SlideShare a Scribd company logo
1 of 57
Download to read offline
L awangSakéténg

Wani Robah

S

aban waktu disanghareupkeun kana pilihan.
Milih mana, nu kumaha, kaasup naha mending
ngeukeuhan nu nyampak atawa kudu robah. Tah,
nu kawas kitu téh ilahar naker, kaasup dina nangtukeun pamingpin.
Nyanghareupan pilihan umum lima taunan,
samistina nataharkeun sagala rupana, kaasup saged
milih geusan nangtukeun pamingpin nu leuwih hadé
batan nu enggeus-enggeus. Hartina, upama boga
pakarepan kawasa kitu, ngimeutan lengkah-lengkah
jeung paripolah pamingpin téh teu meunang dilalaworakeun. Sabab, hadé goréngna paripolah pamingpin,
bakal karandapan ku balaréa.
Upama ngimeutan kaayaan tatar Sunda, majumundurna kaayaan gé bakal raket tumalina jeung kapamingpinanana. Kamajuanana, moal henteu lantaran
pangaruh
pamingpinna,
nya
kitu
deui

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle

kahéngkéranana. Lantaran, nu boga wewenang nangtukeun jeung ngalarapkeun kawijakan teh pamingpin
téa.
Nilik ka dinya, jengléngan pamingpin nu nyaah ka
tatar Sunda gé, keur urang Sunda mah kacida pentingna. Hartina, deuih tinimbangan milih pamingpin gé
ulah tuna tina ajén-inajén kasundaan nu ngancik di éta
calon pamingpin.
Mitra, tumali sareng kapamingpinan di Sunda,
Manglé nomer ieu nurunkeun seratan pentingna
kanyaah calon pamingpin ka masarakat tatar Sunda.
Tumali sareng éta, Manglé nglongan pamendak H.
Yusyus Kuswandana, SH., anggota DPR RI asal Jawa
Barat. Lian ti éta deuih aya seratan tumali sareng
padika atanapi cecekelan urang Sunda dina milih pamingpinna. Nu disebat bieu mah, nara Sumberna Soma
Gantika, pangurus Paguyuban Pasundan. ***

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
31

HAMPURA, KANG …
5
TAMU

Naha teu ngelol-ngelol gening SMS ti
manéhna téh? Keclak cimata mimiti
maturan gerentes haté nu ngarasa
kacida nineungna. Enya, asih munggaran téh geuning hésé pisan ingkah tina
rohangan haté, cacak-cacak tas puluhan
taun kaliwat.
Kamari téh bibirigidigan kénéh basa babaturan ngobrol masalah ‘cinta lama......

H. Yusyus Kuswandana, SH.;
Metakeun Jurus, Ngahudang Kaludeung Sunda
LAPORAN
Milih Pamingpin
Ulah Kaduhung Ahirna
.......................................................... 8
PURIDING PURINGKAK
Nu Cinekul dina Tunggul
Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24
SAJAK

Potret : Reisyan

Catetan Keur Sarakan
Prayoga Adiwisastra ...................... 38
IMPLIK-IMPLIK
Pangalaman Dawah
Ti Lapas ka Lapas
......................................................... 46

Hampura, Kang …
Deka Wimala ....................................... 31
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................ 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Nyusur Galur .................................... 12
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Carpon Lucu ..................................... 34
Pangalaman Para Mitra ..................... 35
Ha... Ha... Ha ..................................... 36
Dongeng Aki Guru ............................ 39
Katumbiri .......................................... 44
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong ................... 56

CARITA NYAMBUNG

Rey Soraya

BAHASAN
Mahabharata jeung Lalakon Wayang
Ajip Rosidi ...................................... 52

CARITA PONDOK
Paraji ti Cikahuripan
Taufik Rahayu .................................. 18
Kalangkang Tineung
Cardubag Tiktik Rusyani .................... 20

Carita Sarebu Samalem (186)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (25)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Layung Ngempur di Kampus Bungur (1)
Lugiena De
............................................................. 32
K acaTilu

Tatar Sunda 2014

T

aun 2014 téh cenah taun pulitik.
Sagala rupa bakal museurna ka
dinya. Pemilihan umumna gé
apan nepi ka dua jirangan. Sanggeus
milih keur anggota DPR/DPRD jeung
DPD, nincak kana milih presidén
jeung wakilna. Kacipta bakal kumaha
riweuhna. Jeung kacipta deuih bakal
cul ka nu séjén-séjén, lantaran boh
modal boh pikiran bakal museurna
kana dua kagiatan nu éta.
Nu ku urang bakal dipilih engké
téh, hartina nangtukeun keur lima
taun pikahareupeun. Saha baé anu
bakal kapilih jadi wakil rayat jeung
wakil daérah, kitu deui saha baé anu
bakal kapilih jadi presidén, bakal
nangtukeun pisan pikumahaeun
kahirupan urang salila lima taun deui.
Ngan lamun ngabandungan anu geus
kajadian salila lima taun ka tukang,
geus kabuktian loba pisan anu kudu
dibebenah deui téh.
Kaasup kaayaan di Tatar Sunda.
Jawa Barat téh propinsi pangkolotna
di nagara urang, lantaran mangrupa
propinsi munggaran anu diadegkeun
ku pamaréntahan Hindia Walanda.
Naon sababna pamaréntah harita
ngaheulakeun ngadegkeun Propinsi
Jawa Barat batan nu séjénna, tangtu
loba alesanana. Keun soal éta mah da
bakal panjang picaritaeunana. Nu
leuwih pantes ayeuna dipalikiran ku
urang Sunda sakumna mah kumaha
kaayaan Tatar Sunda kiwari?
Anu bisa disebut pangheulana,
urang Sunda kiwari kabandunganana
loba pisan luh-lahna. Teu mustahil ti
béh dituna ogé sabenerna mah kitu,
ngan harita mah teu bisa dikedalkeun,

da inggis jeung sieun ku bisi téa. Ari
ayeuna apan nu sok disarebut sieun ku
boa téh geus kalimpudan ku otonomi
daérah. Dina jaman otda mah béda
deui kaayaanana, cenah.
Kudu disebut cenah, lantaran rada
loba kaolna. Mimitina pangna ditetepkeun ayana otda téh sangkan daérah
miboga kasempetan jeung kakuatan
pikeun leuwih maju. Saméméhna
apan sagala rupa ditangtukeun di
tingkat pusat. Salasahiji akibatna anu
karasa pisan, naon anu jadi angenangen urang daérah téh loba anu tara
dibandungan ku urang pusat. Padahal
nu araya di pusat téh lolobana mah
urang daérah.
Naon sababna pangna urang
daérah anu araya di pusat jadi teu pati
maliré kana karep jeung kahayang
urang daérahna sorangan? Lantaran
kahayang ti pusat mimindengna mah
béda.
Salasahiji anu keur jadi masalah di
Tatar Sunda dina nganggeuskeun taun
2013 téh nyaéta Gunung Padang. Éta
tempat téh geus aya ti baheula mula.
Tempatna gé angger di dinya, teu
kungsi pipindahan. Salila puluhan
taun, malah boa ratusan taun, diantep
sakumaha kaayaanana baé.
Ari kadieunakeun, sasat teu gugur
teu angin ujug-ujug ramé pabéja-béja,
pajar cenah Gunung Padang téh piramid. Ngan ayeuna geus katututan
nepi ka jadi gunung. Supaya piramidna katémbong deui, taya deui jalanna
iwal ti dikali.
Komo sanggeus aya béja pajar
cenah piramid nu aya di jero Gunung
Padang téh umurna leuwih kolot

batan piramid nu aya di Mesir. Ngan,
sajeroning kitu sababaraha ahli purbakala jeung ahli géologi teu percayaeun.
Euweuh, di dinya téh euweuh piramid,
cenah.
Kaayaanana beuki harénghéng,
lantaran
anu
keukeuh
boga
angkeuhan kana ayana piramid téh
jolna ti Istana Negara. Nu ka hareupna
Andi Arif, anu sapopoéna jadi juru
bicara Presidén Yudhoyono. Lantaran
patula-patalina geus losna ka dinya,
atuh beuki pabeulit.
Ngan lamun téa mah urusan
sangkaan kana ayana piramid di Gunung Padang téh bener jolna ti Istana,
beuki katémbong yén dipaksakeunana
téh. Komo sanggeus di Bandung
diayakeun Gotrasawala dina awal
bulan Désémber 2013. Piisukaneun
kana derna, acarana téh ngalanglang
ka Gunung Padang. Cenah pamaréntah Jawa Barat teu bisa nolak, da éta
mah kahayang ti luhur. Naon hartina
atuh otonomi daérah téh?
Naha dina taun 2014 jeung
satuluyna hal-hal saperti kitu téh
moal kajadian deui? Taya nu bisa
méré
jaminan.
Mangkaning
seseledekna kahayang ti pusat anu
dipaksakeun ka daérah téh, di Jawa
Barat baé, lain ngan sakadar nu
kajadian di Gunung Padang. Nu kajadian di Gunung Tangkubanparahu
ogé apan teu bina ti kitu. Kitu deui
dina urusan pasir besi.
Lamun bakal terus-terusan kitu,
teu mustahil kaayaanana bakal beuki
matak melang. Mangkaning ayeuna
baé Jawa Barat téh kaasup daérah nu
pangmiskinna! AM

Manglé 2457

3
4

Manglé 2457
T amu
H. Yusyus Kuswandana, SH.;

Metakeun Jurus
Ngahudang Kaludeung Sunda

Urang Sunda kudu kuat.
Carana, maké padika hirup
nu geus kauji ti baheula
mula. Kitu di antara jejer
obrolan Manglé jeung
H. Yusyus Kuswandana,
Anggota DPR RI,
asal Jawa Barat.
***

H

iliwir angin Désémber
dipirig hujan miripis isukisuk, matak seunggah nu
lumampah. Komo keur nu araya di
pagunungan saperti padataran luhur
wewengkon Jatinangor, nu keur
kasab di kebon gé leuwih milih
ngiuhan di saung atawa dina handapeun runggunukna tatangkalan.
Tapi, nu diparangsi jeung kaos hideung mah, hawa tiris kitu téh, ban-

gun
teu
mangaruhan
kana
sumangetna. Eta para ‘jawara’ silat
Gagak Lumayung téh, hut-hét métakeun jurus di lapang maénbal Kiara
Payung Jatinangor, Sumedang Jawa
Barat.
Taksiran, parapalatih silat mah
teu nolih rasa tiris jeung capé. Da,
cikénéh disundut sumangetna ku
Ketua Dewan Pimpinan Daérah
(DPD) Persatuan Penggemar Pencak

Silat (P3S) Gagak Lumayung
Propinsi Jawa Barat, H. Yusyus
Kuswandana. Kang Yusyus (kitu
katelahna), méméh ngabringkeun
para palatih silat ka lapang maén bal
téh, nepikeun wejanganana, di salah
sahiji rohangan di éta wéwéngkon.
Intina, nyundut sumanget jeung
ngayakinkeun parapalatih silat, yén
éta béla diri téh gedé guna jeung
mangpatna keur balaréa.

Manglé 2457

5
T amu
Dina sela-sela nepikeun pamanggihna, H. Yusyus gé metakeun jurusjurusna. Enya, apan inyana gé resep
kana menca téh ti keur rumaja
kénéh, lana nepi ka ayeuna. “Dina
mangsa campur gaul jeung ruparupa bangsa katut budayana, bangsa
urang kedah tetep napak kana
budayana,” pokna ka Manglé di Kiara
Payung Jatinangor, Sumedang Jawa
Barat.
Budaya Sunda, ceuk H. Yusyus,
bisa dilarapkeun dina rupa-rupa
widang, kaasup dina pulitik! Ngan,
tangtu cenah, larapna budaya Sunda
téh, kudu dimitembeyan heula tina
mikawanohna. “Kalebet kedah
wanoh kana sajarah Sunda,” pokna
bari nyutat kekecapan Milan Kundra,
panulis Ceko nu nyebutkeun, mun
hayang ngancurkeun hiji bangsa,
ancurkeun wé sajarahna!
Dina mikaresep penca silat, Kang
Yusyus mah, lain ukur semet diajar
jeung ngéngklak nuturkeun wirahma
kendang jeung tarompét, tapi deuih
ngalelekan palsapahna. Da, cenah,
loba kacida pasipatan hadé nu bisa
dialap tina penca téh. Saperti kekecapan tékad, ucap, lampah, jeung
paripolah nu kudu sawirahma, bisa
dilarapkeun dina widang naon waé.
“Kalebet
dina
kapamingpinan,”pokna.
Mémang, cenah, dirina gé teu
meungpeun carang, dina mangsa kiwari mah, para pamingpin téh loba
nu nguciwakeun rahayatna. “Tapi,
tetep kedah gedé haté, margi seueur
kénéh pamingpin anu leres-leres
ngabdikeun diri demi kapentingan
masarakatna,” ceuk ieu anggota DPR
RI ti daérah pilihan (Dapil)
Sumedang, Majalengka, jeung Subang téh.
Napak kana Budaya
Rahayat butuh kanyaah pamingpin. Kitu téh, lantaran rupa-rupa
widang kahirupan masarakat, enasenasna mah diurus jeung diatur ku
parapamingpinna. Hartina, hiruphuripna
masarakat téh bakal
gumantung kana pasipatan ogé ka-

6

Manglé 2457

mampuhan pamingpinna. “Budaya
tiasa ngawangun karakter pamingpin,” pokna tandes naker.
Kitu deui budaya Sunda, ceuk ieu
teureuh Bandung nu lahir taun 1962
mah, kacida hadéna keur ngawangun
karakter pamingpin téh. Lantaran,
budaya Sunda nu mangrupa ‘acining’
pipikiran jeung pangalaman urang
Sunda ti mangsa ka mangsa,
nyésakeun padika hirup nu mun dipaké ku urang Sunda tangtu bakal
jadi cukang lantaran kamaslahatan
keur balaréa.
Dina nyorang hirup jeung kahirupan, kahadiran pamingpin perelu.
Ngan, nu kumaha ari pamingpin anu
hadé téh? Nurutkeun H. Yusyus
Kuswandana, SH mah, nya teu béda
ti pasipatan atawa karakter ‘insan
utama’. Tah, éta pasipatan téh ku ieu
pingpinan
DPD
P3S
Gagak
Lumayung mah, diringkeskeun jadi
tujuh karakter, daék babakti, jiwa
karayatan, ngabogaan sumanget kapahlawanan, sikep nagarawan, jembar
wawasan
kabangsaanana,
tuladeun, jeung taat kana aturan.
“Pamingpin mah kedah ngutamakeun kapentingan masarakatna,”
pokna.
Pasipatan pamingpin, ceuk ieu

pulitisi ti Partey Demokrat téh, kudu
mampuh mekarkeun potensi nu
nyampak di masarakat. Tangtu,
cenah, dina nyumangetan masarakat
gé, éta pamingpin téh kudu apal kana
budaya masarakatna. Lantaran, nya
budaya téa nu baris nguatan ajéninajén hirup masarakat.
Kang Yusyus percaya, rupa-rupa
kagiatan budaya, boga mangpaat nu
lain ukur témbong dina raga
badagna. Saperti, ‘baris-berbarisna’
tentara, apan lian ti némbongkeun
kakuatan téh, ogé ngawangun pasipatan nu teuneung tur ludeung ogé
reueus kana korpna. Tina ngabaris
bérés téa, bakal témbong rupa-rupa
karakter ti masing-masing tentara nu
asalna ti rupa-rupa bangsa jeung nagara.
Nembongkeun kakuatan, ‘ show
of porce’, kacida pentingna keur masing-masing sélér bangsa ogé. Matak,
teu sing anéh, upama umumna nagara-nagara maju mah, féstival-féstival téh geus jadi kabiasaan. Lantaran,
ku cara kitu, masarakat téh, lain ukur
mintonkeun hiburan, tapi deui
ngawangun pasipatan gotong-royong
nu saterusna mah némbongkeun
kakuatan jeung kadigjayaan ka
bangsa séjén.

Metakeun jurus ngahudang kaleudeung urang Sunda
Kumaha ari penca silat? Ceuk
pupuhu Gagak Lumayung Jawa
Barat mah, kakuatan keur ngawangun kamandirian, ogé kadigjayaan
téh nyampak pisan. Lantaran, cenah,
ieu seni béla diri téh, kaasup kumpilt,
ngawengku olah batin, olah pikir,
olah rasa, jeung olah raga!
Hirup jeung Ngahirupkeun
Kakuatan lokal, ceuk H. Yusyus
mah, kudu tuluy-tuluyan dipiara tur
dimekarkeun. Tangtu, cenah, butuh
panalinga jeung kanyaah balaréa.
Saperti nu tumali jeung budaya
Sunda, sawadina jadi panalingaan
para pamingpin boh nu mancén
gawé di kabupaten/kota boh nu di
propinsi. “Sakur pamingpin di Jawa
Barat kedah gaduh kanyaah kana budaya masarakat Sunda,” pokna.
Upama téa mah, para pamingpin
boga kaengeuh kana budaya
masarakatna, mémang lian ti
kawajibanana salaku pamingpin
masarakat, tapi deui tumali jeung
tugasna dina ngalaksanakeun undang-undang atawa aturan anu
nyampak. Apan, padika miara budaya gé jinek naker aya réngkolna
dina undang-undang.
Upaya
miara
jeung
ngamekarkeun budaya Sunda kiwari,
mémang teu gampang. Lantaran,
beuki dieu pangaruh dengeun gé

beuki mahabu. Teu jarang, bogana
sorangan mah kaluli-luli lantaran
kasilih ku budaya deungeun.
Balukarna, budaya-budaya talari
karuhun téh mingkin katélér-télér.
“Dina kaayaan sapertos kitu, tangtos
kedah aya tarékah jinek ti masingmasing pihak,” ceuk H. Yusyus.
Dina némbongkeun kanyaahna,
Yusyus mah, mémang teu ngan
saukur lalambé. Karesepna kana
penca silat, ditularkeun ka balaréa.
Apan,
ieu
‘inohong’
Gagak
Lumayung Jawa Barat mah, remen
ngeprak balad-baladna ngayakeun
rupa-rupa kagiatan. Kituna téh,
mayeng saban taun aya kagiatan
rongkah nu diiluan ti saban kabupaten/kota ti Jawa Barat.
Geusan némbongkeun ajén diri,
pihak Gagak Lumayung gé, boga
karep ngayakeun ‘parade’ jurus nu
baris ngumpulkeun anggota sapuluh
rebu urang. “Urang catetkeun dina
rekor MURI,” pokna.
Upaya kitu ogé, salah sahiji
ngahudang kareueus urang Sunda
kana budayana. Lantaran, saperti nu
disebutkeun di luhur, tina ngumpul
babarengan, ngayakeun kagiatan
babarengan, gotong royong, bakal
timbul rasa reueus nu baris karasa ku
sakumna sélér bangsa.
Upama H. Yusyus Kuswandana
kacida engeuhna kana budaya, mé-

Ngeprak balad, sina nyaah kana Sunda

mang lantaran di dinya icikibungna.
Ti bubudak gé, ngarasa budaya luluhur téh, jadi bandana nu kudu dipiara tur dimekarkeun nepi ka jaga.
Patékadanana kitu, ogé lantaran
luang jeung pangalamanna nu remen
ngider saban daérah ogé saba
mancanagara. Pancén gawéna jadi
anggota DPR RI nu ogé biasa jadi
nara sumber dina Opat Pilar Kebangsaan, Pancasila, UUD 1945,
Bhineka Tunggal Ika, jeung NKRI,
kanyaahna kana budaya sorangan
téh beuki ngandelan. “Yakin upami
masing-masing napak kana budayana,
urang
tiasa
langkung
majeng,”pokna.
Lantaran, masing-maisng sélér gé
boga kapunjulna. Tah, éta kaunikan
téh bisa dimekarkeun, bisa dijadikeun lahan pangupa jiwa keur
nyumponan kahirupan sapopoé.
Cindekna, geusan ngahontal hirup
jeung huripna.
Saperti tina penca silat, ceuk
Kang Yusyus bisa tumuwuh ruparupa karancagéan. Upama pagelaran, féstival, ogé pitonan-pintonan,
ilaharna bisa diiluan ku kagiatan-kagiatan séjén. Tina seni atawa budaya,
saterusna mah bisa muka lahan
kasab masarakat, saperti nu tumali
jeung sandang, ogé kulinér has masing-masing daérah. ***
(Ensa/Nay)

H. Yusyus sareng sareng balad-baladna

Manglé 2457

7
L aporan

U

kur bubulanan deui waktuna milih pamingpin téh.
Ngan, najan rahayat bebas
milih, tangtu we kudu puguh milihna. Aya pasaratan anu jinek
sangkan teu kaduhung ahirna.
Naon tea pasaratanana téh?
Pilihan umum lima taunan, geus
nyantek. Hartina, masarakat téh
kudu geus tatan-tatan tur tatahar
nangtukeun piliheun. Da, najan
kumaha waé
babak anyar
kakawasaan pamaréntahan téh
lahan harepan balaréa. Nya ti
dinya, tina pilihan umum téa, ruparupa
rarancang
kahirupan
kanagaraan ditataharkeun. Tujuanana, geusan ngahontal harepan
balaréa, sangkan hirup pinanggih
hurip. “Ulah kaduhung ahirna lantaran bongan milihna asal milih,
bongan ‘ukur sadaya-daya kumaha
saéna abdi mah ngiringan’. Tah,
sumerah taya ketak nangtukeun
pilihan anu bener, tangtu wé ahirna
mah matak kaduhung,” ceuk Drs.
Soma Gantika,
M.Si., Dosén
Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Pasundan
(Unpas) Bandung.
Upama
Soma
Gantika
neueulkeun harepan kapilihna
pamingpin téh ngaliwatan nu rék
milihna, mémang lantaran di dinya
huluwotanna pamiangan ayana
pamingpin téh. Da, mémang kitu
katangtuanana, ceuk undang-undang atawa aturan anu nyampak
gé. Tina pilihan pamingpin téa,
saterusna mah, bakal aya jalmajalma nu meunang kapercayaan ti
masarakat pikeun mingpin téa.
“Kumargi kitu, piliheun téh kudu
jinek,” pokna.
Ngalarapkeun Ukuran
Dina sistem démokrasi, hak
milih jeung dipilih ditaangtayungan ku undang-undang. Da mémang kitu aturanana. Hartina, saha
waé gé bisa jadi calon legislatif asal
nyumponan pasaratan adminis-

8

Manglé 2457

Soma Gantika, Dosen Fisip Unpas

Milih Pamingpin
Ulah Kaduhung
trasi. Sanggeus cumpon pasaratan
nu ditangtukeun ku komisi pemilihan umum (KPU), calon téh boga
hak ‘ngembarkeun’ dirina yén inyana téh calon legislatif.
Najan kitu, ditilik keur kamaslahatan balaréa, ceuk Soma Gantika,
pamingpin gé kudu jinek jenglenganana, lain ukur bisa nyumpo-

nan pasaratan administrasi, tapi
deui napak kana titincakanana di
masarakat. Hartina, apal jeung
wanoh ka masarakat ogé lingkungan katut budayana.
Satutas milih, hak metakeun
kakawasaan, aya di pamingpin nu
kapilihna. Sora rahayat nu
ditepikeun dina bilik sora (TPS),
bakal loba rambat kamaléna. Ku
lantaran kitu ceuk Soma Gantika,
milih téh kudu dumasar kana
pangimeutan
anu ‘jujur’, ogé
ditimbang-timbang dumasar kana
kabutuhan masarakat sakumna.
“Intina mah, milih pamingpin nu
nyaah ka rahayat, nu mampuh
matéahkeun poténsi rahayat, ogé
apal kana kereteg haté masarakat,”
ceuk ieu dosén nu aktip di
Paguyuban Pasundan téh.
Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa, ceuk kekecapan kolot
mah, sangkan nu kapilih teu
nguciwakeun. Apan, cenah deuih
sing asak-asak ngéjo bisi tutung
tambagana. Atuh, lobana piliheun
téh kudu ngabuahkeun hasil yén nu
kapilih téh nu pangmerenahna keur
masarakat nu marilihna. Saha tea?
Taya lian keur urang Jawa Barat
mah, nu penting téh boga pamingpin nu napak kana budaya
masarakat tatar Jawa Barat atawa
masarakat Sunda.
Sual ukuranana, kari nimbangnimbang para calon jeung ukuranana. Apan, ceuk urang Sunda mah,
pamingpin téh kudu masagi,
hartina loba pangabisana, punjul ti
masarakat nu dipingpinnna deuih.
Sual ukuranana, karuhun Sunda
mah geus boga ugeran. Jinek
naker, nu kudu dipilih keur urang
Sunda mah, nu nyanri, nyunda,
nyakola, tur nyantika. “Tah, éta

Ahirna
ukuran téh tiasa dianggo padika
dina milih pamingpin,” pokna
tandes naker.
Upama ukur daék milih lantaran kabita ku pamérna, mémang
lain cara urang Sunda anu hadé.
Lantaran, masarakat Sunda mah
samistina gé ngaheulakeun ajén

piliheun batan tinimbangan nu
séjénna. Da, milih mah apan keur
dangka panjang, lain saharitaeun!
Kitu
pok-pokan
ieu
Ketua
Paguyuban Pasundan Cabang Kota
Bandung mah.
Dina mutuskeun piliheun, ceuk
pangajar di Fisip Unpas téh, kudu
ngimeutan paripolah jeung lalampahan paracalon pamingpin téa.
Para calon legislatif nu pating rongheap ngawanohkeun diri masing-amsing ka pihak nu rék milih,
kudu
kauji
heula
kamam-

dilalaworakeun,” ceuk ieu Pangurus Yayasan Pendidikan Dasar dan
Menengah (YPDM) Pasundan téh.
Butuh nu Nuduhkeun
Antara nu milih jeung nu dipilih, biasana gé aya pihak séjén.
Rupa-rupa sesebutanana gé, bisa
ukur bobotoh, bisa oge ‘tim suksés’.
Di antara nu jadi ‘panumbu’ catur
nu bisa nyambungkeun antara dua
pihak téa, samistina aya nu bisa
jadi tuduh ‘jalan’ sangkan nu rék
milih teu kabobodo ténjo! Saha téa?

Waktuna milih binarung ku kasadaran

puhanana. Lamun enya éta
pamingpin téh rék mawa aspirasi
urang Sunda, atuh kudu apal kana
kereteg haté jeung mamararas rasa
masarakat Sunda.
Urang Sunda nu umumna taat
kana agama, atuh pamingpinna
mah komo, da kudu jadi conto téa.
Padika ukuran kataatan kana
agama atawa ‘nyantri’ téa, kudu
jadi tinimbangan dina nangtukeun
pilihan.
Ari tumali jeung nyakola, ceuk
Soma Gantika, da puguh hanca
garapan pamingpin téh lain énténgénténg.
Sababab
waktu
disanghareupkeun kana rupa-rupa
tangtangan nu mikabutuh pangaweruh jeung pangalaman. “Ukuran nyakola, ogé teu meunang

Ceuk Soma Gantika, sakur nu
nyaah ka tatar Sunda mah ‘wajib’
ngajak jeung nepikeun uar pangajakna sangkan nu daék milih
kalayan dibarung kasadaran geusan
kamslahatan balaréa.
Da, mémang teu sakumna
warga bakal mampuh milih kalayan
bener-bener ngalarapkeun padika
milih saperti tadi. Malah, bisa jadi
ukur milih, ukur lantaran pangbibita, si calon téa. Tah, hadirna
pihak-pihan nu daék nuduhkeun
atawa umajak sangkan teu salah
milih, kacida pentingna. “Sadayana
gé kedah ngiring tanggel waler
sangkan pamingpin nu kapilih saé
ajénna,” ceuk ieu Ketua Bidang
Organisasi Paguyuban pasundan
téh. *** (Tim Mangle)

Manglé 2457

9
I mplik-implik

10

Manglé 2457
Manglé 2457

11
N yusur Galur

Situs Gunung Padang
Gunung Api purba nu Geus Pareum

M

inggu pengker seratan ngeunaan Seminar Gunung padang parantos dugi ka kronologi
Panalitian Situs Gunung Padang. Urang lajengkeun bae kana kajadian taun 2010. Harita Yayasan
Turangga Seta pigpinan Agung Bimo Sutejo mimiti
ngedalkeun pamanggihna yen di gunung Lalakon Soreang jeung di Gunung Sadahurip Wanaraja Garut,
Kolompok panaliti anu ngagunakeun metoda metafisik
nu hartina ngagunakeun harewos gaib atawa wangsit
luluhur ieu, ngadeg taun 2004 DR.Nina Herlina Lubis ti
Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat
ngxeskeun ka mangle.
Terus Turangga Seta ngawanoheun papanggihanana ka Wakil Gupernur harita Dede Yusuf 3 Maret 2011
jeung mintonkeun hipotesisna di jurusan tambang ITB
6 Mei 2011. Mangsa harita teh Staf Ahli Presiden
Bidang Bantuan Sosial dan Bencana Andi Arief nuruteun Nina keur ngayajweun panalitian tumali jeung
ayana lini di gunng Sadahurip jeung gunung Lalakon.
Duka naon kasang tukangna, Andi Arief saterusna
ngadegkeun TIM Katastropik Purba pikeun ngarojong
pernyataanana yen sabada dilakukeun panaltian intensip kapanggih wawangunan bentuk piramida, lain
pangluhurna bae tapi pangbadagna di dunya,
pangkolota oge malah leuwih ti 6000 taun memeh
Masehi. Di Desa Sadahurip Wanaraja Kabupaten Garut
. Katerangan Andi Arief ngeunaan ayana piramid
dibantah ku para ahli geologi saperti pa Sujatmiko nu
ngalakukeun observasi lapangan Januari 2011, eta dua
gunung lain piramid tapi gunung api purba nu geus
pareum. Papanggihan Andi Arief ieu, dibantah oge ku
Kepala Pusat penelitian Arkeologi Nasional Dr.Bambang Sulystio anu ngeceskeun yen budaya urang mah

