Ngukur Kareueus Umat Islam
Para Mitra Manglé,
Geus ilahar, upama robahna taun, sok pada ngareuahreuah. Malahan di sababara...
20

Asa Teu Pira
6
LAPORAN

Asa teu pira. Harita téh kuring ngan
saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi...
Hijrah

W

aktu pamaréntah Singapura
keukeuh ngahukum gantung dua prajurit KKo anu
katéwak dina mangsa konfrontasi
Dwikora...
Mekarkeun Koperasi
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Ti payun, pamugi Mangle
tetep panjangkeun lalakon
dina raraga ngamumule basa
j...
Dewan Kabudayaan Jawa Barat
Dihirupkeun Deui?
Ku: Karno Kartadibrata

D

ina acara sawala Misi Seni
Sunda ka Mancanagara,
...
6

Manglé 2450
Manglé 2450

7
Kota­Bandung
Bakal­Medalkeun­Perda­Rétribusi­Pagawé­Asing

D

ina jaman perdagangan
bébas jeung globalisasi,
ayana pagawé ...
Perda ngeunaan pagawé asing kudu puguh papayung hukumna (dok.)

Dina jaman globalisasi, pagawé asing geus jadi kabutuhan &...
Bagian

181

S

ajongjongan, Komarujaman titiron
téh ngahuleng.
Untungna, raja ngamaphum kana kabingung éta
putra raja téh...
ngarasa sagebrug. “Janten,
ama téh kacida benduna,”
pokna.
Daradad deui putri téh
medar sagala rupa caritaan
raja. Intina ...
Ku M.A. Salmun

{ 19 }

N

yi Nisah ngadéngé
pélét-pélét kitu,
robah riuk
beungeutna, ku Si Abdullah
disangka duméh héran ...
rompong ngagojod kénéh
téh Nyi Nisah mah geus
sadia cikopi maké cai anu
dina botol leutik téa.
Awahing hayang puas,
botol ...
Metik Hikmah tina Peristiwa Hijrah
Ku Féndy Sy. Citrawarga

A

lhamdulillah, kiwari urang
sadayana parantos nincak
étangan...
Iman jeung Ihlas
Konci suksés merjoangkeun
agama Alloh sapertos dilaksanakeun
ku Nabi saw. sareng para sohabat
nalika hijr...
Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian...
Atikan
Bahaya Narkoba ka Parasiswa

B

adan Narkotika Nasional
gul kalawan ngajauhan narkoba.
(BNN) gawe bareng
Para nonom...
Asa Teu Pira
Carpon Mimif Miftahul Huda

A

sa teu pira.
Harita téh
kuring ngan
saukur méré
baju ka si Siti.
Na mani teung...
nu ceurik. Piraku aya kunti
wayah kieu? Ari disampeurkeun ka tempat
datangna sora, geuning si
Isah, pamajikan kuring
anu c...
Qurban Perasaan
Carpon Rizky Prasasti Anwari

B

asa harita,
Uing téh
embé anom.
Gagah
deuleu. Kuat.
Nya badag nya gedé.
T...
bisa saré.
Allahu akbar! Allahu
akbar! Allahu akbar!
La ilaha illallah wallahu akbar!
Allahu akbar Wa lillahi
l-hamd..
Wan...
Carpon Yus R. Ismail

Dongeng Maung Jeung
Sumur Karamat

A

njog ka nu dituju kira wanci
tunggang gunung. Soré aya
ku énda...
basa anjog, basa sup ka ieu
tempat, sumur téh acan aya,
henteu katangen. Boa sumur
téh ayana lain di dunya
nyata, dunya sa...
Dedemit Saguling

U

nggal mulang
ka Bandung,
raeng tatangga
naranyakeun
proyek saguling, pedah di Bandung geunjleung ku c...
miceun kakeueung, luak-lieuk
ka sabudeureun tempat,
paroek, tapi langit kabeneran
keur lenglang, bulan caang
tanggal wewel...
JEMPLANG KARANG EUIS KARTINI

Pangaruh Cianjuran kana Jiwa
Ku H.D. Bastaman

N

eraskeun hanca dina nomer kamari. Aya pang...
mah.
Ku kituna patalina antara seni Cianjuran
jeung kamekaran karakter kira-kirana
kieu: Tembang Cianjuran fungsina ngalem...
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Mangle 2450
Upcoming SlideShare
Loading in...5
×

Mangle 2450

3,511

Published on

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total Views
3,511
On Slideshare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
0
Actions
Shares
0
Downloads
30
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mangle 2450

