élmu syaré’at tapi di tolak ku Alloh. Ciri- na puasa nu mardud saréngsé ngalaksanakeun éta ibadah teu méré tapak nanaon nu hadé dina kahirupanana sabada puasa. Margi kitu, sangkan ibadah puasa lebet kana Maqbul, nu ditampi Alloh Swt., mangga urang buktoskeun istiqomah dina rupa-rupa ibadah. Henteu sabalikna. Tadina ahli ibadah jadi balik deui ngalampahkeun haram jadah. Masjid ramé jadi suwung deui. Dina bulan puasa resep barang béré, érép puasa jadi koret jap jahé jeung sajabana. Tah, ieu nu ku urang kedah mampuh dipahing mah. Para Mitra, Lian ti istiqomah dina rupa-rupa ibadah, ogé mampuh ngajagi hubungan hadé sareng papada manusa. Nu kamari waktu lebaran geus silih hampura, sakedahna kedah diteras- keun ku mageuhkeun silih mikanyaah, silih asah, silih asih, silih asuh téa. Malihan tiasa ogé dugi ka silih beungharkeun, silih ngaraharjakeun. Komo deui, upama ngaregepkeun kana kekecapan; nu jauh urang deukeutkeun, geus deukeut urang layeutkeun geus layeut urang paheutkeun, geus paheut silih-wangikeun. Ieu kekecapan kacida mulyana, ngandung hartos keur ngajurung urang sangkan migawé rupa-rupa ibadah téh kedah istiqomah sareng tiasa nambih-nambih ka- hadéan atanapi ziyadatul khoer. Naha urang tiasa? Margi urang Sunda mah dalit pisan jeung Islam, nya kantenan kedah tiasa. Mudah-mudahan. *** Lampah Sabada Silih Hampura 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  • 3. BAHASAN Agustusan di Lembur Kuring Endan Sukanda ........................................................... 8 PURIDING PURINGKAK Jurig Beungkeut Tilu Emha Ubaidillah ............................ 24 SAJAK Dina Angkot Ibnu Hijar Apandi ............................. 5 Sandékala Nazarudin Azhar ............................. 42 UNAK-ANIK Tukang Ngamaklun Kantong Taya Panghasilan Tambahan ......................................................... 46 CARITA PONDOK Asa Lebaran Munggaran Aam Amilia ....................................... 17 Nu teu Mulang Tas Lebaran Ena Rs. ............................................. 22 Dulag Pamungkas Holisoh ME .......................................... 26 Di Hiji Kantor Lugiena De ........................................... 32 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem ( 168 ) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora ( 7 ) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Nuri Maulida Raksukan Koleksi Pribadi 6 LAPORAN Galindeng És Lilin di Nagara Babah Potret:Reisyan Baju lungsuran bawa Euceu ngalumbruk dina luhureun samak. Rupa-rupa, aya erok, kaméja, calana panjang, calana sontog, ka kamprét kampret aya. Éta kabéh téh bawa Euceu, paméré dunungan Euceu di dayeuh. Bagéur cenah dunungan Euceu téh, mana ning.. 20 Dulag Pamungkas
  • 4. 68 Taun S alila 3,5 abad dijajah ku Wa- landa (jeung Jepang) leuweung di Sumatra weuteuh, di Kali- mantan weuteuh, di Sulawesi jeung Papua nya kitu deui leuweung-leuwe- ungna tetep gerotan. Tapi salila 68 taun merdéka éta leuweung anu tadi- na geledegan téh geus salin jinis jadi tanah anu ngahgar. Naha bisa saperti kitu di- papandékeunana lamun arék balitu- ngan salila urang 68 taun merdéka téh? Tangtu teu bisa ngan semet kitu. Jakarta ayeuna geus jauh bédana jeung Batavia harita. Kitu deui kaayaan di Sumatra, Kalimantan jeung di sakuliah nagara séjénna. Ngan bakal leuwih matak reueus lamun majuna kaayaan di sakuliah lemah cai téh henteu ditebus ku ruksakna lingkungan. Geus kurang kumaha anu ngiritik mah. Pamaréntahan anu dipingping ku Presiden Yudhoyono ayeuna di- tuding néoliberal. Ari anu néolib di mana teuing maké balitungan kana urusan nu kararitu. Malah apan karaharjaan rayat gé dinomer- sabarahakeun. Nu jadi udaganana semet nu ngaranna tingkat pertumbuhan ékonomi anu taya pa- tula-patalina jeung nedunan sakumna pangabutuh rayat bari teu diiwal-iwal. Ari di urang apan geus sakitu lilana ngawilah-wilah warga nagarana sorangan téh kalah dihanakeun ku pamaréntah. Rupaning istilah nga- haja dijieun-jieun. Rayat baé apan kalawan tandes aya anu digolongkeun miskin sarta ku pamaréntah siga anu ngahaja disina aya. Dina APBN kalawan pasti aya anggaran pikeun mantuan anu mariskin. Nepi ka aya anu nuding pajar rayat nu miskin téh geus jadi komoditi pulitik. Cindekna mah keur kapentingan pencitraan. Di sagigireun ngadagangkeun tingkat pertumbuhan ékonomi, anu keur hangkeut ditatawarkeun ayeuna téh démokratisasi jeung hak azasi manusia. Padahal teu kurang-kurang paraahli anu ngingetan yén nyang- hareupan nu kararitu téh urangna kudu taki-taki jeung ati-ati. Taki-taki dina nyanghareupan akibatna, bari ati-ati dina lebah nerapkeunana. Sanajan sistem pamaréntahan anu démokratis ampir jadi cita-cita sakumna manusa di sakuliah dunya, lain hartina taya mamalana. Pikeu nagara-nagara anu geus puluhan taun mraktékkeun sistem démokrasi, apan henteu sarimbag. Démokrasi nu hirup di AS béda jeung nu di- jalankeun di Inggris. Kitu deui démokrasi di nagara-nagara Skandi- navia. Lamun dadasarna démokrasi sok dikantétkeun jeung liberalisasi, di jojontor Skandinavia mah nu di- jalankeunana téh justru sosialis. AS sorangan, anu geus puluhan taun ngagung-ngagungkeun liberalisasi, ayeuna keur maju ngadeukeutan sosialis. Pangna kitu, lantaran geus kabuktian sistem liberal téh teu ku- rang-kurang mamalana. Ti mimiti merdéka, urang geus mecak-mecak sababaraha sistem. Dina mangsa-mangsa awal nu dipraktékkeun téh sistem liberal. Tapi lantaran loba teuing debat nepi ka mangtaun-taun, ahirna ditutup ku Dékrit Presidén dina taun 1958. Ti harita ni dipaké téh sistem terpimpin. Ékonomi terpimpin, pulitik ter- pimpin, anu ahirna tikusruk kana otoritér. Lantaran keuheul kana sis- tem nu saméméhna, Orde Baru siga anu kokomoan nerapkeun liberali- sasi, sanajan henteu terang-terangan. Sikep pamaréntah anu semu- semu nyamuni téh terus lumangsung nepi ka kiwari. Lain pamaréntah wungkul deuih anu kitu téh, ieu mah kaasup sikep partéy pulitik, anu eng- kéna nyoko kana kawijakan par- lemen, anu di urang mah éstu ngan nganomerhijikeun kapentingan parpolna masing-masing. Nu keur kaalaman ayeuna téh suasanana saperti kitu. Dina nyanghareupan néolib upamana, ongkoh loba anu ngiritik, tapi taya hiji gé anu wani nga- songkeun sistem séjén anu papaling- pang jeung néolib tapi aya kapercayaan bakal leuwih alus. Dina patalina jeung pamaréntaha Yudho- yono upamana, sanajan PDIP milih jadi oposisi tapi sikepna téh ngan semet henteu miluan kana kabinét. Di luareun éta mah henteu nepi ka ngasongkeun alternatif. Anu pantes jadi oposisi téh saben- erna parpol-parpol Islam. Kitu soté- nan lamun bener maranéhanana aya karep anu daria hayang némbong- keun prinsip-prinsip Islam dina enggoning ngokolakeun pamarénta- han. Apan cenah, boh dina widang ékonomi boh dina urusan pulitik, prinsip-prinsip Islam téh henteu sa- jalan jeung néolib. Sanggeus 68 taun merdéka, meujeuhna lamun soal-soal kitu téh dipikiran kalawan daria, babakuna ku anu salila ieu kokotak harayang ming- pin ieu nagara. AM Manglé 2437 3
  • 5. 4 Manglé 2437 Henteu cukup silih hampura Assalamu’alaikum Wr. Wb. Damang Ais Pangampih Mangle? Wilujeng boboran siam 1434 H. Neda dihapun- ten, boh kantos ngintun serat nu kirang merenah kana koro- pak Mangle. Nyi Mangle, ngiring nge- mutan perkawis kabiasaan halal bihalal di urang. Nu kasaksian dina acara halal bi- halal teh, boh ku paguyuban boh di lingkungan pamarenta- han, dina intina mah sok di- ayakeun silih hampura. Tos kitu mah balubar we. Tah, simkuring mah usul ka wargi dimana wae, utama- na ka para inohong, mugi halal bihalal henteu cukup ku silih hampura. Tapi aya nu leuwih sae deui upami diteras- keun silih tulungan. Antara nu beunghar jeung nu miskin, nu sukses jeung nu teu sukses. Nyaeta kedah aya acara silih tulungan silih bantu. Jigana langkung sae, langkung a- geung maslahatna. Sapertosna wae, di halal bihalal di Paguyuban Pasun- dan, sae kacida pami ngulem mitra-mitrana atanapi baraya Sunda nu peryogi bantosan. Apanan, geuning seueur keneh wargi-wargi urang nu peryogi bantosan. Sapertina wae ka lembaga nu sami-sami ngiring ngamumule budaya Sunda, tapi teu walakaya dina sual karahajaananana. Sakitu hatur nuhun. Sakali deui neda dihapunten. Per- caya lah ka Mangle mah, sakumaha beuratna nga- mumule budaya jeung basa Sunda, tapi geuning angger medal nepangan baraya Sunda di mana wae ayana. Nuhun. Pun Emang Djadja Ti Majalaya Bandung
  • 6. Ibnu Hijar Apandi Dina Angkot /1/ Pacaket tapi teu ngobrol, Papayun-payun bet teu imut, Boa manah mah galecok, Teu sawios, Urang silih paok wae teuteup, Da kapan benten tujuan Unggah henteu sasarengan /2/ Nyemprung mobil jeung lamunan Sapikiran sapikiran Satujuan sewang-sewang Eureun deui laju deui Jrat jrut panumpang turun Nu nyesa kari duaan /3/ Anteng bangun sapikiran Tambah pogot ku galecok Maling tempo beuki nyoso Hanjakal bet teu werat pok Pada kemba ku carita nyidem dina jero angen /4/ Reg, mobil ngarandeg Batur catur na lamunan lungsur Sapaneuteup ngilu turun Dianteur ku juru panon Parat jajap ka sisi jalan /5/ Lenyap manah nu jajap Nu lungsur bet ngantun rindat Sakiceup diadu teuteup Hanjakal ngan sajorelat Januari 2010 Manglé 2437 5
  • 7. L agu És Lilin kaasup lagu ti tatar Priangan anu réa dipi- gandrung ku salian ti urang Sunda. Lagu és lilin ogé geus ngagederkeun masarakat dunya dina “Festival Of Intangtible Cul- ture Heritage” (FICH) nu lumang- sung di Chengdu, China, sababaraha waktu nu kalarung. 6 Lilis Maryati ngahaleungkeun lagu És Lilin & Mojang Priangan di Chengdu, Cina (dok) Galindeng És Lilin di Nagara Babah Asistén Ékonomi Pembangunan, Sétda Kabupatén Bandung, Yayan Sobarna milu midang dina ram- pak kendang (dok)
  • 8. Manglé 2437 7 Éta lagu geus mampuh nyedot per- hatian panongton FICH. Salian ti lagu És Lilin, lagu Mojang Pria- ngan ogé dihaleuangkeun ku juru kawih Lilis Maryati, S.Pd. “Panongton féstival waktos nguping lagu És Lilin sareng mo- jang priangan téh, mani antusias pisan. Sanaos teu ngartos kana rumpakana, tapi nguping wirahma laguna aranjeuna saperos nu kahibur. Da éta baé saréngséna lagu dihaleuangkeun, nu keprok dugi ka éak-éakan,” ceuk Kasie Kabudayaan, Dinas Pendidikan & Kebudayaan Kabupaten Bandung, Lilis Maryati, S.Pd waktu tepung jeung Manglé, sawatara waktu nu kaliwat di Soréang. Salian ti lagu És Lilin jeung Mo- jang Priangan, dina éta féstival nu diluluguan ku PBB téh, Indonésia ogé mintonkeun rampak kendang jeung tari tradisional, jaipongan. Saluyu jeung katangtuan ti pihak panitia FICH, alat musik nu di- paké salian tradisional ogé wajib diadumaniskeun jeung alat musik anu modéren. Harita, Kabupatén Bandung anu ngawakilan Indonésia mawa angklung, nu dijejeran ku grup musik Komstrad – Indonesia, “Bamboo Ensamble”. Alat musik tina awi téh diadumaniskeun jeung tarompét, hitar sarta alat musik modéren lianna. Tina ratusan kabupatén jeung kota sa- Indo- nésia, nu kapilih pikeun jadi “duta” dina FICH téh ukur Kabu- patén Bandung. “Malih sa-Asia Tenggara mah mung ukur diwakilan ku dua na- gara, nyaéta Indonésia sareng Tai- land. Dina éta féstival nu lumangsung salami sapuluh dinten téh, sakedikna kacatet aya dalapan welas nagara anu midang, di antarana Amérika Serikat, Cina minangka pribumina, Indonésia, Tailand, Brazil, Jérman, Afrika, Rusia, Nigéria, sareng Jérman,” Lilis ngémbohan. Rombongan Indonésia diping- pin ku Sékda Kabupatén Ban- dung, Sofyan Nataprawira, dibarengan ku Asistén Ékonomi Pembangungan, Sétda Kab.Ban- dung, Yayan Sobarna; Sékrétaris Dinas Pendidikan & Kebudayaan Kabupatén Bandung, Agus Fir- man Zaini; jeung Kabid Kebudayaan, Mieke Herawaty. Harita ceuk Lilis, Indonésia meu- nang kasempetan genep kali mi- dang dina panggung nu tempatna béda-béda. “Pokona mah agul sareng reueus pisan, unggal midang antu- sias ti nu lalajo saé pisan,” pokna deui. Papadaning kitu, ceuk Lilis, di- rina ngarasa sirik waktu nyaksian masarakat Cina anu sadar kana disiplin. Salian ti mampuh ngajaga lingkungan kotana sangkan tetep beresih téh, ogé salila lumang- sungna féstival kaayaan tetep aman. Malah masarakat anu lalajo FICH bisa ngajaga katartiban, buktina teu aya saurang ogé nu ngaliwatan garis wates antara nu lalajo jeung panggung. Padahal batas téh, ukur dihalangan ku bola nu ditalikeun kana tihang. Hal séjén nu matak kataji di nagri Babah, gedong kasenianana salian ti anggréng téh ogé kapiara pisan. “Sigana mah pamarétahan Cina merhatoskeun pisan kana hirup- huripna kasenian daérah,” pokna.***nunk-dédé Pintonan seni ti nagara séjén (nét)Cina daria naker ngagelar FICH (nét)
