Dongeng Bahasa Sunda " Si Kabayan Dicukur"si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jajago he-es (beuki sare), teu k...
Si Kabayan Ngala Tutut                  Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia             m...
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong         Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. E...
Upcoming SlideShare
Loading in...5
×

Dongeng bahasa sunda1

1,389

Published on

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total Views
1,389
On Slideshare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
0
Actions
Shares
0
Downloads
11
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Dongeng bahasa sunda1

  1. 1. Dongeng Bahasa Sunda " Si Kabayan Dicukur"si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jajago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkereatawa nyarande sok ker wae kerek.sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalansupratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan,kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. sapertibiasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok nateh…. “tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartinasapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu keur ngalenggutngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “pondokeun waemang…” trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geuskitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun waemang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh,teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urangtunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” sikabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deuipeureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna.ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunnamah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sababsarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawangajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek katukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan“dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahnageus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun tehdongeng maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan barinyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan kudongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik kubarudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”
  2. 2. Si Kabayan Ngala Tutut Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.” Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?” Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura. Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututnaloba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleusawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkanglangit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina.Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tututtéh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.” Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kananyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu ayabeubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéhlantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakopjadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah étaleugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku nininadidagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé,tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut. Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?” Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbonglangit.” Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah. Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
  3. 3. Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong tehkeur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunanjangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik.“Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nyakelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtudagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktumanehna rek datang deui, nagih jangji. Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapipiraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulusdihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucangnanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andikaulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tinapanandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak.Manehna terus ngajak indit ka hiji guha. Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jeroguha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagongkudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehnakadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunanSakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong. Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila,teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teukaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru.Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok,disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan,sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuhpisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka SakadangPeucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutanganbudi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong

×