  1. 1. Ngukur Kareueus Umat Islam Para Mitra Manglé, Geus ilahar, upama robahna taun, sok pada ngareuahreuah. Malahan di sababaraha tempat mah, nepikeun kabungahna téh nepi ka wani ngaluarkeun waragad miliyaran. Kituna téh, cenah, lantaran ku ayana robahna taun, geusan aya parobahan. Kétang! aya ogé (boa-boa lolobana) nu saukur milu raraméan wungkul. Robahna taun, sapertina waé dina taun Masehi, apan kacida dipupujuhkeunana. Ti mimiti gegedén nepi ka masarakat cacah, saruka bungah. Sok sanajan, duka naon tujuanana jeung udaganana. lomba kembang api, nariup tarompét atawa kagiatan nu ramé. Tapi ganti taun Islam, manusa kudu ‘harudang’! Hudang, lantaran hayang ngariksa diri (muhassabatun nafsi). Tandes sakumaha dina Alqur’an surat At Taubah: 20 – 21; "Jalma-jalma anu ariman, hijrah jeung jihad dina jalan Alloh ku harta banda jeung dirina, leuwih luhur darajatna mungguhing Alloh, jeung maranéhna téh jalma-jalma nu pinunjul. Alloh nepikeun béja gumbira ka maranéhna kalayan rohmat, karidoan Alloh, jeung sawarga anu di jerona maranéhna meunang kanimatan anu langgeng." Para Mitra Manglé, Kumaha upama ganti taun Hijriyah? Kareueus umat Islam, nu harita milu mupujuhkeun ganti taun anyar Masehi, dina ganti taun hijriyah mah loba nu talibra. Biheung téh teuing hayang inget kana pentingna ganti taun Islam. Lantaran, cenah, inyana teu ngarasa penting jeung teu aya alaeunana tina ganti taun Hijriyah mah. Gambaran kitu, mémang lain saukur béja, tapi luyu jeung kanyataanana. Naha umat Islam kudu nurutan ngareuhreuah cara ganti taun Maséhi? Asana teu kudu, malahan kudu béda. Islam henteu nyunnahkeun, ganti taun kudu aya Para Mitra Manglé, Umat Islam, kiwari geus paroho kana pentingna kalénder hijriyah. Teu rumasa, ibadah urang loba nu disarandékeun jeung kalénder hijriyah, saperti puasa, lebaran, haji, kaasup waktu solat. Lantaran kitu, upama umat Islam teu aya pisan kareueus ku kajadian ganti taun anyar Islam, asana teungteuingeun pisan. Nepikeun kareueus, lain hartina kudu raraméan ka jalan atawa ngarumpul di lapang, tapi reueus lantaran mampuh ‘hudang’ keur ngarobah, ngariksa diri, geusan nguatan kayakinan ka Alloh jeung nanjeurkeun kasoléhan ka papada manusa. Mudah-mudahan. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 20 Asa Teu Pira 6 LAPORAN Asa teu pira. Harita téh kuring ngan saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi kieu kaayaanana. Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu puguh dédéngéan. Ieu deuih panon ujug-ujug teu puguh titingalian. Asa ku anéh... Kamus Utama Basa Sunda BANDUNG-BANDUNG Kota Bandung Bakal Medalkeun Perda Rétribusi Pagawé Asing ........................................................... 8 Ngalanglang Alam Rusdi Jeung Misnem (3) Budi Rahayu Tamsyah ........................................................ 42 IMPLIK-IMPLIK CARITA NYAMBUNG Langlayangan Goblay Ngalanglang Pakalangan ......................................................... 46 Carita Sarebu Samalem (163) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (1) M.A. Salmun ............................................................. 12 Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (3) HD. Bastaman ............................................................. 48 Dedemit Saguling Andang S. Argayuda ....................... 24 Potret : Reisyan BAHASAN Rahmi Panata Rias & Raksukan: Sanggar Ayu Busana (Galery Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9 Ujungberung – Bandung Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Alit ...................................... 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 PURIDING PURINGKAK S ­ ekar­Manglé Dongéng Maung Jeung Sumur Karamat Yus R. Ismail ........................................ 22 CARITA PONDOK Asa Teu Pira Mimif Miftahul Huda ....................... 18 Qurban Perasaan Rizky Prasasti Anwari ........................ 20
  3. 3. Hijrah W aktu pamaréntah Singapura keukeuh ngahukum gantung dua prajurit KKo anu katéwak dina mangsa konfrontasi Dwikora, Bung Hatta kacida hanjeluna. Pikeun anjeunna mah tindakan Lee Kuan Yew kitu téh dianggapna geus ngahina jeung neungteuinganan pisan. Papadaning dina urusan kanagaraan jeung diplomasi anjeunna geus teu kagungan pangaruh nanaon, tapi ka dirina ku anjeun Bung Hatta kedal jangji, ti mimiti harita saumur hirup moal nincak deui Singapura! Kungsi cenah sababaraha kali aya rupa-rupa uleman ti pihak Singapura, boh ti pamaréntahna boh ti masarakatna anu ditujulkeun ka Bung Hatta, kaasup jadi keynote speech di kampus-kampus. Tapi Bung Hatta henteu unggut kalinduan. Anjeunna angger pageuh kana niatna. Dugi ka pupusna henteu kungsi nincak deui Singapura. Asvi Warman Adam anu ngaguar deui éta kajadian téh. Ceuk Asvi cacak lamun sakumna urang Indonésia ngarasa diteungteuinganan tur sapamadegan jeung Bung Hatta, teu mustahil Singapura bakal bangkrut. Tapi pan henteu nepi ka kajadian kitu. Malah apan boro-boro ngarasa nyeri haté atawa ngarasa dihina, malah agul baé anu aya lamun pulang anting ka Singapura téh. Komo para koruptor mah apan téga ngagasab duit bangsana sorangan terus dipaké ngabeungharan nagarana Lee Kuan Yew. Bung Hatta téh kaasup inohong anu istikomah, konsistén kana niat jeung jangjina. Komo anjeunna mah Manglé 2450 apan ngalaman pisan kumaha susah payahna hayang boga nagara anu merdéka téh. Piraku ari geus merdéka kalah dihinakeun ku bangsana sorangan. Babakuna ku para pamingpinna deuih. Naha ku lantaran Pa Harto jeung SBY mah henteu ngalaman pait peuheurna merjoangkeun sangkan bangsa Indonésia jadi bangsa anu merdéka nepi ka ku urang saréréa kudu dimaklum lamun dina enggoning mingpin nagara henteu istikomah saperti Bung Hatta? Tangtu teu kitu. Lantaran sing saha baé anu kaparengkeun jadi pamingpin di nagara urang sok capétang ari dina mangsana agustusan mah. Malah téks peoklamasi anu ditéken ku Bung Karno jeung Bung Hatta gé unggal taun dibaca dina upacara kanagaraan. Ngan semet dinya. Pamingpin di nagara urang mah kakara ngarasa tugenah lamun dikiritik ku bangsana sorangan. Éta mah sok langsung nyeuneu. Tapi ari lebah bangsana diteungteuinganan ku nu séjén mah kalem-kalem baé. Malah kalah hayang milu neungteuinganan. Leuwih palinter pamingpin Indonésia anu ayeuna téh. Kitu deui wakilwakil rayatna. Hanjakalna, ngan semet dinya. Bung Karno jeung Bung Hatta, kitu deui anu sajaman jeung aranjeunna, apan kurang kumaha palinter. Tapi kapinteranana téh henteu dimangpaatkeun pikeun kapentingan dirina sorangan. Da lamun udagan hirupna ngan semet dinya, naon gunana Bung Karno, Bung Hatta katut nu séjénna maké jeung ngalawan ka Walanda. Turut wé kahayangna, tangtu pangkatna bakal luhur, hirupna bakal senang, sagala euweuh kakurang. Anu henteu diconto ku bangsa Indonésia nu ayeuna téh lebah dinyana. Sigana geus euweuh boh pamingpinna boh wakil rayatna nu ayeuna hirupna leuwih mentingkeun cita-citana. Malah cita-citana ogé teu boga. Kabuktianana dina lebah ngatur anggaran nagara. Tara aya anggaran anu sagemblengna keur kapentingan rayatna. Tina anggaran anu aya réngkolna téh kudu wé sakitu persénna balik deui ka maranéhanana. Kum teu diwiji-wiji kituna téh. Urang mana baé asalna, naon baé agamana, geus kabuktian dina rupa-rupa pangadilan, kabéhanana ogé henteu ngarasa hina lamun korupsi. Malah anu kacerek ku KPK ogé apan disebutna téh apes. Lain ceuk si itu ceuk si éta kituna téh. Dalah pamingpin nagara gé loyogna téh ka dinya. Dina kaayaan bangsa urang keur kitu ninggangna taun baru Hijrah 1435 téh. Tapi ngan semet libur nasional. Aya éta gé anu ngahagalkeun pawéy obor, duka ka mana maksudna. Padahal lamun dibandungan deui titimangsana, apan cenah kajadian hijrahna Rasulullah SAW ti Mekah ka Madinah téh lain ngan sakadar ngungsi. Ustad tangtu leuwih apal ngaguar perkara éta mah. Ngan anu rada diarep-arep téh asa taya salahna lamun sumanget atawa rohna hijrah diloyogkeun kana mahabuna korupsi di urang ayeuna. Basajan wé, lamun kedal ucap nurutan Bung Hatta: Nu ngarasa muslim ti mimiti tanggal 1 Muharram 1345 Hijrah moal arék korupsi deui. AM 3
  4. 4. Mekarkeun Koperasi Assalamu’alaikum Wr. Wb. Ti payun, pamugi Mangle tetep panjangkeun lalakon dina raraga ngamumule basa jeung sastra Sunda. Hapunten sateuacana, simkuring ngiring nyerat, nu diantawisnya nyerat perkawis kamekaran koperasi di urang. Kamekaran ekonomi, cek simkuring mah sarua jeung mapandekeun kana tutuwuhan. Saperti tutuwuhan nu hade, nu bisa mekar sakumaha mistina. Lir tatangkalan tea, boh jati boh mahoni, bisa tuwuh jangkung ngalanglaung, lantaran boga potensi pijangkukeung jeung pigedeeun. Kumaha atuh kuduna? mekarna tutuwuhan bisa gede tur jangkung teh lantaran lingkunganana hade. Atuh, mun eta tatangkalan ‘jadi ku maneh’, nepi ka hade kitu teh, lantaran lahanna subur. Pepelakan sejen nu ngahaja dipelak di kebon atawa di palataran, bisa jadi kalayan hade, upama dipelakeun di tempat anu merenah. Saterusna, mun tempatna geus merenah, nu sejenna saperti ngagemukna, cara miarana, jeung sajabana bakal jadi pangdeudeul kana kamekaran eta tangkal. Tah, mMapadekeun kana pepelakan kawas kitu, urang kudu boga kayakinan, pausahaan ge bisa mekar kalayan hade upama ditempatkeun di tempat anu merenah. Hartina, pilihan tempat keur mekarkeun ‘jenis’ usaha, jadi bagian anu penting. Kitu deui dina mekarkeun koperasi, kacida pentingna kudu aya di tempat anu merenah. Di mana? nya di nu dipikabutuh ku masarakat sabudeureunana. Hartina, ulah ngadegkeun koperasi, ukur lantaran hayang narima 4 banyuan ti pamarentah. Mun ukur semet dinya, tangtu we nyieun jeung ngokolakeun koperasi ge ukur puraga tamba kadengda. Lantaran, sanggeus narima bantuan atawa modal, bisa wae kagiatan koperasina mah bubar! Ku kituna, sakali deui, mekarkeun koperasi kudu dibebenah sarua jeung miara kana tutuwuhan. Mudahmudahan pamarentah bisa percaya jeung mampuh ngabebenah koperasi di urang. Kitu deui, kumaha carana sangkan kamekaran koperasi di saban wilayah bisa mekar kalayan hade, oge dumasar kana kapunjulan masingmasing? Jelas, cek simkuring mah, kudu aya nu mantuan milu ngurus ngaturna. Ngokolakeun alam teh butuh kaahlian. Sapertina wae, keur patani ge tetep butuh panuyun dina mekarkeun hasil usahana, misalna wae, kacida butuhna panyuluh nu memang ahli dina widangna. Kitu deui panyuluh-panyuluh sejen nu bisa ngarojatkeun hasil kacida dibutuhkeunana ku masarakat. Ku kituna, cek simkuring, pangusaha leutik pangpangna koperasi, butuh perhatian ti masing-masing pamarentah kabupaten/kotana. Lian ti eta, butuh perhatian jeung ilubiungna pihak-pihak nu sejen nu boga kamampuhan dina mekarkeun koperasi di masing-masing daerah. Mudahmudahan.*** Pa Tata Sulaeman Baleendah Bandung Poe Pahlawan, Nguatan Harti Pangorbanan Sampurasun! Damang Ais Pangampih Mangle? Ayeuna teh urang keur mi- eling poe pahlawan. Diadegkeunana ieu nagara, moal leupas tina jasa-jasa para pahlawan urang. Saban daerah aya nu berjoang, aya nu wani ngaluarkeun pangorbanan. Ieu hartina, cek simkuring mah, para pahlawan teh henteu gampang hayang bisa nagara urang merdeka teh. Nu pangpentingna, nyaeta lantaran dina dirina daek korban demi nagara. Teu paduli kana nyawa sorangan, nu penting jaman pikahareupeun kudu hade. Tah, haekakt perjuangan mah kitu, nyaeta pangorbanan. Sabalikna, nu teu aya rasa pangorbanan, hartina jauh tina disebut pahlawan. Kumaha jaman kiwari, naha aya keneh nu ngarasa berkorban atawa ngajalankeun pangorbanan? Jigana geus langka. Lantaran daraek gawe teh lantaran hayang gajih gede. Guru ngajar, lantaran digaji jeung rek boga kadudukan. Kitu deui hakim atawa pangacara, daek gawe teh lantaran dibayar jeung sabangsana. Kumaha upama jalmajalma teu boga pangorbanan? Memang kecap pangorbanan boga lalakon panjang. Kituna téh lumangsung ti waktu ka waktu dina sajarah kamanusaan. Aya korban, nu ngorbankeun, jeung nu narima mangpaat korban. Nu tilu bagian kitu gumulung dina peradaban manusa. Pangorbanan harta, tangtu teu ngan ukur keur ngagugurkeun kawajiban. Di satukangeun pangorbanan, kudu natrat mangpaatna keur balaréa, boh dina dangka pondok boh dina dangka panjang. Leuwih ti kitu, pangorbanan harta, kudu jadi simbol kasadaran ‘ngaleupaskeun’ hak pribadi geusan kapentingan pihak séjén. Kiwari, kasadaran daék ngorbankeun hak-hak pribadi kacida pereluna. Da, kitu dina kahirupan manusa salaku mahluk sosial mah. Éta téh tandaning tuwuhna kasadaran yén manusa silihpikabutuh. Bukti dina nyumponan pangabutuh gé taya saurang ogé nu leupas tina jasa jalma séjén. Kadaharan, pakéan jeung sajabana enas-enasna mah meunang batur. Kasadaran daék korban, samistina nyerep kana ati sanubari. Nu daék korban, hartina namperkeun kanyaah ka nu lian. Lian ti kitu, hartina ogé, dirina téh keur ngawangun jati diri atawa ngawangun ajén dirina. Dina saban kahirupan, komo deui jaman kiwari, sumanget daék korban kacida dipikabutuhna. Da, upama masing-masing pihak daék korban keur pihak séjén, piraku boga karep ngarampas hak pihak séjén. Lantaran keur nu daék korban, tong boro ngagasab hak nu lian, dalah nu geus jadi milikna gé teu teu lebar dikorbankeun keur pihak séjén. Kitu deui sumanget berjuang, sarua jeung sumanget migawe pangorbanana. Ku kituna, dina mieling poe pahlawan, simkuring umajak, sangkan nu boga kalungguhan, sangkan diperedih deui rasa pangorbanan keur ngabdi ka nagara. Hartina sagalana ulah dumasar lantaran gede bayareunana. Sakitu, mudah-mudahan urang masing-masing tiasa ngalap mangpaat tina tujuan perjoangan keur ngabuktikeun urang tiasa berkorban demi bangsa, agama katut nagara. Sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih seueur lepat basana. Wassalam. Pa Ahmad Kholik Ti Cianjur Manglé 2450