  • 9. Manglé 24378 G eus matuh tempat diaya- keunana upacara resmi mah di alun-alun, tapi ari arak- arakanana mah sok mapay-mapay jalan raya Kacamatan. Tapi, ari aleutan pawéy ti lembur kuring mah sapanjang jalan ka-kaca- matan-keun ogé geus dilalajoanan. Masarakat ngarogrog sapanjang jalan, atuh sabataé sakur ka- monésan téa lain waé dipintonkeun di alun-alun, da geus ningkah di sapanjang jalan anu kaliwatan. Geura ieuh di handap urang caritakeun diantara unak-anik pésta Agustusan di lembur kuring. Aya nu matak piseurieun, pikaru- nyaeun, matak réhé jeung aya ogé nu matak pikasebeleun. Sanggeus bérés upacara resmi, sok diayakeun pawéy. Ti unggal désa anu diraramekeun ku ka- monésan ti lembur2 mungpung ka dayeuh kacamatan, mintonkeun sagala kamonésan séwang-séwa- ngan. Upamana ti Pasir Panjang anu katelah “lembur haji” ngaleutkeun aleutan para haji maké dangdanan kahajian, gamis pan- jang bari sirah ditutup ku kopéah higal kawas askar di Arab. Ari ti Pasir Gombong anu pangeusi kampungna loba anu jadi kusir sado (sado, lain délman, ceuk nu apal kecap “sado” asalna tina ba- hasa Portugis sa do sa = tonggong diadu tonggong). Nu matak kitu, tumpak sado mah kusirna jeung panumpangna saurang nyang- hareup ka hareup. Panumpang séjénna maralik ka tukang, tumerapna tumpak sado mah tong- gong bakal paadu jeung tonggong. Tah, dina pésta Agustusan téa, sado ogé sok diabringkeun milu pawéy. Bari dihias saaya-aya, malah nu pangalusna hiasan sok dilélér hadiah. Sado hias sapanjang keur pawéy henteu kosong, tapi dieusian panumpang, malah béda tina sapopoéna panumpangna ogé sok garinding. Diantara sado hias téa, aya sado Mang Ugan anu kudana....hérnia atawa ceuk urang kampung mah burut. Lantaran panyakitna téa, ieu kuda mun geus capéeun pisan sok brat-brét-brot. Kawas harita, sanggeus capéeun kukurilingan pawéy, sado Mang Ugan kakeunaan musibah langganan. Sapanjang jalan kudana teu eureun-eureun ngaluarkeun sora brat-brét-brot, padahal leumpangna anca waé da mindeng kacandet ku barisan di hareupeunana. Atuh pamuda nu ngarogrog sapanjang jalan arakey-akeyan bari sawaréh narunjuk kana sado Mang Ugan. Tapi teu kitu keur panumpangna mah, mangkaning kabeneran anu miluan kana sado Mang Ugan téh mojang-mojang anu keur mareujeuhna. Tumerap- na, ngan henteu wé ari ngarajleng turun mah, cawéné-cawéné téa ngan ngahéphép bari éra kasima. Teu rék kitu kumaha geura, nu ngarogrog sapanjang jalan arakey- akeyan bari ngageuhgeuykeun, “Mang Ugan mah pangbodona sadunya, ari nu gareulis dibujuran, bujur kuda disanghareupan,” ceuk nu saurang. Gorowok deui nu séjén, “Da tut sir pa, kuda hitut kusir nu nampa!” ditembal ku anu saurang bari akey- akeyan, “Sir tut pangpa, kusir hitut panumpang nu nampa!” “Pang tut, da bur?” tanya saurang bari nunjuk baturna. “Panumpang hitut kudana kabuu- urr...!!” Nu nongton ngaburiak lalumpatan bari saleuseurian nunutur sado Mang Ugan. Ti lembur Pasir Malaka mah aya Mang Unuy, jalma jangkung gedé tukang punggal-panggul. Tanagana bedas kacida, saluyu jeung daharna anu ceuk béja mah disuguhan liwet saléter téh kurat-karét hayangeun kénéh. Dina hiji pésta Agustusan, Mang Unuy didangdanan ku tukang rias, dipentés jadi....wayang Gatotgaca. Surup ka patutna, jangkung badag, dada simbar jaba dipasangan mamakutaan. Dina pawéy téa, di tukangeunana ngiclik nuturkeun Bi Unuy, pamajikanana jeung budak- na anu ditungtun kénéh. Sapanjang jalan dipirig ku gendang penca teu tinggaleun tarompét ngalagukeun lagu-lagu perjoangan. Sapanjang jalan loba nu lalajo cruk-crek milu reueus kana “wayang’ Unuy, aéh wawayangan Gatotgaca anu keur dilalakonkeun ku Mang Unuy. Tumerapna ka Mang Unuy, asa mingkin sumanget ngagaya, komo basa aya wartawan anu cutrak-cet- rek motrét mah, rarasaanana asa jadi aktor pangsohorna. Tapi dasar kudu aya caritakeu- neun ka anak-incu. Keur meujeuh- na raraména anu pawéy, ana buriak téh jalma-jalma paburencay bari tingjéréwét. Nu dagang suuk awur- awuran, daganganana katincakan ku anu lalumpatan. Barang disidik-sidik, sihoréng téh Si Oléh, jalma kurang saeundan anu sok matuh di pasar miluan pésta bari rarampayakan. Barang Si Oléh geus deukeut ka “Gatotgaca” anu sarua keur ngibing raram- payakan, sugan téh Si Oléh anu rék diraponan, ditéwak bari dialung- boyongkeun. Sihoréng jauh tina sangkaan saréréa, bari rada culang-cileung heula, Gatotgaca Agustusan di Lembur Kuring Ku Endan Sukanda
  • 10. Manglé 2437 9 Unuy malik ka tukang ngan regeyeng wéh....pamajikan jeung anakna dipangku duanana. Satu- luyna ngabecir ngajauhan Si Oléh, geus teu nolih makuta ragrag kaidek ku anu lalajo ogé. Sihoréng Gatotgaca anu gagah ogé sieuneun ari ku jalma kurang saeundan mah. Beu, nepika kituna ari Agan Gatot mamalihan mah. Raraméan Agustusan téh mangsa bihari kira 60 taun kaliwat keur mangsa budak. Di lembur ku- ring désa Cisalak Hilir kacamatan Cibeber, kabupatén Cianjur. Ka- asup kampung, jauhna ti kota kabupatén téh ampir tilu puluh kilo métér, ti kantor Kacamatan ogé aya kana dalapan kilometer anggangna. Ti mimiti taun 2009, ku alpukahna inohong-inohong di Kacamatan Cibeber kalayan meu- nang pangbagéa ti aparat désa, raraméan dina Agustusan téa di- hirupkeun deui. Sanggeus upacara di alun-alun Kacamatan, pamilon pawéy muru ka lapang Pasir Munding di désa Sukaraharja. Ieu lapang gaganti lapang Jagaraksa anu bihari mah sok dipaké pasanggiri maénbal marebutkeun piala jeung hadiah Agustusan, kadieunakeun geus salin rupa jadi pabrik. Boh keur barudak anu kakara nyaksian, manakomo keur kolot- kolot mah jadi matak kagagas inget ka mangsa bihari. Mangsana Agus- tusan di lembur kuring ramé ku ka- monésan. Dina Agustusan taun kamari mah raraméan jeung ka- monésan téh geus nyaluyukeun jeung jaman. Sahanteuna di lem- bur-lembur ogé kiwari mah geus loba nonoman anu rancagé lan- taran sarakola di kota. Sajaba ka- monésan kawas baheula, aya lalakon perjoangan ra’yat ngalawan penjajah sacara téatrikal. Bambu runcing, tandu pikeun ngagotong nu tatu, nu papakéanana rubat- rabét saroéh jeung ulawéran getih. Teu tinggaleun, sirah dibengker ku Mérah-Putih. Tongtonan téatrikal sapanjang jalan leuwih euyeub jeung anteb, sakapeung matak ka- gagas, sabab anu niron-niron pa- joang téa bari nyareundeutan... bedil lodong awi anu dieusian kar- bit. Malah aya mamarieman anu di- gusur dina roda sagala. Unggal beledug sora bedil lodong, gerrr nu ngarogrog sarurak ayeuh-ayeuhan, tapi teu saeutik kolot mah anu ram- bisak, lantaran ngalenyepan per- joangan alam penjajahan dina raraga ngarebut deui kamerdé- kaan... Aya saeutik kahanjakal, duméh kakara sakali diramékeun deui, mapag Agustusan taun 2010-2011 mah waktuna bareng jeung puasa Ramadan. Rada hanjakal sotéh, duméh kabiasaan anu karék ngu- niang deui kahalangan. Sugan taun ayeuna satutasna lebaran, ka- monésan urang lembur kuring dina Agustusan bisa dihirupkeun deui. Wilujeng milangkala kamerdékaan RI anu ka-67 taun, mugia apan- jang-apunjung nagarana mingkin nanjung, mawa rahayat waluya bagja, waluya dina harti lahir jeung batin. Aamiin*** Nu nulis pituin urang Cisalak hilir, Kac. Cibeber-Cianjur.
  • 11. 10 Manglé 2437 Bagian 168 N gadengé dongéng kageulisan Putri Budur, jin awéwéna téh nyeuleukeuteuk. Kaharti ku jin lalakina gé, Maimunah teu per- cayaeun kana caritaan dirina. Ku lantaran kitu, pok wéh ngajak Maimu- nah ngadatangan tempat putri téa. “Mangga wé tingalian ku salira!” “Ah, mending hayu ka tempat pamuda nu ku kula dicaritakeun téa!” pokna. Jin nu duaan pating- kalayang di awang- awang, lebah wawangunan nu dipake ngerem Komarujaman, Maimunah nyirorot ka handap dituturkeun ku baturna. “Sok tingali ku manéh!” Sanggeus ngomong kitu, Maimunah nyingkabkeun simbut nu nutupan beungeut éta nonoman. Ku lantaran kakara reup, keur tibra, Komarujaman gé teu ngarasaeun aya nu mukakeun simbutna. Ningali nu ngageubra, jin lalaki téh neuteup beungeut Komarujaman anteb naker. Ceuk pikirna, mémang bener éta nonoman téh kasep naker, hésé pitandingeunana di alam manusa mah. Geus kitu, pok nyarita. Enya, cenah, éta lalaki téh gagah jeung kasép, manéhna gé kakara nempo jalma nu rurupaanana kawas kitu. “Mung bawiraos, putri nagri Cina gé moal kawon kageulisanana,”pokna. “Ah, moal enya ngelehkeun rurupaan nu kasep!” “Ku margi kitu, mangga atuh urang yakinkeun wé ka ditu!” “Teu deuk teuing! Pek wé ku andika bawa ka dieu!” ceuk Maimunah maréntah. Ku lantaran teu wani magak, sieun ku mamalana, Dahnasyi gé teu bisa majar kumaha. Manéhna ngabiur ka awang-awang nu saterusna ngabelesat ka lebah karaton Putri Budur. Da puguh geus peu- ting pisan, putri gé keur tibra, atuh regeyeng di- pangku dibawa ka awang-awang téh teu usik-usik. Geus nepi ka nu dituju, jin lalakina téh turun ka lebah Maimu- nah. “Pek kedengkeun sina ngaréndéng!” ceuk Maimunah. Peuting ka-184 Putri jeung pangeran tetep ngaguher, tibra naker. Teu ngarasaeun dirina keur pada melong dialak-ilik diakurkeun. Tétéla, rurupaana téh bet sarimbag. Bédana téh, mémang pedah awéwé jeung lalaki. Nu awéwé geulis pisan, nu lalaki kasep pisan. Ngan, jin nu duaan mah, angger wé teu robah pamadegan. Ceuk jin awéwé, Komarujaman tetep leuwih punjul, leuwih matak narik ati. Sabalik- na, ceuk jin lalakina, Putri Budur leuwih ngirut. Pamanggih masing- masing téh leuwih ditéték deui. Ngan, tetep wé, sagala rupa nu dicaritakeun ku jin nu duaan téh pamustungan- ana mah, ngunggulkeun masing-masing pamanggihna. Cindekna, tetep dina kayakinanana. Najan percaya kana kayakinanana, nganggap Putri Budur leuwih pun- jul, ahirna, jin lalakina mah, teu bisa nnyawad deui kana pamanggih putri jin. Kituna téh, lan- taran sieun ku mamala- na. Apan, éta jin awéwé téh sohor kasaktenna, nepi ka loba nu gigis, milih serah bongkokan. “Kumaha upama
  • 12. Manglé 2437 11 nyuhunkeun pamendak nu sanes?” ceuk jin lalakina. “Maksud andika kumaha?” “Sina diajén, mana nu langkung punjul!” Memang kaharti ku Maimunah gé,, masing- masing pihak bakal ngeukeuhan pamanggi- hna. Hartina, upama taya pihak sejen nu nga- jén mah, pamanggih masing-masing téh moal aya bulé-hideungna. “Saha nu kudu dipen- tés sina ngajén?” “Mangga, teu langkung pangeresa,” ceuk Dahnasyi. “Heug atuh kula sora- ngan nu rék manggil pihak séjén!” Maimunah nenjrag bumi tilu kali. Eta téh cara manggil bangsana nu ngancik di dasar bumi. Enya wé, teu réngsé téténjrag, peletek haseup kaluar tina jero taneuh. Eta haseup téh beuki lila beuki nga- lobaan, nu ahirna robah wujud ngabelegedeg hareupeun Maimunah. Ningali jin awéwéna nu aya hareupeunana, jin nu anyar datang téh gancang ngarengkepkeun leungeunna, nyembah luyu jeung kabiasaanana. Pok nyarita, kalayan tungkul teu wani neu- teup beungeut putri jin. “Pangapunten, aya pikeresaeun naon?” “Kula butuh bantuan andika!” “Mangga, peryogi naon agan téh?” Derekdek putri jin ngalalakon. Ditéték nepi ka bubuk leutikna. Ahirna, ngumaha sangkan dipangmutus- keun papangihanana nu teu bisa sapagodos. “Cindekna, andika kudu meunteun saha nu leuwih pujul naha nu lalaki atawa nu awéwé?” pokna. Sanggeus nyarita kitu, Maimunah, ngisarahan ku rindatna. Jin nu anyar datang surti, geuwat malik ka lebah Putri Budur jeung Komaru- jaman nu keur nga- galeubra. Nu keur tibra téh dipelong anteb naker. Sanggeus kitu, teuteupna pundah-pin- dah ka putri jeung pangeran. Teuing sabaraha kali ngalelekan nu keur tibra téh. Ahirna, balaka, cenah memang duanana gé taya nu asor taya nu punjul, da sarua matak ngirut atina. Nu tétéla mah, bedana téh ukur lantaran béda jenisna, nu saurang awéwé nu saurang deui lalaki. Pamustunganana, éta jin téh balaka. Dirina teu sanggup mutuskeun mana nu leuwih punjul. Tapi, cenah, bisa jadi cara séjén bisa mutus- keun éta pasualan. “Cing atuh kumaha carana?” “Bawirasa, tiasa di- tangtoskeun ku aranjeunna!” “Enya kumaha carana. Gancang atuh petakeun!” “Kieu atuh!” “Enya geura pok!” Usulna téh kieu! Cenah, duanana sina lilir, sina hudang. Ngan, kudu bareng lilir jeung hudangna téh. Memeh bener-bener eling, dua- nan téh sina pasing- hareup-singhareup. Tah, mun geus kitu mah, kari ngabadungan wé. “Naon cirina salah saurang ti maranehna leuwih punjul?” “Gampang. Saha nu leuwih tiheula nembong- keun pasemon nu kairut, tah manehna nu leuwih goreng. Cindekna mah kieu, mun nu lalaki leuwih tiheula nembong- keun karesepna ka si awewe nya nu awewe nu leuih punjul téh. Kitu deui sabalikna!” “Satuju mun kitu?” Maimunah nyarita semu nyentak. “Mangga ngiringan!” ceuk Dahnasyi. *** (Hanca)