12

Manglé 2457
henteu wawuh kana piramid, wanoh soteh kana punden
umpak-umpak atawa candi.
Gebragan ti Situs Gunung Padang
Diungkabkeun ka MANGLE ku pupuhu Yayasan
Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat
Prof.Dr.Hj.Nina Lubis yen taun 2011 keneh, masarakat
Cianjur, Jawa Barat hususna, Indonesia umumna digebrag ku beja nu diembarkeun ku Tim Katastropik
Purba yen di jero situs gunung Padang aya piramid anu
umuma leuwih kolot batan piramid di Mesir, kitu pamanggihna. Tim Katastropik Puba neruskeun
panalitianana henteu paduli deui kana pangjejeleh ti
sakabeh pihak jeung masarakat sabudeureunana. Taun
2012 Bupati Cianjur ngondang para pakar diantarana
Prof.dr.Nina Herlina Lubis, M.S. (Sejarawan), Dr.Budi
Brahmantyo (ahli geologi), pikeun nyaksian Tim Andi
Arief di pendopo kabuoaten. Mei 2011 Tim Katastropik

purba ganti ngaran jadi tim Terpadu Penelitian Mandiri
Gunung Padang. Tim Andi Arief ngondang para pakar
diantarana Prof.Dr.Hj.Nina Lubis (sejarawan), Lufti
Loundri ti Balai Arkeologi Prof. Mandarjito ti Universitas
Indonesia, Dr.Bambang Sulistiyo, Kepala Puslitarkenas
rapat di Bina Graha.
Prof Nina meredih sangkan panalitian dipingpin ku
Arkeolog senior, Prof. Mandarjito lain ku arkeolog muda
Dr.Ali Akbar. Tapi kanyaraanana pameredih henteu
dicumponan. Prof.Mandarjito oge henteu diangkat jadi
Ketua Tim. Para pakar oge ahirna nolak diajakan babarengan di Tim. Tim andi Arief jalan terus migawe panalitian
tanpa madulikeun kana kiritik jeung pangjejeleh para
pakar arkeologi jeung geologi. Saperti Prof. Soetikno
Bronto, Prof.Dr. Harry Truman Simanjuntak, ,Dr.Sudjarmiko. ahirna 34 panaliti nandatangan petisi anu disusun
ti poe Jumaah 26 April 2013 . Para pakar afiliasi dina bandera Ikatan Ahli Arkeologi Indonesia, Ikatan Ahli Geologi
Indonesia, Kelompok Riset Cekungan Bandung jeung
Himpunan Ahli Geofisika Indonesia . Lolobana ti para
pakar ti Pusat peneitian Arkeologi Nasional (Puslit Arkenas) Eusi petisi moratorium ekskavasi Gunung Padang .
Para panandatangan petisi mupakat yen panalitin anu dilakukeun ku tim Terpadu henteu ngawakilan lembaga formal anu saluyu jeung parentah umdang-undang nomer 11
taun 2010 ngeunaan cagar Budaya (Indonesia).
Saterusna diembarkeun ku TTRM yen tanggal 11-12
Mei ekskavasi rongkah nu ngilubiungkeun tanaga
sukarela masarakat Kulantaran kitu 9 mei 2013
Wamendikbud Wiendu Nuryati ngondang para pakar
pikeun rapat di Jakarta. Tujunna ngabentuk Tim Panaliti
Gunung Padang bawahan Dirjenbud Direktorat Cagar
Budaya . Datang kana rapat di jakarta 2 urang anggota
Tim Andi Arief nyaeta Dr. Danny Hilman jeungDr.Ali
Akbar. Tim teu jadi dibentuk. Diberitakeun yen 18 Mei
2013 Tim Abdi Arief presentase payuneun Presiden SBY.
Saterusna 24 Mei 2013 Presiden SBY ngayakeun rapat
koordinasi ngbahas hasil papanggihan tim terpadu Riser
Mandiri Gunung Padng dipiluan ku Tim Terpadu dipingpin ku nu boga inisiatipna nyaeta andi Arief, Sekrtaris Kabinet Dipo Alam, Mendikbd Moh.Nuh, Mentri
PU Joko Kirmanto Menperekraf Mari Pangestu, Mentri
Lingkungan hidup Balthasar Kambuaya, Kepala BPN
Hendarman Soepandji jeung Gupernur jawa Barat
Ahmad Heryawan. Rempeg pisan para pangagung nagara nu hadir teh. Hasil Rapat ; Tim Andi Arief dirojong
keur ngayakeun panalitian waragadna tina Dana Abadi
Kemendikbud . Tanggal 10 Desember 2-13 Paguyuban
Pasundan ngagelar seminar anu ngarekomendasi
sangkan panalitian Gunung Padang ku TTRM dieureunkeun (moratorium), eta acara mere informasi sejen
ngeunaan gunung Padang.*** (HRS)

Manglé 2457

13
M unara Cahaya

Ngahargaan jeung
Miara Basa Sorangan
Ku H.Usep Romli HM

K

iwari,
muncul
gejala
ngalélécé hiji basa, bari
ngagul-ngagul hiji basa
séjén. Sakumaha
sinyalemen
UNESCO, di sakuliah dunya, unggal poé aya 7.000 (tujuh rébu) basa
nu tumpur. Pangpangna “basa indung” atawa basa wewengkon,
balukar geus tara dipaké jeung tara
dipiara ku nu bogana nu ngarasa
reueus ngagunakeun basa séjén nu
dianggap leuwih nguntungkeun
dina sagala widang.
Padahal, rupa-rupa basa, kitu
deui rupa-rupa warna kulit manusa
nu mibanda éta basa, mangrupa
ciptaan Alloh SWT. Minangka
salah sahiji bukti kamahakawasaanaNa :

Nu hartosna: “Dan di antara
tanda-tanda
kakawasanaNa,
nyaéta nyiptakeun langit jeung
bumi, rupa-rupa basa katut rupa-

14

Manglé 2457

rupa warna kulit aranjeun. Saéstuna dina éta hal, aya pertanda
pikeun jalma nu ngarti (Q.s.Rum :
22).
Béda-béda
dina
ciciptaan
mahluk, warna kulit, golongan,
kitu deui kabisaan, mangrupa jalan
pikeun papada mikawanoh. Lain
keur
sili poyok, sili hina,
nyombongkeun diri. Lantaran nu
pangmulyana mungguh
Alloh
SWT , nyaéta nu pangtakwana
(Q.s.al Hujurat : 13).

Merenahkeun hiji basa, leuwih
istiméwa ti batan hiji basa séjén,
bisa disebut ngahina kana ciptaan
jeung bukti kakawasaan Alloh
SWT. Komo nepi ka ngamusnahkeun hiji basa katut bangsa ku

cara-cara licik tur biadab. Di
antarana baé, mapaharékeun hiji
basa sangkan teu digunakeun dina
hirup kumbuh sapopoé, nyingkirkeun tina kurikulum atawa silabus
resmi ambéh taya pangajaranana
di sakola. Kitu deui ku cara nyieunan plang katerangan jalan, tempat, jsb.nu katénjo ku umum, ku
basa nu teu dipikawanoh ku
balaréa. Nepi ka ngahudang kesan
“apartheid” jeung “rasis”. Tapi diantep nerekab, taya kritik atawa
dioméan sangkan luyu kana
kaayaan.
Ngulik basa jeung adat istiadat
bangsa séjén, geus jadi kabiasaan
di nagara-nagara maju. Tujuaanana, dina raraga ngalegaan ambahan ékonomi, politik, militér,
budaya, jeung sajabana. Ari di nagara-nagara karék mekar (berkembang) atawa nagara miskin, malah
basa sorangan diculkeun. Terus
hésé
béléké
diajar
basa
séjén,kalawan
alesan
pikeun
ngudag kamajuan. Tangtu baé
ngondang kaprihatinan. Tinimbang maju, anggur mundur. Sabab
kaleungitan basa asli, komo “basa
indung”, sarua jeung kaleungitan
ajén-inajén kalinuhungan tradisi
budaya lokal nu jadi dadasar hirup
katut kahirupan ti barang gubrag
ka alam lahir.
Dina Alqur’an jeung Sunnah
Rasululloh Saw, mémang réa
paréntah pikeun nyukcruk élmu
pangaweruh. Alloh SWT baris
ngangkat darajat jalma iman nu
mibanda élmu pangaweruh (Q.s.
Mujadalah : 11). Rosululloh Saw
nganjurkeun umatna pikeun terus
diajar, ti barang dina ayunan nepi
ka asup kana liang kuburan. Malah
miwarang néangan élmu ka “nagri
Cina”. Éta paréntah diajar néangan
élmu pangaweruh, éstuning henteu
dibarengan ku paréntah ngaganti
atawa ngaculkeun basa nu geus
maneuh sapopoé ku basa nu baris
digunakeun di tempat nyukcruk
élmu pangaweruhna. Malah di
dinya, aya isyarah, pikeun ngawasa
basa-basa
anyar
sakaligus
mertahankeun basa-basa nu geus
dipibanda.
Pikeun meruhkeun sasama
mahluk, diperlukeun basa. Komo
mahluk salian ti manusa, kayaning
jin jeung sasatoan. Ku kituna, Nabi
Sulaiman as., dipaparin mu’jizat ku
Alloh SWT, ngawasa basa-basa
maranéhna. Kekecapan maranéhna jadi sarana instrospeksi pikeun
Sulaiman
as
dina
nguatan
kaimanan jeung katakwaan ka
Alloh SWT, sarta sukuran kana
sagala ni’matNa. Kaunggel dina
Q.s.an Naml : 19, Nabi Sulaiman as
ngadangu hiji simeut nyarita ka
balad-balana, sangkan geuwatgeuwat asup kana sayang, bisi
kaidek ku pasukanNabi Sulaiman
nu rék liwat ka dinya. Harita Nabi
Sulaiman as, langsung sujud sukur,
ngedalkeun du’a :

Nu hartosna : “Ya Alloh, paparin abdi ilham kanggé tetep sukuran kana ni’mat Anjeun, nu ku
Anjeun tos dipaparinkeun ka abdi
sarengindung bapa abdi, kanggé
midamel amal soléh nu dipikarido
ku Anjeun, sareng lebetkeun abdi
kalayan rohmat Anjeun, kana golongan jalmi-jalmi ahli ibadah anu
saroléh.”
Taya katerangan, Nabi Sulaiman As., ngaculkeun basa anjeunna, duméh sibuk ngagunakeun
basa-basa jin katut sato héwan.
Sabab Nabi Sulaiman As geus meunang anugerah
Alloh SWT,
ngawasa rupa-rupa élmu pangaweruh, boh ngeunan hukum, boh
élmu-élmu séjénna. (Q.s. Anbiya :
79).
Béda-béda basa teu ngahalangan lumangsungna amal soléh
deuih. Zulqarnain, hiji hamba
Alloh SWT , nu meunang anugerah

kakawasaan wilayah ti masyrik
nepi ka magrib, manggihan hiji
sélér bangsa nu basana teu
pikahartieun (Q.s.Al Kahfi : 93).
Tapi komunikasi bisa dilalukeun
ku cara séjén. Nepi ka Zulqarnain
bisa mantuan éta kaum ngungkulan kasusah nu geus lila tumiba.
Nyaéta serangan mahluk jahat
Ya’juj jeung Ma’juj. Nya Zulqarnain
ngawangun bénténg beusi campur
tambaga, nutupan léngkob antara
dua gunung tempat liliwatan Ya’juj
jeung Ma’juj, sangkan teu bisa nyerang deui (S.al Kahfi : 94-101).
Malah, beuki réa basa nu
dikawasa, beuki alus. Ulah kajadian kawas kiwari, miceun basa sorangan, boh basa nasional boh basa
daérah, pédah lantaran nganggap
basa kosta leuwih poténsial muka
harepan kamajuan pikahareupeun
dina sagala widang.
***

Manglé 2457

15
B alé Bandung

Nalek Parpul( Partey Pulitik)

D

eukeut ka Pemilu 2014, inohong Sunda saperti Ceu Popong, kitu deui
Didi
Turmudzi, cumeluk supaya urang
Sunda daek aktip di parpul,ulah api
lain kitu wae. Kulantaran cenah, mun
henteu aktip di parpul, atuh urang
Sunda moal ngalalakon dina urusan
kanagaraan.
Ajakan kitu memang sawajarna,
jeung memang sakuduna, kulantaran
parpul
pohara nangtukeunana
jalanna pamarentahan. Upamana
wae, nyusun undang-undang di lembaga legislatip pan eta teh dilakukeun
ku anggota parlemen nu asalna ti
parpul. Kitu deui lebah nyalonkeun
presiden jeung kapala daerah, apan
kudu ngaliwatan parpul. Cindekna,
rea rugina mun urang Sunda henteu
aktip di parpul.
Sanajan kitu, tangtu urang Sunda
ulah asal kitu wae aktip di parpul,
atawa paling saeutik dina waktuna
pemilu daek milu nyolok tanda gambar parpul, saupama henteu dibekelan heula pangaweruh ngeunaan
pulitik, hususna ngeunaan partey
pulitik.Cilakana mun bolongor kitu
wae, atuh urang Sunda bakal saukur
ditipu wungkul ku parpul nu henteu
jelas adeg-adegna( ideologina). Keur
naon aktip di partey pulitik, mun seug
parpul bieu malah nyilakakeun
bangsa urang? Upamana wae, Golkar
di mangsa Orde Baru, pan teu aya
gadag lebah memeres nagara urang
nu harita ngajalankeun sistem pamarentahan otoriter. Eta geura, geus
puguh harita
Pa Harto kungsi
ngisarahan anjeunna rek lengser
kaprabon, tapi kunaon kalahka
disundutan supaya nyalonkeun deui
jadi
presiden?Kunaon
harita
sakumna partey pulitik(Golkar, PPP,

16

Manglé 2457

PDI) teu aya nu ngusulkeun supaya
diguratkeun dina pelita ka sabaraha
demokratisasi mimiti dilaksanakeun?
Komo deui boga kawani ngusulkeun
supaya jabatan presiden diwatesanan
mah. Jajauheun kana kitu, nu puguh
mah sumuhun dawuh wae. Tah, akibat parpul goreng adat saperti kitu,
jeung deui tayohna mah adat kakurung ku iga nepi ka ayeuna, nya teu
heran mun sawatara urang Sunda
antipati ka parpul.
Atikan Pulitik
Jadi, teu semet ajakan, tapi pohara
pentingna inohong Sunda ngagedurkeun atikan pulitik ka sakumna
urang Sunda. Ajak kaom akademisi
ti saban paguron luhur nembrakkeun
ka masarakat ngeunaan “peta bumi”
pulitik
Indonesia kontemporer,
hususna di Propinsi Jawa Barat.
Tembrakkeun ku naon partey pulitik
nepi ka kiwari tacan kaala mangpaatna, naon kasakitna, kumaha
nyageurkeunana?
Tembrakkeun
kumaha ketak parpul di saban nagara, boh di nagara liberal boh di nagara otoriter. Jelaskeun sistem pulitik
kumaha nu pangluyuna dilarapkeun
di nagara urang.
Tangtu teu semet kitu, teu cukup
masarakat ngan saukur meunang
pangaweruh ti kaom akademisi
wungkul, tapi pohara pentingna
tepung lawung oge jeung sakumna
parpul. Ayakeun, upamana, forum
“bedah parpul” tempat masarakat
bisa nalek pangurus parpul ti mimiti
tingkat pusat nepi ka tingkat daerah.
Lebah dieu, bakal kanyahoan engke
ku masarakat kumaha kaayaan
“mesin partey pulitik” saujratna.
Panalek kumaha nu perlu

ditepikeun ku urang Sunda ka saban
pangurus parpul?
Nya lebah dieu, masarakat bisa
nembrakkeun
kapanasaranana
ngeunaan partey pulitik ( ideologi,
program, strategi ngahontal udagan
jeung sajabana).Upamana wae,
1. Naon nu bakal dilakukeun supaya dasar nagara Pancasila larap
dina kahirupan bangsa urang?
2. Ari gagasan nagara Islam
kumaha, kitudeui perda syariah?Ari
Khilafah kumaha?
3. Kumaha carana supaya bangsa
urang bebas ngamalkeun ajaran
agamana? Ngeunaan Suni-Syiah, kitu
deui
kahadiran
Ahmadiyah,
kumaha?Cik kumaha mereskeun
kasus Sampang? Aturan ngadegkeun
tempat ibadah kumaha?
4. Supaya korupsi bisa ditumpes
kumaha? Supaya kader pulitik henteu kabaud kana korupsi kumaha?
5. Amandemen
UUD 1945
kumaha? MPR naha perlu dibalikkeun deui jadi “lembaga negara tertinggi?”Ari GBHN kumaha? Naha
perlu diayakeun deui?Sistem pilkada
langsung kumaha? Naha perlu tuluy
diayakeun, atawa kapala daerah
mending dipilih ku DPRD wae?
6. Cik kumaha supaya sistem pamarentahan urang jelas, ulah ieu mah
parlementer lain, presidensial lain?
7. Naha kawenangan DPR perlu
diwatesanan, supaya anggota DPR
ulah ngajago “sampai tahap menjijikan” , kawas ayeuna?
8. Naon nu perlu diomean dina
sistem Otda ayeuna?
Jeung rea deui masalah-masalah
penting tur “mendasar”nu perlu
ditepikeun ka sakumna parpul.***
Karno Kartadibrata.
C arita Pondok

Paraji ti Cikahuripan
Carpon Taufik Rahayu

M

a
Ijun
ukur
ngajawa
b ku
gideug semu-semu baeud
basa Eulis ngajakan ka
Bandung pikeun nyaksian manéhna di wisuda
téh. Eulis ogé teu bisa
majar kumaha, sok sanajan dina haténa hayang
pisan wisuda téh katungkulan ku ninina nu salila
ieu ngaping ngajaring
manéhna.
Asa ngarasa salah
duméh harita henteu
ngagugu kana kahayangna. Tapi da kumaha deui.
Lain teu nurut lain ngalawan, Eulis mah éstu
hayang ngabuktikeun
bener jeung henteuna
naon-naon nu ditudingkeun kana pakasaban
ninina téh.
Ma Ijun téh paraji
sohor di lembur Cikahuripan. Nelahna Ma Paraji
atawa Ma Ijun, osok ogé
di ema-ema. Ema saréréa
pikeun urang lelewek
Cikahuripan mah. Eulis
ogé nyasatna miindung
pisan ka Ma Ijun téh,
dadakuna mah ti keur
leutik ogé Eulis mah diurusna jeung apétna téh
ka ninina. Ma Ijun ogé
nya kitu deui. Sok sana-

18

Manglé 2457

jan incuna loba, tapi ka
Eulis mah siga nu dispesialkeun.
Loba nu hayang
guguru jadi paraji ka Ma
Ijun téh. Tapi pikeun Ma
Ijun mah élmu pangaweruh marajian téh teu
bisa sangeunahna dibikeun kitu waé, teu bisa
sangeunahna dibagi-bagi
siga kurupuk.
Sabab élmu paraji téh
lain élmu sambarangan,
tapi élmu pangaweruh nu
kudu bener larap jeung
makéna. Lantaran ieu
mah patalina hirup jeung
paéh hiji indung jeung
anak.
Ma Ijun ogé bisa
marajian téh lain ku
dipénta, tapi datang sorangan ti ninina. Keur
ngorana Ma Ijun teu ngahayang-hayang teu ngaharep-harep, malah
kungsi embung sagala
lamun henteu diolo jeung
dilelemu mah. Lamun
jalma nu boga bakat kana
piparajieun mah ku Ma
Ijun katémbong. Tina turunanana, Ma Ijun ningali yén ngan Eulis nu
baris bisa nuluykeun
tapaklacakna jadi Paraji.
Sababaraha urang anakna Ma Ijun ogé aya nu
keukeuh hayang jadi
paraji. Ku Ma Ijun teu
katoong maranéhna baris

panceg jeung jejem jadi
paraji.
Ti dituna mah kaharti
loba nu hayang jadi
paraji téh, bubuhan di
lembur mah paraji téh
propési nu lumayan
nguntungkeun sacara
ékonomi. Sabab lamun
pareng aya nu ngalahirkeun téh teu cukup ku
sakali pas gubragna orok
waé, tapi ogé tuluy ngurus indung jeung merhatikeun tumuwuhna
orok nepi ka minimal 40
poé mah.
Tapi pikeun Ma Ijun
mah jadi paraji téh lain
pikeun urusan matérial.
Éta mah urusan nomer
ka sabaraha, da Ma Ijun
mah nganggap yén
manéhna jadi paraji téh
mangrupa panggero tina
jiwana. Atuh lamun
pareng aya nu ngalahirkeun ogé teu masang
tarip teu sing, malah
mun dikeupeulan ogé sok
kadon kéképéhan diulahulah. “Kadua Ema téh
kuduna méré ka Nyai
jeung nyecep ka orok, ieu
kalah rebo dibahanan
sagalarupa!” kitu basana
Ma Ijun mah. Tapi lamun
terus disusulkeun dianteurkeun ka imah mah,
Ma Ijun ogé teu bisa
majar kumaha, da éta
meureun rijki keur

manéhna.
Salian ti jadi paraji,
Ma Ijun ogé ngawasa
élmu ngurut. Ari élmu
ngurutna mah kawaris ku
salakina nu ayeuna mah
geus mulang kakalanggengan sababaraha taun
ka tukang. Atuh lamun
sakalieun aya tatanggana
nu misalah atawa
tipalitek mah Ma Ijun
ogé bisa. Mimitina mah
lantaran salakina sok
carangkeul mun tos
mencetan téh, nya diurutna téh ku Ma Ijun, da
tukang ngurut mah teu
bisa ngurut sorangan.
Mindeng ngurutan salaki
nu tukang ngurut téh,
jadi mawa bisa kana ngurut.
Teu jarang Ma Ijun
ogé manggihan orok nu
lahirna cacat, leungeunna kompér sabeulah,
suku béngkok jeung sajabana nu aya patula-patali
kana kasalahan tulang.
Ma Ijun sok langsung
ngabebenerkeun. Lamun
aya kaanéhan diorok nu
sarupa kitu mah kudu
sageuwatna dioméan
basana teh, mungpung
orok kénéh, tulangna can
teuas siga kolot.
Élmu paraji Ma Ijun
téh gubragna ka Eulis. Da
nu katingali ku Ma Ijun
mah ngan Eulis nu bisa
nuluykeun hanca garapanan. Sok sanajan juljol nu hayang ngalap
miguru élmuna. Naon nu
katempo ku panon batin
Ma Ijun moal bisa dibobodo.
Ti leuleutik ogé Eulis
mah geus dibawa wanter
pikeun mantuan ninina
ngurus nu ngalahirkeun.
Lamun ceuk basa ayeuna
mah meureun “asisten”,
Eulis ogé sok sanajan leutik kénéh, bubuhan boga
teureuh jeung aya turunan atuh kacida gancangna ngawasa
bag-bagan pangaweruh
paraji téh.
Ma Ijun teu weléh
ngomat-ngomat ka Eulis
ulah piduit, da dunya
mah engké ogé nuturkeun ku sorangan.
“Ema mah ku bisa nulungan ogé geus kalintang gumbirana, nulung
kanu butuh nalang ka nu
susah geus jadi rumusan
hirup. Élmu nu dipiboga
téh lain keur diduitkeun,
tapi pikeun diamalkeun.”
Ceuk Ma Ijun dina hiji
waktu ka Eulis.
Lir gula panggih jeung
peueutna, bujang papanggih jeung wonoja
tuluy ngajodo. Eulis ogé
nya kitu téa, keur mah
aya teureuh jeung teurahna, katambah ku pasipatan Eulis nu resep
diajar jeung hayang
nyaho kana hal-hal anyar
ngajadikeun lancar dina
sagala rupana. Atuh élmu
pangaweruh jampé pamaké Ma Ijun téh kabéh
ragrag ka Eulis.
Taun ganti taun,
jaman robah jaman.
Kahirupan modern nu
asalna aya di dayeuh geus
nyaliara ka lembur-lembur singkur, ka asup ka

lembur Cikahuripan.
Nerekab béja pabéjapébja –teuing ti mana
mimitina—nu nyebutkeun yén kagitan paraji
téh kacida ngabahayakeun ka indung jeung
orok. Lantaran praktékna
nu teu jeung élmu
médisna. Ngan saukur
ngandelkeun intuisi,
élmu buhun jeung doadoa karuhun nu geus teu
mujarab. Kiwari mah nu
payus dijadikeun indung
beurang téh taya lian ti
bidan, nu puguh jeung
élmu médisna nu aya
janggélékna buku jeung
puguh répérénsina.
Abong béja. Téréh
pisan nerekabna tur nepi
ogé ka ceuli Ma Ijun. Sok
sanajan kaitung wijaksana, tapi teu burung
ngagidir ari dituding
praktékna ngabahayakeun mah.
Ma Ijun asa
disapirakeun,
élmu

paraji nu turun-tumurun
ti karuhun, nu geus
ngabaju ngaraga sukma
di masarakat, nu geus
mantuan ngalahirkeun
mangrébu-rébu jalma, ti
jaman baheula mula,
sasatna nyolok mata
buncelik. Élmu kedokteran mah karék kamari
ieu, ari élmu paraji apan
geus kauji ku waktu.
“Mun enya ngabahayakeun, meureun moal
aya manéh. Ari ieu buktina manéh hirup,
indung manéh ogé
hirup kénéh
lin?” kitu
ceuk Ma
Ijun ka
Eulis

hiji waktu.
Eulis mah teu bisa
ngomong nanaon, ukur
unggeuk-unggeukan
tanda sapuk sapamadegan jeung ninina.
“Bidan-bidan téh asa
karumaki pisan,
ngomong
sakarep
ing-

Nyambung ka kaca 40
Manglé 2457

19
C arita Dua Bagian

Kalangkang Tineung
Ku Tiktik Rusyan

1

A

ngin
Désémber, ngoyagkeun
dapuran
eros dina
pot gedé hareupeun jandéla
balkon. Kembangna nu
marun halon kaayunkeun.
Eros kameumeut. Lakopna
kandel siga buludru. Rajin
kembangan, siga nu hayang
mulang tarima pédah diurus
didama-dama.
Syal dibenerkeun, asa
tiris pisan. Tapi jandéla
hayang tetep muka, ngarah
atra ka jauhna. Tangkuban
Parahu nu ngajungkiring
katingali jeung parentulna
wawangunan di handapeunana. Bandung nu beuki
heurin ku tangtung, nepi ka
unggal sikluk suku gunung
dibebetah dijadikeun padumukan. Asa geulis pisan
titingalian téh. Biasana mah
sok pinuh ku haseup polusi,
ayeuna mah katingali
hérang, katingali nepi ka
léngkob-léngkobna.
Léptop dihurungkeun,
susuganan nu kamari kandeg téh ayeuna mah nyurulung deui. Teu tenang
diudag-udag ku déadline ti
diri pribadi. Novel teu bérésbérés, kalah asa melag.
Haroréam neruskeun.
Rot kana kopi, rap
masang héadsét. Ngong Vina
Panduwinata “ Selamat
Tinggal Kenangan”. Teu lila
réma geus tuktek kana kibor.
Kudu bérés ayeuna mah, paling henteu ditamatkeun

20

Manglé 2457

heula. Kari nyarungsum kadituna mah. Obsési pisan,
novel nu ieu mah hayang
gancang medal. Hayang jadi
kado keur Ray, nu rék
jatukrami bulan Pébruari.
“Nién, nuju naon?”
Smsna tadi subuh nirilik.
“kadé hilap nuang landong.
Ray dinten ieu aya préséntasi di kantor pusat.
Doakeun suksés nya? Aya
hubunganna sareng kenaikan jabatan. Biasana doa
ti Nién mah sok matih. Miss
you!”
Bari ngetik, biwir
ngarenyu. Nyipta manéhna,
nu tara tinggal tina humorna, tina isengna jeung
tina kanyaahna. Manéhna
nu salila ieu marengan unggal scene tina kahirupan. Ti
mimiti balég tampélé nepi ka
dina sirah geus mimiti renung ku silalatu. Teu weléh
aya, teu weléh ngaweuhan.
Dayagdag nyarandé, asa
rada nyesek ambekan téh.
Héadsét diantep ngagegembrung. Panon peureum. Bréh
péta dunya, Paris jeung Louvre, Granada jeung Al Hambra, Venesia jeung gondola.
Tempat nu pernah kasaba
jeung lalaki nu dipikacinta.
Dimana anjeun ayeuna, Ar?
Naha teu inget ka nu nungguan nepi ka huisan?
“Bodo Nién mah. Nu kitu
ules ditungguan. Boa moal
balik deui, keureut ceuli
ucing mun si Ar datang keur
didinya. Tong percaya ka
seniman. Cintana instan,
loba cinlokna, loba bohongna, loba jangjina bari
kabéhanana bullshit!” Marina sobat basa kuliah meni
perténgtang. Omongan dua

taun kalarung, basa Ar ninggalkeun kuring sanggeus paheut dihijikeun ku tali pasini.
Aya cingcin mata berlian
jeung lukisan anyelir kayas
nu ditinggalkeun, bareng
jeung haté nu beuki lila
beuki peurih..
Jul-jol nu datang.
Ngawurkeun mamanis jangji
jeung ungkara cinta. Nu
dibawa ku Mamih, ku duduluran, ku babaturan. Nepi ka
Ray pisan, kayid terus terang
hayang mileuleuheungkeun.
“Keun wé apal modal
ogé. Urang nikah wé yu? Ray
teu téga ningali Nién gering
haté.” Ngan dibales ku
gideug. Teu gampang mikacinta téh. Teu bisa kitu waé
pipindahan ka unggal haté.
Nyaan, teu bisa keur kuring
mah.
“Nién, cenah aya jangji
jeung Om Pri. Geura siapsiap atuh. Rék dianteur ku
Papih atawa ku Mang Jana?”
Mamih teu kanyahoan geus
aya dina tétécéan hambalan
pangluhurna.
“ Dé nyalira wé, Mih.
Sakantenan aya péséreun ka
BEC.”
“ Nya heug atuh, kadé
nyetirna. Hariwang puguh,
sieun ngadadak migrén di
jalan. Puguhkeun ka dokter,
iraha jadwal MRI-na.”
“ Moal lah. Insyaallah teu
nanaon da. Muhun, sigana
mah dipercepat wé. Tos
ampir teu kiat nyerina ayeuna mah.” Soca Mamih neuteup bangun ngungun. Laju
nyampeurkeun, gabrug kana
awak. Teu kuhanteu kalah
dimandian ku cimata.
“ Mamih ngadudu’a, unggal tas tahajud tas solat.