  5. 5. Dewan Kabudayaan Jawa Barat Dihirupkeun Deui? Ku: Karno Kartadibrata D ina acara sawala Misi Seni Sunda ka Mancanagara, sababaraha minggu ka tukang, di aula koran mingguan Galura, Wagub Provinsi Jawa Barat, Deddy Mizwar, netelakeun Provinsi Jawa Barat bakal ngadegkeun Dewan Kabudayaan. Hanjakal pisan, harita Wagub tacan ngeceskeun iraha-irahana lembaga bieu ngadegna tur naon wae pancenna teh. Memang, Propinsi Jawa Barat ti saprak dipingpin ku Gubernur Ahmad Heryawan, tacan ngapimilik Dewan Kabudayaan nu pancenna nepikeun nasehat ngeunaan kabijakan kabudayaan ka Gupernur nu satuluyna bakal ngalarapkeun kabijakan bieu dina prakprakan pamarentahanana. Padahal, dina mangsa pamarentahan samemehna mah lembaga kitu teh kungsi ngadeg, upamana wae, Dewan Pertimbangan Kebudayaan Jawa Barat mangsa Gubernur Mashudi, Dewan Kebudayaan Jawa Barat mangsa Gubernur Solichin GP, Dewan Kesenian Jawa Barat mangsa Gupernur Nuriana jeung Kalang Budaya mangsa Gupernur Danny Setiawan. Henteu Metu Dibandingkeun jeung Dewan Kesenian DKI Jakarta mangsa Gupernur Ali Sadikin, memang sakabeh lembaga kebudayaan di Jawa Barat nu ditataan bieu teh kurang metu (epektip). Alias henteu jelas nepi ka mana dampakna kana kamajuan kabudayaan. Ruparupa hal bisa wae ngalantarankeun hal saperti kitu karandapan. Upamana wae, nu remen dipake alesan, eta teh pangpangna cenah patali jeung anggaran. Jelas anggaran pamarentahan Propinsi Jawa Barat jauh melamelu gedena dibandingkeun jeung anggaran pamarentahan DKI Jakarta. Manglé 2450 Kukituna, bisa dibayangkeun sabaraha gedena anggaran pikeun kabudayaan. Lian ti kitu, aya bedana konsep inditinditan antara lembaga kebudayaan di Jawa Barat jeung Dewan Kesenian DKI Jakarta. Ari lembaga kebudayaan di Jawa Barat mah( ti mimiti Dewan Pertimbangan Kebudayaan nepi ka Kalang Budaya) wewenangna saukur nepikeun nasehat ka gupernur, nu kukituna bisa wae mimindengna henteu dipirosea, tah, ari Dewan Kesenian DKI Jakarta mah boga wewenang ngalarapkeun kagiatan kasenian dumasar kana program nu geus dirancang ti awalna. Satuluyna, bisa oge kulantaran kapamingpinan Gupernur DKI Jakarta Ali Sadikin leuwih epektip dibandingkeun jeung kapamingpinan Gupernur Jawa Barat, kaasup lebah ngamajukeun widang kabudayaan. Hal kitu ngalantarankeun Dewan Kesenian DKI Jakarta leuwih epektip dibandingkeun jeung lembaga kebudayaan di Jawa Barat, kaasup Dewan Kesenian di propinsi sejenna. Perlu Jadi Palajaran Hengkerna sakur lembaga kebudayaan mitra Pamarentah Provinsi Jawa Barat ( ti mimiti Dewan Pertimbangan Kebudayaan, Dewan Kebudayaan nepi ka Kalang Budaya) tangtu wae perlu jadi palajaran pikeun urang sakumna, boh kalangan budayawan boh pamarentah nu boga maksud ngahirupkeun deui lembaga saperti kitu. Jelasna, kahengkeran atawa kagagalan nu geus karandapan ku lembaga kabudayaan samemehna ulah nepi ka karandapan deui. Hal-hal nu kaitung penting nu perlu dijadikeun tinimbangan upamana wae, Kahiji, Dewan Kesenian DKI Jakarta ti awalna keneh geus diposisikeun minangka lembaga nu maneuh, kontinyu hirupna henteu gumantung kana mangsa pamarentahan gupernur. Sanajan gupernur maren, lembaga bieu terus hirup. Ti mimiti gupernur Ali Sadikin nepi ka gupernur Djoko Wi ayeuna, Dewan Kesenian DKI Jakarta tetep bisa hirup. Kukituna, programprogramna oge bisa lumangsung tuluy tumuluy. Beda hal kitu teh jeung lembaga kebudayaan di Jawa Barat nu hirupna kawatesanan ku mangsa pamarentahan saban gupernur. Kadua, lembaga kebudayaan di Jawa Barat ( ti mimiti Dewan Pertimbangan Kebudayaan nepi ka Kalang Budaya) wewenangna saukur nepikeun nasehat kabudayaan ka gupernur, beda jeung Dewan Kesenian DKI Jakarta nu boga wewenang ngalaksanakeun sakur program nu geus dirancang ti awalna. Tetela, lembaga kabudayaan di Jawa Barat teu manggapulia saupama nasehatnasehatna henteu dilaksanakeun ku pamarentah provinsi. Contona, nasehat kabudayaan dina “buku biru” nu dirancang ku Dewan Pertimbangan Kebudayaan Jawa Barat tetela henteu dipirosea ku pamarentah propinsi mangsa harita. Katilu, lembaga kabudayaan mitra pamarentah, sangkan bisa hirup bari jeung huripna tangtu wae, lian ti merlukeun lembaga pamarentah nu boga karep kuat ngamajukeun kabudayaan, ahirna merlukeun oge kalangan budayawan nu masagi, boga visi nu jelas sarta komitmen nu kuat enggoning ngamajukeun kahirupan kabudayaan. Tah, ari Dewan Kebudayaan nu rek dihirupkeun deui di Jawa Barat ayeuna kumaha? Naha geus boga “kelaikan terbang”, nyumponan pasaratan samistina minangka dewan kabudayaan nu epektip? *** 5
  6. 6. 6 Manglé 2450
  7. 7. Manglé 2450 7
  8. 8. Kota­Bandung Bakal­Medalkeun­Perda­Rétribusi­Pagawé­Asing D ina jaman perdagangan bébas jeung globalisasi, ayana pagawé asing ti luar negri éstu geus jadi kabutuhan sakaligus tangtangan di saban daérah, kaasup di Kota bandung. Éta hal ngalantarankeun Pemkot Bandung ngarasa perlu pikeun ningkatkeun pangawasan sarta nalingakeun pagawé asing, ku cara ngaluarkeun Perda anyar ngeunaan rétribusi ngokolakeun patalimarga, jeung rétribusi perpanjangan ijin magawékeun pagawé asing. “Éta hal dilaksanakeun sangkan aya kacindekan dina prakprakanana ngadalikeun sarta nalingakeun pagawé asing anu aya di pausahaan-pausahaan di Kota Bandung,” kitu ditétélakeun ku Ketua Fraksi Gerinda Damai DPRD Kota Bandung, H.C.Hendarwan SH.MM.MSi, ka Manglé sawatara waktu nu kaliwat. Hendarwan ogé nétélakeun, pikeun ngaronjatkeun pangwangunan di Kota Bandung, PAD (Pendapatan Asli Daérah) mangrupa sumber dana anu kacida penting na, pangpangna anu dihasilkeun Ketua Fraksi Gerinda Damai DPRD Kota Bandung, H.C.Hendarwan SH.MM.MSi (dok.) 8 tina pajak jeung rétribusi daérah. Ngeunaan hal éta, Raperda anu keur dipadungdeumkeun ku législatip jeung éksékuitip, luyu jeung PP (Peraturan Pemerintah) no 97 taun 2012 ngeunaan rétribusi ngokolakeun patalimarga jeung rétribusi perpanjangan ijin magawékwun pagawé asing téh, aya tambahan dina nangtukeun harga rétribusi nu mangrupa wewenang pamaréntah Kota Bandung. Dumasar kana tinimbangan ayana éta tambahan, pamaréntah Kota Bandung madungdengkeun Raperda (Rancangan Peraturan Daerah ) sangkan jadi Perda (Peraturan Daerah). Papayung hukumna nyoko kana PP No 69 taun 2010 ngeunaan “tatacara pemberian dan pemamfaatan daerah”. Medalna Perda téh ogé luyu jeung peraturan Kementrian Tenaga kerja dan Tranmigrasi NO. Per.02/MEN/III/2008 ngeunaan “tata cara penggunaan tenaga asing” , jeung Perda Kota Bandung No.18 taun 2000 ngeunaan “penyelenggaraan ketenagakerjaan di Kota Bandung”, sarta Perda No 8 taun 2007 ngeunaan “urusan pemerintahan Kota Bandung’. Fraksi Gerinda Damai DPRD Kota Bandung, dina medar Lembaran Kota No.7 taun 2013 ngeunaan rétribusi perpanjangan ijin magawékeun pagawé asing, ngajukeun pananya ka éksékutip ngeunaan jumlah pagawé asing, sarta sabaraha pausahaan anu magawékeun pagawé asing di Kota Bandung. Ogé hasil tina rétribusi pagawe asing tur sabaraha udagan anu kudu dihontal. Éta hal, ceuk Hendarwan anu kacatet minangka anggota Komisi C DPRD Kota Ban- Manglé 2450
  9. 9. Perda ngeunaan pagawé asing kudu puguh papayung hukumna (dok.) Dina jaman globalisasi, pagawé asing geus jadi kabutuhan & tangtangan (nét) Pamaréntah kudu nalingakeun jumlah jeung ketak pagawé asing (dok.) Manglé 2450 dung, ditanyakeun sangkan lamun aya pasualan bisa sagancangna bisa diungkulan, tur léngkah naon baé nu kudu dilaksanakeun ku dinas anu aya pakaitna jeung éta pasualan. Nu kacatet dina Perda nu bakal datang, Walikota Bandung ngaliwatan dinas anu aya pakaitna jeung éta hal, bakal ngaluarkeun ijin perpanjangan sarta nangtu keun tarip rétribusina. Nyaéta rétribusi perpanjangan ijin magawékeun pagawé asing pikeun pagawé asing anu geus boga IMTA, nyaéta ijin ti Kementrian Tenaga Kerja dan Tranmigrasi. Walikota ogé geus nangtukeun patugas pikeun ngalaksanakeun pangawasan nu disebut PPNS (Penydik Pegawai Negri Sipil). PPNS boga kawenangan ngayakeun pamariksaan jeung panalungtikan sarta ngumpulkeun data-data ngeunaan ketak pagawé asing, mariksa buku catetan sarta dokumén lianna anu aya pakaitna jeung manéhna.Ogé ménta bantuan tenaga ahli pikeun kalancaran panalungtikan, sarta manggil pagawé lianna sangkan méré laporan lamun aya pagawé asing anu ngarempak aturan. PPNS di pamaréntahan Kota Bandung ogé ngalaksanakeun penyidikan tindak pidana dina widang rétribusi, luyu jeung undang-undang hukum acara pidana. Hasil tina penyidikan bakal diteruskeun ka pihak kepolisian. Pamaréntah Kota Bandung metakeun tindakan anu tegas, sangkan saban pagawé asing ngalaksanakeun aturan-aturan nu aya, tur ngajalankeun kawajibanana sangkan teu ngarugikeun pamaréntah Kota Bandung. Ku aya Perda nu bakal dipedalkeun ku pamaréntah Kota Bandung, dipiharep pausahaanpausahaan anu maké pagawé asing leuwih tartib tur taat kana aturan. Salian ti éta ku ayana papayung hukum nu jinek, bakal numuwuhkeun katengtreman ka pagawé asing anu brasna bisa ngarojong kana pangwangunan di Kota Bandung, utamana dina widang ékonomi.***Cucu/Dédé 9
  10. 10. Bagian 181 S ajongjongan, Komarujaman titiron téh ngahuleng. Untungna, raja ngamaphum kana kabingung éta putra raja téh. Pok wéh nyarita, cenah, teu kudu sungkan-sungkan da léléngohan ieuh. Keun waé teu kudu loba tinimbangan, lantaran geus puguh sagala rupana. Payus kacida pangéran kawin ka putri raja! “Upami kitu kahoyong salira, mangga ngiringan,” pokna ka raja. “Sukur atuh ari kitu mah,” walon raja. Sangeus jinek, raja cacarita. Intina mah, maheutkeun rarancang kariaan nikahkeun putrana. Atuh, harita kénéh pihak karajaan téh ngondang para gegedén nagara. Prung babadamian, sarta hasilna diémbarkeun ka sakumna rahayat. Cunduk kana waktu, ninggang kana mangasa- 10 na, dina hiji poé mah prung wéh upacara jatukrami putri raja ka pangéran téh dimimitian. Dina waktu walimahan, taya saurang ogé nu nyangka yén nu keur dirapalan téh duanana gé awéwé. Dina séjén waktu, raja nepikeun bewara. Kitu téh luyu jeung jangjina, upama anakna geus boga salaki kalayan ka nu cocog jeung lelembutanana, éta minantu téh rék dijenengkeun jadi raja. Saréréa gé nyakséni jeung nyaluyuan, malah aratoheun kacida, lantaran raja anom téh taya cawadeunana. Putri Budur kapaksa kudu nyumputkeun semu. Kitu téh, lantaran sadar kana kaayaan dirina nu keur nyumput buni di nu caang. Kudu titih-rintih dibarung ku ngabalitungkeun sagala rupana. Inyana téh sadar pisan mun katohyan baris ngarandapan mamala nu moal gampang diungkulanana. Upama nyuputkeun diri ka batur teu pati hésé, beda deui jeung ka batur sakasur mah. Ku lantaran kitu, kapaksa ieu raja téh méakeun waktuna keur ngurus ngatur nagara. Atuh, mun reup peuting waktuna nepungan garwana, kapaksa kudu néangan cara sangkan mun waktuna hanjat ka pangsaréan téh, putri raja kudu geus ngageubra. Saban peuting, waktu Putri Budur téh ngan dibéakeun keur solat, solat isa, solat sunat, jeung peutingna solat tahajud. Kituna téh, bari jeung neneda ka Nu Mahakawasa sangkan sagancangna meunang pituduh geusan lesot tina bangbaluh hirup. Peuting ka-211 Poé séjénna, Putri Budur saperti sasari, ngalaksanakeun pancén nagara. Dina sual kamam- puhan ngurus nagara jeung mingpin rahayat mah taya cawadeunana. Ngan, orokaya, anggér wé geus balik ka karaton mah, bingung, pangpangna mah ningali pasemon Putri Hayati Nufus nu bangun sedih kingkin. “Ku naon bet bangun sedih rayi?” Teu talangké, nu ditanya téh balaka. Cenah, salila ieu dirina téh teu weléh ngilungan kalakuan salaki nu teu katepi ku harti teu kahontal ku akal. Batur mah, panganténan téh suka bungah, tapi nu kaalaman ku dirina mah, sabalikna. Ngan, kapaksa teu wani balaka nu saujratna ka raja mah, da sieun ku mamalana. “Ari saterusna kumaha?” Pok deui putri téh ngajwab. Cenah, kapaksa wé basa isuk-isuk tadi mah balaka, yen dirina téh masih keneh tacan ngararsakeun maduna rumah tangga, lantaran ti saprak ngawangun rumah tangga, sare gé tacan Manglé 2450