  • 13. 12 Manglé 2437 N yi Rapiah éstuning teu daya teu upaya nyang- hareupan sawenang- wenangna Aom Usman ka dirina téh. Sumawonna nepi ka boga wawanén wakca ménta disérahkeun bo... atuh matak geunjleung sadayeuh, guyur salembur lamun cacah pantaran manéhna wani man- cal ka Aom Usman, putra ménak gedé sugih mukti tur terah bupati. Ari rék wakca terus-terang ka Haji Abdulraup, bapana, teu kaduga ku éra, tada teuing ngabongan-bonganna. Jeung mana teuing pating kuciwesna jeung pating taroélna baraya- baraya (tunggal kénéh baraya Ujang Kusén), meureun haréwosna téh: “Humayua Si Piah, dibélaan dipecat-tibubu- rangjat mancal Si Kusén, ari kocéplak meunangkeun Si Usman, bet cara anu miceun pinggan mulung batok, moro jurang ngaleupaskeun peusing. Lah, teu kadaruga teuing ku éra. Jadi ayeuna kaayaan Nyi Piah téh lir monyét keuna ku sumpah, rék dicabut teu kaduga ku paur, rék disurung- keun teu kuat ku nyeri, tuntungna kokocéakan bari ajrét-ajrétan teu puguh polah. Hanas jeung baraya pecah, deungeun-deungeun henteu béla! Beuki lila beuki nyeri, karasana ku Nyi Piah, asa dipepejet haté, diri dijieun lumayan, dipaké sasampeureun, disampeurkeun lamun “butuh” geus “teu perlu” mah ditunda Hanas pegat ti salaki, anu bageur tur baraya, bongan kaolo kagélo, kagembang ku kaménakan, anu muluk jangjina, buktina mah baragajul, omong kosong pangoloan. Rasa manéh ménak sugih, kahayang sawenang-wenang, nindes ka awéwé héngkér, teu aya pisan ras-rasan, dijieun coco’oan, henteu ajrih ku Yang Agung, teu sieun ku dorakana. Dipikir beuki kapikir, dirasa beuki karasa, yén henteu adil kitu téh, ménak ngagencet ka somah, kudu aya tungtungna, kumaha jalanna atuh, Nyi Piah sering mikiran. Hiji mangsa pasosoré, keur meumeujeuhna dayeuh Ban- dung endag-obyag ku nu pele- sir, Nyi Piah mah ngadaweung baé di tepas, ngabangbang areuy, ngahuleng miraga ti- neung mikiran hayang leupas tina kapeurih. Pasemonna katara keur ngandung wuyung. Sabot kitu jol Nyi Dampi, pikeun di Bandung mah di- paké kapaur pisan ku salaki- salaki balageur, tapi dipisobat ku bangsa patukangan atawa ku salaki nu sok curaling cu- lang-caling. Ari sababna, geus kawentar pisan, baragajul awéwéna. Sanajan awéwé pengkuh cara bénténg waja ogé ku Nyi Dampi mah moal teu éléh cara malam ka- panasan, ceuk nu sompral téa mah ngiclik beunang ditung- tun. Ceuk sawaréh mah majar asihanana ogé mani satelebug, aya Si Leugeut-Teureup, aya Si Kukuk-Mudik, aya Si Ranjang- Kundang, jeung duka naon deui bangsaning anu satetel sakali muntel, saulas satahun welas. Aji pangabaranana, magar téh boga Si Maung Tun- duk, si Oray-Numpi, Si Palengketan jeung sapa- padana. Duka teuing atuh. Duka teuing bener henteu- na mah, omongan jalma ieuh, sok rupa-rupa. Anu puguh baé Nyi Dampi téh nyaho kana lilinggeran awéwé, lebah dinya teuasna, lebah dinya uduhna; nu ieu mah kudu kieu nataranana, ieu eupanna; nu itu mah kudu kitu dipulutna, béda deui eupanna gé. Pikeun Nyi Dampi mah awéwé téh cara manuk, aya nu anggeus ku taheunan leugeut, aya nu beunang ku pitapak, aya nu dikurawed ku jiret, malah réa nu dililito ku jontrot, malar bongoh, nyaho-nyaho geus dipikat. Ari gawé sapopoé, Nyi Dampi téh nu ébréh ka jalma- réa mah jadi cengkaw, purah ngider dagang barikan jeung emas-inten, mangjualkeun barang batur, ngarah pirilikna. Tapi lamun urang telik, Nyi Dampi téh dagangna bangun anu payu sukur, henteu kajeun malah aya aturan dagangna ditawar batur teu dibikeun magar geus aya nu pesen, geus ditimpahan. Ari sihoréng, da- gang gé lain sadagang-dagang- na, éta mah pipindingan baé, payu sukur teu paduli, pokona ngarah aya dangka geusan patepung jeung nu rék ditaheunan pitapak. Jaba ti anu ébréh katém- bong ku jalma réa, “pausaha- an” Nyi Dampi téh aya deui nu samuni. Disebut samuni sotéh lain tempatna nu nyumput, da ari tempatna mah di Kebon- kalapa, sasat tengah lembur, ngan peta-petana édas ku { 7 } Ku M.A. Salmun
  • 14. Manglé 2437 13 rarikip, masing diambreg ku pulisi gé moal kapanggih bukti-buktina. Dina kaperego upama téa, teu kurang piekoleun-pijawabeun katut bukti-bukti palsu. Anu baroga lampah teu uni di imah Nyi Dampi, ti anggalna geus dibadamian, pijawabeun jeung pipetaeun lamun tea kaperego ku pulisi nu ngambreg. Cindekna, jumlah-jam- léhna mah Nyi Dampi téh awéwé jahat anu bisa ngaba- hayakeun imah-tangga nu kurenan jeung masarakat. Prak-prakanana, leueur alah- batan belut. “Panghapunten Agan,” ceuk Nyi Dampi hormat pisan kawas ka agan enyaan baé. Nu keur ngadaweung rada ngagebeg, atuhda jelema keur uleng pisan, katénjo gé nu nyampeurkeun jol ti gigir imah, sasat teu barang paliré. “Sawawi, rampes,” tembal Nyi Rapiah, “aéh geuning Bibi. Mangga calik.” “Nuhun Agan sawios en- tong teuing di lebet, ieu baé di dieu, raos di tepas ningali nu pelesir,” cék Nyi Dampi barang nenjo Nyi Piah abus ka jero imah ngampar samak. “Eum, moal saé, mangga ieu di dieu geura.” Nyi Dampi geus andiprek di patengahan bari mando jiga ngadeuheus ka ménak baé. Nyi Rapiah rajeun ari papanggih mah jeung Nyi Dampi téh tapi kasémahan mah kakara harita. Dina haténa rada héran néjo peta Nyi Dampi téh, tapi aya atoh asa heueuh diménak- ménak, da ku batur mah tara dipangmandokeun. Ceuk Nyi Dampi: “Ku raraos di dieu téh Agan,” (nye- but “agan” téh mani anteb)... “aéh angkat ka mana dupi Aom?” Nyi Piah rada éra parada diagan-agan téh, tapi duka atuh, da ngeunah. “Hih, ulah agan ka kuring mah Embi, apan uninga pil- kadar gé anak Haji Abdulraup, urang pasar,” cék Nyi Piah. Nyi Dampi: “Ya Alooh, Agan, Ucu, anak embi nu geulis. Ari ménak tulén ku iasa handap asor. Baku ari ménak asli mah sok tara karooh ku puji. Ulah sok ngapeskeun turunan Agan, komo ka Bibi mah nu terang ka pupuhuan tuang rama. Jadi sudagar sotéh tuang rama mah awahing ku resep kana jual- galeuh baé, da tuang karuhun téh sakaterang mah Si Ibi mah, Agan terusing ratu rembesing kusumah. Moal samata-mata Agan kapigarwa ku Aom Usman, upami teu pada ka- gungan karuhun.” Nyi Rapiah: “Karuhun kitu? Naha da geuning Abah jeung Ibu mah tara sasauran bab luluhurna?” Nyi Dampi: “Emh, deudeuh anak Embi Si Geulis. Sanggem Bibi gé, ménak tulén mah tara jécéh ucah acéh ngambat-ngambat luluhur...” Nyi Dampi luak-lieuk kawas aya nu diteangan, tuluy bisa pisan ngagilekkeun carita téh, “angkat ka mana dupi Aom?” Nyi Rapiah lat baé poho kana baluwengna, kagendam ku omongan semah pok nga- jawab: “Lah, nya eta atuh Embi, boga salaki gé sarua baé jeung henteu. Aom téh tara kantenan sumpingna; saka- peung mah saminggu téh nepi ka dua kali, tapi ari keur tam- polana lali mah pleng sabulan ambleng teu aya talatah-tala- tah acan, éstuning matak kaluman.” Nyi Dampi pura-pura kaget, mandona cengkat bari ngusapan dada: “Ya Robbi, Ya Pangéran, kutan téh dugi ka kituna Si Ucu. Si Geulis anak Embi? Emh, na asa ku teung- teuingeun teuing. Sanes heurey Agan téh, nga- maénkeun Si Ibi?” “Ih, naha maké kudu heurey?” walon Nyi Rapiah asa dipiheueuh. Nyi dampi gogodeg pura- pura milu jéngkél jeung nyeta- nyeta mikarunya: “Teu nyana ku Aom bet kitu geuning. Atuh ieu Embi téh sasat kaisinan ku Agan, margi amprokna Agan ka Aom téh sasat dijalanan ku Embi, kapungkur. Beu édas dosa ageung atuh Embi téh.” “Emh, naha Bibi maké ngagugat-gugat ka dinya, da kuring gé teu nyalahkeun ka Bibi,” jawab Nyi Piah. “Nu enggeus mah nya enggeus baé, ulah dibangkit-bangkit. Mun bisa mah anggrusi tulungan kuring. Kilangbara bisa nunggal jadi padmi, atuh ulah ieu baé kieu, asa disapirakeun pisan.” Ngadéngé omongan Nyi Rapiah kitu, dina haténa mah Nyi Dampi téh mani surak bawaning atoh, puguh nu di- pambrih gé éta, supaya Nyi Rapiah nyarandu, sing percayaeun ka manéhna. Pok ngomong jiga nu enya nga- helas: “Matak hawatos teuing: duh Gusti, nya geulis, nya ménak, nya beunghar nepi ka werat dijieun pais-poho ku caroge. Éta panginten Agan mah teu aya pisan dianggo, su- pados carogé kakeupeul ku urang.” Nyi Rapiah henteu ngarti bener kana maksud omongan Nyi Dampi, ngan karasaeun yén jiga aya pangharepan rasiah. Rada curinghak, pok ngajawab: “Nganggo naon Bibi, da asa kirang kumaha, apan pangna nepi ka sakieu ge awahing ku gumusti, satia sa- tuhu ka salaki.” Nyi Dampi nyeuleukeu- teuk, jiga nu heueuh kapiasem, pokna deui ngomong: “Éta Agan mah sok pura-pura teu surti. Maksad Embo mah nu dianggo sotéh sanes anggoan, nanging pamaké. Sukur-sukur upami kagungan ku anjeun, di henteuna atuh sakalieun ciduh dukun mah kedah dipetakeun.” Nyi Rapiah: “Euh éta. Atuh luput di kuring mah Bibi. Bolostrong kosongmolong- pong cara songsong téh enyaan. Cing atuh Bi, kumaha? Sok-sok ka dieu.” (hanca)
  • 15. S aéstuna taya manusa nu sampurna. Rumasa atawa teu rumasa, urang salaku manusa pasti aya kuciwana. Kurang ieu téa, kurang itu téa. Malah, umumna manusa rék leutik rék gedé pasti kungsi ngarémpak papagon agama atawa darigama. Lantaran ngagugulu- keun hawa napsuna, nya moal pamohalan hiji waktu mah kungsi ngalaman tisolédat kana kamasiatan. Balukarna, daék teu daék diasupkeun wéh kana golongan manusa doraka. Naon sababna pangna kitu? Geus kitu baé ti ajalina kénéh ogé. Manusa, ti basa brol dijurukeun ku biangna geus dibabahanan dua jalan. Tegesna, jalan kana kajahatan jeung jalan kana katakwaan (QS Asy-Syams [91] : 8). Palebah dieu mah, sakumna manusa ti nu pangheulana diyugakeun tepi ka nu pangpandeurina ditakdirkeun sarua. Taya nu diiwal. Perkara urang rék milih jalan kajahatan atawa jalan katakwaan és- tuning kumaha urangna. Ngan pi- dawuh Alloh, sakur jalma nu netepan jalan katakwaan, tegesna ku cara nyucikeun jiwana dipastikeun jagana bakal bagja. Sabalikna, sakur jalma nu milih jalan kajahatan, tegesna ku cara ngotoran jiwana dipastikeun jagana bakal cilaka (QS Asy-Syams [91] : 9 – 10). Ku kituna, kahadé tong salah pilih. Malah sawadina kudu waspada inggis keuna ka diri urang. Manusa nu ngaku teu rumasa boga dosa, nurut- keun ahli élmu mah ku kitu ogé geus kaitung dosa. Alloh SWT ngadawuh, “Anjeun ulah ngaku-ngaku diri anjeun suci atawa beresih tina dosa”. Naon sababna pangna peta kitu téh di- larang? Jawaban nu pangbabarina ka- harti, sabab jalma nu teu rumasa boga dosa pasti jauh tina tobat. Padahal, tobat téh hukumna wajib. Sakur jalma nu embung tobat, darajatna disakom- pét-daunkeun jeung jalma sombong/- takabur. Pidawuh Rosululloh SAW, sakur jalma nu aya dina dirina kasom- bongan najan saeutik pasti bakal digebruskeun ka Naraka. Sabalikna, jalma nu rumasa boga dosa pasti bakal gura-giru tobat. Dumasar kana hiji katerangan, Alloh SWT mikareueus ka jalma-jalma nu tobat. Aya dua kauntu- ngan nu diancokeun ka jalma-jalma nu tobat, meunang ganjaran tobat jeung meunang pangampura. Sakumaha pada ma’lum tobat téh aya saratna. Kahiji, ngarasa hanjakal malah alusna mah nepika nalangsa lantaran geus ngarémpak papagon