Manteng ka Allah, neda ulah
aya nanaon. Sing teger.
Turut sakabéh saran dokter.
Padahal mending dianteur
ku Mang Jana, Mamih hariwang.” Lah meni asa enya
pisan jadi jalma geringna
téh. Kamamana teu weléh
kudu dijajap. Ku Papih, Ku
Mang Jana, ku Adri atawa
ku Réstu. Ngaririweuh. Da
mun teu kuat mah tara
hayang indit-inditan
sakumaha perluna gé.
Numpi wé di kamar ieu.
Tempat nu ngahaja dibebetah ku Papih.
Cenah matak ngahaja dipangnyieunkeun tempat
ngotrét nu husus téh ngarah
kuring betah nyieun karya.
Kuring nu popilér geus nambahan seungit kana ngaran
kulawarga.
Mézanine ukuran sapuluh ka sapuluh. Teu maké
kamar, ngablag wé. Di salah
sahiji juruna tempat tidur
King sizé tina bahan beusi
tempa disepréan ku satén
direndaan. Saur Mamih mah
ngarah ngeunah ngalamunna ari keur ngotrétkeun
ungkara nu romantis...haha,
aya-aya waé.
Lomari buku nu metet ku
ratusan judul novel, kumpulan carpon, kumpulan sajak
jeung kumpulan fiksimini
basa sunda, genre anyar nu
keur meumeujeuhna dipikameumeut ku nu resep kana
sastra. Sababaraha énsiklopedi, buku –buku agama,
politik, hukum jeung
ékonomi nepi ka téhnologi.
Mun lain kuring nu meulina,
pasti Papih jeung Ray.
Lampu kristal ngagantung di tengah-tengahna.
Cenah mah kaideuan ku
salahsahiji carita dina carpon kuring nu ngagambarkeun mézanine siga kitu.
Ah Papih mah kacida,
deudeuh téh meni bébéakan.
Abong ka anak awéwé hijihijina. Atawa pédah alesan
lain? Da ayeuna mah mun
nyium kana tarang pareng
naék rék ningalikeun kuring
nulis téh maké jeung katara
carinakdak. Héadsét dilaan,
laptop di standby. Bolay deui
namatkeun téh. Pira
sababaraha lambareun deui.
Novel kaopat nu asa panglilana digarap. Teu kalis
ku niis atawa indit sorangan ka tempat-tempat nu aréndah. Ideu téh
asa hésé pisan ditéwakna. Pikiran mindeng teu
mokus. Kosa kecap asa
lup-lep laleungitan. Nepi
ka sering nge-blank
pisan. Mindeng asa
heneg, aral pédah kadieunakeun mah asa hésé
hayang konséntrasi téh.
Loba poho, loba teu
nyambung. Padahal tina
lalampahan jadi novelis,
nu tilu mah best seller.
Acan carpon anu bacacar
tur rata-rata petingan.
Jadi asa teu pantes mun
nu ayeuna kudu magol
téh.

mukaan medrec.
“ Nanti kita lihat hasil
MRI. Teu tiasa kitu waé ngadiagnosis. Mung...” Ngarenghap, terus nutupkeun map.
“ah, tapi kita lihat saja nanti
nya? Oké, dua dinten ti ayeuna wé, Kemis nya? Kita
ambil tindakan. Teu nuju
sibuk pan?”
“Kaleresan henteu.”
“Oké, rupina kedah rada
ngebut. Kumaha novelna tos
tamat?
“Teu acan. Nyaéta asa teu
tiasa konsén. Jabi sok ngadadak lungsé. Dupi éta MRI

tukang médis, tapi kuring
apal alat ieu téh gunana keur
naon. Salila ieu kacurigaan
teu nyoko kana hal éta. Teu
hayang pesimis, teu hayang
négative thinking. Dibangbrangkeun ku nulis, ku aktif
dina pagelaran-pagelaran.
Milu saba sastra. Aslina
hayang poho. Tapi ku rasa
nyeri nu teu katahan, ahirna
éléh ogé. Wani néang dokter.
Kabeneran sobatna Mamih
pisan. Om Priadi, ahli bedah.
Konsultasi méh unggal usik.
Nepi ka pamustunganana
kudu nepi kana proses MRI.

téh sami sareng CT Scan?”
“Bénten, Magnetic Resonance Imaging atanapi MRI
mah prosésna nganggo mahnét. Pami Computerized Tomography atanapi CT Scan
mah nganggo sinar X, rada
karaos nyeri. Kanggo kasus
Nién mah, langkung saé
nganggo MRI, supados
pencitraanna langkung akurat. Jabi langkung nyaman.”
Om Priadi ningalikeun gambar sababaraha alat nu disebutkeunana. Bulu punduk
ujug-ujug carengkat. Da
enya gé teu boga kasang

Kaluar ti rohangan praktek dokter, hp nirilik. Telepon ti Ray. Tadi geus
jangjian rék maksi.
“ Tos bérés?” Sorana
ngoncrang.
“ Atos. Ieu badê ka parkiran. Kamana heula ayeuna?”
“ Tepang di Purnawarman wé nya? Sanés badé ka
BEC? Ké maksi didinya wé,
oké?”
“Oké. Nién otw ka
tékapé.”
Barang sup kana mobil
laju ngahurungkeun mesin,
sirah jol nyanyautan.

***
Om Priadi ngaberenyéh imut basa kuring
asup. Jung nangtung,
ngasongkeun leungeunna
ngajak sasalaman. Terus
nunjuk kana korsi di hareupeun méjana.
“ Kumaha ayeuna
karaosna? Landong tos séép
pan?” Cenah bari leungeunna mukaan map eusi medical record.
“ Skala nyerina naék,
Om. Vertigo mingkin sering,
katambih sok aya sebel.
Sareng asa beuki hilapan
bari sesah konséntrasi. Boa
Alzheimer, atanapi dementia?” Om Pri neuteup rada
lila. Lengeunna eureun

Paingan Mamih hariwangeun. Da jeung enyana,
karasa nyeri deui. Ngalieuk
gé ampir teu kuat. Mangkaning obat can ditebus. Mesin
dipareuman. Awak nyarandé
kana jok, duh... teu puguh
rasakeuneunana. Moal
pibalégeun mun kudu nyetir
sorangan mah. Kop kana
hapé.
“Ray, jemput wé ka
Dago. Teu kiat nyeri mastaka
deui.” Nu ditelepon bangun
reuwas. Nitah cicing, istirahat dina mobil.
Boa bener panyakit téh
sabenerna mah éta. Nu
dipikahariwang ku
saréréa sok sanajan papada teu betus. Teu
hayang nyaritakeun.
Jarempé, ngan nitah
gagancangan wungkul
konsul ka dokter. Tapi
karasa pisan, nu ngabaretem téh ngemu kalewang nu kacida. Sok
karasa aya kasedih, mun
pareng digabrug ku
Mamih. Mun kuring keur
ngalempréh katarajang
migrén. Adri jeung Restu
nu sok sagala merhatikeun. Sagala keur Tétéh.
Nganganteur mun
pareng salsé. Atawa
Papih nu ngahaja
nunggguan kuring nulis
bari maca buku na sofa.
Sok bari ngarérétan tina
selang-selang maca téh.
Bangun lewangeun
naker.
Sababaraha jongjongan
peureum bari ngararasakeun
kanyeri. Boa moal lila deui...
“Nién sayang...” Sora nu
halon ngagilisir kana pangreungeu. Panon muka, Ray
keur neuteup bangun hariwang. “Tong cios ka BEC
atuh nya? Uih wé. Yu dijajapkeun. Mobil mah ké dicandak ku Mang Jana, tadi
tos ditelepon.” Leungeunna
ngusapan kana sirah bangun
deudeuh. Karasa pisan
kanyaahna. Weningna lir cai
talaga nu ngagenyas hérang.
Ray, kanyaahna teu ka-

Manglé 2457

21
tumpangan ku cinta, moal
matak patah hati, moal
nganyerikeun. Nyaah siga ka
dulur pet ku hinis. Nu milu
ceurik mun kuring ceurik,
milu tunggara mun kuring
dikakaya.
Nepi ka Imah. Mamih
bangun nu keuheul pisan.
Pok deui pok deui nganahanaha bet indit sorangan.
“Matakan tadi teh dianteur ku mang jana, sok bedegong da,” cenah bari ceg
kana obat nu geus ditebus ku
Ray. Song dibikeun jeung
caina. “Kedengkeun wé,
Nién. Tong waka tulas-tulis,
boa sawaréh tina radiasi
layar monitor. Eureun heula.
Reus wé tong loba pikiran.”
Teu ditémbal. Da kitu Mamih mah mun aya kahanjelu
téh sok terus wé néngtéréwélang.
“Geura uih deui ka kantor. Nién mah teu nanaon
da.” Nu nyimbutan bari
memener bantal imut
deudeuh. Nyepengan kana
dampal leungeun.
“Tong ngahariwangkeun
atuh, Geulis. Pami kieu waé
Ray moal tenang. Sok geura
bobo. Ké wengi dilongok
deui.”
“Nuhun, Ray. You are
the best...” Ray imut, nyium
kening terus ngusap kana
pipi.
“Dikantun...sing tibra.”
Moal bisa tibra. Nu
nyanyautan dina sirah jeung
dina haté beuki karasa antebna. Ar, anjeun dimana?
Ieu Nién keur sakarat. Naha
teu nepi geter sono, geter
kanyeri ieu kana haté anjeun? Kapan cenah ngan
haté jeung haté nu nepungkeun sakabéh kereteg asih
nu nyaliara. Atawa sabenerna anjeun geus euweuh
didinya? Dina galeuh sanubari nu teu weléh micangcam? Anjeun geus hiber
jauh, lain ragana wungkul,
tapi jeung haténa nu kungsi
dititipkeun sangkan dirumat
nepi ka sirungan.

22

Manglé 2457

“Kapan haté mah tos
dikantunkeun dina hate
Nien. Keun raga mah tiasa
nyangsaya dimana wae.
Kapan Nién terang Ar mah
teu resep katalikung. Sing
percanten.” Sms na nu pamungkas samemeh ngahiang. Nepi ka ayeuna euweuh
raratanana. Lain teu hayang
mapaykeun, tapi teu kapaluruh. Siga tilem diteleg ku
mangsa nu teu nyata. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa
karana.
Nien satia kana cinta.
Bari asa beurat ku jangji rék
ngarumat haté anjeun. Lain
perkara gampang keur
mupus sagalana. Waktu nu
geus diliwatan ku urang
duaan, teu bisa kitu waé
dibaékeun. Aya rasa nu
kacida antebna nepi ka teu
bisa pukah, hayang tetep
mikanyaah. Teu paduli
gogoda sakitu noyégna.
Ayeuna, dina kaayaan
lewang dirobéda kahariwang
ku panyakit, nu satia kalahka
Ray. Sobat urang. Lain anjeun, nu sakuduna mah aya
didieu méré kakuatan. Méré
énérgi sangkan Nién wani
berjuang ngalawanna.
Dimana anjeun, Ar? Di
Saint Tropez, ulin di basisir
jeung Brigitte. Cinta munggaran nu teu bisa dipopohokeun? Atawa geus di
Nashville, laju ka Los Angeles? Ngudag impian nu
leuwih gedé manan
ngahénén dina haneutna katresna ti Nién? Teu nanaon.
Nyaan moal dihalangan, tapi
datang heula kadieu. Jadi
heula satria nu wani balaka
nyebut teu butuh deui ku
cinta.
Sataun ieu Nién
ngararasakeun kanyeri nu
taya papadana. Diganggayong ku panyakit nu can
karuhan naon ngaranna.
Tapi teu weléh-weléh aya
waktu keur anjeun. Ngahiap
ngagupay, sugan inget kana
jangji. Sugan aya saeutik
tanggung jawab keur méré

kacindekan. Nién moal
maksa, da cinta mah moal
bisa dipaksa. Tapi béréskeun
heula ieu rasa. Bawa deui
haté anjeun anu kungsi dititipkeun. Sakali deui, Nién
hayang anjeun datang, gentle menta hampura bari
wakca geus teu mikacinta.
Gampil pan?

O

2

m Priadi ngahaja
datang ka imah. Poé
minggu ngarah keur
ngumpul cenah. Aya nu rék
ditepikeun. Kabéh siap, kaasup Ray nu datang ti isukisuk miheulaan Adri jeung
bojona. Réstu gé ngabolaykeun jangji jeung bébénana.
Ngariung di taman
tukang, dina gazébo nu lega
luhureun balong. Tidinya
atra kana balkon tempat kuring mun keur nulis. Panto
jeung jandelanana nu teu
weléh muka, jeung vitrase nu
gegeleberan katebak angin
ciri mun kuring keur teu kamamana. Digigireun gazébo
aya tangkal flamboyan nu
kembangan. Burahay mawa
hégar.
Ngobrol can ngaleunjeur.
Lolobana heureuy. Daria
mun ngomongkeun pulitik,
karesep Papih. Da puguh
guru besar ilmu politik. Atuh
kabéh gé ngan bisa semet
ngalokan. Lalawuh nu euyeub jeung citéh haneut
maké gula batu marengan riungan nu siga macangkrama.
Sanggeus sababaraha
jongjongan, Om Priadi
ngarongkong kana tasna.
Ngaluarkeun léptop jeung
map plastik. Kabéh jempling. Ieu nu bakal jadi
goongna. Kabéh nungguan
bari mencrong ka nu keur
ngahurungkeun léptop jeung
mukaan berkas. Teu Lila Om
Pri melong ka kuring, terus
mapay ka nu diuk hémpak
bari panasaran.

“Ieu hasil MRI, hasil
biopsi sareng hasil lab.”
Ngarénghap, terus malikeun
léptop sina katingali ku
saréréa. “ Ka orang-orang nu
mengerti, nu berpendidikan,
hasil sapertos kieu memang
kédah didugikeun saayana.
Margi biasanya open
minded dan tidak émosional.
Diagnosis yang sudah ditegakkan, Glioblastoma Multiforme. Langka pisan, but it
happened to you, Nien.” Om
Priadi muka kacamatana.
Neutep anteb pisan. Geus
biasa deui meureun,
nepikeun hal nu pikasieuneun ge ekspresina datar.
“kanker otak stadium
empat,” cenah, sorana rada
laun. Mamih ngajerit,
nyangsaya dina rangkulan
Papih. Ray nangkeup kana
awak nu ngadadak leuleus.
Tapi , sing demi teu
hayang ceurik, geus euweuh
piceurikeun, salila ieu geus
diambéng unggal karasa
nyanyautan, unggal asa diteungteuingana ku Ar nu teu
méré iber. Asa leuwih alus
kieu. Ngarah téréh lastari.
Panyakit nu kieu panggampilna mapag pati.
“Itu bad news-na. Aya
good news yang bisa membuatmu bertahan. Radiography , for the first step. 5
sampai 8 minggu. Pami teu
mental, dilteraskeun ku kemoterapi. Don’t worry, you
being a survivor.” Om Priadi
deui-deui nyaritana tatag.
Teu siga-siga keur nepikeun
hiji hal anu beurat tur pibahayaeun. “éta matakna Om
Pri teu hariwang. Seueur nu
katulungan. Asal énggal ditangani. Kita takkan kehilangan apapun jika mampu
berkejaran dengan waktu.
So, let’s make a plan.”
Tidinya dimimitian jadwal radiography. Piligenti nu
nganteur. Nu daratang milu
sungkawa. Nu ceurik mangkarunyakeun. Gering nu
matak lewang. Kana taneuh
kuburan boa ukur
sababaraha léngkah deui. Da
saha nu ngajamin bakal bisa
survive.
Mindeng ceurik dina simpéna peuting mangsa waktu
ngagayuh ka janari. Bari maksakeun manéh ngetik, hayang
méréskeun karya panungtungan méméh palastra. Hayang
jadi monumén asih keur Ray.
Sobat nu kacida satiana.
Buuk nu geus maruragan
ti méméh didiagnosa, kiwari
geus mingkin ipis. Épék radiography geus mimiti karasa.
Sebel, jeung leuleus. Otak
hésé dibawa mikir. Naha bet
tumiba ka diri? Sakabéh nu
ceuk batur sampurna horéng
dipungkas ku jadi wadal
kanker otak. Siga nu rék sampurna pisan hirup téh. Ngora,
sohor bari térhormat. Tapi
kudu jadi tawanan cinta jeung
korban kanker. Kudu
mungkas kahirupan ku
kasedih.
Pati... maot, kecap nu tara
ieuh aya dina pikiran. Salila
ieu asa rék lila nyeuseup
madu kahirupan, asa rék terus
laju kana umur limapuluh,
genepuluh, tujuhpuluh nepi
ka dalapanpuluhan siga
Éyang. Jagjag kénéh nepi ka
ayeuna. Tapi geuningan dina
umur karék nincak tilupuluh
dua geus dicandet ku glioblastoma.
Keueung...asa hareupeun,
asa isuk rék ninggalkeun
karaméan. Ninggalkeun
Mamih jeung Papih nu kacida
deugdeuhna. Adri, Réstu. Ray
...Ar? Ah, baé Ar mah, mending gé ditinggalkeun. Sina
kaduhungeun bongan geus
ngalalaworakeun. Lalaki teu
bener, teu tigin kana jangji.
Teu tanggung jawab...hanjakal kuring kacida bogoh ka
manéhna.
Ngangin bari mencrong
purnama nu gumawang. Tina
korsi di balkon, ngeueung
ngan dibaturan ku Dying
Young tina stereo set. Loba nu
can kaasaan. Tempat- tempat
nu can kasaba. Kahayang nu
can kasorang jeung pasini nu
can ngajadi. Kabéhannana peunggas di tengah jalan. Teu
karasa cimata merebey. Mun

aya Ray mah pasti digeubiggeubig taktak téh. Teu meunang cengeng. Ceurik
meunang tapi ulah pondok
pangharepan. Kudu daék
ngalawan, da loba nu bisa
ngéléhkeun kanker mun daya
juangna kuat mah.
***
Isuk-isuk Ray geus
datang. Siga aya nu rék
ditepikeun.
“Nién, Ray tos ngabolaykeun acara sasih pébruari,”
cenah. Kuring hareugeueun,
reuwas pisan.
“Naha? Kunaon Ray? Diundur atanapi dimajukeun?”
“Dipundurkeun kana waktos nu teu tangtos iraha-irahana.”
“Maksadna?”
“Ray hoyong ngaréncangan Nién. Salamina. Atanapi
paling henteu dugi ka séhat
deui.”
“Har..naha dugi ka kitu.
Kapanan hal éta mah teu
kédah ngaganggu kana
kahirupan pribadi dirimu..ih.
Bébas wé. Naha maké kédah
dipénding. Karunya ka Anggi
atuh. Tong kitu ah. Saatnya
membahagiakan dirimu,
Ray.”
“Ray tos ngabébaskeun
Anggi. Please, tong naros kunaon.”
“Ray?” Kuring gogodég,
weléh teu ngarti. “badé nurutan Ar? Janten lalaki nu jalir
jangji? Ngabedokeun kana
acara nu tos paheut siga kitu.
Nién teu satuju, apapun
alasannya!”
“ Anggi nu bendu, timburuan. Ti kawit Nién dina perawatan, hubungan tos teu saé.
Ah, tos teu kedah dibahas.
Ayeuna seluruh waktuku untukmu.” Leungeunna
ngaranggeum kana réma.
“Ray hoyong ngagentos posisi
Ar. Kénging?”
“ Aduh, Ray...tidak semudah itu. Cobi tingali, Nién siga
naon ayeuna? Pias, dugul, celong, begang...I’m dying, Ray.
Teu aya harepan..” Kuring
carinakdak. Sugan teh moal
kadinya loyogna. Teu
karampa saeutik ogé. Enya

Ray nyaah jeung béla pisan,
tapi mun nepi ka kieu mah
asa teu kacipta.
“Oké, Ray moal maksa.
Tapi ti ayeuna kapayun, Ray
nu ngajaga Nién. Dina kondisi
kumaha waé.” Cenah bari
ngoprék gadgetna. Song ka
kuring. Ti portal berita langgananana kabaca ,
Nge-jam bareng Slash,
dream come true bagi Ardhana. Seorang gitaris
mumpuni yang berhasil Go
International. Kini Ar tergabung dalam sebuah grup
Band besutan Sony Music.
Dan selayaknyalah kita ikut
berbangga hati, ketika seorang anak muda mampu
meraih impiannya dan turut
mengharumkan nama bangsanya. Oke, good luck, Ar.
Dan siapa tuh bidadari
bermata biru disampingmu?
Teu hayang neruskeun.
Gadget diasongkeun deui bari
leungeun ngeleper. Jajantung
ratug tutunggulan.
Gustii...paingan poho kana
jangji. Horéng manéhna geus
aya dina dahan nu pangahirna
rék naék kana pucuk daun
pangluhurna. Moal ngajak nu
ngaranna Nién, kapan disabudeureunana awéwé
blondie nu panonna biru siap
meupeus hanaangna. Ceurik
dina taktak Ray. Ngabudalkeun sakabéh kapeurih.
Geus jelas ayeuna mah, euweuh deui tungguaneun. Ar
geus moal balik deui. Boa ingeteun kénéh ka nu dua taun
gering nangtung
ngalanglayung.
“ Please, forget him!” Ray
kekerot. “teu sakedahna Nién
dikakaya siga kieu. Ké aya
promo albumna di Jakarta.
Cuang udag. Mun perlu patutunggalan. Ray siap ngabéla
Nién. Tingalikeun wé!” Awak
nu keur ambek karasa
ngageterna. Teu kitu kumaha,
Ray apaleun kumaha Ar
ngungudag kuring ti keur kuliah keneh. Ari geus beunang
bari geus tunangan, ditinggalkeun.

Om Priadi kacirina hariwangeun pisan. Enya gé teu
togmol dibejakeun kumaha
progrésna. Tapi tina paromanna jeung petana mun
ngobrol jeung Papih, bisa
kabadé kumaha kaayaan nu
sabenerna. Karasa pisan
sagala nyirorot. Buuk mah
geus lénang, awak rangkebong. Panon geus teu pati
awas. Pangreungeu kacida
ngurangannana.
Leungit Niéna Noor Rahmania nu ceuk batur mah
geulis, nu buukna panjang
kandel. Nu awakna sampulur.
Eta lahiriahna, geus ampir teu
nyesa, disasaak kanker otak.
Nepi ka eusi pikiran oge lalaunan laleungitan.
Remen pisan mun sarapan isuk-isuk, soca Mamih
carindul. Duh, bet kalah
ngadoréksakeun ningan. Mun
kieu, asa hayang téréh-téréh
palastra. Geus euweuh kahayang berjuang. Geus leungiteun sumanget. Geus bosen
ngadekul kudu ditérapi bari
ampir euweuh hasilna.
Ray beuki dokoh, unggal
usik datang, ngabaturan
atawa mangmawakeun sabangsaning kadaharan karesep kuring. Teu sirikna
dihuapan ngarah kuring daék.
Da kapan geus ampir euweuh
napsu kana dahareun téh.
Ayeuna mah sigana kari
nganti-nganti dawuh.
Leumpang geus kudu dituyun.
Mun hayang lila ngalong sok
diuk dina korsi roda. Ngarah
teu kudu ngahésékeun nu di
handap.
Sirah nu dugul ditutupan
ku tiung. Geus teu hayang
ngaca. Da pasti geus teu mangrupa, masing Ray hayoh nyebut beuki geulis gé. Geulis
timana horéng. Panon nu
cureuleuk cenah, ayeuna pasti
buncelik ditambah ku celong,
sakurilingna harideung balas
karacunan ku obat jeung insomnia.
Hudang ti Jam tilu kénéh.
Sanggeus tahajud jeung solat
subuh ngahaja nungguan balé-

Nyambung ka kaca 38
Manglé 2457

23
P uriding Puringkak

Nu Cinekul dina Tunggul

G

eus kajadian
deui baé nu
cilaka lebah
Sasak Cihonjé
téh. Peuting
tadi cenah Si Pandi jeung Si
Jana, baroncéngan kana
motor, gedebut labuh. Duanana kapaksa kudu dibawa
ka rumah sakit da taratu.
Meujeuhna, tibeubeut satakerna. Untung kitu gé teu nepi
ka tiwas. Geus moal boa nu
ngalantarankeun cilakana téh
bongan borangan. Enya, borangan ngaliwat ka lebah
dinya da geus méh dua bulan
urang Lembur Cihaur ibur,
cenah lebah Sasak Cihonjé
téh sok aya jurig nu cinekul
dina tunggul. Teuing tunggul
tangkal nanahaon nu sidik
perenahna deukeut sasak
lebah Walungan Cihonjé.
Demi éta sasak téh ayana di
jalan antara lembur Cihaur
jeung Cidadap. Padahal teu
jauh ti lembur boh ti Cihaur
boh ti Cidadap, malah kaasup
jalan hirup sapoé sapeuting.
Tapi jelema téh pada-pada
sieun ngaliwat ka lebah
dinya, pangpangna ti peuting.
Iburna béja sok aya
dedemit nu cinekul dina
tunggul téh satutasna aya kajadian nu matak ngageunjleungkeun, lain baé keur urang
Cihaur jeung Cidadap, malah
nerekab ka mana-mana da
apan disiarkeun dina tipi
jeung koran boh lokal boh
nasional.
Enya, dua bulan ka
tukang, urang Cihaur génjlong duméh di Walungan Cihonjé, handapeun sasak
kapanggih aya layon awéwé.
Pakéanana rangsak, awakna

24

Manglé 2457

Ku Féndy Sy. Citrawarga
raca balas nublesan ku péso.
Mang Toyib nu mimiti
manggihan téh. Harita,
manéhna teu tahan hayang
setor. Turun tuturubun ka
lebak. Manéhna kacida
reuwasna barang nénjo aya
layon awéwé kira umur duapuluh lima taunan.
Éta awéwé téh lain urang
dinya, tapi urang lembur
jauh. Tayohna dipiceun ku nu
mergasana ka Walungan Cihonjé keur miceun salasah.
Orokaya lalawora, dipiceun
kitu baé da meureun rusuh.
Kadieunakeun, sanggeus
pulisi nalungtik saha-sahana
éta awéwé jeung saterusna
ramé diwartakeun dina rupaning média, kapanggih
wéh jati diri éta awéwé nyaéta
pembantu rumah tangga.
Demi nu boga talajak
durjanana anak dununganana. Si pembantu téh diheureuyan ku anak lalaki
dununganana nepi ka
rahimna aya eusian. Dumuk
kitu, si pembantu menta tanjakan, hayang dikawin.
Orokaya si kasép cunihin
téh batan daék tanggung
jawab mah kalah malik nyégag.
"Moal enya aing kudu
kawin jeung pembantu!"
"Heueuh naha atuh ngaheureuyan?"
"Ah...da bonganna!"
Cindekna mah si jalu nu
teu daék tanggung jawab téh
kéképéhan. Si pembantu
keukeuh ménta tanjakan
hayang dikawin da meureun
lamun colénak teu dikalapaan mah matak wirang di
kolong catang.
"Lamun aing teu tang-

gung jawab?" ceuk si lalaki
teu euleum-euleum, éstu taya
rasrasan.
"Ah béjakeun wé ka kolot
di dinya atawa dilaporkeun
ka pulisi," témbal si pembantu teuneung. Tuman,
kudu diwarah. Ceuk pikirna.
Nya ti dinya si budak
lalaki téh ngayakeun tindakan. Manéhna api-api léah
tur jangji rék ngawin. Harita
kénéh ngajakan nepungan
kolot si pembantu rék
nanyaan. Tarumpak mobil.
Di satengahing jalan, si pembantu dipergasa nepi ka tiwasna, terus layonna
dikunclungkeun ka Cihonjé.
Gujrud wéh urang Cihaur
jeung Cidadap téh. Mimitina
ukur ngaromongkeun nyeceléh kalakuan lalaki nu teu
daék tanggung jawab, malah
kalah dipergasa éstu taya
prikamanusaan pisan.
"Meujeuhna dihukum
gantung gé," ceuk nu nyarita.
"Nya heueuh. Méméh digantung, si ontohodna peuncit kuriling sing nepi
kasapat!"
"Karunya ka awéwéna
kami mah kudu nyorang
nanasiban nepi ka kitu!"
"Salah sorangan bet daék
dikoroméoh!"
"Taksiran lain dikoroméoh, pada-pada suka.
Buktina pondok jadi orok
panjang jadi budak tah!"
Ger sareuri.
Ramé wé pokona mah nu
nyarita téh. Na atuh teu
kungsi lila wangkongan téh
jadi ngagésér kana bab
gerengna Sasak Cihonjé.
Cenah aya nu ngawénéhankeun sok aya nu cinekul dina

tunggul, terus kadéngé ceurik
ngawiwiw bangun kanyenyerian. Tah béja nu ieu mah
jadi beuki harus alah batan
goong. Témahna kacida mangaruhan balaréa. Enya, siga
Si Pandi jeung Si Jana anu
labuh tina motor bakating
sieun ngaliwat ka Sasak Cihonjé.
Minggu tukang Mang
Parta jeung Bi Piah, tas
nempo nu gering ti Cidadap
kapoékan. Padahal harita téh
can peuting-peuting teuing,
kitu lah kira saparapat jam
deui ka adan isa. Bi Piah
labuh tikedewet kana samping nu dipaké laka-léké.
Nyaéta kalah lalumpat basa
nyorang Sasak Cihonjé téh da
cenah sidik aya nu cinekul
dina tunggul.
"Sidik aya nu cinekul,"
ceuk Mang Parta.
Nya teu majar kumaha ari
kitu béjana mah balaréa
wuwuh beuki yakin.
Temahna nya loba nu cilaka
ku polah sorangan. Pajah téh
moal néangan jurig nu can
karuhan, sidik nu sok cinekul
dina tunggul téh arwah
awéwé pembantu téa.
Kitu omongan balaréa,
anging jalma nu imanna
wedel, anu teu gampang kapangaruhan ku béja nu ukur
ceuk jeung cenah. Siga RW
Adun, manéhna mah teu percaya kitu baé kana omongan
jelema, masing Mang Parta di
hareupeunana kungsi susumpahan cenah teu nginjeum
ceuli teu nginjeum mata sidik
aya nu cinekul, siga awéwé,
buukna ngarumbay.
"Naha atuh lain ditanya?"
ceuk RW Adun.
"Naaa...ari RW, kumaha
mun ngerekeb. Boro-boro
hayang nanya, sidik sieun
mana lumpat gé, Bi Piah nepi
ka labuh tikedewet kana
samping nu ngaléké," témbal
Mang Parta bari buluhambéléhém.
Lian ti RW jeung nu
nyaho kana bag-bagan
agama, Si Sarwati deuih nu
teu kapangaruhan ku béja
pikasieuneun kitu téh. Enya,
Si Sarwati, awéwé gélo anu
saenyana matak
pikawatireun. Umurna
sapantaran sigana mah jeung
awéwé nu tiwas téa. Nasibna
ogé sarua dinyenyeri ku
lalaki.
Bédana, Si Sarwati mah
kanyenyerian duméh harita
geus sapuk rék ka balé
nyungcung, bébér layar tarik
jangkar rék laki rabi. Kolotna
geus cakah-cikih sasadiaan
rék ngawinkeun, na atuh
pisaminggueun deui rék
kawin aya awéwé ngangais
budak ngontrog. Cenah
manéhna téh pamajikan
pisalakieun Sarwati anu
ngakuna mah bujang kénéh.
Atuh puguh wé Si Sarwati
ngajenghok, saterusna
kagegeringan, nepi ka gélona.
Malah kolotna nepi ka hanteuna pisan, kaleleban ku
nasib anak. Sarwati gawéna
langlang-lingling, saréna di
mana waé, tapi barangdaharna mah sok padaméréan
ku dulur barayana jeung nu
haat. Mun keur jadi sok jejeritan, laju ceurik ngadingdiut,
geus kitu iirihilan. Hadéna
tara ganggu, anging lamun
padangaheureuyan sok malédog.
Ku kajadian aya layon
awéwé téa, Si Sarwati mah
teu nyaho-nyaho. Enya teu
kapangaruhan. Ngaranna gé
nu teu jejeg ingetan. Mun
walagri mah sarua baé jeung
balaréa.
Ku mindengna kajadian
nu carilaka lebah Sasak Ci-

honjé, RW Adun kageuing
atina keur nengtremkeun
warga sangkan ulah percaya
kana ayana béja nu can pasti.
Najan enya Mang Parta geus
yakin ningali aya nu cinekul
dina tunggul, boa éta mah
ukur téténjoan.
Tapi keukeuh jelema téh
leuwih pecaya kana omongan
Mang Parta batan RW. Atuh
saged RW Adun hayang
ngabuktikeun sorangan boa
naon anu dicaritakeun ku
Mang Parta téh bener, najan

Sasak Cihonjé!" RW Adun
ngajéntrékeun. Nu duaan
ngembang kadu, laju silih pelong.
"Ngilu hayu, moal ogé
kudu ngilu. Lamun henteu
saragam hansip kudu diudaran!" ceuk RW Adun,
neukteuk anggeus. Teu majar
kumaha antukna nu duaan
nurut da lebar ngécagkeun
kalungguhan hansip mah.
Peuting éta hawa kacida
tirisna da soréna tas turun
hujan. Langit caang mueusan