  11. 11. ngarasa sagebrug. “Janten, ama téh kacida benduna,” pokna. Daradad deui putri téh medar sagala rupa caritaan raja. Intina mah, mun peuting engké angger kénéh kawas saméméhna, raja baris nyokot deui kakawasaan ti minantuna. Malah, teu mustahil mun ahirna pihak karajaan téh nibankeun hukuman anu kacida beuratna. Ngadéngé caritaan putri kitu, Komarujaman mamalihan téh, ngahuleng. Ras inget ka salakina. Kajurung ku rarasaanana, putri téh sasambat melasmelis, nu kekecapanana matak nodel mamaras rasa nu ngadéngékeunana. Putri ngadeukuetn. Neuteup beungeut salakina nu keur bangun sedih kacida. Nu diteuteup Manglé 2450 males neuteup. Prok paadu teuteup. Pok Putri Budur nyarita. Ditetek taya nu kaliwat. Lalakon Putri Budur kitu, matak ngésétan haté Putri Hayati. Ceuk pikirna, mun éta kajadian tumiba ka dirina, tangtu manéhna gé bakal ngalaman tunggara, nu boa moal kuat nadanganana. Dina ahir caritaanana, Putri Budur miharép sangkan putri éta karajaan téh bisa ngajaga rusiahna. Atuh, cenah, isuk jaganing pagéto mun geus patepung jeung salakina, geletuk batuna kecebur caina mah, urang pasrahkeun we ka Nu Mahakawasa. Putrti raja, kacida karunyaeunana. Manéhna jangji rek mélaan Putri Budur. Ceuk pikirna, moal hésé akon-akon ka kolotna mah, da moal enya naléngténg tetelepék. Intina, éta putri téh rék saolah-olah umumna nu rumah tangga. Peuting éta mah, Putri Budur jeung Putri Hayati téh saré dina pangsaréan nu sarua. Guntréng ngobrol dibarung ku silih gonjak. Kakara reup wanci janari. Teu lila kahudangkeun ku adan subuh. Puting ka- 212 Malikan deui carita. Kacatur deui Raja Syahraman, waktu anakna teu balik dina wancina mulang, raja téh reuwas kacida. Enya, ogé percaya kana kagagahan anakna komo deui aya baturna nu sidik luhung elmuna, angger wé teu tingtrim. Inggis ku bisi rempan ku sugan, da jalma mah tara salilana punjul. Nu digajaya ge bisa keuna ku apes! Waktu nu ditunguan teu jol mulang, raja téh langsung maréntahkeun baladna sangkan nyusul ka pamoroan. Teu tinggaleun, raja gé jengkar, kalayan mingpin pasukan husus. Teu hésé, ujug-ujug kapanggih wé laratanana. Malah, raja pisan nu manggihan papakéan Komarujaman nu geus rangsak guyang getih. Teg weh, tangtuna anakna téh geus taya di kieuna. Dina kaayaan sedih, Raja Syahraman ngumpulkeun baladbaladna. Sanggeus cacarita, bring marulang ka nagrina. Kasedih raja, tépa ka rahayatna. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ku M.A. Salmun { 19 } N yi Nisah ngadéngé pélét-pélét kitu, robah riuk beungeutna, ku Si Abdullah disangka duméh héran baé, teu nyaho kana kandungan haté pamajikan. Bojona ingguk-inggukan bari némbalan: “Enya, enya, tuluy kumaha?” “Tah ayeuna kieu,” ceuk Si Abdullah, “isuk Enok biasa baé dagang ka Nyi Rapiah. Mun Nyi Rapiah meuli kadaharan sabisabisa béré nu beueus-beueus dikalapaan atawa dikincaan. Manéhna téh meureun bongoh, moal molotot baé nénjokeun dagangan urang. Tah sabot kitu, éta pélét ku manéh cicikeun kana balanjaan Nyi Rapiah sing bisa, ulah katara. Ngarti?” Nisah: “Dicicikeun? na ari kitu cai?” Abdullah haréwos nompo beungeut: “Sttt ... tong geruh. Heueuh, cai, pélét, ‘cimata-duyung’ téa.” Nyi Nisah mani nga- 12 jenghok ngadéngé salakina nyebut cimata-duyung téh puguh éta anu dilalamun ti baréto ogé! Lain teu katara pamajikan ngajenghok téh, tapi ku Si Abdullah disangka héran biasa baé, malah kusiwel botol leutik téh dikaluarkeun tina pésakna. Nyi Nisah dipapatahan peta-petana sarta dimulamantian pisan ulah loba carita ka sahasaha gé, disingsieunan magar lamun kanyahoan ku pulisi nerapkeun pélét téh dibui, dibuang cara nu ngaracun. Cék pamikir Si Abdullah, ku jalan kitu, manéhna téh bakal bebas tina sangkaan. Upama dina papariksaan pulisi engké katangen yén Nyi Rapiah paéh diracun, nu dicerek téh geus tangtu Nyi Nisah, lamun diambat, Si Abdullah mah rék mungkir adegan kalawan wani disumpah. Sakitu tah telengesna Si Abdullah téh, nepi ka pamajikan rék di- jieun wadal. Geus bérés badami jeung peupeujeuh, “cimataduyung” ogé diampihan ku Nyi Nisah. Si Abdullah sugema pikirna, asa bakal punah majar kanyeri ka Nyi Piah, nu ceuk pamikir Si Abdullah mah magar téh “dijeujeuhkeun bet males ku nganyenyeri”. Kitu puguh gé, jelema sasar mah bebeneranana sok tibalik, awéwé digubruskeun gé magar dijeujeuhkeun. Puguh-puguh ngabedol pamajikan batur téh lampah doraka, pangrasana mah bet sohor. Éta deuih, kagembang ku duit salawé pérak, maké lulas kana pati batur. Nyi Nisah ogé pohara ngarasa sugemana, sabab jaba ti salaki ngadadak bageur téh, bet boga pélét anu meunang hayang ti baheula. Ceuk itungan Nyi Nisah nu bodo: “Bet gampang-gampang diterapkeun ka Nyi Rapiah, mending ku manéhna diterapkeun ka Si Abdullah, ambéh nyaaheun jeung asih, sina nangkel sina montél. Mun teu ayeuna iraha deui, ngahaja néangan moal enya kabeuli. Hanas magar geusan Nyi Rapiah, béjakeun baé geus diterapkeun, da moal aya nu naléngténg ieuh. Lamun teu aya kabubuatanan di awak Nyi Rapiah, éta mah meureun pélét cambal, teu mental, da béjana sok aya jelema anu bandel! wisaya atawa pélét.” Kitu ceuk pikir Nyi Nisah, awa ... lainlain acan pikir, éta mah gerak-wisat perbawa lalamunan. Biasana subuh-subuh Nyi Nisah sok hudang. Ari Si Abdullah mah atuda ngantor henteu, ka sawah tara, hudangna téh sok beurang, bojona mah geus ka mana boa. Ari peta oloolo, cara putra baron, hudang molor téh kudu geus nyampak cikopi dina gopikan digurubed ku simbut butut ambéh kasampak panas kénéh, da ku Nyi Nisah disadiakeun isuk kénéh, méméh indit nyampeur dagangan ka Ibu Haji Ubeng. Mun teu disadikaeun cikopi, engke ari balik ngider, Nyi Nisah cadu tarima bengep dicabokan. Isuk éta gé nya kitu, sabot Si Aom Koko- Manglé 2450
  13. 13. rompong ngagojod kénéh téh Nyi Nisah mah geus sadia cikopi maké cai anu dina botol leutik téa. Awahing hayang puas, botol téh maké dikungkurahan ku cikopi, dihijikeun deui kana gopikanna. “Hag siah,” ceuk Nyi Nisah, “geus dipélét kitu mah Si Bedul téh piraku teu sujud kana dampal suku aing, tuman lalaki kitu mah, kudu sina ngorondang bari acong-acongan nyembah hayang dipikarunya. Cekeng téh: hayoh sia, rék kumaha? Lebok kainyah.” Geus sagala bérés, Nyi Nisah indit rék nyampeur dagangan. Bari leumpang, botol leutik anu mani koréndas téh dialungkeun ka susukan geuleuh. Nyi Nisah leumpangna mani ngagandeuang bawaning sugema pikir; diwawaskeun: balik ngider dipapagkeun ku salaki, dirontok jeung diceungceurikan. Emh, aya ni’mat!*** 7 Deukeut ka wanci manceran —harita Nyi Nisah keur di Kajaksaan Girang, ngélék nyiru korédas— nyebar béja, pabéjabéja sadayeuh Bandung, yén Abdullah paéh aya nu ngabaruang. Mimiti kadéngé gegerungan ku tatanggana, ari disalampeurkeun bet keur adug-songkol bari mencétan beuteung, utah-uger pinuh dapur pinuh patengahan. Béja téa ka Nyi Nisah ogé nepi, atuh pohara ngarénjagna. Guragiru manéhna balik. Di jalan kénéh Nyi Nisah geus rambisak, nepi ka buruan mah gauk baé midangdam; abus ka imah aeuk-aeukan. Najan Nyi Nisah awéwé bodo, tapi manginget jeung wirasatna mah da teu paéh, Manglé 2450 ana, boh nu dilicikan ngadu, boh nu ditupu barangna jeung jaba ti éta, ku saréréa geus dianggap pantes, lamun di antara nu kanyenyerian jeung nu ngewaeun téa tuluy ngabaruang. Pulisi gé kitu anggapanana; jadi ayeuna néangan nu ngabaruang téh kudu luareun imah Si Abdullah. Tapi saha kirakirana? Urang Bandung silih-tanya, ma’lum jaman harita, rasiah pulisi téh babari pisan nyebar ka luar. Jadi mungguh hakékatna, henteu kurang henteu leuwih, nu terap ka Si Abdullah, hukumullah anu adil, anu teu pilih kasih, wenang ngaganjar ngahukum, sabab pikeun Allah mah, taya sulit taya buni, unggal dosa sadia hukumanana. rasana hirup. Kumanéhna, masing teu kahartieun gé karasaeun, yén anu ku salakina disebut pélét téh saenyana mah racun geusa ngabaruang Nyi Rapiah. Sabodo-bodona jalma, ari diancam bahya mah mangingetna sok ngabéjaan. Sok sumawonna manusa, sato anu teu bisa mikir gé ari nyaho aya bahya mah sok hayang salamet. Ku Nyi Nisah karasaeun, yén lamun manéhna waleh ngaku nyicikeun cai tina botol leutik kana cikopi, tangtu manéhna cilaka, didakwa ngaracun. (Da jeung enya ari batinna mah Nyi Nisah téh henteu ngaracun. Sakanyaho manéhna mah nu dina botol téh pélét cimata duyung). Lantaran dina papariksaan pulisi Nyi Nisah ngaku teu terang naon-naon, jeung sakur nu wawuh ka Nyi Nisah pada ngamustahilkeun yén Nyi Nisah aya guam ngaracun salakina, leuh, awéwé macem kitu, pimanaeun boga wawanén ngaracun (ieu mémang bener), jadi pulisi gé teu teterusan nerka. Komo nénjo peta Nyi Nisah enyaan ceurik kanyenyerian mah. Saurang gé teu aya nu ngira, yén Nyi Nisah mah saenyana nyeungceurikan polahna pribadi, dikira ceurik nyeri ku ditinggalkeun maot baé. Sangkaan saréréa, nu ngabaruang téh asupna tangtu sabada Nyi Nisah kaluar ti imah rék nyampeur dagangan, sabot Nyi Nisah kaluar ti imah rék nyampeur dagangan, sabot Si Abdullah tibara kénéh. Ari ka Si Abdullah, —pulisi gé terangeun— puguh réa pisa nu ngéwa atawa kanyenyerian, boh nu digerejud pamajikan- Jeung Allah ma tara nyiksa, salawasna welas-asih, mun aya nu nandang siksa, siksa ti dosa pribadi, adilna Maha Suci, ka nu kaniaya hasud, sok rajeun kajadian, tamiang meulit ka bitis, nu cilaka ku pitapakna sorangan. Nyi Nisah bébas tina sangkaan jeung dakwaan. Nu narénjo pada watir ngadeuleu nu ceurik mani gégéréléngan kawas budak. Saréréa nyangka yén ceurik nyeri katinggal salaki, teu saurang-urang acan nu ngira, yén Nyi Nisah nyeungceurikan dirina pribadi. Nénjo nu ceurik nepi ka kitu, beuki leungit baé terka ka Nyi Nisah téh, kalah pada ngarupahan, malah ku Ibu Haji Ubeng mah nepi ka dikaléng dibawa diuk. (hanca) 13
  14. 14. Metik Hikmah tina Peristiwa Hijrah Ku Féndy Sy. Citrawarga A lhamdulillah, kiwari urang sadayana parantos nincak étangan taun Hijriyah anu énggal, nyatana taun 1435 Hijriyah nu dikawitan ku sasih Muharram. Ku gentosna taun Hijriyah ieu, kanggo urang salaku muslim mah ngandung hikmah anu peryogi dipiémut dina raraga ngaronjatkeun ajén diri, utamina dina tarékah ngawedelan iman sareng akidah, katakwaan, katut ibadah ka Mantenna. Sakumaha nu tos kauninga ku urang sadayana yén étangan taun Islam (taun Hijriyah) téh dideklarasikeun ku alpukahna Amirul Mukminin, Umar bin Khaththab r.a. , nyatana dicandak tina perjoangan dawah Rosululloh saw. katut para sohabatna nalika hijrah (ngalih) ti Mekah ka Madinah. Umar henteu nyandak étangan taun Islam tina kalahiran atanapi wafat Nabi saw., ogé sanés tina peristiwa Isro sareng Miraj, atanapi tina ngawitan lungsurna ayat Al Quran. Hal éta taya sanés kumargi peristiwa hijrah Nabi saw. katut para sohabat téh mangrupi peristiwa anu teu kinten kebek ku ajén jihad anu ageung margi seueur rosikona dugi ka jungjunan Nabi saw. ku anjeun nandonkeun pati. Ku kitu téh da puguh kaom kafir Qurés terasterasan ngaganggu lumangsungna dawah Rosululloh saw. Anapon gangguanana sanés baé mangrupi provokasi, nanging ku ancaman pati. Nanjeurna Dienul Islam, di sagédéngeun nashrullah (pitulung Alloh) ogé ngalangkungan tarekéh jihad anu soson-soson Rosululloh 14 saw. katut para sohabat. Salami tilu welas taun anjeunna umajak ka kaom Qurés di lelewek Mekah, salami éta kaom jahiliyah ngayakeun perlawanan, utamin para gegedugna. Nabi saw. waktos harita cumeluk ka sakumna manusa sangkan babalik pikir tina ageman jahiliyah kana agama tauhid, nebihan syirik, nyieuhkeun sagala rupa paripolah jahiliyah anu tos jéntré ngotoran kamulyaan sajatining manusa. Nya kitu deui nyembah tapékong atanapi berhala, ngukut takhayul, mépéhék kaom wanoja kedah ditebihan. Ku kitu téh sangkan martabat manusa bener-bener aya dina kamulyaan, teu kaci ngagunasika sasama. Ukuran kamulyaan manusa, sanés harta nu dipibandana, ogé sanés tahta/jabatan nu dicangkingna, nya kitu deui rupa naha kakasépan atawa kageulisan, nanging katakwaan ka Alloh SWT. Dina emprona, panggero, kanyaah, sareng kadeudeuh Rosululloh saw. téh kalah pada ngalélécé, malah ngalawan anu teu kinten mahabuna. Para gegedug Qurés ngarasa kaancam harga dirina lamun ajaran Islam anu dicandak ku Rosululloh ngélébét di Mekah. Ku kituna, maranéhna teu eureun-eureun ngayakeun perlawanan ku pirang-pirang cara dugi ka ngancam pati. Sok sanaos kitu, Nabi saw. katut para sohabat nu tos lebet Islam nu jumlahna sakedik kénéh henteu boboléh, teras ngélébétkeun sumanget dawah ka kaom jahiliyah sangkan dina hiji waktu mah kénging hidayah. Sanés Boboléh Di antawis perjoangan Rosulul- loh téh nyaéta hijrah ti Mekah ka Madinah. Aya nu nyebatkeun (oriéntalis), cenah ngalihna Rosululloh saparakanca ka Madinah téh alatan boboléh, kasoran. Padahal sanés kitu, nanging mangrupi stratégi atanapi siasat kanggo ngempelkeun kakiatan, boh lahir boh batin kanggo ngaronjatkeun ajén perjoangan salajengna. Anu janten bekel utami hijrah kaom muslim, taya kajabi anging ku wedelna kaimanan dina diri aranjeunna. Anapon iman sareng akidah téh hal utami anu tos ditancebkeun ku Rosululloh saw. nalika di Mekah. Ku kituna, nalika aya pancén hijrah ti Alloh SWT ngalangkungan Nabi saw., kaom muslim henteu kalékéd sok sanaos karaos abot da apan kedah paturay sareng kulawarga, kedah ngantunkeun lemah cai nu dipikameumeut, kedah ngantunkeun harta pakaya, demi miharep karidoan Alloh SWT. Malih harta pakaya dijantenkeun bekel kanggo ngalengkepan perjoangan bari henteu aya rasa mangmang deui. Ku kituna, Alloh SWT maparin kaunggulan tur ngangkat darajat aranjeunna sakumaha nu dicutat dina pidawuhNa: "Jalma-jalma anu ariman, hijrah jeung jihad dina jalan Alloh ku harta banda jeung dirina, leuwih luhur darajatna mungguhing Alloh, jeung maranéhna téh jalma-jalma nu pinunjul. Alloh nepikeun béja gumbira ka maranéhna kalayan rohmat, karidoan Alloh, jeung sawarga anu di jerona maranéhna meunang kanimatan anu langgeng." (QS At Taubah: 20 - 21) Manglé 2450
