Kecap-kecap basa Sunda banyak sing dipengaruhi sareng dipinjam dari basa-basa lain seperti basa Indonesia, Jawa, Arab, Belanda, Sansakerta, Kawi, Portugis, Perancis, Cina, dan Inggris. Kecap-kecap anyar inyong diserap kana basa Sunda biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.
2. Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa
(dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna,
nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah
upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup
kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep
sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh
sasaruanana dina basa Sunda.
Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina
basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan,
jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan,
perairan, tabungan, persatuan, canggih,
pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan,
taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah
makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada,
ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran
(radio), nyuci (poto), penerbit, jst.
MENU
3. Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan
Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17.
Munasabah upama pangaruh basa Jawa
téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap
basa Sunda nu mangrupa serepan tina
basa Jawa, diantarana: kocak, luruh,
natus, pamong, pungkas, sima, céték,
gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat,
pancén, saking, jst.
MENU
4. Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda
marng jeung asup sarta mekarna agama
Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna
urang Sunda ngagem agama Islam. Conto
serepan tina basa Arab, di antarana: ahir,
akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil,
iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan,
darurat, hidayah, hakim, haram, hilap,
ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan,
makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat,
sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum,
tawakup, jst.
MENU
5. Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal
abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa
Walanda kana basa Sunda mah dina awal
abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba
bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina
basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki,
ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok,
bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi,
dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék,
laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum,
dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas,
kompor, lédeng, modél, peunteun, bor,
sekrup, setrip, treuk, jst.
MENU
6. Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta
téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji
mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa
resmi sawatara karajaan di Tatar
Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-
prasasti. Conto serepan tina basa
Sangsekerta, di antarana:
agama, angka, asmara, banda, ganda, garud
a, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka,
naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upac
ara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya
, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra
, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna
, utama, jasa, jst.
MENU
7. Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda
wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina
basa Kawi téh, di antarana: angkara,
déwangga, doraka, hiang, layu, ménak,
sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya,
sekar, wisma, jst.
MENU
8. Serepan tina Basa Portugis, diantara:
baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja,
bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta,
péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar,
jst.
MENU
9. Serepan tina Basa Perancis, di antarana:
akur, komisi, losmén, medali, supir,
karantina, kliseu, kongkur, perangko,
sabun, kado, jst.
MENU
10. Serepan tina Basa Cina, di antarana:
angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loté
ng, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginsén
g, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.
MENU
11. Serepan tina Basa Inggris, di antarana:
bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer,
spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal,
diskét, bodigar, televisi, robot, jst.
MENU