Anjog ka lebah Sasak Cihonjé, nu tiluan mimiti
ngeteyep.
"Ssssst...!" RW Adun
méré tangara sangkan eureun. Gebeg, remeng-remeng
katara dina tunggul tétéla aya
nu cinekul, siga awéwé da
buukna ngarumbay panjang.
Disingray-singray, laju disaliksik.
"Hihihihi.......," cikikik
seuri.
Ngadéngé kitu, Hansip
Odoy jeung Ukat ngagabrug

dina haté leutikna mah cangcaya.
"Aya proyék, rék ngilu?"
ceuk RW Adun ka Hansip
Odoy jeung Hansip Ukat.
"Jih, puguh wé arék
mah," témbal Hansip Odoy,
gasik da proyék-proyék kitu
mah pasti piduiteun atuh.
"Proyék naon Pa RW?
Hayu, asal puguh ieuna wé."
Giliran Hansip Ukat nu némbalan. Kituna téh bari
ngadukeun jempol jeung curukna.
"Proyék néwak jurig nu
sok cinekul dina tunggul

da bulan geus némbongan
najan ukur sapotong. Nu
tiluan tingkulunu muru
Sasak Cihonjé ninggalkeun
Lembur Cihaur. Ti jauhna
kadéngé anjing babaung,
nyengkatkeun bulu punduk
Hansip Odoy jeung Ukat.
RW Adun leumpangna ti
hareup, demi nu duaan
pagégéyé siga jeung kabogoh,
ramo-ramona pacantél
pageuh, sieun papisah. Bulu
pundukna karasa tingsariak,
bujur ngompod, késang
badag késang lembut
kalaluar.

awak RW Adun bari jajantungna ratug kacida.
"Wé, hayu balik!" haréwos Ukat.
Jurungkunung nu cinekul
hudang. Gék deui diuk,
cikikik seuri deui matak
sawan nu keur ngintip.
RW Adun ngageubigkeun
awak nu duaan. Keteyep
ngadeukeutan nu cinekul.
Teu antaparah, kerewek
ditéwak.
"Hihihihi.......ampun Aa,
ampuuun......!" Si Sarwati
ngagéréwék ampun-ampunan. ***

Manglé 2457

25
C arita Heubeul

Ku M.A. Salmun

{ 26 }

N

epi ka golodog,
Nyi Demang
kakara ngomong, ari Nyi
Piah teu aya
rengkuh-rengkuh jiga rek
munjungan. Nyi Demang:
“Kabeneran Piah, maneh aya
di imah, puguh kami ngahaja
ka dieu aya perlu. Jiga rek
indit, geus dangdan.”
Nyi Rapiah: “Henteu
kaleresan, abdi parantos ti
kamari ngantos-ngantos
gamparan. Mangga di lebet
lalinggihna.” Bari ngareret ka
Si Roda, “Lalaki mah pada
lalaki di tepas. Roda, pangakukeun Gan Ali, ari jeung
nu salawon mah sok dalit,
geura.”
Sarerea hookeun ngadenge omongan jeung nenjo
pepetaan Nyi Rapiah, pikeun
jaman harita mah geus kaitung pohara kasarna. Itu-ieu
silih reret padeuleudeuleu beungeut, sasatna di golodog
keneh geus kacagap mamaras.
Lantaran kagok asong,

26

Manglé 2457

kalacat sarerea arunggah
sup-gek di patengahan nu
sakitu garenahna tur sareungit matak hegar, sarerea bengong.
Teu nyalahan ijiran Nyi
Rapiah téh. Nenjo pasangpeta imah téh, agan-agan
hatena kincup, rumasa
kaungkulan pangaboga, da
ngarti, eta téh moal enya
bawana Aom Usman, da di
Agan Sari ge teu burungherang kitu!
Geus ilahar mungguh
jalma, ana rajeun téh wani ka
nu hina, nu malarat, nu laip,
nu bodo, nu hengker. Ari ka
nu luhut kutana, gede dunyana mah, beu ... ngulahek!
Nyi Rapiah henteu
harumpay-harempoy atawa
payangkad-poyongkod, tapi
bebas merdika pisan, diuk
dangah nyanghareupan sarerea, ari Gan Ali daek teu daek
kapaksa kapegung di tepas, ti
hareup disanghareupan ku Si
Roda, ti tukang aya Si
Jobang.
Nyi Demang anu kakara

saumuran h arita nincak
imah Nyi Rapiah sanggeus
pindah ka dinya, kacida heranna dumeh jiga sagala geus
sadia ti tadina, pok nanya:
“Maneh téh ngahaja nyampakkeun kami, Piah? Kawas
geus nyaho ti tadina?”
Nyi Piah dangah: “Yaktos
kitu.”
Nyi Demang: “Nyaho ti
saha?”
Nyi Piah: “Ti unggal
jalma.”
Sarerea kaget jeung asa
diheureuykeun, tapi Nyi Demang bisa keneh nahan
napsu, pok nanya: “Ti unggal
jalma kumaha, manehna ulah
ngaheureuykeun.”
Serengeh Nyi Piah seuri
bari ngadeuleu beungeut pangiring saurang-saurang, dipapay: “Sumuhun, unggal
jalma, ongkoh gamparan
pisaminggueun deui ka bade
ngontrog Si Rapiah téh
sirikna teu uar-uar ka unggal
jalma, yen palay ngabudalkeun bendu sing puas. Kirang
langkung saparona di atawis
nu dicandak sasauran, parupulih ka abdi. Eta margina
abdi terang.”
Para pangiring, urut
bareuheuheudeun jeung
heran ti barang blus oge acan

leler, nejo pasangpeta imah
Nyi Rapiah jauh ti sangka ati,
heug dipureleng ku pribumi
nu teu bangun arisin, ayeuna
ngadenge omongan anu sakitu ngagasrukna, atuh teu
kaur tengtrem pikirna. Nyi
Demang pribadi geus mimiti
sentar nenjo peta Nyi Rapiah
bangun pohara ludeungna
jeung omongan kawas teu
make saringan téh, sajalantarahna bae. Nyi Demang:
“Lamun enya kitu, maneh
tangtu nyaho kana maksud
kami pang datang ka dieu?”
Nyi Rapiah (bari dangah,
berlian dina madalion jeung
panitih pating burilak bangun milu ngadelekan); “Kantenan! Gamparan palay
nyeuseul laklak dasar ka abdi,
palay puas! Gamparan bade
masrahkeun serat talak ti
salaki abdi, pun Usman anu
jahat tea, memang ku abdi
diantos-antos, malah bilih
kedah digaleuh abdi parantos
sayagi piartoseunana,
sabaraha?” Kusiwel leungeun
Nyi Piah ka handap eun sisi
pramedani gigireunana, sihoreng ngaluarkeun pepeten
leutik meunang ti awalna
mula ngahaja neundeun di
dinya, pepeten perak wadah
duit emas jeung barang per-
hiasan; jepret dibuka,
tuluy ngarawu duit emas
sacanggeum, bro hareupeun mitohana, keplak
nepak samak: “Bilih butuh
kanggo ongkos perkawis,
pok sebatkeun, sabaraha
palay digaleuh téh? Bilih
anu nyandakna ti bui
kedah dibuburuhan,
sabaraha kulianana, Si
Rapiah werat keneh
mayar!”
Nyi Demang jeung
para pangiring, asup kana
paribasa: “Anjing ngudag
datang depa.” Nu tadina
bangun galak arek nyontrol teh,a ri jol bet brek bae
depa, atuda tadi keneh ge
di golodog, Nyi Piah mah
geus ngamimitian meupeuh mamaras. Jadi ayeuna teh sabalikna, lain Nyi
Rapiah nu dikeupeul, tapi ibu
Usman geus beunang mamatihna, kapiheulaan cabar,
da Nyi Piah, cek barudak
ayeuna tea mah radikal-revolusioner tandangna; buaya
gerot kitu.
Nyi Demang “undur
tukang”: Enya ari rela masrahkeun surat talak mah, tapi
da kami mah teu boga karep
pupuasaan.”
Nenjo anu undur tukang,
Nyi Piah teu kireum-kireum
nyeungseurikeun bangun
ngahaja ngalelewe; “Hihihi,
kitu kutan saur gamparan.
Sor ayeuna surat talakna,
mana?” Ngomongna bari
gumeulis ngajangilek, nepi ka
berlian dina ceuli milu
meureudeuy cara nu milu
ngera-ngera.
Para pangiring ari dibawa
garihal kitu mah tara biasa,
kawantu menak, mani balem
kabeh, jaba ti Nyi Rangga,
kolot perceka, nenjo adi beuteung disedek bari digebot ku
Nyi Piah teh niatna mah nulungan: “Ke lanan Enok,
alon-alon, Ibu mah sok
reuwas ari pating jaleger kieu
teh.”
Kakara ge sakitu
ngomongna, Nyi Rapiah geus
nempas: “Nuhun gamparan

aya kapalay alon-alon, da eta
dina urusan kieu mah nu
alon nu ngompod teh matak
bobor karahayuan, sareng teu
kedah disumput-salindungkeun maksad juragan Demang teh, da sumuhun
maksad ti bumi mah aranjeun teh” –bari ditunjuk
irungna saurang-saurang—
“seja ngaraponan abdi, bade
ngahurup ngarentog.
Samarukna Nyi Rapiah bade
ngejat? Tiasa jadi cacah pantaran Si Jembel Si Kodehel
mah serab sarta ajrih ku
menak teh, masing ku
menak-menak teh diantawisna seueur anu bejad oge! Da
sumuhun menak-menak teh
diantawisna seuseur anu
bejad sapertos pun Usman
...” Nyi Rapiah nyenghap
heula, pok torolong deui
memeh batur bisa nempas:
“Kanggo abdi anu dihormat
dipangaosan teh teu cekap ku
menak turunan, luhur pangkat, sugih banda, nanging
anu luhung budina, nu jembar rasa kamanusaanana.”
Bari nunjuk kana panon ibu
Usman, satengahna mah
“demonstrasi geulang emas
sagede cinggir ditaretes
berlian pating burinyay siga
seuneuan, “Mangga gamparan ayeuna bade kumaha,

pok geura nyeuseu. Hayang
ngaraosan, ari ngahualkeun
panyeuseul menak teh asa
naon. Aranjeun anu ngiring,
naha caricing bae, ongkoh
bade ngarentog ka Si Cacah
Si Rapiah, naha agan-agan
bet ngabetem bae?”
Nyi Rapiah eureun heula,
hayang terang kumaha teurakna omongan anu ngaborobot teh. Diukna rada nganseg
sapangemokan, nepi ka
emas-berlian saayana dina
awakna milu nyarita kabeh,
mere ajrih. Mun ngagilir
tusuk gelungna mani siga
kilat wanci subuh. Ari ngomong diatur, henteu gandeng
wang-weng-wong, malah
kaitung lalaunan, tapi kecapkecapna saengang-engang
teh tetela, ngomngna henteu
ngagorolong cara kacang
ninggang kajang tapi antare,
amarah make aweran. Ku
lantaran kitu, karasana teh
anu anteb asa nanceb, anu
neueul matak ceueul, nu
ngadarengkeun teh lir anu
dipupul bayu. Sarerea estu
ning saralah sangka.
Disangka rek abus ka imah
leutik anu sagalana singsarwa
lumayan malah deukeut kana
rutak- ratek teh bet jol ka
singsarwa megah-mewah
matak arisin. Disangka bakal

manggih sakitan “anu kampad-kompod kusut bulukusutan, bet nyampak
“sakaut” anu dangah mancangah daweung ludeung,
tur sakitu tegep-cakep
jeung hurung-herangna.
Dicipta rek nenjo Nyi Piah
acong-acongan nyembah
menta ampun bari ceurik
bet gok jeung Srikandi, anu
nunjuk-nunjuk bari teu euleum-euleum poksang sarta
nyeungseurikeun. Hate
saha nu teu ngarentet
lamun salah sakabeh ijiran? Mamawa pamuk Agan
Ali, ngan werat nepi ka
tpeas, jaba ti dihapit ku Si
Roda jeung Si Jobang teh;
teu lila jol deui ti tukang Si
Jasim jeung Si Kaer oahoah ti Cikakak kongas gangas barangasan, atuh Gan
Ali teh mani peot, sarangahsarengeh seuri maur, komo
nenjo hulu siku-siku nolol
tina beuteung Si Jasim mah.
Lantaran pok deui, pok
deui Nyi Rapiah menta surat
telak, ibu Usman kusiwel
ngaluarkeun surat, bray
dibuka tilepna, sok ka Nyi
Piah, ku pribumi ditampanan. Nyi Rapiah: “Ieu teh
sakieu bae, teu kedah diartosan? Sabaraha?”
Nyi Demang: “Teu kudu
Piah ari diduitan mah, da
kami teu niat ngajual. Ngan
aya kajidna saeutik.”
“Pok, naon?” ceuk Nyi
Rapiah, pondok heureut.
Nyi Demang: “Kieu geura.
Lantaran manehn ayeuna
mah geus teu jadi deui pamajikan anak kami, ieu ge imah
nu dicicingan kudu dikosongkeun, sabab Aom mah
ngaimahan soteh ka pamajikan.” Ceuleukeuteuk Nyi
Piah seuri; seuri mapanas tea
aya sari ngalelewe, bari
ngomong: “Upami kedah
mah nya mangga, abdi ge ku
pun bapa parantos diasayagikeun gedong sigrong,
teu bade owel ku gubug butut
pasihan nu teu rido. Nanging
memeh nundung abdi, ieu
heula aos.” (hanca)

Manglé 2457

27
C arita Nyambung

Bagian

188

K

alayan rerencepan, Putri
Budur jeung
Hayati Nufus
babadamian.
Eusina, seja ngadoni ka
salakina yén anak téréna
geus kitu peta. Tangtu wé
arinyana téh sapongkol geusan nyalametkeun diri masing-masing. Ari Koma
rujaman, beuki bingung wé.
Saméméhna, Putri Budur
nu nyaritakeun talajak anak
téréna téh. Saterusna, ieu
raja ogé narima béja ti Hayati Nufus nu éta caritaan téh
teu béda ti nu kaalaman ku
Putri Budur.
“Tah, kitu kalakuan
anak anjeun téh!” ceuk
Hayati Nufus dibarung
ceurik bangun nu kanyenyerian.
Sajongjongan, Komarujaman ngahuleng. Mikir
kalayan dibulak-balik.
Mimitina aya percaya aya
henteu. Percaya, lantaran-

28

Manglé 2457

ana nu nyarita téh pamajikanana nu salila ieu mah
tara pisan nyarita bohong.
Ari teu percayana, da asa piraku anakna bet bogoh ka
indung téré. Mun, enya
kitu, hartina geus kacida
kurang ajarna, teu ngaharegaan bapa. Rey beungeut
Raja Komarujaman
beureum. Nyiak lir nu
karérab seuneu. Da enya,
amarahna gé geus nguntabnguntab. Dina kaayaan kitu,
pamajikan nu duaan téh
ngadongsok sangkan Komarujaman gancang-gancang ngayakeun tindakan!
Sabab, cenah, mun diantep
mah bakal mamawa mamala ka karajaan.
“Upama salira teu nibankeun hukuman, wios
jisim abdi nu badé wawartos ka kangjeng rama,” ceuk
Hayati Nufus.
Jung Hayati Nufus
nangtung. Maksudan teh,
indit ti dinya kalayan muru

ka tempat Raja Armenos,
raja sepuh. Ngan, méméh
éta putri ngajengkat, Komarujaman gancang nyabut
pedangna! Pok ngagorowok, cenah, keur miceun
geugeuleuh di éta nagara,
anakna nu duaan téh bakal
ditugel jangga ku manéhna
sorangan.
Komarumajan ngajengkat tina tempatna.
Muru pangreureuhan Raja
Armenos. Tapi, nu rék didatangan téh geus aya di
satengahing jalan, rék
nepungan minantuna nu
kakara datang ti panyabaan.
Gok Amprok di jajaleun
nu brasna ka istana
kasepuhan. Atuh, raja
sepuh téh kacida kagétna
ningali Komarujaman nu
ngagidir nahan kaambek
Pok Raja Komarujaman
nyarita. Nétélakeun ucapan
pamajikanana boh nu jolna
ti Putri Budur boh nu jolna
ti hayati Nufus. Barang
ngadéngé éta caritaan, Raja
Armenos méh-méhan
ngagebru, bakating ku lim-

bung. Untungna kaburu diangken ku pangiringna.
Brék nu araya di dinya
téh dariuk. Teu loba nu
diomongkeun iwal ti sual
ngahukuman Amjad jeung
Asad téa. Raja sepuh mémang satuju nibankeun
hukumnana naon waé ogé,
lantaran nu boga kalakuan
kitu mah, teu payus dibéré
kasemptan hirup. Ngan, da
paguh raja sepuh, angger
teu leungit ti temah wadi.
Pok wéh nyarita, karep Komarujaman nibankeun
hukuman, teu sing salah, da
mémang kitu kuduna. Tapi,
bakal kacida salahna deuih
lamun pondok pikir teu
jauh jeujeuhan keur ka
hareupna.
Lian ti nyarita kitu, Raja
Armenos gé nyarankeun
sangkan mun téa mah, incuna rék ditelasan pati, atuh
ulah ku raja pribadi. Da,
sagalak-galakna macan tara
ngahakan anakna. Atuh,
kitu deui najan kalakuan
barudakna nyata-nyata
némbongkeun talajak nu
kacida hinana, kanyaah
bapa mah teu kungsi sirna.
Cindekna, ceuk Raja Armenos, mun téa mah rék ditugel jangga, mending nitah
nu séjén. Tempatna, deuih
ulah hayang nyaho raja
mah, da awal ahir mah
tetep bakal ngarasa dosa
mun nu jadi cukang lantaran palastrana éta barudak téh ku lantaran titahan
manéhna.
Taksiran, Komarujaman
téh sadar kana dirina. Inyana ngagugu papatah mitohana. Ngan, tetep hu
kuman mah kudu ditanjeurkeun. Biasana, gé raja
mah ulah lunca-linci luncat
mulang. Lantaran, mun teu
saciduh metu saucap nyata,
teu ngadék sacékna, teu
nigas saplasna, bakal mawa
mamala ka nagara, nagri nu
dipingpinna moal boga komara jeung wibawa.
Sangeus kitu, raja sepuh
jeung Komarujaman papisah. Masing-masing muru
tempatna. Nya tangtu wé,
dua pihakanan gé mawa raheut haténa nu gudawang.
Sadatangna ka kaaton,
Komarujaman nyalukan
bendahara karajaan. Da, éta
nu pangdipercaya ku manéhna téh. Atuh, rék nibakeun hukuma gé ku benda
hara wé. Kadar tempatna
manéhna gé teu kudu apal,
nu penting mah bukti yén
anak-anakna téh geus dipaéhan.
Bendahara teu bisa
majar kumaha. Da, dirina
mah darma ngalaksanakeun pancén. Rék
kumah waé gé, rék kitu rék
kieu, suku ukur sambung
léngkah, biwir sambung
lémék. Kudu taat kana
parentah raja, kalayan taya
pikir kudu baha.
Bendahara raja kalayan
diiring sababaraha urang
baladna, langsung muru

tempat Amjad, saterusna
rék nyangalak Asad. Tapi,
can gé nepi ka tempat
Amjad, nu rék dicangkalak
téh tembong rentangrentang nyampeurkeun ka
lebah abringan. Da, kabeneran dua putra raja téh rék
ngadeuheus ka raja lantaran can nepungan ti
saprak raja datang ti panyabaan.
Bendahara karajaan
nyarita ka nu duaan.
Nétélakeun dirina ngemban
paréntah raja, sangkan
nyangkalak Amjad jeung
Asad. Ngadéngé caritaan
paman bendahara, nu duanana téh teu nolak, pasrah
wé, rék kitu rék kieu moal
boga pikir baha.
Luyu jeung paréntah
raja, nu duaan téh dibabandan, diasupkeun kana peti.
Geus kitu mah digotong
dibawa indit ti éta tempat.

Rombongan bendahara,
neruskeun lalampahan. Teu
kudu bébéja deui ka dunungan, lantaran sagala rupana
gé geus kumaha nu ngemban paréntah. Nu penting
mah, kari nembongkeun
buktina wé ka raja.
NU mawa sakitan nyorang jalan husus, nu arang
kasaba ku jalma. Eta téh,
jalan nu biasa diparaké ku
para gegedén karajaan nu
geus meunang kapercayaan
pinuh ti rajana. Ku cara
kitu, éta romobongan téh
lolos tina paningal pihak
séjén.
Blus ka wewengkon nu
tiiseun. Di tempat anu
nyingkur, rombongan eureun. Nu nanggung peti babandan ngecagkeun
tanggunganana. Sakitan téh
digotong dikaluarkeun tina
peti. Geus kitu mah, ditangtukeun sina nyanghareup

ka bendahara raja.
Ngadéngé omongan
bendahara, Amjad jeung
Asad giliran ngajawab.
Masing-masing pasrah
kana hukuman raja. Malah,
duanana gé miharep éta
hukuman gancang-gancang
ditibankeun ka diri masingmasing. “Mung, mangga
jisim abdi heula, margi
moal kiat upami nyaksian
pun adi guyang getih
payuneun jisim abdi,” ceuk
Amjad.
Horeng, Asad ge boga
pikiran nu saraua. Cenah,
mending oge dirina heula
nu ditelasan pati téh. Lantaran moal kuat ningali
lanceukna palastra hareupeunana. Ngadéngé
omongan dua nonoman
kitu, Bendahara téh katodel
mamaras rasana, sedih nu
taya papadana. ***
(Hanca)

Manglé 2457

29
C arita Pondok

HAMPURA, KANG …

N

aha teu
ngelolngelol
gening
SMS ti
manéhna
téh? Keclak cimata mimiti
maturan gerentes haté nu
ngarasa kacida nineungna.
Enya, asih munggaran téh
geuning hésé pisan ingkah
tina rohangan haté, cacakcacak tas puluhan taun kaliwat. Kamari téh bibirigi
digan kénéh basa babaturan
ngobrol masalah ‘cinta
lama bersemi kembali’. Asa
ararahéng tuda kudu papacangan deui jeung babaturan baheula nu sarua
kungsi silih mikanyaah.
Malah lolobana mah kapan
nepi ka pepegatan jeung
salaki atawa pamajikanna
alatan kitu téh.
Kamari masih omatomatan ka nu jadi babaturan perkara éta. “Yeuh,
sobat kuring ayeuna keur
urusan jeung pangadilan
agama, pamajikanana kapanggih reureujeungan
deui. Kadé ah bisi siga kitu!”
cekéng téh.
Da enya atuh, kuring
nyaho pisan ka pamajikan
ki sobat téh lantaran mindeng ngulampreng ka
imahna jeung salaki. Titingalian mah kurang kumaha
ajén ka nu jadi salaki. Salaki
balik gawé, gura-giru
nyieun cai kopi. Sut set nyadiakeun daharna. Ngan mémang manéhna téh
meusmeus ditinggalkeun ku
ki sobat ka luar kota. Ba-

30

Manglé 2457

Carpon Deka Wimala
likna rata-rata sabulan
atawa dua bulan sakali.
Teuing kesepian téa
meureun atawa naon lah
teu ngarti. Ujug-ujug aya
béja ti ki sobat yén pamajikanana kapanggih hahadéan deui cenah. Kuring
jeung salaki kacida ngilu
kuciwa kana ketak pamajikanana.
Enya karék kamari kuring kakadéan ka babaturan
perkara éta. Naha ayeuna
bet diri sorangan anu ngawang-ngawang ngaliwatan
marcapada poho di bumi
alam? Naha ayeuna bet diri
sorangan anu teu bisa saré
tibra lantaran mikiran
manéhna. Duh gusti, naha
bet kieu? Ieu cimata nanahaon atuh anu ngeclak téh?
Cimata kaasih? Cimata kasono ka manéhna? Atawa
cimata kaduhung bet kieu?
Weléh teu kajawab.
Ngalelentuk nungguan
SMS, ahirna disada ogé
hapé téh. Gura-giru hapé
dibuka. Jéntré ngaran
manéhna aya dina layar
hapé. Belenyéh seuri
sorangan. Haté ratug tutunggulan muka ‘message’
téh. Bray téh, nyaan aya
tulisan “I love you so much”
cenah malah maké “beib”
sagala. Halaah ieu haté
beuki teu paruguh. Bagja
kitu nu kieu téh? Maenya
apan umur téh geus teu
ngora deui, geuning masih
ngarasakeun nu kararieu …
Inget keur ngora basa
mimiti papanggih jeung bapana budak, apan kieu

rarasaan téh. Baheula mah
can usum hapé, internet
jeung sajabana. Kantor pos
téh boga jasa anu kacida
gedéna keur nu papacangan
mah. Asal manéhna nyuratan maké kalimah “aku
sayang padamu” langsung
mata teu bisa ngiceup. Melong kana naon wae nu teu
perlu dipelong bari seuri sorangan. Terus wé teu puguh
cabak. Di mamana asa
ningali manéhna.
Geuning kaalaman deui
rarasaan kawas kieu téh.
Atuh bongan bet nyobanyoba siga batur ngiluan
nyieun twiter jeung pesbuk
sagala, jadi wéh paparanggihan jeung batur-batur
sakola ti jaman SD nepi ka
paguron luhur. Teu tinggaleun papanggihan jeung
kikindeuwan mangsa keur
SD. Bray … aya budak
satepak dina kongkolak
mata. Ngabelenyéh seuri
bari melong semu nu
éraeun. Teu nyaho naon kahayangna éta budak sura
seuri unggal panggih.
Puguh panggih unggal poé
apan sakelas. Kelas 5 SD.
EGP ceuk budak ayeuna
mah. Tapi lila-lila sihoréng
teu bisa EGP deui. Geuning
kuring jadi éra mun dipelong ku manéhna téh. Teu
puguh rasa, asa hayang
nyampeurkeun tapi gedé ku
éra éta antukna nyalingker
ngajauhan bari angger wé
mata mah néangan manéhna mun teu katingali téh.
Hih naha bet aya kituna?
Apan laleutik kénéh atuh,

‘first love’ téa kitu? Asana
téh ..
Kitu jeung kitu wé unggal poé. Nepika mangsana
kuring paturay tineung
jeung sakabéh babaturan
SD, nya kaasup jeung
manéhna. Dasar barudak,
pisah téh pisah wé euweuh
nu istiméwa.
Nepi ka hiji mangsa kuring muka pesbuk. Aya
pesen asup. Nétélakeun yen
nu nyieun pesen téh aya
patula patalina jeung kuring
jaman SD. Manéhna nu baheula sok ningalikeun kuring téa. Manehna ‘My first
love’ téa. Ngubek cenah
néangan ngaran kuring di
pésbuk téh. Kapanggih ogé.
Gebeg, ujug-ujug dina haté
aya mang Syair nu sok
ngadulag di masigit kuloneun imah. Gedebag
gedebug sorana téh. Asa teu
asup akal. Naha kudu
ngagebeg. Naha kudu degdegan sagala apan geus
lain-lainna.
Mimitina ngobrol biasa
waé di internét téh. Masalah
kulawarga téa, pagawéan
mah, nepi ka kagiatan
sapopoéna di luar pagawéan. Tetela manéhna
téh geus boga anak rumaja
sarua jeung kuring. Lila-lila
aya kasono nu teu bisa dijelaskeun. Ahirna ngobrolna
ngalér ngidul beuki deuket
nepi ka pada-pada wani
mapatkeun kalimah sakti
nu nyien teu bisa sare téa.
Puguh atuda kaasih baheula
kasambung deui. Asa
‘gayung bersambut’ cenah
ceuk si nyai mah. Kaditunakeun kuring jeung
manéhna silih tuker nomer
hapé.
Saban poé aya waé
carita dina hapé téh. Ngobrolkeun nu sabenerna mah
teu kudu diobrolkeun.
Kekembangan rarasaan téh
pohara lobana dina ati.
Nyaan alah batan rumaja
17 taun. Na kumaha atuh ari
geus kieu cara ngeureunkeunana?
Cimata ngeclak deui.
Gustii, naha sono téh
pabeulit jeung nalangsa?
Nalangsa lantaran kuring
jeung manéhna sarua geus
rimbitan kitu? Atawa
nalangsa lantaran jeroning
ati mah nyaho yén ieu téh
teu meunang dilampahkeun
…
“Sayang, kunaon hulang- huleng kitu?” Sora nu
halimpu, leungeun nu
pinuh kanyaah ngusap sirah
muyarkeun lamunan.
Katingali imutna ngagelenyu tina pameunteu nu
payus.
“Socana baseuh?” Cenahna deui bari nyusutan
mata kuring ku jempolna.
Kuring neuteup leleb ka
manéhna. Pameunteu nu
beresih unggal waktu
kawuduan. Unggal waktu
sumerah ka Nu Maha
Kawasa. Unggal waktu
manéhna ngahaleuangkeun
asma Alloh. Unggal waktu
narabaskeun kitab Alloh.
Unggal waktu manéhna
nungtun kuring, ngabéjaan
yén waktu sumujud ka Nu
Maha Welas Asih geus
datang.
Clebb, asa aya nu nancleb kana jajantung. Salaki
anu sakitu pantes, tegep,
soléh, sopan, nyaah tur perhatian pisan geus diduahatékeun ku kuring.
Pamajikan nanahaon ari
kuring? Poho kana sagala
rupa alatan asih nu teu jelas
bari salah. Nu bakal nyun-

trungkeun kana kabendu
Alloh.
Curucud atuh cai mata
nu tadi kaluar sakeclak dua
keclak téh beuki murudul.
Kuring nyegruk dina

dadana. Manéhna terus
nangkeup bari ngusapan.
Colohok teu ngarti sabab
musabab kuring ceurik
balilihan.
Panceg dina haté, cacap

kaasih kanu lian eureun
ayeuna kénéh. Ampun,
Gusti … Hampura, Kang ..
****

Manglé 2457

31
C arita Nyambung

Layung Ngempur
di Kampus Bungur
Ku Lugiena De

1

B
Pangjajap
Yudi, mahasiswa tingkat ahir. Kaasup salah saurang
aktivis di kampusna. Utamana aktif dina ruang-riung urusan seni téater jeung sastra. Nya alatan tina teuleum teuing dina dunya anu dikojayanana, kuliah Yudi
katélér-télér. Skripsina teu laju. Sidang skripisi biheung
iraha. Sedeng babaturanana, méh kabéh lalulus. Ari Yudi
kalah ngagaléong kana ngumbar karep ngayunkeun karesepna.
Astri, babaturan deukeut Yudi, bati hanjelueunana
nangénan ‘nasib’ Yudi nu teu junun dina kuliah. Béh dituna, haté Astri ngalanglayung mireungeuh Yudi –mahasiswa nu kungsi nyayang bari maneuh dina galeuh atina,
bangun anteng dina karep ngumbar karesep pribadina.
Egois Yudi téh? Teu ngarampa nu ngaguruh na haté Astri?
Ngamomorékeun galura asmara nu ngabibira dina kalbu
Astri?
Bisa jadi enya égois. Buktina kapan Nita, wanoja misterius geuning sakitu montél maskétna ka Yudi. Pon kitu
deui Yudi, bangun nu betah nyeuseup asih babarengan
jeung Nita. Sakarepna. Sakaresepna. Naha enya hubungan Yudi jeung Nita didasaran rasa asih nu medal tina
galeuh deudeuhna? Iwal Yudi jeung Nita nu terang.
Kumaha atuh Astri? Naha kumaha pamustunganana
rasa deudeuh nu anteng diceungceum salila ieu jero
kalbuna? Naha ka mana eunteupna asih Yudi téh? Astri
atawa Nita?
Aos baé carita nyambungna ti kawit édisi nu ayeuna.
Layung Ngempur di Kampus Bungur, karya Lugiena De.
Nyanggakeun.