  15. 15. Iman jeung Ihlas Konci suksés merjoangkeun agama Alloh sapertos dilaksanakeun ku Nabi saw. sareng para sohabat nalika hijrah nyatana nyepeng deleg kaimanan anu dibuktoskeun ku kaihlasan. Ihlas ngorbankeun sagala rupi anu diperyogikeun ku perjoangan téa. Dina hal ieu tegesna dawah, umajak ka umat kana jalan hak nebihan kabatilan. Ngalaksanakeun amal kalayan jejer ihlas atanapi janten jalmi anu salawasna mukhlish kacida ditekenkeunana ku Alloh SWT sakumaha pidawuhNa nu hartosna: "Caritakeun (Muhammad), saéstuna kuring diparéntah sangkan nyembah Alloh kalayan pinuh kaihlasan sarta ngamurnikeun katoatan ka Mantenna dina ngajalankeun agama. Jeung kuring diparéntah sangkan jadi jalma anu pangmunggaranana sumerah diri." (QS Az Zumar: 11 - 12) Kitu gambaran perjoangan kaom muslim dina ngudag karidoan Alloh. Cindekna, sagala rupi hal kedah dijejeran kaihlasan sarta panceg dina istikomah ngajalankeun agama Alloh. Tegesna, ngabuktoskeun ayana iman teu cekap ku pangangkenan dina manah atanapi dikedalkeun dina lisan, nanging kedah dibuktoskeun ku amal padamelan anu nyata. Nu disebat Diinul Qayyimah, agama anu lempeng/istikomah, di sagédéngeun iman anu wedel, éta kaimanan kedah dibuktoskeun ku ngajalankeun saréat Islam sapertos solat, zakat, sareng sajabina. Pidawuh Alloh dina Al Quran nu hartosna: "Padahal maranéhna henteu diparéntah anging sangkan nyembah Alloh kalayan ngamurnikeun katoatan ka Anjeunna dina ngajalankeun agama kalayan lempeng, sarta sangkan maranéhna ngadegkeun solat jeung zakat. Tah éta téh agama anu lempeng." (Al Bayinah: 5) Dina hadis ogé seueur katerangan perkawis peryogina kaihlasan dina perjoangan nanjeurkeun agama Alloh, malih aya patalina sareng peristiwa hijrah. Tegesna, suksés hijrah keur kaom muslim téh nyatana Manglé 2450 gumantung kana kaihlasan niatna, niat anu ihlas karana Alloh nya tangtos karidoan Alloh nu diarep-arepna. Hadis nguningakeun nu hartosna: "Sohabat Umar bin Khaththab r.a. sasauran: simkuring ngadangu Rosululloh saw. ngadawuh: saéstuna sahna sakabéh amal gumantung niatna. Jeung hiji pagawéan anu dipigawé ku jalma gumantung kana niatna. Sing saha anu hijrah karana miharep karidoan Alloh jeung RosulNa, maka karidoan Alloh katut RosulNa anu baris kapanggih. Jeung singsaha anu hijrah karana rék néangan harta banda atawa karana awéwé anu rék ditikah, maka naonnaon anu dipiharepna éta nu dialana." (HR Bukhori sareng Muslim) Kitu pidawuh Rosululloh saw. ngeunaan peryogina niat anu ihlas dina berjoang miharep karidoan Alloh. Hal éta tos dibuktoskeun ku anjeunna nalika hijrah téa. Ciri amal anu ihlas ku ayana haté anu beresih, wening, tina sagala rupi kasakit batin kayaning sirik pidik atanapi harepan kana ruruba dunya. Dina hadis kauninga nu hartosna: "Sohabat Abu Huraéroh r.a. sasauran yén Rosululloh saw. parantos ngadawuh: Saéstuna Alloh SWT henteu ningal (meunteun) kaayaan awak sarta rupa maranéh, tapi Alloh meunteun kaihlasan haté maranéh." (HR Bukhori sareng Muslim) Ku ayana haté nu beresih baris panceg nyekel bebeneran, iman bakal wedel, henteu kapangaruhan ku naon baé sabab sagala rupi diséndérkeun kana kayakinan ayana Alloh. Hadis nguningakeun deui nu hartosna: "Mun téa mah salasaurang di antara maranéh ngalakukeun pagawéan di jero guha anu teu aya panto jeung liangna, maka éta amal tetep bakal bisa kaluar (tetep dicatet ku Alloh) nepi ka iraha waé ogé." (HR Bukhori sareng Muslim) Nimat nu Ageung Ajénna Ku kituna, para salafus saléh ngagolongkeun kaihlasan atanapi karidoan dina jihad ngabéla agama Alloh mangrupi kanimatan anu teu kinten ageung ajénna. M. Yunan Nasution dina bukuna "Khutbah Jumat" nerangkeun: "Sikep rido téh mangrupa kanimatan rohani anu pangluhurna. Ahli tasauf Ibn 'Atha' sasauran, rido téh katenangan/katingtriman haté nampi hiji perkara anu dipilih Alloh keur hambaNa. Aya ogé ahli tasauf séjénna nu sasauran yén rido téh puncak tawakal, narima katangtosan Alloh kalayan senang, haté anu tumampi aya dina yuridiksi hukum Alloh. Nalika Abu Hazim aya nu naros, harta naon anu pangmahalna, anjeunna ngawaler, sikep rido kana karunia sareng takdir Alloh. Ku kituna tiasa dicindekkeun yen rido téh - sakumaha disaurkeun ku Dr. Yusuf Qardhawi - nyaéta nimat rohani sabagé karunia anu dianugrahkeun ku Alloh, tumuwuh alatan iman anu wedel sareng alatan miara hubungan anu tartib sarta teras-terasan ka Mantenna. (Al Iman wal Hayat, kaca 135)." Hijrah nu Utami Sakali deui, unggulna jihad dina raraga dawah Rosululloh saw. sareng para sohabat ngalangkungan hijrah téh didadasaran ku kaihlasan, lilahitaala, miharep karidoan Alloh dugi ka kapetik hasilna kaala buah mangpaatna. Témahna, Islam sumebar sanés baé di lelewek Arab nanging nyambuang ka mana-mana tug dugi ka nagri urang. Ku kituna, kanggo urang ayeuna nu kapapancénan neraskeun risalah dawah Islamiyah luyu sareng kamampuh séwang-séwangan, sawadina metik hikmah tina peristiwa hijrah. Tegesna leres-leres matrikeun kaihlasan dina diri saparantos mibanda iman anu ogé dipiharep tetep wedel sakumaha anu parantos dibuktoskeun ku Rosululloh saw. sareng para sohabatna. Sanaos tangtosna hijrah kanggo umat anjeunna kiwari sanés hijrah dina hartos ngalih tempat wungkul, nanging hijrah nu utami nyaéta ngarobih paripolah awon kana kasaéan, tina kabatilan kana hak, masiat kana toat nu karaosna langkung abot batan hijrah patempatan. Nanging nya di dinya ngancikna perjoangan atanapi ajén jihad mah, tegesna jihad ngayonan hawa napsu. *** 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS Hukum Puasa Asyuro Patarosan: Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat, badé tumaros perkawis saum dina poé Asyura (tanggal 10 Muharram). Naha kalebet wajib? Kumaha asal-usul disunatkeun saum dina poé Asyura? Sim kuring nyuhunkeun kateranganana, boh tina Alquran atanapi tina Hadits. Hatur nuhun. Wassalam, Afif Rahman Palered Purwakarta Waleran: Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Kalender hijriyah mangrupa taun nu biasa digunakeun ku umat Islam, sok sanaos umat Islam di urang lolobana henteu merhatikeun kana kalender hijriyah ieu, atawa henteu arapal kana pananggalan hijriyah. Kalender hijriyah dimimitian ti bulan Muharram, kalawan dipungkas ku bulan Dzulhijjah (Rayagung). Bulan Muharram kaasup salasahiji bulan suci dina taun hijriyah anu disebut “Syahrul Hurum” sajabi ti tilu bulan lianna, nyaéta Dzul Qa’dah, Dzulhijjah, sareng Rajab. Lantaran kitu, éta bulan nu opat dianggap bulan suci tur mulya, mangka diharamkeun umat Islam ngayakeun peperangan dina éta bulan. Husus bulan Muharram anu mangrupa bulan munggaran kalender hijriyah, seueur pisan kautamaan-kautamaan anu pantes dipiéling ku umat Islam. Hasan Bashri kantos nyebatkeun, henteu aya bulan dina sataun salian ti bulan Ramadhan anu langkung agung tur mulya di payuneun Alloh ti batan bulan Muharram. Malihan aya ulama anu nyebatkeun bulan Muharram disebat “Sayhrulloh al-Asham” hartosna bulan Alloh anu tengtrem, nuduhkeun bulan anu kacida mulyana. Di antara kautamaan anu aya dina 16 ieu bulan nyaéta disunatkeun ngalaksanakeun saum, utamina saum dina poénan tanggal 10, anu disebut saum ‘Asyura (Asyuro). Dina Hadits disebatkeun, wiréh Siti Aisyah kantos ngariwayatkeun sapartos anu diriwayatkeun ku Imam Bukhari-Muslim, anu unggelna nyebatkeun, yén poé ‘Asyuro nyaéta poé kasapuluh bulan Muharram. Dina poé ieu aya katerangan nu nerangkeun, yén di jaman jahiliyah urang Quraisy tos biasa ngalaksanakeun puasa, kalebet Rosululloh SAW. Kaayaan saperti kieu lumangsung nepi ka Rasul hijrah ka Madinah. Ku hal kitu, di awal-awal taun Nabi hijrah, puasa Asyuro hukumna wajib, sakumaha disebatkeun dina Hadits anu sumberna ti Salamah bin al-Akwa. Namung hukum wajib puasa Asyuro robah janten sunat hukumna, saatos turun paréntah (wajib) puasa bulan Ramadhan dina taun kadua hijriyah. Hartosna kawajiban puasa Asyuro kapupus ku kawajiban puasa di bulan Ramadhan, sedengkeun puasa Asyuro hukumna jadi sunat. Namung sok sanaos puasa Asyuro hukumna sunat, kautamaana ulah dipopohokeun. Abu Hurairah kantos ngariwayatkeun Hadits ngeunaan kautamaan puasa Asyuro. Disebatkeun dina éta Hadits, wiréh puasa anu paling utama saatosna puasa Ramadhan nyaéta puasa di bulan Muharram, jeung solat anu paling utama saatosna solat wajib nyaéta solat Tahajud. Seueur pisan kautamaan puasa di bulan Muharram, utamina puasa dina poé Asyuro. Abu Qatadah al-Anshari nyebatkeun, puasa Asyuro tiasa nutup dosa-dosa sataun ka tukang, boh dosadosa leutik atawana dosa-dosa gedé. Kautamaan lianna, saperti dijelaskeun ku Ibnu Abbas wiréh Rasulullah SAW hanteu ngalaksanakan puasa dina poépoé séjénna kalawan bari ngalap kautamaana salian ti puasa dina poé Asyuro, tegesna puasa dina poé Asyuro leuwih utama ti batan puasa sunat dina poé-poé séjénna. Puasa Asyuro ogé mangrupa sunnah Nabi Musa AS anu mangrupa salasahiji bentuk jeung tanda rasa syukur disalametkeun ku Alloh tina ancaman bala tentara Fir’aun. Lajeng disunatkeun puasa Asyuro ka umat Nabi Muhammad SAW. Hartosna nuturkeun salasahiji sunnah Nabi Musa AS. Hal ieu dumasar kana Hadits Rasul anu sumberna ti al-Rabi’ bin Afra’, anjeuna nyarioskeun, wiréh Rosululloh SAW kantos maréntahkeun utusan ka désa-désa Anshar anu aya di sabudeureun Madinah dina poé Asyuro. Lajeng Rasul ngadawuh, sing saha anu ngalaksanakeun puasa, mangka teruskeun puasana, jeung sing saha anu can niat puasa, mangka geura niat seja puasa dina éta poé. Dumasar kana pidawuh kitu, mangka ti wangkit harita para sahabat Nabi ngalaksanakeun puasa dina poé Asyuro tur ngajarkeun ka anak-anakna bari ngabéwarakeun ka para sahabat lianna, sangkan ngalaksanakeun puasa dina éta poé. Akhirna sunnah puasa Asyuro ieu teras dilaksanakeun (disunahkeun) ku Rasululloh SAW, lajeng diteraskeun ku para sahabatna. Ibnu Qayim Jauziyah dina kitabna “Zadul Ma’aad” nyebatkeun, wiréh puasa Asyuro numutkeun kana riwayat-riwayat anu aya, dibagi kana tilu urutan, nyaéta: kahiji, dilakukeun salila tilu poé, nyaéta dina tanggal 10 Muharram ditambah sapoé saméméhna jeung sapoé saatosna (9, 10 sareng 11). Urutan anu kahiji ieu mangrupa urutan anu paling sampurna kalawan dasarna Hadits anu kuat jeung loba. Urutan kadua, dilakukeun salila dua poé, nyaéta dina tanggal 9 sareng 10 Muharram. Puasa tanggal salapan biasana disebut puasa “Tasu’a”, puasa anu tanggal 10 disebut puasa Asyuro. Lajeng urutan anu katilu, mung sapoé, nyaéta dina tanggal 10 Muharram wungkul. Sakitu, mudah-mudahan aya mangpaatna. Wallohu ‘alam.*** Manglé 2450
  17. 17. Atikan Bahaya Narkoba ka Parasiswa B adan Narkotika Nasional gul kalawan ngajauhan narkoba. (BNN) gawe bareng Para nonoman Sunda husuna, jeung Yayasan PendiIndonesia umumna misti mamdikan Dasar dan Menengah puh jadi generasi pinunjul, jadi (YPDM) Pasundan sarta gerbangsa anu kuat sarta pinunjul di akan Pramuka kwartir ranting tingkat dunya. Rancaekék, ngagelar acara sosiaBangsa Indonesia umumna, lisasi mahing tur ngungkulan urang Sunda husuna, ceuk Soma, bahaya narkoba anu ngaruksak ngabogaan sikep anu santun. mental masarakat, hususna baMasarakat anu ngabogaan sipat rudak rumaja jeung pelajar. jeung karakter, silih asah, asih Eta kagiatan diiluan ku ratujeung asuh. Tuh pan, ceuk Soma san siswa SMP-SMK Pasundan deui natrat naker yén bangsa Rancaekek-Kabupatén Banurang kacida pisan make kana Drs. Soma Gantika, M.Si.,… “Nonoman Sunda pinunjul dung, digelar poé Kemis (31/10). ajen inajen kearifan lokal. masing jadi harepan balarea” Harita, parasiswa dibekeKu sabab kitu, Soma lan atikan ngeunaan halnegeskeun, pikeun ngahal bahayana narkoba nu bénténgan arus global, kiwari mahabu sarta nganya kudu nguatan akarruksak mental jeung laku akar budaya lokal, sarta lampah masarakat, husus misti diwujudkeun teu na pelajar. Hadir dina éta cukup ku teori, tapi bari acara pajabat ti (BNN) jeung prakna deuih. Badan Narkotika Pro"Dipiharep ku kapunvinsi Jawa Barat, Pingjulan-kapunjulna putrapinan jeung guru sakola, putra daérah baris jadi para tokoh masarakat tokoh-tokoh Sunda nu sarta para sepuh murid. manggung boh nu di ekWakil Ketua YPDM Pasekutif boh legislatif. sundan, Drs. Soma GanLéngkah jeung kanyaahtika, M.Si., dina bian na éstu pisan dianti-anti tarana nétélakeun, digeku sakumna masarakat. larna acara ieu mangrupa Teu saeutik urang Sunda salasahiji tarakéh engpinunjul nu manggung di Acara sosialisasi bahaya narkoba digelar di komplek SMP-SMK Pasundan nasional, anu bisa digoning mageuhan tali Rancaekek, Kabupaten Bandung silaturahmi, meungkeut jadikeun kareueus keur beungkeutan tatali batin masarakat Sunda. Nya balaréa, pangpangna generasi ngora. antara yayasan, sakola Pasundan, Ku kituna, narkoba kudu musna. saperti AGK (Agus Gumiwang Karhusuna jeung parasepuh murid. ”Mudah-mudahan ku diayakeunna tasasmita) apan éta putra pinjul pituin Eta kagiatan, ceuk Soma, ngandung kagiatan sosialisasi samodel ieu, ma- Sunda nu ayeuna jadi anggota DPR RI, makna nu kacida gedéna keur sa- sing jadi atikan oge bahan pikeun ceuk Soma. kumna pihak. Sabab dipiharep mam- ningkatna ajen kawaspadaan ka baruKukituna, dipaharep, urang Sunda nu manggung di puseur (eksekutif dan puh jadi apresiasi masarakat leuwih dak urang," ceuk Soma. nyaho yén bahaya narkoba jeung zat Soma nandeskeun, pasualan ngeu- legislatif) masing bisa bisa ngaapresiasi adiktif téh henteu waé ngaruksak men- naan bahayana narkoba geus jadi pa- naon nu jadi kereteg jeung harepan tal barudak, tapi masarakat Indonesia sualan nasional, malah internasional. sakumna masarakat Sunda. "Kudu umumna. Narkoba jadi musuh masarakat dunya. katara ayana jeung karasa mang"Narkoba téh lian ti jadi panyakit nu Ku kituna, ceuk Soma, para nono- paatna ku balarea," ceuk Soma Gantika ngabahayakeun, ogé musuh urang man Indonesia kudu jadi manusa ung- nutup wangkongan.*** Manglé 2450 17