agama jeung darigama. Kadua, jangji ka dirina sorangan jeung ka Alloh SWT yén moal deui-deui ngarémpak papa- gon agama jeung darigama. Katilu, ngaganti kajahatan atawa kamasiatan nu dilanggarna ku kahadéan atawa amal soléh sakurang-kurangna sapadan jeung kajahatana sukur-sukur mun ku nu leuwih hadé. Upama kajahatan nu dilam- pahkeun aya pakuat-pakaitna jeung papadana, dikudukeun ménta diham- pura atawa ménta diridokeun lang- sung ka manéhna. Upama inyana geus tilar dunya, dikudukeun ménta diham- pura atawa ménta diridokeun ka kula- wargana. Alloh SWT ngadawuh: “Saéstuna Alloh moal ngahampura dosa-dosa jalma nu nyarékatkeun naon-naon ka Anjeunna, jeung Alloh baris nga- hampura dosa nu salian ti éta pikeun sing saha nu dikersakeun ku Anjeunna sarta maranéhna moal dikaniaya sa- eutik-eutik acan” (QS An-Nisa [4] : 48). Jangji Alloh moal sulaya. Lebah dieu kari urangna, naha geus bener- bener méménta pangampura ka Anjeunna? Naha urang geus kaabus ahli tobat atawa acan? Kumaha baé prak-prakan tobat téh? Ngadawamkeun Istighfar Diriwayatkan ku Muslim dina sohihna, Al-Aghru al-Mizani RA nyarioskeun yén Rosulullah SAW kan- tos ngadawuh: “Kaula (kadang- kadang) ngarasa teu tengtrem haté, (ku lantaran kitu) kaula tara poho méménta pangampura ka Alloh jero sapoéna saratus kali”. Diriwayatkeun ku Abu Dawud dina sunanna, Abdul- loh bin Umar RA nyarioskeun yén Rosululloh SAW ngucapkeun kalimah: “Ya Alloh hapunten abdi, tampi tobat abdi, saéstuna Anjeun téh Dzat nu Nampi tobat sareng Anjeun téh Dzat nu Welas Asih”, lobana saratus kali saban poéna. Saterusna Rosululloh SAW ngadawuh: “Yaa ayyuhannaas, tuubuu ilalloh fa innii atuubu fil yaumi miata marrotin / Hartosna: Héy manusa, gura-giru geura tarobat ka Alloh, saéstuna Kaula tobat ka Anjeun- na saban poé saratus kali ” (HR Mus- lim). Sedengkeun dumasar kana hadits riwayat Bukhori, Rosululloh SAW saban poéna leuwih ti tujuh puluh kali tobat (HR Bukhori). Mungkin baé aya nu hélok, naon sababna pangna Rosululloh SAW tara tinggaleun maoskeun istighfar saratus kali saban poéna? Apan, anjeunna téh ditangtayungan tina sagala dosa? Ibnu Taimiyah nyaurkeun, saenyana saban jalma salilana aya dina ni’mat sarta kurnia Alloh nu wajib disyukuran ku inyana. Jeung salilana aya dina dosa sarta kamasiatan nu wajib ditobatan ku inyana. Ku lantaran Rosululloh SAW mah jalmi nu pang tiasa-tiasana syukuran kana saniskara ni’mat sarta Kautamaan Maos Istighfar Ku Mahmud Yunus 14 Manglé 2437
  • 16. karunia Alloh SWT, atuh kantenan baé anjeunna mah teras-terasan neneda pangampura ka Anjeunna siang sinareng wengi ogé! Demi jalma nu iman kalawan iman nu sabener-benerna, inyana pamoha- lan deuk mopohokeun atawa ngaleuleungit kana saniskara nu dilélérkeun ka manusa ti mimiti di jero kandungan biangna tug tepi ka kiwari. Mun seug urangna rajeun ngalenyepan urang téh asalna ti mana jeung rék ka mana tangtu hirup téh moal mangprung-mangprung teuing. Saha téa kitu urang téh? Geura hempék lenyepan dawuhan Alloh SWT dina Al-Quran Surat Al-Mu’minun [23] ayat ka-12 nepi ka-14. Atawa Al- Quran Surat Al-Hajj [21] ayat ka-5 jeung réa-réa deui ayat séjénna. Satuluyna Alloh SWT ngadawuh: “Ti dinya, saéstuna maranéh sabadana kitu téh pasti jadi mayit (dicabut nyawana). Tuluy, saéstuna maranéh dina poé Kiamat téh bakal dihudang- keun” (QS Al-Mu’minun [23] : 15 – 16). Naha geuning maké dihudang- keun sagala? Sanggeus dihudangkeun, manusa sakumna baris dikumpulkeun di Makhsyar. Satuluyna baris di- balitungkeun amalna sagemblengna! Alloh SWT maréntahkeun ka hamba-Na sangkan marénta pangam- pura ka Anjeunna. Pidawuh-Na: “Jeung maranéh geura ménta diham- pura ka Alloh. Saenyana Alloh téh Maha Jembar Pangampura, turta Maha Welas Asih” (An-Nisa [4] : 106). Dina ayat séjénna: “Ku kituna, sing nyaho waé yén teu aya deui Pangéran anging Alloh, jeung geura ménta di- hampura tina dosa manéh jeung geura ménta pangampura pikeun mu’minin katut mu’minat. Jeung Alloh uninga kana tempat maranéh balawiri jeung tempat padumukan maranéh” (QS Muhammad [47] : 19). Jeung réa deui ayat séjénna nu eusina maréntahkeun ka manusa sangkan ménta dihampura tina sagala dosa. Ayat-ayat bieu nétélakeun ménta pangampura ka Alloh SWT lain waé keur diri pribadi tapi ogé keur dulur- dulur urang nu ariman. Boh awéwé boh lalaki. Boh nu hirup kénéh boh nu geus maot. Geuning sok aya nu ngadoa kieu: “Allohumaghfir lil-mu’miniina wal-mu’minaat, wal-muslimiina wal- muslimaat, al-ahyaa’i minhum wal- amwaat”. Awahing ku welas asih ka hamba- Na, tobat ogé teu sirikna di- tatawarkeun atawa diasong-asong. Ieu hartina, kari urangna nu enya-enya ngamangpaatkeun kasempetan. Da, puguh lawang panto tobatna mah geus dibuka. Mun seug ditengetan moal boa disebutkeun dina bulan Romadon ka- mari, panto Sawarga dibuka salébar- lébarna téh maksudna sangkan urang kamotivasi. Ambéh paloba-loba turta pahadé-hadé dina ngalampahkeun ka- hadéan. Sagigireun ti éta disebutkeun bulan Romadon gé kebek ku pangam- pura ogé nya kitu ngarah urangna daria ngalampahkeun tobat ku tobat nasuha. Nya éta tobat nu sabener- benerna. Naha aya kalimah istighfar nu husus dicontoan ku Rosululloh SAW? Naon baé ti antarana? Rosululloh SAW ngadawuh: “Keur sing saha nu maca: “Astaghfirullohal adhim, alladzii laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyuumu wa atuubu ilaihi / Hartosna: Abdi neda dihampura ka Alloh, teu aya deui Pangéran iwal ti Anjeunna, nu Maha Hirup jeung terus- terusan miara mahluk-Na” (HR Mus- lim). Diriwayatkeun ku Bukhori dina sohihna, Syaddad bin Aus nyarioskeun ti antara sababaraha redaksi istighfar aya ti antarana nu katelah “panghulu” istighfar. Nya éta: “Allohumma anta robbi laa ilaaha illa anta, kholaqtani wa ana ‘abduka, wa ana ‘ala ‘ahdika wa wa’dika mastatho’tu, audzu bika min syarri maa shona’tu, abuu’u laka bi ni’matika ‘alayya, wa abuu’u bi dzambi faghfirlii fainnahu laa yaghfirudz- dzunuuba illa anta”. Nurutkeun HR Bukhori, sing saha nu maca “panghulu” istighfar ti beu- rang kalawan kebek ku kayakinan tuluy inyana maot saméméh datang waktu sore, inyana baris jadi pangeusi Sawarga. Sing saha nu maca “pang- hulu” istighfar ti peuting kalawan pinuh ku kayakinan tuluy inyana maot saméméh waktu subuh, inyana baris jadi pangeusi Sawarga. Istighfar disyaréatkeun saban waktu. Hukumna wajib pikeun nu tikoséwad kana kamasiatan. Istighfar disunahkeun keur nu tas migawé amal soléh sangkan kakurangana katutu- pan. Istighfar digunakeun keur mupus dosa sabot aya dina pasamoan/majlis, jst. Wallohu A’lam bish-Showab.*** Nu nulis Ketua DKM Manbaul Ulum SMA Negeri 1 Banjar Kota Banjar Manglé 2437 15 tina internet
  • 17. D awuhan Allah Swt. : Fa'fu 'anhum wasfah, innalloha yuhibbul muhsiniin. Hartosna, mangka hampura maranéhna jeung lubarkeun dosana saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadéan (QS. Al-Maidah : 13). Ngamimitian sasih Syawal atanapi poé-poé sanggeus lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupa-rupa pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, nu di urang mah katelahna acara halal bihalal téa. Kitu deui, halal bihalal ogé dina buktina mah taya lian ti sila- turrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina halal bihalal ogé disimbeuhan ku silih lubarkeun dosa tur ngaraketkeun deui duduluran anu pernah renggang. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara- cara pataréma leungeun. Ku pataréma, sasalaman minangka hiji bukti pikeun ngaberesihan diri tina rupa-rupa dosa sareng kasalahan anu kungsi kalaksana- keun. Kangjeng Rosululloh SAW ngadawuhan : Maa min muslimaeni yaltaqiyaani fayatasoofahaani illa gufiro lahumaa qobla ayyatafarroqo. Nu pihartoseunana : Dua jalma muslim anu papanggih bari sasalaman baris diham- pura dosana saméméh duanana pa- pisah deui. (HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah) Sasih Ramadan anu agung, ayeuna parantos ngantunkeun urang sadaya. Sasasih campleng urang dilatih puasa tur ngalakukeun rupa-rupa ibadah. Kitu deui ibadah urang teh sanés waé ku tanaga sareng pikiran, tapi ku harta banda ngalangkungan nyumponan zakat sareng sodakoh. Mudah-muda- han, dina latihan kamari, urang kalebet nu lulus banglus, teu aya halangan harunganana. Ti mimiti prung urang puasa dugi ka lekasanana, urang meresihan diri. Ngan tangtu, salaku jalmi, sok aya waé lam- pah nu teu uni, lampah nu patojaiyah. Tah, jalaran kitu Islam ngawajibkeun silihlubarkeun dosa. Naon sababna? sangkan urang tiasa ‘idul fitri, balik deui kana kasucian tur amal urang beresih tina kotoran-kotoran. Dina kaayaan ngudag éta, tos sawadina, lian ti urang istigfar ka Nu Maha Kawasa, atuh urang ogé kedah silihhampura. Margi, sakumaha pidawuh di luhur ogé, Fa'fu 'anhum wasfah, innalloha yuhibbul muhsiniin. Hartosna, mangka hampura maranéhna jeung lubarkeun dosana saenyana Alloh mikacinta ka jalma- jalma anu nyieun kahadéan. Sangkan dosa papada urang tiasa kapupus, kacida hadéna upami dina kasempétan 'Idul Fitri atanapi saréngséna, ku diayakeun Halal bihalal atanapi silaturrahmi. Dina halal bihalal éta, teu aya acara iwal ti silih hampura, silih talingakeun, silih asih, silih asuh malahmandar mampuh silih talinga- keun. Sabalikna kacida rugina jeung ki- rang hadéna upami dina kasempétan nu berharga ieu, teu digunakeun ku urang sadayana. Sabab jalma nu tara ngulur- keun leungeunna pikeun ngahampura kana kasalahan batur atawa ménta pangampura ka baturna, éta téh lain ciri jalmi takwa. Dina Al-Qur'an, Alloh Swt. parantos nuduhkeun, Wal'aafiina 'anin- nas, wallohu yuhibbul muhsiniin. Nu hartosna : Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma- jalma anu ngalampahkeun kahadéan. (QS. Al-Imron : 134). Jalma Bangkrut nu Embung Silih Hampura Hikmah halal bihalal, silih ha- lalkeun papada urang, tangtu ambaha- nan ulah heureut nepi ka dinya. Urang silih halalkeun tuangeun jeung silih hampura tina lisan jeung lampah, méh moal barokah (jiyadatul khoer), upama teu dibarung ku istiqomah. Sabab, naon atuh hartina urang silih lubarkeun dosa, tapi dina lampahna, embung silih bantu, embung silih jeujeuhkeun. Pada- hal, keur ngaberesihkeun haté urang, henteu cukup saharitaeun, tapi kudu manjang, nepi ka ngadatangkeun silih bungahkeun. Ieu luyu sareng surat Al- Hasyr. Jalmi rugi, nyaéta jalmi nu ng- amomorékeun tina silih naséhatan dina kahadéan jeung silih naséhatan tina ka- sobaran. Dicarioskeun dina salahsahiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yén Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat : "Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut téh?" para Sohabat ngawaler : jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta. Teras Rosu- lulloh SAW negeskeun : "Saenyana jalma anu bangkrut téh nyaéta jalma nu balik ka ahérat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu saki- tu lobana béak dipaké mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun haté batur, ngadoliman ka nu séjén nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi dipaké mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka manéhna, tuluy dialungkeun kana naraka. Jalma bangkrut téh kitu, loba ibadahna ka Alloh, tapi loba dosa ka pa- pada manusa." Margi kitu, ayeuna saparantosna 'Idul Fitri, haté urang kedah diseuseuh ku silih hampura, silih lubarkeun tina dosa perdosa, silih talingakeun, malah- mandar mampuh silih beungharkeun. Taqabbalallahu minna waminkum. Mudah-mudahan sagala ibadah urang ti tampi ku Gusti Allah Swt. Sareng minal ‘aidin wal faizin, mugi urang sadayana janten golongan anu beresih sareng golongan anu aruntung. Allohu- magfirlana dunubana waliwalidina warhamhuma kama robayyani shogiro. Amin ya robbal 'alamin. *** Silih Hampura, Silih Lubarkeun Dosa Ku Rifqu Fawaj Fauji 16 Manglé 2437