32

Manglé 2457

ASA kuring
gék diuk handapeun
tangkal
caringin di
taman, langit
keur meumeujeuhna disaput
layung. Kaayaan tiiseun, taya
sasaha. Mungguhing waktu
geus ampir nyedek ka magrib. Najan cikénéh karék
mareuman kuntung ku sapatu, leungeun ngaragamang
deui kana saku baju. Maut
deui udud sabatang tina
bungkusna. Sut disundut.
Pelenyun udud deui. Dipaselangkeun jeung ngaregot
cikopi tina gelas pelastik anu
karasa panas kénéh. Tuluy
ngahuleng deui, bari ngencarkeun panon ka tebéh
kulon, ka langit konéng anu
diajulan gedong-gedong
jangkung. Haté gé bet hideng
mencar sorangan. Sagala
rupa anu katénjo bet asa jadi
cukang pikeun balik deui
nempoan saniskara raratan.
Panon nempo langit. Haté gé
bet pipilueun nempo ka
waktu kalarung. Laju bruhbréh deui gambar-gambar
lalakon anu kungsi dipaénkeun ku sorangan. Aya anu
babarengan jeung batur, aya
ogé anu ukur diri kuring
pribadi. Tuluy manjang nyoréang kana adegan lalakonlalakon séjénna. Rupa-rupa
sétingna. Aya anu di rohangan kuliah, di jalan, di
sékré, di taman, di kantin, di

sakola, jeung teuing di mana
deui.
Tapi ari gambar anu
pangcékasna mah nya gambar manéhna. Malah moal
boa gambar manéhna pisan
anu jadi pangjurung ngahualna ingetan kana gambargambar nu séjén téh, anu
saenyana mah ukur samet
rarangkén. Enya, rarangkén
lalampahan jeung manéhna.
Duka atuh, kuring sorangan éstu teu ngarti, telebna
wanci pasosoré sok tuluy
ngahudang telebna rarasaan
nu baheula kungsi ngancik.
Rarasaan anu timbul ti
manéhna. Ti dieu, ti ieu tempat anu kungsi jadi kasang
waktu kaliwat téa. Asa taya
nu robah. Tangkal caringinna, bangkuna, pernahna
pepelakan, jeung sawatara
kaayaan séjénna.
Nya di dinya, dina
luwang-liwung sareupna,
kuring anteng nyawang runtuyan anu kaliwat téh. Lir nu
keur ngitung angka, anu
saenyana mah ukur perlambang tina lalampahan sorangan. Baheula. Ayeuna.
Satuluyna duka kumaha
jeung ka mana. Baheula nu
kungsi leungit tina ranggeuman, jeung poé hareup nu
teu kungsi karanggeum ku
tangkeupan.

2
TUNGTUNGNA mah
kalah ngahuleng di buruan
fakultas, teu puguh nu di-
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457
Mangle 2457

More Related Content

Viewers also liked (20)

Mangle 2476
Mangle 2476Mangle 2476
Mangle 2476
 
Mangle 2475
Mangle 2475Mangle 2475
Mangle 2475
 
Mangle2481
Mangle2481Mangle2481
Mangle2481
 
Mangle 2479
Mangle 2479Mangle 2479
Mangle 2479
 
Mangle2480
Mangle2480Mangle2480
Mangle2480
 
Mangle 2482
Mangle 2482Mangle 2482
Mangle 2482
 
Mangle 2483
Mangle 2483Mangle 2483
Mangle 2483
 
Mangle 2474
Mangle 2474Mangle 2474
Mangle 2474
 
Mangle 2468
Mangle 2468Mangle 2468
Mangle 2468
 
Mangle 2472
Mangle 2472Mangle 2472
Mangle 2472
 
Mangle 2456
Mangle 2456Mangle 2456
Mangle 2456
 
Mangle 2473
Mangle 2473Mangle 2473
Mangle 2473
 
Mangle 2455
Mangle 2455Mangle 2455
Mangle 2455
 
Mangle 2454
Mangle 2454Mangle 2454
Mangle 2454
 
Mangle 2467
Mangle 2467Mangle 2467
Mangle 2467
 
Mangle 2471
Mangle 2471Mangle 2471
Mangle 2471
 
Mangle2463
Mangle2463Mangle2463
Mangle2463
 
Mangle 2458
Mangle 2458Mangle 2458
Mangle 2458
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
Mangle 2462
Mangle 2462Mangle 2462
Mangle 2462
 

Similar to Mangle 2457

Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441mitra_sunda
 
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436mitra_sunda
 

Similar to Mangle 2457 (19)

Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441
 
Mangle 2451
Mangle 2451Mangle 2451
Mangle 2451
 
Mangle 2452
Mangle 2452Mangle 2452
Mangle 2452
 
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443
 
Mangle 2434
Mangle 2434Mangle 2434
Mangle 2434
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
 
Mangle 2464
Mangle 2464Mangle 2464
Mangle 2464
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
 
Mangle 2459
Mangle 2459Mangle 2459
Mangle 2459
 
Mangle 2466
Mangle 2466Mangle 2466
Mangle 2466
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
 