  18. 18. Asa Teu Pira Carpon Mimif Miftahul Huda A sa teu pira. Harita téh kuring ngan saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi kieu kaayaanana. Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu puguh dédéngéan. Ieu deuih panon ujugujug teu puguh titingalian. Asa ku anéh. Enya, teu pira ceuk kuring gé. Pira méré baju. 18 Pédah meureun si Siti téh randa ngora anu ditinggalkeun maot ku salakina. Tapi da kuring teu boga niat nanaon, iwal ti ngarasa karunya. Taya deui lian ti karunya. Pédah wé manéhna di dieu téh teu boga sasaha deui. Kulawarga geus teu boga. Gawé teu tangtu. Dahar kadang aya, kadang euweuh. Baju nu dipaké ogé sigana téh éta deui-éta deui. Éta mimitina mah anu ngabalukarkeun kuring kapikir méré baju téh. Nyedek pisan ka lebaran, piraku bajuna sararoéh. Kapan ceuk agama gé lamun aya tatangga anu sangsara, urang wajib méré. Nya kuring téh meuli baju wé sasetél. Tuluy dibikeun ka manéhna. Euweuh. Euweuh kajadian nanaon deui harita téh. Malahan mah manéhna téh nunuhunan pisan ka kuring. Ari der téh isukna urang lembur geunjleung. Mani ramé. Cenah mah si Siti reuneuh. Asa teu mungkin cenah reuneuh ku almarhum salakina mah, da geus lila atuh maotna gé. Kuring mah biasa wé ngadéngé omongan kitu téh. Enya mimitina mah rada reuwas. Tapi da lain urusan kuring ieuh. Barang kuring balik digawé, ujug-ujug aya nu nepak kana taktak di jalan téh. Geuning si Samin, manggul pacul. “Sardi, cenah manéh ngareuneuhan si Siti?” pokna. Ngadéngé kitu, ngagebeg kuring téh. Asa kabéntar gelap. Geuwat wé kuring téh nyentak si Samin. “Ari manéh Samin ngomong téh sok ka mana waé.” “Éhhh... saha nu sok ka mana waé téh? Urang lembur mah geus pada apal. Cenah si Siti reuneuh!” Rék ditémbalan deui téh geus kaburu nepi ka hareupeun imah. Langsung waé kuring téh asup. Barang asup, sakedapan mah kuring téh ngagebeg. Dédéngéan mah asa aya Manglé 2450
  19. 19. nu ceurik. Piraku aya kunti wayah kieu? Ari disampeurkeun ka tempat datangna sora, geuning si Isah, pamajikan kuring anu ceurik téh. Atuh da iraha teuing ngadéngé si Isah ceurik. Salila rumah tangga, asa can kungsi ngadéngé pamajikan ceurik kawas kitu. Éta anu matak kuring reuwas téh. Ari ditanya kalahka ngabigeu. Cék pikir téh, boa-boa kitu gara-gara si Siti téa. Nya diantep wé pamajikan téh. Da mun keur dina kaayaan siga kitu mah moal bisa dikukumaha. Sababaraha poé ti harita, ngadadak ménta pipisahan pamajikan téh. Kuring teu ngarti naon anu nyangkaruk dina pipikiranu pamajikan. Ari ditanya téh ngan ukur ngajawab geus teu bisa percaya deui ka kuring. Nya kuring ogé teu bisa nyalahkeun. Da mun teu nyabar-nyabar manéh mah, moal bisa betah cicing di ieu lembur. Atuh da mun aya nanaon téh tara lila, jalma salembur langsung pada nyahoeun. Jeung deuih omongan-omonganana téh ibarat seuseukeut hinis. Tara bisa dijaga biwirna téh. Dileuleuyan wé pamajikan téh. Sanggeus kitu, kuring langsung ngadatangan imah si Siti. Rék nanyakeun bener-henteuna. Tapi geuning di imahna euweuh sasaha. Di tengah jalan kabeneran kuring papanggih jeung si Samin. “Min, manéh nyaho teu saha nu mimiti ngomong yén si Siti reuneuh? Terus reuneuhna pajar ku kuring?” “Éh, éta sugan bener teu manéh anu ngareuneuhan?” Ceuk Si Samin kalah ka malik nanya. “Manéh teu percaya ka Manglé 2450 uing?” “Lain teu percaya Di, tapi pan kana jerona haté jalma mah saha nu nyaho.” “Nya enggeus lamun kitu mah urang tanyakeun langsung ka Si Sitina,” kuring langsung némpas omongan si Samin. Nepi ka soré, anu ditungguan téh teu baé datang. Isukna langsung waé jalma salembur téh dikumpulkeun di balé désa. Si Siti cenah rék balaka ngeunaan kaayaan manéhna. Kabéh jalma anu boga pakuat-pakait jeung si Siti aya di dinya. Kaasup kuring jeung pamajikan. Ari geus balaka, kalah beuki reuwas kabina-bina. Asa teu percaya ku omongan si Siti, cenah kuring anu ngareuneuhan manéhna. Kabéh percaya kana omonganana, kaasup pamajikan kuring. Enya atuh da sakumaha rongkahna kuring ngabéla diri gé moal aya nu percayaeun. Puguh taya saksi jeung teu boga bukti. Kabéh jalma anu aya di dinya malencrong ka kuring. Sajajalan kuring geus teu puguh pikir. Awak di mana, pikiran di mendi. Kuring buru-buru mulang. Ningali pamaji kan keur nyegruk, diomongan kukumaha ogé geus teu bisa diupahan. Manéhna keukeuh ménta pepegatan. Sababaraha poé ti harita, sanggeus dijelaskeun bébéakan, pamajikan téh tetep teu percayaeun. Geus ngomong ka indung-bapana, angger teu bisa. Tungtungna kuring kudu ngéléhan; kuring kudu ihlas pepegatan jeung pamajikan anu dipikameumeut. Teu karasa harita bet nyurucud cipanon. Asa geus lawas cipanon téh teu kaluar. Nyeri haté mah. Tapi kudu kumaha deui, geus takdirna kieu meureun. Kuring panasaran naha si Siti bisa ngomong kawas kitu? Téga ngabohong. Padahal kuring geus kurang kumaha bageurna ka manéhna. Teungteuingeun pisan. Kuring bener-bener yakin, yén kuring teu kungsi milampah pagawéan nu teu uni. Keur naon atuh boga pamajikan. Kapan sidik, boga pamajikan téh salasahijina pikeun ngajauhan jinah. Barang nepi ka imah si Siti, kadéngé sora anu ngabelentrang dituturkeun ku sora nu ceurik. Gening si Siti keur disiksa! Ku saha? Kuring teu nyaho. Kuring geuwat asup nyalametkeun si Siti. Ngan temahna, pareng kuring malik karasa aya nu neunggeul kana sirah, nenggel naker. Ti dinya kuring les teu inget nanaon. Inget-inget geus aya dina korsi. Sakedapan mah kuring téh ngarasa bingung. Sirah jejedudan. Asa ngan sakilat pisan kajadianana téh, nepi ka teu apal saha nu nyiksa si Siti jeung nu neunggeul kuring. Sanggeus dipaksa nyarita kakara si Siti daék balaka. Geuning kajadian ieu téh aya patula-patalina jeung fitnah. “Hampura Kang. Abdi bener-bener teu niat mitnah ka akang,” omong Siti bari reumbay cimata. “Padahal Kang Sardi bageur pisan ka abdi. Tapi abdi gé teu bisa kukumaha,” sora Siti méh les-lesan. Kuring ngan saukur bisa ngusapan tonggongna. Sanajan manéhna geus nyababkeun kahirupan rumah tangga kuring burakrakan, tapi tetep da manéhna téh awéwé. Kuring teu wasa mudalkeun kakeuheul ka manéhna. Komo nyiksa mah. Sajongjongan mah kaayaan simpé baé. Ti dinya, kakara kuring bisa nyarita. “Enya teu nanaon. Nu akang hayang nyaho téh, naha saha saenyana nu milampah nirca ka Siti téh?” anu tadina rék ngambek, teuing kunaon jadi leuleuy kieu. Haté mah kacida ambekna, tapi anu kaluar tina baham naha kalah kieu? Kuring teu ngarti. “Kang Samin, Kang. Nya manéhna deuih anu maksa Siti mitenah Kang Sardi gé,” manéhna ceurik, teu bisa nuluykeun deui caritaanana. Kuring geus teu bisa maksa deui Siti pikeun nyarita. Asa teu percaya, sobat kuring, si Samin anu ngalantarankeun rumah tangga jeung kahirupan kuring jadi kieu. Saprak kajadian éta si Samin kabur ti lembur, ngaleungit teuing ka mana. Ilang nepi ka ayeuna. Jalma salembur geus pada apal saha anu ngareuneuhan si Siti sarta geus pada apal kajadian anu saenyana. Kuring tetep masih tacan percaya, naha naon anu ngalantarankeun si Samin milampah goréng ka sobatna sorangan? Enya, ka kuring sasatna? Cenah mah gara-gara sirik kana kahirupan kuring, nu meureun aya leuwihna tina kahirupan manéhna. Beu! Emh enya, asa ku teu pira. *** Gerlong, Agustus 2013 19
  20. 20. Qurban Perasaan Carpon Rizky Prasasti Anwari B asa harita, Uing téh embé anom. Gagah deuleu. Kuat. Nya badag nya gedé. Tanduk gé nguir nya seukeut. Panesna mah keur meumeujeuhna beuki ka bikang mah. Tapi duka kunaon, uing mah euweuh hasrat ka bikang téh. Di kandang gé loba bikang. Gareulis. Si Yayah, si Tuti, si Minah, tapi da teu beuki uing mah. Uing mah asa 20 resep kénéh ka papada jalu. Ngarareunah kénéh jeung jalu. Haneuteun mun saré pagelek-gelek jeung maranéhna. Tibra. Enya, bapa uing jawara di kandang téh. Euweuh nu wanieun ngalawan paréntahna. Bapa uing nu ngawasa, nu boga hak pilih keur saha-saha waé nu kudu dijadikeun qurban. Tong hariwang, bapa uing wijaksana. Moal asal milih. Céek manéhna, milih téh dumasar kana pilihan ti Gusti nu lumungsur datang kana impian. Jeung deuih ngimpi téh dipercaya pisan. Tong sieun! Cek bapa uing gé dipeuncit dina poé lebaran mah leuwih terhormat batan na poé biasa. Maotna gé maot syahid cenah. Da kapan maot dina jalan bebeneran. Sarua jeung ngalaksanakeun paréntah Gusti. Teu lila, di kandang uing aya bikang anyar. Kakara ayeuna uing manggih bikang nu Sub- hanallah geulis pisan. Leuwih geulis batan widadari. Teu ngan ukur geulis, tapi mancur cahya tina haténa. Ngenclang. Beresih. Bageur pisan sigana. Manéhna cocog pisan jadi indung anakanak uing. Cocog pisan mun seug engkéna ngalahirkeun anak-anak uing. Sapoé eta ing ngadu’a. Uing hayang boga hasrat ka bikang. Uing hayang nyumponan kahayang bapa. Boga incu-incu nu garagah ti uing. Uing hayang boga turunan. Uing capé teu akur jeung bapa. Uing hayang nénjo bapa agul boga anak siga uing. Teu cara ayeuna. Bapa siga nu ijideun ka uing. Geuleuheun. Peutingna. Gusti ngadangu kahayang ing. Harita awak uing panas. Lalinu. Keur ngurangan nu karasa, uing aajlengan. Oséh-oséhan ngosok-ngosok tanduk kana naon waé nu aya hareupeun uing. Teu kuat, hayang geura ngeukeupan si Juwita, embé anyar téa. Uing teu Manglé 2450
  21. 21. bisa saré. Allahu akbar! Allahu akbar! Allahu akbar! La ilaha illallah wallahu akbar! Allahu akbar Wa lillahi l-hamd.. Wanci geus mustari. Kabéh embé ngariung di kandang. Ngadangukeun bapa uing sasauran. Sasauran kanggo milih nu énjing dipeucit téa. “Duh anaking saéstuna bapa diparéntah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep anaking. Tah, ayeuna prak pikiran kumaha alusna ceuk hidep? Peuting ieu diantos kaputusanna,” bapa sasauran. “Duh Pa! Naha Uing? Loba nu séjén nu leuwih mantes dipeuncit. Si Burhan tuh, tukang merkosa bikang. Si éta wéh nu isukan dipeucit téh Pa! Tong ing!” Uing protés. Bapa uing sabar. Uing nyeuneu. Uing teu narima mun kudu uing nu ayeuna dipeuncit. Uing can ngabuktikeun mun uing gé boga hasrat ka bikang. Uing hayang bapa katémbong bungaheun. Uing hayang boga turunan. Uing hayang … ………………….. “Aéh heueuh! Sigana mah lantaran éta, bapa milih ing téh. Teu ngimpi-ngimpi acan boa ayeuna mah. Cék manéhna apan harita uing teu guna, teu bisa méré incu. Kuduna geura-geura dipeuncit uing mah,” gerentesna “Ieu teu adil! Bapa uing teu wijaksana!” Uing gogorowokan bari neunggar-neunggarkeun sirah kana tatangkalan. Allahu akbar! Allahu akbar! Allahu akbar! Laa ilaha illallah walManglé 2450 lahu akbar! Allahu akbar Wa lillahi l-hamd.. Beuki peuting sora takbir beuki ngalanglaung . Ngajanggélék jadi galindeng nu matak muriding kana ati. Manéhna geurageura cengkat. Embé séjénna geus ngariung deui. Bapa sasauran, “Anaking, sayaga pikeun ngajalankeun paréntah Gusti?” “Teu! Ieu teu adil! Bapa milih uing lantaran ing can bisa méré rundayan pan? Bapa éra pan boga anak siga uing? Bapa teu….” “Teu pisan-pisan, Anaking. Saéstuna bapa diparéntah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep, Anaking! Sing Inget Anaking, yén sagala nu aya, ti mimiti harta banda, putra garwa, tug dugi ka diri pribadina, éta kabéh mangrupa amanat. Mangrupa titipan. Sadayana ogé milik Gusti,” bapa némpas. “Manusa mah teu ngaboga-boga. Ukur ngagaduhan tugas pikeun mulasara, ngajaga, ngariksa ogé ngamangpaatkeun sakumaha mistina. Miturut kapalay nu maparinanana, nyatana Alloh aza wazala,” cék manéhna deui. Uing ngabetem. Teu lila si Burhan jeung Yedi nyéréd uing ka pameuncitan. Uing gogorowokan, bébéréléan, embé-embéan. Sanajan kitu, angger percumah. Aya ku pageuh si Burhan jeung Yedi nalian beheung uing kana awak tatangkalan. Bikang uing, si Juwita bangun nu ngarasakeun sakur nu karandapan ku uing. Manéhna surtieun kana guligah nu karasa ku uing. Manéhna ngadeukeutan uing. Tapi Burhan jeung Yedi metot manéhna sangkan asup ka kandang. Bikang uing beuki jauh. Beuki jauh. Uing gogorowokan. Allahu akbar! Allahu akbar! Allahu akbar! La ilaha illallah wallahu akbar! Allahu akbar Wa lillahi l-hamd.. Beuki subuh sora takbir beuki tarik. Uing beuki aajlengan, beuki gogorowokan, motah, guligah. Nyurudukan tatangkalan. Metotan tali. Tapi percumah. Awak ing kalah ka beuki leuleus, lungsé. Ssah rék kabur. Katambah ku hasrat hayang ka bikang téa. Awak lalinu. Capé. Ngadu’a sangkan aya nu nulungan. Tapi weléh teu aya. Sadrah ieu mah. Hirup uing ngan nepi ka dieu. Anggeus semet dieu. Mereun uing mah émang teu ditakdirkeun boga turunan. Kudu ihlas. Euweuh uing gé si Juwita mah pasti boga turunan. Uing imut. “Bapa...! Ulah diengkeengke, geuwat laksanakeun! Sabab, mun seug paréntah Gusti ditundatunda bisi timbulna gogoda. Nu ahirna éta paréntah téh dilalaworakeun. Malah nu leuwih parna mah ditinggalkeun!” Uing jojorowokan “Talian uing sing pageuh Pa! Méh teu loba usik, méh teu ngahésékeun bapa keur meuncitna. Tutupan beungeut uingna Pa, ambéh bapa téga meuncitna. Seukeutan pésona, Pa! Ambéh teu karasa nyerina. Sing gancang nya, Pa! Ambéh ngurangan kapeurihna. Béjakeun Pa, ka Neng Juwita . Uing Tresna. Bikeun bulu uing keur manéhna, ambéh ingeteun baheula aya uing nu mikacinta, cenah dipaké méh haneut!” Teu eureun ing ngagorowok. Dina poé rayagung ieu, uing kudu ihlas maot terhormat. Mun enya aya sawarga husus keur embé, uing mikaharep panggih jeung bikang uing di ditu. Bikang nu leuwih geulis ti anu kungsi papanggih jeung uing. Amiin. “Heup Kang, Heup!” cek Juwita semu ngagorowok bari nyampeurkeun. Uing olohok. Awak Juwita bareureum, hanyir. Siga tas dibalur getih. Panonna reumbay cimata. “Kunaon? Naha tali Akang diudaran? Keun baé Juwita. Ulah, ulah mantuan Akang. Akang moal gimir moal ringrang moal hamham. Sagala paréntah anu datangna ti Nu Maha Kawasa mah moal nepi ka teu dilaksanakeun!” uing yakin. “Tos Kang, Atos. Yu cuang ka lebet. Bapa ngantosan,” cék Juwita bari tuluy metot kana peupeuteuyan. Satepina kana kandang. Ngagolépak layon si bapa nu keur dirariung ku embé séjén. Uing olohok. Uing ngabetem. Getihna ngalémbéréh, ngabayabah. Muncrat ka mamana. “Sing sabar wé. Sadrah. Bapa anjeun nu geus kapeto ku Manten-Na!” haréwos Burhan. *** 10 Dzulhijjah 1434 H Rizky Prasasti Anwari Mahasiswa UPI Bandung Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah 21