  • 18. 17Manglé 2437 K ANCING over- coat nu geus pageuh, teu ngahaja di- pageuhan deui. Syal nu meulit dina beuheung, dibebener, sana- jan teu lésot. Sakitu sarung tangan geus dua rangkep, ramo-ramo asa baal kénéh waé. Teu sangka bakal sakieu tirisna hawa téh. Mun seug nepi ka teu tepung téh, tada teuing handeueulna. Cacak lain rék néang buah haté, asa teu sanggup kudu ngambah lalampahan sakieu jauhna. Tepung kitu jeung budak téh, atawa moal? Mun seug tepung, nya ayeuna mung- garan lebaran jeung budak téh. Mun henteu? “Namaste,” cék Arun nu mapagkeun kuring, di ban- dara. Dua leungeunna di- antelkeun kana dadana dina posisi munjungan. “Namaste,” témbal ku- ring nurutan. Terus pada- pada nikukur. Ti bandara ukur tepi ka sisi wates Darjeeling kana mobil téh, terusna leumpang paduduaan. Ku- ring ngarep-ngarep rék ganti mobil, tapi henteu kénéh waé. Sajajalan teu katénjo patalimarga, ukur nu laleumpang wungkul. Kitugé ukur sababaraha urang. Padahal kakara pukul salapan, asa can peuting-peuting teuing. Basa ditanyakeun ka manéhna, cenah mémang jam-jam sakieu mah teu meunang aya kendaraan nu ngaliwat. “Special car free night?” cék kuring. “Henteu da unggal peu- ting gé sarua,”pokna. Hayang nanyakeun ku naon jeung ti iraha ayana ieu kabiasaan téh, tapi ku tiisna hawa asa teu hayang cacarita leuwih loba. Basa manéhna ngajakan nginum cientéh heula, mani giak ngamanggakeun, atoh. Eu- keur mah tas leumpang sakitu jauhna, katambah- tambah hawa tiis anu sakitu nyiksana. Pangampura pamajikan, jadi jalan kuring kudu nyo- rang Darjeeling, hiji tempat nu ayana di India Kaler. Kuring narima surat ti Walinda, mopoyankeun yén manéhna geus taya harepan hirup. Kanker nu jadi dina salah sahiji organ, geus nyaliara ka sakuliah awakna, hamo aya harepan diubar-abér. Salakina, rék masrahkeun budak, da ce- nah kuring anu leuwih hak. Budakna geus dibéjaan saha bapa tegesna, ti ang- galna kénéh. Ka salaki Walinda nyebutna Uwa, da manéhna pernah kapisuan laér ka anak kuring téh. Asa Lebaran Munggaran Carita Pondok Aam Amilia
  • 19. Manglé 243718 “How about you, lemon- tea, appletea, rosetea, or- angetea?” cék Arun. Kuring éra asa katohyan keur ngalamun. Can némbalan, kalah ngahuleng. “Atawa hayang rajana entéh, English breackfast- téa?” pokna deui. “Naon wé, lah “ cék ku- ring. Manéhna seuri, bari sup deuika jero. Sora seuneu ngalétak hunyudan bubuk kai, ngagebos, ngareureuwas. Karasa rada haneut kana awak. Sabot nungguan citéh nu ditinyuh sorangan ku Arun, kateuteup léntab- na seuneu, kawas ngaléta- kan suluh nu anyar dibe beskeun. Moal bina nga- léntabna haté pamajikan, basa ngadéngé kuring ba- laka yén saenyana bareto téh geus kungsi rarabi, malah batianhiji. Kuring haritanyarita asa balé- lol.Sanajan meunang ngabeuweung-ngautah- keun aya samingguna, angger teu béntés. Awak ngadégdég, teuteup pama- jikan, asa seuseukeut balati. Ngan cipanonna nu wasa kedal. Rangkulanana pa- geuh dina dada kuring. “Hapunten Kaka,” cék kuring harita. Lain rék ngabobodopa- majikan nu ayeuna, tapi da kuring mémang kawin jeung Walinda téh susu- lumputan. Kolotna teu doaeun. Status sosial nu ganjor jeung adat féodal nu masih dicekel pageuh ku kolot-kolotna, moal bisa di- rempak. Padahal cinta geus meulit muhit, uratan akaran dina dada kuring duaan. “Ieu mah téh tubruk Dar- jeeling, buatan saya,” cék Arun ngareureuwas. Sok citéh sabekong diteundeun hareupeun, ku manéhna sabekong. Suruput diinum saeutik sanggeusditiupan. Kawas nu ngarti, kojéngkang Arun mawa pisin. Dipisinan mah leuwih téréh kaasaanana. Enyaan mani marem.Hawa tiis jeung citéh panas ngageleser kana beuteung. Ti luar durukan beuki ngabebela. Kuring sanggup muka sarung tangan, sabeulah. Sok gigireun citéh. “Are you hungry too?” pokna. Kuring unggeuk bari mésem, rada éra. Léos manéhna ka jero deui. Papakéanana kakara kasidikkeun, geuning mani randutdut. Cacak urang dieu mani tilu lapis bajuna, komo kuring. Seuneu durukan di luar- eun warung beuki ngage- dur. Dina wangwangan kacipta deui kumaha pa- nungtungan tepung jeung Walinda. Manéhna nga- jakan napak tilas ka tempat tepung baheula. Di buruan kalér kampus duaan, sarua keur meneng kana buku masing-masing. Teu nyaho ti mana jolna, bet aya ucing. Na ari gajleng téh éta mo- jang ngadeukeutan, ménta dipanggebahkeun ucing. Ku kuring paméntana ditedu- nan. Rada éraeun basa di- tanya maenya ku ucing sieun. “Keun baé naha, lain uru- san anjeun,” pokna, judes. Tapi lantaran ucing téh nyampeurkeundeui, ka- paksa manéhna dikawal. Harita da kabeneran sarua lapar, bareng ngajugjug kantin mahasiswa. Di kan- tin, kakara siliwawuhan. Manéhna nyebutkeun ngaranna téh, Cinta Walinda cenah. Bet man- jang wawawuhan téh. Tem- pat éta matuh jadi paranti ngobrol. Ngan di dinya bisa murakeun kasono téh, da manéhna mah indit kuliah dijajap, balik dipapag ku supirna.Komo sanggeus kuring nyaho yén di imahna aya bénténg adat nu kacida luhurna, hamo kaléngkahan ku sing saha waé ogé. Bénténg kuno, nu ngalarang éta kulawarga kawin ka luareun dinasti maranéhna. Nu nyoba- nyoba ngarempak, kudu kaluar tina garis panjang ahli waris, keluarga besar pengusaha nu beurat beunghar téh. “Diusir sapajodogan? Kejem amat,“ cék kuring harita. “Henteu diusir mah, ngan moal meunang warisan,“ témbalna. Cinta nu datang teu pupuntenan, kalah beta- heun nyayang dina jiwa kuring duaan. Aya cita-cita hayang hirup babarengan, bari apal yén jalan pikeun ka dinya téh tarahal pisan. Pék baé mun kuring rék disebut lalaki teu boga cedo, mikahayang anak konglomerat. Bongan cinta nu nyayang téh kalah méré kakuatan nu rohaka, pikeun ngarempak larangan kulawarga Walinda. Manéhna kungsi akal-akalan, nyebutkeun yén geus kakandungan. Sugan téh haté kolotna rék leyur. Teusingna. Kolotna milih mun enya kitu téh, pék waé cenah, kawin soré pegat isuk, batan narima kuring jadi minantu. Ku- ring duaan nékad, kawin lari. Tapi kakara sataun gé geus karasa sangsarana. Atuda eukeur mah kuring kuliah kénéh, katambah- tambah hirup diuudag kasieun téh capé nataku. Teu bisa indit babarengan, salawasna susulumputan. Kuring pepegatan, sabada Si Cikal lahir. Duaan kapisek neangan duit keur mayar bidan. Ahirna serah bongkokan, Walinda mu- lang deui ka kulawargana. Kuring neruskeun kuliah. “Anjeun ahli entéh ogé, sarua jeung Mr Vikar?”cék Arun. Kuring ngarénjag, méh baécitéh nu keur disu- ruput, képlok. Kuring ukur unggeuk, ngawadul deui. Manéhna ngasongkeun da- hareun sapiring. “Mr Vikar téh Angga- wikarta, bos perkebunan entéh Valinda. Létah kuring nyebut Wikarta jadi Vikarta. Mangga dituang,“ cék manéhna bari seuri. “Ditampi,” témbal kuring. Jadi ras ka lembur. Kada- haran téh bet méh sarupa jeung papais atawa ciréng, papada tina tipung béas jeung tipung aci. Manéhna mah dicoélkeun kana caigula dina sangku leutik, kuring mah resep nu asin. “Geus lila wawuh ka Mr Vikarta?” cék Arun. Kuring rada ngarandeg. Tapi piraku nyebutkeun can panggih-panggih acan mah. Komo balaka yén salakina popotongan. Nga- jawab téh ngawadul wé, geus lila. Cék kuring, manéhna téh salakina dulur kuring Walinda. Manéhna unggeuk. “Ari anjeun babatu- ranana?”cék kuring. “Lain, kuring mah pa- gawé, Mr Vikar mah salasahiji owner perke- bunan entéh, dunungan kuring. Nu matak kuring ditugaskeun mapagkeun anjeun ka bandara. Geus panggih jeung Mrs Valinda, garwana?” pokna, bari nyoél gula. “Acan. Kumaha kaayaanana ayeuna?” “Karunya, salirana séép digorogotan ku panyawat. Kageulisan anu sakitu murub mubyarna téh méh teu nyésa. Ayeuna mah, deudeuh. Ah, so sadness. Nu mawi anjeunna alim ditepangan ku sasaha ogé.” Kuring ngarandeg, deudeuh teuing Walinda. Anjeun teu apal, kuring kawin ka pamajikan nu ayeuna, sabada gering nangtung taun-taun inget
  • 20. Manglé 2437 19 ka anjeun. Tapi kudu ka mana nyusul? Ayeuna Enung alim ditepangan. Kuring ukur bisa ngadu’akeun, mugia anjeun sing kiat. Nuhun, masih- keun buah haté urang ka kuring. Apan kuring geus sapuluh taun ngarangkep ka pamajikannu ayeuna, tacan kénéh dipercaya boga budak, cék haté norowéco bacéo. Lantaran nénjo kuring ci- cing waé meureun, Arun ngajakan neruskeun lalam- pahan, ka hotél, bari pami- tan ka tukang warung. Cenah kuring kudu saré heula, sangkan ulah kabu- lusan. Engké janari rék di- jemput. Urang nepungan Mr Vikar, alias Wikarta Anggaputra, salaki Walinda, di Tiger Hill. Cenah Mr Vikar hayang nyarengan putrana ka éta tempat, rékningali panon- poé bijil. Teu wudu capé leumpang téh, ngan bubuhan tiis wé. Teu burung nepi ka hotél. Sanajan ukur jam-jaman di hotél, kuring bisa ngarénghap tina baju kan- deljeung overcoat. Ramo- ramo sina bébas tina sarung tangan. Pemanas ruangandi éta kamar hotél, kacida nulungna kana awak kuring tina kabulusan.Asa kakara salenyap saré téh, panto kadéngé diketrokti luar. Arungeus ngajega di lawang, makéovercoat, si- rahna dibuged, kawas sor- ban, tur maké sapatuboot. “Are you ready?” pokna. Kuring ménta idin rék saur heula. Sihoréng ti hotél ka ditu mah bisa kana mobil. Ngan tiluanjeung supir dina mobil téh. Kuring jeung Arun ditukang.Jalan beuki lila, beuki netek. Di sisi gigir jalan ngan leuweung nu katénjo, lamun sakali- kalieun kahibaran ku lampu mobil, da poék kénéh. Mun ti beurang mah tangtu kaciri rumpilna éta jalan téh. Ti kajauhan geus kadéngé sora nu ayeuh- ayeuhan, jeung sora dogdog ditakol. Beuki lila beuki jelas horéng loba nu keur nyanyi lagu India. Mobil dieureunkeun lebah lawang. Kuring duaan taru- run, supir néangan parkir. “Is taraf nahin,” cék hiji lalaki maké jubah bodas nanya ka Arun. Kadéngé Arun nanya ku basa nu teu kaharti ku kur- ing. Kitu deui jawabanana sarua teu kaharti. “What did he say?” cék kuring. “We walk on the wrong way,” cék Arun. Lantaran salah jalan, kuring muter deui. Ieu tempat téh ayana di luhur pisan, lebah suku Gu- nung Himalaya. Wangu- nanluarna rék siga munara. Cék Arun, unggal taun sok aya urang Sunda nu keur aya di India, nepungan ka Mr Vikra. Taun tukang mah ti New Delhi. Kungsi ogé ti Hyder- abad, Kalkuta, Mumbai, Bangalore, jeung di Madras. “Taun ieu anjeun, “ cek manehna bari ngaléos, per- misi rék néangan Mr Vikar. Ah, Walinda, siga kumaha anjeun ayeuna? Minangka panungtung ngadéngé sora Walinda téh basa kuring keur di Bangkok, milu seminar ngeunaan masalah her- itage, ditugasken ku dunu- ngan. “Tresna? Kumaha kabarna? Kumisan kénéh, ari gigi carang kénéh, sok gétékan kénéh?” Angger, pananyana mani nyoroscos, sanajan karasa geter gu- gupna. Pananyana ukur ditémbalan ku heemh. Kacipta panonna nu cureuleuk, biwirna nu ipis kayas, pipina nu konéng enay. Buukna sok ngariab lamun disingklakkeun, kaambeu seungit. Irungna nu mancung sok dipengék, mun manéhna mengék irung kuring. Inget kénéh nanyana téh tutuluyan. “Ku naon can kawin waé?” pokna. Enyaan terus mapay-mapay kahirupan kuringna téh. Tepi ka nyaho yén kuring can kawin. Angger poksang, semu ocon. “Atuda hoyong ka nu siga Cinta. Aya gé jauh di Amérika,” cék kuring. “Saha namina?” “Wynona Rider.“ Manéhna seuri nyeuleukeu- teuk. “Angger kénéh waé. Ieu téh sagalana angger kénéh?” cék kuring. “Aya nu robah,” tém- balna. Manéhna kaciptana nompokeun HP-na. Kawasna ka ucing, da di- sada éong-éongan. Keur mangku ucing? Apan baréto mah sakitu sieuneu- nana ku ucing téh. Eta meureun nu dimaksud robah téh.Cinta, siga kumaha Enung ayeuna? Sora HP ngirining, asa ngahudangkeun lamunan. “Mr Vikar nga-sms, teu mungkin ka dieu cenah, hampura, Mrs Walinda anval, kedah ka rumah sakit. Ngan aya putrana nungguan di dieu, saurna piwarang sareng jeung an- jeun,” cék Arun. Kuring ngagebeg, rey getih asa unggah kabéh kana sirah. Hawakarasa beuki tiis, nepi ka irung gé peurih, tapi teu ieuh dirasa. Kuring muru tempat nu di- tuduhkeun ku Arun. Cenah manéhna diuk dina kuta nu nyanghareup ka lebah pibijileun panon poé. Di dieu mah angin karasa pisan ngagelebugna. Sora nu surak, asa ngahu- dangkeun ingetan ka mangsa pipisahan jeung Walinda.Kuring kakara nempo anak téh keur orok beureum kénéh. Tangtu ayeuna mah geus ABG. Duaan paungku-ungku, ceurik. Ti wétan, sumirat mimiti rék lugay, kakarakatara ca- hayana, murub mubyar lir emas sinangling. Kuring luak lieuk néangan Arun. Jep sakedapan nu surak jempé. Méh kabéh ngaréng- hap. Lalaunan planét nu teu weléh hurung téh siga kaluar ti tukangeun gu- nung. Bray-bray alam pe- teng mimiti caang. “Allahu Akbar,” cék ku- ring. “Oh myGod,”cek nu séjén, sorana handaruan. “Acha guzra, ”kadéngéna ku kuring, nu surak ambal- ambalan. “Namaste lovely sunrise,” cék nu gigireun. Nun Gusti, aya ku éndah étadadamelan. Mani asa deukeut bal emas téh tina teuteupan. Sakeudeung deui mah tangtu kuring moal wasa neuteup anjeun, da sérab. Tina sela-sela sora nu muji kaéndahan éta ka- jadian alam, karasa aya nu noél. Basa dilieuk, horéng Arun jeung budak lalaki, mani kasép. Angen tutung- gulan. Antara kadéngé jeung henteu basa Arun nyebutkeun, Mr Vikar nga- jak tepung engké pukul salapan isuk-isuk, di guest house-na. Geus teu hayang tatanya, basa patepung teu- teup jeung budak. Angen dulugdugdag, kabawa mo- tahna rasa. Atuda sagala nu aya di éta budak téh lolobana nu kuring, panonna, irungna, biwirna, buukna. “Morning Dad,” cék budak, tatag naker.Sarérét katenjo Arunkerung, colo- hok. Teu wasa némbalan, da piceurikeun nyelek kana tikoro. ***