Buku guru kls 7
Buku guru kls 7Buku guru kls 7
Buku guru kls 7
 
Mangle 2450
Mangle 2450Mangle 2450
Mangle 2450
 

Mangle 2457

  • 1.
  • 2. L awangSakéténg Wani Robah S aban waktu disanghareupkeun kana pilihan. Milih mana, nu kumaha, kaasup naha mending ngeukeuhan nu nyampak atawa kudu robah. Tah, nu kawas kitu téh ilahar naker, kaasup dina nangtukeun pamingpin. Nyanghareupan pilihan umum lima taunan, samistina nataharkeun sagala rupana, kaasup saged milih geusan nangtukeun pamingpin nu leuwih hadé batan nu enggeus-enggeus. Hartina, upama boga pakarepan kawasa kitu, ngimeutan lengkah-lengkah jeung paripolah pamingpin téh teu meunang dilalaworakeun. Sabab, hadé goréngna paripolah pamingpin, bakal karandapan ku balaréa. Upama ngimeutan kaayaan tatar Sunda, majumundurna kaayaan gé bakal raket tumalina jeung kapamingpinanana. Kamajuanana, moal henteu lantaran pangaruh pamingpinna, nya kitu deui 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle kahéngkéranana. Lantaran, nu boga wewenang nangtukeun jeung ngalarapkeun kawijakan teh pamingpin téa. Nilik ka dinya, jengléngan pamingpin nu nyaah ka tatar Sunda gé, keur urang Sunda mah kacida pentingna. Hartina, deuih tinimbangan milih pamingpin gé ulah tuna tina ajén-inajén kasundaan nu ngancik di éta calon pamingpin. Mitra, tumali sareng kapamingpinan di Sunda, Manglé nomer ieu nurunkeun seratan pentingna kanyaah calon pamingpin ka masarakat tatar Sunda. Tumali sareng éta, Manglé nglongan pamendak H. Yusyus Kuswandana, SH., anggota DPR RI asal Jawa Barat. Lian ti éta deuih aya seratan tumali sareng padika atanapi cecekelan urang Sunda dina milih pamingpinna. Nu disebat bieu mah, nara Sumberna Soma Gantika, pangurus Paguyuban Pasundan. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS : Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  • 3. 31 HAMPURA, KANG … 5 TAMU Naha teu ngelol-ngelol gening SMS ti manéhna téh? Keclak cimata mimiti maturan gerentes haté nu ngarasa kacida nineungna. Enya, asih munggaran téh geuning hésé pisan ingkah tina rohangan haté, cacak-cacak tas puluhan taun kaliwat. Kamari téh bibirigidigan kénéh basa babaturan ngobrol masalah ‘cinta lama...... H. Yusyus Kuswandana, SH.; Metakeun Jurus, Ngahudang Kaludeung Sunda LAPORAN Milih Pamingpin Ulah Kaduhung Ahirna .......................................................... 8 PURIDING PURINGKAK Nu Cinekul dina Tunggul Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24 SAJAK Potret : Reisyan Catetan Keur Sarakan Prayoga Adiwisastra ...................... 38 IMPLIK-IMPLIK Pangalaman Dawah Ti Lapas ka Lapas ......................................................... 46 Hampura, Kang … Deka Wimala ....................................... 31 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................ 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Nyusur Galur .................................... 12 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Carpon Lucu ..................................... 34 Pangalaman Para Mitra ..................... 35 Ha... Ha... Ha ..................................... 36 Dongeng Aki Guru ............................ 39 Katumbiri .......................................... 44 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong ................... 56 CARITA NYAMBUNG Rey Soraya BAHASAN Mahabharata jeung Lalakon Wayang Ajip Rosidi ...................................... 52 CARITA PONDOK Paraji ti Cikahuripan Taufik Rahayu .................................. 18 Kalangkang Tineung Cardubag Tiktik Rusyani .................... 20 Carita Sarebu Samalem (186) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (25) M.A. Salmun ............................................................. 12 Layung Ngempur di Kampus Bungur (1) Lugiena De ............................................................. 32
  • 4. K acaTilu Tatar Sunda 2014 T aun 2014 téh cenah taun pulitik. Sagala rupa bakal museurna ka dinya. Pemilihan umumna gé apan nepi ka dua jirangan. Sanggeus milih keur anggota DPR/DPRD jeung DPD, nincak kana milih presidén jeung wakilna. Kacipta bakal kumaha riweuhna. Jeung kacipta deuih bakal cul ka nu séjén-séjén, lantaran boh modal boh pikiran bakal museurna kana dua kagiatan nu éta. Nu ku urang bakal dipilih engké téh, hartina nangtukeun keur lima taun pikahareupeun. Saha baé anu bakal kapilih jadi wakil rayat jeung wakil daérah, kitu deui saha baé anu bakal kapilih jadi presidén, bakal nangtukeun pisan pikumahaeun kahirupan urang salila lima taun deui. Ngan lamun ngabandungan anu geus kajadian salila lima taun ka tukang, geus kabuktian loba pisan anu kudu dibebenah deui téh. Kaasup kaayaan di Tatar Sunda. Jawa Barat téh propinsi pangkolotna di nagara urang, lantaran mangrupa propinsi munggaran anu diadegkeun ku pamaréntahan Hindia Walanda. Naon sababna pamaréntah harita ngaheulakeun ngadegkeun Propinsi Jawa Barat batan nu séjénna, tangtu loba alesanana. Keun soal éta mah da bakal panjang picaritaeunana. Nu leuwih pantes ayeuna dipalikiran ku urang Sunda sakumna mah kumaha kaayaan Tatar Sunda kiwari? Anu bisa disebut pangheulana, urang Sunda kiwari kabandunganana loba pisan luh-lahna. Teu mustahil ti béh dituna ogé sabenerna mah kitu, ngan harita mah teu bisa dikedalkeun, da inggis jeung sieun ku bisi téa. Ari ayeuna apan nu sok disarebut sieun ku boa téh geus kalimpudan ku otonomi daérah. Dina jaman otda mah béda deui kaayaanana, cenah. Kudu disebut cenah, lantaran rada loba kaolna. Mimitina pangna ditetepkeun ayana otda téh sangkan daérah miboga kasempetan jeung kakuatan pikeun leuwih maju. Saméméhna apan sagala rupa ditangtukeun di tingkat pusat. Salasahiji akibatna anu karasa pisan, naon anu jadi angenangen urang daérah téh loba anu tara dibandungan ku urang pusat. Padahal nu araya di pusat téh lolobana mah urang daérah. Naon sababna pangna urang daérah anu araya di pusat jadi teu pati maliré kana karep jeung kahayang urang daérahna sorangan? Lantaran kahayang ti pusat mimindengna mah béda. Salasahiji anu keur jadi masalah di Tatar Sunda dina nganggeuskeun taun 2013 téh nyaéta Gunung Padang. Éta tempat téh geus aya ti baheula mula. Tempatna gé angger di dinya, teu kungsi pipindahan. Salila puluhan taun, malah boa ratusan taun, diantep sakumaha kaayaanana baé. Ari kadieunakeun, sasat teu gugur teu angin ujug-ujug ramé pabéja-béja, pajar cenah Gunung Padang téh piramid. Ngan ayeuna geus katututan nepi ka jadi gunung. Supaya piramidna katémbong deui, taya deui jalanna iwal ti dikali. Komo sanggeus aya béja pajar cenah piramid nu aya di jero Gunung Padang téh umurna leuwih kolot batan piramid nu aya di Mesir. Ngan, sajeroning kitu sababaraha ahli purbakala jeung ahli géologi teu percayaeun. Euweuh, di dinya téh euweuh piramid, cenah. Kaayaanana beuki harénghéng, lantaran anu keukeuh boga angkeuhan kana ayana piramid téh jolna ti Istana Negara. Nu ka hareupna Andi Arif, anu sapopoéna jadi juru bicara Presidén Yudhoyono. Lantaran patula-patalina geus losna ka dinya, atuh beuki pabeulit. Ngan lamun téa mah urusan sangkaan kana ayana piramid di Gunung Padang téh bener jolna ti Istana, beuki katémbong yén dipaksakeunana téh. Komo sanggeus di Bandung diayakeun Gotrasawala dina awal bulan Désémber 2013. Piisukaneun kana derna, acarana téh ngalanglang ka Gunung Padang. Cenah pamaréntah Jawa Barat teu bisa nolak, da éta mah kahayang ti luhur. Naon hartina atuh otonomi daérah téh? Naha dina taun 2014 jeung satuluyna hal-hal saperti kitu téh moal kajadian deui? Taya nu bisa méré jaminan. Mangkaning seseledekna kahayang ti pusat anu dipaksakeun ka daérah téh, di Jawa Barat baé, lain ngan sakadar nu kajadian di Gunung Padang. Nu kajadian di Gunung Tangkubanparahu ogé apan teu bina ti kitu. Kitu deui dina urusan pasir besi. Lamun bakal terus-terusan kitu, teu mustahil kaayaanana bakal beuki matak melang. Mangkaning ayeuna baé Jawa Barat téh kaasup daérah nu pangmiskinna! AM Manglé 2457 3
  • 6. T amu H. Yusyus Kuswandana, SH.; Metakeun Jurus Ngahudang Kaludeung Sunda Urang Sunda kudu kuat. Carana, maké padika hirup nu geus kauji ti baheula mula. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung H. Yusyus Kuswandana, Anggota DPR RI, asal Jawa Barat. *** H iliwir angin Désémber dipirig hujan miripis isukisuk, matak seunggah nu lumampah. Komo keur nu araya di pagunungan saperti padataran luhur wewengkon Jatinangor, nu keur kasab di kebon gé leuwih milih ngiuhan di saung atawa dina handapeun runggunukna tatangkalan. Tapi, nu diparangsi jeung kaos hideung mah, hawa tiris kitu téh, ban- gun teu mangaruhan kana sumangetna. Eta para ‘jawara’ silat Gagak Lumayung téh, hut-hét métakeun jurus di lapang maénbal Kiara Payung Jatinangor, Sumedang Jawa Barat. Taksiran, parapalatih silat mah teu nolih rasa tiris jeung capé. Da, cikénéh disundut sumangetna ku Ketua Dewan Pimpinan Daérah (DPD) Persatuan Penggemar Pencak Silat (P3S) Gagak Lumayung Propinsi Jawa Barat, H. Yusyus Kuswandana. Kang Yusyus (kitu katelahna), méméh ngabringkeun para palatih silat ka lapang maén bal téh, nepikeun wejanganana, di salah sahiji rohangan di éta wéwéngkon. Intina, nyundut sumanget jeung ngayakinkeun parapalatih silat, yén éta béla diri téh gedé guna jeung mangpatna keur balaréa. Manglé 2457 5
  • 7. T amu Dina sela-sela nepikeun pamanggihna, H. Yusyus gé metakeun jurusjurusna. Enya, apan inyana gé resep kana menca téh ti keur rumaja kénéh, lana nepi ka ayeuna. “Dina mangsa campur gaul jeung ruparupa bangsa katut budayana, bangsa urang kedah tetep napak kana budayana,” pokna ka Manglé di Kiara Payung Jatinangor, Sumedang Jawa Barat. Budaya Sunda, ceuk H. Yusyus, bisa dilarapkeun dina rupa-rupa widang, kaasup dina pulitik! Ngan, tangtu cenah, larapna budaya Sunda téh, kudu dimitembeyan heula tina mikawanohna. “Kalebet kedah wanoh kana sajarah Sunda,” pokna bari nyutat kekecapan Milan Kundra, panulis Ceko nu nyebutkeun, mun hayang ngancurkeun hiji bangsa, ancurkeun wé sajarahna! Dina mikaresep penca silat, Kang Yusyus mah, lain ukur semet diajar jeung ngéngklak nuturkeun wirahma kendang jeung tarompét, tapi deuih ngalelekan palsapahna. Da, cenah, loba kacida pasipatan hadé nu bisa dialap tina penca téh. Saperti kekecapan tékad, ucap, lampah, jeung paripolah nu kudu sawirahma, bisa dilarapkeun dina widang naon waé. “Kalebet dina kapamingpinan,”pokna. Mémang, cenah, dirina gé teu meungpeun carang, dina mangsa kiwari mah, para pamingpin téh loba nu nguciwakeun rahayatna. “Tapi, tetep kedah gedé haté, margi seueur kénéh pamingpin anu leres-leres ngabdikeun diri demi kapentingan masarakatna,” ceuk ieu anggota DPR RI ti daérah pilihan (Dapil) Sumedang, Majalengka, jeung Subang téh. Napak kana Budaya Rahayat butuh kanyaah pamingpin. Kitu téh, lantaran rupa-rupa widang kahirupan masarakat, enasenasna mah diurus jeung diatur ku parapamingpinna. Hartina, hiruphuripna masarakat téh bakal gumantung kana pasipatan ogé ka- 6 Manglé 2457 mampuhan pamingpinna. “Budaya tiasa ngawangun karakter pamingpin,” pokna tandes naker. Kitu deui budaya Sunda, ceuk ieu teureuh Bandung nu lahir taun 1962 mah, kacida hadéna keur ngawangun karakter pamingpin téh. Lantaran, budaya Sunda nu mangrupa ‘acining’ pipikiran jeung pangalaman urang Sunda ti mangsa ka mangsa, nyésakeun padika hirup nu mun dipaké ku urang Sunda tangtu bakal jadi cukang lantaran kamaslahatan keur balaréa. Dina nyorang hirup jeung kahirupan, kahadiran pamingpin perelu. Ngan, nu kumaha ari pamingpin anu hadé téh? Nurutkeun H. Yusyus Kuswandana, SH mah, nya teu béda ti pasipatan atawa karakter ‘insan utama’. Tah, éta pasipatan téh ku ieu pingpinan DPD P3S Gagak Lumayung mah, diringkeskeun jadi tujuh karakter, daék babakti, jiwa karayatan, ngabogaan sumanget kapahlawanan, sikep nagarawan, jembar wawasan kabangsaanana, tuladeun, jeung taat kana aturan. “Pamingpin mah kedah ngutamakeun kapentingan masarakatna,” pokna. Pasipatan pamingpin, ceuk ieu pulitisi ti Partey Demokrat téh, kudu mampuh mekarkeun potensi nu nyampak di masarakat. Tangtu, cenah, dina nyumangetan masarakat gé, éta pamingpin téh kudu apal kana budaya masarakatna. Lantaran, nya budaya téa nu baris nguatan ajéninajén hirup masarakat. Kang Yusyus percaya, rupa-rupa kagiatan budaya, boga mangpaat nu lain ukur témbong dina raga badagna. Saperti, ‘baris-berbarisna’ tentara, apan lian ti némbongkeun kakuatan téh, ogé ngawangun pasipatan nu teuneung tur ludeung ogé reueus kana korpna. Tina ngabaris bérés téa, bakal témbong rupa-rupa karakter ti masing-masing tentara nu asalna ti rupa-rupa bangsa jeung nagara. Nembongkeun kakuatan, ‘ show of porce’, kacida pentingna keur masing-masing sélér bangsa ogé. Matak, teu sing anéh, upama umumna nagara-nagara maju mah, féstival-féstival téh geus jadi kabiasaan. Lantaran, ku cara kitu, masarakat téh, lain ukur mintonkeun hiburan, tapi deui ngawangun pasipatan gotong-royong nu saterusna mah némbongkeun kakuatan jeung kadigjayaan ka bangsa séjén. Metakeun jurus ngahudang kaleudeung urang Sunda
  • 8. Kumaha ari penca silat? Ceuk pupuhu Gagak Lumayung Jawa Barat mah, kakuatan keur ngawangun kamandirian, ogé kadigjayaan téh nyampak pisan. Lantaran, cenah, ieu seni béla diri téh, kaasup kumpilt, ngawengku olah batin, olah pikir, olah rasa, jeung olah raga! Hirup jeung Ngahirupkeun Kakuatan lokal, ceuk H. Yusyus mah, kudu tuluy-tuluyan dipiara tur dimekarkeun. Tangtu, cenah, butuh panalinga jeung kanyaah balaréa. Saperti nu tumali jeung budaya Sunda, sawadina jadi panalingaan para pamingpin boh nu mancén gawé di kabupaten/kota boh nu di propinsi. “Sakur pamingpin di Jawa Barat kedah gaduh kanyaah kana budaya masarakat Sunda,” pokna. Upama téa mah, para pamingpin boga kaengeuh kana budaya masarakatna, mémang lian ti kawajibanana salaku pamingpin masarakat, tapi deui tumali jeung tugasna dina ngalaksanakeun undang-undang atawa aturan anu nyampak. Apan, padika miara budaya gé jinek naker aya réngkolna dina undang-undang. Upaya miara jeung ngamekarkeun budaya Sunda kiwari, mémang teu gampang. Lantaran, beuki dieu pangaruh dengeun gé beuki mahabu. Teu jarang, bogana sorangan mah kaluli-luli lantaran kasilih ku budaya deungeun. Balukarna, budaya-budaya talari karuhun téh mingkin katélér-télér. “Dina kaayaan sapertos kitu, tangtos kedah aya tarékah jinek ti masingmasing pihak,” ceuk H. Yusyus. Dina némbongkeun kanyaahna, Yusyus mah, mémang teu ngan saukur lalambé. Karesepna kana penca silat, ditularkeun ka balaréa. Apan, ieu ‘inohong’ Gagak Lumayung Jawa Barat mah, remen ngeprak balad-baladna ngayakeun rupa-rupa kagiatan. Kituna téh, mayeng saban taun aya kagiatan rongkah nu diiluan ti saban kabupaten/kota ti Jawa Barat. Geusan némbongkeun ajén diri, pihak Gagak Lumayung gé, boga karep ngayakeun ‘parade’ jurus nu baris ngumpulkeun anggota sapuluh rebu urang. “Urang catetkeun dina rekor MURI,” pokna. Upaya kitu ogé, salah sahiji ngahudang kareueus urang Sunda kana budayana. Lantaran, saperti nu disebutkeun di luhur, tina ngumpul babarengan, ngayakeun kagiatan babarengan, gotong royong, bakal timbul rasa reueus nu baris karasa ku sakumna sélér bangsa. Upama H. Yusyus Kuswandana kacida engeuhna kana budaya, mé- Ngeprak balad, sina nyaah kana Sunda mang lantaran di dinya icikibungna. Ti bubudak gé, ngarasa budaya luluhur téh, jadi bandana nu kudu dipiara tur dimekarkeun nepi ka jaga. Patékadanana kitu, ogé lantaran luang jeung pangalamanna nu remen ngider saban daérah ogé saba mancanagara. Pancén gawéna jadi anggota DPR RI nu ogé biasa jadi nara sumber dina Opat Pilar Kebangsaan, Pancasila, UUD 1945, Bhineka Tunggal Ika, jeung NKRI, kanyaahna kana budaya sorangan téh beuki ngandelan. “Yakin upami masing-masing napak kana budayana, urang tiasa langkung majeng,”pokna. Lantaran, masing-maisng sélér gé boga kapunjulna. Tah, éta kaunikan téh bisa dimekarkeun, bisa dijadikeun lahan pangupa jiwa keur nyumponan kahirupan sapopoé. Cindekna, geusan ngahontal hirup jeung huripna. Saperti tina penca silat, ceuk Kang Yusyus bisa tumuwuh ruparupa karancagéan. Upama pagelaran, féstival, ogé pitonan-pintonan, ilaharna bisa diiluan ku kagiatan-kagiatan séjén. Tina seni atawa budaya, saterusna mah bisa muka lahan kasab masarakat, saperti nu tumali jeung sandang, ogé kulinér has masing-masing daérah. *** (Ensa/Nay) H. Yusyus sareng sareng balad-baladna Manglé 2457 7
  • 9. L aporan U kur bubulanan deui waktuna milih pamingpin téh. Ngan, najan rahayat bebas milih, tangtu we kudu puguh milihna. Aya pasaratan anu jinek sangkan teu kaduhung ahirna. Naon tea pasaratanana téh? Pilihan umum lima taunan, geus nyantek. Hartina, masarakat téh kudu geus tatan-tatan tur tatahar nangtukeun piliheun. Da, najan kumaha waé babak anyar kakawasaan pamaréntahan téh lahan harepan balaréa. Nya ti dinya, tina pilihan umum téa, ruparupa rarancang kahirupan kanagaraan ditataharkeun. Tujuanana, geusan ngahontal harepan balaréa, sangkan hirup pinanggih hurip. “Ulah kaduhung ahirna lantaran bongan milihna asal milih, bongan ‘ukur sadaya-daya kumaha saéna abdi mah ngiringan’. Tah, sumerah taya ketak nangtukeun pilihan anu bener, tangtu wé ahirna mah matak kaduhung,” ceuk Drs. Soma Gantika, M.Si., Dosén Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Pasundan (Unpas) Bandung. Upama Soma Gantika neueulkeun harepan kapilihna pamingpin téh ngaliwatan nu rék milihna, mémang lantaran di dinya huluwotanna pamiangan ayana pamingpin téh. Da, mémang kitu katangtuanana, ceuk undang-undang atawa aturan anu nyampak gé. Tina pilihan pamingpin téa, saterusna mah, bakal aya jalmajalma nu meunang kapercayaan ti masarakat pikeun mingpin téa. “Kumargi kitu, piliheun téh kudu jinek,” pokna. Ngalarapkeun Ukuran Dina sistem démokrasi, hak milih jeung dipilih ditaangtayungan ku undang-undang. Da mémang kitu aturanana. Hartina, saha waé gé bisa jadi calon legislatif asal nyumponan pasaratan adminis- 8 Manglé 2457 Soma Gantika, Dosen Fisip Unpas Milih Pamingpin Ulah Kaduhung trasi. Sanggeus cumpon pasaratan nu ditangtukeun ku komisi pemilihan umum (KPU), calon téh boga hak ‘ngembarkeun’ dirina yén inyana téh calon legislatif. Najan kitu, ditilik keur kamaslahatan balaréa, ceuk Soma Gantika, pamingpin gé kudu jinek jenglenganana, lain ukur bisa nyumpo- nan pasaratan administrasi, tapi deui napak kana titincakanana di masarakat. Hartina, apal jeung wanoh ka masarakat ogé lingkungan katut budayana. Satutas milih, hak metakeun kakawasaan, aya di pamingpin nu kapilihna. Sora rahayat nu ditepikeun dina bilik sora (TPS),
  • 10. bakal loba rambat kamaléna. Ku lantaran kitu ceuk Soma Gantika, milih téh kudu dumasar kana pangimeutan anu ‘jujur’, ogé ditimbang-timbang dumasar kana kabutuhan masarakat sakumna. “Intina mah, milih pamingpin nu nyaah ka rahayat, nu mampuh matéahkeun poténsi rahayat, ogé apal kana kereteg haté masarakat,” ceuk ieu dosén nu aktip di Paguyuban Pasundan téh. Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa, ceuk kekecapan kolot mah, sangkan nu kapilih teu nguciwakeun. Apan, cenah deuih sing asak-asak ngéjo bisi tutung tambagana. Atuh, lobana piliheun téh kudu ngabuahkeun hasil yén nu kapilih téh nu pangmerenahna keur masarakat nu marilihna. Saha tea? Taya lian keur urang Jawa Barat mah, nu penting téh boga pamingpin nu napak kana budaya masarakat tatar Jawa Barat atawa masarakat Sunda. Sual ukuranana, kari nimbangnimbang para calon jeung ukuranana. Apan, ceuk urang Sunda mah, pamingpin téh kudu masagi, hartina loba pangabisana, punjul ti masarakat nu dipingpinnna deuih. Sual ukuranana, karuhun Sunda mah geus boga ugeran. Jinek naker, nu kudu dipilih keur urang Sunda mah, nu nyanri, nyunda, nyakola, tur nyantika. “Tah, éta Ahirna ukuran téh tiasa dianggo padika dina milih pamingpin,” pokna tandes naker. Upama ukur daék milih lantaran kabita ku pamérna, mémang lain cara urang Sunda anu hadé. Lantaran, masarakat Sunda mah samistina gé ngaheulakeun ajén piliheun batan tinimbangan nu séjénna. Da, milih mah apan keur dangka panjang, lain saharitaeun! Kitu pok-pokan ieu Ketua Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung mah. Dina mutuskeun piliheun, ceuk pangajar di Fisip Unpas téh, kudu ngimeutan paripolah jeung lalampahan paracalon pamingpin téa. Para calon legislatif nu pating rongheap ngawanohkeun diri masing-amsing ka pihak nu rék milih, kudu kauji heula kamam- dilalaworakeun,” ceuk ieu Pangurus Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) Pasundan téh. Butuh nu Nuduhkeun Antara nu milih jeung nu dipilih, biasana gé aya pihak séjén. Rupa-rupa sesebutanana gé, bisa ukur bobotoh, bisa oge ‘tim suksés’. Di antara nu jadi ‘panumbu’ catur nu bisa nyambungkeun antara dua pihak téa, samistina aya nu bisa jadi tuduh ‘jalan’ sangkan nu rék milih teu kabobodo ténjo! Saha téa? Waktuna milih binarung ku kasadaran puhanana. Lamun enya éta pamingpin téh rék mawa aspirasi urang Sunda, atuh kudu apal kana kereteg haté jeung mamararas rasa masarakat Sunda. Urang Sunda nu umumna taat kana agama, atuh pamingpinna mah komo, da kudu jadi conto téa. Padika ukuran kataatan kana agama atawa ‘nyantri’ téa, kudu jadi tinimbangan dina nangtukeun pilihan. Ari tumali jeung nyakola, ceuk Soma Gantika, da puguh hanca garapan pamingpin téh lain énténgénténg. Sababab waktu disanghareupkeun kana rupa-rupa tangtangan nu mikabutuh pangaweruh jeung pangalaman. “Ukuran nyakola, ogé teu meunang Ceuk Soma Gantika, sakur nu nyaah ka tatar Sunda mah ‘wajib’ ngajak jeung nepikeun uar pangajakna sangkan nu daék milih kalayan dibarung kasadaran geusan kamslahatan balaréa. Da, mémang teu sakumna warga bakal mampuh milih kalayan bener-bener ngalarapkeun padika milih saperti tadi. Malah, bisa jadi ukur milih, ukur lantaran pangbibita, si calon téa. Tah, hadirna pihak-pihan nu daék nuduhkeun atawa umajak sangkan teu salah milih, kacida pentingna. “Sadayana gé kedah ngiring tanggel waler sangkan pamingpin nu kapilih saé ajénna,” ceuk ieu Ketua Bidang Organisasi Paguyuban pasundan téh. *** (Tim Mangle) Manglé 2457 9
  • 13. N yusur Galur Situs Gunung Padang Gunung Api purba nu Geus Pareum M inggu pengker seratan ngeunaan Seminar Gunung padang parantos dugi ka kronologi Panalitian Situs Gunung Padang. Urang lajengkeun bae kana kajadian taun 2010. Harita Yayasan Turangga Seta pigpinan Agung Bimo Sutejo mimiti ngedalkeun pamanggihna yen di gunung Lalakon Soreang jeung di Gunung Sadahurip Wanaraja Garut, Kolompok panaliti anu ngagunakeun metoda metafisik nu hartina ngagunakeun harewos gaib atawa wangsit luluhur ieu, ngadeg taun 2004 DR.Nina Herlina Lubis ti Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat ngxeskeun ka mangle. Terus Turangga Seta ngawanoheun papanggihanana ka Wakil Gupernur harita Dede Yusuf 3 Maret 2011 jeung mintonkeun hipotesisna di jurusan tambang ITB 6 Mei 2011. Mangsa harita teh Staf Ahli Presiden Bidang Bantuan Sosial dan Bencana Andi Arief nuruteun Nina keur ngayajweun panalitian tumali jeung ayana lini di gunng Sadahurip jeung gunung Lalakon. Duka naon kasang tukangna, Andi Arief saterusna ngadegkeun TIM Katastropik Purba pikeun ngarojong pernyataanana yen sabada dilakukeun panaltian intensip kapanggih wawangunan bentuk piramida, lain pangluhurna bae tapi pangbadagna di dunya, pangkolota oge malah leuwih ti 6000 taun memeh Masehi. Di Desa Sadahurip Wanaraja Kabupaten Garut . Katerangan Andi Arief ngeunaan ayana piramid dibantah ku para ahli geologi saperti pa Sujatmiko nu ngalakukeun observasi lapangan Januari 2011, eta dua gunung lain piramid tapi gunung api purba nu geus pareum. Papanggihan Andi Arief ieu, dibantah oge ku Kepala Pusat penelitian Arkeologi Nasional Dr.Bambang Sulystio anu ngeceskeun yen budaya urang mah 12 Manglé 2457
  • 14. henteu wawuh kana piramid, wanoh soteh kana punden umpak-umpak atawa candi. Gebragan ti Situs Gunung Padang Diungkabkeun ka MANGLE ku pupuhu Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat Prof.Dr.Hj.Nina Lubis yen taun 2011 keneh, masarakat Cianjur, Jawa Barat hususna, Indonesia umumna digebrag ku beja nu diembarkeun ku Tim Katastropik Purba yen di jero situs gunung Padang aya piramid anu umuma leuwih kolot batan piramid di Mesir, kitu pamanggihna. Tim Katastropik Puba neruskeun panalitianana henteu paduli deui kana pangjejeleh ti sakabeh pihak jeung masarakat sabudeureunana. Taun 2012 Bupati Cianjur ngondang para pakar diantarana Prof.dr.Nina Herlina Lubis, M.S. (Sejarawan), Dr.Budi Brahmantyo (ahli geologi), pikeun nyaksian Tim Andi Arief di pendopo kabuoaten. Mei 2011 Tim Katastropik purba ganti ngaran jadi tim Terpadu Penelitian Mandiri Gunung Padang. Tim Andi Arief ngondang para pakar diantarana Prof.Dr.Hj.Nina Lubis (sejarawan), Lufti Loundri ti Balai Arkeologi Prof. Mandarjito ti Universitas Indonesia, Dr.Bambang Sulistiyo, Kepala Puslitarkenas rapat di Bina Graha. Prof Nina meredih sangkan panalitian dipingpin ku Arkeolog senior, Prof. Mandarjito lain ku arkeolog muda Dr.Ali Akbar. Tapi kanyaraanana pameredih henteu dicumponan. Prof.Mandarjito oge henteu diangkat jadi Ketua Tim. Para pakar oge ahirna nolak diajakan babarengan di Tim. Tim andi Arief jalan terus migawe panalitian tanpa madulikeun kana kiritik jeung pangjejeleh para pakar arkeologi jeung geologi. Saperti Prof. Soetikno Bronto, Prof.Dr. Harry Truman Simanjuntak, ,Dr.Sudjarmiko. ahirna 34 panaliti nandatangan petisi anu disusun ti poe Jumaah 26 April 2013 . Para pakar afiliasi dina bandera Ikatan Ahli Arkeologi Indonesia, Ikatan Ahli Geologi Indonesia, Kelompok Riset Cekungan Bandung jeung Himpunan Ahli Geofisika Indonesia . Lolobana ti para pakar ti Pusat peneitian Arkeologi Nasional (Puslit Arkenas) Eusi petisi moratorium ekskavasi Gunung Padang . Para panandatangan petisi mupakat yen panalitin anu dilakukeun ku tim Terpadu henteu ngawakilan lembaga formal anu saluyu jeung parentah umdang-undang nomer 11 taun 2010 ngeunaan cagar Budaya (Indonesia). Saterusna diembarkeun ku TTRM yen tanggal 11-12 Mei ekskavasi rongkah nu ngilubiungkeun tanaga sukarela masarakat Kulantaran kitu 9 mei 2013 Wamendikbud Wiendu Nuryati ngondang para pakar pikeun rapat di Jakarta. Tujunna ngabentuk Tim Panaliti Gunung Padang bawahan Dirjenbud Direktorat Cagar Budaya . Datang kana rapat di jakarta 2 urang anggota Tim Andi Arief nyaeta Dr. Danny Hilman jeungDr.Ali Akbar. Tim teu jadi dibentuk. Diberitakeun yen 18 Mei 2013 Tim Abdi Arief presentase payuneun Presiden SBY. Saterusna 24 Mei 2013 Presiden SBY ngayakeun rapat koordinasi ngbahas hasil papanggihan tim terpadu Riser Mandiri Gunung Padng dipiluan ku Tim Terpadu dipingpin ku nu boga inisiatipna nyaeta andi Arief, Sekrtaris Kabinet Dipo Alam, Mendikbd Moh.Nuh, Mentri PU Joko Kirmanto Menperekraf Mari Pangestu, Mentri Lingkungan hidup Balthasar Kambuaya, Kepala BPN Hendarman Soepandji jeung Gupernur jawa Barat Ahmad Heryawan. Rempeg pisan para pangagung nagara nu hadir teh. Hasil Rapat ; Tim Andi Arief dirojong keur ngayakeun panalitian waragadna tina Dana Abadi Kemendikbud . Tanggal 10 Desember 2-13 Paguyuban Pasundan ngagelar seminar anu ngarekomendasi sangkan panalitian Gunung Padang ku TTRM dieureunkeun (moratorium), eta acara mere informasi sejen ngeunaan gunung Padang.*** (HRS) Manglé 2457 13
  • 15. M unara Cahaya Ngahargaan jeung Miara Basa Sorangan Ku H.Usep Romli HM K iwari, muncul gejala ngalélécé hiji basa, bari ngagul-ngagul hiji basa séjén. Sakumaha sinyalemen UNESCO, di sakuliah dunya, unggal poé aya 7.000 (tujuh rébu) basa nu tumpur. Pangpangna “basa indung” atawa basa wewengkon, balukar geus tara dipaké jeung tara dipiara ku nu bogana nu ngarasa reueus ngagunakeun basa séjén nu dianggap leuwih nguntungkeun dina sagala widang. Padahal, rupa-rupa basa, kitu deui rupa-rupa warna kulit manusa nu mibanda éta basa, mangrupa ciptaan Alloh SWT. Minangka salah sahiji bukti kamahakawasaanaNa : Nu hartosna: “Dan di antara tanda-tanda kakawasanaNa, nyaéta nyiptakeun langit jeung bumi, rupa-rupa basa katut rupa- 14 Manglé 2457 rupa warna kulit aranjeun. Saéstuna dina éta hal, aya pertanda pikeun jalma nu ngarti (Q.s.Rum : 22). Béda-béda dina ciciptaan mahluk, warna kulit, golongan, kitu deui kabisaan, mangrupa jalan pikeun papada mikawanoh. Lain keur sili poyok, sili hina, nyombongkeun diri. Lantaran nu pangmulyana mungguh Alloh SWT , nyaéta nu pangtakwana (Q.s.al Hujurat : 13). Merenahkeun hiji basa, leuwih istiméwa ti batan hiji basa séjén, bisa disebut ngahina kana ciptaan jeung bukti kakawasaan Alloh SWT. Komo nepi ka ngamusnahkeun hiji basa katut bangsa ku cara-cara licik tur biadab. Di antarana baé, mapaharékeun hiji basa sangkan teu digunakeun dina hirup kumbuh sapopoé, nyingkirkeun tina kurikulum atawa silabus resmi ambéh taya pangajaranana di sakola. Kitu deui ku cara nyieunan plang katerangan jalan, tempat, jsb.nu katénjo ku umum, ku basa nu teu dipikawanoh ku balaréa. Nepi ka ngahudang kesan “apartheid” jeung “rasis”. Tapi diantep nerekab, taya kritik atawa dioméan sangkan luyu kana kaayaan. Ngulik basa jeung adat istiadat bangsa séjén, geus jadi kabiasaan di nagara-nagara maju. Tujuaanana, dina raraga ngalegaan ambahan ékonomi, politik, militér, budaya, jeung sajabana. Ari di nagara-nagara karék mekar (berkembang) atawa nagara miskin, malah basa sorangan diculkeun. Terus hésé béléké diajar basa séjén,kalawan alesan pikeun ngudag kamajuan. Tangtu baé ngondang kaprihatinan. Tinimbang maju, anggur mundur. Sabab kaleungitan basa asli, komo “basa indung”, sarua jeung kaleungitan ajén-inajén kalinuhungan tradisi budaya lokal nu jadi dadasar hirup katut kahirupan ti barang gubrag ka alam lahir. Dina Alqur’an jeung Sunnah Rasululloh Saw, mémang réa paréntah pikeun nyukcruk élmu
  • 16. pangaweruh. Alloh SWT baris ngangkat darajat jalma iman nu mibanda élmu pangaweruh (Q.s. Mujadalah : 11). Rosululloh Saw nganjurkeun umatna pikeun terus diajar, ti barang dina ayunan nepi ka asup kana liang kuburan. Malah miwarang néangan élmu ka “nagri Cina”. Éta paréntah diajar néangan élmu pangaweruh, éstuning henteu dibarengan ku paréntah ngaganti atawa ngaculkeun basa nu geus maneuh sapopoé ku basa nu baris digunakeun di tempat nyukcruk élmu pangaweruhna. Malah di dinya, aya isyarah, pikeun ngawasa basa-basa anyar sakaligus mertahankeun basa-basa nu geus dipibanda. Pikeun meruhkeun sasama mahluk, diperlukeun basa. Komo mahluk salian ti manusa, kayaning jin jeung sasatoan. Ku kituna, Nabi Sulaiman as., dipaparin mu’jizat ku Alloh SWT, ngawasa basa-basa maranéhna. Kekecapan maranéhna jadi sarana instrospeksi pikeun Sulaiman as dina nguatan kaimanan jeung katakwaan ka Alloh SWT, sarta sukuran kana sagala ni’matNa. Kaunggel dina Q.s.an Naml : 19, Nabi Sulaiman as ngadangu hiji simeut nyarita ka balad-balana, sangkan geuwatgeuwat asup kana sayang, bisi kaidek ku pasukanNabi Sulaiman nu rék liwat ka dinya. Harita Nabi Sulaiman as, langsung sujud sukur, ngedalkeun du’a : Nu hartosna : “Ya Alloh, paparin abdi ilham kanggé tetep sukuran kana ni’mat Anjeun, nu ku Anjeun tos dipaparinkeun ka abdi sarengindung bapa abdi, kanggé midamel amal soléh nu dipikarido ku Anjeun, sareng lebetkeun abdi kalayan rohmat Anjeun, kana golongan jalmi-jalmi ahli ibadah anu saroléh.” Taya katerangan, Nabi Sulaiman As., ngaculkeun basa anjeunna, duméh sibuk ngagunakeun basa-basa jin katut sato héwan. Sabab Nabi Sulaiman As geus meunang anugerah Alloh SWT, ngawasa rupa-rupa élmu pangaweruh, boh ngeunan hukum, boh élmu-élmu séjénna. (Q.s. Anbiya : 79). Béda-béda basa teu ngahalangan lumangsungna amal soléh deuih. Zulqarnain, hiji hamba Alloh SWT , nu meunang anugerah kakawasaan wilayah ti masyrik nepi ka magrib, manggihan hiji sélér bangsa nu basana teu pikahartieun (Q.s.Al Kahfi : 93). Tapi komunikasi bisa dilalukeun ku cara séjén. Nepi ka Zulqarnain bisa mantuan éta kaum ngungkulan kasusah nu geus lila tumiba. Nyaéta serangan mahluk jahat Ya’juj jeung Ma’juj. Nya Zulqarnain ngawangun bénténg beusi campur tambaga, nutupan léngkob antara dua gunung tempat liliwatan Ya’juj jeung Ma’juj, sangkan teu bisa nyerang deui (S.al Kahfi : 94-101). Malah, beuki réa basa nu dikawasa, beuki alus. Ulah kajadian kawas kiwari, miceun basa sorangan, boh basa nasional boh basa daérah, pédah lantaran nganggap basa kosta leuwih poténsial muka harepan kamajuan pikahareupeun dina sagala widang. *** Manglé 2457 15