  22. 22. Carpon Yus R. Ismail Dongeng Maung Jeung Sumur Karamat A njog ka nu dituju kira wanci tunggang gunung. Soré aya ku éndah. Panonpoé sumorot norobos dangdaunan. Cahyana lir kaén kasumba ngajajar niruk lemah. Cahya anu areunteup dina dangdaunan patinggurilap diulinkeun ku angin. Ieu meureun tempat anu disebut-sebut dina pantun didengéng-dengéng dina dongéng téh. Tempat karamat. Tempat anu mangtauntaun, meureun geus mang ratus taun, disusud ka gunung-gunung diaprak ka unggal madhab. Tempat anu salawasna aya dina tungtung suku jeung pikiran kaula. Apan hirup kaula mah tugasna ngan néangan ieu tem- 22 pat. Tempat karamat anu can kungsi aya anu mangnimukeun. Tegesna mah meureun, can kungsi aya anu ngabéwarakeun kakaramatan ieu tempat ka balaréa. Lantaran unggal anu nimukeun ieu tempat, saterusna mah sasab di jerona. Kereteg haté bet cumantél ka dieu basa uprak-apruk nété akar ngeumbing jangkar ka ieu leuweung geledegan. Duka sabaraha poé, bulan, boa mangtaun-taun, uprakaprak ngubek leuweung. Tungtungna kereteg haté téh bet ngemplong, tenang, ambekan ogé hararampang, basa hiji soré anjog ka ieu tempat. Henteu lega saenyana tempatna mah. Taya tanda-tanda husus. Para kasepuhan anu kungsi ngadongéngkeun henteu nétélakeun ciri-cirina. Anéh, kaula ogé bet henteu hayang nanyakeun. Pikiran bet yakin, ciri-ciri téh henteu perlu ditatanyakeun. Da geuning saenyana, barang anjog mah ka ieu tempat, haté langsung ngarasakeun. Tenang jeung hararampang basa dampal suku mimiti ngaliwat tangkal kamper anu ngajajar lir gapura. Hawa aya ku seger, sumarambah kana urat-urat panglembutna dina sakujur awak, terus ngamalir nepi kana tungtung buuk jeung dampal suku. Capé anu mangtaun-taun narapel siga daki lir anu muluduh sapada harita. Tempat karamat téh legana mah ngan saukuran dua kali lapang badminton. Tatangkalan sagedé beuteung munding ngajajar lir soldadu anu ngabaris. Akar ngagarantung sagedé-gedé pigeulang leungeun. Dangdaunan mirupa payung anu dianyam tina dahan-dahan sabudeureunana. Di handap, amparan jukut aya ku asri, héjo seger, jangkungna rata lir buludru. Haté bet teu hayang tumanya, saha anu ngaraksa-ngariksa ieu tempat? Da cara ka tempat-tempat karamat lainna, alam ogé ngarumat mariksa. Diuk téh di juru, handapeun tangkal loa sagedé beuteung gajah. Tungkul. Reureuh sakedapan. Tapi geuning haté bet jadi rus-ras, ngarakacak teu pupuguh. Reureuh ogé rarasaan téh jadi henteu perlu. Lalampahan mangtaun-taun téh henteu karasa capéna. Anu puguh mah awak seger lir dimandian ku cai wening tina mangréwu cinyusu. Ngan haté bet rusras teu puguh rarasaan. “Di tengah tempat karamat téh, aya hiji sumur. Sumur anu geus lukutan tina ku kakolotan,” ceuk hiji kasepuhan di hiji kabuyutan. “Tah éta sumur karamat téh, sumur anu jadi panto ka dunya anu anyar.” ** Sumur karamat téh aya di tengah amparan buludru jukut. Sisi-sisina diwatesan ku taneuh porang anu warnana héjo poék kalimpudan ku lukut. Warna kolot semu baseuh anu sanggup ngeleterkeun ieu haté. Tatangkalan anu rapet ngawatesan, akar anu ngagarantung, kakara karasa lir anu nyidem simpé. Meureun geus mangabad-abad maranéhna layeut jeung simpé. Boa simpé téh maranéhna téa. Panonpoé duka iraha nyabutan cahyana, da sadar-sadar hieum nuruban ieu tempat. Sajongjonan kaula teu ngiceup neuteup sumur. Sumur anu duka iraha mimiti kanyahoanana. Da tadi mah Manglé 2450
  23. 23. basa anjog, basa sup ka ieu tempat, sumur téh acan aya, henteu katangen. Boa sumur téh ayana lain di dunya nyata, dunya sapopoé kaula. Lamun kitu pantes loba anu upruk-aprak nyusud ieu sumur karamat kalah sasab ka sumur-sumur anu dijagaan ku jampé pamaké jurig nyiliwuri. Jajantung mimiti ratug. Tapi ieu awak hideng nangtung, suku hideng ngaléngkah. Cai sumur aya ku wening. Lir eunteung. Henteu endag saeutik-eutik acan. Aya ku éndah ngeunteung di dieu. Kaéndahan anu terus sumarambah kana sakujur awak. Rus-ras ka mana boa. Rus-ras kana lalampahan anu kaliwat. Bet gumeter ieu haté, nyalangkrung cisoca tunggara. Apan saenyana, sapanjang hirupna, jalma mah guyang dina lautan kasedih. Tina jero cai sumur téh aya anu mucunghul. Méh baé kula tijengkang ningalina. Maung lodaya tanggah bari neuteup seukeut niruk jajantung. Muriding sabulu-bulu. Tapi lain muriding ku sieun. Da haté mah yakin, maung anu ngagerem némbongkeun sihung jeung simana téh, henteu pikasieuneun. Boa maung sagedé anak sapi téh ngajak cacarita. Maung téh ngalanggéor ka jero sumur. Sadetik sanggeus maung ngaleungit, patingpucunghul sasatoan séjénna. Kelenci, gajah, bagong, kidang, oray sanca, banténg, jerapah, sabangsaning manuk, monyét, kuda, jeung sato séjénna. Maranéhna ngabaris lir anu keur karnaval, taranggah ka kaula. Sukuna nu sabeulah dipaké gugupay. Sugema ieu haté ningalina. Sugema nyaksian karnaval anéh anu boa moal kungsi aya di mana waé ogé. Biwir hideng imut. Tapi teu sabaraha lila kaula méh tijengkang pikeun nu kadua kalina. Sora maung ngagerem ngendagkeun tembok sumur. Manglé 2450 Sasatoan anu keur karnaval téh paburencay bari patingjarerit. Maung mucunghul deui. Enya, ayeuna mah teuteup jeung geremna méotkeun haté. Maung téh lir anu kaeunteupan amarah. Sabulu-bulu cararengkat. Suku nyorodcod. Jajantung beuki ratug. Kumaha lamun maung téh ngagajleng ka dieu? Mangkaning ti tadi meusmeus tanggah meusmeus tanggah siga anu ngintip jeung ngira-ngira jerona sumur. “Aing enya maung anu amarah!” Si maung tutunjuk ku kukuna. Suku kaula hideng mundur saléngkah. “Aing saksina yén jelema mawa musibah...!” ceuk maung deui. Dina eunteung cai sumur tingpucunghul maung séjénna. Mangpuluh, atawa boa ngaratus meureun jumlahna. Maranéhna arulin, ocon, moro sato nu jadi mangsana. Teu lila datang rombongan manusa maranggul bedil jeung tumbak. “Manusa ngalempagkeun tumbak jeung némbakan kolot aing, dulur-dulur aing, sobat-sobat aing!” ceuk maung téh. “Keur aing saparakanca, moro téh jalan hirup. Aing saparakanca ngarogahala pikeun dahar. Tapi manusa henteu! Maranéhna mergasa, nyiksa, lantaran kawasa. Loba dulur aing dipaéhan, disisit diarah kulit, awak sabeuleugeunjeurna mah cul waé di tengah leuweung. Manusa ngarogahala keur némbongkeun kamampuhna.” Si maung téh neuteup seukeut ka kaula. Neuteup binarung ceuceub, pinuh amarah. Tuur leuleus sapada harita. “Ti harita, aing téh amarah, dengdam. Dipergasa saha waé anu kapanggih!” Dina eunteung cai sumur patingpucunghul deui sasatoan anu lalumpatan ka dituka dieu, bari patingjarerit, patinglalengis, patingkocéak. Maung téh ngagerem, ngudag, nekuk, ngerekeb, saha waé anu deukeut ka manéhna. Hiji jalma ngababatang bari tina beuheungna ulawéran getih tapak sihung maung. Kuda anu adugadugan terusna mah ngudupruk sabada beuheungna dikokos maung. Mangpuluh sato séjénna paéh sabada ditekuk maung. Unggal poé éta kajadian kawas kitu. Unggal waktu hirup diintip-intip ku pati. Terus mucunghul gajah anu tulaléna nununjuk ka kaula. Pok téh gajah nerangkeun, “Lantaran saha waé ogé henteu aya anu sanggup ngeureunkeun talajak maung, nya sakabéh sato di ieu leuweung karumpul bari terus mupakat. Maranéhna bakal séba hiji nyawa unggal poé asal maung henteu ngamuk. Maung satuju. Unggal poé, enya ogé henteu lapar, maung bisa ngamalirkeun dengdamna. Sato anu henteu kapilih jadi séba bisa ngarénghap enya ogé ukur sapoéeun.” Terus mucunghul kelenci bari pok nerangkeun, “Nepi ka hiji poé séba téh nunjuk ka uing. Tangtu waé uing geumpeur. Sieun. Sedih. Saha anu henteu ngarakacak basa nyaho umur ukur sababaraha rénghapan deui?” Kelenci téh ngambekan rada lila. Pokna, “Pitulung Alloh téh datang basa léngkah geumpeur sapanjang jalan ka sayang maung, uing manggihan hiji sumur. Uing ngeunteung salila-lila. Cipanon murubut teu kaampeuh. Tapi sanggeus ngeunteung mah haté téh jadi tenang. Ceuk haté, maung téh maéhan lain keur baranghakan, atuh lamun kitu mah maung téh sato pikarunyaeun anu katideresa. Enya, katideresa ku amarahna, ku napsuna. Rarasaan uing harita, ieu sumur téh jadi panto unggal batin anu katideresa.” Kelenci neruskeun léngkahna, séba diri, nepungan maung. Saméméh maung ngarogahala dirina, kelenci téh miheulaan nyarita. “Hampura juragan maung, uing datang telat,” ceuk kelenci. Maung ngagerem semu ambek. “Enya, naha sia datang telat? Méh baé aing ngamuk deui!” “Kieu dongéngna anu matak uing telat téh. Da puguh awak téh ngan sagedé kieu, bisi juragan maung henteu seubeuh ngahakan uing, nya uing téh datang duaan jeung adi uing. Tapi di satengahing jalan uing duaan dipegat. Adi uing jadi korban.” “Dicegat ku saha? Saha anu wani-wani maok séba keur aing?” “Bangsat anu megat téh nyaéta... hiji maung anu gagah perkosa kawas anjeun.” Maung anu sakujur awak jeung jiwana geus kalimpudan ku amarah jeung dengdam téh henteu kungsi mikir deui. Sanggeus ngadéngé carita kelenci samodél kitu, maung ngagerem, cakarna nguwak-ngawik tatangkalan anu aya di sakurilingna. Manéhna kahina. Benerbener kahina! Kelenci mundur sababaraha léngkah, jajantungna beuki ratug. Tapi manéhna yakin, nasibna ngan ditangtayungan ku pikiran jeung haté anu tenang. “Maung bangsat téh nekuk adi uing, terus digusur ka jero sumur....” “Tunjukkeun di mana sumurna! Ku aing diudag nepi ka mana waé ogé éta bangsat téh.” Kelenci ngaléngkah ngadégdég. Tapi terusna mah tenang deui. Di hareupeun sumur tempat tadi manéhna ngeunteung jeung Nyambung ka kaca 30 23
  24. 24. Dedemit Saguling U nggal mulang ka Bandung, raeng tatangga naranyakeun proyek saguling, pedah di Bandung geunjleung ku culik jang wadal bendungan Saguling. Malah di Ujung Berung mah, aya tukang ngarit dirogahala ku masyarakat, pedah mawa karung, disangka culik terus dikoroyok ku jalma loba, nepi ka hanteuna. Proyek raksasa, neruskeun lalampahan Sangkuriang anu kabeurangan, cenah mah kari sagulingeun deui kaburu bara nang siang, nu matak eta tempat dingaranan Saguling, gunungna disebut Baranang siang. Digawe jadi Clerk, nguruskeun pagawe, ti mimiti labour, minner, foreman, operator alat berat, tug nepi ka general forman. Ratusan jumlah pagawe teh, ratusan sipat jeung tabeat, malah loba jeger urang Garut anu nyumput jadi pagawe, sabab sarieuneun ku panembak misterius, jaman harita para jeger diparaehan, didor ku petrus, terus dibuang ka Citarum. Unggal poe proyek saguling dikirim bugang jalma anu paralid, jeger wungkul, kaciri dina tatona, mimitina mah basa aya dua mayit, ku lobaan dihanjatkeun terus dikubur sisi lebak, tapi kadiuena mah ngabrul loba teuing, sok diantep bae sina palid ka hilirkeun. Jadi proyek saguling mah teu kudu nyulik jang wadal, sabab unggal poe dikirim bugang manusa, riweuh culik eta mah jalma anu ngangpaatkeun situasi. 24 Ku Andang S. Argayuda Pancen gawe ditugaskeun anu beurang wungkul, biasa mulang jam lima sore, tapi ka parengkeun hiji poe aya clerk anu dines peuting bebeja gering, atuh kapaksa meureun engke teh kudu ngantor deui. Hadena dipareng boga bojo urang Rajamandala, geulis, someah murah imut, jeung asa kabeneran teh ku bageurna, ku belana, najan budak keneh tapi estu ngabakti ka salaki, masih sakola, kelas dua sma di Ciranjang, numatak kawin oge susulumputan. “Neng, akang dinten ieu kudu ka proyek deui, engke wengi”. Bari ngarasakeun cai kopi haneut meunang nyieun pamajikan, bebeja rek ngantor deui. “Har, kapan nembe oge uih Kang, pan biasana oge Akang mah dines siang ?”. “Eta aya rerencangan teu damang, jadi anu engke wengi teu aya clerk na, nya Akang kedah tanggel waler, kedah ngagentosan clerk”. “Lah boa jangjian sareng nu geulis, alesan ngantor”. “Istri ti mana Neng, di proyek mah lalaki wungkul, ongkohan moal mungkin Akang hianat ka Neneng”. Ngabebenjokeun anu ngarajuk, ari ngaranna mah panjang jeung alus bojo teh, ngan kabiasaan sok nyebut Neneng. “Emh, si Akang sok tiasa bae ari ngarayu teh, kawas anu enya”. “Sumpahna oge daek salamet dunya akherat, Akang pasti satia ka eneng, salamina”. “Muhun, Neneng oge per- canten ka Akang, nanging moal cape kitu ?”. “Cape mah biasa Neng, lalaki ieuh, meungpeung kaduga, meungpeung aya kasempetan, ke tos janten artos mah kacape teh ilang”. “Ati-ati atuh Kang, kawartoskeun saguling mah tempatna sungil, cenah jurigna oge sok ngandar narembongan”. “Atuh nyingsieunan nu geulis teh, pan ngajurungkeun, kumaha ke mun Akang direweg jurig saguling ?”. “Ih amit-amit Kang, moal enya Akang eleh ku jurig, moal nanaon jung di du’akeun sing salamet, ulah sok nyarios anu lain-lain, pimelangeun”. Jam salapan peuting mobil jemputan sok nungguan di simpang tilu, waktu nepi ka dinya mobil jemputan ka Intek Adit geus pinuh ku penumpang, tempat digawe teh di hulu tunnel, anu ngaran lokasina disebut Intek Adit. “Pinuh geuning, kumaha geus karumpul kabeh euy ?”. Tumanya ka nu geus dariuk dina mobil. Bari ngalacat muru kajero mobil, jangkung mobil teh da tina treuk meunang ngarekayasa, supaya bisa dipake jemputan pagawe. “Pa, geuning dines wengi, pan bapa mah tugasna siang ?”. salah saurang pagawe tumanya, pedah tara-tara ti sasari make mangkat gawe peuting. “Pan Pa Wawan udur, jadi peuting ieu teu aya clerk, nya kapaksa Bapa nyuluran gawe”. “Di payun atuh Pa, di dieu mah tiris”. “Di dieu bae ah resep ramerame, kamana anu sok dicaroo ku sarerea geuning teu aya ?”. Pernah waktu ka tukang ngalaman dines peuting, dina mobil jemputan aya awewe saurang, lumayan manis, ngan eta awewe dicaroo digarulung dina mobil, dasar anu bangor kalah seuseurian. “Ayeuna mah bulan kolot Pa, engke pami tanggal muda sok aya, malah ayeuna mah nambahan jadi tluan”. “Kade ah ulah sok kokomoan ku nu karitu, bisi cilaka, sing inget ka nu di imah”. “Eta oge emut ka anu di bumi, nu matak gagarayaman asa ka indung budak, heu... heu..heuy”. Dasar barudak proyek garelo, kalah raeng ngomong ngacapruk. Anu disebut kantor teh sederhana, ngarana oge proyek, tapi sababaraha lokal, tempatna persis sisi gawir lungkawing, di handapna walungan Citarum. Mumunggang pasir bolenang, satungtung tenjo ukur taneuh beureun anu bubud teu diurus, teu aya imah da puguh jauh ka lembur, sosoranganan tengah peuting di tempat anu araraneh, para pagawe geus arasup ka torowongan, neruskeun hanca anu katunda ku rombongan tadi beurang. Inget kana caritaan pamajikan, boa enya sungil, sabab mani rehe kieu, jabaning asa karareueung. Geus beres nyieun jang laporan isuk, terus ka luar ti kantor, Manglé 2450