  • 21. 20 Manglé 2437 C arita pondok “Jajap nu Mulang” (Manglé No.2133), hiji ti antara sakitu ratus carpon karya kuring, bisa dianggap mawa berekah manjang. Mimiti dimuat dina “Manglé” bulan Méi 2007, kasinugrahan hadiah “Carlih” (carpon pinilih) “Manglé”. Engkéna milu ngeusian buku “Kanagan 2” (2008) nu ngamuat carpon-carpon pinilih “Manglé taun 2002-2007. Basa kumpulan carpon “Ceurik Santri” (Rahmat Cijulang, 1985), rék dicitakulang ku Geger Sunten (2007), Taufik Faturohman ménta éta buku nu ngamuat dua carpon (“Ceurik Santri” jeung “Tanah Satapak Peu- cang”) dikandelan. Nya ditambahan ku “Jajap nu Mulang” jeung “Hujan Silantang” (sarua kungsi dimuat dina “Manglé” jeung buku “Kanagan I”)). Pék téh deuih Déwan Juri Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda(LBSS),2006-2007,netepkeun “Jajap nu Mulang” minangka carpon pinunjulIIIth.2007.PinunjulIcarpon Sisipus karya Deni Ahmad Fajar, jeung pinunjul II “Kembang Keretas” karya Ai Koraliati. Carpon Ai sarua kungsi jadi “Carlih” Mangle, tur sarua dimuat dina “Kanagan 2”. Hayang nyaritakeun carpon “Jajap nu Mulang” lain goong nabeuh manéh. Ieu mah sakadar babagi pan- galaman dina perkara prosés nulis éta carpon. Sugan baé bisa jadi eunteung keur para pangarang Sunda nu ngarora, nu geus mimiti renung ma- kalangan. Apan di antara nu mareu- nang hadiah sastra LBSS 2006 jeung 2007, rata-rata pangarang ngarora 20-30 taunan, samodél Rizal Sabda, Atép Kurnia, Ary Ardiana, Tiwi Sonia, Dhipa Galuh Purba, Nunu Nazarudin Azhar, Sarabunis Mubarok, jsb. Saméméh jadi carpon, gagasan “Jajap nu Mulang” leuwih ti heula di- tulisdinawangunartikelbasaIndone- sia. Dijudulan “Partai dan Bahan Bacaan”. Dimuat dina rubrik budaya “Khazanah” Pikiran Rakyat (Januari 2007). Ditulis deui mangrupa artikel dina basa Sunda “Partéy jeung Bahan Bacaan”. Dimuat dina majalah “Cupumanik (Maret 2007). Atuh lamun diitung-itung ti mimiti mangrupa artikel dina “PR”, “Cupu- manik”, jeung carpon dina “Manglé”, carpon pinilih “Manglé” katut “Kana- gan 2”, jeung dimuat deui dina “Ceurik Santri” ditambah hadiah LBSS, “Jajap nu Mulang” geus “nge- duk” honor ampir Rp 4 jutaan. Gedé pisan keur ukuran karya sastra Sunda mah. Ari nu jadi sumber gagasan éta ar- tikel nu mindarupa jadi carpon téh, nyaéta gempungan resmi nu di- ayakeun dina raraga resés salah saurang anggota DPR-RI di Garut. Kuring hadir duméh diondang. Wakil rayat nu teu jiga rayat (lan- taran sikep unggah-ungguhna, len- tong basana, katangén pisan kawas pejabat luhur) téh, tétéla teu mangga- pulia nyanghareupan “audéns” Pang- pangna para mahasiswa paguron lokal. Meureun tadina mah nganggap énténg. Bakal bisa nyarita laluasa sakahayang manéhna. Moal aya nu ngadebat. Nu matak ti barang naék kana podium, ngeunah baé medar rupa-rupa program gawé manéhna, boh nu geus digarap, boh nu karék di- rarancang. Bet ranyong nu interupsi. Nepi ka moderator kawalahan. Hiji maha- siswa, budak kénéh pisan, pertentang nyarita. Ngiritik peureus pisan, boh ka éta anggota DPR-RI nu ngarasa nga- wakilan konstituen Garut, jeung Tasikmalaya (Daerah Pamilihan XI), boh ka institusi DPR nu pinuh ku ko- rupsi jeung jalir jangji. Dina nga- songkeun kritikna, éta mahasiswa nyutat teori-teori para pakar politik, sosial, budaya kamashur. Saperti Nic- colo Machiaveli, John Dérida, Gramcy, Michaél Focault, Ibnu Khal- dun, Ché Guavara, jsb. Duka enya éta mahasiswa téh geus macaan buku- buku karya pangarang nu ditataan cikénéh. Atawa ukur kabawakeun ku usum. Tamba tinggaleun jaman. Pédahétangaran-ngarantéhmindeng kawayangkeun kiwari. Dina ngajawab rupa-rupa kritik, éta anggota DPR-RI katingal pisan “grogi”.Aga-eugeujeung gupuy-gapay ka ditu-ka dieu. Nepi ka mindeng mengpar tina substansi poko. Beuki geumpeur barang ku barudak diéak- éak. Malum mahasiswa di kota leutik, nu langka manggih pajemuhan badag. Dina sakalina aya kasempetan, dipaké mudalkeun angen-angen bébéakan. Najan teu nonggérak, tina jawaban- jawabanana kana kritik para audéns, éta anggota DPR-RI, katingal kurang wawasan jeung referénsi. Ukur saaya- aya baé teh enyaan. Meureun pédah cicing di puseur nagara, sapopoé ngantor di Senayan, nyangking ka- lungguhan istimewa, ulah katangar éléh atah-atah ku urang “pasisian”. Matak ngangres, sabot ngabayang- keun, kumaha carana éta wakil rayat bisa prak ngalaksanakeun pagawéan nyata dina hirup kumbuh masarakat. Kana téori-téorina ogé kawas teu apaleun. Kawas kurang maca. Mak- lum waktu kapilih, henteu diajén eusi uteukna. Tapi cukup ku meunang nomerleutikdinadaptarcaleg,duméh Lalakon Carpon Ku H.Usép Romli HM
  • 22. Manglé 2437 21 deuheus ka gegedén partey. Ras ka mangsa 40 taunan ka tukang. Anggota partéy téh, bener- bener palalinter. Ngawasa masalah, apal kana teori jeung prakna. Réa maca. Réa diskusi. Sarta mampuh nuliskeun gagasan-gagasanana, boh winangun fiksi (carpon, sajak), boh non-fiksi (artikel, essey), jsb. Tokoh Obid dina “Jajap nu Mulang” mangrupa tipe “urang partéy” nu masagi. Padahal manéhna ukur anggota biasa. Dumuk di pilemburan. Hirup paspasan. Ngan bacaan jeung bahan bacaanana ngaleuya. Hiji ka- anéhan keur masarakat umum, lain baé harita, dalah ayeuna gé sarua kitu. Dina artikel “Partai dan Bahan Ba- caan” kuring ngabandingkeun “urang partéy” (hususna Partey Komunis In- donesia – PKI), jeung aktivis politik sabada PKI dibubarkeun (1965). Dina aspék inteléktualita, jauh tanah ka langit.Karepmacajeungnulisgé,jauh gunung ka laut. Di dinya disebutkeun, aya aktivis pamuda, kapeto jadi anggota DPRD kabupatén, di imahna taya buku hiji-hiji acan. Rak jati nu di- pajang di rohang tamu imahna, ukur dieusi kasét-kasét lalaguan dangdut. Nu disebut buku, ukur agénda, gular- golér pinuh kekebul. Boro-boro buku sastra jeung budaya, buku nu patula- patali jeung pangaweruh politik katut sosial gé teu salambar-lambar acan. Éta kekentong pamuda leuwih apal kana bésték bangunan, harga beusi harga semén, komisi jeung sulap-selip susulapan duit proyék. Jauh jeung tokoh Obid nu digambarkeun dina “Jajap nu Mulang”. Lamun seug “Obid” teu kaburu dicerék gara-gara peristiwa G-30- S/PKI, Séptémber 1965, kuring yakin manéhna pantes jadi anggota DPRD/DPR. Sabab pangaweruhna pepel, wawasanana lega, kutu buku jeung rajin nulis. Aktivitasna dina partéy, bener-bener dimangpaatkeun ku “Obid” keur ningkatkeun kapin- teran, kaparigelan jeung kamampuh nyeuseup aspirasi rayat. Nu matak “Obid” cicing di pilemburan, kawasna ngahaja ditugaskeun ku partéyna sangkan deukeut ka rayat. Ayeuna mah apan, calon wakil rayat téh, karéréanana urang pakotaan. Ukur hiji dua “urang lembur” bari jeung sapopoéna mah cicing di kota deuih.Teu sakulah-sakolih dina kany- eri kapeurih urang lembur nu aya di wewengkon “nanggerang lila caang, nanggorék lila poek”. Urang suklak urang sikluk nu gulet jeung kamiski- nan katut kabodoan. Ras deui ka Wira, hiji tokoh nyata taun1950-an,urangSeungkeu,Banyu resmi, Garut, kuloneun Situ Bagendit. Sapopoé nyieun pariuk atawa anyam- anyaman. Tapi apal kana seluk-beluk politik, sabab keur ngorana (taun 1920-an), getol milu masamoan dina acara-acara “pahadréng” (verharding) atawa diskusi, nu diayakeun ku Sarikat Islam (SI), nu mindeng dilu- uhan ku HOS Tjokroaminoto. Basa SI pecah dua, jadi SI “Beureum” (kapan- gruhan ku paham sosialis-komunis) jeung SI “Hejo” (panceg dina ideologi Islam), Wira milu ka SI “Beureum”. Bari ningkatkeun pangaweruh politik ngaliwatan kursus-kursus jeung “pa- hadréng”, Wira teu incah balilahan. Tetep tumetep di Seungkeu, jeung satia kana proféssina nyieunan katut ngadagangkeun pariuk, atawa anya- man. Kahébatan Wira dina ngawasa teori politik jeung praktek paham sosialis, dipujikuSutanSyahrir.Ieukekentong Partey Sosialis Indonesia (PSI), jeung Perdana Mentri munggaran Republik Indonesia, nganggap Wira minangka guru politik jeung guru sosialisme, sakumaha diungkab dina buku “Hidup dan Pejuangan Sutan Syahrir” (1982) karya Rosihan Anwar. Dina usum kampanye pemilu 1955, Syahrir dibarengan ku sawatara kekentong PSI – di antarana Ahdiat Kartami- hardja (pangarang roman Atheis nu kamashur) – kungsi nganjang ka Se- ungkeu. Adi Wira, Sastra, kapilih jadi anggota konstituante (MPR) hasil pemilu 1955. Wira mah teu pipilueun ribut jadi anggota parlemén (DPR) atawaMPR.Tekunjununwaenyieun- an pariuk jeung anyaman di lem- burna. Padahal mun daék, moal hésé muntang ka Syahrir nu ngarasa jadi muridna. Jauh mela-melu jeung sobat kuring nu jadi anggota DPRD jeung anggota DPR nu keur resés téa. Duka teuing lamun karep maca jeung nulis hirup nanjung mah,kawas jaman “Obid”. Lamun daék namba- han pangaweruh samodel Wira mah. Henteu ukur ngandelkeun konéksi (kolusi) atawa hubungan kakulawar- gaan(népotisme),sakumahakajadian kiwari nu geus ngajurus kana “Politik Dinasti”. ***
  • 23. 22 Manglé 2437 K aasup alus milik, basa Wija isuk-isuk datang ka imah Haji Dédé, kasampak keur aya. Malah témbong nyalsé, Haji Dédé keur maca koran dina téras hareup. Biasana Haji Dédé mah jarang di imah, hésé hayang panggih téh, ma’lum pangusaha nu keur meumeujeuhna nan- jung. “Aéh, geuning urang kota téh aya kénéh di lembur?” cék Haji Dédé bari nilepan koran. Wija ngahéhéh bari nyo- longkrong ngajak sasala- man. “Batur mah nu marudik téh geus baralik deui ka kota, ari manéh Ja, naha aya kénéh di lembur?” Haji Dédé mencrong Wija. “Muhun, Pa Haji... Abdi mah moal ka kota deui da... badé teras di lembur wé ayeuna mah... horéam ka kota deui téh abdi mah...” Cék Wija. Haténa mah rada éra nyarita kitu téh. “Sukur atuh ari geus bumetah di lembur mah... teu kurang-kurang sumber kahirupan mah di lembur gé... sukur lah, bungah lem- bur nambahan deui warga, moal tariiseun teuing ditar- inggalkeun ku nu naréan- gan kipayah ka kota...” Wija nyéréngéh. “Namung da abdi mah kapaksa, Pa Haji...” “Har, kapaksa kumaha? Mun teu salah ngitung mah Wija téh usaha di kota geus aya kana lima welas taunna... meureun meu- jeuhna geus boga bekel keur hirup di lembur... pi- raku rék saumur-umur usaha di kota waé, teu inget balik deui ka lembur.” “Nya muhun nu saruksés mah Pa Haji... nu nasibna saé sareng arageung modal mah mendakan kasenan- gan usaha di kota téh. Abdi mah ukur tinggal daki wé di kota gé...” cék Wija. Luk tungkul. “Euh, kutan kitu nya?” “Sumuhun, Pa Haji.” “Enya kétang nya, nasib meureun nu kita mah... tapi kétang pan cenah nasib mah bisa dirobah, nya?” Wija unggeuk. “Hartina nasib mah kumaha patékadan urang. Mun urang kuat tékadna dina ngarobah nasib, nya nasib gé bisa robah. Lamun teu kuat atawa satengah- satengah tékad urangna, meureun nasibna gé moal bisa robah.” Wija ngeluk deui waé. “Atuh soal modal, ah kur- ing apal Ja urang dieu nu sukses usaha di kota. Itu Si Sapri tina ukur dagang baso dina roda pan ayeuna mah cenah bisa meuli