  • 17. B alé Bandung Nalek Parpul( Partey Pulitik) D eukeut ka Pemilu 2014, inohong Sunda saperti Ceu Popong, kitu deui Didi Turmudzi, cumeluk supaya urang Sunda daek aktip di parpul,ulah api lain kitu wae. Kulantaran cenah, mun henteu aktip di parpul, atuh urang Sunda moal ngalalakon dina urusan kanagaraan. Ajakan kitu memang sawajarna, jeung memang sakuduna, kulantaran parpul pohara nangtukeunana jalanna pamarentahan. Upamana wae, nyusun undang-undang di lembaga legislatip pan eta teh dilakukeun ku anggota parlemen nu asalna ti parpul. Kitu deui lebah nyalonkeun presiden jeung kapala daerah, apan kudu ngaliwatan parpul. Cindekna, rea rugina mun urang Sunda henteu aktip di parpul. Sanajan kitu, tangtu urang Sunda ulah asal kitu wae aktip di parpul, atawa paling saeutik dina waktuna pemilu daek milu nyolok tanda gambar parpul, saupama henteu dibekelan heula pangaweruh ngeunaan pulitik, hususna ngeunaan partey pulitik.Cilakana mun bolongor kitu wae, atuh urang Sunda bakal saukur ditipu wungkul ku parpul nu henteu jelas adeg-adegna( ideologina). Keur naon aktip di partey pulitik, mun seug parpul bieu malah nyilakakeun bangsa urang? Upamana wae, Golkar di mangsa Orde Baru, pan teu aya gadag lebah memeres nagara urang nu harita ngajalankeun sistem pamarentahan otoriter. Eta geura, geus puguh harita Pa Harto kungsi ngisarahan anjeunna rek lengser kaprabon, tapi kunaon kalahka disundutan supaya nyalonkeun deui jadi presiden?Kunaon harita sakumna partey pulitik(Golkar, PPP, 16 Manglé 2457 PDI) teu aya nu ngusulkeun supaya diguratkeun dina pelita ka sabaraha demokratisasi mimiti dilaksanakeun? Komo deui boga kawani ngusulkeun supaya jabatan presiden diwatesanan mah. Jajauheun kana kitu, nu puguh mah sumuhun dawuh wae. Tah, akibat parpul goreng adat saperti kitu, jeung deui tayohna mah adat kakurung ku iga nepi ka ayeuna, nya teu heran mun sawatara urang Sunda antipati ka parpul. Atikan Pulitik Jadi, teu semet ajakan, tapi pohara pentingna inohong Sunda ngagedurkeun atikan pulitik ka sakumna urang Sunda. Ajak kaom akademisi ti saban paguron luhur nembrakkeun ka masarakat ngeunaan “peta bumi” pulitik Indonesia kontemporer, hususna di Propinsi Jawa Barat. Tembrakkeun ku naon partey pulitik nepi ka kiwari tacan kaala mangpaatna, naon kasakitna, kumaha nyageurkeunana? Tembrakkeun kumaha ketak parpul di saban nagara, boh di nagara liberal boh di nagara otoriter. Jelaskeun sistem pulitik kumaha nu pangluyuna dilarapkeun di nagara urang. Tangtu teu semet kitu, teu cukup masarakat ngan saukur meunang pangaweruh ti kaom akademisi wungkul, tapi pohara pentingna tepung lawung oge jeung sakumna parpul. Ayakeun, upamana, forum “bedah parpul” tempat masarakat bisa nalek pangurus parpul ti mimiti tingkat pusat nepi ka tingkat daerah. Lebah dieu, bakal kanyahoan engke ku masarakat kumaha kaayaan “mesin partey pulitik” saujratna. Panalek kumaha nu perlu ditepikeun ku urang Sunda ka saban pangurus parpul? Nya lebah dieu, masarakat bisa nembrakkeun kapanasaranana ngeunaan partey pulitik ( ideologi, program, strategi ngahontal udagan jeung sajabana).Upamana wae, 1. Naon nu bakal dilakukeun supaya dasar nagara Pancasila larap dina kahirupan bangsa urang? 2. Ari gagasan nagara Islam kumaha, kitudeui perda syariah?Ari Khilafah kumaha? 3. Kumaha carana supaya bangsa urang bebas ngamalkeun ajaran agamana? Ngeunaan Suni-Syiah, kitu deui kahadiran Ahmadiyah, kumaha?Cik kumaha mereskeun kasus Sampang? Aturan ngadegkeun tempat ibadah kumaha? 4. Supaya korupsi bisa ditumpes kumaha? Supaya kader pulitik henteu kabaud kana korupsi kumaha? 5. Amandemen UUD 1945 kumaha? MPR naha perlu dibalikkeun deui jadi “lembaga negara tertinggi?”Ari GBHN kumaha? Naha perlu diayakeun deui?Sistem pilkada langsung kumaha? Naha perlu tuluy diayakeun, atawa kapala daerah mending dipilih ku DPRD wae? 6. Cik kumaha supaya sistem pamarentahan urang jelas, ulah ieu mah parlementer lain, presidensial lain? 7. Naha kawenangan DPR perlu diwatesanan, supaya anggota DPR ulah ngajago “sampai tahap menjijikan” , kawas ayeuna? 8. Naon nu perlu diomean dina sistem Otda ayeuna? Jeung rea deui masalah-masalah penting tur “mendasar”nu perlu ditepikeun ka sakumna parpul.*** Karno Kartadibrata.
  • 18.
  • 19. C arita Pondok Paraji ti Cikahuripan Carpon Taufik Rahayu M a Ijun ukur ngajawa b ku gideug semu-semu baeud basa Eulis ngajakan ka Bandung pikeun nyaksian manéhna di wisuda téh. Eulis ogé teu bisa majar kumaha, sok sanajan dina haténa hayang pisan wisuda téh katungkulan ku ninina nu salila ieu ngaping ngajaring manéhna. Asa ngarasa salah duméh harita henteu ngagugu kana kahayangna. Tapi da kumaha deui. Lain teu nurut lain ngalawan, Eulis mah éstu hayang ngabuktikeun bener jeung henteuna naon-naon nu ditudingkeun kana pakasaban ninina téh. Ma Ijun téh paraji sohor di lembur Cikahuripan. Nelahna Ma Paraji atawa Ma Ijun, osok ogé di ema-ema. Ema saréréa pikeun urang lelewek Cikahuripan mah. Eulis ogé nyasatna miindung pisan ka Ma Ijun téh, dadakuna mah ti keur leutik ogé Eulis mah diurusna jeung apétna téh ka ninina. Ma Ijun ogé nya kitu deui. Sok sana- 18 Manglé 2457 jan incuna loba, tapi ka Eulis mah siga nu dispesialkeun. Loba nu hayang guguru jadi paraji ka Ma Ijun téh. Tapi pikeun Ma Ijun mah élmu pangaweruh marajian téh teu bisa sangeunahna dibikeun kitu waé, teu bisa sangeunahna dibagi-bagi siga kurupuk. Sabab élmu paraji téh lain élmu sambarangan, tapi élmu pangaweruh nu kudu bener larap jeung makéna. Lantaran ieu mah patalina hirup jeung paéh hiji indung jeung anak. Ma Ijun ogé bisa marajian téh lain ku dipénta, tapi datang sorangan ti ninina. Keur ngorana Ma Ijun teu ngahayang-hayang teu ngaharep-harep, malah kungsi embung sagala lamun henteu diolo jeung dilelemu mah. Lamun jalma nu boga bakat kana piparajieun mah ku Ma Ijun katémbong. Tina turunanana, Ma Ijun ningali yén ngan Eulis nu baris bisa nuluykeun tapaklacakna jadi Paraji. Sababaraha urang anakna Ma Ijun ogé aya nu keukeuh hayang jadi paraji. Ku Ma Ijun teu katoong maranéhna baris panceg jeung jejem jadi paraji. Ti dituna mah kaharti loba nu hayang jadi paraji téh, bubuhan di lembur mah paraji téh propési nu lumayan nguntungkeun sacara ékonomi. Sabab lamun pareng aya nu ngalahirkeun téh teu cukup ku sakali pas gubragna orok waé, tapi ogé tuluy ngurus indung jeung merhatikeun tumuwuhna orok nepi ka minimal 40 poé mah. Tapi pikeun Ma Ijun mah jadi paraji téh lain pikeun urusan matérial. Éta mah urusan nomer ka sabaraha, da Ma Ijun mah nganggap yén manéhna jadi paraji téh mangrupa panggero tina jiwana. Atuh lamun pareng aya nu ngalahirkeun ogé teu masang tarip teu sing, malah mun dikeupeulan ogé sok kadon kéképéhan diulahulah. “Kadua Ema téh kuduna méré ka Nyai jeung nyecep ka orok, ieu kalah rebo dibahanan sagalarupa!” kitu basana Ma Ijun mah. Tapi lamun terus disusulkeun dianteurkeun ka imah mah, Ma Ijun ogé teu bisa majar kumaha, da éta meureun rijki keur manéhna. Salian ti jadi paraji, Ma Ijun ogé ngawasa élmu ngurut. Ari élmu ngurutna mah kawaris ku salakina nu ayeuna mah geus mulang kakalanggengan sababaraha taun ka tukang. Atuh lamun sakalieun aya tatanggana nu misalah atawa tipalitek mah Ma Ijun ogé bisa. Mimitina mah lantaran salakina sok carangkeul mun tos mencetan téh, nya diurutna téh ku Ma Ijun, da tukang ngurut mah teu bisa ngurut sorangan. Mindeng ngurutan salaki nu tukang ngurut téh, jadi mawa bisa kana ngurut. Teu jarang Ma Ijun ogé manggihan orok nu lahirna cacat, leungeunna kompér sabeulah, suku béngkok jeung sajabana nu aya patula-patali kana kasalahan tulang. Ma Ijun sok langsung ngabebenerkeun. Lamun aya kaanéhan diorok nu sarupa kitu mah kudu sageuwatna dioméan basana teh, mungpung orok kénéh, tulangna can teuas siga kolot. Élmu paraji Ma Ijun téh gubragna ka Eulis. Da nu katingali ku Ma Ijun mah ngan Eulis nu bisa
  • 20. nuluykeun hanca garapanan. Sok sanajan juljol nu hayang ngalap miguru élmuna. Naon nu katempo ku panon batin Ma Ijun moal bisa dibobodo. Ti leuleutik ogé Eulis mah geus dibawa wanter pikeun mantuan ninina ngurus nu ngalahirkeun. Lamun ceuk basa ayeuna mah meureun “asisten”, Eulis ogé sok sanajan leutik kénéh, bubuhan boga teureuh jeung aya turunan atuh kacida gancangna ngawasa bag-bagan pangaweruh paraji téh. Ma Ijun teu weléh ngomat-ngomat ka Eulis ulah piduit, da dunya mah engké ogé nuturkeun ku sorangan. “Ema mah ku bisa nulungan ogé geus kalintang gumbirana, nulung kanu butuh nalang ka nu susah geus jadi rumusan hirup. Élmu nu dipiboga téh lain keur diduitkeun, tapi pikeun diamalkeun.” Ceuk Ma Ijun dina hiji waktu ka Eulis. Lir gula panggih jeung peueutna, bujang papanggih jeung wonoja tuluy ngajodo. Eulis ogé nya kitu téa, keur mah aya teureuh jeung teurahna, katambah ku pasipatan Eulis nu resep diajar jeung hayang nyaho kana hal-hal anyar ngajadikeun lancar dina sagala rupana. Atuh élmu pangaweruh jampé pamaké Ma Ijun téh kabéh ragrag ka Eulis. Taun ganti taun, jaman robah jaman. Kahirupan modern nu asalna aya di dayeuh geus nyaliara ka lembur-lembur singkur, ka asup ka lembur Cikahuripan. Nerekab béja pabéjapébja –teuing ti mana mimitina—nu nyebutkeun yén kagitan paraji téh kacida ngabahayakeun ka indung jeung orok. Lantaran praktékna nu teu jeung élmu médisna. Ngan saukur ngandelkeun intuisi, élmu buhun jeung doadoa karuhun nu geus teu mujarab. Kiwari mah nu payus dijadikeun indung beurang téh taya lian ti bidan, nu puguh jeung élmu médisna nu aya janggélékna buku jeung puguh répérénsina. Abong béja. Téréh pisan nerekabna tur nepi ogé ka ceuli Ma Ijun. Sok sanajan kaitung wijaksana, tapi teu burung ngagidir ari dituding praktékna ngabahayakeun mah. Ma Ijun asa disapirakeun, élmu paraji nu turun-tumurun ti karuhun, nu geus ngabaju ngaraga sukma di masarakat, nu geus mantuan ngalahirkeun mangrébu-rébu jalma, ti jaman baheula mula, sasatna nyolok mata buncelik. Élmu kedokteran mah karék kamari ieu, ari élmu paraji apan geus kauji ku waktu. “Mun enya ngabahayakeun, meureun moal aya manéh. Ari ieu buktina manéh hirup, indung manéh ogé hirup kénéh lin?” kitu ceuk Ma Ijun ka Eulis hiji waktu. Eulis mah teu bisa ngomong nanaon, ukur unggeuk-unggeukan tanda sapuk sapamadegan jeung ninina. “Bidan-bidan téh asa karumaki pisan, ngomong sakarep ing- Nyambung ka kaca 40 Manglé 2457 19
  • 21. C arita Dua Bagian Kalangkang Tineung Ku Tiktik Rusyan 1 A ngin Désémber, ngoyagkeun dapuran eros dina pot gedé hareupeun jandéla balkon. Kembangna nu marun halon kaayunkeun. Eros kameumeut. Lakopna kandel siga buludru. Rajin kembangan, siga nu hayang mulang tarima pédah diurus didama-dama. Syal dibenerkeun, asa tiris pisan. Tapi jandéla hayang tetep muka, ngarah atra ka jauhna. Tangkuban Parahu nu ngajungkiring katingali jeung parentulna wawangunan di handapeunana. Bandung nu beuki heurin ku tangtung, nepi ka unggal sikluk suku gunung dibebetah dijadikeun padumukan. Asa geulis pisan titingalian téh. Biasana mah sok pinuh ku haseup polusi, ayeuna mah katingali hérang, katingali nepi ka léngkob-léngkobna. Léptop dihurungkeun, susuganan nu kamari kandeg téh ayeuna mah nyurulung deui. Teu tenang diudag-udag ku déadline ti diri pribadi. Novel teu bérésbérés, kalah asa melag. Haroréam neruskeun. Rot kana kopi, rap masang héadsét. Ngong Vina Panduwinata “ Selamat Tinggal Kenangan”. Teu lila réma geus tuktek kana kibor. Kudu bérés ayeuna mah, paling henteu ditamatkeun 20 Manglé 2457 heula. Kari nyarungsum kadituna mah. Obsési pisan, novel nu ieu mah hayang gancang medal. Hayang jadi kado keur Ray, nu rék jatukrami bulan Pébruari. “Nién, nuju naon?” Smsna tadi subuh nirilik. “kadé hilap nuang landong. Ray dinten ieu aya préséntasi di kantor pusat. Doakeun suksés nya? Aya hubunganna sareng kenaikan jabatan. Biasana doa ti Nién mah sok matih. Miss you!” Bari ngetik, biwir ngarenyu. Nyipta manéhna, nu tara tinggal tina humorna, tina isengna jeung tina kanyaahna. Manéhna nu salila ieu marengan unggal scene tina kahirupan. Ti mimiti balég tampélé nepi ka dina sirah geus mimiti renung ku silalatu. Teu weléh aya, teu weléh ngaweuhan. Dayagdag nyarandé, asa rada nyesek ambekan téh. Héadsét diantep ngagegembrung. Panon peureum. Bréh péta dunya, Paris jeung Louvre, Granada jeung Al Hambra, Venesia jeung gondola. Tempat nu pernah kasaba jeung lalaki nu dipikacinta. Dimana anjeun ayeuna, Ar? Naha teu inget ka nu nungguan nepi ka huisan? “Bodo Nién mah. Nu kitu ules ditungguan. Boa moal balik deui, keureut ceuli ucing mun si Ar datang keur didinya. Tong percaya ka seniman. Cintana instan, loba cinlokna, loba bohongna, loba jangjina bari kabéhanana bullshit!” Marina sobat basa kuliah meni perténgtang. Omongan dua taun kalarung, basa Ar ninggalkeun kuring sanggeus paheut dihijikeun ku tali pasini. Aya cingcin mata berlian jeung lukisan anyelir kayas nu ditinggalkeun, bareng jeung haté nu beuki lila beuki peurih.. Jul-jol nu datang. Ngawurkeun mamanis jangji jeung ungkara cinta. Nu dibawa ku Mamih, ku duduluran, ku babaturan. Nepi ka Ray pisan, kayid terus terang hayang mileuleuheungkeun. “Keun wé apal modal ogé. Urang nikah wé yu? Ray teu téga ningali Nién gering haté.” Ngan dibales ku gideug. Teu gampang mikacinta téh. Teu bisa kitu waé pipindahan ka unggal haté. Nyaan, teu bisa keur kuring mah. “Nién, cenah aya jangji jeung Om Pri. Geura siapsiap atuh. Rék dianteur ku Papih atawa ku Mang Jana?” Mamih teu kanyahoan geus aya dina tétécéan hambalan pangluhurna. “ Dé nyalira wé, Mih. Sakantenan aya péséreun ka BEC.” “ Nya heug atuh, kadé nyetirna. Hariwang puguh, sieun ngadadak migrén di jalan. Puguhkeun ka dokter, iraha jadwal MRI-na.” “ Moal lah. Insyaallah teu nanaon da. Muhun, sigana mah dipercepat wé. Tos ampir teu kiat nyerina ayeuna mah.” Soca Mamih neuteup bangun ngungun. Laju nyampeurkeun, gabrug kana awak. Teu kuhanteu kalah dimandian ku cimata. “ Mamih ngadudu’a, unggal tas tahajud tas solat. Manteng ka Allah, neda ulah aya nanaon. Sing teger. Turut sakabéh saran dokter. Padahal mending dianteur ku Mang Jana, Mamih hariwang.” Lah meni asa enya pisan jadi jalma geringna téh. Kamamana teu weléh kudu dijajap. Ku Papih, Ku Mang Jana, ku Adri atawa ku Réstu. Ngaririweuh. Da mun teu kuat mah tara hayang indit-inditan sakumaha perluna gé. Numpi wé di kamar ieu. Tempat nu ngahaja dibebetah ku Papih. Cenah matak ngahaja dipangnyieunkeun tempat ngotrét nu husus téh ngarah kuring betah nyieun karya. Kuring nu popilér geus nambahan seungit kana ngaran kulawarga. Mézanine ukuran sapuluh ka sapuluh. Teu maké kamar, ngablag wé. Di salah sahiji juruna tempat tidur King sizé tina bahan beusi tempa disepréan ku satén direndaan. Saur Mamih mah ngarah ngeunah ngalamunna ari keur ngotrétkeun ungkara nu romantis...haha, aya-aya waé. Lomari buku nu metet ku ratusan judul novel, kumpulan carpon, kumpulan sajak jeung kumpulan fiksimini basa sunda, genre anyar nu keur meumeujeuhna dipikameumeut ku nu resep kana sastra. Sababaraha énsiklopedi, buku –buku agama, politik, hukum jeung ékonomi nepi ka téhnologi. Mun lain kuring nu meulina, pasti Papih jeung Ray. Lampu kristal ngagantung di tengah-tengahna.
  • 22. Cenah mah kaideuan ku salahsahiji carita dina carpon kuring nu ngagambarkeun mézanine siga kitu. Ah Papih mah kacida, deudeuh téh meni bébéakan. Abong ka anak awéwé hijihijina. Atawa pédah alesan lain? Da ayeuna mah mun nyium kana tarang pareng naék rék ningalikeun kuring nulis téh maké jeung katara carinakdak. Héadsét dilaan, laptop di standby. Bolay deui namatkeun téh. Pira sababaraha lambareun deui. Novel kaopat nu asa panglilana digarap. Teu kalis ku niis atawa indit sorangan ka tempat-tempat nu aréndah. Ideu téh asa hésé pisan ditéwakna. Pikiran mindeng teu mokus. Kosa kecap asa lup-lep laleungitan. Nepi ka sering nge-blank pisan. Mindeng asa heneg, aral pédah kadieunakeun mah asa hésé hayang konséntrasi téh. Loba poho, loba teu nyambung. Padahal tina lalampahan jadi novelis, nu tilu mah best seller. Acan carpon anu bacacar tur rata-rata petingan. Jadi asa teu pantes mun nu ayeuna kudu magol téh. mukaan medrec. “ Nanti kita lihat hasil MRI. Teu tiasa kitu waé ngadiagnosis. Mung...” Ngarenghap, terus nutupkeun map. “ah, tapi kita lihat saja nanti nya? Oké, dua dinten ti ayeuna wé, Kemis nya? Kita ambil tindakan. Teu nuju sibuk pan?” “Kaleresan henteu.” “Oké, rupina kedah rada ngebut. Kumaha novelna tos tamat? “Teu acan. Nyaéta asa teu tiasa konsén. Jabi sok ngadadak lungsé. Dupi éta MRI tukang médis, tapi kuring apal alat ieu téh gunana keur naon. Salila ieu kacurigaan teu nyoko kana hal éta. Teu hayang pesimis, teu hayang négative thinking. Dibangbrangkeun ku nulis, ku aktif dina pagelaran-pagelaran. Milu saba sastra. Aslina hayang poho. Tapi ku rasa nyeri nu teu katahan, ahirna éléh ogé. Wani néang dokter. Kabeneran sobatna Mamih pisan. Om Priadi, ahli bedah. Konsultasi méh unggal usik. Nepi ka pamustunganana kudu nepi kana proses MRI. téh sami sareng CT Scan?” “Bénten, Magnetic Resonance Imaging atanapi MRI mah prosésna nganggo mahnét. Pami Computerized Tomography atanapi CT Scan mah nganggo sinar X, rada karaos nyeri. Kanggo kasus Nién mah, langkung saé nganggo MRI, supados pencitraanna langkung akurat. Jabi langkung nyaman.” Om Priadi ningalikeun gambar sababaraha alat nu disebutkeunana. Bulu punduk ujug-ujug carengkat. Da enya gé teu boga kasang Kaluar ti rohangan praktek dokter, hp nirilik. Telepon ti Ray. Tadi geus jangjian rék maksi. “ Tos bérés?” Sorana ngoncrang. “ Atos. Ieu badê ka parkiran. Kamana heula ayeuna?” “ Tepang di Purnawarman wé nya? Sanés badé ka BEC? Ké maksi didinya wé, oké?” “Oké. Nién otw ka tékapé.” Barang sup kana mobil laju ngahurungkeun mesin, sirah jol nyanyautan. *** Om Priadi ngaberenyéh imut basa kuring asup. Jung nangtung, ngasongkeun leungeunna ngajak sasalaman. Terus nunjuk kana korsi di hareupeun méjana. “ Kumaha ayeuna karaosna? Landong tos séép pan?” Cenah bari leungeunna mukaan map eusi medical record. “ Skala nyerina naék, Om. Vertigo mingkin sering, katambih sok aya sebel. Sareng asa beuki hilapan bari sesah konséntrasi. Boa Alzheimer, atanapi dementia?” Om Pri neuteup rada lila. Lengeunna eureun Paingan Mamih hariwangeun. Da jeung enyana, karasa nyeri deui. Ngalieuk gé ampir teu kuat. Mangkaning obat can ditebus. Mesin dipareuman. Awak nyarandé kana jok, duh... teu puguh rasakeuneunana. Moal pibalégeun mun kudu nyetir sorangan mah. Kop kana hapé. “Ray, jemput wé ka Dago. Teu kiat nyeri mastaka deui.” Nu ditelepon bangun reuwas. Nitah cicing, istirahat dina mobil. Boa bener panyakit téh sabenerna mah éta. Nu dipikahariwang ku saréréa sok sanajan papada teu betus. Teu hayang nyaritakeun. Jarempé, ngan nitah gagancangan wungkul konsul ka dokter. Tapi karasa pisan, nu ngabaretem téh ngemu kalewang nu kacida. Sok karasa aya kasedih, mun pareng digabrug ku Mamih. Mun kuring keur ngalempréh katarajang migrén. Adri jeung Restu nu sok sagala merhatikeun. Sagala keur Tétéh. Nganganteur mun pareng salsé. Atawa Papih nu ngahaja nunggguan kuring nulis bari maca buku na sofa. Sok bari ngarérétan tina selang-selang maca téh. Bangun lewangeun naker. Sababaraha jongjongan peureum bari ngararasakeun kanyeri. Boa moal lila deui... “Nién sayang...” Sora nu halon ngagilisir kana pangreungeu. Panon muka, Ray keur neuteup bangun hariwang. “Tong cios ka BEC atuh nya? Uih wé. Yu dijajapkeun. Mobil mah ké dicandak ku Mang Jana, tadi tos ditelepon.” Leungeunna ngusapan kana sirah bangun deudeuh. Karasa pisan kanyaahna. Weningna lir cai talaga nu ngagenyas hérang. Ray, kanyaahna teu ka- Manglé 2457 21
  • 23. tumpangan ku cinta, moal matak patah hati, moal nganyerikeun. Nyaah siga ka dulur pet ku hinis. Nu milu ceurik mun kuring ceurik, milu tunggara mun kuring dikakaya. Nepi ka Imah. Mamih bangun nu keuheul pisan. Pok deui pok deui nganahanaha bet indit sorangan. “Matakan tadi teh dianteur ku mang jana, sok bedegong da,” cenah bari ceg kana obat nu geus ditebus ku Ray. Song dibikeun jeung caina. “Kedengkeun wé, Nién. Tong waka tulas-tulis, boa sawaréh tina radiasi layar monitor. Eureun heula. Reus wé tong loba pikiran.” Teu ditémbal. Da kitu Mamih mah mun aya kahanjelu téh sok terus wé néngtéréwélang. “Geura uih deui ka kantor. Nién mah teu nanaon da.” Nu nyimbutan bari memener bantal imut deudeuh. Nyepengan kana dampal leungeun. “Tong ngahariwangkeun atuh, Geulis. Pami kieu waé Ray moal tenang. Sok geura bobo. Ké wengi dilongok deui.” “Nuhun, Ray. You are the best...” Ray imut, nyium kening terus ngusap kana pipi. “Dikantun...sing tibra.” Moal bisa tibra. Nu nyanyautan dina sirah jeung dina haté beuki karasa antebna. Ar, anjeun dimana? Ieu Nién keur sakarat. Naha teu nepi geter sono, geter kanyeri ieu kana haté anjeun? Kapan cenah ngan haté jeung haté nu nepungkeun sakabéh kereteg asih nu nyaliara. Atawa sabenerna anjeun geus euweuh didinya? Dina galeuh sanubari nu teu weléh micangcam? Anjeun geus hiber jauh, lain ragana wungkul, tapi jeung haténa nu kungsi dititipkeun sangkan dirumat nepi ka sirungan. 22 Manglé 2457 “Kapan haté mah tos dikantunkeun dina hate Nien. Keun raga mah tiasa nyangsaya dimana wae. Kapan Nién terang Ar mah teu resep katalikung. Sing percanten.” Sms na nu pamungkas samemeh ngahiang. Nepi ka ayeuna euweuh raratanana. Lain teu hayang mapaykeun, tapi teu kapaluruh. Siga tilem diteleg ku mangsa nu teu nyata. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Nien satia kana cinta. Bari asa beurat ku jangji rék ngarumat haté anjeun. Lain perkara gampang keur mupus sagalana. Waktu nu geus diliwatan ku urang duaan, teu bisa kitu waé dibaékeun. Aya rasa nu kacida antebna nepi ka teu bisa pukah, hayang tetep mikanyaah. Teu paduli gogoda sakitu noyégna. Ayeuna, dina kaayaan lewang dirobéda kahariwang ku panyakit, nu satia kalahka Ray. Sobat urang. Lain anjeun, nu sakuduna mah aya didieu méré kakuatan. Méré énérgi sangkan Nién wani berjuang ngalawanna. Dimana anjeun, Ar? Di Saint Tropez, ulin di basisir jeung Brigitte. Cinta munggaran nu teu bisa dipopohokeun? Atawa geus di Nashville, laju ka Los Angeles? Ngudag impian nu leuwih gedé manan ngahénén dina haneutna katresna ti Nién? Teu nanaon. Nyaan moal dihalangan, tapi datang heula kadieu. Jadi heula satria nu wani balaka nyebut teu butuh deui ku cinta. Sataun ieu Nién ngararasakeun kanyeri nu taya papadana. Diganggayong ku panyakit nu can karuhan naon ngaranna. Tapi teu weléh-weléh aya waktu keur anjeun. Ngahiap ngagupay, sugan inget kana jangji. Sugan aya saeutik tanggung jawab keur méré kacindekan. Nién moal maksa, da cinta mah moal bisa dipaksa. Tapi béréskeun heula ieu rasa. Bawa deui haté anjeun anu kungsi dititipkeun. Sakali deui, Nién hayang anjeun datang, gentle menta hampura bari wakca geus teu mikacinta. Gampil pan? O 2 m Priadi ngahaja datang ka imah. Poé minggu ngarah keur ngumpul cenah. Aya nu rék ditepikeun. Kabéh siap, kaasup Ray nu datang ti isukisuk miheulaan Adri jeung bojona. Réstu gé ngabolaykeun jangji jeung bébénana. Ngariung di taman tukang, dina gazébo nu lega luhureun balong. Tidinya atra kana balkon tempat kuring mun keur nulis. Panto jeung jandelanana nu teu weléh muka, jeung vitrase nu gegeleberan katebak angin ciri mun kuring keur teu kamamana. Digigireun gazébo aya tangkal flamboyan nu kembangan. Burahay mawa hégar. Ngobrol can ngaleunjeur. Lolobana heureuy. Daria mun ngomongkeun pulitik, karesep Papih. Da puguh guru besar ilmu politik. Atuh kabéh gé ngan bisa semet ngalokan. Lalawuh nu euyeub jeung citéh haneut maké gula batu marengan riungan nu siga macangkrama. Sanggeus sababaraha jongjongan, Om Priadi ngarongkong kana tasna. Ngaluarkeun léptop jeung map plastik. Kabéh jempling. Ieu nu bakal jadi goongna. Kabéh nungguan bari mencrong ka nu keur ngahurungkeun léptop jeung mukaan berkas. Teu Lila Om Pri melong ka kuring, terus mapay ka nu diuk hémpak bari panasaran. “Ieu hasil MRI, hasil biopsi sareng hasil lab.” Ngarénghap, terus malikeun léptop sina katingali ku saréréa. “ Ka orang-orang nu mengerti, nu berpendidikan, hasil sapertos kieu memang kédah didugikeun saayana. Margi biasanya open minded dan tidak émosional. Diagnosis yang sudah ditegakkan, Glioblastoma Multiforme. Langka pisan, but it happened to you, Nien.” Om Priadi muka kacamatana. Neutep anteb pisan. Geus biasa deui meureun, nepikeun hal nu pikasieuneun ge ekspresina datar. “kanker otak stadium empat,” cenah, sorana rada laun. Mamih ngajerit, nyangsaya dina rangkulan Papih. Ray nangkeup kana awak nu ngadadak leuleus. Tapi , sing demi teu hayang ceurik, geus euweuh piceurikeun, salila ieu geus diambéng unggal karasa nyanyautan, unggal asa diteungteuingana ku Ar nu teu méré iber. Asa leuwih alus kieu. Ngarah téréh lastari. Panyakit nu kieu panggampilna mapag pati. “Itu bad news-na. Aya good news yang bisa membuatmu bertahan. Radiography , for the first step. 5 sampai 8 minggu. Pami teu mental, dilteraskeun ku kemoterapi. Don’t worry, you being a survivor.” Om Priadi deui-deui nyaritana tatag. Teu siga-siga keur nepikeun hiji hal anu beurat tur pibahayaeun. “éta matakna Om Pri teu hariwang. Seueur nu katulungan. Asal énggal ditangani. Kita takkan kehilangan apapun jika mampu berkejaran dengan waktu. So, let’s make a plan.” Tidinya dimimitian jadwal radiography. Piligenti nu nganteur. Nu daratang milu sungkawa. Nu ceurik mangkarunyakeun. Gering nu matak lewang. Kana taneuh kuburan boa ukur
  • 24. sababaraha léngkah deui. Da saha nu ngajamin bakal bisa survive. Mindeng ceurik dina simpéna peuting mangsa waktu ngagayuh ka janari. Bari maksakeun manéh ngetik, hayang méréskeun karya panungtungan méméh palastra. Hayang jadi monumén asih keur Ray. Sobat nu kacida satiana. Buuk nu geus maruragan ti méméh didiagnosa, kiwari geus mingkin ipis. Épék radiography geus mimiti karasa. Sebel, jeung leuleus. Otak hésé dibawa mikir. Naha bet tumiba ka diri? Sakabéh nu ceuk batur sampurna horéng dipungkas ku jadi wadal kanker otak. Siga nu rék sampurna pisan hirup téh. Ngora, sohor bari térhormat. Tapi kudu jadi tawanan cinta jeung korban kanker. Kudu mungkas kahirupan ku kasedih. Pati... maot, kecap nu tara ieuh aya dina pikiran. Salila ieu asa rék lila nyeuseup madu kahirupan, asa rék terus laju kana umur limapuluh, genepuluh, tujuhpuluh nepi ka dalapanpuluhan siga Éyang. Jagjag kénéh nepi ka ayeuna. Tapi geuningan dina umur karék nincak tilupuluh dua geus dicandet ku glioblastoma. Keueung...asa hareupeun, asa isuk rék ninggalkeun karaméan. Ninggalkeun Mamih jeung Papih nu kacida deugdeuhna. Adri, Réstu. Ray ...Ar? Ah, baé Ar mah, mending gé ditinggalkeun. Sina kaduhungeun bongan geus ngalalaworakeun. Lalaki teu bener, teu tigin kana jangji. Teu tanggung jawab...hanjakal kuring kacida bogoh ka manéhna. Ngangin bari mencrong purnama nu gumawang. Tina korsi di balkon, ngeueung ngan dibaturan ku Dying Young tina stereo set. Loba nu can kaasaan. Tempat- tempat nu can kasaba. Kahayang nu can kasorang jeung pasini nu can ngajadi. Kabéhannana peunggas di tengah jalan. Teu karasa cimata merebey. Mun aya Ray mah pasti digeubiggeubig taktak téh. Teu meunang cengeng. Ceurik meunang tapi ulah pondok pangharepan. Kudu daék ngalawan, da loba nu bisa ngéléhkeun kanker mun daya juangna kuat mah. *** Isuk-isuk Ray geus datang. Siga aya nu rék ditepikeun. “Nién, Ray tos ngabolaykeun acara sasih pébruari,” cenah. Kuring hareugeueun, reuwas pisan. “Naha? Kunaon Ray? Diundur atanapi dimajukeun?” “Dipundurkeun kana waktos nu teu tangtos iraha-irahana.” “Maksadna?” “Ray hoyong ngaréncangan Nién. Salamina. Atanapi paling henteu dugi ka séhat deui.” “Har..naha dugi ka kitu. Kapanan hal éta mah teu kédah ngaganggu kana kahirupan pribadi dirimu..ih. Bébas wé. Naha maké kédah dipénding. Karunya ka Anggi atuh. Tong kitu ah. Saatnya membahagiakan dirimu, Ray.” “Ray tos ngabébaskeun Anggi. Please, tong naros kunaon.” “Ray?” Kuring gogodég, weléh teu ngarti. “badé nurutan Ar? Janten lalaki nu jalir jangji? Ngabedokeun kana acara nu tos paheut siga kitu. Nién teu satuju, apapun alasannya!” “ Anggi nu bendu, timburuan. Ti kawit Nién dina perawatan, hubungan tos teu saé. Ah, tos teu kedah dibahas. Ayeuna seluruh waktuku untukmu.” Leungeunna ngaranggeum kana réma. “Ray hoyong ngagentos posisi Ar. Kénging?” “ Aduh, Ray...tidak semudah itu. Cobi tingali, Nién siga naon ayeuna? Pias, dugul, celong, begang...I’m dying, Ray. Teu aya harepan..” Kuring carinakdak. Sugan teh moal kadinya loyogna. Teu karampa saeutik ogé. Enya Ray nyaah jeung béla pisan, tapi mun nepi ka kieu mah asa teu kacipta. “Oké, Ray moal maksa. Tapi ti ayeuna kapayun, Ray nu ngajaga Nién. Dina kondisi kumaha waé.” Cenah bari ngoprék gadgetna. Song ka kuring. Ti portal berita langgananana kabaca , Nge-jam bareng Slash, dream come true bagi Ardhana. Seorang gitaris mumpuni yang berhasil Go International. Kini Ar tergabung dalam sebuah grup Band besutan Sony Music. Dan selayaknyalah kita ikut berbangga hati, ketika seorang anak muda mampu meraih impiannya dan turut mengharumkan nama bangsanya. Oke, good luck, Ar. Dan siapa tuh bidadari bermata biru disampingmu? Teu hayang neruskeun. Gadget diasongkeun deui bari leungeun ngeleper. Jajantung ratug tutunggulan. Gustii...paingan poho kana jangji. Horéng manéhna geus aya dina dahan nu pangahirna rék naék kana pucuk daun pangluhurna. Moal ngajak nu ngaranna Nién, kapan disabudeureunana awéwé blondie nu panonna biru siap meupeus hanaangna. Ceurik dina taktak Ray. Ngabudalkeun sakabéh kapeurih. Geus jelas ayeuna mah, euweuh deui tungguaneun. Ar geus moal balik deui. Boa ingeteun kénéh ka nu dua taun gering nangtung ngalanglayung. “ Please, forget him!” Ray kekerot. “teu sakedahna Nién dikakaya siga kieu. Ké aya promo albumna di Jakarta. Cuang udag. Mun perlu patutunggalan. Ray siap ngabéla Nién. Tingalikeun wé!” Awak nu keur ambek karasa ngageterna. Teu kitu kumaha, Ray apaleun kumaha Ar ngungudag kuring ti keur kuliah keneh. Ari geus beunang bari geus tunangan, ditinggalkeun. Om Priadi kacirina hariwangeun pisan. Enya gé teu togmol dibejakeun kumaha progrésna. Tapi tina paromanna jeung petana mun ngobrol jeung Papih, bisa kabadé kumaha kaayaan nu sabenerna. Karasa pisan sagala nyirorot. Buuk mah geus lénang, awak rangkebong. Panon geus teu pati awas. Pangreungeu kacida ngurangannana. Leungit Niéna Noor Rahmania nu ceuk batur mah geulis, nu buukna panjang kandel. Nu awakna sampulur. Eta lahiriahna, geus ampir teu nyesa, disasaak kanker otak. Nepi ka eusi pikiran oge lalaunan laleungitan. Remen pisan mun sarapan isuk-isuk, soca Mamih carindul. Duh, bet kalah ngadoréksakeun ningan. Mun kieu, asa hayang téréh-téréh palastra. Geus euweuh kahayang berjuang. Geus leungiteun sumanget. Geus bosen ngadekul kudu ditérapi bari ampir euweuh hasilna. Ray beuki dokoh, unggal usik datang, ngabaturan atawa mangmawakeun sabangsaning kadaharan karesep kuring. Teu sirikna dihuapan ngarah kuring daék. Da kapan geus ampir euweuh napsu kana dahareun téh. Ayeuna mah sigana kari nganti-nganti dawuh. Leumpang geus kudu dituyun. Mun hayang lila ngalong sok diuk dina korsi roda. Ngarah teu kudu ngahésékeun nu di handap. Sirah nu dugul ditutupan ku tiung. Geus teu hayang ngaca. Da pasti geus teu mangrupa, masing Ray hayoh nyebut beuki geulis gé. Geulis timana horéng. Panon nu cureuleuk cenah, ayeuna pasti buncelik ditambah ku celong, sakurilingna harideung balas karacunan ku obat jeung insomnia. Hudang ti Jam tilu kénéh. Sanggeus tahajud jeung solat subuh ngahaja nungguan balé- Nyambung ka kaca 38 Manglé 2457 23