  25. 25. miceun kakeueung, luak-lieuk ka sabudeureun tempat, paroek, tapi langit kabeneran keur lenglang, bulan caang tanggal wewelasan. Keur nganteur panglamunan bari ngajanteng di jalan, ti beh girang aya anu leumpang make seragam sepe, asa boga batur, terus digeroan bari disampeurkeun, tapi aya ku aneh, eta jalma digeroan teh ukur ngalieuk, terus ngungkug ka sisi jungkrang, gajleng eta jalma teh luncat kana jungkrang anu sakitu lungkawingna. “Asstagfirrulloh hall adziim, jalma eta jurig eta teh, piraku jalma luncat kana jungkrang, jerona jungkrang teh lima ratus meter, mun manusa meureun rajit” “Jurig eta mah”. Gebeg, ngarenjag kaget, ti tukangeun aya anu ngomong deukeut naker, dilieuk, bet teu aya sasaha. Buru-buru ka kantor deui, lampu kabeh dicaangkeun, terus nyokot buku laporan, tulas-tulis ngabrangbrangkeun. Peuting ieu teh malem minggu, kuduna mah ulin jeung bojo, ari ayeuna bet kudu nyanghareupan jurig bung keuleukan, asa miris, enya oge ludeungan, ari kitu-kitu teuing mah mani asa sasah, teu puguh rasa. Lila ngabulak-balik buku laporan, ngaleungitkeun kasieun, barang cengkat, bet kalangkang aya dua, luak lieuk teu aya sasaha, malah kalangkang anu hiji mah bet ngajangkungan, terus ngajangkungan nepi ka nembus lalangit. Satengah sadar, gajleng luncat ka buruan, angen ratug tutunggulan, angkohan mah rek mabur ka torowongan, nyampeurkeun batur, naha atuh tina palebah lawang torowongan, aya anu ngabrul bari arigel-igelan, awakna persis supa suung, sarupa, sawanda, awakna mencos ka Manglé 2450 luhur kawas aseupan, nya siga supa rampak wae kitu. “Ha...ha...ha...ha, rek kamana manusa ?”. Eta anu jangkung hideung jiga kalangkang teh ngomong bari seuseurian, bakat ku sieun antukna kahudang kawani, inget kana diri, terus ngawatek sagala kamampuan bathin warisan ti kolot, lumayan jadi reugreug. “Saha andika anu sabenerna, ku naon make ngajungjurigan kula”. “Aing anu ngageugeuh ieu mawani deui nyingsieunan anjeun”. “Ari itu anu ngaleut bangsa naon eta teh ?”. “Eta teh jurig jarian, dedemit saguling, bongan tempatna diganggu, maranehna kaluar rek menta wadal”. “Menta wadal kumaha, ulah lalawora, ulah ganggu ka manusa”. “Tempokeun wae ku anjeun, anak buah anjeun bakal nungtut jadi korban, paeh di jero torowongan dipake tum- tempat, aing teu suka boga nagara diruksak ku bangsa manusa, maneh ayeuna rek dibawa jang tumbal, ha...ha...ha...ha”. Eta jurig ngomong garihal, ngancam rek mergasa. “Hey raja jin kafir, kula moal eleh ku pantar andika, kula apal ka anjeun jeung ka nu nyiptakeun bangsa anjeun, ulah rek coba ngaganggu sabab kula boga elmuna pikeun ngahancurkeun diri anjeun”. “Ke, ning anjeun gede kawani, saha anjeun?, ti mana asal anjeun ?”. “Tempo panon kula, anjeun bakal apal saha ari diri kula, jeung ti mana asal kula”. “Tobat, ampun, kula sujud ka anjeun, kula moal ku- bal”. “Ulah kitu raja jin, kula moal mikeun”. “Najan kula teu wani ganggu ka anjeun, tapi anjeun moal bisa ngahalangan, sabab can waktuna anjeun bisa kitu, ha...ha...ha...ha, kula pamit rek ngampih”. Les anu jangkung hideung jeung rombongan dedemit teh leungit, hate rada tenang teu reuwas teuing, tapi omongan jurig tadi jadi pipikiran. Nungguan beurang mani asa lila, kajadian tadi peuting nyesakeun kareuwas, inggis ku bisi rempan ku sugan, bisi enya. Satengah genep jemputan datang, nepi ka imah kasampak bojo keur ngajanteng di buruan, ningali salaki datang pamuluna robah jiga anu bungah, ngabageakeun ku imut anu kareueut, mani asa pangbagjana sadunya, asa panggih jeung sawarga. “Neng, dinten ieu mah ulah masak”. “Har, ari Akang, atuh kalaparan, ku naon kitu ?”. “Urang jalan-jalan, ngadon emam ka sasak heubeul, pan aya rumah makan di dinya teh, ngabangbrangkeun, akang tos kenging kareuwas”. “Kareuwas naon Kang ?”. “Enyaan leres ceuk Neneng, saguling teh sungil, yu ah urang berangkat, motorna tos pinuh ku bensin”. Ulin paduduaan dina motor, pamajikan nangkeup pageuh, napasna karasa niupan ceuli, ieu meureun kabagjaan teh, anu kieu meureun anu disebut nikmat hirup teh. Dua poe ti harita, di torowongan geunjleung, master blasting, tukang ngabitukeun dinamit, maot katinggang batu, ambulan ngajerit panjang mawa layon ka rumah sakit rek di visum. Duka kabeneran duka memang aya patalina jeung ancaman dedemit saguling, ngendek sabaraha poe tas kajadian tukang dinamit, riweuh deui di torowongan, foreman maot ka tinggang batu, dua urang sakaligus, duanana foreman. Teu cukup ku kajadian di tunnel wae, geus opat poe aya dua urang foreman teu asup gawe, teu aya beja, teu mere alesan, atuh riweuh ditatanyakeun, tapi teu aya anu manggihan. Ngendek sapoe, ibur cenah aya dua urang korban kacilakaan di jalan Sukarno Hata, motor asup kana kolong treuk, mayitna aya di RS. Hasan Sadikin, anu jadi hareugeueun teh eta ngaranna, sarua jeung ngaran foreman anu keur diteangan. Terus disusud ka rumah sakit, beu, bener bae geuning foreman anu geus sababaraha poe teu asup gawe. “Duh, naha ieu teh bener kitu dedemit saguling menta wadal ?”. Wallohu allam bbi syawab. Saguling-Rajamandala. Taun 1983. 25
  26. 26. JEMPLANG KARANG EUIS KARTINI Pangaruh Cianjuran kana Jiwa Ku H.D. Bastaman N eraskeun hanca dina nomer kamari. Aya pangalaman unik sawatara diva tembang nu kungsi minton di mancanagara. Cenah sering nyaksian urang asing nu ngahadiran pintonan loba nu reumbay cimata ngabandungan mamaos Cianjuran bari sama sakali teu ngartieun eusi rumpakana. Hartina kaéndahan mamaos Cianjuran bisa karasa ku saha baé, kaasup ku urang asing nu sama sakali teu wanoh kana budaya Sunda tapi lejar manah tur ngahargaan budaya deungeun nu béda ti maranéhna. Mun urang asing baé kawas nu kagendam ku éndahna Cianjuran, piraku gorombolan DI/TII nu lolobana urang Sunda teu katoél mamaras rasana nguping Jemplang Karang panyeluk Euis Kartini. Mun teu nepi ka kitu téh bisa jadi ceulina.….. ceuk Kang Ajip Rosidi mah. Kacipta geura peuting-peuting cuang-cieung di pamubusan jero leuweung luhur gunung bari ngahodhod jeung kukurubukan. Pangpangna hariwang deuih réh jauh di lebak lebah mumunggang katingal rébuan durukan jeung obor pager bitis ningker gunung. Dina kaayaan kitu hég ngadéngé panyeluk indung dina Jemplang Karang tina radio nu disetél lalaunan piraku teu matak juuh cimata hayang buru-buru turun ka lembur rék nyegruk kana lahunan indung. Da kitu atuh sipat seni mah, hususna mamaos Cianjuran, pangaruhna kana jiwa éstu lemes bari teu karasa deuih kumaha prosésna, terang-terang geus aya akibatna baé boh nu hadé atawa nu goréng. Mun diibaratkeun pakarang mah kawas pedang seukeut nyempring ditilaskeun sakilat kana tangkal cau kawas taya urut-urutna. Tangkal cauna tetep ajeg masing geus sapat ogé. Kitu sangkaan kuring ngeunaan daya mamaos Cianjuran. Saterusna dina mahabuna sasalad krisis karakter siga ayeuna naha mamaos Cianjuran nu geus bukti gedé pangaruhna kana jiwa bisa diilukeun pikeun ngatik Karakter alias Akhlak? Jawabana: Bisa, ngan teu langsung. Maksud téh kieu. Pendidikan karakter, pangpangna pi- 26 keun pribadi-pribadi déwasa, loba rambat kamaléna lantaran silih pangaruhan antara unsur-unsur lingkungan (kulawarga, masyarakat), poténsi jiwa (niat, cita-cita, kasadaran, pikiran, rasa, sikep), métode atikan (tuladan, kajian, mawas diri, ibadah), prak-prakan ngalaksanakeun, ajén-inajén kahadéan nu rék diatikkeun jeung unsur-unsur pangrojong séjénna. Kuring mah moal milu medar perkara éta mah lantaran lain cabakna. Urang sérénkeun baé éta mah ka “urang UPI” Bandung. Kuring mah ukur rék milu ngébréhkeun pamanggih sorangan dumasar pangalaman kungsi milu aub sakeudeung di lingkungan Tembang Sunda. Kitu gé baréto jaman keur jagjag belejag. Heureut deuih sawanganana gé ngan rék ngaguar pangaruh lagu jeung rumpaka Cianjuran kana jiwa. Dina seni Cianjuran aya prosés psikologi nu unik. Pidangan mamaos Cianjuran nu nyerepna langsung kana alam rasa tangtu bisa ngalemesan rasa, hususna nyuburkeun rasa éndah. Unggulna jalma nu lemes alam rasana diantarana bisa ngaragap haté batur (émpati), romantis, intuisina ogé leuwih seukeut deuih, dina harti sarérétan ogé ujug-ujug nyaho kana niat batur boh nu hadé atawa nu goréng. Ari héngkérna jalma nu alam rasana lemes (teuing) nyaéta gampang kasigeung jeung sok nurutkeun teuing perasaan jeung ngumbar kahayang nepi ka gampang kabawa sakaba-kaba. Ahirna…”badan anu katempuhan” ceuk guguritan “Éling-éling mangka éling” mah. Sajaba ti éta rumpaka dina lagu-lagu Cianjuran mah sering kadanguna téh ukur kalimah-kalimah harfiahna, ari jerona ma’na jeung jiwa sajakna mah méh teu karampa lantaran kalindih ku reunceumna reureueus jeung dongkari, éndahna galindeng, gelik suling jeung paténgtongan kacapi. Cobi geura dangding-dangding karya H. Hasan Mustapa nu sakitu jero ma’nana asa moal karasa mun “dicianjurankeun” da kasilep ku euyeubna dongkari jeung reureueus. Kitu deui guguritan-guguritan Dyah Padmini nu genah digalindengkeu- nana, terus terang kuring mah hamham eusi rumpakana nu sakitu jero teuleumaneunana bakal karagap mun dicianjurankeun. Da kudu dihaleuangkeun dina lagu pupuh nu rancag (lain Rarancagan!), komo mun digerendengkeun kawas maca sajak mah karék kaguar ajén-inajén palsapahna nu nyumput jeroning rumpaka. Enya ti baheula gé atikan budi pekerti ngaliwatan haleuang mah geus ilahar, upamana baé “Éling-éling mangka éling”, “Éling-éling murangkalih” jeung “Utamana jalma kudu réa batur”. Atuh kaayeunakeun kawih kapahlawanan seperti “Karatagan Pahlawan” (Mang Koko) jeung madah cinta lemah cai “Degung Sunda Mekar” (I. Rosadi) populér pisan. Tapi kabéh ogé dina kawih jeung lagu panambah nu teu reunceum ku reureueus jeung hiasan dongkari nepi ka eusina gampang kaharti. Da ceuk jenatna Apung SW ogé dina bukuna “Kuring jeung Tembang Sunda” rumpaka nu payu keur tukang tembang mah nu basajan gampang kahartina. Nu déskriptif romantis atuh légégna mah. Ku kituna sanajan rumpaka Cianjuran teu saeutik nu ngandung ajén-inajén atikan budi pekerti, tapi ceuk kuring mah tetep asa kurang éféktif pikeun pendidikan karakter lantaran kasilep ku kaéndahan lagu jeung piriganana. Jabaning numutkeun titénan Apung SW mah kira-kira 52% eusi rumpaka Cianjuran…kabirahian! Kudu tina sumber séjén nyokotna ajéninajén atikan karakter mah, upamana baé tina ayat-ayat Kitab Suci jeung Hadis Rosul, biografi para inohong, babasan, paribasa jeung semboyan nu ngagambarkeun ajén-inajén idéal pikeun mekarkeun karakter jeung padoman hirup kumbuh. Contona: “Silih asah, silih asih, silih asuh” (Pemda Jabar); “Shalat, Silat, Siliwangi” (AMS); “Élmu luhung kasakti diri” (DAMAS); “Ésa hilang, dua terbilang” (Kodam Siliwangi); “Cageur, Bageur, Pinter, Bener”; “Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”; “Tanjeur di juritan, Jaya di buana”. Da leubeut ieuh di lingkungan masyarakat jeung budaya Sunda nu kitu Manglé 2450
  27. 27. mah. Ku kituna patalina antara seni Cianjuran jeung kamekaran karakter kira-kirana kieu: Tembang Cianjuran fungsina ngalemesan rasa, hususna rasa éndah/ éstétika. Dina kondisi jiwa kitu mah ajéninajén étika ti lingkungan masyarakat gampang mekarna jadi karakter pribadi. Teu béda ti binih nu dipelak dina tanah léndo. Binihna ajén-inajén atikan, tanah léndona alam rasa nu lemes. Sabalikna ajén-inajén étika nu mekar jadi karakter bisa ngadalian rasa nu lemes téa tina kahayang sorangan nu mangprung taya seubeuhna sarta Manglé 2450 ngabénténgan diri tina sakur pangajak teu puguh jeung pangbibita nu matak nyambalkeun diri. Wangsul deui ka Euis Kartini nu dihudangwayangkeun. Anjeunna téh putra kawalon Mang Uking Sukri, juru kacapi kahot Tembang Sunda RRI Bandung. Euis ngajodo ka R. Gardéa (nu teu acan lami ngantun), putra R. Soegeng. Ari R. Soegeng kantos nikah ka Nyi Mas Saodah lajeng ngadamel pakempelan mamaos “Sekar Familie” di Bandung. Euis Kartini & Gardéa téh sepuhna Gan-gan Garmana, pakar kacapi mamaos nu tos saba man- canagara. Apung SW dina bukuna “Kuring jeung Tembang Sunda” nyarioskeun Euis Kartini kantos dijangjian, duka ku Pemda duka ku Kodam, badé dipaparin skuter minangka hadiah nyeluk turun “urang gunung” ku haleuang Jemplang Karang. Nanging dugi ka ayeuna lebeng teu péntilpéntilna acan. Panyawat “Lupa” rupina tos mahabu ti kapungkur di urang ogé. (réngsé) Ciputat, Lebaran Haji 2013. 27

×