ruko. Da- gang basona gé di ruko aye- una mah. Padahal mun dipikir tina modal dagang baso dina roda mah, sabaraha gedé modalna, sabaraha untungna? Tapi meureun manéhna mah apik bakat hayang ngarobah nasibna.” Teu lemek, Wija beuki ngeluk. “Si Toha deuih, tina supir angkot ayeuna mah jadi juragan angkot. Si Udeng, mimitina buburuh ngaduk, ayeuna mah bisa jadi pem- borong.” “Muhun pan nu sanés mah, Pa Haji... saraé mi- likna. Abdi mah angger wé petot kahirupan téh...” cék Wija karék némbalan. Haji Dédé ngahéhéh. “Ah, ulah dipaké leutik haté, Ja... encan Wija mah... pan cék kuring gé nasib mah bisa dirobah asal kuat tékad dina ngarobahna. Teu di kota teu dilembur pikeun jadi jalma sukses mah taya ha- halang. Modal usadaha jadi halangan. Réa jalma nu tadina modal leutik tapi ari bisa mah ngatur bet jadi beunghar. Kuring gé cicing di lembur, lain agul Ja, cék batur mah pan disebut suk- sés.” “Sumuhun...” “Terus, Wija ayeuna di lembur rék usaha kana naon?” Méméh némbalan Wija ngarénghap heula. “Nyaéta Pa Haji, abdi téh teu acan gaduh totoongan badé naon-naonna. Na- mung saheulaanan mah mamanawian abdi téh badé nyuhunkeun tulung ka Pa Haji, manawi aya padame- lan nu tiasa dipidamel ku abdi...” cék Wija neger- neger manéh ngomong sa- kitu gé. Rumasa éra geus kapeupeuh ku omongan Haji Dédé cikénéh. “Ah, éra ngagawékeun urang kota mah...” Haji Dédé ngahéhéh. “Teu kenging kitu Pa Haji... sing hawatos wé ka abdi...” beungeut Wija ngadadak nyiak beureum. Éra. “Emh, hampura kétang Ja, heureuy kuring mah. Nya ari arék buburuh di kuring mah pék waé... kabeneran aya tilu mobil treuk nu nganggur euweuh supiran téh, supirna ka karota, bisa nyupiran kénéh lin?” “Tiasa, atuh Pa Haji... pan di Jakarta gé abdi nyupiran damel téh...” Témbal Wija giak. Nu teu Mulang Tas Lebaran Carpon Ena Rs
  • 24. Manglé 2437 23 “Nya atuh mimiti isuk wé gawéna. Kabeneran tas lebaran téh loba order ngangkutan batu ka proyék perumahan di Cisaga. Asa kabeneran, teu kudu riweuh néangan supir. Mobilna nu Z 7610, Ja... Jagjag mobilna mah... tapi jig wé ilikan ku sorangan. Kenékna Si Hamid... apal ka Si Hamid? Éta anakna Mang Cécé...” “Terang, Pa Haji...” “Enya, jig wé ilikan mo- bilna.” Sanggeus nganuhunkeun ka Haji Dédé mah, Wija ngoloyong ka garasi mobil Haji Jaja. Aya tilu mobil treuk nu ngabagug di garasi téh. Nu séjénna mah tangtu keur jaralan, da réa mobil treuk Haji Dédé téh. Mun teu salah aya kana tujuh belas sikina. Wija nyampeurkeun mobil treuk nu nomer polisina Z7610TB. Enya jiga jagjag kénéh. Tina cetna ogé katempo mulus, bubuhan asak piara meureun. Kala- cat naék kana mobil, konci kontak ngagantung. Jegur dihirupan, Didédengekeun sora mesinna. Enya, jagjag ieu mah, ge- rentes Wija. Teu lila mesin mobil dipareuman. Jrut turun, tuluy taang-toong ka kolong mobil, nempoan handapan. Per aralus, taya nu potong. Ban sakitu gar- aling kénéh. Tinggal mecut wé. ** Mulang ti Haji Dédé teu tuluy mulang ka imah. Tapi méngkol ka pasawahan. Nu ditujuna taya lian saung sawah nu bapana. Panonpoé keur meu- jeuhna manceran. Keur usum halodo, tapi sawah lembur manéhna mah taya nu kagaringan da boga iri- gasi nu kawilang kuat caina. Paré keur meumeujeuhna héjo, sawaréh témbong mangsa rareuneuh. Angin rada tarik nebak awak Wija. Anjog ka sawah nu ba- pana, Wija tuluy muru saung. Gék diuk. Késang re- nung dina tarangna. Tapi késang nu karasa haneut kana awak, lain késang lan- taran baringsang ku panas- na hawa Jakarta, tempat manéhna nyiar kipayah we- lasan taun ka tukang. Gék Wija diuk dina talupuh saung. Nempo ka jauhna satungtung nga- plakna sawah. Karasa tingtrim. Nu keur ngalongo- kan sawah parentul na ga- lengan. Ti beulah wétan aya manuk kuntul ngalayang muru wates pasawahan. Pikiran Wija ngacacang ka waktu nu geus kaliwat. Mangsa manéhna usaha di lembur. Keur meumeu- jeuhna paheuras-heuras bitis di Jakarta mah. Gawé jadi supir Mayasari, hawa panas, macet teu anggeus- anggeus... hhh, najan geus teu dilakonan deui bet ku manéhna masih kénéh karasa capéna, ripuhna... dipikir-pikir ayeuna mah uyuhan wé bisa tahan welas-welas taun kitu. Keur Wija, omongan Haji Dédé tadi téh asa nyindiran ka manéhna. Enya batur mah sarukses, ari manéhna mulang ka lembur téh nga- gilincing. Ladang usaha béak keur kahirupan sapo- poé. Bisa neundeun gé teu sabaraha. Nu diancokeun téh ukur keur lebaran. Bubar lebaran, teuteundeu- nan gé bubar, érép pisan. Nganjrek di imah kon- trakan saumur-umur. Teu cara batur, bisa meuli imah di Jakarta. Bisa barangbeuli di lembur, meuli kebon, meuli sawah. Bisa ngagedéan usaha. Bisa ningkat pacabakan. Ari manéhna supir wé saumur- umur. Bororaah bisa cara batur. Wija ngarénghap. Mun palid dina kahirupan kota manéhna mah rumasa. Jiga jalma beunghar, kana kadaharan teu disungkeret, naon waé nu hayang dia- saan. Kana kahirupan peu- ting kota Jakarta teu tinggaleun. Kana meuli pakéan teu kapetolan. Ka- jeun duit béak da isuk gé bisa néangan deui. Ayeuna karasana. Hirup taya robahna. Karunya wé anak pamajikan. Kikiriman ka lembur téh taya leuwi- hna, saat sésa manéhna di Jakarta. Taya keur nambah- nambah pangaboga. Sabu- lan béak, sabulan béak. Nepi ka kolotna gegelen- deng. Majar téh keur naon usaha jauh-jauh teuing ka kota ari hasilna taya pun- julna mah. Nyupiran mah di lembur gé réa ieuh nu bo- gaeun mobil. Asal daék ngadunungan ka batur. Dipikir dibulak-balik, bet karasa benerna. Matak dina lebaran ieu, batur baralik deui ka kota, Wija mah nguatkeun tékad pikeun bumetah di lembur. Kumaha waé resikona... najan enya asa rawing ceuli ku nu nanya; naha can ka Jakarta deui, naha di lem- bur kénéh? Sakuduna mah mualang bumetah deui di lembur téh geus kari ngahunang-nga- hening. Boga bekel nu kan- del. Boga modal. Boga keur jalan usaha anyar. Ladang welas-welas taun usaha di Jakarta. Tapi manéhna mah: nol pisan téh lain babasaan. Kahirupan di lembur ayeuna nya nga- mimitian ti enol deui waé. Kaduhung bener-bener kaduhung, naha keur sumanget usaha di Jakarta aing teu apik, ngadon ham- bur, gerentes haté Wija. Coba mun apik, coba mun prihatin cara batur, coba mun boga tékad kuat ngarobah nasib... meureun moal kieu ieuh. Mangsa geus capé, mangsa geus bosen ku kahirupan Jakarta, mulang ka lembur téh bati bingung. Dasar... ah... Wija garo-garo teu ateul. Batur mah saruksés usaha di Jakarta téh. Ari manéhna? Encan Wija mah... omongan Haji Dédé nong- toréng deui. Wija ngoréjat. Aya nu nguniang dina dadana. Enya, encan aing mah. Ngan jigana kudu di Jakarta. Kudu di lembur sugan, sangkan kahirupan robah téh... haté Wija norowéco. “Kang Wija...” aya nu ngageroan. Wija ngalieuk. Horéng Hamid, nangtung di lu- areun saung. Teu kadéngé jolna. “Aéh, Mid... rék ka mana?” Wija nanya. “Ngahaja milarian Kang Wija. Tadi ditelepon ku Pa Haji Dédé, cenah enjing mah jalan jeung Kang Wija da badé damel di anjeun- na.” Ceuk Hamid. “Enya, Mid. Daék lin buburuh bareng jeung ku- ring?” “Atuh kantenan, Kang. Bungah wé nu aya. Tos sa- bulan abdi mah teu bubu- ruh da taya supir. Ayeuna aya Kang Wija, deuh... bu- ngahna béh ditueun ti bu- ngah. Abdi tiasa buburuh deui... teu genah nganggur téh, Kang.” Wija nyéréngéh. Haté manéhna gé bet milu bu- ngah. Aya harepan anyar nu mimiti ngeusian haténa. Rék diniatan ngarobah nasib. Rék ditékadan kalayan rosa. Sangkan bisa jiga batur... najan teu ka kota. Najan di lembur. Moal jadi halangan. Teu karasa waktu geus tangangé. Panon poé morérét. Angin rada tarik, sora daun paré nu katebak kadéngé ngérésék.*** Lembur simpe, Agust 2012
  • 25. 24 Manglé 2437 T euing ti iraha jeung saha mimi- tina nu méré ngaran éta tegal ku ngaran Tegal Mati téh. Teuing duméh lahan pangureban, teuing cenah baheula mah taya nu wani cacab-ceceb tutuwuh- an kajeun ngajejembrung paselang reujeung tutung- gul. Heueuh mati tea, alias teu ngahasilkeun. Mana- sina ayeuna moal-moal acan wawuh ka nu nga- ranna amit sun. Ketang di- rarab mah teuing ku sare rem ngaran wewengkon Bandung pawetanan harita. Coba wé Leuwi Boéh, Seke Jurig, Bojong Dedemit, Bo- jong Podol jeung naon deui lah. Harita usum katiga, reup peuting tangka com- rék. Salelembur numpi taya nu pirajeunan ngulam- preng, kalah ka pos ronda wéh ngajalegir tengah lem- bur jeung di wates tung- tung lembur. Ari simanahoréng aya anu maot anyar dikurebkeun di Tegal Mati. Nu matak hélok tur ngondang kapanasaran- an téh cenah saban tos ngurebkeun kudu wé kabé- jakeun némbonganana jurig beungkeut tilu. Kitu baréto mah nelahna, mun ayeuna mah pocong tea. Jurig béntang filem pangngetrenna, sumber bobojegan dunya bobo- doran malah jadi bobonde- lan dunya intertainment nu boéhna waé dijarieun bu- sana pikalucueun carek maranéhna mah. Padahal naon pikalucueunana? Nu sidik mah nyiptakeun bo- rangan massal ti kelas bebenjit tepi ka aki-aki jeung nini-nini. Teuing kumaha pipikiranana. Lembur sabudeureun Tegal Mati harénghéng cakueum, Mang Ejeng teu sirikna neumbrag panto imahna bari walahwah- weuleuhweuh moal ngali- wat deui ka jalan Tegal Mati da katangen pisan dina saung pasaran aya nu sidengdang ucang-ucang- an, makhluk sarwa bodas kukuncungan. Mang Jamprang kitu deuih. Mas Nasro tukang baso nyakitu dipegat jurig kukuncungan cenah. Atuh Kang Juju ginggiapeun tepi ka ayeuna, cenah pas nyu- kang sasak awi anu ne- pungkeun Tegal Mati reujeung palemburan. Dina tangan-tangan sasak kasampak jurig kuncung beungkeut tilu keur ucang anggé. Malah kungsi geunjleung basa jalanan Tegal Mati di- paké shooting filem horor peuting-peuting, ana diroris dina monitor bet aya anu aclok-aclokan nutur-nutur artisna. Isukna gancang pupuhu kru filem ngadatangan Bah Aih sa- balad-balad nu kapeto kuncén ngarangkep pawang lelemes alias dunya lain. Ku kituna pésak si Abah tangka merekis, encan peperet sasajén nu disayagikeun sababarah nyiru mah. Ditambah sasajén karuhun modern kayaning inuman teurab, inuman nyereng jeung ci enen sapi. Si Abah gé tara hawek, urusan peperet mah sok diémbratkeun ka para anak buahna; Kang Oyong, Kang Saridi jeung Si Obos, grup lengger ‘pembasmi’ sasajén. Lumayan kaala tanaga maranéhna téh di- sagedéngeun kurad-koréd ogé biro jasa dunya lian. Ngan nyéta ku ngalalo- nyéngna, Kang Oyong diti- tah adan mapag mayit kalah ka ngaréngkol di jero bangkarak pasaran. Kang Saridi masket pisan kana kuda lumping. Aturan keur ngali kuburan gé, ngaliwat wéh abringan kuda lumping, na da nga- belecet nuturkeun, ngadon ririgigan sajajalan. Atuh Si Obos nalika bapana sora- ngan keur papanganténan jeung indung téré anyar teu kireum - kireum ngadon ngintip, ngahéphép di ko- long risbangna. Enyan aya ku leuwih Si Obos mah, éta wé basa keur kerja bakti padat karya, ku- rumuy ti nu bala diabring balad-baladna bari ngagigi- wing cenah ceuk manéhna anak kelenci beunang bebe- dil, mémang enya da bari nyorén bedil cuklis. Geus disisit jaba geus euweuh huluan diasongkeun ka ibu-ibu sina disiksikan laju ditaliiran ajangkeuneun bapa-bapa nu keur diga- rawé ngecor jalan kam- pong. Sawatara kaom ibu ngagebér saté, nu digarawé arerror pating laliud. Kang Otoy tangka ngacay bakat ku uruy, Kang Moses nu geunteul tikorona elok- elokan, kari ngadudut gé piraku teu ngagorolong. Bayangkeun wé, keur capé bari lapar tengah poé éréng-éréngan ngambeuh girinyih saté, piraku teu kokosodan. Teu salabar, brak wéh dalahar dina daun cau. Kéjona beunang ngeduk ti dapur RW, da pan prinsip rayat Endoné- sia mah; banda RW banda rayat, banda rayat cadu banda RW. Ana soréna sanggeus leleson di arimahna ma- sing-masing, sakur nu nga- hempol sate taya nu ba balongkéngan da sihoreng nu disaté téh… beurit. Peuting keur reyem- reyem , Bah Aih rerencepan ka pakuburan Tegal Mati, ngingkig sorangan teu mawa balad. Biasa job nyekar pleus nyebor hi- rasan kulawarga nu kapa- paténan tilu poé katukang. Lain teu ngadéngé haréng- héng isu jurig pocong, lain pédah teuneung ludeung Jurig Beungkeut Tilu Ku Emha Ubaidillah