  • 25. P uriding Puringkak Nu Cinekul dina Tunggul G eus kajadian deui baé nu cilaka lebah Sasak Cihonjé téh. Peuting tadi cenah Si Pandi jeung Si Jana, baroncéngan kana motor, gedebut labuh. Duanana kapaksa kudu dibawa ka rumah sakit da taratu. Meujeuhna, tibeubeut satakerna. Untung kitu gé teu nepi ka tiwas. Geus moal boa nu ngalantarankeun cilakana téh bongan borangan. Enya, borangan ngaliwat ka lebah dinya da geus méh dua bulan urang Lembur Cihaur ibur, cenah lebah Sasak Cihonjé téh sok aya jurig nu cinekul dina tunggul. Teuing tunggul tangkal nanahaon nu sidik perenahna deukeut sasak lebah Walungan Cihonjé. Demi éta sasak téh ayana di jalan antara lembur Cihaur jeung Cidadap. Padahal teu jauh ti lembur boh ti Cihaur boh ti Cidadap, malah kaasup jalan hirup sapoé sapeuting. Tapi jelema téh pada-pada sieun ngaliwat ka lebah dinya, pangpangna ti peuting. Iburna béja sok aya dedemit nu cinekul dina tunggul téh satutasna aya kajadian nu matak ngageunjleungkeun, lain baé keur urang Cihaur jeung Cidadap, malah nerekab ka mana-mana da apan disiarkeun dina tipi jeung koran boh lokal boh nasional. Enya, dua bulan ka tukang, urang Cihaur génjlong duméh di Walungan Cihonjé, handapeun sasak kapanggih aya layon awéwé. Pakéanana rangsak, awakna 24 Manglé 2457 Ku Féndy Sy. Citrawarga raca balas nublesan ku péso. Mang Toyib nu mimiti manggihan téh. Harita, manéhna teu tahan hayang setor. Turun tuturubun ka lebak. Manéhna kacida reuwasna barang nénjo aya layon awéwé kira umur duapuluh lima taunan. Éta awéwé téh lain urang dinya, tapi urang lembur jauh. Tayohna dipiceun ku nu mergasana ka Walungan Cihonjé keur miceun salasah. Orokaya lalawora, dipiceun kitu baé da meureun rusuh. Kadieunakeun, sanggeus pulisi nalungtik saha-sahana éta awéwé jeung saterusna ramé diwartakeun dina rupaning média, kapanggih wéh jati diri éta awéwé nyaéta pembantu rumah tangga. Demi nu boga talajak durjanana anak dununganana. Si pembantu téh diheureuyan ku anak lalaki dununganana nepi ka rahimna aya eusian. Dumuk kitu, si pembantu menta tanjakan, hayang dikawin. Orokaya si kasép cunihin téh batan daék tanggung jawab mah kalah malik nyégag. "Moal enya aing kudu kawin jeung pembantu!" "Heueuh naha atuh ngaheureuyan?" "Ah...da bonganna!" Cindekna mah si jalu nu teu daék tanggung jawab téh kéképéhan. Si pembantu keukeuh ménta tanjakan hayang dikawin da meureun lamun colénak teu dikalapaan mah matak wirang di kolong catang. "Lamun aing teu tang- gung jawab?" ceuk si lalaki teu euleum-euleum, éstu taya rasrasan. "Ah béjakeun wé ka kolot di dinya atawa dilaporkeun ka pulisi," témbal si pembantu teuneung. Tuman, kudu diwarah. Ceuk pikirna. Nya ti dinya si budak lalaki téh ngayakeun tindakan. Manéhna api-api léah tur jangji rék ngawin. Harita kénéh ngajakan nepungan kolot si pembantu rék nanyaan. Tarumpak mobil. Di satengahing jalan, si pembantu dipergasa nepi ka tiwasna, terus layonna dikunclungkeun ka Cihonjé. Gujrud wéh urang Cihaur jeung Cidadap téh. Mimitina ukur ngaromongkeun nyeceléh kalakuan lalaki nu teu daék tanggung jawab, malah kalah dipergasa éstu taya prikamanusaan pisan. "Meujeuhna dihukum gantung gé," ceuk nu nyarita. "Nya heueuh. Méméh digantung, si ontohodna peuncit kuriling sing nepi kasapat!" "Karunya ka awéwéna kami mah kudu nyorang nanasiban nepi ka kitu!" "Salah sorangan bet daék dikoroméoh!" "Taksiran lain dikoroméoh, pada-pada suka. Buktina pondok jadi orok panjang jadi budak tah!" Ger sareuri. Ramé wé pokona mah nu nyarita téh. Na atuh teu kungsi lila wangkongan téh jadi ngagésér kana bab gerengna Sasak Cihonjé. Cenah aya nu ngawénéhankeun sok aya nu cinekul dina tunggul, terus kadéngé ceurik ngawiwiw bangun kanyenyerian. Tah béja nu ieu mah jadi beuki harus alah batan goong. Témahna kacida mangaruhan balaréa. Enya, siga Si Pandi jeung Si Jana anu labuh tina motor bakating sieun ngaliwat ka Sasak Cihonjé. Minggu tukang Mang Parta jeung Bi Piah, tas nempo nu gering ti Cidadap kapoékan. Padahal harita téh can peuting-peuting teuing, kitu lah kira saparapat jam deui ka adan isa. Bi Piah labuh tikedewet kana samping nu dipaké laka-léké. Nyaéta kalah lalumpat basa nyorang Sasak Cihonjé téh da cenah sidik aya nu cinekul dina tunggul. "Sidik aya nu cinekul," ceuk Mang Parta. Nya teu majar kumaha ari kitu béjana mah balaréa wuwuh beuki yakin. Temahna nya loba nu cilaka ku polah sorangan. Pajah téh moal néangan jurig nu can karuhan, sidik nu sok cinekul dina tunggul téh arwah awéwé pembantu téa. Kitu omongan balaréa, anging jalma nu imanna wedel, anu teu gampang kapangaruhan ku béja nu ukur ceuk jeung cenah. Siga RW Adun, manéhna mah teu percaya kitu baé kana omongan jelema, masing Mang Parta di hareupeunana kungsi susumpahan cenah teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata sidik aya nu cinekul, siga awéwé, buukna ngarumbay. "Naha atuh lain ditanya?" ceuk RW Adun.
  • 26. "Naaa...ari RW, kumaha mun ngerekeb. Boro-boro hayang nanya, sidik sieun mana lumpat gé, Bi Piah nepi ka labuh tikedewet kana samping nu ngaléké," témbal Mang Parta bari buluhambéléhém. Lian ti RW jeung nu nyaho kana bag-bagan agama, Si Sarwati deuih nu teu kapangaruhan ku béja pikasieuneun kitu téh. Enya, Si Sarwati, awéwé gélo anu saenyana matak pikawatireun. Umurna sapantaran sigana mah jeung awéwé nu tiwas téa. Nasibna ogé sarua dinyenyeri ku lalaki. Bédana, Si Sarwati mah kanyenyerian duméh harita geus sapuk rék ka balé nyungcung, bébér layar tarik jangkar rék laki rabi. Kolotna geus cakah-cikih sasadiaan rék ngawinkeun, na atuh pisaminggueun deui rék kawin aya awéwé ngangais budak ngontrog. Cenah manéhna téh pamajikan pisalakieun Sarwati anu ngakuna mah bujang kénéh. Atuh puguh wé Si Sarwati ngajenghok, saterusna kagegeringan, nepi ka gélona. Malah kolotna nepi ka hanteuna pisan, kaleleban ku nasib anak. Sarwati gawéna langlang-lingling, saréna di mana waé, tapi barangdaharna mah sok padaméréan ku dulur barayana jeung nu haat. Mun keur jadi sok jejeritan, laju ceurik ngadingdiut, geus kitu iirihilan. Hadéna tara ganggu, anging lamun padangaheureuyan sok malédog. Ku kajadian aya layon awéwé téa, Si Sarwati mah teu nyaho-nyaho. Enya teu kapangaruhan. Ngaranna gé nu teu jejeg ingetan. Mun walagri mah sarua baé jeung balaréa. Ku mindengna kajadian nu carilaka lebah Sasak Ci- honjé, RW Adun kageuing atina keur nengtremkeun warga sangkan ulah percaya kana ayana béja nu can pasti. Najan enya Mang Parta geus yakin ningali aya nu cinekul dina tunggul, boa éta mah ukur téténjoan. Tapi keukeuh jelema téh leuwih pecaya kana omongan Mang Parta batan RW. Atuh saged RW Adun hayang ngabuktikeun sorangan boa naon anu dicaritakeun ku Mang Parta téh bener, najan Sasak Cihonjé!" RW Adun ngajéntrékeun. Nu duaan ngembang kadu, laju silih pelong. "Ngilu hayu, moal ogé kudu ngilu. Lamun henteu saragam hansip kudu diudaran!" ceuk RW Adun, neukteuk anggeus. Teu majar kumaha antukna nu duaan nurut da lebar ngécagkeun kalungguhan hansip mah. Peuting éta hawa kacida tirisna da soréna tas turun hujan. Langit caang mueusan Anjog ka lebah Sasak Cihonjé, nu tiluan mimiti ngeteyep. "Ssssst...!" RW Adun méré tangara sangkan eureun. Gebeg, remeng-remeng katara dina tunggul tétéla aya nu cinekul, siga awéwé da buukna ngarumbay panjang. Disingray-singray, laju disaliksik. "Hihihihi.......," cikikik seuri. Ngadéngé kitu, Hansip Odoy jeung Ukat ngagabrug dina haté leutikna mah cangcaya. "Aya proyék, rék ngilu?" ceuk RW Adun ka Hansip Odoy jeung Hansip Ukat. "Jih, puguh wé arék mah," témbal Hansip Odoy, gasik da proyék-proyék kitu mah pasti piduiteun atuh. "Proyék naon Pa RW? Hayu, asal puguh ieuna wé." Giliran Hansip Ukat nu némbalan. Kituna téh bari ngadukeun jempol jeung curukna. "Proyék néwak jurig nu sok cinekul dina tunggul da bulan geus némbongan najan ukur sapotong. Nu tiluan tingkulunu muru Sasak Cihonjé ninggalkeun Lembur Cihaur. Ti jauhna kadéngé anjing babaung, nyengkatkeun bulu punduk Hansip Odoy jeung Ukat. RW Adun leumpangna ti hareup, demi nu duaan pagégéyé siga jeung kabogoh, ramo-ramona pacantél pageuh, sieun papisah. Bulu pundukna karasa tingsariak, bujur ngompod, késang badag késang lembut kalaluar. awak RW Adun bari jajantungna ratug kacida. "Wé, hayu balik!" haréwos Ukat. Jurungkunung nu cinekul hudang. Gék deui diuk, cikikik seuri deui matak sawan nu keur ngintip. RW Adun ngageubigkeun awak nu duaan. Keteyep ngadeukeutan nu cinekul. Teu antaparah, kerewek ditéwak. "Hihihihi.......ampun Aa, ampuuun......!" Si Sarwati ngagéréwék ampun-ampunan. *** Manglé 2457 25
  • 27. C arita Heubeul Ku M.A. Salmun { 26 } N epi ka golodog, Nyi Demang kakara ngomong, ari Nyi Piah teu aya rengkuh-rengkuh jiga rek munjungan. Nyi Demang: “Kabeneran Piah, maneh aya di imah, puguh kami ngahaja ka dieu aya perlu. Jiga rek indit, geus dangdan.” Nyi Rapiah: “Henteu kaleresan, abdi parantos ti kamari ngantos-ngantos gamparan. Mangga di lebet lalinggihna.” Bari ngareret ka Si Roda, “Lalaki mah pada lalaki di tepas. Roda, pangakukeun Gan Ali, ari jeung nu salawon mah sok dalit, geura.” Sarerea hookeun ngadenge omongan jeung nenjo pepetaan Nyi Rapiah, pikeun jaman harita mah geus kaitung pohara kasarna. Itu-ieu silih reret padeuleudeuleu beungeut, sasatna di golodog keneh geus kacagap mamaras. Lantaran kagok asong, 26 Manglé 2457 kalacat sarerea arunggah sup-gek di patengahan nu sakitu garenahna tur sareungit matak hegar, sarerea bengong. Teu nyalahan ijiran Nyi Rapiah téh. Nenjo pasangpeta imah téh, agan-agan hatena kincup, rumasa kaungkulan pangaboga, da ngarti, eta téh moal enya bawana Aom Usman, da di Agan Sari ge teu burungherang kitu! Geus ilahar mungguh jalma, ana rajeun téh wani ka nu hina, nu malarat, nu laip, nu bodo, nu hengker. Ari ka nu luhut kutana, gede dunyana mah, beu ... ngulahek! Nyi Rapiah henteu harumpay-harempoy atawa payangkad-poyongkod, tapi bebas merdika pisan, diuk dangah nyanghareupan sarerea, ari Gan Ali daek teu daek kapaksa kapegung di tepas, ti hareup disanghareupan ku Si Roda, ti tukang aya Si Jobang. Nyi Demang anu kakara saumuran h arita nincak imah Nyi Rapiah sanggeus pindah ka dinya, kacida heranna dumeh jiga sagala geus sadia ti tadina, pok nanya: “Maneh téh ngahaja nyampakkeun kami, Piah? Kawas geus nyaho ti tadina?” Nyi Piah dangah: “Yaktos kitu.” Nyi Demang: “Nyaho ti saha?” Nyi Piah: “Ti unggal jalma.” Sarerea kaget jeung asa diheureuykeun, tapi Nyi Demang bisa keneh nahan napsu, pok nanya: “Ti unggal jalma kumaha, manehna ulah ngaheureuykeun.” Serengeh Nyi Piah seuri bari ngadeuleu beungeut pangiring saurang-saurang, dipapay: “Sumuhun, unggal jalma, ongkoh gamparan pisaminggueun deui ka bade ngontrog Si Rapiah téh sirikna teu uar-uar ka unggal jalma, yen palay ngabudalkeun bendu sing puas. Kirang langkung saparona di atawis nu dicandak sasauran, parupulih ka abdi. Eta margina abdi terang.” Para pangiring, urut bareuheuheudeun jeung heran ti barang blus oge acan leler, nejo pasangpeta imah Nyi Rapiah jauh ti sangka ati, heug dipureleng ku pribumi nu teu bangun arisin, ayeuna ngadenge omongan anu sakitu ngagasrukna, atuh teu kaur tengtrem pikirna. Nyi Demang pribadi geus mimiti sentar nenjo peta Nyi Rapiah bangun pohara ludeungna jeung omongan kawas teu make saringan téh, sajalantarahna bae. Nyi Demang: “Lamun enya kitu, maneh tangtu nyaho kana maksud kami pang datang ka dieu?” Nyi Rapiah (bari dangah, berlian dina madalion jeung panitih pating burilak bangun milu ngadelekan); “Kantenan! Gamparan palay nyeuseul laklak dasar ka abdi, palay puas! Gamparan bade masrahkeun serat talak ti salaki abdi, pun Usman anu jahat tea, memang ku abdi diantos-antos, malah bilih kedah digaleuh abdi parantos sayagi piartoseunana, sabaraha?” Kusiwel leungeun Nyi Piah ka handap eun sisi pramedani gigireunana, sihoreng ngaluarkeun pepeten leutik meunang ti awalna mula ngahaja neundeun di dinya, pepeten perak wadah duit emas jeung barang per-
  • 28. hiasan; jepret dibuka, tuluy ngarawu duit emas sacanggeum, bro hareupeun mitohana, keplak nepak samak: “Bilih butuh kanggo ongkos perkawis, pok sebatkeun, sabaraha palay digaleuh téh? Bilih anu nyandakna ti bui kedah dibuburuhan, sabaraha kulianana, Si Rapiah werat keneh mayar!” Nyi Demang jeung para pangiring, asup kana paribasa: “Anjing ngudag datang depa.” Nu tadina bangun galak arek nyontrol teh,a ri jol bet brek bae depa, atuda tadi keneh ge di golodog, Nyi Piah mah geus ngamimitian meupeuh mamaras. Jadi ayeuna teh sabalikna, lain Nyi Rapiah nu dikeupeul, tapi ibu Usman geus beunang mamatihna, kapiheulaan cabar, da Nyi Piah, cek barudak ayeuna tea mah radikal-revolusioner tandangna; buaya gerot kitu. Nyi Demang “undur tukang”: Enya ari rela masrahkeun surat talak mah, tapi da kami mah teu boga karep pupuasaan.” Nenjo anu undur tukang, Nyi Piah teu kireum-kireum nyeungseurikeun bangun ngahaja ngalelewe; “Hihihi, kitu kutan saur gamparan. Sor ayeuna surat talakna, mana?” Ngomongna bari gumeulis ngajangilek, nepi ka berlian dina ceuli milu meureudeuy cara nu milu ngera-ngera. Para pangiring ari dibawa garihal kitu mah tara biasa, kawantu menak, mani balem kabeh, jaba ti Nyi Rangga, kolot perceka, nenjo adi beuteung disedek bari digebot ku Nyi Piah teh niatna mah nulungan: “Ke lanan Enok, alon-alon, Ibu mah sok reuwas ari pating jaleger kieu teh.” Kakara ge sakitu ngomongna, Nyi Rapiah geus nempas: “Nuhun gamparan aya kapalay alon-alon, da eta dina urusan kieu mah nu alon nu ngompod teh matak bobor karahayuan, sareng teu kedah disumput-salindungkeun maksad juragan Demang teh, da sumuhun maksad ti bumi mah aranjeun teh” –bari ditunjuk irungna saurang-saurang— “seja ngaraponan abdi, bade ngahurup ngarentog. Samarukna Nyi Rapiah bade ngejat? Tiasa jadi cacah pantaran Si Jembel Si Kodehel mah serab sarta ajrih ku menak teh, masing ku menak-menak teh diantawisna seueur anu bejad oge! Da sumuhun menak-menak teh diantawisna seuseur anu bejad sapertos pun Usman ...” Nyi Rapiah nyenghap heula, pok torolong deui memeh batur bisa nempas: “Kanggo abdi anu dihormat dipangaosan teh teu cekap ku menak turunan, luhur pangkat, sugih banda, nanging anu luhung budina, nu jembar rasa kamanusaanana.” Bari nunjuk kana panon ibu Usman, satengahna mah “demonstrasi geulang emas sagede cinggir ditaretes berlian pating burinyay siga seuneuan, “Mangga gamparan ayeuna bade kumaha, pok geura nyeuseu. Hayang ngaraosan, ari ngahualkeun panyeuseul menak teh asa naon. Aranjeun anu ngiring, naha caricing bae, ongkoh bade ngarentog ka Si Cacah Si Rapiah, naha agan-agan bet ngabetem bae?” Nyi Rapiah eureun heula, hayang terang kumaha teurakna omongan anu ngaborobot teh. Diukna rada nganseg sapangemokan, nepi ka emas-berlian saayana dina awakna milu nyarita kabeh, mere ajrih. Mun ngagilir tusuk gelungna mani siga kilat wanci subuh. Ari ngomong diatur, henteu gandeng wang-weng-wong, malah kaitung lalaunan, tapi kecapkecapna saengang-engang teh tetela, ngomngna henteu ngagorolong cara kacang ninggang kajang tapi antare, amarah make aweran. Ku lantaran kitu, karasana teh anu anteb asa nanceb, anu neueul matak ceueul, nu ngadarengkeun teh lir anu dipupul bayu. Sarerea estu ning saralah sangka. Disangka rek abus ka imah leutik anu sagalana singsarwa lumayan malah deukeut kana rutak- ratek teh bet jol ka singsarwa megah-mewah matak arisin. Disangka bakal manggih sakitan “anu kampad-kompod kusut bulukusutan, bet nyampak “sakaut” anu dangah mancangah daweung ludeung, tur sakitu tegep-cakep jeung hurung-herangna. Dicipta rek nenjo Nyi Piah acong-acongan nyembah menta ampun bari ceurik bet gok jeung Srikandi, anu nunjuk-nunjuk bari teu euleum-euleum poksang sarta nyeungseurikeun. Hate saha nu teu ngarentet lamun salah sakabeh ijiran? Mamawa pamuk Agan Ali, ngan werat nepi ka tpeas, jaba ti dihapit ku Si Roda jeung Si Jobang teh; teu lila jol deui ti tukang Si Jasim jeung Si Kaer oahoah ti Cikakak kongas gangas barangasan, atuh Gan Ali teh mani peot, sarangahsarengeh seuri maur, komo nenjo hulu siku-siku nolol tina beuteung Si Jasim mah. Lantaran pok deui, pok deui Nyi Rapiah menta surat telak, ibu Usman kusiwel ngaluarkeun surat, bray dibuka tilepna, sok ka Nyi Piah, ku pribumi ditampanan. Nyi Rapiah: “Ieu teh sakieu bae, teu kedah diartosan? Sabaraha?” Nyi Demang: “Teu kudu Piah ari diduitan mah, da kami teu niat ngajual. Ngan aya kajidna saeutik.” “Pok, naon?” ceuk Nyi Rapiah, pondok heureut. Nyi Demang: “Kieu geura. Lantaran manehn ayeuna mah geus teu jadi deui pamajikan anak kami, ieu ge imah nu dicicingan kudu dikosongkeun, sabab Aom mah ngaimahan soteh ka pamajikan.” Ceuleukeuteuk Nyi Piah seuri; seuri mapanas tea aya sari ngalelewe, bari ngomong: “Upami kedah mah nya mangga, abdi ge ku pun bapa parantos diasayagikeun gedong sigrong, teu bade owel ku gubug butut pasihan nu teu rido. Nanging memeh nundung abdi, ieu heula aos.” (hanca) Manglé 2457 27
  • 29. C arita Nyambung Bagian 188 K alayan rerencepan, Putri Budur jeung Hayati Nufus babadamian. Eusina, seja ngadoni ka salakina yén anak téréna geus kitu peta. Tangtu wé arinyana téh sapongkol geusan nyalametkeun diri masing-masing. Ari Koma rujaman, beuki bingung wé. Saméméhna, Putri Budur nu nyaritakeun talajak anak téréna téh. Saterusna, ieu raja ogé narima béja ti Hayati Nufus nu éta caritaan téh teu béda ti nu kaalaman ku Putri Budur. “Tah, kitu kalakuan anak anjeun téh!” ceuk Hayati Nufus dibarung ceurik bangun nu kanyenyerian. Sajongjongan, Komarujaman ngahuleng. Mikir kalayan dibulak-balik. Mimitina aya percaya aya henteu. Percaya, lantaran- 28 Manglé 2457 ana nu nyarita téh pamajikanana nu salila ieu mah tara pisan nyarita bohong. Ari teu percayana, da asa piraku anakna bet bogoh ka indung téré. Mun, enya kitu, hartina geus kacida kurang ajarna, teu ngaharegaan bapa. Rey beungeut Raja Komarujaman beureum. Nyiak lir nu karérab seuneu. Da enya, amarahna gé geus nguntabnguntab. Dina kaayaan kitu, pamajikan nu duaan téh ngadongsok sangkan Komarujaman gancang-gancang ngayakeun tindakan! Sabab, cenah, mun diantep mah bakal mamawa mamala ka karajaan. “Upama salira teu nibankeun hukuman, wios jisim abdi nu badé wawartos ka kangjeng rama,” ceuk Hayati Nufus. Jung Hayati Nufus nangtung. Maksudan teh, indit ti dinya kalayan muru ka tempat Raja Armenos, raja sepuh. Ngan, méméh éta putri ngajengkat, Komarujaman gancang nyabut pedangna! Pok ngagorowok, cenah, keur miceun geugeuleuh di éta nagara, anakna nu duaan téh bakal ditugel jangga ku manéhna sorangan. Komarumajan ngajengkat tina tempatna. Muru pangreureuhan Raja Armenos. Tapi, nu rék didatangan téh geus aya di satengahing jalan, rék nepungan minantuna nu kakara datang ti panyabaan. Gok Amprok di jajaleun nu brasna ka istana kasepuhan. Atuh, raja sepuh téh kacida kagétna ningali Komarujaman nu ngagidir nahan kaambek Pok Raja Komarujaman nyarita. Nétélakeun ucapan pamajikanana boh nu jolna ti Putri Budur boh nu jolna ti hayati Nufus. Barang ngadéngé éta caritaan, Raja Armenos méh-méhan ngagebru, bakating ku lim- bung. Untungna kaburu diangken ku pangiringna. Brék nu araya di dinya téh dariuk. Teu loba nu diomongkeun iwal ti sual ngahukuman Amjad jeung Asad téa. Raja sepuh mémang satuju nibankeun hukumnana naon waé ogé, lantaran nu boga kalakuan kitu mah, teu payus dibéré kasemptan hirup. Ngan, da paguh raja sepuh, angger teu leungit ti temah wadi. Pok wéh nyarita, karep Komarujaman nibankeun hukuman, teu sing salah, da mémang kitu kuduna. Tapi, bakal kacida salahna deuih lamun pondok pikir teu jauh jeujeuhan keur ka hareupna. Lian ti nyarita kitu, Raja Armenos gé nyarankeun sangkan mun téa mah, incuna rék ditelasan pati, atuh ulah ku raja pribadi. Da, sagalak-galakna macan tara ngahakan anakna. Atuh, kitu deui najan kalakuan barudakna nyata-nyata némbongkeun talajak nu
  • 30. kacida hinana, kanyaah bapa mah teu kungsi sirna. Cindekna, ceuk Raja Armenos, mun téa mah rék ditugel jangga, mending nitah nu séjén. Tempatna, deuih ulah hayang nyaho raja mah, da awal ahir mah tetep bakal ngarasa dosa mun nu jadi cukang lantaran palastrana éta barudak téh ku lantaran titahan manéhna. Taksiran, Komarujaman téh sadar kana dirina. Inyana ngagugu papatah mitohana. Ngan, tetep hu kuman mah kudu ditanjeurkeun. Biasana, gé raja mah ulah lunca-linci luncat mulang. Lantaran, mun teu saciduh metu saucap nyata, teu ngadék sacékna, teu nigas saplasna, bakal mawa mamala ka nagara, nagri nu dipingpinna moal boga komara jeung wibawa. Sangeus kitu, raja sepuh jeung Komarujaman papisah. Masing-masing muru tempatna. Nya tangtu wé, dua pihakanan gé mawa raheut haténa nu gudawang. Sadatangna ka kaaton, Komarujaman nyalukan bendahara karajaan. Da, éta nu pangdipercaya ku manéhna téh. Atuh, rék nibakeun hukuma gé ku benda hara wé. Kadar tempatna manéhna gé teu kudu apal, nu penting mah bukti yén anak-anakna téh geus dipaéhan. Bendahara teu bisa majar kumaha. Da, dirina mah darma ngalaksanakeun pancén. Rék kumah waé gé, rék kitu rék kieu, suku ukur sambung léngkah, biwir sambung lémék. Kudu taat kana parentah raja, kalayan taya pikir kudu baha. Bendahara raja kalayan diiring sababaraha urang baladna, langsung muru tempat Amjad, saterusna rék nyangalak Asad. Tapi, can gé nepi ka tempat Amjad, nu rék dicangkalak téh tembong rentangrentang nyampeurkeun ka lebah abringan. Da, kabeneran dua putra raja téh rék ngadeuheus ka raja lantaran can nepungan ti saprak raja datang ti panyabaan. Bendahara karajaan nyarita ka nu duaan. Nétélakeun dirina ngemban paréntah raja, sangkan nyangkalak Amjad jeung Asad. Ngadéngé caritaan paman bendahara, nu duanana téh teu nolak, pasrah wé, rék kitu rék kieu moal boga pikir baha. Luyu jeung paréntah raja, nu duaan téh dibabandan, diasupkeun kana peti. Geus kitu mah digotong dibawa indit ti éta tempat. Rombongan bendahara, neruskeun lalampahan. Teu kudu bébéja deui ka dunungan, lantaran sagala rupana gé geus kumaha nu ngemban paréntah. Nu penting mah, kari nembongkeun buktina wé ka raja. NU mawa sakitan nyorang jalan husus, nu arang kasaba ku jalma. Eta téh, jalan nu biasa diparaké ku para gegedén karajaan nu geus meunang kapercayaan pinuh ti rajana. Ku cara kitu, éta romobongan téh lolos tina paningal pihak séjén. Blus ka wewengkon nu tiiseun. Di tempat anu nyingkur, rombongan eureun. Nu nanggung peti babandan ngecagkeun tanggunganana. Sakitan téh digotong dikaluarkeun tina peti. Geus kitu mah, ditangtukeun sina nyanghareup ka bendahara raja. Ngadéngé omongan bendahara, Amjad jeung Asad giliran ngajawab. Masing-masing pasrah kana hukuman raja. Malah, duanana gé miharep éta hukuman gancang-gancang ditibankeun ka diri masingmasing. “Mung, mangga jisim abdi heula, margi moal kiat upami nyaksian pun adi guyang getih payuneun jisim abdi,” ceuk Amjad. Horeng, Asad ge boga pikiran nu saraua. Cenah, mending oge dirina heula nu ditelasan pati téh. Lantaran moal kuat ningali lanceukna palastra hareupeunana. Ngadéngé omongan dua nonoman kitu, Bendahara téh katodel mamaras rasana, sedih nu taya papadana. *** (Hanca) Manglé 2457 29
  • 31. C arita Pondok HAMPURA, KANG … N aha teu ngelolngelol gening SMS ti manéhna téh? Keclak cimata mimiti maturan gerentes haté nu ngarasa kacida nineungna. Enya, asih munggaran téh geuning hésé pisan ingkah tina rohangan haté, cacakcacak tas puluhan taun kaliwat. Kamari téh bibirigi digan kénéh basa babaturan ngobrol masalah ‘cinta lama bersemi kembali’. Asa ararahéng tuda kudu papacangan deui jeung babaturan baheula nu sarua kungsi silih mikanyaah. Malah lolobana mah kapan nepi ka pepegatan jeung salaki atawa pamajikanna alatan kitu téh. Kamari masih omatomatan ka nu jadi babaturan perkara éta. “Yeuh, sobat kuring ayeuna keur urusan jeung pangadilan agama, pamajikanana kapanggih reureujeungan deui. Kadé ah bisi siga kitu!” cekéng téh. Da enya atuh, kuring nyaho pisan ka pamajikan ki sobat téh lantaran mindeng ngulampreng ka imahna jeung salaki. Titingalian mah kurang kumaha ajén ka nu jadi salaki. Salaki balik gawé, gura-giru nyieun cai kopi. Sut set nyadiakeun daharna. Ngan mémang manéhna téh meusmeus ditinggalkeun ku ki sobat ka luar kota. Ba- 30 Manglé 2457 Carpon Deka Wimala likna rata-rata sabulan atawa dua bulan sakali. Teuing kesepian téa meureun atawa naon lah teu ngarti. Ujug-ujug aya béja ti ki sobat yén pamajikanana kapanggih hahadéan deui cenah. Kuring jeung salaki kacida ngilu kuciwa kana ketak pamajikanana. Enya karék kamari kuring kakadéan ka babaturan perkara éta. Naha ayeuna bet diri sorangan anu ngawang-ngawang ngaliwatan marcapada poho di bumi alam? Naha ayeuna bet diri sorangan anu teu bisa saré tibra lantaran mikiran manéhna. Duh gusti, naha bet kieu? Ieu cimata nanahaon atuh anu ngeclak téh? Cimata kaasih? Cimata kasono ka manéhna? Atawa cimata kaduhung bet kieu? Weléh teu kajawab. Ngalelentuk nungguan SMS, ahirna disada ogé hapé téh. Gura-giru hapé dibuka. Jéntré ngaran manéhna aya dina layar hapé. Belenyéh seuri sorangan. Haté ratug tutunggulan muka ‘message’ téh. Bray téh, nyaan aya tulisan “I love you so much” cenah malah maké “beib” sagala. Halaah ieu haté beuki teu paruguh. Bagja kitu nu kieu téh? Maenya apan umur téh geus teu ngora deui, geuning masih ngarasakeun nu kararieu … Inget keur ngora basa mimiti papanggih jeung bapana budak, apan kieu rarasaan téh. Baheula mah can usum hapé, internet jeung sajabana. Kantor pos téh boga jasa anu kacida gedéna keur nu papacangan mah. Asal manéhna nyuratan maké kalimah “aku sayang padamu” langsung mata teu bisa ngiceup. Melong kana naon wae nu teu perlu dipelong bari seuri sorangan. Terus wé teu puguh cabak. Di mamana asa ningali manéhna. Geuning kaalaman deui rarasaan kawas kieu téh. Atuh bongan bet nyobanyoba siga batur ngiluan nyieun twiter jeung pesbuk sagala, jadi wéh paparanggihan jeung batur-batur sakola ti jaman SD nepi ka paguron luhur. Teu tinggaleun papanggihan jeung kikindeuwan mangsa keur SD. Bray … aya budak satepak dina kongkolak mata. Ngabelenyéh seuri bari melong semu nu éraeun. Teu nyaho naon kahayangna éta budak sura seuri unggal panggih. Puguh panggih unggal poé apan sakelas. Kelas 5 SD. EGP ceuk budak ayeuna mah. Tapi lila-lila sihoréng teu bisa EGP deui. Geuning kuring jadi éra mun dipelong ku manéhna téh. Teu puguh rasa, asa hayang nyampeurkeun tapi gedé ku éra éta antukna nyalingker ngajauhan bari angger wé mata mah néangan manéhna mun teu katingali téh. Hih naha bet aya kituna? Apan laleutik kénéh atuh, ‘first love’ téa kitu? Asana téh .. Kitu jeung kitu wé unggal poé. Nepika mangsana kuring paturay tineung jeung sakabéh babaturan SD, nya kaasup jeung manéhna. Dasar barudak, pisah téh pisah wé euweuh nu istiméwa. Nepi ka hiji mangsa kuring muka pesbuk. Aya pesen asup. Nétélakeun yen nu nyieun pesen téh aya patula patalina jeung kuring jaman SD. Manéhna nu baheula sok ningalikeun kuring téa. Manehna ‘My first love’ téa. Ngubek cenah néangan ngaran kuring di pésbuk téh. Kapanggih ogé. Gebeg, ujug-ujug dina haté aya mang Syair nu sok ngadulag di masigit kuloneun imah. Gedebag gedebug sorana téh. Asa teu asup akal. Naha kudu ngagebeg. Naha kudu degdegan sagala apan geus lain-lainna. Mimitina ngobrol biasa waé di internét téh. Masalah kulawarga téa, pagawéan mah, nepi ka kagiatan sapopoéna di luar pagawéan. Tetela manéhna téh geus boga anak rumaja sarua jeung kuring. Lila-lila aya kasono nu teu bisa dijelaskeun. Ahirna ngobrolna ngalér ngidul beuki deuket nepi ka pada-pada wani mapatkeun kalimah sakti nu nyien teu bisa sare téa. Puguh atuda kaasih baheula kasambung deui. Asa ‘gayung bersambut’ cenah
  • 32. ceuk si nyai mah. Kaditunakeun kuring jeung manéhna silih tuker nomer hapé. Saban poé aya waé carita dina hapé téh. Ngobrolkeun nu sabenerna mah teu kudu diobrolkeun. Kekembangan rarasaan téh pohara lobana dina ati. Nyaan alah batan rumaja 17 taun. Na kumaha atuh ari geus kieu cara ngeureunkeunana? Cimata ngeclak deui. Gustii, naha sono téh pabeulit jeung nalangsa? Nalangsa lantaran kuring jeung manéhna sarua geus rimbitan kitu? Atawa nalangsa lantaran jeroning ati mah nyaho yén ieu téh teu meunang dilampahkeun … “Sayang, kunaon hulang- huleng kitu?” Sora nu halimpu, leungeun nu pinuh kanyaah ngusap sirah muyarkeun lamunan. Katingali imutna ngagelenyu tina pameunteu nu payus. “Socana baseuh?” Cenahna deui bari nyusutan mata kuring ku jempolna. Kuring neuteup leleb ka manéhna. Pameunteu nu beresih unggal waktu kawuduan. Unggal waktu sumerah ka Nu Maha Kawasa. Unggal waktu manéhna ngahaleuangkeun asma Alloh. Unggal waktu narabaskeun kitab Alloh. Unggal waktu manéhna nungtun kuring, ngabéjaan yén waktu sumujud ka Nu Maha Welas Asih geus datang. Clebb, asa aya nu nancleb kana jajantung. Salaki anu sakitu pantes, tegep, soléh, sopan, nyaah tur perhatian pisan geus diduahatékeun ku kuring. Pamajikan nanahaon ari kuring? Poho kana sagala rupa alatan asih nu teu jelas bari salah. Nu bakal nyun- trungkeun kana kabendu Alloh. Curucud atuh cai mata nu tadi kaluar sakeclak dua keclak téh beuki murudul. Kuring nyegruk dina dadana. Manéhna terus nangkeup bari ngusapan. Colohok teu ngarti sabab musabab kuring ceurik balilihan. Panceg dina haté, cacap kaasih kanu lian eureun ayeuna kénéh. Ampun, Gusti … Hampura, Kang .. **** Manglé 2457 31
  • 33. C arita Nyambung Layung Ngempur di Kampus Bungur Ku Lugiena De 1 B Pangjajap Yudi, mahasiswa tingkat ahir. Kaasup salah saurang aktivis di kampusna. Utamana aktif dina ruang-riung urusan seni téater jeung sastra. Nya alatan tina teuleum teuing dina dunya anu dikojayanana, kuliah Yudi katélér-télér. Skripsina teu laju. Sidang skripisi biheung iraha. Sedeng babaturanana, méh kabéh lalulus. Ari Yudi kalah ngagaléong kana ngumbar karep ngayunkeun karesepna. Astri, babaturan deukeut Yudi, bati hanjelueunana nangénan ‘nasib’ Yudi nu teu junun dina kuliah. Béh dituna, haté Astri ngalanglayung mireungeuh Yudi –mahasiswa nu kungsi nyayang bari maneuh dina galeuh atina, bangun anteng dina karep ngumbar karesep pribadina. Egois Yudi téh? Teu ngarampa nu ngaguruh na haté Astri? Ngamomorékeun galura asmara nu ngabibira dina kalbu Astri? Bisa jadi enya égois. Buktina kapan Nita, wanoja misterius geuning sakitu montél maskétna ka Yudi. Pon kitu deui Yudi, bangun nu betah nyeuseup asih babarengan jeung Nita. Sakarepna. Sakaresepna. Naha enya hubungan Yudi jeung Nita didasaran rasa asih nu medal tina galeuh deudeuhna? Iwal Yudi jeung Nita nu terang. Kumaha atuh Astri? Naha kumaha pamustunganana rasa deudeuh nu anteng diceungceum salila ieu jero kalbuna? Naha ka mana eunteupna asih Yudi téh? Astri atawa Nita? Aos baé carita nyambungna ti kawit édisi nu ayeuna. Layung Ngempur di Kampus Bungur, karya Lugiena De. Nyanggakeun. 32 Manglé 2457 ASA kuring gék diuk handapeun tangkal caringin di taman, langit keur meumeujeuhna disaput layung. Kaayaan tiiseun, taya sasaha. Mungguhing waktu geus ampir nyedek ka magrib. Najan cikénéh karék mareuman kuntung ku sapatu, leungeun ngaragamang deui kana saku baju. Maut deui udud sabatang tina bungkusna. Sut disundut. Pelenyun udud deui. Dipaselangkeun jeung ngaregot cikopi tina gelas pelastik anu karasa panas kénéh. Tuluy ngahuleng deui, bari ngencarkeun panon ka tebéh kulon, ka langit konéng anu diajulan gedong-gedong jangkung. Haté gé bet hideng mencar sorangan. Sagala rupa anu katénjo bet asa jadi cukang pikeun balik deui nempoan saniskara raratan. Panon nempo langit. Haté gé bet pipilueun nempo ka waktu kalarung. Laju bruhbréh deui gambar-gambar lalakon anu kungsi dipaénkeun ku sorangan. Aya anu babarengan jeung batur, aya ogé anu ukur diri kuring pribadi. Tuluy manjang nyoréang kana adegan lalakonlalakon séjénna. Rupa-rupa sétingna. Aya anu di rohangan kuliah, di jalan, di sékré, di taman, di kantin, di sakola, jeung teuing di mana deui. Tapi ari gambar anu pangcékasna mah nya gambar manéhna. Malah moal boa gambar manéhna pisan anu jadi pangjurung ngahualna ingetan kana gambargambar nu séjén téh, anu saenyana mah ukur samet rarangkén. Enya, rarangkén lalampahan jeung manéhna. Duka atuh, kuring sorangan éstu teu ngarti, telebna wanci pasosoré sok tuluy ngahudang telebna rarasaan nu baheula kungsi ngancik. Rarasaan anu timbul ti manéhna. Ti dieu, ti ieu tempat anu kungsi jadi kasang waktu kaliwat téa. Asa taya nu robah. Tangkal caringinna, bangkuna, pernahna pepelakan, jeung sawatara kaayaan séjénna. Nya di dinya, dina luwang-liwung sareupna, kuring anteng nyawang runtuyan anu kaliwat téh. Lir nu keur ngitung angka, anu saenyana mah ukur perlambang tina lalampahan sorangan. Baheula. Ayeuna. Satuluyna duka kumaha jeung ka mana. Baheula nu kungsi leungit tina ranggeuman, jeung poé hareup nu teu kungsi karanggeum ku tangkeupan. 2 TUNGTUNGNA mah kalah ngahuleng di buruan fakultas, teu puguh nu di-