  • 26. Manglé 2437 25 ogé lain teu ngahodhod katirisan duméh tukuh wé kana pancén. Ari srog ka ja- jalaneun lebah saung pasaran. Gebeg ! sidik pisan hareupeunana aya nu nga- gaclok sing sarwa bodas lebah sirah wéh kukuncu- ngan. “Deuleu ituh, ieu geningan jurig kuncung téh!” kagét-kagét ogé Bah Aih ngagerenyem. Teu bu- rung jantungna eundeur, guyan gayun badis jam ban- dul buatan Walanda. Saki- lat awakna malik bari matek aji lengkah sarébu ngan teu sadar botol orson nu dieusi cai kapang- pengkeun meneran pisan kana beungeut si jurig be- ungkeut tilu. Bareng jeung soara ngowowong, Bah Aih ngabelesat di tempat alias kokoséhan. Pangrasana geus dina golodog imahna. Jigahna ajian léngkah sarébuna teu metu, camal gara-gara tamarakan ngahakan saté beurit. Bah Aih ngarandeg, anéh… aya jurig bet nga- goak? Pudugdug kawanina bijil, serebét jekok-jekok peureup kahotna ngareu- ceuh awak jurig si kuncung, teu kaliwat beungeut jeung palangkakanana. Enya gé peureupna teu sagedé peureup Chris Jhon tapi ari mindeng kaasahna ku citakan bata mah, jurig be- ungkeut tilu gé tangka nga- rihreuh kocéak dengék. “Ampuun… ampuun, uing ieu mah!” Bah Aih teu ngawaro beuki wani, posisina asa di atas angin. Ceuk pikirna éta si jurig kuncung téh geus le- ungit kasaktianana. Heueuh pan meureun bisa ngaleu- ngit pantesna gé, cenah di- tonjok gé sok ngeplos jaba kudu cicikikikan lain aduh alah. Si jurig kuncung da- dayagdagan, kudawet gebru weh nambru. Sedeng Bah Aih ngawangun kuda-kuda ala si Burusli, kadé lain pa- majikan Pa Rusli. Aing moal méré hojah deuleu ceuk keretegna. Da jeung enyana peresis Mik Tisen ngaragragkeun si Toni Tubb atawa Muhamad Ali nganfaskeun si Joe Nor- ton. Kerewek kana talutug nu nanggeuh dina tihang saung bari kabayang isuk beurang baris guyur salelembur éar sajajagat; Bah Aih pawang sakti nalukkeun jurig pocong Tegal Mati. Dina kover Koran Pe er jeung Gala baris ngajeblag pangge- dena; Bah Aih penakluk pocong. Atuh Kang Eca ti Mangle moal cicingeun bakal ngamuat carita silat jawara sakti ti Tegal Mati. Kang Aan MP geus pasti nulis sasakala Pocong Keok. Jigana Ceu Aam ge moal kakantun ka-inspirasi nyieun novel; Cinta Dalam Seutas Tali Pocong. Paling heunteu upama si jurig kuncung geus teu walakaya rék digusur ka buruan imahna dibeungkeut dihiji- keun jeung tangkal kalapa sedeng si Rw Fajar sina ngumumkeun kana sapiker masigit tapi saméméhna geus disiapkeun kéncléng saridona lima rébu ka luhur. Teu kabayang mun sapoena saratus pangun- jung kali lima rébu, sami- nggu sabulan sataun kali lima rébu, samilieur wé pokona mah. Komo ayeuna usum internet, kari ngik- lankeun. Kabina-bina teu- ing, moal éléh ku si Ponari urang Jawa. Inget ka dinya, Bah Aih teu ngengkékeun, rikat ngaheumbatkeun talu- tugna. Tapi…. “Ampuuun Bah!... Ampu- uun, ieu mah uing!” Si jurig kuncung ngaweuleuhweuh kenceng naker bari nguniang hu- dang, leungeunna pakupis ngudar taregos kuncungna. Bah Aih ngarego, nyentok paneunggeulna ngan baé rada nyangkiweng, gebro weh kana tangkal jarak. “Hahh!... Silaing Obos?”... pokna reuwas kareureuh- nakeun, bréh beungeut si Obos, tarangna nu nong- nong ti kudrat tangka nyo- rondoy sababaraha senti, atuh irungna jadi mancung ka jero. Biwir wéh ngabu- laéh kawas keur nyeupah, nya teu aya kajaba korban “keganasan” peureup kahot bogana Bah Aih. “Jadi…jadi…nu geus ngageunjleungkeun lembur téh, silaing nyah?” Nu ditalek merekpek unggeuk. Kituna bari lewa- lewé sawatara leungeun kéncana nyangkéh palangkakan, paur ngage- clik sigana mah. “Ari silaing… Obos… Obos!”*** Panglawungan 13, Juni 2013
  • 27. 26 Manglé 2437 B aju lungsuran bawa Euceu ngalumbruk dina luhureun samak. Rupa- rupa, aya erok, kaméja, calana panjang, calana son- tog, ka kamprét kampret aya. Éta kabéh téh bawa Euceu, paméré dunungan Euceu di dayeuh. Bagéur cenah dunungan Euceu téh, mana ning teu pindah-pin- dah ngadununganana téh. Padahal geus aya tilu taun- na laladén di dinya téh. Da enya, karasa ku ku- ring saréréa gé, unggal lebaran saimah-imah kabagi papakéan. Lain waé lungsuran, tapi nu weuteuh gé, aya. Komo keur kuring mah aya meunang dua setél nu weuteuh wungkul téh, tacan nu lungsuranana, leuwih ti cukup. Mana sa- taun campleng tara meuli- meuli pakéan. “Geura ajaran Ujang tah baju anyar téh, cukup hen- teu? “ ceuk Euceu bari nyo- dorkeun kaméja weuteuh nu aya kénéh mérekan. Kaambeu seungit toko. Baju ditampanan. Rap dipaké. Ema mencrong kana beungeut. Kuring nga- balieur. Naon maksudna Ema nempo ka kuring? Kasieunan kuring nanya- keun deui Bapa kitu? Moal, kuring moal nanyakeun bapa. Sabab geus rébuan kali nanya- keun bapa, Ema kalah sok rambisak. “Iiiih ari Ujang kalah ngahuleng, lain geura rap paké, méh kanyahoan gedé leutikna. ” Ceuk Euceu teugéug. Gancang baju dipaké. Pas pisan na awak. Ema jeung Euceu marelong. “Meujeuhna géuning. Bisaan ngapasna lanceuk Ujang mah” ceuk Ema daria. Euceu dipuji téh nyéréngéh wé. “Baju baju lungsuran mah teu kudu diajaran, da pasti mareujeuhna, apan anak dunungan téh awak- na sarua jeung ujang. Ngan itu mah kulitnabere- sih teu hurik kawas Ujang. ” Ceuk Euceu ngabanyo- lan. “Nya enya atuh béda nya, Jang . Itu mah ulinna gé moal leledugan moal papanasan kawas Ujang. Cicing dijero gé- dong. Mun kaluar kaiuhan da dimobilan. Deuk hurik kumaha ?” ceuk Ema mangmeu- nangkeun. Kuring seuri konéng. Mun Euceu teu gawé mah, kuring moal bisa maké baju weuteuh, moal bisa boga salin lungsuran paranti ulin, meureun kawas si Nana wé, ukur mamaké calana rabet jeung kaos nu geus siga pangutahan lalay. Tapi da Euceu mah bagéur ka si Nana téh, sok méré baju lungsuran unggal lebaran gé. Pikarunyaeun si Nana mah, najan enya gé ba- pana aya tapi da tanpa daksa, gémpor geus nau- nan. Da asalna mah hen- teu kitu, biasa wé jagjag belejag, sok buburuh ngabedug. Sok pada ngahiras ku nu jaregud, da hampang birit. Ngan basa si Nana karék sup ka esde, bapana géring parna, bulan-bulan. Cagéur deui geus diubar aber téh, ngan sukuna jadi lumpuh teu bisa leum- pang. Pajar ceuk si Nana mah kausap korod. Ah, naon patula patalina gém- por jeung korod? Ah dasar si Nana ka kolot téh. “Ma, kari meuli sarung jeung sendalna keur si Ujang téh. Isuk wé Ema ka pasar, bari sakalian meuli béas ketan hideung, urang meuyeum. Pas mun isuk meuyeum téh, tilu Carpon Holisoh ME Dulag Pamungkas
  • 28. Manglé 2437 27 poé. Lebaran bisa didahar, “ ceuk Euceu bari ngaje- wang kantong leutik nu di- tunda gigireun kuring. Pasti nyokot duit. Tuh da enya wé, Euceu nyokot lokét tina kantong- na. Sok mikeun duit nu bareureum tilu lambar. Mani ngadaregdeg Ema na- rimana téh. “Syukur Nyai , mani sagala diurus ku nyai. Ti mimiti dahar nepi ka kabu- tuhan lebaran, Nyai nu nanggung. Hampura Ema, “ ceuk Ema bari carinakdak. “Keun waé Ema tong jadi pikiran. Da uing gé rido lilahi taala. Meureun mana dunungan nyaaheun gé ka uing, éta téh du’a Ema. Eu- wéuh du’a ti indung mah uing téh kawas si Cicah gawé pipindahan dunun- gan, da garalak. ” Ceuk Euceu daria. “Heueuh da sakuduna mah Nyai téh lain bubujang. Kahayang mah Ema mah sakola. Sugan wé ari pinter mah moal kawas kolot ukur tukang buburuh ngabedug. ” Sora Ema mani ngahelas kadéngéna téh. Kuciwa ku dirina meureun, teu bisa nyakolakeun anak. Da pasti lah Ema téh sarua jeung Ema Ema nu séjén, hayang kahirupan anak leuwih undak batan kahirupanana. Hayang leuwih palinter méh bisa ngarobah nasib saréréa. Ngan ku teu daya teu upaya angen-angen Ema téh teu kahontal. Karunya. “Aaah, keun baé Ema tong dipikiran. Geus nasib meureun urang mah hirupna kudu kieu. Dipiki- ran mah ka géring géring awak. ” Sora Euceu kacida datarna. Bangun teu boga beban. Kadéngéna téh enya- enya pasrah kana perjalan- an hirup. Ema ukur ngarénghap. “Hayang hayang teuing mah boga anak sakola, keun ku uing si Ujang urang sakolakeun sing luhur. ” Ceuk Euceu deui semu ngu- pahan Ema. Leuh, mani bungah ngadéngé Euceu deuk nyakolakeun téh. Bungah pisan. Irung gé asa deuk ngapung. Sugan wé mun sakola luhur mah, bisa neangan bapa nu indit ti imah basa keur kuring umur sataun. Da bongan, mun nanya- keun ka Ema mah tara nga- jawab, ukur dijawab ku cimata. Nanyakeun ka nini sarua ukur dijawab ku cimata. Ari nanyakeun ka Euceu mah pasti ingét , da harita basa bapa ninggal- keun téh Euceu geus umur lima taun. Ngan Euceu moal daék ngajawab, najan dipaksa paksa gé, kawas nu trauma. Malah jiga nu hayang mopohokeun kana éta kajadian. Jadi bapa téh ninggal- keun ieu imah geus dua welas taun. Lin waktu saeu- tik welas-welas taun téh. Pan ayeuna kuring geus kelas génep, geus tilu welas taun, Euceu geus tujuh welas taun. Nyaan geus lila nya. Mana pantes mun kuring nanya- keun bapa geus rébuan kali téh. Komo mun diitung jeung nu unggal lebaran kuring nanyakeun bapa mah, leuwih ti sarebu kali. Pan unggal rék puasa atawa piisukaneun lebaran, mangsa dulag pamungkas pasti kuring nanya ka Ema, deuk balik moal si bapa téh? Sabab teu weléh nepi ka dulag pamungkas mah masih kénéh aya harepan Bapa balik. Tapi luput, diarep-arep nepi umur kuring tiluwelas taun, bapa teu datang waé. Ah, boa lebaran ayeuna mah datang deui. Saha nu nyaho, si Bapa ngarasa sono ka kuring. Rébuan kabungah, ka- bagja, kasuka, pacampur na jero dada. Tangtu lebaran ayeuna si Bapa datang. Tangtu datang. “Ku naon Ujang seuri so- rangan?” ceuk Ema bari kerung. Gebeg, haté ngaranjug. Reyyy beungeut asa beureum, kaéraan. Ngalamun téh jero-jero teuing, nepi ka asa enya, bapa deuk datang lebaran ieu. Haté asa yakin pisan. Kapédéan, awahing ku geus hayang geura gok jeung bapa. Hayang geura nempo beungeut bapa téh siga saha? Naha siga Euceu atawa siga kuring. Da mani sok kabayang- bayang , unggal detik ung- gal ngarénghap. Na siga kuring? atawa siga Euceu? “Bungah meureun Ema, meunang baju loba, ” Euceu nu nembalan téh. Ema tarangna kerung bari panonna mani anteb neuteup panon kuring. Kawasna Ema teu per- cayaaeun kana naon anu dilisankeun ku lanceuk ku- ring. “Bener Ujang bungah pédah loba salin?” ceuk Ema daria nanyana. Kuring ngahuleng. Embung ngabo- hong ka Ema mah, sabab Ema mah sakti sok nya- hoeun naon nu aya dina haté kuring. Tapi haté asa teu wasa mun balaka, yén kabungah kuring téh pédah gedé haté yén lebaran ayeuna Bapa pasti balik. Ngan teuing iraha. Na poé ieu, poé isuk atawa engké waktu dulag pamungkas ditabeuh dimana jelema- jelema tingaraleut ka lapang bal rék sarolat ied. Tapi naha luas kuring nepikeun naon nu aya na jero haté ka Ema? Kumaha lamun bapa teu datang? teu datang poé ieu, teu datang poé isuk teu datang ké di- mana dulag pamungkas di- takol. Kuciwa meureun saréréa. Jeungna deui, nyanya- hoanan maké deuk datang sagala. Apan nu nyaho di- mana ayana bapa téh iwal ti Ema meureun. Mana kur- ing sok nanyakeun gé di- mana bapa iraha deuk datang ka Ema. Ari ayeuna sayong nyanyahoanan. Padahal saukur ngandel- keun kereteg haté. Bari teu- ing bener teuing hanteu. Ah, bingung, kudu nga- jawab kumaha ka Ema. “Enya, Ma. Uing téh atoh, meunang baju loba. Baju lungsuran ongkoh, baju weuteuh ongkoh. ” Tembal téh. Tapi Ema mencrongna kalah beuki seukeut. Sama sakali teu percaya. Kuring samar polah. Tuh nya, ceuk kuring gé Ema mah sakti, bisa maca eusi haté kuring. “Aya deui, Ma nu matak uing bungah “ nyarita téh rada asa-asa. “Naon ?” tanya Ema daria. Sakeudeung kuring ngahuleng. Ngumpulkeun kakuatan pikeun ngabu- dalkeun eusi haté. Sabab keukeuh haté téh sieun, sieun Ema kuciwa. Sieun Ema ceurik. “Pok pok atuh Sujang deuk nyarita mah,“ ceuk Euceu bari nilepan deui baju nu wareuteuhna, nu keur kuring jeung Ema. Panon ngarérét ka Euceu. Nu dirérét unggeuk. Kawas méré kakuatan unggeukna Euceu téh. Timbul kawani. “Lain, Ma. Uing téh boga kayakinan bapa dina lebaran ieu bakal datang. Meureun geus welas-welas taun sono ka anak sono ka Ema. Pasti, Ma , bapa gé so- noeun ka urang. ” Ceuk ku- ring tatag nyarita téh. Tapi Ema teu némbal, kalah carinakdak. Euceu ngaheruk, tungkul. Anggér Ema mah mun dibawa nyarita urusan Bapa